Wason SB369 1922
ASIA
OS CORNELLUNIVERSITY • DUNDED BYEZRA CORNELL
SERIE N° 568 HARGANA F. 0.50
00000 BABOOOOO MĚJAKDJEROEK KARANGANANAO @ J.J.OCHSE @
UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DEVOLKSLECTUUR KALOEARAN BALE POESTAKA
CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
SERIE N° 568 HARGANA F. 0.50
0000BABOOOOO MEIAKDJĚROEK KARANGANANA@O J.J. OCHSE @
UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DEVOLKSLECTUUR KALOEARAN BALE POESTAKA
g . 28. Hama soepa hideung ; daoen djeung boeah tjara ditotolan koe harangasoe .
Serie No. 568 Hargana f 0.50
MĚLAK DJĚROEK
KARANGAN
J. J. OCHSE.
DISOENDAKEUN KOE
M. E. NATASOEKARJA
KALOEARAN BALE POESTAKA .
DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR - WELTEVREDEN - 1922 .
W. 131 268 101
AT
NGARANNA ROEPA-ROEPA DJĚROEK MANIS DINA BASA LATIJN :
CITRUS AURANTIUM .
Rutaceae . Asoep kana golongan
Disěboetna dina : α. Basa Walanda : .. Sinaasappel . Oranjeappel .
b . Basa Malajoe: .... Djěroek manis.
C. Basa Djawa : ..... Djěroek légi .
nis.
d. Basa Soenda : .... Djěroek mae.
Basa Madoera : ... Djěroek maaja sanis. babaraha Djěroek boenglon . roepa .
f. Basa Inggris : .... Orange .
g. Basa Parasman atawa Didong . Orange , oranger . Oranger doux.
h. Basa Djěrman : .. Apfelsine . Orangenbaum .
1. NGARANNA ROEPA -ROEPA DJEROEK MANIS ANOE TJANGKANGNA LEMES TOER IPIS , DINA BASA LATIJN :
CITRUS NOBILIS LOUR.
Asoep kana golongan Rutaceae .
Disěboetna dina : a. Basa Walanda : Mandarijn . Naartje (Afrika beulah kidoel). zoete oranje boom (Soeriname). G. v. W.
b. Basa Malajoe : Djěroek paseh ,-maseh . Djěroek kěprok. Djěroek Djěpoen . Djěroek Tjina , Djěroek Tjina konde , Djěroek Tjina litjin .
C. Basa Djawa : Djěroek kěprok . Djěroek Djěpoen . Djěroek tjémpaka . Djěroek oewik.
d. Basa Soenda : Djěroek paseh . Djěroek ragi (Banten , Tjiamis ).
e. Basa Madoera : Djěroek kěprok .
f. Basa Inggris : Tangerine . Mandarine . Mandarin (Phil , Wester).
g. Basa Parasman atawa Didong : Mandarinier . Mandarine .
h. Basa Djěrman : Mandarinenbaum , Mandarine Pangerinenbaum.
ВОЕВОЕΚΑ .
Djěroek teh kaasoep kana boeboeahan anoe katjida dipikarěsěpna koe oerang dieu , sarta aja pirang -pirang roepa , tapi anoe rek ditjaritakeun di dieu ngan djěroek manis djeung djěroek kěprok bae .
Hal mělakna bangsa djěroek gede anoe sok dingaranan djěroek Batawi atawa djěroek pompelmoes tea , djěroek asěm atawa citroen djeung djěroek mipis rek ditjaritakeun dina karangan sedjen .
Di Hindia -Nederland loba tempat anoe mělak djěroek manis djeung djěroek kěprok, malah rea noe ngagědekeun mělakna , saperti di karesidenan Pasoeroean , Priangan , Madoera , djeung sadjaba ti dinja . Di onderdistrik Batoe djeung Poenten, apdeling Malang , bawahan karesidenan Pasoeroean , aja kira -kira 50.000 tangkal djěroek kěprok djeung djěroek manis, sarta katjida pisan matak ngoentoengkeunana ka anoe leutik . Tina pakarangan singgět , noe ngan aja kirakira 10 tangkal , bisa ngala hasil saban taoen f 50.- atawa leuwih . Eta lain pangasilan saeutik , lamoen nimbang kana lěgana těmpat noe dipělakan mah . Geura pek pikir , oepama oerang njawah atawa mělak palawidja di tegal , hajang ngarah hasil dina saban taoen f 50 ..- teh , sabaraha baoe legana anoe koedoe dipělakan teh ? Kadjaba ti dinja mělak djěroek leuwih gampang ti batan njawah atawa ngěbon palawidja , komo lamoen ngoeroesna djeung moelasarana eta djěroek dihadehade mah , tangtoe hasilna leuwih oendak .
Kangdjěng Goepěremen oge geus tingalieun , jen hal mělak djěroek teh beuki madjoe , malah geus dipariksa sarta diteangan piakaleunana , soepaja mělak djěroek di Batoe ka hareupna bisa beuki tambah ngahasilkeunana ka noe leutik . Ieu di handap ditjaritakeun beubeunanganana :
Sapoeloeh taoen ka toekang djěroek Batoe djeung-Poentěn teh tatjan kamashoer tjara ajeuna . Di Poelo Djawa saeutik pisan noe njahoëun , jen djěroek dinja teh bangsa djěroek hade . Noe njarahoëun radjeun oge njoba meuli ti Soerabaja , tapi hese meunangna, sabab ongkos ngirimkeunana koe kareta api ti Malang ka Soerabaja harita katjida mahalna . Ti dinja koe Kangdjěng Goepěrěmen eta ongkos kareta api S.S. teh ditoeroenkeun . Ti harita nepi ka ajeuna di kota-kota galède , saperti di Soerabaja , Djogjakarta dj . s. t. , djěroek Poenten djeung djěroek
Batoe teh didjoealan mangreboe -reboe , tampolana mah nepi ka laksa -laksa .
Djaba ti dinja harita keneh Kangdjěng Goepěrěmen ngadegkeun sababaraha sakola pikeun anoe leutik . Koe lantaran eta ajeuna geus rea noe bisa matja soerat -kabar Malajoe . Djadi kanjahona abdi -abdi beuki tambah loba ; roepa -roepa perkara anoe samemeh aja sakola , tara kadenge koe maranehanana , ajeuna kabatjakadenge ; saperti hargana hasil boemi di sedjen těmpat , baheula mah abdi -abdi teh teu njarahoëun, ajeuna djadi njaraho , da maratja dina soerat -soerat kabar , datang ka djěroek Malang teh kamashoer sa-Poelo Djawa. Noe ngaborong djěroek Batoe , ajeuna mah bisa njoeratan ka noe dagang di tempattempat sedjen . Tah pangbisana kitoe teh lantaran sakola tea . Bareto mah djěroek Batoe pajoena ngan oekoer reboean bae , tapi ajeuna něpi ka kěti -kěti . Bareto Poenten djeung Batoe meunangna hasil tina djěroek ngan oekoer f 10.000.- dina sataoen , tapi ajeuna bisa oendak něpi ka f 200.000 .- Djaba ti dinja katjida pisan matak ngoentoengkeunana ongkoh ka noe koeli , noe boga roda djeung ka toekang dagang djěroek.
Koe pitoeloengna Goepĕrĕmen , oerang dinja bisa ngala oentoeng gěde tina ngěbon djěroek .
Tatapi eta djěroek manis djeung djěroek kěprok teh minděng rea noe goreng , sabab rea noe mělak tina siki , djadi boeahna teh manan beuki hade , anggoer beuki lila beuki goreng .
Kadjaba ti koe siki , oerang bisa ngaliarkeun djěroek koe tjangkokan .
Mělak siki djeung tjangkokan , doeanana pada aja oentoengna djeung aja roegina atawa papaitna djeung mamanisna :
le. Děmi oentoengna ngaliarkeun koe siki , nja eta :
a. tatangkalan noe asalna tina siki aja akar-pantjerna, sarta eta akar-pantjěr moal roeksak, lamoen teu dipindahkeun ka tempat sedjen . Děmi tatangkalan anoe aja akar pantjerna leuwih pageuh batan tatangkalan noe teu boga akar-pantjěr . Lamoen katěbak koe angin gede, moal babari roentoeh . Biasana pětetan noe aja akar-pantjerna sarta teu roeksak akarna , tereh ngagedeanana ; sabab bagian-bagian akar poerah njeuseup kahakanan, bisa njerot eta kahakanan tina tempat noe leuwih djěro djeung noe leuwih lega .
Tapi lamoen eta pětetan dipindahkeun , tangtoe akar pantjerna teh aja anoe kapitjeun sabagianana , sarta moal bisa poelih deui, engkena ngan oekoer bisa tambah akar majangna bae .
Eta pětetan -pětetan henteu salawasna hade , koedoe bae aja noe goreng atawa noe bingkeng akarna atawa tangkalna, lantaran katerap hama atawa panjakit . Tah pětetan anoe kitoe koedoe dipitjeun , sabab moal hade pidjadieunana . Noe matak sisikian salawasna sok diipoek heula, nja eta ngarah engkena katangen noe hade noe goreng , djadi oerang bisa milih pibibiteun .
Koe sabab petetan noe dipindahkeun teh sok roeksak akar -pantjerna, oentoengna siki diipoek heula teh teu sakoemaha gedena .
b . Lamoen mělak pětetan oerang bisa ngatoer bangoenna tangkal sakahajang oerang .
2e. Děmi roegina ngaliarkeun koe siki teh nja eta :
a. tanggěl kana boeahanana . (Tina siki něpi kana boeahan lilana teh kira -kira 6-8 taoen ) .
b. Aloes -gorengna boeahna teu atjan poegoeh bisa ngala ka sabab kembangna tangkal anoe asal tina siki teh sok asal ; dikěkěboelan koe kembang batoerna , djadi beeahna tampolana teh sok kabongan .
32. Moenggoeh oentoengna ngaliarkeun koe tjangkokan ,nja eta : a. boeah tjangkokan teh saroea aloesna djeung boeah tangkal Ε noe ditjangkok (tangkal indoengna tea ) .
Tereh boeahanana : kira -kira 4taoen měntas dilaliarkeun bisa b. kaala boeahna , noeroetkeun koemaha gědena tjangkokan bae .
4e . Ari roegina ngaliarkeun koe tjangkokan nja eta :
a. tangkal noe ditjangkok tea tangtoe djadi goreng katendjona bangoenna ( ) sabab ari njangkok teh anoe dipilih ngan dahandahan noe harade woengkoel .
b. Tangkal noe asalna tina tjangkokan , engkena langka bisa aloes bangoenna , sabab dahan djěroek teh tjarang pisan anoe aloes pikeun tjangkokan .
Tjangkokan noe asal tina dahan bingkeng sarta euweuh galeuhan , beunang oge dihadean , tatapi koedoe loba mitjeunan dahan anoe garoreng , ambeh bangoenna tangkal engkena bisa aloes , tapi kana boeahanana mah tangtoe leuwih tanggěl leuirna tambah , kira -kira 2 deui ; atawa 3 taoen .
Njangkok teh kaitoeng pagawean leukleuk djeung bangga . c.
d. djadina tjangkokan nepi ka meudjeuhna diliarkeun aja kirakira 5-6 boelan lilana .
Ajeuna oerang njaritakeun tarekahna noe geus dipětakeun di dieu sababaraha taoen , pikeun ngajakeun bangsa djěroek anjar noe asalna tina sababaraha bangsa djěroek sedjen .
Noe rek ditjaritakeun di dieu teh nja eta prak -prakanana njětik -inggris . Koe tarekah ieu , karoegian tangkal noe asal tina siki djeung karoegian tjangkokan sakoer anoe geus didadarkeun tadi di loehoer , meh teu aja bae .
Njětik -inggris teh hidji tarekah , soepaja oerang bisa tereh ngaliarkeun tangkal anoe hade , henteu leuir teuing tjara koe diipoek tea .
Ari pětana : dahan tina tangkal a ( indoengna ) ditoemboekeun , babakoena djeung toenggoel tangkal b noe leutik keneh. Dahan tangkal a noe rek ditoemboekeun tea, koedoe asal tina tangkal anoe moeloes djadina , loba djeung hade boeahna , djeung djaba ti eta.
Atoeran noemboekeunana engke di handap diterangkeun . Lamoen oerang ngalampahkeun njětik - inggris tangkal djěroek:
le. karoegian -karoegian noe aja dina tangkal noe asalna tina siki atawa tjangkokan tea , bisa djadi kaoentoengan ; djeung 2e, sagala kahadean atawa kaoentoengan noe aja dina tangkal noe asalna tina siki atawa tjangkokan , kabeh pada kabawa. Koe lantaran eta kadjadianana teh sakoemaha noe diterangkeun di handap :
la. roegina akar pantjěr (lantaran petetanana dipindahkeun ) , radjeun djadi kaoentoengan , nja eta bisa nerehkeun kana boeahan .
1b. djeung 4b ; setikinggris engkena bisa ngadjadikeun tangkal noe aloes bangoenna .
2a. djeung 3 b ; boeahanana tangkal sětikinggris teh tereh, dina ka 4 taoenna geus hasil .
2b . djeung 3a. Boeahna tangkal sětikinggris teh moal sak deui , tangtoe bakal aloes ; ari sababna , noe bakal mere boeah teh , nja eta dahan noe asalna tina tangkal noe aloes boeahna ;
4a. teu matak ngaroeksak kana tangkal noe diarah dahanna , sabab noe diala teh ngan oekoer dahan noe laleutik bae .
4c. njětik - inggris teh pagawean gampang pisan.
4d . sětikinggris dina djèro 11/2 něpi ka 2 boelan geus djadi sarta geus beunang diliarkeun di tempat noe beunang njadangkeun .
Tapi kaoentoengan noe panggěde -gědena mah nja eta : moal gagal deui , tangtoe boeahna teh koedoe hade . Koe djalan njětik - inggris bisa rea ngajakeun tangkal sarta boeahna saroea djeung boeah indoengna .
Samemeh njaritakeun prakna njětik - inggris, oerang njaritakeun heula sakoer anoe perloe dipětakeu dina samemehna prak njětik .
NGIPOEK PITOENGGOELEUN ANOE BAKAL DITOEMBОЕ .
Pikeun njětik - inggris roepa -roepa djěroek, saroea bae djeung njětik - inggris roepa -roepa boeah , nja eta koedoe njawisan heula pitoenggoeleunana .
Noe panghadena pikeun pitoenggoeleun teh, nja eta pětetan bangsa djěroek paseh haseum , atawa djěroek Djěpoen anoe koe basa Walanda dingaranan Japansche Mandarijn tea.
Eta djěroek Djěpoen di oerang teu atjan loba, langka keneh pisan . Koe sabab eta henteu gampang ngipoek pitoenggoeleun tina siki djěroek eta . Děmi anoe matak di antara roepa -roepa djěroek manis sakoer anoe geus aja di oerang , djěroek eta anoe kapilih pikeun pitoenggoeleun teh , nja eta babakoena mah ngan awahing koe kaběněran bae . Dina taoen 1915 , 1916, 1917 djeung 1918 koering geus njoba-njoba njieun pitoenggoeleun tina sababaraha roepa djěroek , tapi wěleh teu aja anoe daekeun djadi . Kaběněran dina hidji poë koering manggih di Batoe (Malang) tangkal djěroek noe tatjan ditjoba, sarta siga -sigana bae hade pikeun diarah toenggoelna .
Toeloej eta djěroek dibeuli sarta dipindahkeun kana kěbon pěrtjobaan, nja eta hajang njaho boeahna , sabab sikina engke rek diipoek pikeun toenggoel .
Katendjona eta djěroek hade pisan pikeun toenggoel , sabab : djadina hade toer boeahanana aloes , djaba ti eta boeahna rasana rada haseum , meureun mangke ana geus djadi, eta tangkaltoemboe teh boéahna rasana djadi ngeunah , haseumna kaajon koe amisna boewah djěroek manis ; sabab kaprahna anoe dipělak di Batoe teh bangsa djěroek anoe boeahna sok katjida teuing amisna .
Babakoena njětik - inggris teh nja eta njieun toenggoel tina tangkal noe dipělak tina siki , toeloej ditoemboe koe dahan tangkal sedjen bangsa hade keneh; djeung mangpa'atna , soepaja bisa tereh ngaliarkeun tangkal anoe aloes toer hade boeahna .
Njětik - inggris nja eta njamboengkeun doea tangkal djěroek soepaja ngadjadi hidji , beunang disěboetkeun saroea bae djeung ngawinkeun ; noe diarah teh pikeun ngahadean hasilna. Toenggoel tangkal a ditoemboekeun djeung dahan tangkal b noe hade , nja eta soepaja bisa tereh meunang tangkal anjar, noe leuwih hade .
Ana kitoe djadi noe mimiti dilampahkeun teh koedoe ngipoek pitoenggoeleunana heula .
Tadi geus ditjaritakeun di loehoer , pitoenggoeleun teh diipoekna tina siki ; moenggoehing pitoenggoeleun bangsa djěroek kěprok djeung djěroek manis , noe diipoek teh koedoe djěroek Djěpoen anoe haseum tea. Ana kitoe oerang koedoe ngoempoelkeun sikina , tatapi koedoe tina boeah anoe asak di tangkalna . Oelah pisan dikoembah , hadena mah eta siki koedoe dianginkeun bae soepaja toehoer . Papatjoean oelah dipoë , sabab goreng , matak ngaleungitkeun kakoeatanana pikeun djadi (kiemkracht).
Diipoekna diheuleurkeun sarta didjadjarkeun tjarangna djadjaran 15 c. M. Djadi oenggal heuleuran anoe roebakna 1,20 M aja 7 djadjar .
Děmi djěrona ngipoek koedoe saroea djeung kandělna siki .
Taneuhna ipoekan koedoe lěmboet djeung koedoe asak pisan digarapna sarta siki-siki beunang njěbarkeun tea koedoe diteueulkeun saeutik ka djěro taneuh .
Lamoen ipoekanana teu koerang tjai, siki djěroek Djěpoen teh dina djěro 14 poë oge geus djadi .
Tiloe boelan ti mentas ngipoek , pětetanana kira -kira geus 15-20 c. M. djangkoengna , sarta meudjeuhna pisan dipindahkeun (diděděr).
Ari dipindahkeunana koedoe kana tanah noe asak digarapna sarta galo digěmoekna . Tjarangna tina tangkal kana tangkal 50 c. M. Daoenna djeung poetjoekna eta pětetan -pětetan dipotong heula kira-kira 2/3 na sarta poetjoek -poetjoek akar noe taloehoer dipitjeunan ; noe dimaksoed , soepaja djadina leuwih gantjang .
Děmi mělakkeunana koedoe apik djeung diati -ati oelah orowodol , soepaja akarna oelah narikěl , sabab matak loba tangkalna noe paeh , di djadina oge goreng , saperti dina gambar no 1 .
Lamoen akarna bisa ngarangkadak , meureun loba akar-majangna sarta tangkalna aloes djadina ( tjontona gambar no 2) .
Sanggeusna dipindahkeun , eta pětetan -pětetan (pitoenggoeleun ) tea koedoe minděng disiram atawa taneuhna koedoe dikotjoran tjai , soepaja pětetanana leuwih gantjang djadina.
Teu koengsi lila eta pětetan sariroengan deui, tapi eta siroeng oelah diantěp kabeh , hidji bae noe koedoe ditinggalkeun mah , nja eta noe pangbadagna djeung pangmoeloesna ; anoe sedjen mah koedoe disěmplakkeun ka handap toeloej pitjeunan .
Sanggeus djangkoengna 60- 70 c.M. , siroeng anoe dipiara tea koedoe dikětok atawa dikabiri , děmi neukteukna loehoerna sasěmět toeoer . Teu lila meureun bidjil deui siroeng tiloe atawa opat , sarta tangkalna beuki ngagědean . Lamoen gědena tangkal palěbah poehoena kira-kira geus sagěde tjinggir , (ilikan gambar No. 3 dihandap ) kakara eta kangkal meudjeuhna dikawinkeun .
NJĒTIK -INGGRIS (NGAWINKEUN ).
Něpi ka ajeuna tarekah noe pangäloes aloesna pikeun ngahadean boeboeahan nja eta koe njětik - inggris (ngawinkeun). Saratna pikeun mětakeun, oerang koedoe boga peso noe seukeut pisan (peso paranti njětik , ilikan gambar No. 4) , djeung lamak atawa
g. 4 peso paranti njětik .
g. 4 peso paranti njětik .
agel (loeloeb lontar leuweung) meunang njělěp koe paraffine , pikeun meungkeutna. Děmi paraffine teh roepana bodas tjara lilin, rada liat ; ana ditaheur atawa dihaneutan toeloej lějoer tjara minjak . Eta paraffine aja daganganana di Dordtsche Petroleum Maatschappij (maskape minjak tanah ).
Dahan noe bakal ditoemboekeun djeung toenggoel tea , disěboetna dahan panoemboe atawa dahan sětikan (dina basa Walanda entrijs ) ; gědena koedoe saroea djeung eta toenggoel , meunang oge rada leutik saeutik , tapi teu meunang pisan leuwih gěde .
Děmi toenggoel anoe rek ditoemboean koedoe dipotong disopaklodongkeun (ilikan gambar No. 5 djeung 6), sarta loehoerna tina taneuh 3-4 c.M. , pikeun toenggoel noe rada gěde mah něpi ka 5-7 с.M. Nja kitoe deui dahan sětikan disopakna koedoe tjara sopakan toenggoel bae , djadi pada sopak - lodong . Di tengahtěngah sopakan toenggoel djeung dahan setikan ditjowak saeutik ditjagak-goentingkeun , djadi lamoen ditoemboekeun , eta dahan sětikan beunang disoeroepkeun ka dinja .
g. 5 g. 6
Tangkaltoenggoel anoe disopak - lodongkeun sarta ditjagakgoentingkeun , soepaja aloes disamboengkeunana .
Dahan panoemboe koedoe beunang milih anoe aja mamatana (pisiroengeun) doea atawa tiloe sarta pandjangna kira -kira aja 10 c.M. (gambar No. 7, 8 djeung 9 di handap ).
Njamboengkeunana, sawoedoena oge sabeulah mah koedoe noemboe pisan, datang ka papagan djeung leuleueur toenggoel papak pisan patěpoeng ngadjadi hidji djeung papagan sarta leuleueur panoemboe henteu meunang geseh .
Samboenganana diběběd koe lamak atawa agěl tea toeloej dipoelas koe paraffine, sanggeus kitoe ditioengan koe daoen kalapa , daoen kawoeng atawa nipah beunang nganjam (ilikan gambar 10 djeung 11 di handap ) , nja eta soepaja raheutna tea oelah kapanasan atawa kahoedjanan atawa kaiboenan , bisi boeroek .
Děmi ngaběbědna (koe lamak atawa agěl tea) salawasna koedoe ti handap madjoe ka loehoer , sarta beulitan noe ti handap koedoe katindihan koe beulitan noe ti loehoer .
Aloesna ieu atoeran njětik kieu : koe lantaran ditjowak ditjagak goentingkeun tea, toenggoel djeung panoemboe sanggeusna ditoemboekeun teu koedoe ditjěkělan, djadi meungkeutna teh beunang dipětakeun koe leungeun doea .
Kira-kira heuleut doea-tiloe minggoe ti saměntas disamboengkeun, lamoen toenggoel djeung panoemboe geus djadi hidji , toeloej eta panoemboe teh siroengan , doea atawa tiloe (gambar No. 12 di handap). Noe pangbadagna djeung pangmoeloesna diingkeun, ari anoe sedjen mah koedoe disěmplekkeun bae (oelah dikeureut) .
Lamoen siroeng anoe dipiara tea loehoerna geus 60 - 65 с.М. , eta geus meudjeuhna dipotong , motongna kira -kira sěmět toeoer , sabab nepi ka dinja kaina geus kolot (gambar No. 13 di handap ).
Tina mamata noe pangloehoerna bakal bidjil deui siroeng 3 atawa 4 ; nja kitoe deui ti handapeunana sakapeung sok bidjil siroeng ; tapi siroeng ieu mah noe ti handap tea djeung siroengsiroeng noe djadi dina toenggoel , koedoe dipitjeunan bae .
Di mana eta siroeng anoe dikarikeun tea pandjangna kira -kira geus aja 20 c.M., eta tangkal meudjeuhna pisan dipindahkeun ka kěbon . Ari mindahkeunana koedoe dina moesim ngidjih .
TANAH NOE KOEMAHA NOE HADE DIPELAKAN DJEROEK MANIS DJEUNG DJEROEK KEPROK SARTA SABARAHA LOEHOERNA.
Biasana pikeun djěroek manis djeung djěroek kěprok, tanahna koedoe tanah keusik sarta loba gémoekna (humusna, nja eta sesa -sesa kalakaj noe baroeroek ) , babakoena anoe lapisan tanah pangloehoerna teh oelah pisan kakoerangan kahakanan, sabab akar djěroek mah ngarajapna tara djěro.
Lahanna koedoe noe gampang ditjaianana djeung gampang ditoehoerkeunana .
Pikeun djěroek manis loehoerna ti laoet panghade -hadena 3000 kaki , děmi djěroek kěprok mah teu pati tampikan . Di tanah noe loehoerna 3000 kaki atawa di tempat handap Madoera ) , boeahna aloes bae .
MELAKKEUNANA.
Tangkal sětikan noe ditjaritakeun dina katja 9 (gambar 13 di handap ) hadena dipělak nja eta dina tataloenan atawa kebon .
Tjarangna pikeun djěroek manis djeung djěroek kěprok, beda ; djěroek manis koedoe 7-9 meter , djěroek kěprok 6 - 71/2 meter .
Mělakkeunana sabisa -bisa koedoe ditoerih-wadjitkeun atawa dipasoengkeun (dina basa Walanda kruis -verband ), (ilikan gambar 14).
Maksoedna ngarah teu eungapeun , djadi tatangkalanana babari gede sarta ngarangkadak , leuwih aloes batan noe dipělakkeunana dipasagikeun běněr (dina basa Walanda vierkant verband ), (ilikan gambar 15 ) .
Lamoen oerang nendjo gambar noe doea , tangtoe oerang bisa milih , atoeran mana anoe panghade -hadena .
Soepaja djadina aloes , oerang koedoe milih atoeran noe hade ; djeung deui di antara djadjaran tatangkalan dina doea-tiloe taoen noe mimiti bisa ditoempangan palawidja . Sadjabana tina meunang hasil ti dinja teh oerang teu koedoe ngahadja -hadja ngabersihan kěbon , sabab djoedjoekoetan moal aja, da geus diběrěsihan waktoe malawidjaan tea .
Pitempateun anoe bakal dipělakan djěroek tea mimitina koedoe diadjiran, geus kitoe kakara di dinja dilombang , oelah leutik teuing .
Pikeun djěroek noe disěboet di loehoer , meudjeuhna ngalombang noe pongpokna , palajoena djeung djěrona 75 c . М.
Eta lombang diingkeun 14 poë, soepaja taneuhna oelah haseum . Geus kitoe toeloej disaeuran deui koe taneuh pangalian , tatapi ngan satengahna bae, ari satengahna deui disaeur koe taneuh beunang njampoer djeung gemoek pamitjeunan pakandangan anoe geus boeroek atawa koe kalakaj boeroek .
Njaeurna eta lombang , taneuhna koedoe rada moendjoekoel , sabab engkena oge laoen -laoen neundeut sorangan .
Djadi lamoen njaeurna ngan oekoer rata bae, lèbah dinja bisa djadi legok , sarta lamoen tjihoedjan njangkroeng di dinja , matak boeroek atawa boeloekan kana akar djěroek beunang mělak tea . Omat hal eta koedoe diingětkeun pisan .
Samemeh dilaliarkeun eta pětetan beunang ngawinkeun teh daoenna koedoe dipitjeun 2/3 na, akarna djeung dahan noe
). (kruisverband -wadjitkeun atawa dipasoengkeun 14 . g X X X X X X X Atoeran mělak anoe ditoerih X X . M. Μ 8 -8 X X X 8
na. ngarora koedoe dipotong 1/3 Hal ieu geus ditjaritakeun di loehoer tadi , dina lebah mindahkeun petetan pikeun toenggoel tea . Djeung deui mělakkeunana teh koedoe ati -ati pisan , soepaja akar -akarna oelah patoempang -tindih , tapi sabisa bisa - koedoe ngadaraj , soepaja anggangna akar pada akar meudjeuhna pisan , djeung djěrona mělakna teu meunang ngaliwatan watës palěbah
8 X X 8 X X X ). X X X X (vierkant verband X X X X 15 Atoeran mělak anoe dipasagikeun X X X .g X X X X X
akar (dina basa Walanda wortel hals ) , nja eta bagian poehoe noe ngabendoel antara akar djeung tangkal gambar ( 1djeung no . 2. no . )
Lamoen hajang ngirimkeun eta peětetan beunang ngawinkeun noe beunang neukteukan daoenna djeung akarna , saperti noe geus diterangkeun di loehoer tadi, akarna koedoe diparos koe gebog , pambrihna soepaja oelah garing.
Taneuhna noe masih keneh narapěl kana akar oelah pisan dilaanan .
Sabisa -bisa mindahkeunana teh koedoe dipoetër, ngarah djadina leuwih gantjang ti batan noe asalna diraboet , darapon ngoeroesna bae hade ,
Noe koemaha noe disěboet ngoeroesna djeung moelasarana hade teh ? Nja eta sanggeus dipindahkeun, sadjéro 14 poë mah koedoe disiram oenggal poë , kitoe 'soteh lamoen euweuh hoedjan atawa lamoen hoedjanna ngan saeutik toer tjarang
Tapi lamoen lahanna beunang di tjaian mah , leuwih babari njieun kamalir paranti ngotjorkeun tjai ka dinja .
PEPELAKAN ANOE HADE DITOEMPANGKEUN DINA SELA- SELA PELAK DJĚROEK .
Dina doea-tiloe taoen , nja eta sadjěro tangkal djěroek masih keneh laleutik mah , sěla -sěla pělak djěroek, beunang ditoempangan koe roepa -roepa lalab -roembah , asal mělakna bae oelah deukeut teuing kana tangkal djěroek, nja eta oelah koerang ti 3/4-1 meter tina watěs daoen djěroek .
Djaba ti lalab-roembah noe hade ditoempangkeun teh bawang , bajěm , roepa -roepa roaj , terong djeung sabangsana djaba ti eta : djagong , pare hoema , boled . Beunang oge ditoempangan koe roepa -roepa boeboeahan noe tereh kaala hasilna, kajaning : ganas , gědang , tjaoe.
Di kěbon djěroek manis noe tjarangna tangkal pada tangkal 8 M. , dina sela -selana oerang bisa mělak ganas nepi ka 6 djadjar , (ilikan gambar no. 16 djeung 17 di handap ) , gedang sadjadjar atawa tjaoe sadjadjar. Děmi dina oenggal djadjaran tjarangna ganas 0,60 M. , gědang 3 M. djeung tjaoe 5-6 M.
1,50 1,60 0,60 0,60 1,60 0,60 1,50 Μ. X = Djeroek 8Μ. Π = Ananas
g. 16 Gěněp djadar ganas di antara doea djadjar djěroek .
Sarerea oge moal aja anoe bireuk , jen kěbon teh di handapna koedoe běrěsih djeung lenglang, teu beunang pisan aja djoedjoekoetan ; lamoen dina sela -selana tatangkalan tea teu diMělak djěroek. 2 toempangan , tangtoe eta kebon gantjang kotor djeung bala, matak goreng kana tatangkalanana, tapi lamoen ditoempangan mah moal sakoemaha . Djadi waragadna pikeun ngaběrěsihan oge moal sakoemaha . Kawoewoeh eta waragad tangtoe kaboeal koe hasilna tina pěpělakan anoe ditoempangkeun tea, sabab tereh kaalana ; sarta hasilna lain loemajan, beunang ditěda didjoeal .
NGAGEMOEKΝΑ .
Dina taoen mimiti eta pělak djěroek teu perloe digěmoek deui , ari sababna apan taneuh noe dipake njaeur lombang teh beunang njampoeran gemoek djeung roepa -roepa kalakaj boeroek . Koe eta ge geus tjoekoep. Dina taoen kadoea djeung satoeloejna koedoe digěmoek sataoen sakali , waktoena dina moesim ngidjih, nja eta soepaja pěpělakan beuki tambah hade djaradina .
Děmi ngagěmoekna teu meunang sakama-kama, těgěsna teu sagala gěmoek bae beunang dipake , koedoe nimbang -nimbang koemaha taneuhna . Koe lantaran di Hindia -Nederland taneuhna teu saroea , djadi di dieu teu beunang disěboetkeun , gěmoek naon noe panghadena .
Tapi babakoena mah pamitjeunan pakandangan leuwih hade batan gemoek -djieun (kunstmest) .
Ari sababna gemoek pamitjeunan pakandangan mah pěpék . Lamoen hade ngampihanana eta gemoek aloes pisan, sabab dieusi roepa -roepa kahakanan noe perloe pikeun pěpělakan , nja eta bangsa stikstof , apoe (gamping ), kali djeung fosfor .
Dina gěmoek -djieun eta kahakanan ajana teu koemboeh , tapi hidji -hidji .
Lamoen dina gěmoek pakandangan tea aja djarami , tangkal djagong atawa roepa - roepa djoekoet noe gararing, eta matak aloes kana taneuh, nja eta bisa djadi tambah oedoeh , sarang djeung bear ( tjontona geuning taneuh di leuweung , koe lantaran oenggal taoen kasaeuran kalakaj noe toeloej boeroek , ongkoh taneuhna djadi sakitoe aloesna , tapi kitoe soteh lamoen teu kabawa loentoer ) .
Noe disěboet gemoek pakandangan teh , nja eta pamitjeunan sato ingoningon , kajaning : koeda , sapi, domba , embe , hajam djeung sapapadana , noe patjampoer djeung pamitjeunan istal (djarami atawa tangkal djagong ) .
Tanahna noe digěmoek koe eta teh beuki tambah rea kahakananana , malah beuki tambah oedoeh djeung bear , djadi tambah gampang dipigawena koe patjoel atawa woeloekoe . Kotoran sato , moen teu atjan boeroek mah , oelah waka dipětakeun , tapi koedoe diingkeun heula. Lamoen enggeus satengah boeroek , kakara beunang dipětakeun.
Ari sababna dina gemoek weuteuh mah masih loba zat -zat noe matak roeksak kana akar-akar . Lamoen akar-akarna roeksak, tangkalna oge koerang hade djadina, tampolana mah nepi ka toeloej paeh . Eta sababna oerang leuwih hade make gěmoek noe satengah boeroek . Noe disěboet satengah boeroek teh , nja eta gemoek beunang ngampihan sababaraha boelan di tempat noe teu kahoedjanan .
Koe sabab eta katjida mangpaʻatna , lamoen pamitjeunan pakandangan dikeureujeuh dikoempoelkeun sarta diampihan dina těmpat beunang ngahadja njadangkeun. Ari sababna lamoen digoendoekgoendoekkeun henteu disaoengan mah tangtoe kapoë djeung kahoedjanan , djadi za-zat kahakanan-kahakanan noe përloe pikeun pĕpělakan lolobana kabawa palid atawa leungit, njamboeang sawareh.
Ngagěmoek djěroek teh kieu pětana : mimiti sakoerilingna tangkal djěroek watës sipat daoen koedoe dikamalir atawa diparigi , roebakna djeung djěrona kira-kira 30 c.M. Eta parigi satengahna dieusian gěmoek noe disěboet di loehoer tea djeung satengahna deui koe taneuh pangalian . Lamoen saban taoen dipětakeun kitoe , matak aloes djeung hade djadina dahan , daoen djeung boeah .
Hal ngagěmoek koe gěmoek -djieun teu beunang digěbrag -ratakeun atawa disakaroepakeun , sabab taneuhna teu saroea , djadi metakeunana teh koedoe nimbang-nimbang kana kaajaanana tanah.
Djaba ti ngagěmoek koe gemoek -djieun djéung gemoek pamitjeunan pakandangan atawa kalakaj teh aja deui akal pikeun ngahadean taneuh djeung pěpělakan , nja eta anoe disěboet gěmoek -hedjo ; hartina koe pělak toempang , roepa -roepa pěpělakan anoe kembangna siga koekoepoe , kajaning : katjang gobang , katjang djěpoen (kaděle ) , katjang tanah atawa soeoek , bangsaning taroem djeung sabangsana . Mělakna didjadjarkeun sarta tjarangna djadjaran 1 něpi ka 11, kaki .
Roepa - roepa pěpělakan anoe disěboet bieu teh bakatna pada bisa njeuseup stikstof tina hawa, nja eta hidji roepa kahakanan noe pěrloe pikeun sagala pěpělakan .
Eta stikstof dikoempoelkeunana dina akar , sarta akarna tingbarěndjoel baroeleud laleutik . Eta noe baroeleud teh sasat minangka goedang stikstof. Ari noe ngoempoelkeunana bangsa sasatoan leutik pisan, alah batan djaram atawa koeman , ħgarana bacteriestikstof 1) . Eta bacterie aboes kana akar bangsa katjang tea. Djadi pangäjana noe ngabarëndil dina akar bangsa katjang teh , koe lantaran dina taneuh aja bacterie stikstof atawa sanggeusna eta taneuh katjampoeran koe taneuh anoe aja bacteriena. Di noe baroeleud teh ngagoendoek kahakanan tandon , stikstof tea . Tapi sabalikna, lamoen dina taneuh teu aja bacteriena tangtoe pisan stikstof anoe aja dina hawa moal beunang disěrot ka dinja .
Bangsa katjang bisana njërot stikstof tina hawa, koe lantaran aja bacteriestikstof , nja kitoe deui bacteriestikstof oge lamoen euweuh bangsa katjang mah teu bisaeun njokot eta stikstof teh . Satěměnna katjang djeung bacterie teh teu bisa papisah , koedoe bae barěng . Tapi oelah kaliroe , boga pangira sagala roepa katjang bacteriena saroea bae . Eta pangira salah . Sabab oenggal katjang pada boga djodo hidji roepa bacterie ; misilna bacterie roaj tara daekeun kana katjang gadjih atawa djaat, tapi matoeh sok kana roaj bae .
Geuning sok minděng kadjadian lamoen mělak katjang kaděle dina tanah noe kakara diboeka , radjeun tara meunang hasil ; ari sababna , dina eta tanah atjan aja bacteriestikstof noe ngabakoe hiroep djeung katjang kaděle .
Lamoen hidji tanah mentas dipělakan katjang , kadoea kalina teh oelah toeloej dipělakan katjang deui , tapi koedoe koe bangsa beubeutian , saperti : taleus, koeměli atawa boled , atawa bangsa pare hoema djeung djagong boh bangsa lalab, kajaning : engkol , sasawi , andewi , saladah djeung salianna ; hade oge dipělakan roepa -roepa pěpělakan sedjen salianna bangsa katjang, kajaning : terong , sabrang , ba vang , bonteng . Ari noe dipambrih , soepaja sikstof noe di koempoelkeun koe bangsa katjang djeung bacteriestikstof bisa mangpa'at ka eta roepa -roepa pěpělakan . Djadi hidji tanah oelah pisan dihantěm dipělakan koe saroepa pěpělakan bae,tapi koedoe diganti-ganti koe sedjen roepa pěpělakan . Hal ieu toekang tani di oerang oge geus rea noe terangeun; lamoen hidji tanah mentas di pelakan soeoek disoeoekan deui, hasil kadoea kalina teh sok orot .
Bangsa soeoek dipoepoena teh , galibna henteu dikali , tapi diraboet tangkalna. Koe pěta kitoe noe ngabarěndil baroeleud dina akarna, nja eta goedang stikstof tea , teu miloe kabawa , djadi bisa kapake engkena koe pěpělakan sedjen noe dipělak di dinja. Tapi lamoen eta goedang stikstof kabawa djeung tangkalna sarta toeloej diantěp ngagoler dina taneuh , tangtoe moal aja mangpaʻatna deui.
Lamoen oerang hajang ngagěmoek koe tatangkalan noe disěboet gemoek hedjo tea , mětakeunana aja doea roepa : le. sanggeusna dibabad atawa dilendehkeun toeloej diroeang , boh koe patjoel boh koe woeloekoe ; 2e . diantěp disina boeroek sorangan . Eta pěta doeanana oge saroea bae maksoedna , nja eta nambahan gemoek djeung stikstof kana taneuh . Djaba ti dinja waragad pikeun ngaběrěsihan kěbon moal sabaraha .
Djadi lamoen oerang boga kebon , misilna kěbon djěroek , dina sěla-sěla djěroek beunang dipělakan koe pěpělakan sedjen anoe diarah hasilna atawa pěpěląkan keur ngagěmoek tea , asal bae ngoeroesna dihade -hade ; ongkos ngoeroes eta kěbon tangtoe katitih moerah , sabab le. waragadna pikeun ngaběrěsihan djoedjoekoetan matak ngoerangan , djeung 2e. oerang teu ngamonjahmonjah tanaga koe digawe ngored eta kěbon .
1) Eta bacterie koe oerang tara kadeuleu , bawaning koe lemboet ; lamoen oerang hajang neuleu koedoe make kekěr paragi mariksa noe kitoe, ngaranna microscoop .
MIARANA (MOELASARANA ).
Ajeuna meureun geus terang pisan , jen kebon boeboeahan teh sabisa -bisa di handapna koedoe lenglang , běrěsih , teu meunang bala koe djoedjoekoetan .
Lamoen lahanna miring, leuwih hade disengked sarta sengkedna koedoe njangsaja meueusan , bahe ka djěro , soepaja taneuhna oelah loentoer djeung palěbah sisi sengked diajaan kamalir pamitjeunan tjileungtjang .
Toeroet sisi sengked beunang dipělakan antanan atawa djoekoet bangsa hade , soepaja di mana aja hoedjan gede , taneuhna teu loentoer, tatapi eta djoekoet pělak tea koedoe minděng dibabad , oelah sina bala .
Kěbon noe linjih, lamoen katiga banget ,taneuhna moal sakoemaha garingna , hartina moal tegar pisan tjara kěbon anoe pinoeh koe djoekoet , asal bae taneuhna minděng , diriridoeh , koe di kored atawa di parang.
MANGKAS .
Di loehoer geus ditjaritakeun , sětikinggris teh dipindahkeunana ka kěbon, lamoen siroeng -siroengna noe dipiara, nja eta bidjil tina mamata noe pangloehoerna tea , geus 20 c.M. pandjangna , kabehna aja 3 atawa 4 dahan . Tina oenggal dahan mangkena dahanan deui 2 atawa 3, eta koedoe diantěp disina djaradi . Lamoen djaradina henteu sakoemaha gesehna , meureun bangoenna tangkal teh aloes , rada boeleud , katendjona saperti balon. Tampolana mah aja oge dahan -dahan noe djaradina leuwih gantjang, leuwih pandjang tibatan dahan -dahan noe sedjen . Tah dahandahan noe narondjol kitoe koedoe dipangkas , soepaja pandjangna saroea deui djeung dahan -dahan noe sedjen , sabab lamoen henteu di pangkas , tangtoe bangoenna tangkal moal bisa aloes djeung boeleud.
Siroeng -siroeng anoe laleutik noe moal bakal hade djadina, nja eta siroeng boeroeng , eta mah leuwih hade dipitjeun bae , nja kitoe deui dahan-dahan noe ngahalang -halang kana bangoenna tangkal .
Bangsa djěroek teh galibna kembanganana dina dahan -dahan noe laleutik , noe baridjil tina tangkal noe kaina oemoerna kakara sataoen . Koe sabab eta mangkasna teh ngan pikeun mitjeun dahan-dahan noe ngahalang -halang kana bangoenna tangkal .
Djaba ti dinja mah eta tangkal antep bae oelah diorowela , pambrihna soepaja hade djadina (ilikan gambar no . 18 djeung no . 19 di handap ).
Djadi hal mangkas djěroek satěměnna noe dipangkasna ngan dahan noe ngagokan kana bangoenna tangkal bae , ari dahan -dahan noe sedjen mah lolobana koedoe diantěp . Koe lantaran dipangkas , eta tangkal něpi ka djěro -djěrona bisa katodjo koe panonpoë djeung teu kakoerangan hawa. Ari milihna dahan anoe koedoe dipangkas , eta teu beunang ditoedoehkeun koe toelis, da koedoe koe loeang djeung paham .
Dahan -dahan noe paeh moedoe dikeureut atawa diragadji . Ari motongna koedoe dina wates bagian kai noe paeh djeung noe hiroep. Motongna koedoe diserongkeun sarta raheutna koedoe njanghareup ka handap , sabab lamoen njanghareup ka loehoer, tangtoe tjai hoedjan bisa njangkroeng di dinja sarta aboes ka djěro, matak boeroek .
Lamoen noe diragadji tea dahan gede , raheutna teh koedoe diratakeun koe peso , toeloej diter , soepaja oelah boeroek djeung bisi aja panjakit . Parabot paranti mangkas tea, nja eta peso , goenting djeung ragadji , eta kabeh koedoe noe hade djeung seukeut (ilikan gambar no . 20). Parabot noe goreng oelah pisan
g. 20 Ragadji paranti mangkas .
g. 20 Ragadji paranti mangkas .
g. 20 Peso parantos mangkas .
g. 20 Goenting paranti mangkas .
g. 20 Goenting paranti mangkas .
g. 20 Goenting paranti mangkas .
dipake , sabab tinimbang djadi aloes mah anggoer djadi tambah ngaroeksak tatangkalan . Ari sababna , lantaran oeroet ngagoenting atawa oeroet ngeureut atawa oeroet ngaragadji , sok hese tjageurna deui , djadi ngagedeanana lila ; djaba ti eta babari keuna koe hama , koe roepa -roepa bangsa djaram, roepa -roepa hileud, noe ngorowokan djeung salianna .
Peso gawena pikeun ngeureut dahan-dahan noe laleutik , ari noe rada galěde mah hadena koedoe digoenting.
Dahan gede noe rek dipitjeun sakabehna , koedoe dikeureut sing děmpěs , těgěsna koedoe deukeut pisan kana palěbah djadina eta dahan noe rek dikeureut tea . Mětakeunana goenting koedoe panjiněkělanana di handap (ilikan gambar no . 21), teu meunang pisan aja beulah loehoer (ilikan gambar no . 22).
g. 21 Njěkěl goenting anoe běněr (panjiněkelanana di handap ) .
g. 22 Njěkěl goenting anoe salah (panjiněkělanana di loehoer).
Ragadji dipakena pikeun mitjeun dahan gede atawa dahan paeh , noe teu beunang dipotong koe peso atawa koe goenting . Děmi mangkasna koedoe keur oesoem katiga , sabab tangkal djěroek kembanganana keur oesoem hoedjan lalantangan , noe disěboet oesoem dangdangrat tea, djadi boeahanana měněran dina oesoem ngidjih .
Dahan pamotongan djeung dahan -dahan noe paraeh tea oelah ditoenda handapeun tangkal , tapi sabisa -bisa koedoe didoeroek , sabab lamoen diingkeun di dinja matak djadi eupan roepа -гoepa hama djeung nimboelkeun panjakit sarta roepa -roepa bangsa soepa , těmahna tangtoe tepa kana tangkaltangkal anoe tjageur .
ROEPA-ROEPA PANJAKIT , HAMA DJEUNG NGALEUNGITKEUNANA .
Bangsa mangandeuh .
Sarerea tangtoe kajoengjoen , lamoen neuleu tatangkalan noe aloes sarta běrěsih . Loekoet-loekoet djeung doedoeitan anoe aja dina tangkal atawa dahan, koedoe dipitjeunan koe sikat atawa dikěrok koe wilah awi . Lamoen aja bangsa mangandeuh , eta oge koedoe dipitjeunan , malah aloesna pisan mah koedoe dikeureut djeung dahan -dahanna noe mangandeuhan tea, (gambar no . 23 di handap ).
Eta mangandeuh roepa -roepa ; dina basa Djawa ngaranna kěmadean, basa Malajoe pasilan (běnaloe ).
Panghadena , mah ngala mangandeuh teh koedoe dina waktoe kembangan , ari geus boeahan mah , boeahna sok dihakan manoek sarta sikina diisingkeun deui dina dahan sedjen .
Tangkal noe loba mangandeuhan djadina goreng , eta sarerea ge geus moal aja anoe bireuk . Mangandeuh teh hiroepna njeuseup kahakanan tina daoen , dahan djeung tangkal djěroek, matak teu leubeut kana djěroek ; koe sabab eta perloe pisan mangandeuhna koedoe dipitjeunan .
Djaba ti koe mangandeuh , roepa -roepa djěroek di oerang sok diroeksak oge koe roepa -roepa sasatoan , kajaning : koetoe -batok (schildluis ) , koetoe -daoen (bladluis) djeung bangsa lege . Eta koetoebatok (schildluis) djeung koetoe -daoen (bladluis) aja sababaraha roepa .
Noe matak dingaranan koetoe -batok (schildluis) , koe sabab roepana meh tjara batok nangkoeb , ngan laleutik , tonggongna rada teuas . Eta koetoe batok roepa -roepa bangoenna , aja noe rada londjong , rada boeleud , bělenong djeung salianna. Hiroepna dina boeah djeung dahan -dahan laleutik noe ngarora , ari koetoe -daoen (bladluis ) mah dina daoen -daoen atawa dahan -dahan laleutik noe ngarora .
Eta sasatoan tangtoe pisan matak ngaroeksak djeung matak teu montok kana tangkal djěroek, ari sababna maranehanana njeuseup kahakanan tina dahan djeung daoen tea; djeung boeah djěroek noe roeksak koe koetoe -batok teu pati pajoe .
Bangsa lege noe sok ngaroeksak djěroek , eta oge aja roepa² . Aja sabangsa , noe oelamna (dina basa Djawa dingaranan nonol ) , sok ngaliang dina tangkal djěroek. Aja deui bangsa lege keneh noe ngaroeksak, nja eta těka-těka tea (geuning roepana hedjo , koe oerang sok didjieun panitih .)
Pikeun ngaleungitkeun eta roepa -roepa hama di dieu geus ditjoba sababaraha taoen , sarta hasil oge. Děmi anoe didjieun oebar nja eta tjampoeran saboen djeung hampas minjak tanah . Eta hampas minjak tanah didjieunna di pabrik minjak tanah di Wonokromo ; aja daganganana di D. P. M. (Dordtsche Petroleum Maatschappij ) , ari saboen anoe sok dipake njampoeranana , saboen seuseuh biasa (dina basa Inggris dingaranan Handprint atawa Cossage Soap). Eta saboen didjoealna leundjeuran, beuratna 1 K.G , di oenggal toko oge aja .
Lamoen oerang rek njieun eta oebar , koedoe sadia kaleng minjak tanah , tjai djeung soeloeh .
Eta blek minjak tanah koedoe aja tjětjěkělanana koe kawat, soepaja gampang ngadjoengdjoengkeunana .
Ngeusianana tjai hidji-hidji blek ngan 1/4-na, toeloej ditaheur . Tidinja saboen leudjeuran anoe 1/2pond saroea djeung 1/4 leundjeur - dikeureutan djadi sababaraha keureut ; geus kitoe boes diantjlomkeun kana tjai noe ngagolak sina lějoer .Soepaja gantjang lějoerna , koedoe hantěm bae dikotjek .
Lamoen saboenna geus lějoer , toeloej ditjitjian hampas minjak tanah ¹½blek , sarta ngotjekna oelah direureuhkeun ,koedoe těroes bae .Blek noe tadina dieusi 1/4 na teh koe tjai ,ajeuna mah djadi nja eta tjampoeran tjai saboen djeung hampas dieusi 3/4 na , minjak tanah tea .
Ajeuna eta oebar koedoe ditjitjikeun kana kompa anoe dingaranan pulverisator , sabab atjan galo běněr ; toeloej dikotjek koe ¹½djam .Ajeuna roepana koneng ngora .Pulverisator karetna , lilana teh gawena lain pikeun ngagalokeun bae , tapi dipake oge keur ngangsretkeun eta oebar kana tatangkalan . Eta oebar toeloej ditjampoeran tjai haneut -koekoe . Tatandingan tjai kana oebar 14 djadi ngeusianana koedoe dikira -kira , soepaja lamoen geus : 1, ditjampoeran tjihaneut eta pulverisator pinoeh . Tidinja mah beunang diangsretkeun kana tangkal djěroek pikeun maehan koetoebatok djeung koetoe -daoen tea . (Ilikan gambar No. 24 ,25 djeung No. 26 di handap ) .
Tangkal djěroek noe leutik keneh beunang dikompa koe kompa 27) sarta beunang dipětakeun koe leutik bae , (ilikan gambar No. saoerang .
Tapi pikeun tatangkalan noe geus gède mah djeung di kěbon noe lega , leuwih hade koe kompa noe gede (ilikan gambar No. 26 ) , sabab ngompana leuwih tarik djeung mantjerna oebar bisa leuwih lepas sarta loehoer . leu perloe katjida , soepaja bagian -bagian
g. 27 Kompa leutik anoe beunang dipětakeun koe sorangan .
tangkal kabeh walatra kaoebaran , djeung djaba ti eta eusina tangtoe leuwih rea , datang ka koe sakali ngeusian bisa ngoebaran pirang -pirang tangkal .
Lamoen eta oebar diangsretkeun kana liangliang dina tangkal noe koe lege tea, tangtoe legena bidjil , sarta babari dipaehanana .
Aja deui hama noe sok ngaroeksak tangkal djěroek , nja eta bangsa hileud ; noe diroeksak teh daoenna .
Katěranganana toean Dr. Dammerman , bab eta hileud , kieu oenina : „Eta hileud leutik , pandjangna ngan 4 m.M. , koneng kolot, euweuh soekoean sarta ngorowokanana daoen djěroek , babakoena lamoen tangkalna keur leutik keneh ; liangna pandjang paroengkalparengkol sarta katara ngalangkang bodas . Njatjakana dina daoen , ditikělkeun koe manehna . Koekoepoena leutik , sarta lamoen djangdjangna meber , pandjangna ti toengtoeng djangdjang kana toengtoeng djangdjang aja 5 m.M. , roepana bodas , djangdjang hareup rada koneng patjampoer koelawoe , djeung dina toengtoengna aja totol hideung ."
Eta hileud tampolana sok baranang awahing koe loba, datang ka oerang teu bisa bae ngipoek teh , sabab karěsěpna babakoena kana tangkal djěroek noe leutik .
Tapi koe oebar noe diterangkeun di loehoer tadi, eta hileud loba noe paeh .
Aja deui saroepa hileud noe sok ngaroeksak boeahna ; geuning oerang , minděng nendjo djěroek noe koelitna barěnggoel boedoeg . Kateranganana toean Dr. Dammerman bab eta hileud , oenina kieu : „Hileudna leutik , matoehna dina tjangkang djěroek , babakoena dina djěroek gede (pompelmoes ) djeung djěroek manis , něpi ka ngabarĕnggoel boedoeg , ti loehoerna korowok sarta eta liang biasana ngětjěj tjaian . Koekoepoena leutik , koelawoe , pandjangna ngan 4 m.M. ”
Eta hileud ngaroeksakna teu sakoemaha , tapi djěroek anoe tjatjad kitoe rada koerang pajoe . Lamoen djěroek noe kakara diroeksak toeloej dipitjeunan mah tangtoe hileudna ngoerangan , djadi moal sakoemaha ngaroeksakna .
Noe pangpangna ngaroeksak tangkal djěroek di oerang , soemawonna djěroek manis , nja eta sabangsa soepa , roepana hideung . Noe diroeksak teh daoenna , katendjona sabagian daoen hideung , tampolana mah saloearna bae kawas dipoelas koe haranggasoe .
Ari timboelna eta soepa , babakoena lamoen djěroekna geus katepaan koe koetoe -batok atawa koetoe -koetoe noe sedjen noe sok njeuseup tatangkalan tea , sabab eta sasatoan sok kesangan sabangsa madoe . Eta soepa hideung teh hiroepna tina madoe tea, sarta noeroeban daoen , boeah djeung dahan -dahan noe ngarora keneh pisan .
Tangkal noe katěrap kitoe teh katendjona kawas dikěproelan atawa dipoelas haranggasoe (ilikan gambar no . 28 di loehoer ) .
Lamoen tangkal djěroek tea diangsret koe oebar noe diterangkeun di loehoer , tangtoe koetoe -batok djeung koetoe daoenna paraeh , sarta moal aja madoean , djadi soepa hideung oge moal aja , sabab madoe kabeukina tea euweuh .
ΜΟΕΡΟΕΝΑ DJĚROEK.
Ngala djěroek teh koedoe geus asak di tangkalna. Katarana jen asak, lamoen koelitna geus hedjo sěmoe koneng. Eta meudjeuhna pisan dipoepoe sarta sawatara poë ti sanggeusna diala, kakara hade didahar. Lamoen dioeroes hade -hade , bisa dikirimkeun ka tempat djaoeh , sarta bisa tahan lila ; sanadjan lilana 10-12 poë di djalanna, eta djěroek masih keneh ngeunah .
Moepoena koedoe dipipit , poma oelah dikěprak atawa dioragkeun . Boeah noe dikěprak koe gantar atawa noe dioragkeun, lamoen ragrag ninggang taneuh tangtoe eumeur sarta teu beunang dikirimkeun ka noe djaoeh , sababna djěroek noe eumeur atawa noe roeksak mah babari boeroek .
Mipitna djěroek noe teu kahontal ti handap , koedoe koe taradje , (ilikan gambar no . 29 ) .
g . 29 Taradje paranti moерое .
Lamoen hese dipipitna koedoe koe goenting , soepaja gagang boeah beunang digoenting 1 ).
Lamoen koerang apik ngalana , datang ka aja dahan -dahan ngarora noe sarěmplak atawa raroeksak, tangtoe dina tahoen ha reup matak koerang hasilna, sabab djěroek teh boeahanana dina dahan -dahan noe ngarora keneh . Eta koedoe diingětkeun pisan .
Boeah meunang mětik tea , koedoe diwadahan diati-ati koe tjarangka , oelah pisan dialoengkeun , bisi roeksak.
Noe panghadena mah keur wadahna teh , tjarangka noe sok dipake koe toekang nanggoeng tea, ari sababna soengoetna gěde, djadi lamoen oerang neundeun djěroek teh katjida gampangna . Sanggeusna dipoepoe , toeloej eta djěroek dikoendjal dina tjarangka ka tempat neundeunan , baris dipilih . Sakoer noe goreng , noe roeksak koe sasatoan atawa roeksak lantaran ragrag , dipisahkeun sarta sakoer noe kotor koedoe diběrěsihan .
Geus kitoe kakara dipilih noeroetkeun gedena . Pikeun noe bisa djeung geus biasa mah , anggeus koe leungeun bae , tapi leuwih oetama koe měsin (ilikan gambar no . 30) , sabab milihna leuwih sampoerna .
POERADIREDJA .
Mesin paranti milih tea didjieun koe doea silinder , sarta ari noe rada leukeun mah , bisa njieun sorangan di imah . Eta 2 silinder direndengkeun , tapi ka toengtoengna rada anggang ti batan ka poehoena .
Silinder anoe sahidji beunang digoëngkeun , malah aja titintjakanana koe kai, paranti ngagoëngkeun (ilikan gambar no . 30). Djěroek -djěroek tea ngagorolong kana antarana silinder noe 2 tea sarta ragrag noeroetkeun gedena , kana wadah anoe ditandekeun sahandapeunana . Eta měsin katjida hadena pikeun milih djěroek manis .
Djěroek noe bakal dikirimkeun ka tempat noe dareukeut, djadi di djalanna ngan oekoer 2 atawa 3 poë bae, sanggeusna dipilih teh beunang tĕroes diiangkeun dina tjarangka atawa dina kas .
Tapi lamoen rek dikirimkeun djaoeh , oepama ka loear Poelo Djawa , djěroek noe rek dikirimkeun teh koedoe diteundeun heula sawatara poë dina tempat noe tiis sarta oelah katoetoep .
Koe pěta kitoe tjai noe aja dina koelitna tea djadi saab , djadi ngarah djěroekna tea leuleus . Ana ditjabak teh henteu teuas atawa heuras, tapi ieu mah ngenjod rada hipoe . Djěroek anoe kitoe dikokolana, sanadjan dikirimkeun ka tempat djaoeh oge, moal tereh boeroek .
1) Oerang Soenda loembrahna sok koe peso , digagangan koe gantar .
NGAWADAHANANA .
Kaprahna noe ngirimkeun boeah sok koerang hade ngawadahanana, eta salah katjida .
Geura lamoen dikirimkeun dina wadah noe moerah tapi koeat, santosa , noe katendjona basadjan tapi aloes , tangtoe djadi pangbibita ka noe rek mareuli .
Děmi ajeuna diwadahanana teh koe tjarangka awi loemajan pisan (ilikan gambar no . 31 djeung 32 di handap) , sarta djěroekna diamparan koe djarami atawa kararas, dilapislapis .
Nimbang kana dilalaworakeunana , digagabahkeunana di djalan , nja běněr oge diwadahan koe tjarangka teh geus njoemponan , ngan asal tjarangkana bae sing koeat , tatapi wadah anoe kitoe patoetna moal matak kabita ka noe meuli , lantaran katendjona goreng .
Noe baroga djěroek atjan daraekeun bae ngarti běněr kana mangpa'atna wadah noe hade sarta basadjan , tapi aloes .
Lamoen wadahna dihade -hade sarta koeat , tangtoe ngadjoealna matak tambah raris , noe meuli tambah rea .
Loembrahna noe dipake wadah di oerang , kas minjak tanah . Běněr eta wadah teh rada hade , tapi lantaran eusina saeutik, djadi hargana katitih mahal teuing.
Kapan ngadjoeal boeah teh rěgana koedoe oelah mahal teuing , oelah nepi ka rea noe teu kadoega meuli, sabeunang -beunang koedoe rada moerah , sangkan bisa dibeuli koe sarerea , djadi raris .
g. 30 Měsin paranti milih djěroek .
Doemeh ngirimkeun boeboeahan kana kareta api , anoe beuratna 30 K. G. atawa koerang, ongkosna dina 200 K. M. teh ngan 40 sen, sarta oendakna saban -saban 50 K. M. saleuwihna tina 200 K. M. koedoe nambahan 5 sen, perloe pisan oerang koedoe neangan piwadaheun , salian ti hade djeung santosa teh , koedoe milih anoe gědena meudjeuhna deui, těgěsna , sanggeusna dipinoehan koe djěroek , beuratna djědjeg pisan 30 K. G. Ari pikeun di dieu mah.
di Poelo Djawa , koe tjarangka oge geus njoemponan , tapi pikeun ka loear Poelo Djawa koedoe make kas ; ongkoh deui pikeun djadi pangbibita .
Di tanah sedjen , oekoeranana eta kas saperti ieu di handap : djěro 301 c . M. , pongpok 30 % c. M. djeung palajoe 61 c . M. atawa 29,2 c. M. djěro , pongpok 29,2 c. M. djeung palajoe 581/2 с . М.
Eta oekoeran -oekoeran teh lain dikira -kira atawa djangdji njěboet angka bae , tapi oekoeran anoe ajeuna geus beunang didjieun patokan, ari kapanggihna sanggeus njoba njoba sababaraha kali . Oerang teu koedoe neangan deui, leuwih hade make oekoeran noe geus kapanggih koe batoer bae, moal njapekeun deui.
Kas pikeun djěroek kěprok biasana leuwih leutik , nja eta : djěro 14,4 c . M. pongpok 50,5 c. M. djeung palajoe 61 c. M. Njokotna oekoeran lain ti loear, koedoe ti beulah djěro .
Soepaja eta kas tambah koeat, di tengah - tengahna koedoe dipěnggèl koe papan . Ana geus ditoetoep , toengtoengna kentjakatoehoe djeung di tengah - tengahna diběngkěr deui koe beusi , kai , hoë atawa awi , dipageuhan koe pakoe , soepaja tambah koeat Papan ka palajoena , dasarna djeung toetoepna koedoe 6 m . M kandělna, ari pikeun pongpokna djeung palangna anoe di tengahtengah , 2 c. M. oge geus tjoekoep . Lamoen diatoer kitoe, tangtoe bisa wěwěg .
Lamoen rek ngengken, leuwih hade njieun heula 1 atawa 2 pikeun tjonto ; oekoeranana saperti noe tadi tea ; djadi oerang moal hese tjape deui .
Oekoeran kas pikeun djěroek noe loba , engke diterangkeun di handap ; panghade -hadena nja eta : 30 × 30 × 61 с. М.
Doemeh gedena djěroek teu saroea , ěngke dina pratelaan di handap , disěboetkeun oge sabaraha reana djěroek, pikeun saroepa-saroepana , bisa diwadahan dina kas noe oekoeranana saperti di loehoer .
Dina gambar geus ditetelakeun, koemaha noe panghadena ngentepkeunana djěroek, soepaja bisa asoep loba (ilikan gambar no. 33).
g. 33 Koemaha koedoena ngentepkeun djěroek dina pěti kirimkeuneun .
g. 33 Koemaha koedoena ngentepkeun djěroek dina pěti Mělak kirimkeuneun . djěroek. 3
: g. 34 Medja paranti njieun pěti . g. 35 Sanggeusna dieusi toeloej
g . 33 Koemaha koedoena ngentepkeun djěroek dina pěti kirimkeuneun .
Eta kas -kas koedoe saroea gědena , soepaja noe lian bisa noeroetan njieun . Pikeun njieun eta pěti koedoe aja medja , di loehoerna dililintjaran kai 6 djadjar dipakoe . (Ilikan gambar no. 34).
toetoepna dipakoe .
Pěti bakal tea , sisina kentja -katoehoe djeung paměnggělna noe tengah - tengah , diterapkeun, sina nangtoeng di antarana eta lintjar. Ti dinja sok něrapkeun papan pibiriteun kas , toeloej dipakoe sanggeus dipageuhan koe pakoe , toeloej dibalikkeun . Ajeuna kari něrap -něrapkeun papan -papan palajoena bae .
Djěroek meunang milih tea samemeh dikirimkeun djaoeh , koedoe diboengkoesan heula koe kertas langlajangan.
Barang noe dikirimkeun kalawan hade -hade , salawasna matak pikabitaeun noe rek meuli .
Sanggeus eta kas dieusi (ilikan gambar no . 35) , toeloej toetoepna dipakoe . Ti dinja kakara dibengkěr koe beusi , hoë atawa awi , soepaja oelah roeksak di djalan .
DJĚROEK .MANIS
| 120 69 90 75 76 79 |
| " 216 57 4 1 354 168 63 4 13 42 2 3331djeung 326 2 1" 1 |
| 3334030 " |
| 4 19 " 54 22 |
| 222 24 2 4030 djeung 442 |
DJĚROEK .KĚPROK
| dina sakas Reana boeah | |
| 252 61 226 64 216 68 200 71 176 74 150 77 126 79 | (Goerat tengah- Lobana lapisan )na .m M. Gedena .boeah |
| 5555656 | |
| 112 82 4 13 28 2 4 28 " " 96 86 4 1djeung 324 2djeung 424 1,3 1,3 536 " " | noe ,gangsal Noměr lapisan ngitoengna ti |
| " 1,3 5 " " 05 46 2 " 42 2,4 | boeah dina Atoeran ngentepkeunana |
| " 1,3 540 2 4 40 " " 1,3 5 36 2 4 34 1,3 5 30 2 4 30 1,3 5 26 2 4 24 2,4 6 36 " | .handap -salapis .salapis noe .djangkěр dina .salapis Lobana Noměr lapisan Reana boeah |
| 46444 42 |
KOEPERASI .
Soepaja eta djěroek bisa oentoeng didjoealna , pěrloe katjida noe baroga kebon teh garoejoeb ; ngadjaroealna teh koedoe iěmpoeg , těgěsna oelah pisan pakia-kia atawa pasalia djeung batoer .
Maranehanana koedoe ngadegkeun pagoejoeban pikeun ngirimkeun djěroekna (verzendvereeniging ) , nja eta sabangsa koepěrasi atawa pasarikatan noe geus boekti hasilna .
Ieu koepěrasi pěrloe katjida dikanjahokeun , sabab gede pisan mangpa'atna .
Biasana pakarangan -pakarangan noe dipělakan boeboeahan teh teu sakoemaha legana . Koe sabab eta noe boga teu bisa majeng ngirimkeun boeahna ka noe meuli . Maranehanana kapaksa ngadjoeal ka toekang borong atawa toekang badjong . Tapi lamoen noe boga djěroek ngadjadi hidji mah , eta toekang borong bisa diliwat sarta bisa teroes ngadjoeal ka noe pěrloe make bae ; kaoentoengan anoe biasana ragrag kana pesak noe ngabadjong , dikeupeul koe noe boga djěroek.
Koe lantaran noe ngaborong boga modal , katoeroeg -toeroeg leuwih pinter deui , kaoentoenganana tangtoe leuwih gěde .
Djadi maranehanana bisa nimpahan hasil tahoen hareup , boh diitoeng tangkal boh diitoeng sapakarangan , atawa sakěbon .
Keurna pentil keneh eta djěroek geus ditimpahan , ngitoengna satangkal -satangkal atawa saeusina pakarangan tea . Tapi radjeun oge maranehanana ngaborong djěroek noe geus asak di tangkalna. Ari meulina diitoeng ratoes ; sadjabana meunang moerah teh maranehanana meunang panambah deui , dina basa Djawa dingaranan „ imboeh " atawa „welasan" . Biasana moenggoehing djéroek teh tina saratoes meunang panambah 28 siki .
Koe djalan pagoejoeban mah , noe boga djěroek bisa mahal ngadjoealna sarta djadi panarik kana roemawat djeung goemati kana kěbonna .
Tapi sabalikna, boeah noe dikirimkeun teh koedoe noe hade , teu beunang pisan orowodol ngadjoeal noe goreng atawa noe tjatjad .
Saban tahoen sanggeus didjoeal hasilna , oentoengna dibagikeun sawareh ka ělid-ëlid noe djěroekna didjoeal koe pagoejoeban tea .
Koe sabab noe baroga djěroek tea pada sabanda saboga , sapapait-samamanis sarta ngadjoealna kalawan atoeran , tangtoe pisan těmahna hasilna teh bisa oendak , djeung boeahna oge tambah hade .
Eta oentoengna teh oelah dibagikeun kabeh , koedoe diteundeun sawareh , soepaja engkena bisa boga modal tjalon (reserve kapitaal ). pikeun meuli :
a. bibit noe aloes ;
b. sakoer noe pěrloe pikeun noempes hama djeung panjakit ;
C. měsin pikeun milih atawa měting djěroek, noeroetkeun gědena ;
d. kas keur ngirimkeun boeah ; eta kas teh koedoe leuwih hade batan noe geus dipake ;
e. parabot mangkas ;
f. gemoek djeung salianna, nja eta noe dianggap baris ngamadjoekeun radja -kajana ělid -ělid .
Dina pagoejoeban ngirimkeun (verzendvereeniging ) bagian noe pangpěrloena pisan nja eta hal ngoeroesna toetoelisan djeung tjatětantjatětan. Elid -ělid kabeh koedoe pada těrang noe saběněrna , kana kaajaan pagoejoebanana , djadi oeroesan toetoelisanana koedoe těrang , sarta lamoen dipoendoet koedoe gantjang ditembongkeun ka pangoeroesna (bistoerna).
Ieu boekoe diasoepan lampiran No. 1 , 2, djeung 3, nja eta tjonto ngoeroes boekoe djeung tjatětan noe dipake koe „ pagoejoeban-Poenten " di Malang (karesidenan Pasoeroean ).
Lampiran 1 , nja eta tjonto boekoe tjatetan leutik noe ditjěkěl koe noe boga djěroek (élid tina pagoejoeban ). Dina eta boekoe ditjatět lobana djěroek anoe geus dipasrahkeun koe manehanana ka pagoejoeban , kalawan diterangkeun, naha eta djěroek kaasoep kana No. 1 atawa No. 2 , naha koelitna ipis atawa kanděl .
Eta koedoe aja kopena salinanana di kantor pagoejoeban , sarta noměrná saroea . (Ilikan lampiran 2).
Lampiran ka 3, nja eta tjontona boekoe kasboek noe dipake di eta pagoejoeban . Dina eta boekoe kanjahoan, oepama modalna ngaborong koe pagoejoeban f 2,50 , ladangna f 3,50 , ongkos ngirimkeun ti Malang ka Soerabaja katoet majar rěmboesna f 0.65.
Djadi eta djěroek didjoealna f 3.50 + f 0.65 = f4.15.
Ari pikeun majar pagawe , ongkos ngirimkeun , meuli tjarangka , pěti , pakoe , majar roda ti Poenten ka Malang djeung ongkos noe sedjen , eta kabeh koedoe dibajar tina oentoengna ; sasesana dibagikeun ka ělid -ělid .
Dina toetoep tahoen eta pagoejoeban teh sok radjeun kadjadian , manan meunang oentoeng anggoer sabalikna, nja eta roegi , lantaran djěroek anoe dikirimkeun tea aja noe maling atawa aja noe emboeng majar . Djaba ti eta dina bab „ ladang " tina boeah noe teu ditarima koe noe mésěn koedoe ditoelis „ ladang boeah noe teu ditarima tea " , nja eta didjoeal di sětatsion tempat tjitjingna noe pěsěn tea. Lamoen hajang ngadegkeun pagoejoeban sedjen , oepamana pikeun ngirimkeun hasil boeah , manggoe, lalab -roembah djeung sapapadana , ngoeroesna teh tangtoe koedoe dirobah saeutik, tapi tjonto noe di loehoer rarantjangna beunang ditoeroetan .
Di handap rek diterangkeun tjonto soerat -kakoeatan (acte ) ngaděgkeun pagoejoeban -ngirimkeun . Eta soerat -kakoeatan beunang njieun toean Adviseur Volkscredietwezen , dihadja diasoep keun kana ieu boekoe , malakmandar djadi panoengtoen ka noe nariat ngadegkeun koepěrasi -ngirimkeun .
1 1 Y 4
Ngaděgkeunana pagoejoeban -ngirimkeun noeroetkeun eta soeratkakoeatan sarta ditoelisna dina segel ; eta saroea bae djeung pěrdjangdjian ělid pada ělid.
Lamoen sanggeus 2-3 taoen kanjahoan , ělid-ělid tea geus bisa njoemponan kana kawadjibanana , kakara oerang bisa ngaděgkeun pagoejoeban kalawan widina Pangagoeng .
Noe disěboet kawadjiban di loehoer , nja eta kawadjiban boedi , těgěsna kieu : ělid -ělid koedoe někanan djangdjina , jen maranehanana rek masrahkeun hasilna ka pagoejoeban baris didjoeal, sarta maranehanana sakedah -polah rek noeloeng pagoejoeban , di mana katimbang perloe .
TJONTO SOERAT -KAKOEATAN (ACTE ) NGADĚGKEUN.
I. Ngaran , tempat djeung lilana .
Artikel 1 .
Ieu pagoejoeban ngaranna : „ Pagoejoeban -ngirimkeun - Poenten " bogana oerang Priboemi , tempatna di Poenten distrik Penanggoengan . apdeling Malang, karesidenan Pasoeroean ; diaděgkeun pikeun 29 taoeneun , mimiti diitoeng ti............
II. Maksoedna djeung tarekahna .
Artikel 2 .
(1). Maksoedna ngamadjoekeun radja-kajana ělid -ělid koe nga djoeal hasil kebonna kalawan goejoeb , djeung koe akal -akal noe sedjen noe teu ngarěmpak oendang -oendang nagara .
(2). Soepaja maksoedna katěpi , pagoejoeban rek meulian djeung ngirimkeun djěroek .
Artikel 3.
(1). Meulina kentjreng ; ngirimkeunana "woengkoel ka noe pěsěn bae.
(2). Harga meulina djeung harga ngadjoealna ditětěpkeun koe bistoer (pangoeroes ) kalawan timbangan adviseur , noe diterangkeun dina artikel 13 .
(3). Elid-ělid pagoejoeban koedoe djarangdji , moal ngadjoeal djěroekna lian ti ka pagoejoeban , kadjaba lamoen meunang paidin ti bistoer sarta koedoe ditjatětkeun dina boekoe .
(4). Elid-ělid teu boga hak maksa ka pagoejoeban koedoe meuli djěroekna .
(5). Lamoen ělid-ělid teu bisa njawisan djèroek satjoekoepna , pagoejoeban kawidian meuli djěroek ti djělěma sedjen , sanadjan lain ělid pagoejoeban .
III. Elid-elid .
Artikel 4 .
(1). Noe djadi ělid tina pagoejoeban nja eta :
α. noe ngadegkeun pagoejoeban ;
b. noe njoehoenkeun djadi ělid sarta ditarima koe bistoer. Děmi njoehoenkeunana djadi ělid ngan sataoen sakali .
(2). Noe teu ditarima koe bistoer, meunang njoehoenkeun pangadilan ka koempoelan ělid -ělid , sarta katarima -hěnteúna ditangtoekeun koe sora noe pangreana .
Tandana jen djadi ělid , koedoe nanda atawa ngadjěmpol ( 3) . dina register ělid -ělid ; eta registěr ditjěkělna koe bistoer .
( 4) Koe lantaran nanda atawa ngadjěmpol dina rěgistěr , . sapěrti noe geus diterangkeun dina ajat ( eta elid hartina 3), sanggoep noeroetkeun katangtoean -katangtoean dina acte ieu , djeung reglement sarta atoeran -atoeran noe sedjen , oe geus aja atawa noe bakal diajakeun koe koempoelan ělid -ělid oemoem djeung salianna ti eta manehna ngakoe geus ngawasakeun ka noe djadi presiden (kapala pagoejoeban ) pikeun ngadjalankeun , kalawan ngaran manehanana sagala perkara noe ngahidji djeung di pakoempoelan , boh di loear boh djěro pangadilan .
Eureun tina djadi ělid , nja eta : ( 5).
a . lamoen njoehoenkeun sorangan , kitoe oge ngan dina toetoep taoen boekoe - bae ;
lamoen dieureunkeun koe bistoer , tapi bisa apel njoehoenkeun b. poetoesan koempoelan oemoem .
jen eureun tina djadi ělid anoe djadi katerangan 6) Bowes , ( ka kabeh pehak , nja eta prèsiden nanda dina register anoe kasěboet dina ajat ( Nandana sabisa -bisa koedoe harita pisan 3) . barang ělid tea eureun , sarta koedoe disahkeun koe noe djadi anoe kaoeni dina artikel 13 tea . Adviseur ,
( 7). Elid -ělid koedoe matoeh di distrik
Artikel 5.
sarta koedoe ( 1 ) Elid anjar koedoe majar entri lobana f . harita keneh disětorkeun .
(2). Lamoen eta elid eureun, eta doeit teu dipoelangkeun deui , tapi diteundeun pikeun nambahan pangabogana pagoejoeban.
Artikel 6.
(1). Tanggoenganana ělid-ělid pikeun majar hoetangna pagoejoeban kabeh saroea , nja eta lamoen banda pagoejoeban njata teu mahi pikeun nětěpan perdjangdjian-pěrdjangdjianana .
(2). Eta tanggoengan noe eureun djadi ělid oge koedoe miloe keneh nanggoeng , lilana sataoen ti barang manehna eureun , nja eta pikeun hoetang pagoejoeban , beunang ngindjeum dina samemehna manehna djadi ělid atawa saeukeurna djadi ělid .
(3) . Elid- ělid dianggap geus milih tempat tjitjingna noe ditětěpkeun koe oendang -oendang ,di 1 kantorna pagoejoeban .
IV. Bistoer pangoeroes ( ).
Artikel 7.
nja eta hidji presiden ( 1 ) Pagoejoeban dioeroesna koe bistoer , . djeung ělid bistoer , noe dipilih saban taoen koe ělid -ělid ti antero pada ělid dina koempoelan oemoem . Bistoer noe eureun beunang harita dipilih deui .
Presiden ngawakilan pagoejoeban , di djěro boh di ( 2) boh . loear pangadilan kalawan kawasa ti ělid -ělid noe geus diterangkeun dina artikel 4, ajat ( 4 ).
Artikel 8.
Koempoelan ělid -ělid meunang mere ganti karoęgian ka ( 1). ělid -bistoer sapantěsna , lamoen katimbang eta pagawean katjida matak ripoehna .
( 2). Anoe djadi ělid -bistoer teu beunang bari djadi pagawe pagoejoeban .
Artikel 9.
1 Soepaja ieu reglement djeung reglement -reglement noe ( ) . bistoer meunang meu sedjen bab ieu pagoejoeban bisa didjalankeun , ngangkat pagawe , ngatoer hak -hakna djeung kawadjibanana kana pagoejoeban , marentah eta pagawe -pagawe kalawan timbangan / Adviseur , noe disěboet dina artikel 13 .
2) Elid -ělid -bistoer masing -masing pada naranggoeng dina aja ( . karoeksakanana atawa karoegianana eta pagoejoeban , anoe kadjadian lantaran palsoena , leledana atawa gagabahna bistoer atawa salah -sahidji ělid-bistoer. Hidji ělid-bistoer leungit tanggoenganana , lamoen bisa nĕrangkeun , jen manehna geus mětakeun sagala kias -tarekah , sangkan eta pagoejoeban oelah nepi ka roeksak atawa roegi , atawa manehna bisa něrangkeun, jen manehna sama-sakali taja pětana bisa nolak eta karoeksakan atawa karoegian .
V. Sarat ngajakeun doeit.
( Artikel 10.
(1). Noe didjieun modal koe pagoejoeban nja eta :
a. doeit entri ;
b. tina oentoengna ;
C. doeit beunang ngindjeum ;
d. lian-lian kaoentoengan (noe kaběněran ) .
(2) . Pagoejoeban meunang ngindjeum doeit, kalawan rěmpoegna Adviseur dina koempoelan oemoem . Doeit noe diteundeun dina pagoejoeban koe ělid atawa kalawan ngaranna ělid , eta oge beunang diindjeum .
(3) Lamoen doeit noe diteudeun koe ělid atawa kalawan ngaranna ělid rek ditjokot deui koe noe bogana , manehna koedoe ngabedjaan heula sakoerang -koerangna sataoen ti anggalna .
(4). Doeit noe diteundeun di pagoejoeban direntěnan. Saban taoen dibadamikeun heula dina koempoelan oemoem , sarta kalawan timbangan noe djadi Adviseur , sabaraha % rentenna noe koedoe dibajar pikeun taoen noe enggeus kalampahan .
VI. Ngabagikeunana oentoeng .
Artikel 11 .
(1). Dina koempoelan oemoem noe koedoe diajakeun di djěro 3 boelan sanggeus toetoep taoen -boekoe , bistoer koedoe ngalaporkeun verslag , nja eta lapor bab kaajaanana pagoejoeban sakoer noe geus kadjalanan taoen eta , dibarengan djeung pratelaan oentoeng -roegina . Samemehna dilaporkeun eta pertelaan koedoe dipariksa heula koe Adviseur , noe kasěboet dina artikel 13 .
(2) . Tina oentoeng běrěsih ditjokot :
20 % pikeun djadi kakajaan pagoejoeban ;
10 % pikeun bistoer ;
10 % pikeun pagawe ;
60 % pikeun ělid-ělid .
Artikel 12
Děmi doeit pikeun ělid-ělid tea koedoe dibagikeun ka ělid -ělid sing rata .
VII. Pangloris .
Artikel 13 .
(1). Pagoejoeban diloris koe hidji Adviseur noe diangkat koe koempoelan oemoem .
(2). Hakna noe djadi Adviseur pagoejoeban nja eta :
a. meunang noengkoelan djeung ngondang koempoelan bistoer atawa koempoelan oemoem ;
b. mere timbangan dina koempoelan ;
nětěpkeun koemaha koedoena ngoeroes boekoe dj.s.t. C.
d. moendoet roepa -roepa katerangan ka bistoer anoe përloe dikanjahokeun sarta bistoer koedoe mere katerangan sakoer noe dipoendoet tea ;
e. mariksa oeroesan boekoe djeung ngoeroesna , sarta kalawan rěmpoegna koempoelan oemoem meunang ngajakeun atoeranatoeran noe noeroetkeun timbangan Adviseur perloe pikeun pagoejoeban .
(3). Waragadna eta pěrkara , lamoen perloe , dibajar koe kas pagoejoeban .
VIII. Taven -boekoe , коетpoelan oemoeт djeung koempoelan bistoer .
Artikel 14.
Toean boekoe pagoejoeban mimitina ....... , toetoepna ......
Artikel 15.
(1). Koempoelan oemoem sakoerang -koerangna diajakeun dina sataoen sakali , djaba ti eta diajakeun oge lamoen dipoendoet koe bistoer, koe Adviseur atawa koe élid-ělid, reana 1/5 na tina elid kabeh .
(2). Dina oenggal koempoelan , ělid boga hidji sora . Elid noe teu datang teu meunang sorana. Lamoen lobana sora matang , presiden noe moetoes .
(3). Elid-ělid kabeh koedoe noeroetkeun poetoesan -poetoesan noe ditětěpkeun dina koempoelan oemoem .
(4). Poetoesan -poetoesan tea kabeh koedoe ditjatětkeun dina . hidji register , sarta ditanda koe ělid-elid -bistoer noe aja dina koempoelan , lamoen maranehanana barisaeun nanda .
(5). Kana koempoelan -oemoem taoenan sakabeh ělid -ělid koedoe daratang , noe teu datang diděngda f........ eta doeit děngdaan djadi milikna pagoejoeban .
Artikel 16.
Dina koempoelan bistoer masing -masing ělid-bistoer boga hidji sora , lamoen matang, dipoetoes koe prěsiden .
IX. Ngarobah statuten djeung ngaboerak pagoejoeban .
Artikel 17 .
(1). Pikeun ngarobah statuten atawa ngaboerak pagoejoeban , koedoe njieun koempoelan oemoem noe ngahadja diajakeun pikeun ngoeroeskeun eta pěrkara, sarta reana ělid noe datang , pangsaeutikna oge koedoe 2/3 tina djoemblah kabeh , sarta adviseur oge koedoe diondang .
(2). Lamoen lobana ělid noe datang teu njoemponan , meunang ngondang koempoelan oemoem kadoea kalina , diembarkeunana sakoerang -koerangna doea minggoe ti anggalna , nja eta pikeun moetoes pěrkara -perkara noe disěboet dina ajat ( 1) tea .
(3). Lamoen ngaboerakna tea teu dibeuratkeun ka bistoer eta koempoelan , sarta kalawan timbangan Adviseur , koedoe ngangkat komisi tina ělid-ělid pikeun ngadjalankeun eta pagawean .
(4). Doeit pasesaan teu dibagikeun ka ělid-ělid , tapi pikeun pěrkara noe ditangtoekeun koe koempoelan , nja eta baris sagala kaperloean anoe goena ka tempat pangdoemoekan eta pagoejoeban .
X. Ngabereskeun patjogregan .
Patjogregan-patjogregan antara bistoer djeung ělid -ělid pagoejoeban, lamoen aja panoehoenna salah -sahidji pehak , dipasrahkeun kana timbangan noe djadi Adviseur , eta noe minangka djadi hakimna .
Katangtoean panoetoep .
Masing -masing ělid meunang salinanana acte ieu hidji sewang , koe basa ...
TJONTO REGISTER ĚLID -ĚLID .
| Ngaran .Tempat tjitjing .Tanda ta- ngan . Tanggal waktoe eureun tina djadi ělid .Tanda -tangan presiden djeung Adviseur . | |
| djadi ělid . Tanggal Noměr waktoe | |
| Tanggal Noměr těroes |
ВOЕКОЕ NOE DITJOETAT DJEUNG NOE DIPAKE PATOKAN PIKEUN NGARANG IEU BOЕКОЕ .
Citriculture in the Philippines , karangan P. J. WESTER . Landbouwdierkunde van Oost-Indië , K. W. DAMMERMAN . " Sooty mold of the orange and its karangan Herbert treatment , WEBBER . J.
Kabeh gambar djěroek anoe aja dina ieu boekoe ,eta pasihanana BOLDINGH di Bogor . toean Dr. I.
1 i
EUSINA .
katja Boeboeka 1. 5 Ngipoek pitoenggoeleun anoe bakal ditoemboe 8 Njětikinggris (ngawinkeun) 11 Tanah noe koemaha noe hade dipělakan djěroek manis djeung djěroek kěprok sarta sabaraha loehoerna . 13 Mělakkeunana . 14 Pěpělakan noe hade ditoempangkeun dina sěla -sěla pélak djěroek 17 Ngagěmoekna 18. Miarana (moelasarana ) 21 Mangkas 21 25 Roepa - roepa panjakit , hama djeung ngaleungitkeunana . 28 Moepoena djěroek Ngawadahanana 1 30 Koepěrasi (pagoejoehan ngadjoeal djěroek ) 37 Tjonto soerat-kakoeatan (acte ) ngadegkeun 39
1 :
GAMBAR
LAMPIRAN BOEKOE „ MĚLAK DJĚROEK” .
. .Tangkal toenggoel tea -lodongkeun dipotong disopak G. 5a djeung 6a
. 3.Pětetan keur pitoenggoeleun gedena sagěde tjinggir G.
G. 12. Heuleut 2-3 minggoe , geus bidjil siroeng .
G. 11. Sětikan anjar tea make ioeh² koe doedoekoej.
G. 10. Sětikan anjar ,beunang ngaběběd.
G. 13. Dipotong sěmět toeoer .
G.17. Pělak ganas noe aja dina sěla djěroek .
18. Tangkal djěroek noe moeloes . G.
G. 19. Tangkal djěroek noe moeloes .
G. 23. Tangkal djěroek noe aja loekoetan djeung mangandeuhan .
G. 26. Parabot paranti njiram tangkal djěroek noe galěde.
G. 25. Parabot paranti njiram (kompa oebar .)
(kompa oebar ). G. 24. Parabot paranti njiram
G. 31. Karandjang dieusi djěroek , iangkeuneun .
G. 32. Karandjang paranti ngirimkeun djěroek .
diPoenten ,anoe sěla-sělana dipělakan bangsa lalab -lalaban . G.33. Kebon djěroek
G. 34. Tangkal djěroek noe aloes katjida .
G. 35. Tangkal djěroek anoe geus meh poeroegoel , lantaran minděng ditjangkok .
G. 36. Kebon petetan pitoenggoeleun .
G. 37. Kebon djěroek , dina sěla -sělana dipělakan taleus .
G. 38. Djěroek batoe ( citrus habitus ) , rasana haseum , tapi teu haseum pisan .
G. 39. Djěroek kěprok ti Prigen ( Poenten ).
G. 40. Djěroek sitroen ( citrus medica ) , anoe loba di Poenten . Roepana hedjo sěmoe koneng . Keur tangkal - toenggoel haseum teuing .
G. 41. Djěroek Tjina, amis rada heuras .
G. 42. Djěroek Paseh ti Bandjar , rasana amis , roepana koneng .
G. 43. Djěroek Bandjar , noe leutik . 01 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20
G. 44. Djěroek manis ti Kroja , rasana amis .
G. 45. Djěroek manis noe leutik ti Kroja keneh , rasana amis .
G. 46. Djěroek Garoet ( Tjiandjoer ) , rada aja haseuman .
01 ייייייייי 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20
G. 47. Djěroek manis ti Soekorědjo , rasana amis aja haseuman .
G. 48. Djěroek mandarin Djěpoen , rasana haseum , ti Poenten .
G. 49. Djěroek Banten , rasana aja haseuman , eusina roepana koneng .
G. 50. Djěroek ragi ti Banten djeung ti Tjiamis .
G. 51. Djěroek manis Rembang . Djěroek mandarin Tasikmalaja . " " Ngandang . " kěprok Poenten .
G. 52. Djěroek manis Rembang . " "
Djěroek mandarin Tasikmalaja . Ngandang . " kěprok Poentěn .
G. 53. Djěroek manis Rembang . " " Ngandang . "
Djěroek mandarin Tasikmalaja . kěprok Poentěn .
G. 54. Djěroek manis .
G. 55. Djěroek Garoet .
G. 56. Djěroek paseh atawa djěroek Garoet .
G. 57. Djěroek manis . G. 58. Djěroek manis .
Lampiran : I.
No. 1.
Inlandsche
Verzendvereeniging
POENTEN
NAAM Pa Samin
WOONPLAATS dessa Boeloekerto
Digitized by Google
| vracht Manis Keprok spoor | ontvangen | Κ. P. M. | |||||||||||
| _ | 1 | 1 | |||||||||||
| ______________________ | 12 Mei 415 | ||||||||||||
| 1 | |||||||||||||
| 1 | |||||||||||||
| 1 | _ | ||||||||||||
| 1 | _ | ||||||||||||
| L | _ | ||||||||||||
| L | 1 | ||||||||||||
| 1 | 1 | ||||||||||||
| 1 | |||||||||||||
| L | 1 | ||||||||||||
| L | 7 | 1 | |||||||||||
| 1 | 7 | 1 | 7 | ||||||||||
| 1 | 7 | 1 | 7 | 7 | |||||||||
| 1 | 7 | 7 | 7 | ||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 7 | ||||||||||
| 1 | 7 | 7 | 7 | 7 | |||||||||
| 1 | 7 | 7 | 7 | ||||||||||
| 1 | 7 | 7 | _ | 7 | |||||||||
| 1 | 7 | 1 | 7 | ||||||||||
| 1 | 7 | 7 | 7 | ||||||||||
| 1 | 7 | 7 | 1 | 7 | |||||||||
| 1 | 1 | 7 | 7 | ||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 1 | ||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 1 | ||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 1 | ||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 1 | ||||||||||
| 1 | 7 | 1 | |||||||||||
| 1 | 1 | 7 | 1 | ||||||||||
| 1 | 7 | 1 | |||||||||||
| 1 | 1 | ||||||||||||
| 1 | 1 | 1 | |||||||||||
| 1 | 7 | 1 | |||||||||||
| 1 | 1 | ||||||||||||
| 1 | 1 | _ | |||||||||||
| 1 | 1 | ||||||||||||
| 1 | 1 | _ | |||||||||||
| 1 | _ | ||||||||||||
| LIGE SALDO'S ONTVANGEN VOOR VERVALLEN ZENDINGEN | ||||
| 一 | Bedrag | Bedrag Bedrag | Bedrag | |
RLGFILN
Digitized byGoogle
RLG
OLIN LIBRARY - CIRCULATION
DATE DUE
| MAR-2-9-199 | 1 | 1 | _ |
| 1 | |||
| _ | |||
| _ | |||
| _ | |||
| _ | |||
| 1 | _ | ||
| 二 | 1 | _ | |
| 1 | _ | ||
| 1 | _ | ||
| _ | |||
| _ | |||
| 1 | _ | ||
| 1 | 1 | _ | |
| _ | |||
| GAYLORD | GAYLORD PRINTEDINU.S.A. | PRINTED IN U.S.A. | |