Baca PDF (OCR): Kabeungharan alam : beunang ngoempoelkeun tina boekoe-boekoe basa Walanda sarta dianggit deui

86 halaman · 10 halaman diproses dengan OCR · 5.8 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
  2. KABEUNGHARAN ALAM
  3. Raden ARDIWINATA .
  4. EUSINA.
  5. LIJST GAMBAR .
  6. I. Alam (natuur ).
  7. II. Hawa .
  8. III. Tjai .
  9. IV. Goenoeng api atawa goenoeng seuneu .
  10. V. Lini.
  11. VI. Arĕng batoe .
  12. VII. Patlot djeung intěn .
  13. VIII. Kajoe-api (kĕrekan ).
  14. IX. Eunteung .
  15. X. Goela.
  16. XI. Ngambang djeung kalěm.
  17. XII. Sora .
  18. XIII. Ti mana datangna hoedjan ?
  19. XIV . Luchtballon atawa balon .
  20. XV. Oejah .
  21. XVI. Logam .
  22. XVII. Panas djeung ngagĕdeanana barang -barang.
  23. 23. Thermometer paranti ngoekoer panasna hawa djeung panasna awak djělěma .
  24. XVIII. Karang djeung sepon .
  25. XIX . Hileud djeung koekoepoe .

Serie No. 597 ASIA Hargana f 0.40 Wason 20020 400d Q161 A67 KABEUNGHARAN ALAM beunang ngoempoelkeun tina boekoe -boekoe basa Walanda sarta dianggit deui koe Raden ARDIWINATA. EDUCRO , UTV ,

CUITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR OKALOEARANCE BALE POESTAKA

CORNELL UNIVERSITY LIBRARY

Serie No. 597. Hargana f 0.40

KABEUNGHARAN ALAM

beunang ngoempoelkeun tina boekoeboekoe basa Walanda sarta dianggit deui

koe

Raden ARDIWINATA .

KALOEARAN BALE POESTAK A.

DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR - WELTEVREDEN - 1922 .

1'7

EUSINA.

Katja I. Alam (natuur ). 1 II. Hawa . 3 III. Tjai 6 12 IV. Goenoeng api atawa goenoeng seuneu V. Lini 18 • VI. Areng batoe 20 27 VII. Patlot djeung intěn . 28 VIII . Kajoe-api (kěrekan ) . IX. Eunteung 30 X. Goela . . 33 XI . Ngambang djeung kalěm . 35 XII. Sora 39 XIII . Ti mana datangna hoedjan ? 41 XIV. Luchtballon atawa balon 43 XV. Oejah . 49 XVI. Logam 53 XVII . Panas djeung ngagědeanana barang -barang 56 XVIII . Karang djeung sépon • 59 62 XIX. Hileud djeung koekoepoe .

LIJST GAMBAR .

Katja No. 1. Globe atawa „ bola -boemi " 1 2. "7 Sitoe Lengkong 7 "" 3. Pintoe-aer 9 Solokan pikeun njaian sawah di Poelo Djawa 11 "7 4 . 27 5. Kawah goenoeng Lamongan. 12 6 . 27 Kawah Ratoe di goenoeng Tangkoeban Parahoe 13 15 27 7. Kawah goenoeng Bromo . 8. Goenoeng Merapi dina samemehna bitoe 16 27 9. Goenoeng Bromo waktoe bitoe . 18 20 27 10 . Těmpat batoe -areng di djěro taneuh . 27 11 . Goeha batoe -areng di Ombilin 23 ,, 12 . Pětana ngala batoe -arĕng . 24 13. Parabot paranti ngamoeatkeun batoe -areng ka kapal . 25 " 14. Pabrik tempat ngajak djeung njitak batoe -arěng di Sawah Loento . 26 15. Kapal -api Johan de Witt 38 66 39 "? 16 . Kapal -teuleum keur di djěro tjai . 17. Barometer . . 46 "" " 18 . Měsin-ngapoeng paranti di darat . 47 "" 19. Měsin-ngapoeng paranti di laoet. 47 • 48 22 20 . Pangdioekan dina měsin -ngapoeng ,,Caudron " 21. Pangoejahan di Madoera . 50 ,, Oerang Kaliangět naranggoengan oejah rek dibawa 77 22. 52 ka. pabrik 23. ,, Thermometer . 59 24. Kembang karang. 60 "7 25 . Kembang karang. 62 77 26 : Microscoop . 64 " 27. Hileud soetra , koekoepoe hileud soetra djeung ĕndogna , djeung daoen běběsaran . 66 15,, 28. Hileud soetra keur diparaban koe daoen běběsaran . 67

I. Alam (natuur ).

Pirang-pirang woedjoed anoe ngoerilingan oerang , anoe dareukeut djeung anoe djaraoeh , saperti : panonpoë , anoe mere tjaang sarta panas ka mana -mana ; boelan , anoe njaangan peuting ; bentang -bentang anoe tingkarětip di langit anoe sakitoe legana ; boemi , pinoeh koe barang -barang doenja -brana , roepa -roepa batoe djeung permata , anoe aja di sahandapeun soekoe oerang ; tatang- · kalan djeung sasatoan anoe aja di beungeutna boemi . Eta kabeh anoe kasěboet di loehoer tadi djeung salianna ti eta , ringkěsna kabeh sakoer noe aja , koe oerang dingaranan , nja eta alam, ari basa Walandana natuur. Oerang oge manoesa nja kaasoep kana golongan alam , saroea bae djeung woedjoed -woedjoed anoe sedjen , anoe araja di beungeutna boemi .

1. Globe atawa ,,bola -boemi " anoe panggěde -gedena di saalam doenja , ajana di Swanage ( Inggris heulah kidoel). Goerat - tengahna 10 kaki , beuratna 40000 K. G. Ari noe matak disěboet bola -boemi " , 77 sabab eta bola digambaran kaart saalam doenja .

Moenggoeh oerang teh djeung woedjoed -woedjoed noe loba, ngagolong djadi hidji , minangka dibeungkeut koe tali anoe santosa katjida , sabab oepama henteu kitoe, geus tangtoe oerang hamo

Kabeungharan alam .

bisa hiroep lila . Oerang teh perloe pisan make hawa, tjaang, panas , hakan, papakean , imah djeung loba deui djaba ti eta . Eta kaperloean (kaboetoeh ) anoe sakitoe lobana teh, henteu bisa ka loear ti awak oerang sorangan , tatapi nja eta koe pitoeloengna roepa -roepa woedjoed , anoe ngoerilingan oerang .

Beuki njaho ěnja oerang kana sagala barang -barang anoe aja di sakoeriling oerang , tangtoe oerang bakal tambah -tambah bisa ngagoenakeun eta barang -barang , sarta bakal bisa tambah-tambah ngadjaga kana karoeksakanana.

Moenggoehing djělěma aja di tengah - tengahna alam teh , dioepamakeun saperti djělěma tjitjing dina djěro hidji imah gěde , anoe loba pisan pakakasna roepa -roepa djeung babandaanana , tatapi eta djalma ngan njaho saeutik pisan kana goenana (mětakeunana ). Eta djalma anoe saroepa kitoe, oepama manehna hajang mětakeun goenana djeung hajang ngarasa kasěnanganana di djero imahna , sabisa -bisa koedoe nganjahokeun kana sakabehna barang anoe aja di djero imahna, soepaja njaho kabeh pigaweeunana atawa goenana hidji -hidjina roepa barang .

Saha -saha djělěma anoe henteu měrloekeun nganjahokeun atawa henteu barang parosea kana babandaanana , eta beunang disěboetkeun djělěma tambelar . Nja kitoe deui oepama manehna něpi ka meunang tjilaka koe babandaanana , koe tina manehna henteu njahoëun paedahna atawa mětakeunana , maneh geus tangtoengomong kieu : „Wah, eta běněr nja kitoe, da bongan manehna sok tara merdoeli kana babandaanana ."

Děmi anoe saroepa kitoe teh geus djadi kaloembrahan manoesa , sok tara pati nganjahokeun kana kaajaanana alam. Loba katjida woedjoed anoe perloe pisan dikanjahokeun anoe katendjo saban poë , tatapi manehna henteu nganjahokeun naon pigaweeunana djeung mangpa‘atna . Manehna hěnteu njaho , naon anoe sapopoëna kadjadian di sakoeriling-boengkingna : Nja kitoe deui manehna hiroepna teh henteu barang parosea kana naon -naon anoe sakitoe araloesna , anoe aja di deukeut manehna .

Padahal saběnĕr -běněrna mah , estoe perloe pisan oerang koedoe nganjarahokeun kana eta barang -barang anoe sakitoe araloesna djeung mangpaatna .

Di handap ieu koela rek njaritakeun tina bab barang -barang sawatara bae, anoe kaitoeng perloe pisan koe oerang dikanjahokeun, minangkana boeboeka kana djalanna elmoe anoe kaloembrahan di djaman ajeuna , sarta minangka toetoeroetanana oerang Soenda , tikreuh -tikreuh noengtoet elmoe bangsa Eropa, pikeun: dasarna nadahan kapintěran.

II. Hawa .

Oepama di alam doenja euweuh hawa, geus tangtoe oerang hamo bisa hiroep, sanadjan sakitjeup oge. Eta naon atoeh anoe saběnĕrna kaajaan anoe henteu katendjo teh , anoe koe oerang dingaranan hawa?

Naha eta hawa teh aja woedjoedna ? Naha eta teh saroepa hidji barang ? Dina tempat anoe aja hawaan, geuning oerang henteu nëndjo naon -naon . Naha kira -kirana aja barang naon -naon dina eta hawa teh ?

Eta pertanjaan-pertanjaan , koe oerang gampang pisan didjawabna. Oepama oerang njokot hidji djadjambaran anoe beunang ngeusian koe tjai , pek njokot deui hidji loemoer , toeloej ditangkoebkeun kana eta tjai sarta diteueulkeun ka handap . Koemaha katendjona koe oerang ? Eta loemoer teh bet geuning kosong bae henteu kaeusian koe tjai . Naon sababna noe matak kitoe ? Děmi sababna , anoe matak kitoe teh , lantaran geus aja naonnaon di djěrona eta loemoer , anoe ngahalangan kana asoepna tjai , nja eta geus aja ha w a, anoe henteu beunang disingkirkeun, djadi koe tina kitoena henteu bisa aja tjai anoe asoep kana loemoer. Pendekna eta hawa ngahalangan asoepna tjai kana djero loemoer ; djadi koe tina kitoena hawa teh geus tangtoe hidji roepa woedjoed anoe henteu katendjo koe mata . Moenggoehing dina elmoe alam geus ditangtoekeun , woedjoed teh tangtoe ngabogaan hidji . ĕnggon . Enggon anoe geus ditjitjingan koe hidji barang, barang anoe sedjen henteu bisa njitjingan babarengan dina djero sawaktoe .

Nja kitoe deui eta barang anoe henteu katendjo djeung anoe henteu beunang ditjabak atawa ditjěkěl teh, ngabogaan tanaga , anoe bisa nĕrangkeun ka oerang , jen eta barang anoe henteu katendjo teh , běněr pisan aja woedjoedna . Oepama hawa obah , nja eta oepama angin něbak tarik , něpi ka ngaroengkadkeun tatangkalan, atawa ngaloengkeun doedoekoej oerang , eta geus njata pisan , jen hawa teh hidji woedjoed , henteu beda djeung barang anoe katendjo djoenggĕrĕngna . Ari moenggoehing angin teh sačnja-ĕnjana nja eta obahna hawa . Enja pisan oerang henteu bisa nendjo eta angin, tatapi oerang bisa ngarasa panĕbakna , nja kitoe deui ngadenge sorana ngagělěboeg , koe tina naradjang kana roepa -roepa barang sakoer anoe kaliwat .

Dina bab ieu sakalian kaoela arek nĕrangkeun , jen moenggoehing woedjoed barang -barang teh , bisa ngadjadi 3 roepa (woedjoed ) , anoe beda-beda roepana djeung tanagana .

Anoe kahidji ngadjadi sipat woedjoed teuas, saperti : batoe , es , taneuh, tambaga , beusi , emas djeung salianna ti eta ,

Anoe kadoea , ngadjadi sipat entjer , saperti : tjai , anggoer , minjak djeung salianna ti eta .

Anoe katiloena ngadjadi sipat hawa atawa gas , nja eta sapěrti : hawa, gas djeung salianna ti eta .

Djadi di alam doenja teh aja: woedjoed teuas , woedjoed entjer djeung woedjoed gas (hawa) .

Sawareh barang, koe lantaran kakoeatanana panas , sok aja anoe bisa ngadjadi warna tiloe roepa . Nja eta saperti : tjai , biasana woedjoedna entjer, nja bangsa barang sipat entjer. Tatapi oepama tiis katjida sok djadi teuas , nja eta djadi es tea . Nja kitoe deui oepama ditaheur , eta tjai sok djadi saab . Mimitina koe oerang sok katendjo ngesang dina saloehoereun tjai anoe digodog teh , lila-lila les leungit pabarěntjaj djadi saab . Nja kitoe deui timah , hidji barang teuas , eta gampang njadjadina entjer oepama koe oerang ditaheur, nja ngadjadi barang entjer . Lian ti eta nja kitoe deui sapèrti : emas , perak, beusi , tambaga djeung salianna ti eta , eta oge kabeh sok ngadjadi barang entjer , oepama ditaheur leuwih ti naheur timah . Aja deui bangsa pěpělikan anoe bangsa entjer, nja eta aer -perak (kwik) , tara bisa djadi kentěl atawa teuas , sanadjan oesoem winter di tanah Eropa atawa tirisna sakoemaha bangětna oge . Eta aer-perak sok bisaeunana kěntěl teh , nja eta di tempat - tempat sakalereun tanah Eropa, oepama pinoedjoe tiis banget . Oepama eta aer -perak koe oerang ditaheur , lila -lila ngadjadi hawa něpi ka beak pisan dina wadahna anoe dipanasan tea .

Sanadjan tjai bisa ngadjadi tiloe roepa woedjoed , nja eta woedjoed te u as, entjer djeung hawa ( gas ) , eta nja tětěp bae bangsa woedjoed tjai . Nja kitoe deui sedjen -sedjen barang , sanadjan djadi roepa sedjen oge koe lantaran dipanasan , eta nja tětěp bae dasarna saperti asalna tadi .

Sakoemaha anoe geus diterangkeun di loehoer tadi , djadi ajeuna oerang henteu heran, jen eta hawa , sanadjan koe oerang henteu katendjo oge , saěnja -enjana nja eta hidji barang anoe aja woedjoedna , ngan koe oerang henteu katjabak henteu karasa , oekoer sok kaambeu bae .

Moenggoehing hawa ajana saboeder (ngaboentěl ) boemi , anoe ditjitjingan koe oerang , minangka njimboetan kana sakoedjoer badanna , anoe koe basa Walanda dingaranan dampkring. Eta hawa perloe pisan baris dipake ngamběkan koe djělěma djeung koe sasatoan , sarta perloe pisan baris ngadjadikeun hoeroengna seuneu (miroenan ). Dina hidji tempat anoe taja hawana, geus tangtoe oerang hamo bisa hiroep, nja kitoe deui hamo aja seuneu bisa hoeroeng atawa roehaj (miroenan ) . Anoe matak oepama oerang neundeun roehak anoe roehaj dina djěro tampolong toeloej ditoetoepan , eta roehak roehaj teh sok gantjang pareum , sabab hawa anoe aja dina djěro eta tampolong gantjang beak koe seuneu , djadi seuneu taja hakaneunana deui , nja toeloej pareum .

Ari anoe saběněr -běněrna eta hawa teh lain ngan woengkoel saroepa barang bae , tatapi nja eta tjampoeranana roepa -roepa barang , babakoena tjampoeranana doea roepa gas . Anoe kahidji ngaranna zuurstof, kakoeatanana (dajana ) sok ngagantjangkeun hoeroengna seuneu , noe matak sagala barang oepama diteundeun dina zuurstof sok bisa hoeroeng sorangan (gantjang ngadjadina seuneu ). Anoe kadoea ngaranna stikstof , kakoeatanana sok mareuman kana seuneu , anoe matak mana -mana barang anoe hoeroeng diasoepkeun kana stikstof toelen , sok gantjang pareum .

Baris nganjatakeun sakoer anoe diterangkeun di loehoer tadi , akalna teh kieu : Oepama dina hidji kelěr anoe beunang ngeusian zuurstof woengkoel , oerang ngasoepkeun lilin anoe kakara beunang mareuman , anoe soemboena masih keneh aja roehajna saeutik, toeloej eta lilin gantjang bae hoeroeng deui , sarta hoeroengna teh bengras katjida . Nja kitoe deui oepama oerang ngasoepkeun hidji kawat beusi anoe roehaj kana eta djěro kelěr tadi , toeloej eta kawat beusi gantjang pisan ngadjadi hoeroeng sarta tjitjikaan tingbaranjaj . Tah eta kitoe moenggoehing seuneu teh gantjangna hoeroeng dina djěro zuurstof woengkoel. Oepama oerang ngasoepkeun hidji sato anoe leutik , saperti manoek kana djĕro eta keler tadi anoe dieusi zuurstof woengkoel tea , tangtoe eta sato tjitjing bae henteu reuwaseun atawa kageteun , nja kitoe deui djongdjon pisan ngamběkanana . Děmi dina stikstof mah , kadjadianana teh estoe beda katjida . Keler anoe beunang ngeusian koe stikstof , oepama koe oerang diasoepan koe lilin hoeroeng , toeloej seuneuna gantjang pisan pareum , njȧ kitoe deui manoek anoe diasoepkeun kana eta keler , tangtoe kageteun sẽmoe anoe eungap kabina-bina djeung lila-lila paeh .

Noercetkeun sakoemaha anoe diterangkeun di loehoer tadi, djadi ajeuna oerang bisa nangenan ĕnja -ěnja , jen eta zuurstof teh matak ngagantjangkeun kana hoeroengna seuneu djeung matak ngareunah ngamběkan kana sato hewan , tatapi ari stikstof mah sabalikna pisan. Oepama euweuh zuurstof , tangtoe hamo aja anoe bisa hiroep sarta hamo aja seuneu bisa hoeroeng .

Moenggoehing hawa biasa teh, nja eta anoe tjampoeranana zuurstof djeung stikstof, anoe panglobana stikstof, nja eta pikeun ngimbangan kana kakoeatanana zuurstof, sabab oepama hawa ngan woengkoel zuurstof bae , geus tangtoe barang anoe aja roehajna seuneu saeutik oge , gantjang ngadjadi hoeroeng sarta hamo beunang dipareuman , sarta geus tangtoe sagala barang anoe aja di boemi beak kabeh kahoeroe ngadjadi leboe .

Ari hawa anoe ngaboentěl boemi teh aja 4/5 bagian stikstof djeung 1/5 bagian zuurstof .

Ajeuna oerang geus njaho , jen eta hawa teh hidji woedjoed ; kadjaba ti dinja hawa teh aja beuratna . Ari batoe mah , beusi djeung sakabeh barang sipat teuas aja beuratna , eta henteu matak heran, da geus kanjahoan sapopoena .

Tjai, sanadjan lain barang teuas , eta oge aja beuratna , saperti anoe koe oerang geus kanjahoan, oepama oerang ngadjoengdjoengkeun hidji ember anoe dieusi tjai . Nja kitoe deui oepama tjai didjieun saroepa hawa, eta nja tětěp bae tjai sarta beuratna oge tětěp , sanadjan woedjoedna ngadjadi gěde těmpatna , tinimbang keur djadi woedjoed barang entjer . Djadi koe tina kitoena , sanadjan eta hawa teh lain barang sipat teuas atawa entjer , tangtoe ngabogaan beurat, saperti barang -barang anoe sedjen . Sakabeh barang anoe beurat, eta geus tangtoe ngadědět keun kana barang sedjen anoe aja sahandapeunana . Nja kitoe deui hawa, tangtoe ngadědětkeun kana barang -barang sakoer anoe aja dina beungeut boemi . Engke koe kaoela baris diterangkeun, jen eta ngadédětkeunana hawa teh lain saeutik-saeutik (loeloemajanan ) tanagana .

III. Tjai .

Ari tjai bérěsih nja eta anoe bisa katendjo těroes něpi kana dasarna , henteu boga warna , taja rasana djeung taja angseuna . Eta bisa ngadiadi roepa tiloe, nja eta : anoe kahidji babakoena ngadjadi roepa entjer. Anoe kadoea bisa ngadjadi barang teuas , oepama koe oerang ditiisan nepi ka djadi woedjoed es. Anoe katiloena bisa ngadjadi barang hawa (gas) , oepama koe oerang ditaheur sina ngagolak něpi ka ngadjadi saroepa gas .

Djaman baheula eta tjai teh koe djělěma -djělěma dianggap saperti woedjoed barang anoe kadjadianana ngan tina hidji roepa bae . Tatapi lamoen katangen , jen eta tjai ngadjadina tina patjampoeranana doea roepa woedjoed barang , nja eta zuurstof, anoe koe oerang geus diterangkeun tadi , saroepa gas anoe aja di awang-awang djeung anoe saroepa deui ngaranna waterstof , beunang koe oerang dingaranan koe basa Soenda atjina atawa sarina tjai . Hal ieu engke koe kaoela arek diterangkeun di handap .

Děmi tjai teh noetoepanana beungeut boemi (doenja ) aja tiloe pèr opatna , nja eta : ngadjadi laoet, talaga , waloengan djeung salianna ti eta . Waloengan, anoe ngadjadikeun teh nja eta pakoempoelanana kokotjoran -kokotjoran anoe laleutik , sarta eta

2. Sitoe Lengkong, ajana di Pandjaloe , afdeeling Tasikmalaja .

kokotjoran -kokotjoran ngadjaradina tina tjinjoesoetjinjoesoe liang tjai), anoe ka -laloear tina djěro boemi . (

Eta tjinjoesoetjinjoesoe teh saěnja ĕnjana palajanganana wadah tjai di djěro taneuh anoe djadi tina pakoempoelanana tjai - tjai hoedjan anoe ragrag di tempattempat anoe dareukeut ka dinja, atawa entjerna es atawa saldjoe (sneeuw ). Oepama eta wadahwadah tjai geus parinoeh teuing, toeloej tjaina ka loear (ngaboerial) tina sababaraha liang gède atawa leutik . Nja eta anoe koe oerang sok disěboet tjinjoesoe tea.

Oepama eta tjai geus ka loear (ngaboerial ) tina djěro taneuh , ngotjor dina beungeut boemi , sawareh djadi saab , anoe koe basa Walanda dingaranan da mp ; kitoe bae satĕroesna .

Di saloehoereun sitoe atawa solokan atawa di tegalan djeung di tempattempat anoe baraseuh , oerang sok nendjo halimoen. saroepa haseup njamboeang ka loehoer . Eta teh nja eta hawa tjai tina beungeut tjai , anoe dingaranan saab atawa haseup tjai , děmi koe basa Walanda diseboetna wa terdamp . Nja kitoe deui sanadjan hawa keur waktoe lenglang oge sarta běrěsih pisan , dina eta hawa teh geus tangtoe koedoe aja bae haseup tjai .

Oepama oerang neundeun tjai dina piring tjeper, laoen -laoen sok ngoerangan sarta toengtoengna pisan sok saat , beak kabeh .

Eta anoe saroepa kitoe teh leuwih gantjang beakna oepama eta piring anoe dieusian tjai teh dipoëkeun . Tjai anoe keur djadi saab kitoe disěboetna njaab, tégésna ngadjadi saroepa hawa njambocang ka awang-awang .

Eta tjai anoe ngadjadi hawa atawa halimoen , saperti anoe geus kaseboet di loehoer tadi , oge kadjadian di saloehoereunana laoetan djeung talaga - talaga . Tina beungeut tjai anoe sakitoe legana teh taja eureunna , těroes bae njamboeang haseup tjai ka loehoer tjampoer djeung hawa biasa djadi mega . Eta mega -mega anoe saroepa kitoe teh nja eta pakoempoelan haseup tjai di awangawang ngaralajang. Eta mega lila ti lila koe katiisan toeloej ngadjaradi tetes -tetes , nja geus kitoe ngadjaradi hoedjan saldjoe atawa hoedjan boeah , ragrag kana beungeut boemi . Koe tina. kitoena eta tjai hoedjan toeloej ngeusian deui liangliang tjai (tjinjoesoe ) tea, anoe ngadjadikeun kokotjoran leutik djeung waloengan gěde .

Tah eta kitoe bae taja eureunna salalawasna lampahna tjai dina beungeut boemi teh. Eta tjai teh bisa njamboeang , oepama ngawoedjoed barang anoe dingaranan saab tea , sabab eta saab teh nja saperti gas bae, kahajangna sok téroes ngagedean (beukah). Lila-lila toeloej ragrag ka handap , da moenggoehing tjai teh henteu bisa salawasna ngalajang di awang -awang bae , sabab leuwih beurat ti batan hawa . Ari obahna tjai dina taneuh teh nja eta ngan koe tina miringna tempat bae, sabab moenggoehing tjai teh kahajangna nja eta salilana sok ngotjor kana těmpattempat anoe harandap . Koe tina kitoena eta tjai ngotjor tina liangliang tjai anoe di tempattempat loehoer ka tempattempat anoe harandap téroes ka laoet . Sabab babakoena moenggoehing liangliang tjai teh djeung sirah-sirahna waloengan , ajana dina lamping - lamping goenoeng atawa dina soekoe goenoeng . Ari goenoeng -goenoeng anoe laloehoer salawasna sok tiis bae hawana, samalahan di tanah Eropa mah eta poentjakna goenoeng -goenoeng anoe laloehoer teh sok katoetoepan koe saldjoe (sneeuw ) , sabab di dinja hawana leuwih tiis tinimbang di tempat-tempat anoe harandap , nja kitoe deui eta saldjoe sok tara djadi entjer kabeh . Di sawareh tempat di pagoenoengan tanah Eropa di poentjakna atawa dina lamping-lampingna goenoeng sok loba gletscher, hartina dina basa Soenda toempoekan es anoe gědena sagěde goenoeng , sok parotong atawa paregat , toeloej ngagolosor lalaoenan maradjoe kana lampinglamping, loba noe sok ragrag kana laoetan kapalidkeun koe lambak djeung t jilaoet . Di mana něpi kana tempattempat anoe rada panas , toeloej eta gletschers teh antjoer ngadjadi tjai deui . Koe lantaran entjerna saldjoe djeung es anoe sakitoe lobana teh, liangliang tjai anoe araja dina soekoe goenoeng kaeusian tjai deui , nepi ka parinoeh .

Sok loba waloengan ngotjor ti loehoer goenoeng kana djoerang-

3. Pintoe-aer di Poelo Djawa.

djoerang atawa teroes ka laoet , ti těmpat loehoer ragrag ka handap ; eta anoe saroepa kitoe dingaranan tjoeroeg. Eta tjoeroeg teh loba pisan , meh sakabeh waloengan anoe asalna tina loehoer goenoeng , sok beunang ditangtoekeun aja tjoeroegan . Geura, estoe matak resep katjida nendjo eta tjoeroeg teh , tjai gěde ragrag tina tempat anoe loehoer , tjaina moentjrat-moentjrat , boedah tjaina patoempoek - toempoek , ombakna tingdjaroengkoenoeng , sorana ngagoeroeh kadenge ti kadjaoehan . Tjoeroegtjoeroeg anoe kamashoerkeun di alam doenja , nja eta tjoeroegna waloengan Rijn di Eropa, tjoeroeg Niagara di Amerika -Kaler djeung tjoeroegna waloengan Nijl di Afrika.

Ari di oerang di Priangan anoe pangbabarina didjoegdjoeg nja eta tjoeroeg Tjikapoendoeng di Dago , ngan 3 pal djaoehna ti Bandoeng . Koeloneun Lembang aja deui tjoeroeg , nja eta Tjisaroea , leuwih loehoer manan tjoeroeg Tjikapoendoeng , nja kitoe deui tjoeroeg Tjibeureum di goenoeng Gede , koeloneun Tjipanas . Lantaran loehoerna ieu tjoeroeg , tjaina anoe ragrag ngotjor ka handap , siga saab bae .

Oepama tjai geus datang ka těmpat - tempat anoe handap , eta ngotjorna teh sok henteu tarik , lělěr leuleuj bae, malah loba anoe ngeujeumbeu , sabab miringna taneuh henteu nětěk, njangsaja pisan ; saperti Kali Brantas djeung Bangawan Solo , Tjimanoek , Tjitaroem , di deukeut ka moearana , ngalotjorna teh lělěr , beda pisan djeung ngotjorna keur waktoe aja di pagoenoengan , lantaran tanahna miringna katjida , komo eta mah deukeut kana sirahna , mani kawas dibahekeun bae.

Oepama koe kaoela ditetelakeun goenana eta waloengan -waloengan geus tangtoe kapandjangan teuing, koe tina loba teuing anoe koedoe dise boetan , katambah -tambah kaoela lain arek njaritakeun hal goenana waloengan -waloengan dina ieu boekoe . Tatapi sanadjan kitoe ge perloe pisan koe kaoela dititik paedahna waloengan -waloengan pikeun patanian , soemawonna di oerang , da kahiroepan oerang mah bakoena pisan tina tani . Di Poelo Djawa bae kadjaba ti Kali Brantas aja deui sababaraha waloengan saperti : Sampean , Moleh , Badadoeng , Madioen , Pamali , Sěrajoe dj . s.t. anoe dibendoeng toeloej disoesoek , tjaina disimpang -simpangkeun , dimangpaatkeun pikeun tatanen , pikeun nginoem , olah -olah djeung mandi , sarta di tempat rame dipake keur njebor djalan besar atawa mareuman kahoeroean .

Tjai teh baris oerang perloe pisan, saroea bae djeung hawa, anoe pĕrloe pisan keur oerang ngamběkan . Eta tjai teh kaasoep sabagian tina kahakanan djeung inoemeun oerang , sarta pĕrloe pisan baris awak djeung papakean oerang , nja kitoe deui baris ngaběrěsihan imah djeung paparabotanana , sarta minangka goe-- dangna kahakanan oerang , laoek tjai , anoe tanpa wilangan, anoe koe oerang sok diala make pirang-pirang roepa pakakas paragi

diPoelo Djawa . 4.Solokan -solokan pikeun njaian sawah

ngala lacek. Kadjaba ti eta moenggoehing waloengan -waloengan , laoet -lacet djeung talaga talaga teh djadi djalan anoe gede katjida , baris ngirimkeun barang -barang anoe bareurat dina parahoeparahoe atawa kapal-kapal ti hidji tempat ka tempat sedjen di sakoeliah bceana ance ditjitjingan koe oerang sarerea .

Di tempat - tempat anoe hawana tiis katjida , datang ka tjai djadi teuas , djadi es , eta sok dipake djalan saperti djalan biasa bae . Babakoena dina djalan anoe saroepa kitoe , oepama oerang njanjabaan teh sok make toetoempakan saperti roda , tapi taja kikipingna , anoe disel oet koe basa Walanda slede ditarikna di Eropa, koe koeda atawa koe bangsa oentjal , ngaranna rendier, samalah aja oge anoe sok ditarik koe andjing, nja eta di tanah Siberië djeung di tanah Groenland .

Oepama eta tjai koe oerang didjieun saab , eta kakoeatanana teh ( tanagana ) katjida pisan poharana . Geuning toeroeb teko bisa kaaloengkeun koe haseup tjai (damp ). Oepama eta toeroeb teko pageuh , geus tangtoe hamo bakal gampang kaaloengkeun koe eta saab , tatapi eta haseup tjai dina djěro teko beuki ngalobaan , toengtoengna bisa mětjatkeun eta toeroeb teko , atawa bisa ngaboetjatkeun tekona , oepama toeroebna pageuh katjida .

Samalah koe akal djeung pangabisa djělěma eta haseup tjai (stoom ) geuning sok dikoempoelkeun dina djěro hidji těmpat bakoe , anoe koe oerang diseboet měsin , katjida pisan mangpa'atna baris ngabantoean pagawean anoe palohara .

Saperti měsin kareta api (locomotief ) , datang ka koeat narik kareta-kareta sakitoe lobana djeung sakitoe bareuratna, eta nja make tanaga haseup tea . Nja kitoe deui eta haseup teh sok dipake madjoekeun kapal-kapal naradjang kana tanagana angin djeung ombakna sagara anoe nareumbag kana kapal . Eta haseup teh noeloengna ka oerang meh kana sagala pagawean anoe bareurat, oepamana : dipake mantoean mandaj , ngaragadji kai , ngompa tjai , njieun minjak , njieun listrik djeung salian ti eta loba deui. Pondokna bae waktoe ajeuna , meh sakabeh pagawean anoe palohara , make tanagana haseup . Weu , nja katjida gědena paedahna eta haseup teh, sanadjan oerang ngan woengkoel njaho pilakadar tjai djeung ditaheur make seuneu , naha mana bět gěde-gede teuing tanagana .

IV. Goenoeng api atawa goenoeng seuneu .

Ari goenoeng teh sok aja noe kawahan , boh dina poentjakna atawa deukeut poentjakna. Eta kawah sok salawasna atawa kakapeungan ngaloearkeun haseup djeung seuneu patjampoer leboe sarta batoe atawa walirang , moentjrat-moentjrat ka awang-

5. Kawah goenoeng Lamongan .

G.Tangkoeban Parahoe . di 6.Kawah Ratoe

awang. Goenoeng anoe saroepa kitoe disěboetna goenoeng api ; di nagara sedjen mah biasana sok něnggang , tatapi moenggoehing di Poelo Djawa sok koempoel djeung goenoeng -goenoeng anoe loba . Roepana kawah teh kaprahna saperti tjorong. Ari barang anoe entjer anoe ka loear tina djero eta kawah ngabělěgěděr kana lamping goenoeng , dingaranan walahar . Eta walahar teh henteu salilana ka loear tina djèro kawah , tatapi sakapeung mah mangwindoe-windoe aja dina djěro kawah bae . Tina eta kawah henteu ka loear haseup atawa leboe , taja pisan bedana djeung goenoenggoenoeng anoe sedjen , sanadjan eta goenoeng matak pikasalĕmpangeun oge.

Eta goenoeng anoe saroepa kitoe sok oedjoeg -oedjoeg gělégĕr disada , dina djero taneuh gegělěgéran taja eureunna , sarta tina kawahna kaloearan haseup ngabělěgběg . Gégélégěranana beuki rosa bae sarta beuki tarik disadana , kadangkala taneuh eundeur sarta haseup tina djero kawah beuki gede , patjampoer djeung lěboe roehaj , nepi ka ari ti peuting mah sigana eta goenoeng teh ngoetahkeun seuneu djeung leboe roehaj . Gegělégěranana di djĕro taneuh beuki rosa bae sarta tina kawah ka-loearan batoe hoeroeng tingbalalěwer ka awang-awang . Eta goenoeng katendjona siga pisan kembang api sarta batoe -batoe anoe haroeroeng tea , ana nepi ka awang -awang teh sok bitoe deui tingbaranjaj . Batoe-batoe , keusik , leboe djeung djaba ti eta , raragragan kana lamping - lampingna eta goenoeng djeung ka tempattempat noe dareukeut ka dinja. Toengtoengna eta walahar anoe di djěro kawah teh pek ka loear tina sela-selana beulahan goenoeng , ngabělěgěděr hoeroeng , ngotjor ka landeuh. Naon bae anoe kataradjang koe eta walahar , tangtoe hoeroeng , djeung raroeksak kabeh . Imah-imah, kěbon -kebon , tatangkalan , kebon palawidja djeung salianna ti eta dina sawatara waktoe bae karoeang kabeh koe walahar , toengtoengna teh ngan kari oeroetna bae , boetak kawas boeboelak noe taja djoedjoekoetanana , hideung pinoeh koe batoe -batoe djeung tjadas - tjadas noe taroetoeng kabeuleum .

Lila-lila eta hoedjan batoe djeung leboe hoeroeng teh rada lělěr , gégélégěranana goenoeng rada repeh , ngotjorna walahar eureun, sarta toengtoengna dina djéro sawatara poë tina waktoe eundeur djagat , ngan woengkoel haseup bae saeutik ka loear ngeloen tina kawah, ngan eta bae sesana tina anoe sakitoe rongkahna teh . Ti dinja eta kawah teh djep djempe eureun pisan nepi ka sababaraha windoe lilana, kakara djadi deui ngaloearkeun tanaga anoe matak ngaroeksakkeun sakitoe poharana .

Eta goenoeng seuneu anoe saroepa kitoe teh geus kadjadian di tanah Italië , ngaranna goenoeng api Vesuvius deukeut dajeuh Napels di djero tahoen 70 di djaman Radja noe djěněnganana Titus . Eta goenoeng Vesuvius bitoena teh estoe pohara pisan něpi ka bisa ngaroeang doea nagara galède , ngaranna Herculanum

7.Kawah goenoeng Bromo dina tanggal 15September .1921

djeung Pompeji . Keur waktoena djadi , eta goenoeng ngaloearkeun hoedjan lěboe pohara pisan , nepi ka sababaraha poë lilana poëk pětěng bae , ari braj tjaang eta doea nagara teh geus karoeang kabeh. Sanggeusna reureuh mětjahna goenoeng Vesuvius , taja hidji djělěma anoe njahoëun deui, di mana palěbahna ajana eta doea nagara anoe sakitoe ramena djeung hardjana teh .

Di djaman ajeuna kakara eta nagara Pompeji katangen deui lěbahna , lantaran kakali . Moenggoehing keur toekang ngoelik kana babad doenja , manggihan eta nagara anoe sakitoe koenana teh gède pisan mangpa‘atna . Eta doea nagara bělěger keneh taja kakoeranganana , tětěp saperti kaajaanana di djaman baheula bae keur waktoe di djaman Eroem (Romeinen ) tea . Imah -imah, gambar-gambar , artja-artja , pakakas imah djeung salianna ti eta , bělěger keneh taja koetjiwana . Eta kabeh nganjatakeun ka oerang , kaajaanana di djaman Eroem sarta adat kabiasaanana djělěmadjělěma di djaman harita oge koe oerang , kanjahoan kabeh . Eta kabeh leuwih terang ti batan sakoer anoe diterangkeun koe boedjangga -boedjangga djaman harita .

Ari walahar anoe ka loear tina kawah dina waktoe goenoeng bitoe , anoe njaeuran lamping - lamping goenoeng , sakapeung mah ragragna djaoeh pisan, gantjang pisan ngadjadi tiisna sarta téroes këntěl , nja ari lila lila djadi saroepa batoe ngampar sababaraha ratoes baoe legana. Sawareh eta geblegan -geblegan walahar koe oerang Italië sok didjarieunan roepa -roepa pakakas imah (pĕrhiasan imah) , sapĕrti : pěti -pěti , wadah kembang , wadah boekoe djeung salianna ti eta loba deui . Eta anoe saroepa kitoe teh kalolobaanana di nagara Napels. Ari walahar anoe kasar mah sok dipake dasar djalan (ngababatoe djalan ). Geuning di oerang di tanah Priangan ajeuna tetela keneh, walahar anoe bidjil tina goenoeng Goentoer , waktoe eta goenoeng bitoe : di palebah Tarogong tonggoheun Tjipanas aja anoe hideung mangroepa tjadas .

Djaba ti dinja di Hindia -Nederland teu koerang, malah sok rěměn aja goenoeng bitoe datang ka ngaroeksak nagara ; sapĕrti goenoeng Rakata di tahoen 1883 tinggělěgěr disada tjara mariěm, hoedjan lěboena něpi ka poelo Timoer , poela Soemba , samalah aja kapal api kadoepak koe lambak dialoengkeun ka darat tonggoheun Těloek Bětoeng .

Sawareh goenoeng api ngan sok ngaloearkeun leutak bae. mangpirang -pirang lobana . Nja kitoe deui loba tempat - tempat pagoenoengan anoe sok aja tjai panas ngaboerial mantjěr ka loehoer . Eta anoe saroepa kitoe koe basa Walanda dingaranan geiser; anoe pangmashoerna geiser di poelo Ijsland . Di eta poelo loba pisan pasir pasir laleutik ngagoendoek .

Dina oenggal -oenggal eta pasir aja liang tjai panas saperti anoe kaseboet di loehoer . Anoe panggede gedena eta geiser ajana .

{ 2 dina hidji pasir anoe loehoerna 2 atawa 3 meter. Di tengahtengahna eta pasir aja saroepa balong -balong dareet . Di tengahtengahna eta balong -balong , aja liang sababaraha meter djĕrona di djero taneuh. Tina eta liang sakapeung -kapeungeun sok njërělěng tjai panas gěde pisan, nepi ka mantjerna teh loehoerna aja 20 Meter sarta sorana ngagoeroeh .

Sanadjan eta kaajaan kawah geus lila ditoengtikna koe anoe palintěr , tatapi sabab -sababna anoe ĕnja -ĕnja matak bitoe djeung aja lini mah tatjan bisa kapanggih bae . Tajohna bae dina djěro taneuh (boemi ) mangreboe -reboe deupa djěrona teh katjida pisan panasna , něpi ka sagala barang anoe aja dina boemi djadi antjoer djeung hoeroeng kabeh , sarta kadangkala sok ka loear tina liangliang dina djěro boemi ka loehoer měrěbés , nja ngadjadikeun bitoena goenoeng sarta kawah -kawah tea. Eta pangira anoė saroepa kitoe teh geus loba anoe pěrtjaja , tatapi ari noe saběněrna mah katrangan anoe jakti , tatjan aja kanjataanana anoe tětěp .

Nja kitoe deui dina dasarna sagara di sawareh tempat tajohna bae loba kawah anoe djaradi . Mindeng pisan di sawareh laoetan sok ngadadak aja poelo anjar atawa les bae leungit poelo anoe geus nahoen nahoen , tjara poelo Rakata geuning. Mimitina koe oerang kadenge goemoeloedoeg djoeměgoer sarta haseup ngabělěgběg tjara alamatna goenoeng bitoe . Eta anoe saroepa kitoe teh tajohna bae bitoena goenoeng seuneu dina djěro laoetan , toeloej lebah dinja dasarna sagara kasoeroeng ka loehoer , sarta koe tina kitoena nja ngadjadikeun poelo . Eta anoe saroepa kitoe teh tatjan lila nepi ka ajeuna , kadjadian di bawahan Joenani (Griek ) di deukeut poelo Santorino. Di dinja aja poelo anoe anjar djadi .

Di tanah Eropa henteu pati loba goenoeng seuneu , anoe di waktoe ajeuna ngaloearkeun walahar . Di djaman baheula nja kaitoeng loba oge eta goenoeng seuneu teh . Di tanah Parasman (Frankrijk) loba goenoeng ange baheulana ngaloearkeun seuneu , tatapi di djaman ajeuna geus parareum kabeh . Eta oerang bisa nganjatakeun kitoe, nja eta koe tina ditoengtik dina tempat - tempat noe loba oeroetna djeung loba walahar anoe kapanggih di sakoeriling -boengking goenoeng anoe dikira oeroet goenoeng seuneu tea. Goenoeng -goenoeng seuneu anoe dina mangsa ajeuna ngaloearkeun seuneu , nja eta : Visuvius di deukeut dajeuh Napels , goenoeng -api Etna di poelo Sicilië , goenoeng Stromboli djeung goenoeng anoe laleutik di poelo -poelo Lipari djeung goenoeng Hekla di poelo Ijsland . Goenoeng seuneu anoe pangloehoerna di antara ieu goenoeng -goenoeng , nja eta goenoeng Etna , loehoerna aja 2400 Meter.

Di banoea Azië henteu pati loba goenoeng seuneu , tatapi anoe loba teh nja eta di poelo -poelona , saperti di poelo Djawa, tangtoe oerang geus pada njaraho kabeh , geuning sok minděng aja

Kabeungharan alam . 2 goenoeng bitoe , ngaroeksak kěbon djeung lemboer -lemboer anoe dareukeut. Ari goenoeng -goenoeng seuneu di tanah Amerika mah , meh kabeh ajana di pagoenoengan anoe laloehoer bae , nja eta anoe aja di basisir koelon eta banoea . Eta goenoeng -goenoeng seuneu teh laloehoer pisan , saperti Jarulla di tanah Mexico djeung goenoeng Cotopaj di tanah Peru .

V. Lini.

Aja deui anoe matak heran kadjadian doenja , anoe oerang henteu pati njaho sabab -sababna saperti mětjahna goenoenggoenoeng , nja eta anoe koe oerang sok disěboet lini tea .

Tajohna bae eta kadjadianana lini teh ngagolong djeung kadjadianana goenoeng seuneu . Sabab oepama aja lini teh biasana nja eta di tempat - tempat anoe deukeut kana goenoeng seuneu , nja kitoe deui kadjadianana eta lini sok bareng djeung djadina goenoeng seuneu . Eta lini ngojagkeunana taneuh teh henteu pati lega ngan sakoer di sakoerilingna goenoeng seuneu tea bae . Aja deui lini, anoe ngadjadina henteu goemantoeng kana goenoeng seuneu , ngobahkeunana taneuh teh lega kabina -bina .

Oepama arek aja lini , biasana sok kadenge heula koe oerang gěgělěgĕran di djěro taneuh , saroepa sora goeloedoeg gogorolongan , siga pisan djělěma -djělěma anoe tjaritjing di eta tempat teh dialamatan arek aja lini . Eta lini anoe saroepa kitoe tch geus kadjadian di tahoen 1746, ngaroeksak dajeuh Lima di tanah Peru , Amerika -Kidoel . Kalolobaanana djělěma eusi eta nagara geus dibaredjaan koe sorana di djěro taneuh , djadi gantjang njaringkah djaoeh . Tatapi kadangkala eta lini teh datangna ngadadak , sok tara ngalamatan heula koe sora di djero taneuh . Eta anoe saroepa kitoe teh geus kadjadian di tahoen 1755, aja lini gěde ngaroeksak dajeuh Lisabon di tanah Portegis .

Lantaran lini gede tahoen 1897 , di Tjiandjoer masigitna roentoeh , samalah datang ka aja noe katindih . Di aloen -aloen djeung di sababaraha tempat di dajeuh, taneuhna bareulah , laoek tjai di koelah kakotjlak ka darat .

Tahoen 1901 lantaran lini gede di Soekaboemi pirang -pirang gědong djeung wawangoenan anoe tembokanana bareulah ; kenteng maroeragan ti soehoenan , samalah datang ka aja lamari dieusi barang belah pětjah, tibalik . Djalan karata api palebah Tjiběběr djeung Gandasoli , roeksak, beusina parotong , sawareh baringkeng .

Djalma-djalma rarisieun asoep ka imahna, pada mareuting } djeung marangkalan di aloen -aloen djeung sisi-sisi djalan besar .

9.Goenoeng Bromo waktoe bitoe dina tanggal 15September .1921

Koe oerang henteu perloe ditjaritakeun deui , naon eta anoe dingaranan lini teh, tangtoe sarerea oge geus tarĕrang, nja eta geuning boemi teh karasana koe oerang eundeur (ngagětěr ), saperti dasarna boemi gendjlong tjara ombak tjai. Kadangkala eta ombakna boemi teh henteu těroes bae, tatapi sok reureundahan djoenghak -djěnghok raranděgan teu tangtoe heuleutna. Waktoe lini di dajeuh Lissabon, gěběgna aja tiloe kali anoe panggědena , anoe pangpandeurina pangtarikna sarta panglilana , nja eta anoe pang -pangna ngaroeksakkeunana eta dajeuh. Eta gědagna lini anoe saroepa kitoe sawareh mah sok kěrěp, tatapi sawareh deui sok aja heuleutna popoëan djeung aja noe miminggoean .

Lini anoe gede , sakapeung mah ojagna teh sok karasa ka mana -mana . Waktoe lini anoe ngaroeksak dajeuh Lissabon karasa di sakoeliahna tanah Portěgis , sarta dina poë harita keneh karasa aja lini gěde di tanah Maroko , Parasman (Frankrijk). Zwitzerland , malah di Ijsland djeung poelo -poelo West -Indië oge karasa aja lini gěde, tajohna bae rerentenganana lini anoemimitina aja di nagara Lissabon tea.

Eta lini teh mindeng pisan sok matak robah kana roepana beungeut boemi . Sapĕrtina dadak -sakala war aja tempat beulah gěde ngangkawak, aja goenoeng -goenoeng nareundeut, lila-lila djadi talaga ; atawa oepama di laoetan sok ngadadak aja poelo poelo , djeung salianna ti eta . Nja kitoe deui goenoeng seuneu Jorullo di tanah Mexico , eta oge ngadjadina keur waktoe aja lini .

Biasana keur waktoe aja lini , laoet katjida pisan gendjlongna něpi ka ngadjadikeun katjilakaan gede kana kapal-kapal anoe noedjoe lalajaran di eta tempat , malah sawareh mah něpi ka kalěboeh . Tatapi estoe aja aneh kabina-bina, samangsa -mangsa aja lini di mana bae ari moenggoehing hawa mah anoe aja di awang-awang, tětěp bae henteu pipiloeeun obah , malah langit teh sok katendjo bengras pisan taja reueukna saeutik-eutik atjan.

Sakoemaha anoe ditjaritakeun di loehoer tadi, eta geus njata pisan , jen lini teh katjida pisan pikaheraneunana , hidji kadjadian alam anoe bangsa aneh kabina-bina toer matak pikasieuneun pohara pisan , sabab taja pisan piakaleunana baris nolak balai anoe sakitoe ngaroeksakna . Oepama taneuh anoe sakitoe teuasna , dasarna sakabeh barang anoe aja dina beungeut boemi , ngamimitian goemětěr sarta djědjěnghokan , sanadjan djělěma anoe gěde hate katjida oge , geus tangtoe miris . Ngan aja sapěrkara baris njingkahan eta bahaja teh , nja eta oerang teh koedoe njaringkah kana těgalan , sangkan oelah katinggang koe tatangkalan atawa imah-imah anoe raroentoeh .

Di tanah Walanda mah arang pisan aja lini , aja oge ngan saoekoer bae , koe tina kitoena oerang Walanda mah henteu pati rareuwaseun teuing, oepama aja lini teh . Anoe pangmindĕngna aja lini anoe sok ngaroeksak, nja eta di tempat-tempat sabeulah kidoel . Ari anoe sok kérép pisan aja lini gede , nja eta di kapoeloan India -Koelon, di tanah Centraal Amerika djeung di tanahtanah anoe dareukeut ka dinja . Nja kitoe deui di tanah IndiaWetan sok mindeng aja lini , tangtoe sarerea ge geus tarěrang , koemaha rasana oepama waktoe aja lini .

Dina tahoen 1901 waktoe aja lini gěde di Banda, pirangpirang imah djeung wawangoenan anoe raroentoeh .

Bedjana noe matak di oerang , di Priangan , imah-imah oerang Priboemi henteu ditembok sarta make kolong ditatapakan, nja eta baris ngadjaga bisi aja lini . Samangsa -mangsa taneuh ojag, imah anoe kolongan teh miloe ojag , henteu matak salempang tereh roentoeh .

VI. Arĕng batoe .

Areng batoe kaasoep kana kaajaan doenja anoe perloe pisan dikanjahokeun koe oerang sarerea . Kadjaba ti dipake njoeloehan hawoe hoeloe kareta api (locomotief), sok dipake minangka soeloeh di kapal -kapal api atawa pabrik-pabrik dj . s . t. Děmi roepana areng batoe teh hideung, teuasna saperti batoe , tapi ari dibeuleum hoeroeng . Di tanah Hindia -Nederland lolobana datangna ti poelo Soematra , ti pagoenoengan Ombilin djeung ti poelo Laoet, kidoel-wetaneun poelo Borneo .

10. Tempat batoe -areng di djěro taneuh .

Ari di tanah Walanda mah datangna eta areng batoe teh babakoena ti tanah Inggris djeung Duitschland, da ari di dinja mah aja oge di Limburg ngan henteu pati loba , nja kitoe deui di tanah Parasman djeung België .

Lolobana djělěma meureun kanjahona hal areng batoe teh ngan sakitoe , nja eta ngan oekoer njaho koemaha roepana , sok dipake naon djeung ti mana datangna . Kanjaho sakitoe geus ngarasa tamat . Padahal ari saĕnja -ënjana mah masih keneh loba pisan anoe koe oerang perloe dikanjahokeun teh .

Oepama kai koe oerang dialoengkeun kana seuneu , di mana geus ger hoeroeng , geuwat koe oerang tjokot deui , eta roepana hideung satengah djadi roehak, koe oerang sok diseboet oge ngaroehak . Mindeng pisan djelěma ngahadja meuleum kai , nja eta anoe diarah soepaja djadi areng . Atoeranana njieun arĕng teh kieu : oerang koedoe noempoekkeun kai heula, geus kitoe. pek dirimboenan koe taneuh sarta toeloej disoendoet (didoeroek ). Koe lantaran diroeang koe taneuh , djadi hawa henteu pati bisaeun asoep kana eta djěro roeangan kai tea , djadi hoeroengna kai teh henteu sakoemaha , ngan ngagérějěm bae . Sawareh babagianana kai , kadoeroek koe seuneu , sarta toeloej ngadjadi haseup , njamboeang ka awang-awang, tatapi babagian kai anoe aja keneh di djero kai , anoe dingaranan koe basa Walanda koolstof henteu kadoeroek sakabehna , nja eta anoe koe oerang diseboet arĕng tea .

Děmi koolstof anoe henteu kadoeroek dina djěro kai — anoe -- djadi areng tea bisa oge djadi areng , lamoen eta tatangkalan kakeueum di djero tjai sababaraha windoe lilana ; babagian kai anoe sedjen , boeroek , tjampoer djeung tjai , ari koolstofna mah tinggaleun , lila-lila nja djadi areng dina djěro tjai .

Ari babagian woedjoed kai teh geus tangtoe aja koolstofna, sanadjan gedena ngan sagede beunjeur oge . Eta koe oerang gampang pisan diterangkeunana ; nja eta , oepama oerang njokot tapi oelah sina něpi ka kertas atawa lamak diantělan seuneu . hoeroeng , geuning eta anoe diantělan seuneu teh djadi toetoeng , hideung. Nja kitoe deui oepama oerang ngaliwět něpi ka intipna toetoeng , eta teh , nja eta koolstof anoe aja dina kedjo ; atawa dina kahakanan salianna ti eta , oepama disangraj atawa dibeuleum nepi ka toetoeng , eta kabeh nandakeun jen aja koolstofna .

Ari bangsa tatangkalan anoe djadi saroepa areng koe lantaran kakeueum kog tjai , di oerang mah langka kanjahoanana , kadjaba dina tempat rawa gede. Ari di nagara sedjen mah , saperti di tanah Walanda , anoe saroepa kitoe teh loba katjida , nja eta di tempat - tempat rawa djeung di tempat - tempat anoe salilaná tjěbrek . Roepa -roepa tatangkalan anoe aja di noe tjěbrek , lantaran salawasna kakeueum koe tjai , toeloej djadi boeroek sarta adjoer . Eta anoe saroepa kitoe, koe oerang dinja toeloej dikoempoelkeun sarta dipoë , nja djadi saroepa soeloeh , anoe koe oerang Walanda dingaranan turf, didjoeal ka mana -mana ngadjadikeun kaoentoengan gede .

Loeloemajanan baris nganjatakeun leuleutikan bae, anoe saroepa kitoe teh koe oerang katangen énja -ĕnja , oepama dina djěro balong aja dangdaoenan kakeueum koe tjai pirang -pirang tahoen lilana . Eta dangdaoenan oepama dipoë , disina toehoer , toeloej didoeroek nja saroeà bae djeung meuleum turf tea, teurak koe seuneu sarta bisa roehaj , tatapi henteu aja haseupna , atawa koerang pisan haseupna .

Sakoemaha anoe enggeus ditjaritakeun di loehoer tadi, djadi eta areng kai teh saěnjana ngadjadina areng teh koe lantaran akal djělěma , tatapi ari turf mah ngadjadina saroepa areng teh koe lantaran bakatna alam , boeroek dina djěro tjai (kakeueum koe tjai , mangratoes -ratoes tahoen ) . Oepama eta turf digěntjet, tangtoe djadi tambah teuas sarta roepana hideung.

Tah ajeuna koe tina kitoena, oerang malikan deui njaritakeun pěrkara areng batoe tea.

Di djaman baheula pisan geus mangpirang -pirang ratoes windoe lilana , roepana beungeut boemi teh estoe beda pisan djeung´ waktoe ajeuna.

Di djaman ajeuna loba pisan tanah anoe di djaman baheulana woedjoed laoetan djeung loba poelo -poelona gěde -leutik . Dina eta poelo -poelo loba pisan tatangkalan anoe galěde , leuweung ganggong -simagonggong , pěpět djědjěl koe tatangkalan anoe palohara pisan gědena . Eta leuweungleuweung gělěděgan teh sok diraroeksak koe tjaah -tjaah gede djeung koe angin topan (parahara ), djeung sabab -sabab lianna ti eta , datang ka eta leuweungleuweung teh katoetoepan koe leutak djeung keusik sarta poendah -pindah ka sababaraha tempat . Eta leuweung anoe karoeang teh kai -kaina laoen -laoen djadi areng , nja kitoe deui koe tina katindihan koe taneuh djeung batoe atawa keusik sakitoe lobana djeung lilana, djadi padět katjida , koe tina kitoena eta kai -kai leuweung djaradi boeroek , sarta heubeul ti heubeul nja djadi areng batoe tea .

Di tanah Inggris , Duitschland, België djeung di bilangan Limburg di tanah Walanda , ngalana areng batoe teh dikali djěro katjida sarta aja goehana . Eta goeha areng batoe loba pisan simpanganana , didjieunna koe djělěma .

Djělěma -djělěma anoe arek digarawe ngala areng -batoe di djěro goeha teh, asoepna kana djero eta goeha koedoe dikerek make tambang gede atawa rante beusi , diwadahan koe tong kai atawa tjarangka atawa pěti kai . Samalah aja oge goeha areng -batoe anoe diasoepan koe railbaan, nja eta kareta api leutik ; siga nakĕr kareta tjotjooan. Eta areng-batoe dialana didoengkaran make linggis , patjoel djeung pakakas lianna ti eta , geus kitoe toeloej dikerek ditarik ka loehoer make tjarangka atawa pěti . atawa dimomot-momotkeun dina kareta api leutik , anoe dipake toeroenna kana djero goeha koe anoe digarawe di dinja . Eta pagawean dina djero goeha areng -batoe , estoe matak pikasalempangeun katjida , sabab sok mindeng pisan aja katjilakaan gede, nja eta kalolobaanana koe lantaran sok ngadadak gas hoeroeng , anoe aja dina djero goeha , oepama kaseungeut koe damar atawa

11 . Goeha batoe -areng di Ombilin (P. Soematra ).

koe seuneu naon bae anue dibawa ka djěro eta goeha , sabab eta gas teh sengět katjida . Dina waktoe kadjadian anoe saroepa kitoe , mangratoes -ratoes djělěma anoe maraot, koe lantaran ngadadak hoeroengna gas tea . Sanadjan sakitoe nja matak salempangna oge sarta njilakakeun mangpirang -pirang njawa manoesa , hajoh bae pada ngaroekoejan arěng -batoe tina djěro eta goeha , meunang pirang-pirang malioen ton lobana dina satahoentahoenna (hidji ton aja 1000 K. G. ) , sabab dina mangsa ajeuna oerang perloe pisan koedoe make areng -batoe , soemawonna ajeuna sanggeus perang gede di Eropa, pirang-pirang tempat goeha areng -batoe di nagara België djeung nagara Parasman anoe diroeksak djeung dikeueum koe oerang Duitschland. Tjoba oepama. euweuh areng -batoe , koemaha oerang pibisaeun ngadjalankeun kareta api , kapal api djeung pabrik-pabrik anoe galěde ? Oepama taja panasna seuneu anoe ngadjadikeun stoom dina djěro katelna kareta-api atawa kapal-api , geus tangtoe eta kapalapi djeung kareta api teh hamo barisaeun ladjoe . Salianna ti eta oepama

12. Pětana ngala batoe -areng .

taja areng -batoe , koemaha oerang nja pibisaeun ngadjalankeun roépa -roepa mesin baris njieun lawon , njieun pakakas beusi , ngaragadji kai , njieun goela djeung salianna ti eta . Nja kitoe deui lampoelampoe gas baris njaangan nagara -nagara , eta oge gasna didjieunna kalolobaanana tina areng -batoe , sabab gas tina sedjen -sedjen barang mah leuwih mahal . Djaba ti dinja kapan di Eropa aja oesoem winter . Koemaha piakaleunana baris djělěma -djělěma lamoen keur tiris katjida toer euweuh arĕng -batoe , baris sidoeroe ?

Djadi koe tina kitoena, sarehna roepa -roepa pakakas měsin kalolobaanana koedoe make areng -batoe , eta areng -batoe teh SAMA ....

,eta -areng .Beuki panas seuneuna beuki koeat stoomna ,gambar parabot paranti ngamoeatkeun batoe diloehoer . ka kapal .Gambar noe -api moal deakeun madjoe lamoen henteu aja stoom -areng sababna anoe matak soeloehna sok koe batoe 13.Kareta api djeung kapal

14. Pabrik tempat ngajak djeung njitak -batoe areng diSawah Loento ().Soematra

henteu meunang euweuh, koedoe aja bae salalawasna baris pakeeun oerang , sabab loba katjida měsin anoe koedoe disoeloehan koe arěng -batoe , da ari make soeloeh kai atawa turf mah hamo bisa djalan . Noe matak, sanggeusna perang gede di Eropa , samoebarang kapĕrloean djělěma katjida pisan mahalna nja eta lantaran koerang arěng -batoe , loba pisan pabrik -pabrik teu bisa ladjoe . Nja kitoe deui moenggoehing turf teh henteu pati loba , malahan sanadjan oerang make soeloeh kai leuweung anoe sakitoe lobana oge, eta oge baris gantjang pisan pibeakeunana , tangtoe di doenja hamo aja leuweung deui , oepama oerang ngan woengkoel make soeloeh kai mah .

Nilik sakoemaha anoe geus ditjaritakeun di loehoer tadi , geus tetela pisan , jen areng batoe teh , perloe pisan djeung gede pisaa mangpa'atna .

VII. Patlot djeung intěn .

Taksiran kaoela loba djéléma anoe ngira, jen patlot djeung intěn teh henteu sabangsa , misah golongan . Tjoba oepama oerang nimbang patlot anoe sakitoe kasarna teh, roepana hideungdjeung moerah pisan hargana , dibandingkeun djeung intén , anoesakitoe aloesna djeung tjahjana sakitoe montjorongna, eta djaoeh pisan bedana . Tatapi ari saĕnja -ĕnjana mah eta doea roepa barang teh toenggal saasal , saroea bangsana , nja eta bangsa areng (koolstof ) keneh, sabangsa djeung areng batoe djeung areng kai bae.

Ari enggonna eta intěn teh anoe rada loba di tanah Brazilië , Poelo Borneo djeung di tanah Afrika sabeulah kidoel , tatapi kitoe oge henteu pati loba . Eta intén ajana henteu pati djérodjěro teuing dina taneuh, koe tina kitoena oerang henteu pérloe ngoekoej taneuh djěro -djěro , henteu saperti ngala areng batoe .

Neangan inten teh kaitoeng bangga oge, sabab mindeng pisan oerang koedoe mariksa heula taneuh loba katjida , lamoen oerang hajang nganjahokeun, naha di dinja teh aja intenna atawa euweuh. Koemaha ana beh teh intěnna lalemboet 'djeung garoreng ; malah sakapeung mah loepoet pisan .

Oǝpama eta inten kakara kapanggih tina djéro taneuh, roepana henteu boeboerinjajan sarta montjorong, koe anoe henteu njahoëun mah dinjanaan batoe loembrah bae . Ari sababna lantaran gosokeun keneh, da eta intén teh kakara ngabogaan tjahja , oepama énggeus diasah . Ari intén teh nja eta hidji bangsa batoe anoe pangteuasna pisan diantara batoe -batoe anoe geus kanjahoan koe oerang . Oepama oerang rek ngasah intén teh, koedoe koe saroepa barang anoe sakoerang -koerangna teuasna saroea djeung intěn; lamoen teu kitoe meureun gaplah bae. Koe sabab eta , ngasah inten teh koedoe koe tipoengna inten. Eta pagawean katjida pisan banggana sarta lilana , nja kitoe deui koedoe ati-ati pisan . Pabrik paragi ngasah inten anoe kaitoeng panggědena sarta pangmashoerna ajana di dajeuh Amsterdam .

Oepama inten koe oerang dibeuleum ĕnja -ĕnja datang ka djadi hideung, montjorongna leungit, teu aja bedana djeung areng biasa . Nja kitoe deui eta inten koe oerang beunang didoeroek dina hidji roepa pakakas saperti paranti njieun arěng , sarta kadjadianana teh henteu beda djeúng areng , anoe sok didjaroeal koe toekang areng . Koe sabab eta terang katjida jen intěn teh satĕměnna bangsa areng keneh (koolstof) .

Koe sabab inten teh katjida pisan teuasna , koe oerang sok dipake motong katja . noeroetkeun sakahajang oerang , pasagi , djoeroe -tiloe djeung salianna ti eta . Ari atoeranana motong katja teh kieu : katjana koe oerang pek digarit sakahajang oerang . toeloej diteueulkeun lalaoenan , ti dinja eta gelas peupeus noeroetkeun tapak garitan intén tea .

Děmi patlot nja eta hidji roepa barang bangsa koolstof keneh . Anoe loba ajana nja eta di tanah Inggris djeung Duitschland, dikali tina djero taneuh . Oepama oerang ngagariskeun eta barang di noe rata, sok aja tapakna, nja eta goerat hideung . Koe tina kitoena, eta barang koe oerang sok didjieun patlot. Eta patlot oepama koe oerang dibeuleum , sanadjan sakoemaha panasna oge sok tara antjoer . Koe sabab eta, patlot teh sok didjieun sangrajan atawa dipake wadah paragi ngentjerkeun barang pĕrmata masakan . Patlot anoe saroepa kitoe, anoe sok didjieunan saroepa barang gagarabah , koe oerang Walanda diseboetna graphiet; sarta sok didjieun tipoeng , gawena paragi ngabaloer beusi, sangkan oelah taihiangan atawa baris moelas barang roepa -roepa , soepaja herang .

VIII. Kajoe-api (kĕrekan ).

Sarerea oge tangtoe moal aja anoe bireuk kana kajoe-api ; geuning sikina sok make dihoeioean beureum atawa hideung , sarta sok gantjang pisan hoeroeng , oepama dikotretkeun kana barang anoe karadak . Djaman baheula mah eta kajoe-api teh barang langka pisan , malah di djaman baheula pisan mah tatjan aja , kapanggihna kira-kira kakara 40 atawa 50 tahoen ka toekang .

Njieun kajoe-api teh mere pagawean ka pirang-pirang djělěma sarta mere kaoentoengan mangpirang -pirang reboe roepia , sabansaban tahoen mangmalioen -malioen kajoe-api didjoealan ka manamana di sakoeliahna doenja . Kajoe -api anoe pangheulana didjoeal , nja eta anoe hoeloena beureum, ari anoe koneng djeung hideung mah kapanggihna rada beh dieu koe oerang Zweden .

Děmi njieun kajoe-api teh, nja eta koedoe aja sikina heula, didjieunna koe kai . Geus tangtoe soesah katjida oepama oerang njieun sikina hidji -hidji ngabeulahan . Anoe boga pabrik kajoeapi geus tangtoe loba teuing mere boeroeh ka anoe njarieunan sikina tea , oepama dipigawe hidji -hidji , sarta geus tangtoe eta kajoe-api hargana mahal . Koe hal eta ngeureutan sikina teh aja měsinna , ngarah gantjang djadina , tatapi pandjangnja aja doea kalieun kajoe-api biasa tea .

Tidinja eta siki kajoe -api teh dientepkeun dina kai gepeng pandjang, roebakna rada koerang ti pandjangna siki kajoe -api tea, djadi tjongona siki kajoe-api teh narolol ka loear , toengtoeng pada toengtoengna ; kentja-katoehoeeunana eta kai , gepeng . Oepama eta siki kajoe-api geus dientepkeun kitoe, toeloej ditoempangan koe kai gepeng deui , roebakna sarta pandjangna nja koedoe saroea djeung anoe tadi tea , geus kitoe pek deui dientepan deui siki kajoeapi teh saperti tadi, sarta toeloej deui ditoempangan kai gepeng deui , kitoe bae satĕroesna , něpi ka djadi hidji toempoekan kai-kai ,. anoe kentja -katoehoeeunana narolol toengtoeng - toengtoengna siki kajoe-api tea . Tidinja eta toempoekan kai dibeungkeut pageuh , soepaja oelah pabarěntjaj ragragan . Geus kitoe toengtoengna siki kajoe-api teh ditapělan koe walirang . Migawena gampang pisan . Mimitina koedoe ngentjerkeun walirang, geus kitoe eta toengtoeng siki kajoe -api teh pek diantjlomkeun kana eta walirang tea . Eta walirang anoe entjer teh napěl kana toengtoeng siki kajoeapi, sarta oepama geus tiis sarta toehoer napělna teh pageuh .

Anoe geus beunang napělan koe walirang teh , koe oerang disoendoet koe roehak-roehaj , geus tangtoe walirangna tea hoeroeng sarta hoeroengna walirang teurak kana kaina anoe katapĕlan koe walirang tea. Děmi moenggoehing kajoe -api mah henteu perloe walirangna diantělkeun kana seuneu , tatapi koedoe hoeroeng sorangan koe lantaran meunang panas saeutik. Koe hal eta oerang pětakeun hidji barang anoe katjida pisan sẽngětna tinimbang djeung walirang ; njà eta phosphorus , roepana koneng , teuasna saroea djeung malam. Eta phosphorus didjieunna tina toelang sarta katjida pisan sengětna , nepi ka diteundeunna oge salilana koedoe dina djěro tjai bae, sabab oepama diteundeun dina tempat biasa mah sok toeloej hoeroeng sorangan .

Baris nganggeuskeun njieun kajoe -api , eta phosphorus koedoe dientjerkeun heula sarta ditjampoeran koe sedjen barang , něpi ka djadi saroepa boeboer . Geus kitoe eta siki kajoe-api anoe geus walirangan tea , toengtoengna kentja-katoehoe diantjlomkeun deui kana boeboer phosphorus tea . Eta boeboer phosphorus napěl kana eta walirang sarta lila -lila toehoer . Oepama geus toehoer , eta siki kajoe-api anoe kentja -katoehoena aja walirang -djeung phosphorusna teh , toeloej diteukteukan tengah - tengahna anoe saroea pandjangna , nja ajeuna eta beunang diseboetkeun kajoeapi walirang atawa tětěp sok disěboet oge kajoe -api (kěrekan ).

Oepama oerang arek mětakeun kajoe -api sangkan hoeroeng , eta pěpěntolna siki kajoe -api teh koedoe dikotretkeun kana barang anoe karadak, geus tangtoe gantjang hoeroeng . Sakabeh barang anoe digosokkeun atawa dikotretkeun , eta sok djadi panas . Geura tjobatjoba maneh ngagosokkeun kantjing tambaga kana naon bae , geus tangtoe eta kantjing djadi panas . Nja kitoe deui eta siki kajoe -api walirang anoe dikotretkeun tea , geus tangtoe djadi rada panas . Eta panas teh geus tjoekoep pikeun ngahoeroeng . keun phosphorus tea . Ti dinja seuneu phosphorus anoe hoeroeng teh pek teurak kana walirang sarta hoeroengna walirang tĕroes teurak kana siki kajoe-api tea .

Oerang koedoe ati-ati pisan kana eta kajoe api teh , sabab sok gantjang hoeroeng djeung babakoena eta phosphorus teh ratjoen matih pisan . Mindeng pisan djělěma paeh koe lantaran dahar atawa nginoem phosphorus .

Di djaman ajeuna eta kajoe-api geus tambah -tambah bae hadena , henteu matak njilakakeun teuing ka oerang . Soemawonna sanggeusna di tanah Zweden djělěma manggihan akal njieun kajoe-api henteu matak njilakakeun seperti anoe geus ditjaritakeun di loehoer tadi . Eta kajoe-api anoe didjieunna di tanah Zweden , sanadjan make phosphorus oge , tatapi eta phosphorus henteu aja ratjoenan. Eta kajoe api anoe saroepa kitoe gampang pisan dipětakeunana , ngan saoekoer oerang ngotretkeun kana gigirna does wadahna bae , anoe geus disadiakeun paragi ngotretkeun sikina tea.

Djadi ajeuna mah oerang teh henteu pati salempang teuing, inggis eta kěrekan hoeroeng teu poegoeh -poegoeh , sabab oepama henteu dikotretkeun kana bakoena paragi ngotretkeun mah , hamo hoeroeng sorangan , henteu tjara kěrekan koena , kana barang naon bae, oepama digosokkeun teh sok babari pisan hoeroeng . Djadi kěrekan koena teh kaelehkeun koe kěrekan djidjieunan djaman ajeuna , nja eta kaloearan ti tanah Zweden , Parasman, Inggris , Amerika , Tjina , Djěpang djeung salianna ti eta loba deui .

IX. Eunteung .

Sarerea oge meureun geus pada njaraho naon anoe dingaranan eunteung teh, sanadjan boedak leutik oge geus njarahoëun ; tatapi ari saěnja -ěnjana mah , sanadjan kolot oge loba anoe henteu njarahoëun di kaanehanana eunteung teh.

Ti peuting, sanggeusna damar dipareuman , oerang henteu barisa neuleu . Medja , korsi , lomari sarta salianna ti eta , sanggeusna lampoe pareum, kabeh henteu katendjo. Lain leungit njingkah tina tempatna , tatapi leungit soteh djoenggěrĕngna , teu katendjo koe mata oerang . Õepama dirarampa mah di noe poëk , eta barang -barang teh araja keneh kabeh , henteu ka mana -mana , ngan henteu katendjo bae.

Ari sababna noe matak henteu katendjo teh kieu .

Lamoen oerang njokot hidji patlot atawa boekoe , digolerkeun dina medja , tangtoe katendjo . Tatapi lamoen koe oerang dipindingan koe sabak , sanadjan teu poëk oge, eta patlot atawa boekoe meureun henteu katendjo. Djadi ana kitoe, meureun tina eta patlot atawa boekoe teh koedoe aja saroepaning kalangkang barang naon -naon anoe datang asoep kana djĕro panon oerang , anoe matak ngadjadikeun katendjo koe oerang . Tatapi koe sabab panon oerang dipeungpeunan koe sabak , djadi kalangkang barang anoe baris asoep kana panon oerang teh kahalangan koe sabak tea , koe sabab eta , eta patlot atawa boekoe henteu bisa katendjo koe oerang . Eta barang anoe ka loear tina sipat djoenggěrĕng , anoe datang kana djěro panon oerang , disěboetna tjaang tjahaja). (

Loba barang , anoe ngabogaan sarta mere tjaang koe maneh , saperti seuneu hoeroeng , panonpoë , boelan djeung salianna ti eta . Tatapi ari kalolobaanana mah , barang , anoe henteu mere tjaang sorangan . Djadi eta barang anoe saroepa kitoe, bisana soteh katendjo koe oerang , koedoe aja tjahaja ti noe sedjen , anoe njaangan kana eta barang , geus kitoe tina eta barang tjahajana toeloej asoep kana djěro panon oerang . Tah eta kitoe sababna , anoe matak oerang henteu bisa nendjo medja , korsi , lomari djeung salianna ti eta noe poëk , sabab euweuh tjahaja anoe njaangan kana eta barang -barang , soepaja kalangkangna bisa asoep ka djěro panon oerang .

Oepama oerang mawa hidji barang anoe mere tjaang kana tempat anoe poëk , saperti lampoe beunang njeungeut, geus tangtoe aja tjahaja ragrag kana woedjoedna korsi , medja djeung lomari tea, sarta eta tjahaja barang bisa asoep kana djěro panon oerang , nja boektina oerang bisa nendjo eta barang -barang .

Eta malikna tjahaja tina barang kana panon oerang , disěboetna malikna tjahaja , anoe koe basa Walanda disěboet terugkaatsing tina tjahaja. Samangsa -mangsa roepana barang leuwih lesang sarta leuwih rata, eta geus tangtoe tjahajana ( terugkaatsingna) leuwih hade .

Oepama oerang njěkěl lilin hoeroeng dina hareupeunana hidji blek anoe beunang moelas koe nekěl, geus tangtoe eta tjaangna teh anoe tina eta lilin , malikna deui ka oerang tina eta blek, meh saroea bae saperti tjaangna torodjogan tina lilin kana mata .

oerang . Koe hal eta oerang bisa nendjo hoeroengna lilin doea roepa . Nja eta : oepama oerang nendjo kana eta lilin, oerang meunang tjahajana torodjogan kana djěro panon oerang . Nja kitoe deui oerang bisa nendjo eta lilin hoeroeng dina blek. Eta oerang meunang tjahaja lilin hoeroeng teh henteu torodjogan tina lilin tea , tatapi nja eta tjahaja lilin dina blek (malikna tjahaja lilin hoeroeng koe lantaran blek tea) .

Salianna ti eta dina barang rata sarta beunang moelas koe barlen atawa koe naon bae anoe saroepa kitoe, anoe katendjo koe oerang teh, lain ngan tjahajana barang anoe sipat mere tjahaja bae, tatapi saroepaning barang oge kalangkangna koe oerang katendjo.

Oepama oerang nendjo beungeut oerang dina djěro eunteung, eta kieu atoeranana : tjahaja ti loear njorot kana beungeut oerang , ti dinja tĕroes kana eunteung . Eta eunteung malikeunana tjahaja teh hade pisan kana panon oerang , koe sabab eta , oerang meunang tjahaja kana panon oerang , anoe satadina tjahaja ti loear kana beungeut oerang toeloej kana eunteung tea , sarta tina eunteung těroes kana djěro panon oerang . Eta tjahaja datangna ka oerang tina eunteung , nja oerang bisa nendjo kalangkang beungeut oerang dina djěro eunteung .

Ari anoe sok loembrah dipake eunteung koe oerang , nja eta saroepa barang gelas anoe rata sarta herang .

Ari pěta -pětana njieun eunteung teh kieu : běling anoe rata pisan diasah hade -hade , geus kitoe anoe sabeulah dipoelas ; tapi lamoen pamoelasna ngan djangdji bae , eta běling teh djadina eunteung henteu pati hade , sabab tjaangna tjahaja loba anoe norobos ka loear, djadi koe tina kitoena malikna tjahaja oge koerang hade . Ari pihadeeunana eta běling anoe beunang ngasah rata teh sabeulahna deui koedoe dipeungpeukan koe hidji roepa barang anoe ngahalangan kana montjorna tjahaja tea . Děmi anoe dipětakeun radjasa anoe ipis „diamparkeun di loehoerna saroepaning medja . Geus kitoe di loehoerna eta radjasa dibandjoeran koe tjai rasa (kwik) masing rata pisan . Ti dinja gantjang ditoempangan koe běling anoe rek didjieun eunteung tea sarta didědětkeun lalaoenan , hade -hade . Eta lambaran radjasa djeung kwik teh ngadjadi hidji saroepa boeboer sarta napěl rakět pisan kana běling , nja kitoe deui napělna teh rata salěgana běling . Eta ratana kwik teh , nja eta babakoena anoe djadi eunteung tea , ari běling mah ngan woengkoel panahan bae sarta ngahalangan kwik djeung lambaran radjasa anoe ngadjadi hidji tea soepaja oelah roeksak.

X. Goela.

Djaman baheula di tanah Eropa goela teh kaasoep barang langka pisan , henteu tjara ajeuna meh sakabeh djělěma pada njaraho kana goela teh, nja eta njaraho ngaranna djeung rasana . Baheula di tanah Eropa, oepama djělěma arek ngamisan kahakanan , koedoe make madoe bae . Ari koe kitoe tea mah henteu matak heran , jen goela di Eropa teh kaasoep barang langka , sabab bangsa tangkal anoe sok didjieun goela di dinja , henteu djadi, tatapi ngan woengkoel djadi di tanah anoe hawana panas bae, sapĕrti di oerang , di kapoeloan Hindia Wetan , djeung Hindia Koelon dj . s . t. Koe sabab djaman baheula tanah Hindia Wetan djeung Koelon tatjan kaambah koe bangsa Eropa, geus tangtoe bae goela teh saeutik pisan didatangkeunana ka tanah Eropa.

Di tanah-tanah panas aja saroepa tatangkalan sabangsa kaso , ngaranna tiwoe . Eta tiwoe di dinja sok digědekeun dipělak ngagĕbleg sababaraha bahoe legana di tanah sawah . Tangkalna rada hipoe sarta loba tjaina , djeung oepama digěntjet, tjaina něpi ka ngoetjoer sarta amis pisan rasana . Sarerea oge tangtoe geus pada njaraho kana tangkal tiwoe . Tah nja eta tjai tiwoe anoe koe oerang sok didjieun goela teh . Sanggeusna ditoearan tangkal tiwoe teh toeloej diarasoepkeun leundjeuran bae kana panggilingan soepaja digěntjet diarah tjaina . Děmi pakakasna poerah ngagentjet di pabrik-pabrik teh didjieunna tina beusi gilig galede dipatoempang -tindihkeun sarta sina padeukeut pisan . Oepama tiwoena diantělkeun kana eta doea beusi gilig anoe moentir , geus tangtoe kagiling sarta tjaina ka loear , malah tiwoena teh nepi ka sepa pisan taja tjaina saeutik-eutik atjan . Eta tjai tiwoe diwadahan koe kantjah beusi něpi ka ngoempoel kabeh taja noe kapitjeun . Dina pabrik goela panggilinganana teh lain ngan sahidji bae , tatapi loba , nja eta soepaja pagawean gantjang anggeusna .

Dina tjai tiwoe , aja goelaan , patjampoer djeung tjai sarta sedjen -sedjen barang djeung kokotor . Sanggeusna diwadahan koe kantjah gede , toeloej ditaheur nepi ka ngagolak , lila-lila djadi kěntěl tjara peueut , tjaina sabagian anoe panglobana leungit, tinggal goela bae ngagebleg teuas . Eta tjai tiwoe teh sababaraha kali dikokolakeunana, sangkan bisa djadi goela anoe běrěsih pisan . Goela anoe dikokolakeunana saroepa kitoe, eta tatjan běrěsih pisan , roepana semoe beureum kolot . Tatjan sabaraha tahoen lilana , eta goela anoe semoe beureum kolot teh masih sok dikirimkeun ka tanah Eropa, nja eta baris diběrěsihan deui , sangkan roepana djadi bodas ngeplak . Tatapi di djaman ajeuna mah njieun goela teh di tanah oerang oge geus bisa djadi hade , saroea bae djeung boeatan di tanah Eropa.

Kabeungharan alam . 3

Ari njieun goela , sangkan roepana bodas ngeplak, eta sok make tipoeng toelang beunang meuleum, atawa make apoe ditjampoerkeun djeung tjai gõela , digodog . Koe lantaran make eta akal , goela anoe roepana semoe beureum kolot teh , laoen -laoen djadi ngěplak bodas , tatapi ngokolakeunana koedoe toelaten pisan sarta henteu meunang goeroenggoesoeh .

Ajeuna oerang njåritakeun bab njieun goela -batoe , eta ngadonanana henteu pati beda djeung goela biasa , ngan bedana ari njieun goela -batoe mah ngagodogna teh , nja eta goela biasa koedoe sina antjoer heula , paninjoehna koedoe koe tjai panas atawa beunang oge koe tjai tiis , geus kitoe toeloej digodog , tatapi oelah nepi ka asak teuing, ngan koedoesawatara bae, bisi eta goela djadi kěntěl . Geus kitoe eta tjai goela beunang ngagodog teh didjait toeloej ditiiskeun lalaoenan , papatjoean oelah digěntak, sabab oepama niiskeunana goeroenggoesoeh , geus tangtoe hamo djadi goela -batoe , sarta sawareh mah sok ditjampoeran koe minjak gěmoek , pambrih aloes djadina goela -batoe .

Dina eta wadah paniisan goela , koedoe dikěkěntěngan koe bola , sangkan goela anoe baris djadi goela -batoe teh bisa napěl kana eta bola , minangka ngamimitian ngadjadi gandoean ; koe basa Walanda goela ngadjadi gandoean koe sorangan teh , disěboetna kristal . Oepama dina wadahna niiskeun goela tea henteu make bola , geus tangtoe eta goela , ari geus kěntěl sok ngadjadi ngagebleg teuas kawas dodol , djadi henteu ngabogaan roepa gandoean goegoeroentoelan saperti goela -batoe biasa .

Děmi bangsa somahan Priboemi di oerang , ngagentjetna tiwoe teh koe panggilingan kai , pingpingna kai bangsa anoe tareuas saperti walikoekoen, sarta eta pingping lain dikěděngkeun tjara panggilingan beusi di pabrik-pabrik , tatapi ditangtoengkeun . Anoe hidji hoentoean . Biasana eta hoentoe tina roejoeng . Děmi dipětakeunana koe moending atawa koe sapi hidji dirarangkenan sarta dikaitkeun kana panggoëngna , toeloej moentir pingping panggilingan teh .

Ditaheurna tjaina dina kantjah ; dimana geus ngagolak , keur meudjeuhna ngaboedah , toeloej diteundeunan djoeboeng . Ari geus rada kěntěl dimoentjangan saeutik atawa make kaliki , ngarah tereh kolot toeloej didjait . Sabot keur niisan koedoe geuwat njadiakeun tjitakanana dina salasar , sarta ditjitak disina djadi teuas tjara goela kawoeng . Di Djawa-Wetan tjitakanana lain tjara di Pasoendan , koe awi , tatapi koe batok ; goelana oge diseboetna goela kalapa . Anoe loba pisan somahan njarieunan goela kalapa pelak ti noe sorangan di Ponorogo , Toeloengagoeng djeung Malang . Di dinja panggilingan beusi , beunang měsĕn ti Amerika , koe pitoeloengna kantor tatanen ..

Di tanah Eropa njieun goela teh lain tina tiwoe, tapi lolobana mah tina beuti biet, sabangsa bae djeung bit anoe beureum di oerang , ngan roepana teh koneng , galede , parandjang , malah aja anoe sagede bitis . Eta beuti bit goela , rasana amis pisan , tatapi henteu njoesoel kana amisna tjai tiwoe . Di tanah Eropa kaitoeng loba oge pabrik anoe ngokolakeun goela tina beuti bit tea, ngadjadina goela henteu beda djeung goela asal tina tiwoe tea .

Djaman baheula eta goela teh mahal katjida , děmi ajeuna mah koe sabab loba anoe njarieun , eta goela henteu pati mahal , tatapi henteu kaitoeng moerah teuing, sabab nja sok aja oge djělěma anoe malsoe , nja eta ditjampoeran koe bangsa roepa barang sedjen , anoe pangadjina leuwih moerah ti batan goela .

Bangsa padagang di Eropa, sok aja anoe wani njampoeran goela koe tipoeng didjoealan ka mana -mana , nja kaitoeng aja batina oge, sabab moenggoehing tipoeng teh leuwih moerah ti batan goela . Tatapi eta akal anoe saroepa kitoe gampang pisan katangenna, sabab goela anoe toelen , oepama ditjaian sok gantjang lějoer patjampoer djeung tjai , tatapi ari goela palsoe mah geus tangtoe oepama ditjaian henteu kabeh lempoer ngadjadi hidji djeung tjai , tjampoeranana mah bělěger bae henteu bisa adjoer patjampoer djeung tjai .

Ari babakoena anoe sok dipake malsoe goela di Eropa teh , nja eta tipoeng , gips djeung apoe , anoe roepana saroea bodasna djeung goela .

Di oerang di Poelo Djawa loba bangsana eta goela teh , nja eta : goela pasir (goela bodas anoe didjieunna tina tangkal tiwoe tea), goela kawoeng, goela kalapa . Hal njieun goela kawoeng djeung goela kalapa di dieu mah henteu perloe ditjaritakeun deui , da sarerea oge moal aja noe bireuk .

Di Atjeh djeung sedjen těmpat di Poelo Soematra tjai tiwoe ngahadja beunang ngagentjet teh, sawareh sok didagangkeun diketengkeun tjara lahang di oerang , tjinděkna henteu ditaheur didjieun goela .

XI. Ngambang djeung kalěm.

Oepamana oerang nimba tjai ti soemoer koe ember salilana eta ember aja dina djěro tjai , didjoengdjoengkeunana teh rada hampang , tatapi barang geus aja di loehoereun tjai , didjoengdjoengkeunana teh hese , djadi tambah beurat, saperti eta ember djadi ngabeuratan . Ari sababna nja eta : keur waktoe eta ember aja dina djěro tjai ditarik ka loehoer , tjai anoe dina djěro soemoer njoeroengkeun ka loehoer , djadi minangka mantoean njangga , koe tina kitoena tanaga oerang anoe dipake njadjoengdjoengkeun ember teh henteu kabeh saperti sabeuratna ember djeung tjai , tatapi ngan sabagianana bae . Barang eta ember geus aja di saloehoereun tjai, eta pangnjoeroengkeunana tjai teh eureun , djadi oerang koedoe ngadjoengdjoengkeun sabeuratna ember djeung tjai tea anoe aja dina djéro ember .

Pikeun nĕrangkeun , jen timbangan beuratna samoebarang dina djěro tjai teh leuwih hampang tinimbang djeung di loeareunana , eta teh gampang pisan . Kieu pětana :

Oepama dina hidji timbangan leutik sabeulahna oerang teundeunan hidji pelor ditalian koe benang lěmboet , sabeulahna deui oerang teundeunan pon -ponan beuratna djoemblah nepi ka saroea beuratna djeung eta pelor tea . Djadi beuratna pon -ponan teh noedoehkeun sabaraha beuratna pelor tea .

Oepama eta sabeulahna timbangan anoe aja pelor tea koe oerang diantjlomkeun kana djadjambaran atawa bokor anoe beunang njaian , něpi ka eta pelor kakeueum pisan koe tjai , oerang geus tangtoe nangenan , jen eta timbangan anoe digantoengan pelor teh madjoe ka loehoer . Toeloej koe oerang pon -ponan anoe aja di sabeulahna deui timbangan teh ditjokotan , nepi ka eta timbangan saroea deui beuratna . Ajeuna tetela pisan , jen eta pelor teh dina djěro tjai leuwih hampang ti batan di loeareun tjai .

Koe lantaran ditjoba énja -ěnja , lila -lila geus katangen tětěp , sabaraha beuratna (koerang beuratna ) barang anoe ditimbang dina djěro tjai teh . Sakoer barang anoe diasoepkeun kana djěro tjai , eta geus tangtoe njingkahkeun tjai sagědena eta barang . Oepama oerang njokot hidji gelas (loemoer ) , toeloej dieusian tjai něpi ka pinoeh pisan, meh leber; ti dinja oerang ngantjlomkeun beusi atawa barang naon bae kana djěro eta gělas , geus tangtoe eta tjai ka loear tina gelas , sabab eta gělas djadi leuwih leber . Koe tina kitoena, eta njata pisan , jen eta beusi ngandih tjai sawatara . Děmi tempat tjitjingna beusi , eta tangtoe taja tjaina . Djadi geus misti tjai teh koedoe ka loear tina gelas , sarta lobana saroea djeung gědena eta beusi tea. Oepama gedena eta beusi saroea djeung antok, djadi eta tjai anoe ka loear tina gelas oge lobana saroea djeung gedena antok tea. Eta tjai anoe kasingkirkeun koe eta beusi teh aja beuratna . Djadi koe tina kitoena sakoer barang anoe aja dina djero tjai djadi leungit beuratna, nja eta sabeuratna tjai anoe kaandih koe eta barang tea. Hidji barang anoe ngandih tjai 1 K. G. , eta beuratna dina djero tjai geus tangtoe ngoerangan 1 K. G. tinimbang di loeareun tjai , atawa eta barang disoeroengkeun ka loehoer koe tanaga 1 K. G.

Ajeuna oerang bisa nangtoekeun sababna anoe matak aja barang ngambang djeung kalem dina tjai . Oepama kajoe gaboes anoe beuratna 1 K. G. , eta gěde katjida ; lamoen eta kajoe koe oerang dilělěpkeun di balong , tjai anoe kaandih tangtoe loba pisan, pibeurateunana eta tjai anoe kaandih tea pasti leuwih ti 1 K. G. Djadi eta kajoe gaboes anoe koe oerang dika-balongkeun tea, ditahanna koe tjai balong anoe tanaga -nahanna leuwih bědas ti batan neueulna kajoe gaboes kana tjai . Koe sabab eta , eta kajoe gaboes tangtoe ngambang .

Ajeuna oerang njokot beusi anoe saroea gědena djeung sedjen barang anoe sagede kitoe , koerang -leuwih beuratna 7 K.G. Djadi koe beuratna eta beusi , tangtoe koedoe kalem, sabab kakoeatanana tjai anoe njoeroengkeun eta beusi kaelehkeun koe beuratna beusi tea , djadi eta beusi tangtoe pisan kalěm .

Barang anoe ngambang teh , nja eta oepama beuratna koerang ti batan barang entjer anoe diandih tea ; ari barang anoe misti kalěm , nja eta oepama leuwih beurat tinimbang barang entjer anoe diandih tea .

Oepama barang entjer leuwih beurat, eta sakoer barang anoe diantjlomkeun , leuwih gampang ngambangna . Beusi anoe beuratna 7 K.G. eta geus tangtoe ngandih tjai 1 L. anoe beuratna 1 K.G. Nja kitoe deui oepama eta beusi dilělěpkeun kana tjai rasa (kwik ), eta geus tangtoe oge njingkirkeun tjai rasa 1 L. Tatapi ari moenggoehing tjai rasa mah beuratna 1 L. teh leuwih ti 13 K.G. Koe sabab eta , eta beusi teh disoeroengkeun ka loehoer koe tanaga 13 K.G. , djadi ngelehkeun tanagana beusi anoe ngan 7 K. G. tea, djadi eta beusi dina tjai rasa mah geus tangtoe ngambang .

Ajeuna sedjen pěrkara anoe koe oerang perloe dikanjahokeun , tatapi nja golongan keneh anoe geus ditjaritakeun di loehoer tadi tea bae . Samangsa -mangsa barang ngabogaan enggon leuwih gede , eta geus tangtoe tambah gede njingkirkeunana tjai , djadi geus tangtoe beuki tambah -tambah disorongna ka loehoer . Djadi koe sabab kitoe oerang bisa ngambangkeun barang anoe didjieunna tina beusi, nja eta oepama koe oerang diakalan, soepaja loba tjai anoe kasingkirkeun .

Beusi sagoeroentoel oepamana , geus tangtoe kalem dina tjai . Tatapi lamoen eta beusi koe oerang didjieun gepeng sarta ipis , pek diroepakeun tampajan atawa paparahoean , eta paparahoean beusi teh geus tangtoe ngambang , ari sababna nja eta ngagědean těmpatna , djadi leuwih loba tjai anoe disingkirkeun koe eta paparahoean , tinimbang koe beusi goeroentoelan asalna paparahoean tea .

Tah nja eta anoe djadi patokan , anoe matak di djaman ajeuna oerang bisa njieun kapal tina beusi , anoe beunang dipake saroea bae djeung kapal anoe didjieunna tina kai . Samalah di djaman ajeuna mah njieun kapal perang oge sok dilampoed koe lambaran beusi anoe sababaraha decimeter kandělna , anoe dipalar nja eta soepaja koeat nahan pelor moesoeh . Kapal anoe saroepa kitoe tangtoe sababaraha reboe kilogram beusi anoe dipake , tatapi geuning bět bisa ngambang bae dina laoetan , ari sababna nja

15. -Kapal api JOHAN DE WITT dipalaboean Tandjoeng .Prioek

eta beuratna tjai anoe kaandih leuwih loba tinimbang beuratna eta kapal djeung saeusina kabeh .

16. Kapal -teuleum keur di djěro tjai .

XII. Sora .

Moenggoehing djělěma bisana ngadenge teh, nja eta koe tina dipaparinan pakakas pangroengoe koe Goesti Allah. Naon-naon anoe kadenge teh, biasana koe oerang disěboetna sora. Eta sora roepa -roepa pisan , nja eta sawareh tarik , sawareh kendor, aja sora ngeunah djeung teu ngeunah . Nja kitoe deui eta sora roepa -roepa ngaranna , saperti : djědor , hoshos , heos , korosak, hiĕng , broeg djeung salianna ti eta .

Hidji barang pang matak bisa mere sora (njora) teh , nja eta oepama eta barang digětěrkeun ; eta gětěrna teh katjida pisan gantjangna, datang ka oerang henteu bisa nangenan , tatapi oepama ditjabak (ragap ) nja kanjahoan oge. Gětěr anoe alon , henteu bisa kadenge , nja eta oepama panggětěrna koerang ti 16 kali dina djero sasěkon .

Ari sipat barang anoe sok ngagětěr teh, nja eta barang anoe ngabogaan bakat teuas toer leuleus -liat (sipat měsat ). Eca barang anoe saroepa kitoe sok mere sora (njora). Õepamana : kawat-piano kawat-biola , kawat-rěbab , kawat-katjapi , ilat-ilatna harmonika , perna djam, koelit terěbang , koelit bědoeg , atawa koelit kendang , eta kabeh ngabogaan sip at měsat. Eta barang -barang anoe kasěboet di loehoer , ngagětěrna teh koe lantaran digětěrkeun koe roepa -roepa pakakas , nja eta : kawat-biola djeung rěbab digětěrkeunana koe pangeset , biasana didjieunna tina boebat boentoet koeda , digosok make arpoes , soepaja pěrěd ; oepama henteu make digosok heula koe arpoes , tangtoe eta pangeset dikesetkeunana teh lesang , hamo njora biolana atawa rěbabna , koe lantaran kawatna henteu bisa ngagětěr . Ari piano disadana (njorana) , nja eta kawatna ditakol koe paloe leutik , toeloej eta kawat ngagětěr , nja kawatna tea djadi njora (disada ) . Ari djam disadana , nja eta gentana (belna ) atawa perna ditakol koe paloe leutik , tatapi eta paloe sanggeusna nakoľ koedoe gantjang mětjat deui tina genta , sabab oepama henteu kitoe, tangtoe sorana hamo haroes mentjrang.

Ari harmonika njorana nja eta koe lantaran hawa něbak kana ilat-ilatna , toeloej eta ilat-ilat teh ngagětěr , nja njora tea . Ari moenggoehing ngagětěrna koelit těrěbang , bedoeg djeung kendang mah koe kaoela henteu perloe diterangkeun deui , sakabeh oge tangtoe geus pada naritenan.

Ari oerang bisana ngadenge teh, lain koe lantaran hidji barang ngagětěrna leuwih ti mistina bae , tatapi sorana koedoe něpi kana djěro tjeuli oerang , eta bisana teh koe lantaran hawa. Kawatbiolana anoe ngagětěr , hawa anoe aja di sakoeliběngna miloe ngagětěr, nja tĕroes asoep kana djěro tjeuli oerang , něbak kana kěkěndangan tjeuli (trommelvlies), nja oerang bisa ngadenge tea.

Oepama hidji bekěr disadakeun dina djěro keler, anoe hawana di djěro kelěr dika-loearkeun kabeh, eta sorana beker koe oerang geus tangtoe hamo kadenge , sabab hawa anoe aja di loeareunana kelĕr henteu bisa kagětěrkeun. Djadi sanadjan sakoemaha tarikna sora oge, oepama taja hawa mah , geus tangtoe oerang hamo ngadenge , sabab nja hawa babakoena anoe mawa sora teh . Tatapi loba deui barang anoe sok bisa mawa sora , nja eta saroepa barang anoe boga sipat měsat .

Oepama oerang teuleum dina djero balong , toeloej aja djělěma sedjen anoe ngetrokkeun batoe dina djero eta balong keneh, geus tangtoe oerang bisa ngadenge eta kětrokna (sorana ) batoe . Nja kitoe deui oepama tjeuli oerang diteueulkeun kana kai saleundjeur , anoe di toengtoengna eta kai anoe sabeulahna deui digaritgarit koe djaroem , geus tangtoe eta sorana garitan djaroem teh kadenge koe oerang , atawa di toengtoengna eta kai diteundeunan erlodji , tangtoe sorana eta erlodji kadenge oge.

Eta sora teh gantjang pisan leumpangna , tatapi nja koedoe ngalampahan waktoe oge, tina tempat anoe djaoeh něpina ka oerang .

Oepama dina hidji tempat atawa tegalan anoe lega , aja djělěma anoe ngadek kai , atawa aja anoe ngabeukasan bedil , lamoen koe oerang diawaskeun ĕnja -enja , sorana balioeng atawa sorana bědil kadengena pandeurieun ragragna balioeng kana kai atawa haseupna bědil anoe dibedilkeun tea . Nja kitoe deui saroea bae sababna , anoe matak sorana goeloedoeg kadengena leuwih ělat tinimbang goerilapna gelap . Koe anoe palinter geus ditětěpkeun sarta dinjatakeun ĕnja -ĕnja , jen eta sora lampahna dina djěro sasěkon 337 M.

XIII. Ti mana datangna hoedjan ?

Oepama oerang njokot pinggan , ditjitjian tjai panas , meureun. katendjo aja bodas -bodas siga haseup anoe mělědoeg njamboeang tina eta tjai ka awang-awang ; nja eta anoe dingaranan kesang tjai teh. Oepama dina eta kesang tjai oerang njěkěl loemoer atawa barang naon bae anoe tiis , geus tangtoe eta barang djadi baseuh ; nja kitoe deui oepama eta pinggan koe oerang ditoeroeban koe pisin , meureun dina pisin teh pabarěntjaj tingtorotol tetesan tjai . Djadi tetela pisan , jen kesang tjai teh bisa ngadjadi tjai deui .

Dina § 3, bab tjai , geus diterangkeun, jen kesang tjai teh nja eta hawana tjai . Oepama tjai dipanasan (ditaheur) , geus tangtoe ngadjadi haseup tjai (damp ) njamboeang . Hidji teko anoe dieusi tjai sarta těroes bae ditaheur , lila -lila djadi kosong . Sakabeh tjai anoe aja dina djěro eta teko , ngadjadi haseup tjai (damp ) sarta těroes patjampoer djeung hawa biasa . Nja kitoe deui tjai panas dina pinggan anoe ditjaritakeun tadi tea , nja ngadjadi haseup tjai sarta njamboeang ka loehoer . Salilana eta haseup tjai aja di loehoereun tjai , eta koe oerang henteu pati katendjo , sabab moenggoehing haseup tjai teh nja saperti hawa biasa bae . Tatapi oepama geus nepi ka loehoer antel djeung hawa tiis , eta haseup tjai djadi tiis sarta toeloej djadi tetes tjai anoe lalemboet katjida sarta bawaning loba nepi ka bisa katendjo koe oerang . Eta haseup tjai anoe enggeus djadi tjai tetesan anoe laleutik katjida tea, dingaranan koe basa Walanda wasem, koe oerang beunang disěboet kesang tjai bae.

Oepama di saloehoereunana eta pinggan anoe aja tjai panas tea oerang njěkěl kai sateukteuk sarta toeloej koe oerang eta kesang tjai ditioepan sina měněran kana kai tea , geus tangtoe eta kai laoen -laoen mah baseuh .

Koe lantaran eta kesang tjai koe oerang ditioepan kana kai , djadi eta tjai anoe aja dina pinggan teh pindah kana kai tea kabeh .

Djadina hoedjan nja kitoe pisan , bedana teh ngan gěde djeung leutik bae . Pinggan anoe dieusian tjai panas tadi minangka laoet , rawa atawa waloengan -waloengan , anoe sapopoëna kapanasan koe sorot panonpoë ; geuning sok ngěboel kesangna njamboeang ka awang-awang. Ari ditioepna eta kesang tjai lain koe oerang , tapi koe angin ; děmi kaina anoe ditjaritakeun tadi teh minangka daratna atawa pagoenoengan .

Oepama beungeutna laoet kapanasan koe panonpoë , eta haseup tjai geus tangtoe njamboeang ka awang -awang . Di tempat - tempat anoe panas , panonpoë teh manasanana beuki katjida , koe sabab eta haseup tjai teh leuwih gantjang naekna ka loehoer . Di tempattempat anoe sěděng panasna , njamboeangna haseup tjai teh teu pati gantjang. Ari moenggoehing tjai teh ngadjadina haseup tjai , henteu koedoe -koedoe dipanasan koe panonpoë atawa koe digodog bae , koe panasna hawa biasa oge geus bisa djadi haseup - tjai . Lamoen oerang ngawadahan tjai dina piring tjeper, henteu koedoe ditaheur atawa dipoë deui , laoen -laoen eta tjai saat , sanadjan diteundeun di djěro kamar oge ; eta sababna hěnteu aja deui , ngan tjaina ngadjadi haseup .

taja kěndatna ) haseup - Saloehoereun laoet salawasna ( tjai njamboeang bae ka loehoer ; oepama geus nepi kana hawa tiis , eta haseup tjai nja djadi kesang tjai . Eta kesang tjai anoe saroepa kitoe , anoe ngalajang di awang -awang , koe oerang dingaranan mega . Oepama, eta tetes -tetes tjai anoe sakitoe lalěmboetna teh ngoempoel ngadjadi tetesan gede sarta ragragan ka handap , nja koe oerang disěboetna hoedjan tea .

Kesang tjai anoe ditioepan koe oerang di saloehoereun pinggan anoe dieusi tjai panas tea , bisa pindah -pindah tempatna , nja kitoe deui angin bisa mindahkeun mega ti tempat sedjen ka tempat sedjen deui . Dina mangsa arek hoedjan -angin geuning sok mindahkeun mega -mega mani tingsaroengkoej di awang -awang . Nja kitoe deui oepama arek hoedjan -angin ti peuting , měněran tjaang boelan , eta mega -mega anoe tingdjaloenggerěng loerlar ngalaliwatan boelan . Koe sabab eta , meureun tĕrang katjida , jen hoedjan anoe ragrag di lemboer oerang teh, eta asalna haseup tjai ti těmpat sedjen anoe rada anggang , anoe keur waktoe njamboeang katebak koe angin ngalajang di awang-awang , nja anoe koe oerang dingaranan mega tea . Koe tina kitoena meureun terang katjida , jen laoet, sanadjan geus sakitoe lilana , samalah mangreboe -reboe tahoen dieusian tjai koe sababaraha waloengan di sakoeliah djagat , teu leber teh.

Pangna eta laoet teu bisa leber, pondokna bae nja eta koe sabab tjai anoe ngotjor ti waloengan -waloengan , djadi saab sarta téroes djadi mega , sarta ĕngkena djadi hoedjan , ragrag deui ka boemi . Ieu pěrkara koe oerang beunang oge dibandingkeun djeung hidji koelah anoe ti girang taja eureunna dikotjoran tjai , tapi ti hilir make palajangan , keur pamitjeunan leleberanana . Geus tangtoe eta koelah angger bae eusina , henteu daekeun leber.

Di tempattempat tiis eta mega teh lain djadi hoedjan bae , tatapi djadi oge tjai kěntěl , dingaranan saldjoe .

tempat tiis , saperti di tanah Dina oesoem tiris (winter ) di tempat - Eropa, oepama di awang-awang loba megana , eta sok tara aja hoedjan, tatapi nja eta saldjoe . Tjai anoe aja dina mega katjida pisan katiisanana něpi ka djadi saldjoe sarta ragrag ka handap . Oepama eta saldjoe geus aja dina taneuh sawatara lilana , kapanasan koe panasna panonpoë , toeloej lějoer djadi tjai deui . Geus kitoe eta tjai lalaoenan ngotjor kana solokan , těroes ka waloengan -waloe-- ngan, toengtoengna nja ka laoet.

Di sawareh tempat eta saldjoe pohara pisan lobana . Pirangpirang goenoeng di Eropa djeung di Amerika sarta di sedjensedjen těmpat anoe laloehoer , ti kadjaoehan geus katendjo poentjakna barodas harerang. Eta sababna henteu aja deui , koe tina di poentjakna eta goenoeng -goenoeng salawasna pinoeh koe saldjoe . Lila-lila eta saldjoe lantaran salawasna tambah-tambah , toeloej ngagolosor ka lampinglamping goenoeng , nja lila -lila entjer djadi tjai, ngotjor kana solokan -solokan teroes ka waloengan-waloengan sarta laoen -laoen datang ka laoet.

XIV . Luchtballon atawa balon .

Moenggoehing barang teh aja anoe ngambang dina tjai djeung aja anoe kalěm, nja kitoe deui dina hawa, aja barang anoe ngalajang atawa ngapoeng djeung aja anoe oedjoeg -oedjoeg bleg ka handap bae tjara anoe kalěm dina tjai . Saĕnja -ënjana mah sakabeh barang teh nja kaitoeng disangga koe hawa, djadi beuratna oge rada koerang ti samistina ; beuratna anoe leungit nja sabeuratna hawa anoe kasingkirkeun koe eta barang tea. Koe sabab hawa teh katjida pisan hampangna , 1 L. hawa beuratna ngan 1 gram , djadi ngoeranganana beuratna barang teh saeutik katjida , něpi ka koe oerang henteu diparosea , dimokahakeun bae . Tatapi sanadjan kitoe oge, sok aja barang anoe katjida pisan disoeroengkeunana koe hawa ka loehoer , leuwih ti beuratna eta barang , nja eta oepama eta barang hampang katjida .

Oepamana oerang boga hidji kandjoet gede tina kertas , pek dieusian hawa panas , geus tangtoe eta kandjoet kěrtas teh koe hawa disoeroengkeun ka loehoer , nja djadi ngapoeng , sabab moenggoehing hawa panas teh leuwih hampang manan hawa tiis . Bab ieu, koe oerang oge bisa dinjatakeun saban poë ; oepama . di saloehoereun hawoe anoe aja seuneu gěde, oerang ngaragragkeun tjěwiran kertas anoe beunang noerihan atawa njoëhan , atawa boeloe hajam, kapas atawa kapoek, geus tangtoe eta tjěwiran kertas teh ngarapoeng ka loehoer , koe sabab kabawa koe hawa panas .

Luchtballon anoe pangheulana aja , nja dieusianana make : hawa panas , nja eta di tanah Parasman, kira -kira něpi ka ajeuna geus saratoes tahoen leuwih lilana . Eta luchtballon gěde pisan , didjieunna tina kertas ipis , mangroepa tjorong, roebak ti loehoer leutik ka handap sarta ti handapna molongo . Sanggeus dieusian koe hawa panas di handapeunana eta anoe molongo digantelan seuneu hoeroeng , nja eta poerah manasan hawa anoe aja di sadjěroëun luchtballon tea , djadi koe tina kitoena eta hawa ngadjadi hampang .

Sanggeusna kadjadian luchtballon anoe kahidji , gantjang harita njieun deui balon tina lawon ipis sarta kerěp , dipoelas koe minjak tjet , di handapna digantoengan saroepa tjarangka, nepi ka bisa mawa djělěma ka loehoer . Luchtballon anoe dieusina koe hawa panas teh katjida pisan matak salempangna , sabab seuneu sahandapeun eta luchtballon salawasna koedoe hoeroeng bae , da oepama. henteu kitoe , tangtoe oepama hawana djadi tiis eta luchtballon toeroen . Koe eta seuneu beunang djadi eta luchtballon bisa kadoeroek , sarta oepama eta luchtballon kahoeroean keur aja di awangawang, geus tangtoe sakabeh , anoe miloe digantoengkeunkana eta luchtballon, miloe ragrag .

Henteu sakoemaha lilana ti waktoe harita anoe palinter geusbarisaeun manggihan hidji roepa hawa anoe hampang katjida lichtgas ), sarta beunang didjieun koe djělěma . Oepama : gas ( eta didjieunna tina arĕng -batoe , nja anoe sok biasa dipake damar tea , anoe koe oerang sok diseboet lampoe -gas tea . Eta gas beuratna teh ngan satengahna ti beuratna hawa biasa , djaman ajeuna sok dipake ngeusian luchtballon . Mimitina eta balon koedoe ditjangtjang koe tambang anoe koeat pisan , sabab lamoen teu kitoe, eta balon bisi ngapoeng samemehna tarapti . Oepama kabeh geus sadia , sarta balonna geus tjoekoep dieusianana koe gas , toeloej djělěma -djělěma anoe arek taroempak eta luchtballon : aroenggah kana tjarangka atawa paparahoean anoe digantoeng-keun di handapeunana eta balon tea . Ti dinja toeloej eta tambang panjangtjang teh dioedar , sarta balonna gantjang ngapoeng kebat ka awang-awang.

Dina luchtballon salawasna koedoe aja hidji liang pamitjeunan hawa (gas) make toetoep rekep, eta toetoep koedoe make tali , pandjangna koedoe něpi kana paparahoean tea , nja eta pikeun moeka eta liang gas di mana noe toempak geus hajang toeroen . Oepama eta tali ditarik , liang gas teh moeka , sarta gasna tina djěro balon bisa ka loear , sarta balonna tea djadi toeloej toeroen .

Nja kitoe deui dina djěro paparahoeanana eta balon koedoe mawa karoeng sing loba anoe geus meunang ngeusian koe keusik , dimana pĕrloe , oepamana hajang tambah loehoer , eusina eta karoeng koedoe dipitjeunan . Koe tina kitoena eta balon djadi tambah hampang sarta toeloej beuki loehoer ngapoengna . Koe lantaran make pitoeloeng sababaraha karoeng dieusi keusik djeung liang gas tea , djadi anoe toempak balon bisa laksana sakoemaha kahajangna : naek atawa toeroen .

Tatapi koemaha bisa ngatarakeunana eta balon naek atawa toeroen? Eta koe pangira -ngira bae hese pisan . Eta luchtballon kadangkala ngapoengna loehoer pisan, datang ka koe anoe toempakna taja deui anoe katendjo ngan woengkoel balonna katoet saeusina bae.

Koemaha manehna pibisaeun nangenan ka mana madjoena eta balon teh, oepama taja barang naon -naon di sakoerilingna eta balon ? Eta baris nganjahokeun anoe sakitoe banggana teh , gampang pisan pakakasna , nja eta ngan saoekoer make pakakas bandera leutik bae . Oepama eta bandera ditololkeun tina sisi paparahoean , lamakna bandera ngelebet ka handap , eta nganjatakeun , jen eta balon madjoe ka loehoer , oepama lamakna ngelebet ka loehoer , eta balon madjoe ka handap . Bab ieu saroea bae oepama oerang loeloempatan bari njěkěl bandera leutik, eta bandera tangtoe ngelebetna ka toekang, sarta oepama oerang loempat oendoer - toekang , eta bandera ngelebetna ka hareup .

Salianna ti eta anoe toempak balon sok mawa deui pakakas sedjen , anoe matak bisa nangenan loehoerna sabaraha meter ti boemi djeung naek atawa toeroenna balon , nja eta hidji pakakas anoe dingaranan barometer.

Di djaman ajeuna eta luchtballon teh geus dihadean sarta lampahna leuwih hade ti batan baheula -baheula , samalahan geus beunang diĕreh ěnja -ěnja , noeroetkeun sakahajangna djělěma , moendoer -madjoena atawa naek-toeroenna , malah nepi ka geus bisa madjoe naradjang angin, teu beda tjara kapal api di laoet bae , sarta bangoenna oge sedjen deui djeung balon biasa . Eta luchtballon anoe sok beunang dioengar - inger tjara kapal api di laoet teh dingaranan koe basa Walanda luchtschip, koe basa Soenda mah oerang ngaranan kapal awang-awang bae.

17. Barometer , parabot paranti ngoekoer loehoerna ti laoet , djeung paranti nganjahokeun pidatangeunana hoedjan djeung angin .

Samalah ajeuna mah geus aja měsin ngapoeng , anoe bangoenna siga nakěr papatong make djangdjang nanaon sarta gede katjida ; pandjangna djangdjang ti toengtoeng ka toengtoeng kira -kira 15 atawa 20 meter. Pang bisana ngapoeng djeung ladjoe , lain koe hawa panas atawa koe gas , tatapi koe lantaran ngagolangna saroepaning pakakas anoe siga nakěr koletjer , sarta ana moentir katjida pisan lělětna ; "děmi digoëngkeunana koe motor tjara motor mobil bae. Eta měsin-ngapoeng beunang dioengar - inger sakarěpna noe noempakan , malah bisa ngadjoeralit atawa djoedjoempalikan . Dina waktoe pěrang gede di Eropa eta měsinngapoeng teh pangdipikasieunna koe moesoeh , sabab sanadjan tengah peuting atawa keur hoedjan gěde oge bisa ngapoeng , bari marawa bědil djeung dinamit anoe sok diragragkeun , sarta ana ragrag ka boemi toeloej bae bitoe sarta matak njilakakeun ka djělěma , matak ngaroeksak wawangoenan , benteng djeung saniskara .

Samangsa ajeuna geus aja měsin ngapoeng anoe dipake ti hidji nagara ka nagara lian, samalah geus aja anoe mangkat ti Inggris ka Oestrali . Moal lila deui bakal aja měsin ngapoeng ti Nagara Walanda ka Hindia -Nederland ; ditaksirna di djalan ngan baris saminggoe atawa 10 poë lilana . Gantjangna katjida pisan alahbatan kareta espres , dina sadjam sakoerang -koerangna 175 malah nepi ka 200 K. M.

18. Měsin ngapoeng paranti di darat .

19. Měsin ngapoeng paranti di laoet .

Di oerang , di Poelo Djawa, geus aja doea roepa měsin ngapoeng teh, noe saroepa noe geus ditjaritakeun bieu, anoe saroepa deui anoe sok meuntas laoetan djeung anoe beunang dipake toeroen atawa eureun di laoetan kawas parahoe , malah ngapoengna ge lain ti daratan tapi tina laoetan .

Ari tempatna diadjar ngapoeng djeung ngadjalankeunana měsin ngapoeng di Poelo Djawa, nja eta di Kalidjati bawah apdeling Poerwakarta , děmi diadjar ngapoeng mesin ngapoeng paragi di laoetan di Tandjoeng Prioek .

20 Pangdioekan dina měsin -ngapoeng caudron ", nja eta paranti mawaan panoempang .

XV. Oejah .

Oepama kahakanan oerang henteu dioejahan sama -sakali , geus tangtoe henteu ngeunah , hambar rasana . Djaba ti eta matak koerang sehat badan , oepama oerang kalilaan teuing henteu dahar oejah . Djadi oejah teh pikeun oerang koedoe pisan aja , sarta perloe pisan oerang make .

Oentoengna bae eta oejah henteu pati mahal , sabab ngalana gampang sarta loba katjida . Eta geus djadi loembrah pisan , mana -mana barang gampang kapimilikna , hargana oge sok moerah . Bab ieu loba pisan tanda -tandana , oepamana : dina oesoem ngidjih tjai hoedjan taja hargana , tatapi oepama aja halodo moelanmalen , nepi ka soemoer -soemoer djeung solokan -solokan saraat kabeh , geus tangtoe tjai saember hargana hamo koerang ti 5 sen , sabab tjai anoe pĕrloe dipake koe oerang koedoe didatangkeun ti tempat anoe djaoeh . Enggonna oejah teh babakoena pisan laoet.

Dina saratoes liter tjai -laoet oejahna ' teh kira -kira koerangleuwih 2 něpi ka 3 K. G.

Moenggoehing akal-akalna njieun oejah teh meh saroea bae djeung anoe geus ditjaritakeun , bab njieun goela tea, nja eta koe lantaran tjai dipanasan soepaja djadi sa ab , něpi ka oejahna misah sorangan djadi teuas .

Oepama eta oejah dialana make ditaheur saperti njieun goela , tangtoe oerang koedoe make soeloeh loba katjida , sarta hargana soeloeh teh leuwih mahal tinimbang oejah anoe beunang naheur tea . Njieun oejah anoe saroepa kitoe hamo pioentoengeun .

Tadi enggeus diterangkeun, jen eta tjai -laoet teh koedoe dipanaskeun , soepaja njaab , taja deui akalna sangkan taja waragadna , nja eta ngan koedoe make panasna panonpoë . Di nagara Walanda taja pětana baris njieun oejah koe make panasna panonpoë , sabab di ditoe sok loba mega anoe mindingan panasna panonpoë , toeroeg - toeroeg sorotna panonpoë henteu pati panas tjara di oerang .

Di tempat panas , saperti di oerang , njieun oejah teh gampang pisan , nja eta : di sisi laoet njieun sababaraha balong dareet make ditembok. Eta tjai -laoet toeloej dikotjorkeun ka dinja něpi ka parinoeh .

Ari sababna anoe matak eta balong -balong teh koedoe dareet , nja kieu :

Oerang ngeusian hidji piring leah koe tjai , djeung hidji loemoer oge dieusian koe tjai , anoe saroea lobana djeung tjai anoe dieusikeun kana piring leah tea. Geus kitoe eta piring djeung loemoer toeloej dipoëkeun sina ngarendeng . Eta piring geus tangtoe leuwih gantjang kosongna tinimbang loemoer tea . Ari sababna , tjai anoe Kabeungharan Alam . . 4

21. Pangoejahan di Madoera , anoe koe poë.

aja dina piring djadi leuwih lega beungeutna djeung leuwih deet tinimbang tjai anoe dina loemoer tea , djadi saabna leuwih gantjang. Bab ieu geus djadi patokan , moenggoehing barang entjer teh, mana -mana lega ngajapakna , eta geus tangtoe gantjang njaabna. Oerang oge bisa nganjatakeun saban poë, geuning ari moëkeun papakean beunang njeuseuh teh sok tara ditoempoek, tatapi sahidji -sahidjina dibeberkeun soepaja gantjang toehoerna .

Noeroetkeun katĕrangan anoe kasěboet di loehoer , djadi eta balong -balong anoe dieusian tjai laoet tea baris diarah oejahna , koedoe lega toer dareet kabeh , sangkan gantjang njaabna.

Oepama eta tjai -laoet geus sawatara lilana kapanasan , di dasarna eta balong -balong aja oejahan nampĕr , tatapi eta oejah masih kotor pisan, koedoe diběrěsihan heula, samemehna diiangkeun didjoeal ka mana -mana .

Moenggoehing eta tjai -laoet teh, kadjaba ti eusina oejah , aja deui barang roepa -roepa . Eta koe oerang oge geus katangen, oepama oerang ngaletak tjai -laoet , rasana asin semoe pait, tatapi ari oejah biasa mah ngan woengkoel pangset bae .

Salianna oejah ti laoet , aja deui oejah beunang ngali ti tanah pagoenoengan . Eta oejah anoe saroepa kitoe lolobana di Eropa di tanah Duitschland djeung Polen, ajana di djéro taneuh ngagebleg mangpirang -pirang kilometer pasagi legana sarta kandělna mangpirang -pirang poeloeh meter.

Eta koemaha sababna anoe matak aja oejah di pagoenoengan ? Ieu perkara koe oerang beunang dibanding -banding , oepama oerang ngali pisolokaneun atawa naon bae tjara ngali pikeun djalan kareta api . Tangtoe oerang nangenan , jen beuki djero taneuh teh beuki roepa -roepa warnana , beda pisan djeung taneuh anoe aja di loehoer , di beungeut boemi . Oepama anoe pangloehoerna keusik djěrona sameter , geus kitoe oerang manggihan taneuh likět , handapna deui taneuh beureum patjampoer djeung tjadas djeung salianna ti eta . Nja kitoe deui oejah , nja tjara taneuh anoe sedjen bae atawa keusik tahap - tahap ajana dina djěro taneuh .

Di nagara Walanda aja oge anoe njieun oejah , tatapi lain. tjai -laoet woengkoel , ieu mah tjai -laoet dibaoeran oejah anoe masih keneh kotor kaloearan ti pagoenoengan . Eta tjai -laoet anoe geus beunang ngabaoeran oejah tea , toeloej ditaheur něpi ka namper djadi oejah deui.

Di sedjen - sedjen těmpat saperti di Duitschland sok aja těmpat anoe aja liangtjai pangset . Eta tjai pangset koe oerang dinja sok didjarieunan oejah , akalna kieu : deukeut eta tempat , oerang dinja naroempoek -noempoekkeun dahan -dahan kai atawa regangregang . Eta tjai pangset anoe beunang ngala tina taneuh, dikotjorkeun kana eta toempoekan regang - regang , téroes ngabaseuhan eta regang - regang kabeh , něpi kana dasarna eta toempoekan . Koe tina kitoena eta tjai pangset djadi gantjang njaabna . Di handapeun eta toempoekan regang didasaran koe balong , soepaja eta tjai pangset oelah ngotjor ka mana -mana . Geus kitoe eta tjai anoe aja dina balong toeloej dikotjorkeun deui kana toempoekan regang sedjen . Eta kitoe bae sababaraha kali , něpi ka tjai pangset teh djadi tjai , pangset pisan . Oepama geus pangset pisan toeloej ditaheur nepi ka saat tjaina , oejahna ngoempoel di handap , nampĕr .

Eta panjieunan oejah make toempoekan regang -regang kai , koe basa Walanda disěboetna gradeerwerk.

Di karesidenan Djogjakarta ka poengkoer oerang Priboemi sisi Laoet Kidoel palebah desa Parangtritis , njieunna oejah tina tji laoet nja meh tjara oerang Duitschland, make regang -regang kai digoendoek -goendoekkeun dibandjoeran koe tjai laoet , disina njaab lantaran kapoë koe panonpoë . Oejahna nampěr. Oejah anoe saroepa kitoe dingaranan ,, oejah tamper ", rasana rada pait, henteu pati pangset tjara oejah Madoera .

Ari tempat njieun oejah di tanah Hindia -Walanda bakoena pisan di Madoera , di Kalian gět, kagoengan Kangdjěng Gouvernement , těmpatna pohara pisan , sabab oejahna baris pipake di sakoeliahna tanah Hindia -Walanda . Njieunna dina balong dareet , ditembok sakoemaha anoe geus ditjaritakeun tadi di loehoer .

22. Oerang Kaliangět, naranggoengan oejah rek dibawa ka pabrik .

Di kampoeng Koewoe bawahan Afdeeling Grobogan , karesidenan Samarang , aja soemoer sababaraha tempat anoe tjaina pangset , nja koe oerang dinja sok didjarieunan oejah , ditaheur . Anoe njarieunan oejah di eta tempat meunang ngadjaroealan oejah ka mana-mana , tatapi kabeh dipadjěgan koe Kangdjěng Gouvernement saban -saban tahoen .

Oepama oerang rek njieun oejah dahareun sorangan , anoe semoe bodas , tjara oejah dagangan di toko-toko diwadahan dina ples tea , babari nakěr : nja eta oejah meunang meuli ti pasar atawa ti waroeng anoe teu atjan běrěsih , ditinjoeh koe tjatah sina lějoer, geus kitoe baoeran koe endog hajam bobodasna bae (oelah djeung beubeureumna ) djeung tjangkangna koedoe diraměs dirěmoekkeun toeloej ditaheur ; moal lila oge ngaboedah , kokotorna koe oerang koedoe disioekan , dipitjeunan .

XVI. Logam .

Aja sababaraha barang anoe koe oerang diseboet logam, koe basa Walanda dingaranan metaal , nja eta saperti : beusi , tambaga , ĕmas , perak, timah djeung salian ti eta . Eta sakabeh barang ngabogaan beurat, sarta oepama diběrěsihan dieung digosok , roepana sok herang . Djeung deui eta barang anoe saroepa kitoe ngabogaan bakat sok beunang dipigawe roepa -roepa , dibangoenkeun warna -warna pakakas .

Oepama oerang maloe běling geus tangtoe eta teh rěmoek , tangtoe sarerea oge pada njaraho . Oepama oerang maloe timah, eta timah henteu rěmoek, tatapi kentob, sarta oepama tĕroes bae dipaloean , eta timah djadi gepeng , ipis . Eta anoe saroepa kitoe lain ngan timah bae, tatapi sakabeh bangsa logam. Oepama oerang maloean timah, salěgana eta timah , geus tangtoe djadi ipis sarta roebak.

Oepama oerang arek ngaroebakan logam koe lantaran dipal oean bae , eta bangga pisan , hamo bisa gantjang.

Enggeus lila djělěma manggihan akal baris ngaroebakkeun logam, nja eta koe lantaran digěntjet di antarana doea beusi gilig anoe meh padedempet , digilingkeun . Eta logam loeloej diaboeskeun kana antarana eta doea beusi gilig anoe dikěděngkeun patoempang -tindih sarta sina madjoe . Geus tangtoe bae eta logam kaděmpet , nja ngadjadi gěpeng djeung roebak . Koe akal anoe saroepa kitoe, oerang bisa njieun lambaran tina tambaga , beusi , timah djeung salianna ti eta , sarta kanděl - ipisna noeroetkeun anggang -deukeutna eta doea beusi gilig tea sakoemaha kahajang oerang bae .

Aja sababaraha roepa logam anoe koe oerang sok dipake njieun kawat , saperti : kawat beusi , kawat tambaga , kawat koeningan , kawat perak djeung salianna ti eta . Ari akalna njieun kawat anoe saroepa kitoe, oerang koedoe boga heula wadja kanděl , dikohokan (diliangan ) gede-leutik . Beusi anoe pandjang toer leutik , rada gede ti batan liangna wadja anoe panggědena tea toeloej diaboeskeun tjongona kana eta liang sarta toeloej dipaksa sina madjoe .

Geus tangtoe bae eta beusi samemehna diaboeskeun kana eta liang wadja , toengtoengna anoe arek diasoepkeun teh koedoe dipentjoskeun heula , sangkan bisa asoep kana eta liang . Eta beusi anoe tadi tea djadi leutik sarta mandjangan . Oepama geus anggeus , toeloej eta beusi anoe mandjangan teh diasoepkeun deui kana liangna wadja anoe rada leutik tea sina madjoe deui tjara tadi , djadi eta beusi tambah leutik sarta tambah pandjang . Eta kitoe bae satéroesna nepi ka djadi kawat sakoemaha anoe dipikahajang koe oerang . Sawareh logam , saperti perak djeung ĕmas , koe akal anoe saroepa tadi , beunang didjieun kawat anoe lěmboet katjida leuwih lemboet ti batan boeoek anoe panglěmboetna .

Aja deui hidji akal baris ngokolakeun logam soepaja bisa dipake pakakas roepa -roepa , nja eta koe lantaran eta logam ditaheur , dientjerkeun . Aja sawareh logam , ngan saoekoer dipanasan sawatara bae geus bisa djadi entjer ; nja kitoe deui aja logam anoe bisana ngadjadi entjer koedoe dipanasan katjida pisan , saperti tambaga , beusi djeung salianna ti eta .

Oepama eta logam entjer teh ditinjoehkeun kana panjitakan , eta panjitakan djadi pinoeh , sarta oepama geus tiis djadi teuas deui saperti tadina, djeung bangoenna nja tjara tjitakan tea bae njĕples .

Tah kitoe akalna njieun pakakas anoe henteu beunang dipeupeuhan koe paloe , nja koe dientjerkeun tea make ditinjoehkeun kana panjitakan ; basana ge ditjitak .

Ari logam anoe kabiasaan djeung sok loembrah dipake koe oerang , nja eta : beusi , tambaga , timah, radjasa. seng , aer-perak, perak djeung emas . Salianna ti eta masih loba keneh , tatapi henteu pati kabiasaan saban poë dipake .

Ari wadja teh nja bangsa beusi keneh, koe lantaran dipigawe sarta diakalan , nja djadi wadja. Děmi blek (kaleng ) nja beusi keneh , ngan koe diboentél koe radjasa , atawa terangna kieu : lambaran beusi ipis dibaloeran koe radjasa , eta radjasa teh lain ngan ngarah herang bae , tatapi babakoena mah ambeh eta beusi oelah taihiangan. Ari paroenggoe , nja eta tjampoeranana tambaga djeung radjasa .

Salianna ti eta aja deui tjampoeran logam , nja eta koeningan , eta tjampoeranana tambaga djeung seng . Nja kitoe deui loba deui tjampoeran - tjampoeran logam anoe mangroepa perak , tatapi lain perak toelen , ngan meh saroea roepana bae , nja eta anoe sok didjieunan : sendok , garpoeh , baki , tjatjangkir , teko djeung salianna ti eta .

Ari moenggoehing logam teh biasana dibagi doea bagian , nja eta logam aloes djeung logam kasar . Eta doea bagian logam , hidji -hidjina bagian oerang bisa nangenan ĕnja -ěnja , mana logam aloes djeung mana logam kasar . Geura kieu : logam kasar , sapĕrti : beusi oepama diteundeun dina tempat anoe 'tiis sawatara lilana, tangtoe djadi sémoe beureum , tambaga sok djadi hedjo , timah sok djadi paoel , djeung salianna ti eta . Eta anoe saroepa kitoe, koe oerang sok dingaranan taihiangan , lantaran eta logam narik saroepaning barang anoe aja dina hawa.

Tatapi eta logam henteu sakabehna taihiangan dina hawa. Emas djeung perak, sanadjan sababaraha lilana oge aja dina hawa sok tara taihiangan, tetep bae roepana herang . Djadi sipat logam anoe henteu taihiangan dingaranan logam aloes , ari anoe sedjen anoe sok taihiangan dingaranan logam kasar .

Djaman baheula geus sababaraha reboe tahoen něpi ka ajeuna , djělěma -djělěma tatjan njarahoëun kana eta logam . Djělěma -djělěma anoe hariroep di djaman harita pakakasna didjieunna tina barang roepa -roepa , tatapi lain tina logam . Pakarangna biasana didjieunna tina hoentoe sasatoan , toelang laoek (tjoetjoek laoek) djeung tina barang anoe saroepa kitoe ; ari lolobana didjieunna tina batoe . Děmi bangsa batoe anoe sok biasa didjieun pakarang , nja eta bangsana batoe -paneker . Meureun lantaran batoe -paneker teh biasana sisina sok sareukeut. Eta batoe -paneker anoe aripis sarta seukeut, toeloej dibangoen didjieun saroepa peso , patik atawa balioeng djeung salianna ti eta . Pakarang anoe saroepa kitoe, anoe didjieunna tina batoe -paneker, geus tangtoe bae leuwih goreng ti batan pakarang di djaman ajeuna , anoe didjieunna tina beusi .

Di sedjen těmpat di djěro taneuh djělěma -djělěma sok maranggihan oge pakarang tina batoe -paneker . Nja kitoe deui di djaman ajeuna aja keneh bangsa djělěma anoe masih keneh biadab , anoe marake pakakas batoe .

Lila ti lila djělěma teh njarahoëun kana logam , koe lantaran kapanggih kakoekoej tina djero taneuh, atawa kapanggih di goenoeng-goenoeng ngagaloler . Tatapi eta logam teh kapanggihna lain saperti woedjoed anoe katendjo koe oerang saban poë, roepana siga pisan batoe . Anoe aja dina djěro goeha : beusi , tambaga atawa radjasa, eta kabeh ngawoedjoed tinggoeroentoel , aja noe gěde aja noe leutik . Eta goeroentoelan logam disěboetna koe basa Walanda erts . Goeroentoefan batoe beusi anoe kakara dihandjatkeun tina djěro goehana , roepana beureum atawa sawomatĕng. Ari goeroentoelan batoe tambaga , anoe kakara diala tina djěro goehana , roepana hedjo .

Dina eta goeroentoelan -goeroentoelan batoe logam , koe djělěma diakalan didjieun logam , tatapi lain pagawean gampang -gampang . Eta goeroentoelan -goeroentoelan batoe logam koedoe dipanasan heula make panasna seuneu anoe katjida pisan panasna sarta koedoe ditjampoeran koe sedjen barang , sangkan gampang djadina antjoer .

Di djaman baheula salawasna djělěma tatjan bisa njieun logam tina eta batoe goeroentoelan logam , maranehna hamo pibarisaeun njarieunan pakakas tina eta logam .

Ari logam anoe ngamimitian diparake koe djělěma , nja eta tambaga djeung radjasa . Di djaman baheula , sanadjan waktoe harita djělěma -djělěmana geus palinter pisan oge, pakarangna didjarieunna tina paroenggoe (paroenggoe tjampoeranana tina koeningan djeung radjasa , saperti anoe geus ditjaritakeun di loehoer tadi). Di waktoe harita , beusi , tatjan aja djéléma anoe njarahoëun . Eta geus tangtoe bae koedoe kitoe, sabab goeroentoelan batoe beusi teh hese dikokolakeunana něpi ka ngadjadina beusi biasa , tinimbang goeroentoelan batoe tambaga atawa radjasa . Koe lantaran eta, djadi beusi , rada beh -dieu , mimitina diparakena koe djělěma .

Aja deui bangsa logam anoe keur waktoe di djero taneuhna henteu saperti logam - logam anoe sedjen . Eta anoe saroepa kitoe teh nja eta oepamana emas . Eta emas asalna ngeproel saperti keusik lemboet , kapanggihna henteu ngagoendoek , tatapi pabaoer djeung keusik atawa dina djěro batoe tjadas . Sanadjan oerang boga keusik patjampoer djeung kěproelan ĕmas , eta henteu gampang baris misahkeunana émas djeung keusik , sabab eta kěproelan ĕmas teh kadangkala leuwih lěmboet ti batan keusik anoe panglěmboetna . Baris misahkeun kěproelan emas tina keusik , djělěma geus meunang akal, nja eta make daja beuratna ĕmas . Eta keusik anoe patjampoer djeung emas teh ditjaian dina djero djambangan gěde , toeloej tjaina dikoeběk-koeběk . Geus kitoe eta tjai toeloej sina nampěr , kěproelan ĕmasna kalěm , ari keproelan keusik mah masih keneh aja di loehoer patjampoer djeung tjai . Ti dinja eta tjai anoe kotor toeloej dipitjeun , nja keusikna oge miloe kapitjeun . Emas anoe kalem tea masih keneh patjampoer djeung keusik atawa djeung barang lianna ti eta . Pek deui ditinjoeh koe tjai sarta toeloej dikoeběk -koeběk deui tjara tadi . Tjaina anoe kiroeh toeloej dipitjeun katoet keusikna . Eta kitoe bae sababaraha kali , nepi ka toengtoengna koe tina dileukeunan, ĕmasna , ngawoengkoel henteu katjampoeran deui koe barang -barang sedjen .

Ari ngokolakeun batoe tjadas noe pabaoer djeung ĕmas , kieu atoeranana : eta batoe tjadas digiling heula sina boeboek , lěmboet saperti tipoeng . Geus kitoe toeloej dipigawe saperti anoe geus ditjaritakeun di loehoer tadi , nja eta koe ditinjoehan koe tjai sababaraha kali tea.

Ari tempat - tempat anoe loba ĕmasna , di Australië , Californië djeung di tanah Afrika sabeulah ti kidoel .

Di tanah Hindia -Walanda nja aja oge emas , nja eta di poelo Soematra , Borneo djeung di Seleběs . Ari di Poelo Djawa mah kaitoeng henteu aja bae , atawa beunang djadi henteu atjan kapanggih tempattempatna anoe aja ĕmasna .

XVII. Panas djeung ngagĕdeanana barang -barang.

Lamoen pandaj rek něrapkeun bengker beusi kana kikiping kareta atawa roda , mimitina manehna njieun bengkĕr beusi sagědena kikiping tea , sabot beusina masih panas keneh . Geus kitoe eta bengkér beusi teh toeloej dibeuleum nepi ka rada beureum, prak diterapkeun kana eta kikiping tea , sanggeusna asoep , gantjang ditjemploengkeun kana tjai nepi ka tiisna . Oepama eta bengker beusi geus tiis , djadi moerěngkĕd sarta mageuhan pisan kana djari -djarina eta kikiping , leuwih pageuh ti batan dipakoe sababaraha pakoe . Ieu taja deui sababna nja eta, koe tina dipanasan , beusina ngagédean ; barang katiisan djadi moerěngkéd , ngarioet.

Oepama oerang ngagantoengkeun hidji kěkempis hajam atawa kěkempis moending beunang nioep di saloehoereun hawoe , eta kěkempis beuki gede měléndoengna sarta oepama hantěm bae dipanasan, tangtoe beuki tambah mělěndoeng , toengtoengna boetjat . Eta , sababna , nja eta hawa dina djěro kékěmpis koe panasna seuneu djadi ngagédean , koe sabab taja djalan ka loear , anoe matak eta kěkempis toeloej bitoe .

Aja deui saroepa akal pikeun netelakeun , jen samoebarang sanggeusna dipanasan teh toeloej ngagédean sarta sanggeusna katiisan toeloej ngarioet ; nja eta koe geulang beusi djeung pelor beusi anoe gedena tiap oekoer bisa montjor kana eta geulang . Oepama pelorna woengkoel oerang panasan , teu bisa montjor , padahal njangsang nangkod kana geulang , tatapi sanggeusna katiisan mah babari pisan montjorna .

Sakabeh woedjoed oepama dipanasan tangtoe ngagédean , beukah , sarta koe lantaran katiisan , tangtoe djadi ngaleutikan , ngarioet . Eta tanagana ngagedean djeung ngaleutikan teh gede katjida . Koe tanaga anoe saroepa kitoe, oerang bisa migawe pagawean anoe pohara ` pisan , anoe satadina dikira hamo pibisaeun dipigawe . Di dajeuh Parijs aja hidji gědong gede, anoe tembokanana tjondong arek roeboeh . Koe tina kitoena eta gědong koedoe diomean , da ari dibongkar mah tangtoe pigědeeun pisan waragadna . Baris nangtoeng nangtoengkeun deui tembokan tembokan anoe darojong tea, toeloej njoba -njoba make akal kieu : eta tembokan toeloej diboedeur koe beusi pandjang toer kanděl , ditjolok - tjolokkeun kana tembokan anoe beunang ngaliangan . Toengtoeng toengtoengna eta beusi sina farolol tina tembokan sabeulah ti loear. Eta toengtoengna beusi anoe narolol tea toeloej make toengtoeng - sekroep galede , beunang dipoeril-poerilkeun . Geus kitoe eta beubeur beusi anoe aja di sabeulah ti djěro tembokan toeloej dipanasan eta beusi djadi ngagédean sarta mandjangan . Eukeur waktoe eta beusi panas , toeloej sekroep -sekroep teh dipoerilkeun sina madjoe népi kana tembokan , sina antel . Geus kitoe eta beusi sina tiis ; eta beusi djadi ngarioet sarta mondokan . Koe tina kitoena eta tembokan tjondong tea miloe katarik ka sabeulah ti djěro . Sanggeusna eta akal anoe saroepa kitoe dipigawe sababaraha kali , laoen -laoen eta kabeh tembokan -tembokan anoe arek roeboeh teh djadi bisa narangtoeng djédjěg deui.

Eta perkara ngagédean koe lantaran kapanasan , sok dipake oge baris ngalaksanakeun sedjen maksoed , sapérti eukeur njieun thermometer. Demi thermometer teh nja eta hidji roepa pakakas baris nangenan panasna hidji -hidjina barang.

Sanadjan oerang bisa ngarasa panas -tiisna barang koe ramo atawa leungeun, ari pikeun netelakeun atawa ngoekoer panastiisna eta barang mah henteu bisa, koedoe aja paragina, pakakasna, nja eta koe thermometer tea .

Ocpama leungeun oerang anoe sabeulah diantjlomkeun kana tjai es, leungeun anoe sabeulah deui kana tjai haneut , sarta sanggeusna eta doea leungeun dikeueumkeun sawatara lilana , toeloej koe oerang diantjlomkeun bareng kana tjai hambar, geus tangtoe karasa kieu : leungeun anoe tadina dikeueum dina tjai es, ajeuna karasa panas , djeung leungeun anoe tas dikeueum dina tjai panas , karasa tiis . Kitoe deui oepama leungeun oerang sabeulah -sabeulah diantjlomkeun kana eta tjai hambar, tangtoe karasa anoe sabeulah tiis , anoe sabeulah deui panas .

Salianna noe kaseboet di loehoer tadi , koe rasa , oerang teh hamo bisa nangtoekeun sakoemaha panasna hidji -hidji barang , sabab taja oekoerananana . Baris nangtoekeun čnja-enja panasna. barang , perloe oerang make thermometer tea .

Ari thermometer teh nja eta hidji roeas gelas leutik , make pentol di handapna , dieusian koe hidji roepa barang entjer, , atawa koe spiritus babakoena sok dieusian koe tjai -rasa (kwik) anoe beunang ngabeureuman . Eta roeas gelas henteu pinoeh dieusianana rasa . Oepama eta , pentol di handap dipanasan , tangtoe eta tjai-rasa beukah sarta naek ka loehoer , sarta depama toeroen , ngatarakeun tiis .

Eta , roeas gelas djeung kwik saroepa kitoe teh tatjan beunang dingaranan thermometer , sabab oerang teu atjan' bisa matja, sabaraha eta kwik oenggahna atawa toeroenna . Koe tina kitoena eta roeas gēlas koedoe didangdanan , ditapélkeun kana imah -imah kai . Dina eta kai aja angka -angka tina ĕnol népi ka 80 atawa 100 .

Děmi hartina eta angka saperti anoe kasěboet di handap ieu.

Eta roeas gelas djeung kaina, mimitina diantjlomkeun kana tjai saldjoe atawa tjai es. Doemeh eta kwik dina djěro roeas katiisan , toeloej moeréngked (ngarioet ) madjoe ka handap , toeroen něpi ka eureun , henteu bisa toeroen deui . Dina palčbah eureunna eta kwik dina papan kai tea , koe oerang koedoe ditoelis angka 0 (enol ). Geus kitoe eta roeas toeloej diteundeun dina saabna tjai ngagolak . Eta kwik toeloej naek, téroes naek bae , nepi ka toengtoengna eureun sorangan henteu bisa naek deui . Koe tina kitoena oerang ngabogaan doea tempat titik dina thermometer, nja eta: titik (punt) anoe kahidji entjerna saldjoe , ari titik anoe kadoea ngagolakna tjai ditaheur . Di antara eta doea titik, toeloej dibagi -bagi anoe saroea pisan bagianana , biasana dibagi saratoes bagian . Nja kitoe deui di handapeunana titik 0 tea dibagi -bagi deui sawatara bagian . Djadi ajeuna eta thermometer teh geus anggeus . Eta bagian -bagian biasana koe oerang dise boetna gra a d. Oepama eta thermometer diantjlomkeun kana tjai haneut, kwikna naek nepi kana angka 40, djadi eta tjai haneut panasna teh aja 40 graad.

Thermometer anoe biasa , henteu beunang dipake ngoekoer sakabehna panas , sabab oepama tiis katjida , eta kwik sok djadi kentél. Di tanah Walanda sok tara kadjadian aja tiis nepi ka kwik djadi kentél ; tatapi di tanah Siberië djeung di tanah -tanah kalereun tanah Eropa, dina moesim tiis, eta kwik sok kéntěl . Di eta tempat, thermometer teh dieusianana lain koe kwik, tatapi koe spiritus , sabab eta spiritus atawa alcohol sok tara kentěl , sanadjan sakoemaha tiisna oge. Nja kitoe deui eta thermometer kwik henteu beunang dipake ngoekoer anoe panas katjida , sabab eta kwik sok ngagolak .

Thermometer teh gěde pisan kapakena ; di pabrik-pabrik , di toko -toko , di gedong gedong , kabeh pada marake eta thermometer , nja eta baris nganjahokeun panas atawa tiisna hawa atawa tempat . Eta thermometer oelah dipanaskeun, tatapi koedoe diteundeun di noe ioeh bae , sabab oepama kapanasan tangtoe kwikna gantjang naekna ka loehoer .

ةلسلرانلا 410 ,318, , 316 37 39' 41 43

23. Thermometer paranti ngoekoer panasna hawa djeung panasna awak djělěma .

Di roemah sakit roemah sakit, djaman ajeuna perloe pisan marake eta thermometer , baris nganjahokeun panasna awak anoe garĕring . Eta thermometer anoe saroepa kitoe dingaranan koe basa Walanda Koortsthermometer , tegésna thermometer pikeun anoe moeriang .

XVIII. Karang djeung sepon .

Anoe koe oerang dingaranan mardjan teh , nja eta saroepa barang anoe roepana beureum sarta aloes siga batoe , didjieun kongkorong, geulang , tjoetjoek-geloeng djeung salianna ti eta .

Eta mardjan asalna tina karang, djadina dina dasar laoet ngawoedjoed tangkal sarta loba pisan dahan -dahanna .

Oepama oerang motong hidji dahanna eta karang anoe kakara beunang ngala ti laoet toeloej diantjlomkeun kana loemoer anoe. beunang ngeusian tjai laoet sarta diantěp oelah dióme atawa ditjabak tjabak sawatara lilana, mimitina mah henteu katangen naon -naon , eta tangkal henteu katara hiroep. Tatapi teu lila katendjo djiga kembangan , mimitina tjara kembang koedoe , beuki lila beuki gede , sarta toengtoengna daoenan parandjang, nja saroepa kembang . Teu lila djol deui aja anoe saroepa kitoe , sarta henteu. lila djol deui anoe sedjen ; henteu koengsi lila eta tangkal pinoeh koe kěmbang -kembang .

24. Kembang karang .

Samalah anoe kawas kembang teh ajeuna katendjo bět obah sorangan , anoe kawas daoen katendjo boelak -balik oelang -oelangan lalaoenan . Ari moenggoehing kembang tatangkalan anoe sačnjana mah sok tara kitoe : lamoen obah teh koedoe koe lantaran katebak angin , lain karěpna sorangan , tjara kěmbang karang tea . Oepama koe oerang digědagkeun loemoerna , atawa diojagkeun medjana anoe aja loemoeran tea, koe sagedagan lalaoenan bae , kabeh anoe kawas kembang -kembang teh oedjoeg -oedjoeg lés bae leungit, ngan kari batoe karangna bae ngadjěntoel .

Satěměnna anoe saroepa kembang teh bangsa sato laleutik pisan ; ari anoe mangroepa tangkal anoe teuasna saperti batoe , nja eta ĕnggonna eta sato -sato tea . Děmi eta sato salilana hiroep , ngaloearkeun saroepaning barang tjara apoe tina awakna, teu lila djadi teuas . Djadina eta tangkal teh nja eta bawana koedrat mangjoeta - joeta sato anoe laleutik tadi tea , saperti : harĕmis , kidjing , soesoeh , tenggek , keong , toetoet djeung salianna ti eta , pada marawa enggon ti koedratna .

Di - laoetan sakaler-wetanna tanah Australië , koe basa Walanda disěboet Stille Zuidzee - di dinja eta sato-sato karang teh estoe mangpirang -pirang lobana , datang ka bisa njieun ĕnggon batoe sababaraha mil pasagi legana , sarta salilana téroes bae beuki ngalobaan djeung enggonna oge beuki ngalegaan . Nja kitoe deui di sisi-sisi basisir nagri Arab loba pisan karangna sarta lega . Oepama eta karang-karang tatjan moentjoengoel di saloehoereunana beungeut laoet , eta katjida pisan matak salěmpangna kana bab lampah lalajaran . Geus kadjadian mangpirang -pirang kapal di dinja kalaleboeh naleunggar karang . Oepama eta karang geus moentjoenghoel di loehoer tjai laoen -laoen roepa -roepa sisikian njarangsang - - di dinja sok djaradi tatangkalan di loehoerna eta karang, nja toeloej mangroepa poelo - poelo. Di laoetan Stille Zuidzee anoe kaseboet di loehoer tadi , loba pisan poelo-poelo anoe laleutik , nja ngadjaradina koe lantaran eta sato -sato karang tea.

Eta karang teh aja 4 roepa : ari anoe kanjahoan saban poë koe oerang , nja eta mardjan . Eta mardjan lolobana di laoetan Middellandsche Zee , dialana make heurap, roepa pakakasna aneh pisan doea potong kai parandjang ditoempang -tindihkeun tengah - tengahna , sina mangroepa tapak djalak . Di tengahtengahna eta kai dibeungbeuratan koe batoe gede atawa pelor ditalian masing pageuh kana eta kai . Dina oenggal toengtoengna eta kai toeloej dipasangan heurap (djaring) sina meber . Nja kitoe deui dina eta toengtoengna kai diterapan tali -tali eurad laleutik sababaraha hidji . Sanggeusna kitoe, eta pakakas toeloej ditalian koe tali anoe pandjang ; ti dinja ditjěmploengkeun kana djero laoetan , noe loba mardjanna. Talina toeloej ditarik , dahandahanna karang ngarait kana tali -tali eurad tea sarta toeloej parotong . Eta potong - potongan karang, ditampanan koe djaring tea. Eta mardjan dikokolakeunana di nagara Marseille sarta těroes dikirimkeun ka mana -mana .

25. Kembang karang

Aja deui saroepa sato laoet, anoe sareretan mah disangka tangkal bae , nja eta se pon. Eta sepon anoe dipake koe oerang , nja eta sajangna sato sěpon . Sarerea oge geus moal bireuk deui , jen sepon teh pinoeh koe kohok-kohok nepi ka karantjang . Eta kohok-kohokna teh satadina dieusian koe saroepa barang anoe hariroep sarta leueur, nja eta sato sepon tea. Eta anoe saroepa koelit teh , anoe koe oerang dingaranan sepon tea , saĕnjana mah ngan woengkoel oeroet enggonna eta sato -sato tea bae , sarta djadina nja kaloearan tina awakna eta sato -sato .

Eta sepon sepon anoe dipake koe oerang , asalna ti laoetan Middellandsche Zee , anoe panglobana di laoet kapoeloan Griek . Eta sepon ajana dina djěro tjai narapěl kana batoe -batoe atawa kana barang naon bae . Ari ngalana kaitoeng leuwih gampang tinimbang ngala mardjan tadi tea . Eta sepon anoe kakara beunang ngala , kotor katjida ; ngaběrěsihanana koedoe dikoembah koe tjai běrěsih sababaraha kali , geus kitoe dipoëkeun sarta téroes didjoeal ka mana -mana .

XIX . Hileud djeung koekoepoe .

Roepana hileud koe kaoela henteu pérloe ditjaritakeun deui , da sarerea oge meureun geus pada njaraho .

Hileud teh aja anoe bangsa leutik , saperti : hileud dadap , hileud merang djeung salianna ti eta ; aja oge bangsa sěděng sapĕrti hileud bengsrat , hileud hideung djeung salianna ti eta ; djeung aja bangsa anoe gěde saperti hileud hedjo , hileud taleus , djeung sadjaba ti eta .

Hileud , ana njatoean tjatjapekna obahna henteu ka loehoerka handap , tjara djamakna sato sedjen tatapi ngentja-ngatoehoe tjara goenting , ngagoentingan dangdaoenan kabeukina tea . Njatoeanana teh gantjang pisan sarta rampoes , nja boektina matak ngaroegikeun gede pisan ka anoe tani : ngan popoëan bae sok meakkeun pĕpělakan sajoeran atawa pěpělakan sedjen anoe mangpa'at ka oerang , samalah tatangkalan mah datang ka rigil pisan .

Roepana hileud teh , oepama diawas-awas , nja matak heran oge, bet boga sipat anoe tjara kitoe pandena : di gigirna titik-titik laleutik , roepana harerang atawa harideung, ngadjadjar saroea anggangna sapandjang gigirna . Eta titik-titik teh liangan, laleutik pisan, paragi ngamběkan . Tina eta liangliang, aja deui liang - liang anoe laleutik pisan teroes kana badanna sakoedjoer , nja eta baris djalan hawa ka mana -mana . Boektina jen hileud bisa ngamběkan , nja eta oepama gigirna dibaloeran minjak , eta liangliang laleutik kapĕpětan koe minjak , teu lila toeloej eta hileud teh paraeh .

Hileud , henteu kabeh tjaritjingna dina dangdaoenan atawa tatangkalan , atawa dina tempat anoe sapopoena katembong ; saperti hileud pare anoe ngalantarankeun hama , anoe koe djoeroe tani dingaranan hama bě běloek tea — nja eta anoe matak hapa kana pare tea roepana sẽmoe hawoek; babakoena eta hileud tjitjingna teh dina djěro tangkal pare . Koe manehna eta (hama ) tangkal pare palebah boekoe anoe pangloehoerna dikorowokan , toeloej ngahakanan poehoe ranggeujanana ; ari geus taja hakaneunana , těroes manehna ngorowokan ka handapna , tampolana sok něpi kana poehoena pisan . Aja oge bangsa hileud anoe tjitjingna dina djěro taneuh ; ari gawena lamoen ti beurang sok ngararoeang maneh njaroempoet di djěro taneuh , ari ti peuting sok laliar ngararajap pada neangan kahakananana.

Ari kaanehanana hileud, nja eta saperti noe rek ditjaritakeun di handap ieu lamoen sababaraha hileud koe oerang diwadahan kana pěti oeroet soeroetoe anoe rada gede meueusan , sarta diliangan laleutik soepaja eta hileud bisa ngamběkan , toeloej diparaban koe dangdaoenan sakabeukina -sakabeukina soepaja oelah paraeh , heuleut saminggoe atawa sapoeloeh poë diteang deui , katjida matak heranna ; sabab hileudna ngoerangan . Ana dihantěm dipapaj dina djěro eta pěti , oerang tangtoe manggih anoe saroepa koelit ngagoeloentoeng , sẽmoe koneng atawa hideung jeung toengtoengna oge baroentet , anoe sabeulah deui marentjos . Padahal eta anoe karoneng djeung harideung teh sabenerna mah hileud anoe keur njajang, maroentěl maneh koe ramatna, nja anoe dingaranan entoeng atawa tjatjaka tea . Hileud anoe geus njatjaka kitoe tara njatoe naon -naon , sarta tibra heesna teh , sawareh mah nepi ka doea atawa tiloe minggoe , samalah aja anoe nepi ka tiloe boelan lilana , kakara djadi koekoepoe .

Mimitina eta koekoepoe -koekoepoe tjaritjing bae, sabab djangdjangna masih laleuleus keneh , tatapi dina sawatara poë oge, djangdjangna teh geus hareuras sarta toeloej halaliběr ka awang-awang.

Eta koekoepoe -koekoepoe henteu djaradi ĕntoeng deui , tatapi teu lila toeloej bae paraeh . Keur waktoena hariroep , arěndogan dina dangdaoenan atawa dahan tatangkalan. Ana malegar , nja djaradi deui hileud, lila -lila maroentěl maneh deui koe ramatna toeloej ngadjaradi entoeng atawa tjatjaka deui sarta tĕroes djaradi koekoepoe .

26. Microscoop .

Eta koekoepoe estoe aloes kabina-bina , djangdjangna herang sarta roepa -roepa pisan warnana . Di dieu di oerang , di tempat panas , loba pisan koekoepoe anoe galěde sarta araloes kabinabina.

Oepama oerang njabak atawa njěkěl koekoepoe , ramo oerang sok pinoeh koe saroepa tipoeng narapěl. Djadi eta warnana koekoepoe teh henteu pati pageuh napělna kana djangdjangna . Oepama anoe saroepa tipoeng tea koe oerang diilikan koe microscoop , tetela saroepa sisit laoek tjai naroempang dina koelit djangdjangna koekoepoe , tjara sisit laoek tjai bae patoempangtindih atawa tjara kenteng patahap - tahapna . Eta sisit gědena sarta bangoenna roepa -roepa pisan , nja kitoe deui warnana . Sagolong -golonganana bangsa koekoepoe pada ngabarogaan sisit djangdjang anoe roepana tětěp taja bedana sabangsa -sabangsana sorangan .

Sawareh koekoepoe henteu njatoean naon -naon , tatapi sawareh deui njatoean sarina amis tina dangdaoenan . Letahna koekoepoe ngadjadi hidji djeung hoeloena saperti toelale gadjah. Oepama oerang hajang njaho eta letah koekoepoe , geura eta hoeloena anoe mentjosna tjoër koe djaroem , tangtoe eta letahna oedar mandjangan, oepama dilesotkeun toeloej ngagolong sorangan deui.

Sawareh hileud djeung koekoepoe , lain ngan woengkoel aneh djeung aloes bae, tatapi aja oge goenana , malah gede pisan ngoentoengkeunana ka djělěma . Kalolobaanana eta hileud teh ngaroegikeun gede pisan ka noe tani . Ari hileud anoe gěde mangpa'atna , nja eta hileud soetra .

Eta hileud soetra enggonna di tanah Tjina , tatapi di tanah Eropa oge sok hiroep, saperti di tanah Parasman sabeulah kidoel djeung di tanah Italië , loba pisan djělěma anoe ngaringoe hileud soetra .

Samalah di oerang di Hindia -Nederland aja anoe ngingoe hileud soetra teh, nja eta di Atjeh djeung di Lampoeng. Baheula Kangdjěng Goepěrěmen geus njieun pěrtjobaan miara hileud soetra , meh di oenggal -oenggal karesidenan di Poelo Djawa ; nja kitoe deui di Krawang djeung di Bogor , tatapi gaplah . Ajeuna aja anoe ngingoe hileud soetra djeung radjinna, sarta apik pisan , nja eta hidji toean tanah bangsa Tjina , di Tangerang bawah Batawi , samalah ngokolakeunana oge beres pisan teu eleh koe noe di Parasman atawa di Oostenrijk . Eta hileud soetra kabeukina daoen běběsaran . Anoe ngaringoe eta hileud soetra pada baroga kěbon tangkal běběsaran , nja eta pikeun njadiakeun hakanna eta hileud tea .

27. 1. endog hileud Koekoepoe hileud soetra .soetra - 3, 4djeung - 5hileud 2.daoen bebesaran djeung .soetra

Oepama endog -endog koekoepoe geus malegar , toeloej anak koekoepoe teh -nja eta hileud - diampihan dina djěro pěti anoe galěde sarta diparaban koe daoen běběsaran tea , nepi ka eta hileud -hileud ngadjaradi entoeng . Eta entoeng toeloej diboentèl koe ramatna hileud něpi ka kaboentěl sakabehna . Eta boentělna ĕntoeng ngadjadina kitoe teh ngan koe salambar ramat bae , tatapi ngaboedeurkeunana . teh reboean kali , nepi ka awakna

28. Hileud soetra keur diparaban koe daoen bĕběsaran .

eta entoeng kaboelen kabeh , boeni . Eta boentělna entoeng koe basa Walanda dingaranan cocon , ari koe oerang mah sajang hileud bae .

Eta entoeng -entoeng oelah sina nepi ka djaradi koekoepoe , sabab oepama nepi ka djaradi koekoepoe , engke dina waktoena bidjil tina eta sajang atawa tjatjaka meureun dikorowokan , djadi matak ngaroeksak ramat-ramat tea. Koe tina kitoena, eta entoeng -entoeng toeloej diantjlomkeun kana tjai hambar atawa dipoëkeun sangkan paraeh kapanasan . Geus kitoe eta ramatramat toeloej dioedaran lalaoenan tina entoeng . Eta ramat teh nja eta bola soetra tea . Ari geus kitoe mah nja prak bae ditinoen sarta didjieun roepa -roepa kaperloean oerang .

Di djaman ajeuna mangreboe -reboe djělěma anoe mareunang pangoepadjiwa tina ngokolakeun ramatna hileud soetra .

Eta entoeng -entoeng henteu sakabehna diparaehan baris diala ramatna , tatapi sawareh deui diingkeun sina ngadjaradi koekoepoe , soepaja eta koekoepoe -koekoepoe sina ngarendog . Barang endog -endogna geus malegar , nja djaradi hileud -hileud deui , kitoe bae salalawasna .