Baca PDF (OCR): Tjarita poesaka. Karanganana Th. J. A. Hilger; disoendakeun koe M. K. Partadiredja

84 halaman · 7 halaman diproses dengan OCR · 5.1 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
  2. TJARITA POESAKA
  3. EUSINA:
  4. I.
  5. II .
  6. SOEKAN-SOEKAN.
  7. II .
  8. SOEKAN-SOEKAN.
  9. III .
  10. KAWINAN AJA KAREUWAS.
  11. IV.
  12. KAHOEROEAN .
  13. V.
  14. AHLI TOETOELOENG DJEUNG KABAGEURAN .
  15. VI.
  16. TAMBAH KATJILAKAAN DI WANGKAL .
  17. VII .
  18. AKAL BANGSAT .
  19. VIII.
  20. PITOELOENG NOE TEU PISAN -PISAN DINJANA.
  21. IX.
  22. X.
  23. KONTRAKAN RAWA-TAMTOE.
  24. XI.
  25. TILOE BANGSAT .
  26. XII.
  27. PANOETOEP .
  28. PLGFN

Serie No. 317 Hargana f 0.85 Wason PL5454 H64 TJARITA POESAKA KARANGANANA Th. J. A. HILGERS . P. DUCRO. UITV .

ASIA

OUITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR KALOEARANCE BALE POESTAKA

CORNELL UNIVERSITY LIBRARY

DATE DUE

ech

DATE DUE
1
_
_
GAYLONOGAYLORD PRINTEDINU.S.A.I

Serie No. 317 Hargana f 0.85

KARANGANANA Th . J. A. HILGERS DISOENDAKEUN KOE M. K. PARTADIREDJA Goeroe basa Soenda di Sakola Menak BANDOENG . KALOEARAN BALE POESTAKA 1920 DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR WELTEVREDEN . SLIERALY ROUCROS UITV.

TJARITA POESAKA

EUSINA:

Katja I. Moestari . 1 II. Soekan -sockan 7 10 III . Kawinan aja kareuwas IV. Kahoeroean 15 20 V. Ahli toetoeloeng djeung kabageuran VI. Tambah katjilakaan di Wangkal . 25 VII Akal bangsat . 36 VIII . Pitoeloeng noe teu pisan -pisan dinjana . 43 IX. Bagdja noe teu disangka-sangka . 48 X. Kontrakan Rawa -Tamtoe . 57 XI. Tiloe bangsat . · 63 XII. Panoetoep . 889 68

494108

I.

MOESTARI .

Baheula di lemboer Wangkal bawahan Banjoewangi , aja hidji loerah , ngaranna Moestari , katjida dipikarěsěpna koe oerang dinja . Oepama aja noe boga niat, naon bae, teu koe hanteu koedoe nanja heula ka manehna sarta njoehoenkeun dinasehatan . Wantoening djéléma bageur ahli toetoeloeng , toeroeg - toeroeg lampar panjabaan , legok tapak genteng kadek , mindeng tjampoer djeung Walanda , djadi bisa pisan merean pitoedoeh teh. Teu kadoega nendjo noe měsoem -měsoem , tjeuk pikirna tangtoe eta djělěma keur manggih kasoesahan , ngan teu kadoegaeun ngomong bae.

Lamoen aja noe boetoeh teu kadoegaeun ngomong , toeloej bae ngadjoeal parena atawa bakona ka Tjina atawa ka oerang Arab , teu njarita heula ka Moestari , eta Moestari sok ngamběk karana ngadjoealna sok moerah .

Kitoe deui oepama aja oerang Arab atawa Tjina asoep ka lemboer rek barangbeuli , meuli naon bae, eta Loerah poesingeun katjida , sabab loba noe sok nipoe noe leutik . Da ari koe Moestari mah , lamoen aja oerang lemboer rek barangdjoeal , naon bae , saleuwihna tědaeunana , sok dipangdjoealkeun ka noe bageur , noe teu moponteng harga ; sarta di mana geus dibajar , doeitna dibikeun ka noe boga bahan . Malah loba anoe heraneun , jen bahanna sakitoe pajoena Si somahan teh atoheun sarta katjida - tarimaeunana . Sawareh mah sok aja panarimana ka loerah , tapi tara ditampa, omongna : ,,Kami mah geus tjoekoep , entong make dibere koe maraneh ; soepaja maraneh salamet bae , geus atoh .”

. TJARITA POESAKA 1

Moestari estoe djělěma tjoekoep , bandana teh teges beunang běrěsih pisan . Waktoe oemoer 16 tahoen manehna waloerat pisan , ari kapintĕranana ngan bisa matja djeung noelis saeutikeutikeun ; nja ngamagang di toean Maarten , harita djadi Aspirant-Controleur . Tapi sanadjan djadi magang , ari digawena mah sadjongos bae , itoe tjokot ieu bawa . Sok radjeun oge noelis. saeutik-eutikeun , tapi tjarang. Ari kana gawe katjida saregěpna djeung sagala oeroesan saběněrna . Toean Maarten njaaheun naker, djaba ti gadjih, sok dipaparin papakean noe harade ; ari angkat-angkatan ka mana -mana sok ditjatjandak .

Gadjihna koe manehna sawareh sok ditjengtjelengankeun dina kopěr , tara tjara boedjang sedjen , make didjadjankeun kabeh ; ieu mah apik kana rědjěki teh ; dadaharan tjoekoep koe paparin toeanna bae , ngareunah ongkoh ; djeung ari aja semah sok meunang pěrěsen , pek dibeulikeun ka noe perloe , atawa diteundeun .

Sanggeus toean Maarten kagoengan njonja oge , geus djadi Controleur , manehna teu bidjil , da njonjana oge resepeun miara manehna .

Meunang leuwih ti 12 tahoen di toean Maartenna , pareng tocanna teu damang , koedoe titirah ka Nagri-Walanda , atoeh Moestari , nadjan bětah oge kapaksa koedoe ka loear, da ari miloe mah ka Nagri -Walanda , taja pětana . Doeit keur meuli imah djeung sawah , moending , tatjan boga , toeloej bae harita ngadjadjapkeun ka Batawi , bari sědja neangan pagawean . Gantjang meunang pagawean , tapi ingetanana saolah -olah toetoenggon bae, di mana toeanna moelih ti Nagri -Walanda , rek aboes deui ka toean Maarten bae , karana di Nagri -Walandn , mah ngan baris doea tahoen .

Eta teh kadjadian. Barang geus 2 tahoen di Batawina , dina hidji poë meunang bedja , jen toean Maarten sapoetra -garwana geus soemping deui ; geuwat nepoengan ka losmen . Geus teu kira -kira bae baroengaheunnana barang amprok teh, komo poetrapoetrana toean Maarten mah , samalah dipoentangan diadjak oelin tjara kapoengkoer bae . Ti dinja pindah deui bae Moestari ka doenoengannana bareto , datang ka aja poeloehna deui tahoen , něpi ka toean Maarten djadi Resident. Geus kito9 aja kĕrsana moelih ka Nagri -Walanda , baris njakolakeun poetra -poetrana sarta moal ka Djawa-Djawa deui . Moestari katjida ngahĕroekna doemeh koedoe papisah djeung doenoengan noe geus karasa kahadeanana . Tapi ajeuna mah geus boga doeit keur meuli lemboer djeung sawah , moal boeboedjang deui di noe sedjen . Toeloej bae balik ka Wangkal , tempatna bali geusan ngadjadi , beuti mělik pamĕlaran . Di dinja meuli lemboer , njieun imah hade , meuli sawah djeung moending keur ngagarapna . Anakna si Wirio, harita kakara oemoer 12 tahoen , noe baris mantoe -mantoe bapana digawe .

Teu lila, tina kabageurannana , Moestari kapilih djadi loerah di dinja. Atoeh ditoenda tanina teh , sawahna disewakeun ; ajeuna mah ngan ngoeroes desa bae djeung djělěmana , bisi aja kaboetoehna atawa kakoeranganana naon -naon .

Koe sabab djělěma -djělěma di dinja njaraaheun ka loerahna , hatena talĕngtrěm , kana gawe saroehoed , atoeh noe tani loba noe moekti, noe dagang loba noe beunghar ; djadi desa Wangkal teh pangsoegihna bae di sa-Banjoewangi mah . Pare kaloearan ti dinja mah panghadena , bako nja kitoe keneh ; djeung miarana bako , oerang dinja mah pangbisana bae ; kasohor pisan bako Wangkal pangngeunahna , hargana oge leuwih ti di sedjen těmpat .

Moestari lila-lila kolot, datang ka djadi aki -aki koendang iteuk . Oerang Wangkal kabeh geus salempang bac , nilik sareat , loerahna tangtoe tereh maot , soesah pigantieunana . Poegoeh ari anakna , si Ardjo di Wirio, pertjekana djeung bageurna mah geus tjara bapana bae , tapi leutik keneh, moal beunang didjieun loerah .

Kĕrsa Allah Anoe Kawasa , kasieun djeung kasalempang oerang Wangkal teh kadjadian ; kaboekti . . . leuwih tereh ti sangkaanana . Moestari gering pajah, ganti poë beuki loengse , ganti isoek beuki ripoeh ; doekoen mah doekoen , geus sababaraha ganti, euweuh tapakna, kasakitna anggoer beuki madjoe , něpi ka njamarkeun maneh .

Djělěma oerang Wangkal djoeldjol, ngaralajad ; noe tjeurik loba , nendjo Moestari sakitoe pajahna . Koemaha atoeh da djělěma teh kabeh geus asa ka bapa bae, ka loerah teh.

Panganggeusan , njampeurkeun si Wirio, ti dinja saoer Moestari kieu :

,, Oedjang , ti babaheula bapa teh saběněrna -satěměnna , tara ngalampahkeun kagorengan , salawasna saestoena , noe matak geus kolot teh ngarasa bagdja . Koe maneh koedoe toeroetan , tangtoe maneh salamět . Ari di imah noe mangkoe karahajoean , nja itoe , kĕris , poesaka ti aki maneh ; toeh noe ngagantoeng dina bilik . Maparinkeunana waktoe rek poepoes pisan , lahirna : ,,Bapa teu aja deui titinggal ka maneh , ngan ieu kĕris koedoe ingětkeun, ieu teh poesaka . Satoengtoeng ieu keris aja di imah maneh mah , tangtoe rahajoe . Ampihan hade -hade ; patjoean rek didjoeal , karana moen ka loear ti imah tangtoe sagala hikmatna miloe ."

Eta piwoeroek aki maneh koe bapa ditoeroet , sarta kabeh karasa . Sanadjan bapa henteu beunghar , tapi ari malarat mah tatjan ngalakon . Ajeuna eta poesaka teh ragrag ka maneh ; ampihan sing hade , sing apik, djieun toelang - tonggong . Oelah ngan ngingětkeun tanda mata ti bapa bae, koedoe ingětkeun karahajoean djeung kabagjaan sarerea , salěmboer ieu di tangtajoengan koe ieu keris . Satoengtoeng aja ieu mah , kĕris , di dieu , mokaha , djaoeh balai , parěk rědjěki ."

Geus ngomong kitoe, tajohna bawaning ripoeh reup peureum ; teu kadoegaeun deui ngomong . Wirio, bari nendjo teh ka bapana , njoeroetjoed tjipanonna . Beungeut bapana pias moenggah sepa . Kawas noe hajangeun keneh ngomong , biwirna oembat -emboet , tapi geus taja tangan pangawasa , teu bisaeun pok. Ditjabak koe si Wirio leungeunna geus tiis pisan . Amběkanana beuki kĕndor beuki kěndor, kěrělěk bae , Moestari ladjéng .

Moestari, Loerah Wangkal , tilar doenja

Gěr awewe tjareurik , baroedak reang ditinggalkeun maot koe sepoeh panjaloeoehan salělěmboer , pananggeuhan saimah . Sarerea pada sedih , prihatin . Harita keneh bedja geus něrěkab , saantero lemboer Wangkal geus pada terang . Djoeldjol noe ngaralajad awewe lalaki , kawantoe bapa sarerea tea , toer sakitoe bageurna , atoeh meh toengkěb , daratang kabeh .

Pasosore djoeng digotong ka pasarean , dipajoengan agreng , moengah pinoeh , djědjěl djalan gede koe djělěma , sarerea pada hajang djadjap ka pasarean . Noe mawa baki pinoeh koe kěkěmbangan , djeung koekoes mělědoeg ( 1) . Sanggeus dikoeboer , djělěma maroelang .

Teu koengsi lila di Wangkal geus ngadjěněngkeun deui loerah, gantina Moestari , noe pangbeungharna djeung pangdipikolotna .

Ari radjakajana Moestari kabeh ragrag ka Wirio, sabab indoengna mah geus maot , heulaeun bapana , djeung manehna teu bogaeun doeloer .

Děmi si Wirio djělěma djagdjag pisan ; oemoerna harita kira -kira 30 tahoen , kalakoeanana geus sabapana bae , ma'loem pangadjaran bapa djeung prak ditjontoanana , sagala oeroesan , komo kana kabageuran mah djeung lampah saestoena , kabeh noeroen . Tjitjingna di oeroet imah bapana bae, djeung pamadjikan loeloes roentoet , tara aja pantjabagahna ; boga anak tiloe, lalaki doea , awewe hidji

Doeit titinggal bapana dibeulikeun kana moending sarakit , harade , baredas ; roda weuteuh hidji djeung parabot njawah, sapĕrti patjoel , woeloekoe djeung djaba ti eta , niatna rek noeloejkeun njawah djeung ngěbon bako . Geus kitoe njieun leuit djeung goedang keur ngome bako , dibarantoean koe batoer -batoerna salémboer .

Wirio estoe djadi toekang tani ěnja , ana digawe tégés plěngplengan , ti isoek něpi ka boerit , djeung apik deui ngoeroesna sawah, ngomena djeung ngojosna kěbon bako teh ; moepoena oge lamoen teu atjan meudjeuhna , tatjan prak. Di sadjero lěmboer Wangkal mah teu aja noe noeroeban kadaekna djeung apikna , noe matak parena djeung bakona euweuh noe nanding ; saban taoen loba pare djeung bako koe manehna didjoealan .

Loba batoer -batoerna salěmboer , dina oesoem ngeureut , menta toeloeng pangdjoealkeun bakona ka Wirio. Koe manehna ditoeloeng , da pamakena teh tjara bapana bae , ahli toetoeloeng ; atoeh djělěma -djělěma teh tararimaeun. Ma'loem oerang kampoeng teu pati tjampoer tjara Wirio ; ari Wirio mah loba kawawoeh, bareto sok mimiloe djeung bapana , djeung bisa ngomong deui . Komo ajeuna mah sanggeus matjakal dagang sorangan , koedoe bisa tjampoer djeung oerang Eropa, oerang Arab , oerang Tjina , atoeh kanjahona djeung pěrtjekana teh beuki tambah bae .

Sanadjan Moestari geus maot oge ari oerang Wangkal mah tětěp sarěnang , da si Wirio mapan beunang dipake pananjaan , sabapana bae . Di Wiriona , ngarasa bagdja deui djeung senang ,

(1) Enja-enjana pikeun agama Islam mah kitoe teh teu hade .

M. K. Partadirědja.

sagala pakarĕpan gampang ; dina pikirna , koe watek keris poesaka tea , titinggal ti bapana . Lain Wirio bae noe boga angkeuhan kitoe teh , sakabeh djělěma bae di desa Wangkal , nětěpkeun , jen eta kĕris gede kasiatna. Geura kieu tjaritana tjeuk noe bogana pribadi :

Baheula, kira -kira geus doea ratoes tahoen leuwih , eta kĕris kagoenganana hidji pangeran . Karoehoenna Wirio, ngaranna Rahman , ngagandek di eta Pangeran . Dina hidji mangsa eta Pangeran angkat toeboedjeng , njandak pirang -pirang pangiring, kersana ngalasan banteng , oentjal djeung měntjěk sarta sadjaba ti eta ; di leuweung ngadegkeun pasanggrahan keur paragi rĕrebna . Barang keur di pangboedjĕngan , Pangeran teh diiring koe Rahman, kasaroeng di tengah leuweung. Aproek -aproekan nejangan pasanggrahan tea teu kapanggih ; njeungeut bědil mah , njeungeut bědil , djeung tjotjorowakan , ngarah kadenge koe babatoeran , geus wěleh.

Ti dinja reup boerit, Pangeran teh palajeun katjida djeung hojongeun toeang deui , ladjěng ebog handapeun kai . Rahman mah tina rada toeman , aja keneh tanaga . Manehna nendjo djoeraganana sakitoe loengsena , watireun , toeloej madjoe saeutik , neangan soegan aja boeboeahan , tapi loepoet , teu manggih . Kadenge ti kadjaoehan , ngerelekna mah sada -sada tjai ngotjor ; tjeuk pikirna : „ Tah soegan bae di dinja aja dahar -dahareun ". Geus kitoe toeloej disampeurkeun , hese pisan djalanna , make naratas saliara rěmpět pisan . Ari beh teh aja lebak leutik , di handapna aja tjai ngelerek . Sisi-sisina loba tjaoe baroeahan . Gantjangna Rahman ngala noe arasak, geuwat boeroe -boeroe balik ka djoeraganana ; tjeuk hatena , manaha teuing katarimana koe Pangeran .

Keur kitoe, bělědag aja bědil disada . Dina hate Rahman : ,,Naha Pangeran , kitoe ? Aja naon ?" Atawa batoer -batoer njaloekan koe bědil ? Teu poegoeh pikirannana Rahman . Geuwat moeroe ka tempat ebogna Pangeran tea , bari tjeuk pikirna : „ Aja naon di dinja teh ? Aja maoeng kitoe? Djoeragan kitoe dirontok maoeng ?"

Rahman sadjeroning madjoe ka hareup , taki -taki , gilig, estoe euweuh kasieun ; aja naon bae noe baris njilakakeun ka djoeraganana , moal diambeuan . Tjoetjoek - tjoetjoek noe sakitoe rogokna teh djeung rempět deui , teu dirasa , téroes bae moro Pangeran tea. Barang datang , Pangeran teh euweuh , ngan kari kèrisna bae ngagoler ; geuwat ditjokot , toeloej gěgĕroan .

Kadenge tinoe bala aja noe njaharoeroeng , ditema koe noe ngagérém matak gila katjida , tetela maoeng . Moenggah tjara angin Rahman moeroena ka dinja . Ari beh teh maoeng lodaja , keur njakětěm Pangeran tea , rek dihakan. Tapi maoeng teh geus raheut saeutik beuteungna .

Rahman tětěg hatena , dek dibědil , tapi doemadak bědil teh teu daekeun beukas . Maoeng barang nendjo noe rek ngabědil , sot

Pangeran, toeloej naradjang . Rahman ngageuwat ngadeukeutan tangkal kai bari njaboet kĕris kagoengan Pangeran tea . Barang geus deukeut , maoeng teh gědjos ditěwěk boeka kelekna, golepak roeboeh , teu ĕngap deui . Ti dinja Rahman moeroe djoeraganana noe ngagoler pinoeh koe gětih .

Kaběněran pangiring -pangiringna noe loba daratang , da riab nareangan , kakara kapanggih harita , keur digoegoeloeng koe Rahman. Gantjang dangdan gotongan , Pangeran dibawa ka dajeuh . Raheut-raheutna teh kaběněran euweuh noe parna , dina doea minggoe geus damang deui.

Rahman meunang pamoelang tarima gede katjida , sabab sakitoe belana ; moen euweuh manehna mah sareatna Pangeran teh meureun dihakan maoeng .

Ari panarimana , kĕrisna tea bae dipaparinkeun . Atoeh Rahman soeka boengah katjida , geus taja hinggana meunang hormatan gěde .

Da moenggoehing oerang Djawa aja kapĕrtjajaan kana kĕris , lamoen geus dipake maehan maoeng , eta dianggep loehoeng . Noe matak pantes Rahman katjida atoheunana .

Barang Rahman maot , keris teh ragrag ka anakna, téroes toeroen -toemoeroen nepi ka Wirio. Eta teh djadi poesaka gěde , sabab kapĕrtjajaan djělěma , pakarang noe hade mah , komo noe aheng , beunang dipake panjinglar , atawa panoelak sagala bahla , watekna matak rahajoe salélěmboer , matak bagdja sadjadjagat . Eta Wirio sagala kasalametan kabagjaan teh angkeuhna pěrwatěk eta bae , keris tea . Geura ieu ka hareup aja tjaritaannana , noe matak beuki parageuh bae kapërtjajaannana kana pakarang teh (').

(') Dina agama Islam mah teu hade soemende lian ti ka Toehan teh. M. K. Partadirědja .

II .

SOEKAN-SOEKAN.

Di lémboer Wangkal kaběnéran keur oesoem diboeat , oenggal isoek ngabroel awewe-lalaki , kolot-boedak , ka sarawah rek diboeat . Garětol pisan diboeatna , sakitoe poë bangětna teh , kana beungeut moenggah asa direrab , teu dihiding, abong -abong geus taroeman .

Moen oerang , moal koeat lila , ari ieu mah kawas anggoer raresepeun , malah tarimaeun kana panas kitoe teh , sabab njarahoëun , jen panas teh matak hade kana pěpělakan , kana piboeateun . Dina oesoem dadaharan , broel kabeh ka saoeng oeroet ngagĕbahan manoek . Gek sarila ngalingkoeng , ngareunaheun pisan daladaharanana .

Estoe katjida pikeun oerang Priboemi mah ana diboeat teh , saroeka atina, pada ngarasa asa pangbeungharna , asa pangbagdjana bae ti antero machloek . Komo oerang Wangkal mah , noe tjaroekoepna , ngagalědekeunana soekan -soekan , palohara .

Ari sore , bada asar , baralik bari marawa eundan . Ti kadjaoehan keneh geus kadenge sora gamelan di lemboer , beuki deukeut beuki tetela, matak résěp . Ari djol datang , rep tatabeuhan teh sakeudeung , sihoreng rek ganti lagoe , kěbodjiro , ngabageakeun .

Noe marĕntas diboeat teh toeloej nareundeun eundanna geus kitoe pek marandi di waloengan , ari mentas mandi , toeloej dangdan , papakean běrěsih , těroes kana soekan -soekan . Di dinja roepa-roepa aja noe njarita , aja noe seuseurian , saroeka ati . Teu lila, djol baroedak awewe tarěgép, ngabagikeun roko djeung kadaharan .

Kitoe bae oerang lemboer teh , pepestaan sababaraha peuting . Sanggeus pare ngampih kabeh djeung bako dina leuit djeung di goedang sababaraha toempang , aja noe dihear-hear keneh dina kadjang, sawareh, eta oerang lemboer mah geus , bae : asa pangbagdjana bae, di alam doenja teh . Teu salempang inggis kakoerangan , sabab diboeat sakitoe parengna , malah loba leuwihna tina baris dahareun , sarta didjarceal . Wirio oge nja kitoe . Meh salawasna diboeatna oentoeng Pamadjikanana djeung anak-anakna tjalageur . haroerip, komo Wiriona mah, djagdjag , daek . Tjeuk

Pangeran, toeloej naradjang . Rahman ngageuwat ngadeukeutan tangkal kai bari njaboet kĕris kagoengan Pangeran tea . Barang geus deukeut , maoeng teh gědjos ditěwěk boeka kelekna, golepak roeboeh , teu engap deui . Ti dinja Rahman moeroe djoeraganana noe ngagoler pinoeh koe gětih .

Kaběněran pangiring-pangiringna noe loba daratang , da riab nareangan , kakara kapanggih harita , keur digoegoeloeng koe Rahman. Gantjang dangdan gotongan , Pangeran dibawa ka dajeuh . Raheut-raheutna teh kaběněran euweuh noe parna , dina doea minggoe geus damang deui .

Rahman meunang pamoelang tarima gede katjida , sabab sakitoe belana ; moen euweuh manehna mah sareatna Pangeran teh meureun dihakan maoeng .

Ari panarimana , kĕrisna tea bae dipaparinkeun . Atoeh Rahman soeka boengah katjida , geus taja hinggana meunang hormatan gède .

Da moenggoehing oerang Djawa aja kapĕrtjajaan kana kěris , lamoen geus dipake maehan maoeng , eta dianggep loehoeng . Noe matak pantes Rahman katjida atoheunana .

Barang Rahman maot , keris teh ragrag ka anakna, tĕroes toeroen -toemoeroen něpi ka Wirio. Eta teh djadi poesaka gěde , sabab kapěrtjajaan djělěma , pakarang noe hade mah , komo noe aheng , beunang dipake panjinglar , atawa panoelak sagala bahla , watekna matak rahajoe salělěmboer , matak bagdja sadjadjagat . Eta Wirio sagala kasalametan kabagjaan teh angkeuhna pěrwatěk eta bae , keris tea. Geura ieu ka hareup aja tjaritaannana , noe matak beuki parageuh bae kapértjajaannana kana pakarang teh ( ').

( ') Dina agama Islam mah teu hade soemende lian ti ka Toehan teh. M. K. Partadirědja .

II .

SOEKAN-SOEKAN.

Di lemboer Wangkal kaběněran keur oesoem diboeat , oenggal isoek ngabroel awewe -lalaki , kolot-boedak , ka sarawah rek diboeat . Garetol pisan diboeatna , sakitoe poë bangětna teh , kana beungeut moenggah asa direrab , teu dihiding , abong -abong geus taroeman .

Moen oerang , moal koeat lila , ari ieu mah kawas anggoër rarĕsépeun , malah tarimaeun kana panas kitoe teh, sabab njarahoëun , jen panas teh matak hade kana pěpělakan , kana piboeateun . Dina oesoem dadaharan , broel kabeh ka saoeng oeroet ngagĕbahan manoek . Gek sarila ngalingkoeng , ngareunaheun pisan daladaharanana .

Estoe katjida pikeun oerang Priboemi mah ana diboeat teh , saroeka atina, pada ngarasa asa pangbeungharna , asa pangbagdjana bae ti antero machloek . Komo oerang Wangkal mah , noe tjaroekoepna , ngagalědekeunana soekan -soekan , palohara .

Ari sore , bada asar, baralik bari marawa eundan . Ti kadjaoehan keneh geus kadenge sora gamelan di lemboer , beuki deukeut beuki tetela, matak rěsěp . Ari djol datang , rep tatabeuhan teh sakeudeung , sihoreng rek ganti lagoe , kebodjiro, ngabageakeun .

Noe maréntas diboeat teh toeloej nareundeun eundanna geus kitoe pek marandi di waloengan , ari mentas mandi , toeloej dangdan , papakean beresih , téroes kana soekan -soekan . Di dinja roepa-roepa aja noe njarita , aja noe seuseurian , saroeka ati . Teu lila, djol baroedak awewe tarěgép, ngabagikeun roko djeung kadaharan .

Kitoe bae oerang lemboer teh, pepestaan sababaraha peuting. Sanggeus pare ngampih kabeh djeung bako dina leuit djeung di goedang sababaraha toempang , aja noe dihear -hear keneh dina kadjang, sawareh , eta oerang lemboer mah geus , bae : asa pangbagdjana bae , di alam doenja teh . Teu salempang inggis kakoerangan , sabab diboeat sakitoe parengna , malah loba leuwihna tina baris dahareun , sarta didjarceal. Wirio oge nja kitoe . Meh salawasna diboeatna oentoeng Pamadjikanana djeung anak-anakna tjalageur . haroerip, komo Wiriona mah , djagdjag , daek . Tjeuk itoenganana : oenggal tahoen koedoe bisa nambahan sawahna : aing makaja teh koedoe tambah madjoe ; něpi ka koemaha antekna aing nja madjoe , aing teu njaho , tapi noe karasa pangadjak hate aing: Koedoe tambah kaja . . . Koedoe woewoeh tjoekoep . Tjeuk bapa geuning , bangsa deungeun mah baleunghar katjida , da garětol makaja djeung rarikrik kana rědjěki deui . Manehna ngarasa djadi djělěma bagdja , sabab moen těroes kitoe bae , tangtoe anak-anakna engke kaasoep djělěma tjaroekoep djeung tarohaga . Eta pang bagdia kitoe teh noedingna kana watěk kĕris poesaka tea bae . Malah batoer -batoerna salěmboer Wangkal mah njangkana, pang oentoengna diboeat teh, koe kasiat eta kĕris .

Dina hidji sore , kira -kira geus doea minggoe ti mentas pepestaan diboeat tea , Wirio djeung bodjona keur dalahar , djol aja semah ; dahoeanana , ti Galagah . Katjida baroengaheunana ewe -salaki , didatangan doeloerna teh ; toeloej bae dibawa dahar , saaja -ajana bae . Tatamoe teh , cukeur tjape oeroet leumpang djaoeh , tambah lapar, deui, ana běk teh dahar , teu woedoe ponjo .

Keur dahar ditanja koe Wirio : ,,Kang Isla, koemaha di Galagah , atjeuk djeung baroedak daramang ?"

Djawab Isla : ,, Pangestoe , teu aja sawios -wios .

Akang teh aja pibedjaeun , ka dieu teh . Si Mingkěm geus aja noe nanjaan rek dikawinkeun ka anak Toea -kampoeng , ngaranna Soedjono ; waktoena sapoeloeh poë deui ti ajeuna . Atoeh saajaaja ; koe niat mah hajang make rame -rame nanaon . Mimiti di akang , isoekna di besan . Ngan mendingna teh moal koedoe neangan doeit , da diboeat teh aja pinareng . Kakara leuit parinoeh kitoe .'

Tjeuk Wirio : ,,Soekoer naker pirang-pirang noehoen . Di dieu oge běrěkah , bisa bae mahanan meureun ka Mingkěm , saroeng boetoet -boetoet bae mah ."

Djeung deui akang pang ka dieu teh, babakoena ngondang . sarerea oelah teu datang ."

Tjeuk Wirio : ,,Taksiran moal aja halangan , da moending ajeuna mah ngalanggoer , beunang dipake narik ka Galagah ; sabab ari leumpang mah taja pětana , ti dieu, djeung barocdak lalemboet. kitoe . Mangga atoeh koering bade njarengan ."

Anak Wirio teh anoe lalaki doea geus galěde , ngadarenge kolotna njarita kitoe , aratoheun pisan ; da harajangeun ka Galagah , djeung ieu mah kana pesta deui . Isla oge boengaheun , Wirio baris datang , sabab tadina sieuneun teu beunang diondang , da getol digawe tea. Beunang diseboet tara bae ingkah ti imah teh , ari lain kana gawe mah.

Sanggeus dalahar, baroedak harees ; Wirio djeung Isla aroedoed , pamadjikanana peperen .

Tjeuk Isla : „ Akang aja pamenta saeutik. Isoek akang rek ka dajeuh, balandja keur sidekah . Soegan bisa babarengan djeung adi da adi mah wawoeh djeung toko -toko ."

11,Mangga " , tjeuk Wirio. ,,Koering oge kabeneran , bade ka dajeuh , rek oedoe-ada pěrkara bako ."

Tjeuk Isla : ,,Kaběněran atoeh !"

Njaritana něpi ka peuting , geus kitoe toeloej sarare .

Biasana Wirio saanak bodjona , soeboeh -soeboeh geus haroedang , Isla oge miloe hoedang . Sanggeus marandi , gek darioek , toeloej barangdahar , isoek-isoek . Bari njanghareupan sangoe ngěboel teh, Wirio ngomong : ,,Tahoen ieu teu aja reureuhna ngan sidĕkah bae . Mimiti di oerang njalametkeun diboeat , mani sababaraha peuting , noron . Ajeuna rek ngawinkeun Mingkěm ; geus kitoe kamari ngadenge , toea -kampoeng rek njalametkeun deui , doemeh boga intjoe ."

Tjeuk Isla : ,,Entong soesah . Naha lebar , waktoe dipake sidekah ? Akang mah sieun pisan adi teu daratang kana kawinan Mingkem teh "

Tjeuk Wirio : Entong salempang eta mah, moega oelah aja halangan bae . Ngomong kitoe teh , eta , oerang , tahoen ieu loba pisan djalan , koedoe soedjoed soekoer ka Pangeran .

Hajoe ah , oerang bral ka dajeuh , soepaja bisa balik memeh tengah poë ."

Tjeuk Isla : ,,Hajoe."

Djoeng arindit ka dajeuh.

Ari nepi ka pasar , Isla balandja meuli badjoe roepa -roepa , samping , totopong , djeung rea -rea deui , sabab dina kawinan teh , anak-anakna koedoe harade papakeanana .

Ari Wirio ngabadamikeun bako ; oentoeng pisan , bakona , djeung bako batoer -batoerna , pajoe mahal . Toeloej meuli totopong djeung samping noe hade , keur mere ka noe kawinan . Sanggeus salse barangbeuli , toeloej maroelang , reureudjeungan djeung noe pada měntas balandja.

Isla teu téroes balik harita , dianděg koe Wirio , mondok deui , sapeuting . Isoekna sanggeus ngadjangdjian ĕnja , jen Wirio koedoe datang , dina ngawinkeun , kakara Isla moelang ka Galagah .

Ti sadjoengna Isla , Wirio leuwih gětol digawena , karana ka Galagah teh sakoerang -koerangna koedoe opat poë mah . Manehna ngoeroes bako bawaeun ka dajeuh , batoer -batoerna oge tangtoe keur njadiakeun . Geus kitoe djoeng ka kebon , boeroedjoel pelakaneun , keur mělak bako .

Geus salse naon -naon , bakona bawaeun ka dajeuh tea , geus dika-goedangkeun , kebonna kari tjěh pělakaneun , Wirio niatna isoek-isoek djeung anak-bodjona arindit ka Galagah ; pikirna sénang euweuh karingrang.

Koe Wirio geus katjipta , geus kawangwang pisěnangeunana dina pesta , komo ari tjara anak-anakna mah moenggah tingaladjret bakating koe atoh , ngingětkeun kana pirěsĕpeun di Galagah .

III .

KAWINAN AJA KAREUWAS.

Isoekna isoek -isoek , di hareupeun imah Wirio sadia roda , dimoendingan koe moending baredas , sarakit ; kadjangna anjar , mokaha koe panas , atawa koe hoedjan oge. Di djero roda diamparan kasoer , soepaja hipoe darioek .

Wirio ngakoetan boentělan papakean djeung beběkělan , anakna noe gede ngadangdanan roda , dipapaesan koe daoen tjaringin , djeung kěmbang -kembang .

Moendingna dina tandoekna , diboelat -beulit koe mangle , dina beuteungna digentaan , teu repeh , disada bae .

Gantjangna sadia , pamadjikanana Wirio ngais , oenggah ti heula , bari mawa anakna noe leutik , doea . Geus kitoe anak -anakna noe galede mararenahkeun maneh di djero roda, ari Wirio ngoesiran di hareup . Djoeng indit .

Doemeh mimitina njorang djalan lemboer , anoe rada goreng tea , atoeh teu aja ngeunahna dina roda teh , sabab kikipingna meusmeus tigidjleg kana lombang djéro , atoeh ngan djlag-djlig djlěg bae, sakapeung mah make aja noe ngagero , pamadjikanana reuwaseun, tapi Wirio mah tjitjing bae dioek, da geus biasa . Harita Wirio ngaginding katjida , dipokek, sampingna batik aloes , badjoe laken, rangkěpan bodas , beunang ngistrika , totopongna aloes , diběndo rapat, njoren keris , si poesaka , disaboekan epek , aloes . Saoemoerna Wirio kakava njoren eta keris . Tadina mah kana kawinan si Mingkem teh moal ngaginding kitoe , soemawonna kĕrisna, moal dipake , karana ngagantoeng dina loehoereun gělěděg wadah doeit manehna djeung doeit sarerea , batoerbatoerna salĕmboer noe marihape ka manehna . Oerang dinja pikiranana euweuh deui noe pang teu salempangna neundeun doeit , lian ti di imah Wirio, sabab didjaga koe si poesaka . Doemeh pikiranana lamoen si poesaka tea dibawa, geus matak salempang bae , tadina mah eta doeit dina gělěděg rek dibawa . Tapi harita eta kĕris , ditjokot toeloej disoren bae , teu kawawa napsoera hajang nembongkeun ka sobat -sobatna di Galagah ; ari doeit mah teu dibawa.

Pamadjikanana , djeung anak-anakna oge maridang . Geus meunang satengah djam, djol datang ka djalan gede , toeroet sisina ngadjadjar tangkal asěm keur něděng haredjo daoenna . Tjeuk pamadjikan Wirio , barang beh teh nendjo djalan gěde : ,,Toeh geuning djalan gede . Lah aja atoh, da moenggah mabok , eta mah koe djlag-djlig-djlěg djalan lěmboer bieu ."

Moending oge kawas aratoheun datang ka djalan gěde teh . Ngalengkahna sěmoe ngeunaheun ; rodana mani djiga ngagorolong koe maneh , manggih djalan datar.

Satengah salapan ngaliwat lebah dajeuh , geus kitoe njimpang ka katoehoe , asoep ka djalan gede keneh , ngan lain djalan pos ; ieu mah djalan noe djol ka Galagah tea .

Roda teh ajeuna rada kěndor , da nandjak, kawantoe Galagah teh, loehoerna leuwih ti 600 kaki .

Di waroeng eureun sakeudeung , ngaso ; moending diparaban djoekoet , djeung dibere nginoem dina tahang . Ari Wirio saanakpamadjikanana nginoem roedjak asem , tamba hanaang . Sanggeus meunang sapangoedoedan , indit deui.

Kira-kira satengah sawělas , datang ka Galagah . Ti kadjaochan keneh geus dipapag koe sora gamělan . Isoek keneh pisan , eta gamělan geus ditabeuh , ngahoedang kana kaboengahan oerang lemboer .

Wirio ngomong ,,Tah. kadenge sora gamelan , sakitoe ngeunahna ? Eta teh ngabedjaan , jen karia djeung ngabageakeun semah . Tjoba tendjo itoe katja -katjana dipoetjoek make dikěm . bang -kembang koe kertas parada . Tangtoe oenggal noe ngaliwat oge harajangeun asoep, miloe kana karia .

Tjeuk anakna si Drahman , bari ngarameus leungeun , bawaning boengah Pangpangna , eta meureun hajangeun miloe dadaharan , da di noe kariaan mah loba kadaharan ngareunah."

Bapana seuri, teu lila kana katja -katja , padati reg eureun , di hareupeun imah Isla pisan

Di djero imah mah komo papaesna leuwih ti dina katja -katja : Bandera laleutik mani reutjeum , dina tihangtihang balandongan . Kertas beureum kertas hedjo , koneng , didjarieunan kěkěmbangan warna -warna, diterapkeun dina bilik. Loba lampoe keur njaangan balandongan . Dina djoeroena aja gamelan sarta barang Wirio boes asoep , ger tatabeuhan teh ditabeuh panghormat ka Wirio.

Isla, djeung pamadjikanana marapagkeun sarta aratoheun katjida, toeloej pamadjikanana mah djeung anakna , dipěrnahkeun darioek dina samak roebak . Ari Wirio djeung Isla , njoetjoelan padati djeung ngoeroes moendingna . Geus eta , toeloej darioek, saroeka boengah pisan . Wirio njarita lalampahan di djalan, Isla nema tjarita rek karia.

Teu lila sor soesoegoeh dahar , laoekna loba . Ari geus dahar , djol tjikopi , lalawoehna goela kawoeng djeung koeeh -koeeh .

Sora gamelan di ngeunah -ngeunah , kadenge ka lemboer -lemboer noe djaraoeh , saolah -olah ngoearan , jen di Isla keur soekan -soekan kawinan , sarta ka kaoemna sore eta . Moenggah moeroedoel ondangan -ondangan djeung noe rek laladjo , wani teu salabar , hajang geura nendjo bidjilna panganten beunang ngahiasan .

Noe dagang kadaharan pirang -pirang, naragog sisi pager ; djělěma -djělěma , kolot-boedak maui heurin oesik , pada resep laladjo teh, kawantoe mentas diboeat oentoeng , pada baroga doeit.

Poekoel tiloe , djol kareta, aloes katjida kagoengan djoeragan mantri , saosan panganten , koedana sapasang , garinding tarěgép , diobeng koe doea djéléma , darědég , bangoen hareseeun pisan nahanna koeda teh , sina eureun hareupeun Isla . Saban -saban gamelan ditabeuh , teu tjitjing , bangoen rek kalaboer .

Poekoel opat , djol panganten kaloear. Boeroeboel ondanganondangan djeung djělěma -djělěma noe laladjo, pada hajang tegěs . Doeanana didangdanan papakean panganten , araloes katjida , saloearna djiga dikěpoet koe emas bae ; samping songket , saboek patah -těboe ěmas .

Mingkem make siger , badjoe tarate , kangkaloeng, geulang , kilatbahoe , kabeh emas , ditaretes koe intěn . Ari awakna diatal koneng, beungeutna diwědakan bodas , halisna dikeningan, biwirna beureum . Lalakina make makoeta , geulang , kilat bahoe , tjara Mingkěm bae . Soep arasoep kana kareta, ger tatabeuhan djeung pěpětasan , moenggah kaindit . Djoeng kareta teh lalaoenan , baris ka kaoem. Boeroedoel djělěma ratoes -ratoes noetoerkeun . Anak -anak Wirio oge mariloe . Kakara saoemoerna manggih karěsěp kitoe, nepi ka teu njaho , naon bakoena noe koedoe ditendjo teh , aja ka noe didangdanan araloes tea , aja ka djělěma loba , ka noe tingběrěbět , baroedak , népi ka pinoeh djalan gede .

Barang geus dilapalan, di masigit, kareta teh balik deui, toeloej panganten ditoeroenkeun tina kareta, diaping koe para istri , noe beunang maridang, kawantoe kaondangan . Berebet pajoengna tiloe araloes , gén narangtoeng dina lawang ka balandongan tea , woer disawer . Toekang njawerna geus ngaleungaleu bae, sorana ngeunah , pokpokanana paham , piwoeroek ka panganten djeung ka sakoer noe nongton ; nasehat araloes pisan , bari teu eureun ngawoer -ngawoer beas , make doeit . Amboe baroedak . sawareh mah lain boedak -boedak teuing , kolot oge miloe , paboro -boro kana doeit . Tampolana mah nepi ka aja noe tigoeling, bawaning pasěděk -sěděk .

Sanggeus disawer , toeloej asoep kana balandongan , pek direndengkeun, darioek dina korsi , estoe tjaritjing , djiga teu oesik-oesik atjan, tjara artja, djeung teu ngomong deui ; dilaladjoan koe tatamoe -tatamoe ondangan djeung koe sakoer noe laladjo . Beak karep soekana Isla djeung pamadjikanana , nendjo panganten , mani ragragan tjimata . Geus kitoe , ger sidekah ; ondanganondangan dalahar leuent, noe oedoel, noe njarita , roepa -roepa . Ari geus boerit ngawajang, biasa wajang koelit, tjarita rame , geus lain di kieuna bae djělěma rarěsěpeunana kana wajang, mani poho kana sagala , baning parogot . Sakeudeung -sakeudeung ger sareuri , aja noe ngabarakatak bae, katadji . Sakapeung mah repeh , mani euweuh noe ngomong sakěmek, panonna nareuteup kana wajang, pikiranana arambleng dina lalakonna noe ditjaritakeun koe dalang .

Keur kitoe noe laladjo teh boeriak, njingraj ; aja noe toempak koeda , lebah hareupeun imah Isla , moenggah toetoeroeboen tina koedana , menta djalan rek asoep ka balandongan panganten koedana dipihapekeun ka oerang anoe laladjo , mani katendjo ; gebosna tina iroengna. ngěboel , oeroet diloempatkeun satariktarikna . Barang djol , deuleuna ka noe aja di balandongan , mani moetěr , saroepa aja noe diteangan , bari asoep . Ari geus katendjoëun Wirio , toeloej bae njampeurkeun ; harita Wirio keur dioek di tengah - tengah balandongan ; senang , keur ngarěgépkeun kana wajang. Barang ret teh ka noe njampeurkeun ka manehna , ,,Eeh Saleh ! Aja naon ?" omongna :

Saleh ngadjawabna rada ngaharewos : „ Aja katjilakaan ; mangga bae loengsoer sakedap , bade ditjarioskeun ."

Wirio kaget , toeloej noetoerkeun Saleh ka loear ; heseeun ngaliwatna teh, bawaning heurin koe noe laladjo ; hatena ratoeg kěkětěgan , mani kadenge těgtěganana . Tapi ari kana katjilakaan noe matak hebat , noe geus toemiba ka manehna djeung ajeuna ka oerang Wangkal mah , teu pisan njangka.

Tjeuk Wirio : ,,Aja naon , Saleh ?"

Djawabna, sorana rada dareuda : ,,Di Wangkal kahoeroean , meh kabeh seep ."

Wirio teu kira -kira kagetna , omongna : ,,Kahoeroean ! Amboeamboe !" Ngomongna kitoe bari tanggah nendjo langit, běrěsih paoel , pinoeh koe bentang , rosa tanpawilangan . Ti dinja pok nanja deui ka Saleh : ,,Koemaha imah akang kadoeroek deui ?"

,,Kantěnan , seep pisan."

,,Koemaha leuit, djeung goedang bako ?"

,,Seep eta oge . Malah eusi boemi noe sarae teh , teu aja noe kapoeloek ."

Tjeuk Wirio : ,,Sieun eta bae, doeit titipan batoer , kadoeroek !" Tjeuk Saleh : ,,Naha artos titipan teh teu ditjandak ?".

,,Hěnteu , kabeh ge dina pěti djati , di pangkeng , deukeut énggon .'

,,Atoeh tjilaka teh tambah gěde . Ari panginten teh , artos mah ditjandak . Waktoe boemi kadoeroek , abdi aja emoetan bade lěbět , rek ngabantoen keris poesaka , bari bade ngabantoen eta artos . Namoeng tjeuk Loerah, keris temah ditjandak ; sareng nětěpkeun pisan , jen artos titipan oge tangtos ditjandak sareng keris . Sanes , ari keris teh disimpen dina loehoereun eta pěti , ngadjaga artos ? Sarĕng oerang Wangkal , pang njimpen artos di andjeun teh , doemeh bangět pěrtjajaeunana , jen eta poesaka njinglar sagala bahla ?"

Tjeuk Wirio : ,,Nja kitoe. Ieu mah kabeh salah akang . Běněrna mah eta keris oelah dibawa, sakalian ngarah ngaginding bae mah , kana ieu kariaan . Atawa , moen akang njanjabaan mawa eta keris , doeit oge noe didjaga koe eta keris , koedoe dibawa, sabab noe ngadjagana dibawa.

,,Lah , pohara ieu mah! Koemaha ngagantianana eta doeit , ka sobat -sobat ."

Sanggeus ngomong kitoe, Wirio asoep deui ka balandongan , leumpangna teu pati tétég . Ari sora gamelan mah masih bae, teu eureun -eureun .

Djělěma -djělěma narendjo beungeut Wirio, djoldjol njangka bae, tangtoe aja katjilakaan gede . Wirio toeloej njampeurkeun ka pamadjikanana, ngabedjaan aja katjilakaan . Gantjang nakĕr toeltělna tjarita . Tatabeuhan eureun , dalang repeh . Sarerea pada nendjo ka Wirio djeung ka pamadjikanana. Kasoekaan kariaan teh pegat pisan . Kabeh pada njeboet karoenja ka oerang Wangkal , aja tjotjoba sakitoe bangětna .

Tjeuk Wirio ka pamadjikanana : „ Akang mah rek balik ajeuna pisan ka Wangkal . Ari maneh di dieu djeung baroedak . Lilana tatjan poegoeh . Tangtoe loba oeroeseun . Di mana geus salse , dipapagkeun ."

Isla djeung pamadjikanana, saroekaeun pisan ngarawatan pamadjikan Wirio . Koe sabab kitoe, Wirio senangeun hatena .

Wirio dibere ngindjeum koeda koe loerah di dinja , toeloej aramit harita djeung Saleh ka Wangkal , neang lemboerna , noe katjilakaan gěde .

Semah -semah noe loba karoempoel deui , noeloejkeun nongton wajang, tapi teu pati saroeka ati tjara tadi , dalangna oge teu pati beger ; teu lila toeloej bae boebar .

Geus kitoe damar-damar diparareuman , djéléma -djéléma toeloej ngarěděng . Tina oeroet sakitoe tjapena , gantjang naker kana harees teh, ngan pamadjikan Wirio, eta mah teu bisaeun hees . Isoekna hoedang , moenggah barintit oeroet tjeurik .

IV.

KAHOEROEAN .

Wirio djeung Saleh , dilaloempatkeun bae koedana ; barang geus meunang satengah djam, reg noe Wirio dieureunkeun.

Saleh atoheun sarta reg deui noe manehna ditjandět, sabab lamoen téroes bae kitoe, tangtoe koedana mopo , moal koeateun . Ajeuna meh, disina leumpang bae .

Tjeuk Wirio : ,,Saleh , tjing tjaritakeun , koemaha mimitina eta kahoeroean teh ?"

Djawab Saleh : ,,Ngawitanana ti boemina djoeragan Loerah ; dikintěn aja boedak njoo seuneu ; ari indoengna keur mandi . Kintén taboeh toedjoeh , imah Loerah kahoeroeanana teh . Rehna angin ageung , enggal pisan ngalentab kana soehoenan sanes .

Djělěma -djělěma , lolobana teu atjan darongkap tina padamělanana , atoeh teu pada seueur noe noeloengan . Angin woewoeh ageng , silalatoe aragěng tingbělěwěr, ana ragrag kana imah sanes , ger deui kadoeroek . Da mani geus djadi seuneu bae imah teh . Djěléma -djělěma teh geus teu aja ingetan kana mareuman , euweuh pětana ; pikirna tangtos seep bae sadaja , saena bae angin teh lělěr , djol hoedjan , moeng teu ageng . Ari imah noe kadoeroek mah parantos teu aja toeloengeunana deui , ngan sabeunang -beunang didjaga , eta bae seuneu oelah ngagědean deui . Ladjěng imah -imah noe dareukeut kana seuneu dibandjoeran koe tjai, sapalih mah diraroeboeh -roeboehkeun bae , bisa katahan seuneu teh.

Poekoel 8 , seuneu pareum , aja 10 imah djeung toeang boemi djaba leuit-leuit, goedang bako , sadajana seep kadoeroek ."

Wirio gogodĕg bae omongna : Pohara ! pohara ! pare djeung bako woengkoel adjen rereboeeun . Geus kitoe doeit titipan , deui ; ĕnja , běněr dina pěti beusi tea mah , tapi oeang kertas mah tangtoe toetoeng .

,,Pikeun aing sorangan teu naon -naon , tapi eta doeit batoer , koemaha moelangkeunana .

Doeh tjilaka énja aing ieu."

Tjeuk Saleh : ,, Keun noe ĕnggeus kadjadian mah , entong dianggo soesah . Sarerea oge, sobat -sobat akang , tangtoe noeloengan .

Ongkoh mentas dibaroeat , aroentoeng ; loba keneh pisan noe teu kahoeroean . Hal katjilakaan mah , opat -lima boelan oge poho , tahoen hareup meureunan diboeat deui, tangtoe kabeh kagantian , oerang bisa deui tjara bareto -bareto .

Tjeuk koering oge kapoengkoer , eta kĕris poesaka ti rama , oelah ditjatjandak , ingkeun sina toenggoe di lemboer , margi sarerea pada pĕrtjaja , jen eta kĕris nangtajoengan oerang sarerea : watekna teh djaoeh balai , parěk rědjěki .”

Eta omongan Saleh ka Wirio, nambahan handeueul , teu poegoehpoegoeh , leungeunna teh kěk ditjabakkeun kana kĕrisna teh , da njoelagrang bae , dina tjangkengna . Tjeuk bapana oge, waktoe rek maot , nja kitoe , jen karahajoean djeung kabagdjaan , sakabeh di lemboer Wangkal , moal aja kakoeranganana , lamoen eta kĕris aja di imahna mah .

Ah, geus katjida bae bodona , basa rek indit ka Galagah make aja pikiran hajang ginding , ngarah katendjo koe oerang Galagah .

Pohara hoekoeman teh . Sakabeh radja-kajana djeung noe batoerbatoerna běrěsih dibasmi koe seuneu , djeung doeit simpěnan batoer deui lapoer. Eta kabeh , salahna neumbleuh ka Wirio bae, lantaran keris poesaka tea , naha make dibawa ti imah.

Koemaha ĕngke nja piomongeun ka sobat -sobatna , noe geus bebeakan pertjaja ka manehna . Wirio noe nandang salah , tangtoe koedoe ngagantian bae .

Ti dinja Wirio ngomong ka Saleh : „ Saleh maneh oge lain mi hape parabot perak, noe pamadjikan maneh di akang ? Tapi ĕntong dipake leutik hate , keun koe akang digantian ; kabeh anoe mihape rek digantian. Da lamoen seug ieu mah keris ditinggalkeun , moal datang ka lapoer ; di kahoeroeanana oge oepamana , moal pohara kitoe. Akang bangět pisan pěrtjaja, jen ieu kĕris gede kasiatna , ngadjaga ka oerang , tina sagala bahaja ."

Tjeuk Saleh : „ Sadajana oge oerang Wangkal mah pada pertjaja , noe mawi geus moal aja bae djělěma noe njoehoenkeun ganti teh ka akang , tina sarerea pada terang , akang njandak eta kĕris teh , lain ngahadja , ngarah di lemboer sina tjilaka .

Sareng koe sarerea oge katingal pisan , jen akang teh sakitoe soenggoeh -soenggoeh ngoeroes batoer , njaahan ka djělěma -djělěma , noemawi pirakoe aja noe koerang tarima, datang ka wani menta ganti ka akang , anoe sakitoe kararasaeun , kasaean akang . Barina oge, koemaha pijasaeun akang ngagantian , sakitoe lobana . Toeroeg - toeroeg , kapan boemi saeusina djeung pare , bako , kabeh seep . Kagoengan teh, ngan kantoen moending bae sarakit, sareng roda . Ti mana doeitna keur ngagantian teh ? Entong ! Entong aja manah kitoe . Oerang lemboer teh moal aja noe moesingkeun ka akang , margi dipokkeun deui bae, akang teh teu ngahadja ngagebroeskeun eta doeit kana seuneu ."

Tjeuk Wirio : ,,Enja , tapi rek dipoelangkeun deui bae, sabisabisa sarta rek boeroe -boeroe deui .

Pikarěpeun akang kieu : „ Pabrik goela Soeka Wědi , boetoeheun koe lahan , keur kěbon tiwoe . Sawah akang kabeh rek disewakeun ka dinja tiloe bahoeeun ; sewaanana rek dipenta ajeuna sama sakali f 600 ; tjoekoep keur moelang -moelangkeun eta doeit simpěnan batoer."

,,Soemoehoen , tapi koemaha akang nja dahar pake , ari sawah ditjěkěl koe pabrik mah ?"

,,Ongkoh boga moending sarakit djeung anggahota lengkěp pisan ; bisa meunang 80 cent mah , dina sapoë ."

Rek digawe bae di pabrik .

Baroedak noe galede geus barisaeun ngarit ti beurang keur moending . Dalapan ketip teh sapoë mahi keur hiroep leutik mah."

,,Kabeh-kabeh ," Tjeuk Saleh ,,akang leuwih mangarti batan noe loba -loba , noe mawi sok ditaros oge koe sarerea . Koering mah geus pĕrtjantěn bae , tangtos jasa."

Tjeuk Wirio : „ Koedoe , akang kitoe teh , nětěpan kaestocan akang ; pěrtjaja , koedoe djadi . Geus kataksir baris loba kabalangsakan , kapaksa koedoe loba kasoesah . Tapi akang pĕrtjaja , ieu keris engke mawa kana kabagdjaan ."

Bari tĕroes ngomong kitoe, lalakon eta doea djéléma , beuki deukeut, beuki deukeut, ka Wangkal . Katendjo ti kadjaoehan , kawas djarempling pisan , djělěma keur harees tibra, djiga euweuh robahna , tjara basa ditinggalkeun koe Wirio tadi , isoek -isoek .

Barang arasoep kana katja-katja , kadenge aja ngagoeroehgoeroeh tjektjok .

Baroedak mah geus harees deui tibra , awewe-awewe keur nalaheur tjai , ari lalaki -lalaki mah keur marerenan noe oeroet kahoeroean tea , kabeh pada digawe.

Aja noe maranggoelan awi beunang noear ti kebonna noe deukeut. Sawareh aja noe meulahan awi dina balandongan Awewelalaki riab marawa damar tingkaroreh dina leboe , nareangan poepoeton djeung barang-barangna noe leungit, soeganna aja dina lebak.

Wirio ragragan tjimata , nendjo imahina noe sakitoe aloesna , ajeuna djadi roehak. Kabeh djadjaran eta mah beak koe seuneu . Omongna : ,,Teges tjilaka ieu mah . Karoenja koe djělěma -djělěma bae , awewe -awewe djeung anak-anakna , tangtoe kapaksa njiroeroek di imah sobat -sobatna . Ngan eta bae , oerang Wangkal mah balageur , ajeuna oge sakieu peutingna digarawe , merenan oeroet kahoeroean . Moal lila oge njarieun deui imah anjar ."

Waktoe Wirio keur nangtoeng deukeut leboe imahna bari ngomong kitoe dina hatena , Saleh njarita ka batoer -batoerna noe deukeut ka manehna , jen doeit titipan oge di Wirio, miloe kahoeroean . Tjarita eta , gantjang nakěr narěkabna , datang ka kabeh djělěma salemboer Wangkal njarahoëun . Mimitina mah

TJARITA POESAKA . 2 katjida teu ngareunaheunana . Teu kaharti koe Wirio, naha mana dibawa eta keris poesaka teh Kabeh djělěma , pang marihapekeun doeitna ka Wirio teh , taja lian , ngan tina bangět pěrtjaja kana kĕris poesaka tea bae . Sapandjang ditangtajoengan koe si poesaka mah geus moal bae leungit . Nadjan Wirio oge pageuh kitoe .

Tapi barang geus pada lělěr , kabeh karoenjaeun pisan ka Wirio , katarendjoëun keur ngeloek bae, bari nangtoeng . Tangtoe moal čnja ngahadja -hadja , doeit maranehanana diaboeskeun koe Wirio kana seuneu .

Djeung kaboga manehna mah komo , běrěsih pisan kadoeroek djeung imah-imahna . Noe sedjen onaman , aja oge saeutikeutikeun , noe katoeloengan , demi Wirio mah estoe ledis pisan . Tjarek sasamping djangkoeng teh , lain babasaan .

Keur kitoe, djol aja hidji djělěma mawa torombol , wadah doeit tea. Sarerea aja pangarep -ngarep , eusina soegan teu kabeuleum, kabeh laloempatan maroeroe . Tapi barang beh oge , torombolna geus paretjat patrina , ari braj teh diboeka , oeang kěrětasna, teu aja lěboe -lěboena atjan. Doeit perak ngan saeutik, geus ngagebleg djadi poepoeton .

Papaes ĕmas -perak, eta oge saparo mah ngagebleg djadi poepoeton . Wirio barang nendjo eta , ngalimba , pokna : ,, Salah akang , keun koe akang rek digantian."

Tjeuk noe pangkolotna : ,, Moal ĕnja menta ditempoehan , sarerea oge . Barina oge, djiga naon djělemana noe menta ganti . Ieu ngan koe henteu ati-ati bae, eta koe keris si poesaka , make dibawa ti imah. Panoehoen mah oelah deui-deui bae eta kĕris dibabawa ti boemi . Moal ĕnja koe Wirio mah dihadja digĕbroeskeun kana seuneu . Mas Wirio, noe sakitoe hadena djeung ngoeroesna ka oerang , pirakoe . Noe matak moal aja noe menta ganti , sarerea oge."

Tjeuk Wirio : ,,Kieu ajeuna mah . Geus entong ditjaritakeun pandjang, da poegoeh geus tjilaka , kaoela teh sedih katjida . Ajeuna mah hajoh oerang pada digawe . Kaoela atoh katjida sarerea geus digarawe , noeloengan sakitoe rosana , eta noehoen pisan . Oerang oelah mitjeun waktoe sabab loba keneh pigaweeun oeroesaneun . Di dieu koedoe njieun imah sapoeloeh mah, imah laleutik bae , geus kitoe njieun deui wawangoenan -wawangoenan , noe pěrěloe . Hajoh , oerang pada ragem ĕnja -ĕnjaan , noeloengan noe katjilakaan ."

Ieu omongan Wirio, katjida teurakna ka djělěma -djělěma . Kabeh pada měta . Waktoe panonpoë bidjil , oeroet kahoeroean teh geus digoendoek -goendoekkeun di sisi-sisi, lahanna geus beunang diadegan deui Ti dinja areureun sakeudeung , djol awewe- ' awewe marawa tjikopi djeung lalawoehna , ger ngararioeng , ngaropi . Ari Wirio mah tatjan hajangeun baranghakan , soesah mikiran katjilakaan . Keur kitoe djol Loerah , geus kolot, eta oge imahna kadoeroek , gek dioek deukeut Wirio , ngomong anoe baris kaharti Eta toeloengan gěde , djělěma -djělěma teh geus djamak teu pohara teuing ngagoegoeloeng kana kasoesahna , barang arenggeus ngaropina , toeloej bae digarawe deui, djeung Wirio. oge, teu lila miloe digawe tjara kapoengkoer bae .

V.

AHLI TOETOELOENG DJEUNG KABAGEURAN .

Aja riboet noe digarawe , saminggoe eta mah mani djiga beurang peuting digarawe bae ; katjida oerang Wangkal mah ahli toetoeloengna . Njieunna imah laleutik tea, sapoeloeh dina oeroet kahoeroean , geus anggeus . Djělěma -djělěma , noe bandana meh kabeh teu kapoeloek, ajeuna geus pada boga geusan tjitjing. Ngan pamadjikan Wirio djeung anak -anakna di Galagah keneh , waktoe dilongok koe Wirio, djangdjina baris saminggoe deui .

Nja kitoe deui , pakarangan -pakarangan geus bareres ; leuitleuit , djeung goedang -goedang bako , geus aja , beunang oerang Wangkal bae kabeh , sobat -sobatna Wirio noe kahoeroean tea .

Anoe pangpangna , eta leuit -leuit tea parinoeh , pamere -pamere ; mokaha saminggoe doea minggoe mah , moal kakoerangan dahareun. Komo leuit Wirio, sabab baraja -barajana di Galagah , pada marere . Di imahna keur sadoegeun mah , sabrakeun , aja . Ngan papaes imah, boengbang -bangbing pisan , titinggal bapana noe araloes pisan teh , běrěsih pisan .

Ajeuna Wirio mikir rek ngala pamadjikanana djeung anakanakna . Oepama eta geus di imah mah , bisa tonggoj neangan rédjěki , keur maraban anak-rabi , sabab Wirio geus ngarasa teu ngeunah dimemenan koe deungeun -deungeun , nadjan noe ngamemenan tea saroekaeun oge . Geus meunang opatbělas poë ti měntas kahoeroean , Wirio nitahan ka Galagah , jen manehna poë isoek Senen , rek ngala pamadjikanana. Poë Ahadna , Wirio koedoe ka kantor pabrik goela di Soeka Wědi . Poekoel sawělas , geus datang ka dinja , leuwih ti 50 djělěma keur tjaringogo, rek ngadeuheus , kabeh , rek njewakeun sawah ka toean pabrik, atoeh Wirio koedoe lila ngadagoan .

Barang manehna geus kagiliran , toeloej disaoer . Hormat pisan njampeurkeunana . Di djěro , aja doea toean tjaralik dina korsi , majoenan doeit loba dina medja djeung ngaboegbroeg soerat -soerat . Barang geus deukeut, tjong njěmbah.

Saoer toean teh : ,,Maneh Ardjo di Wirio, ti lěmboer Wangkal ?"

,, Soemoehoen timbalan." Walonna :

,,Koe kami sawah maneh geus dioekoer běněr , legana gěněp bahoe dalapan bata , enja sakitoe ?"

,,Moal lěpat, aja sakitoe mah."

,,Sawah maneh djaoeh ti pabrik , koe sabab kitoe, oerang teu bisa majar mahal . Dibikeun f 180.- kabeh ?"

,,Teu kasanggakeun , ka noe sanes pabrik disewakeunana f 40 sabahoe , 6 bahoe teh f 240, sataoen . Rehna sawah abdi mah těbih, mangga kasanggakeun 220 roepia sataoen , namoeng nganggo pěrdjangdjian ."

Saoer djoeragan gede pabrik : ,,Naon perdjangdjianana teh ?" ,,Kedah disewa tiloe tahoeneun , sareng majarna sama sakali ajeuna ."

Doeanana toean -toean teh ngabarakatak, goemoedjěng , saoer djoeragan gede : „ Tara aja noe menta kitoe. Naha maneh teu njaho , jen langka pisan mělak tiwoe noron tiloe kali dina hidji těmpat ? Noe sok radjeun teh, anoe taneuhna lendo katjida ."

,,Ieu oge, sawah abdi teh , sae pisan , toer tjaina langkoeng ti tjěkap."

,,Pěrtjaja katjida , tapi koemaha sababna noe matak hajang katampa kabeh ajeuna? Eta henteu biasa ."

Toeloej koe Wirio dioendjoekkeun , jen měntas katjilakaan , sarta eta doeit rek dipake němpoehan doeit , simpěnan batoer -batoerna .

Saoer djoeragan gede pabrik : ,,Bageur katjida maneh teh. Hajang mah kabeh djělěma toehoe tjara maneh . Aing hajang noeloeng , tapi ari 220 perak mah teu bisa , komo koedoe tiloe. tahoeneun samasakali . Ajeuna mah rek dibajar bae 200 perak satahoen , baris tiloe tahoeneun 600 roepia , tapi maneh koedoe djangdji , jen baris soenggoeh -soenggoeh digawe pikeun pabrik . Maneh teh djělěma gede tanaga , digawe make moending , bisa sapoë meunang 80 sen, nepi ka saperak ."

Koe Wirio kaharti , jen moal bisa meunang leuwih ti sakitoe , toeloej bae ditampa .

Pek toean noe saoerang deui njieun soerat perdjangdjian ; ari geus anggeus ditanda koe Wirio. Geus kitoe heg dibajar 600 roepia . Wirio sanggeus nampa doeit, toeloej indit ti pabrik . Eta doeit moal baris lila di manehna , djeung sawahna lapoer tiloe tahoeneun , moal bisa njamboet . Aloem katjida . Wirio paromanna . Estoening, kahoeroean teh matak ngagedjlog ĕnja . Djělěma noe sakitoe dipandangna koe djělěma -djělěma di sadesa Wangkal , koe sarerea pada ngahormat djeung beunang disěboet toekang noeloengan babatoeran , ari ajeuna djadi koeli -koeli , ka bangsa sedjen , sarta piboeroeheunana geus taja pětana pimahieun pikeun moeroehan sobat sobatna noe noeloengan basa kahoeroean . Lain dipangnjieunkeun imah teh koe sobat -sobatna , toer teu aja ongkosan naon -naon ? Djeung leuitna deui pinoeh pamere baraja djeung deungeun keneh bae !

Naon kabogana ?

Euweuh deui , ngan doea moending djeung keris tea, poesaka ti bapana .. Ari moending baris dipake boeboeroeh keur maraban anak-pamadjikanana. Ari keris teh, naha engkena pibisaeun manggihkeun bagdja deui , sakoemaha panjěboet bapana ? Wirio teh meureun koedoe nahoen -nahoen balangsakna .

Manehna pěrtjajaeun katjida , jen eta keris gede chasiatna , leuwih banget përtjajaeunana, sanggeus kahoeroean tea , jen matak ngadjaoehkeun balai .

Eta kapërtjajaan kana keris , matak nambahan gede kana hatena, woewoeh kadaekna.

Ingetanana Wirio, rek diheulakeun němpoehan doeit titipan tea ka djělěma -djělěma , geus kitoe ngala pamadjikanana, ti dinja, njanghareupan gawe ; gawe noe beurat tea , tiloe taoen ampléngampléngan .

Sisi djalan gede teh , deukeut pabrik aja waroeng kadaharan . Toeloej Wirio jimpang, dioek di dinja sakeudeung , dadaharan , karana geus liwat poekoel doea, ari péta , ti isoek tatjan kararaban naon -naon . Ti mentas kahoerocan kakara harita , manehna ngeunah dadaharan , djeung ajeuna mah, henteu pati soesah , kabeubeurat baris katjotjokan djeung dahareun anak-rabi aja tjadangna ; pikirna ngeunah . Tapi , berag tjara katoekang - toekang mah , henteu. Koe anoe njalo baretona mah djol-djol katembong bae , oeroetna njorang kasoesah teh.

Sanggeus dadaharan , toeloej moelang ka Wangkal sorangan bae , datangna poekoel opat sore

Sadatang -datang toeloej batoer -batoerna dikoempoelkeun , pek doeit-doeit titipan tea dipoelang -poelangkeun : ari sipat barangbarang, saperti ali , geulang, eta digautianana sahargana eta barang.

Katjida djéléma -djéléma teh karageteunana barang nendjo Wirio datang mawa doeit loba, komo barang nendjo Wirio majaran djéléma noe nareundeun docit di manehna mah, mani sasen euweuh noe teu kabajar . Eta djéléma -djéléma , teu aja pikirna saeutik-eutik atjan, jen baris katampa deui docitna, djeung deui dina teu dipoelangkeunana oge moal kitoe kieu , da sakitoe ati -atina, apikna djeung ijatnana Wirio neundeun doeit batoerna, djeung poegoeh beakna koe seuneu , saha anoe pibisaeun ngaraksa? Hanas si poesaka tea dibawa ka Galagah , eta mah tina rasa mokaha bae , djeung djéléma -djéléma kabeh pada njaho , jen pang eta keris dibawa ka Galagah teh lain pisan ngarah soepaja manehna djeung batoer -batoerna tjilaka kabeh .

Loba anoe arémboengeun , narima kana eta doeit , tapi Wirio jen moal ngeunah bae hatena , maksa nitah nampa , omongna : lamoen teu atjan dipoelangkeun kabeh teh Nja , lila -lila mah daraekeun nampa eta doeit titipanana teh, tapi djarangdji , jen rek noeloengan kà Wirio, di mana pérloe .

Djělěma -djělěma teh naranja, ti mana nja Wirio meunangna doeit sakitoe lobana , tapi koe Wirio teu ditjatoerkeun , jen njewakeun sawahna 3 tahoeneun , sabab sieuneun teu ditampa moelangkeunana doeit .

Ngan ka si Saleh henteu dirasiahkeun , tapi ipatipatan pisan, teu meunang dibedja -bedjakeun , samemeh dipoelangkeun kabeh mah . Barang geus dibajar kabeh, isoekna kakara koe Saleh ditjaritakeun ti mana Wirio meunangna eta doeit , atoeh djělěmadjělěma teh beuki karoenjaeun bae ka Wirio , sarta pada baradami baris rarageman ngabantoe Wirio salalawasna .

Sakabeh oerang dinja , karoenjaeun pisan neuleu Wirio koedoe digawe tjara noe koeli di pabrik goela . Harajangeun pisan moelangkeun deui doeitna ka Wirio, tapi geus katimbang, jen moal ditampa sarta Wirio geus ngomong , jen pikeun manehna , leuwih hade rek ngoeroes sorangan bae, sabab manehna noe djadi lantaran katjilakaan sakitoe gědena , djeung geus loba teuing narima kahadean ti sobat -sobatna

Omongna Wirio : ,, Saha noe njaho ka hareup , bisi kadatangan patjeklik , nanaon ; koemaha lamoen pare goreng djadina, anggoersi oerang ampihan bae doeit teh keur ngadjaga pikahareupeun , soepaja oelah kadochoeng dimonjah -monjah."

Isoekna Wirio soeboeh -soeboeh indit ka Galagali, neang pamadjikanana djeung anakna. Padatina djeung moendingna di Galagah keneh, djadi lampahna badarat bae ; noe matak ngahadja indit soeboeh -soeboch teh, hajangeun datang isoek keneh ka Galagah .

Di djalan, manehna mikir pitjaritaeun ka pamadjikanana , sabab , hal sawah digadekeun 3 tahoen tea tatjan njahoëun . Kira-kira poekoel 9 , datang ka Galagah Pamadjikanana djeung anak-anakna saralamět , malah kana tjilaka teh siga noe geus poho -pohoëun atjan, sabab katendjona siga bear . Sanadjan mimitina pamadjikan Wirio teh ngan tjeurik bae , kalah koe dihantěm koe Isla djeung koe pamadjikanana dilělédjar djeung digědean hate , nja lila -lila bear.

Tjeuk Isla : „ Entong dipikir perkara tjilaka , engke oge moal lila , meureun aja gantina. Imah keur sadoegeun geus aja , pare moal datang ka teu dadaharan , engke dibere koe akang, djeung sobatsobat Wirio oge moal taregaeun . Wirio meureun sawahna disamboet , lamoen salamet mah, kagantian, koe sakali diboeat oge parinoch, saleuwihna dahareun didjoeal; wah, mokaha ."

Wirio sina mělak bako bae sing loba , sok oentoeng manehna mah tina bako teh, da paham pisan djeung bisa ngomena ."

Koe pamadjikan Wirio kapikir , jen hěněr saomong Isla teh, ingetanana , ajeuna hajang geura -geura balik bae , rek ngabantoe ka salakina. Atoeh , barang djol salakina datang teh teu kira -kira bae manehna boengaheunana , teu disangka harita pidjoleunana .

Tapi , barang Wirio njarita jen sawahna disewakeun , tiloe tahoeneun , sarta doeitna dipake němpoehan titipan - titipan djělěma tea , pamadjikan Wirio ngahěroek ĕnjaan .

Tjeuk Wirio : ,,Kami ajeuna senang katjida hate ngarasa hegar pisan, koe geus moelangkeun titipan - titipan djělěma .”

Pamadjikan Wirio teh , teu ingěteun kana titipan - titipan djělěma . Naha atoch wet matak nambahan katjilakaanana teh . Tapi , barang dipikir -pikir , teu lila ge manehna toeloej panoedjoeeun ka salakina , doemeh sakitoe hadena ka djělěma -djělěma . Komo, barang diterangkeun, jen moal leungit doeit teh , lamoen si poesaka ditinggalkeun mah di imah.

Isla djeung pamadjikanana, teu panoedjoeeun , Winio boeroeboeroe moelangkeun doeit teh ka djělěma djělěma . Moal aja noe baris maksa , koedoe moelang -moelangkeun eta doeit titipan , sabab estoe teu dihadja leungitna teh . Oepama emboeng ngaroegikeun djělěma -djělěma mah , atoeh engke bae ari aja rědjěki ka hareup digantianana, djeung senangna mah malah , ditoengtoet majarna oge, lain ngagebloeg kitoe .

Djawab Wirio : Bisa naker moen dikitoekeun teh ; tapi kaoela meureun koedoe nahoen -nahoen ngandoeng kabeubeurat , tangtoe moal senang bae , nja hate . Ari ajeuna pikiran senang ngahĕnangngahěning , kaoela bisa soehoed digawe keur maraban anak pamadjikan . Sakitoe bae hiroep mah , ngarah naon deui."

Pamadjikan Wirio boengaheun katjida , ngadenge salakina ngomong kitoe teh , toeloej njoesoetan tjimatana bari omongna : ,,Ari akang ngeunah hate mah , koering oge ngeunah . Ajeuna mah oerang arindit bae , oerang pĕpěta tea ."

Sabot Isla djeung Wirio ngadangdanan roda , pamadjikan Isla njadiakeun dahareun . Geus sadia pek dalahar . Kira-kira tengah poë, Wirio sanggeus nganoehoenkeun kana pitceloengna djeung pangakoena Isla , bral maroelang ka Wangkal .

VI.

TAMBAH KATJILAKAAN DI WANGKAL .

Wirio djeung anak pamadjikanana , datangna ka Wangkal geus boerit. Pamadjikanana hajangeun geura nendjo imahna noe anjar . Teu woedoe oge beres , tapi djaoeh pisan djeung imahna noe kadoeroek tea , itoe mah pangkengna raroebak djeung dikapoer bodas , běrěsih , papaesna loba , dipalisir .

Ari ieu, dina bilik teh euweuh naon -naon ; ngan aja randjang awi doea djeung medja hidji , kalasar boeatanana oge.

Parabot imah noe sakitoe araloesna , agreng , pěti -pěti djati galĕde , wadah papakean djeung parabot -parabot araloes , piring , tjatjangkir , noe di aer emas , diparada , sarta koe manehna sok dikoembah oenggal isoek di waloengan , eta kabeh , beak koe seuneu . Ngan gek bae dioek dina bangkoe awi teh, bari tjipanon njoeroeloek , nendjo imah sakitoe boengbang -bangbingna .

Damar tjěmpor kakalintjesan beunang salakina njeungeut, sedjen pisan djeung kapoengkoer mah, mapan loehoereun medja boeleud , ditoeroeban koe perlak aloes teh, lampoe gantoeng aloes , mabra njaangan imah teh .

Kitoe deui , baroedakna ngarasa sedjen ti sasari . Henteu aja pangira , jen kabeh dibasmi ledis koe seuneu , sarta bapana koedoe nandangan ripoeh djeung sangsara tahoen -tahoen . Pangheesanana tempat-tidoer kai sarta aloes , ajeuna euweuh, datang ka koedoe ngarěděng dina randjang awi sakitoe gorengna , ngan make samak saheulaj djeung anggěl sasiki , toerta , eta teh di imah kolotna .

Baroedak teh naranja ka indoengna , mana teu tjara kamarina .

Djawab indoengna bari doemareuda : ,, Kahoeroean , oedjang ! Oerang ajeuna djadi malarat masakat." Tapi baroedak teh teu ngartieun, koemaha ari malarat teh , da salěmboer eta mah , mapan teu aja noe malarat. Ngan sakitoe naranjana, teu toetoeloejan .

Bawaning tjarapeeun baroedak teh , teu lila toeloej bae harees dina randjang awi teh , dipepende koe indoengna ; sakitoe tareuasna teh , heesna talibra .

Wirio harita ngoeroes moendingna , dika-kandangnakeun bari diparaban , diberean djoekoet loba ; sanggeus salse , asoep deui ka imah. Pamadjikanana ngageuwat njoesoetan tjipanonna , hajang oelah kanjahoan koe salakina mentas tjeurik , tapi teu boeroeng katjiri, parangi prihatin , sarta kadjoedi koe salakina noe dipake nalangsa teh. Koe sabab kitoe, repeh bae teu ditjarita tjarita pěrkara kahoeroean mah . Barang manehna nendjo Wirio asoep , toeloej hoedang , top njokot aseupan , rek njangoe . Barang kareret koe Wirio , omongna : ,,Entong njangoe , Njai , bieu aja pangadjak Saleh , oerang koedoe dahar di ditoe . Oerang ka daritoe bae , ngandjang ka djělěma hade , djeung bear boedi ."

Pamadjikan Wirio toeloej nempo heula baroedak , tibra-tibrana heesna ; geus tetela talibra , toeloej djeung salakina ka imah Saleh . Teu kira -kira bae ngarakoena . Doemeh sarerea pada barerag , balear djadi bae lipoer ; ari djol teh sangoe , deungeunna teu loba roepana , tapi perjoga djeung ngareunah , dalaharna teu woedoe , bareubeunangan . Sanggeus salse dalaharna , pek diperenan koe awewe, ari lalaki aroedoed , bakona ngeunah djeung seungit.

Saleh ngomong : Djělema -djéléma kabeh , ajeuna geus njarahoëun ti mana nja meunang doeit noe dipake nempoehan sisimpenanana teh ; koe sabab kitoe , kabeh pada ngarasa sedih , na akang maksakeun maneh kitoe, toer ajeuna koedoe digawe énjaenja 3 tahoen lilana, njotjokan kawadjiban , lantaran noeloengan batoer Koe koering ditjaritakeun ka enggal djéléma , tapi bakoena mah , euweuh hidji noe hajang ditempoehan . Na aja bageur dibeakkeun teuing koe sorangan !

Tjenk Wirio : ,,Entong dipandjangkeun tjarita , eta mah tjeuk hate , koedoe kitoe . Akang ajeuna ngeunah hate , ngarasa hegar, kari mikir pikahareupeun. Tapi tjeuk rarasaan moal salah , loba deui dododja djeung pikasoesaheun ka hareup, dala dikoemaha ngan koedoe sabar bae . Si poesaka , engke mere kaoentoengan ka akang. ten sjak deni, koe sabab eta, akang isoek mimitina , rek digawe énjaan .”

,,Loba pangharepan , eta , matak singer djeung rantjingas . Ajeuna mah oerang sasarean bae . Nochoen dahar teh koe ngeunah!"

Tjeuk Saleh djeung pamadjikanana : Noehoen bae . Oepami aja perloe atawa aja kakirangan naon -naon , moendoet bae, da tahoen ieu mapan berkah, pare moeloes "

„ Mangga ; eta oge pitoeloeng ti babatoeran , geus pirang-pirang naker , noehoen , reboe laksa noehoen !"

Teu lila Wirio djeung pamadjikanana geus daratang deui ka imahna , toeloej sarare .

Isoekna memeh mělétek panonpoë , maranehna geus marěta ; Wirio ka kandang, maraban moendingna djeung jadiakeun baris digawe. Pamadjikanana miroen seuneu , rek njangoe . Poekoel 6 dahareun geus sadia , ngan teu make deungeunna . Wirio teu pati hajangeun dahar , tapi pek bae dahar , maksakeun maneh sarta rada loba , sabab poë eta rek digawe di tegal , něpi ka těngah poë, tangtoe moal manggih naon -naon . Pamadjikanana merean anakna .

Sanggeus amper -amper , toeloej indit djeung moendingna . Geus aja noe noedoehan baris boeroedjoeleun manehna , sarta koedoe djĕro ĕnja .

Kira-kira poekoel 10, toean Opziener kebon toekang ngaloris noe digawe , datang ka Wirio, ngilikan pagaweanana . Panoedjoeeun pisan kana pagawean Wirio, sarta moedji , Wirio beuki kahoedang kadackna .

Wantji mantjěran, datang pamëdjikanana nganteuran , diiringkeun koe anakna noe tjikal kira -kira oemoer 10 tahoen , soepaja engkena , eta anakna bisa nganteuran bapana . Ajeuna mah koe indoengna soteh , noedoehan djalan bae .

Pek dipoerak panganteuran teh, dina handapeun kai anoe ioeh . Ari Drahman ngagiring moendingna ka waloengan , disina děroem ; geus kitoe toeloej diangon , sina njatoean di sisi djalan.

Keur dadaharan teh Wirio njarita , tadi keur waktoe digawe tea , dilongok koe toean opziener , sakitoe boengaheunana nendjo manehna , sarta pisaoerna , pagaweanana bisa anggeus poekoel 4 ; djadi meureun bisa balik beurang -beurang Bisa njabak gawe sorangan , da kapan loba pisan pigaweeun di imah teh.

Sanggeus salse dadaharanana , pamadjikan Wirio djeung anakna boeroe -boeroe baralik , mélangeun ka anakna noe laleutik ; nadjan geus dipihapekeun oge, teu kadoegaeun lila-lila ninggalkeun .

Poekoel satengah opat , pagawean Wirio geus anggens , atoch datangna ka imahna teh beurang keneh pisan.

Sadatang -datang , toeloej ngampihkeun moendingna , bari diparaban sina seubeuheun , kawantoe mentas digawekeun rosa , da loba ari djoekoet mah , beunang ngala anakna , ditambah deui dibere djagong sabeungkeut gede .

Sanggeus ngoeroes moendingna , Wirio digawe , sagawe -gawe ; ngomean parabot njawah , da kabeh roeksak, lantaran kahoeroean tea. Aritna paragi anakna ngarit, geus mintoel , koedoe diasah .

Ari geus boerit, kakara eureun digawena Estoe sapoë djěpoet digawe woengkoel. Atoeh tjapeeun pohara . Ari mentas dadaharan teh, toeloej bae sasarean .

Isoek -isock, tjara kitoe bae . Euweuh deui kalakoean, ngan digawe. Tapi Wirio digawena teh djeung resep , komo, barang geus ngarasa boeroehanana digawe teh tjoekoep keur hiroep mendjeuhna mah .

Toeroegtoeroeg , toean -toean di pabrik , meus -meus njaoerkeun, jen pagaweanana kamanah, koe eta oge deui, matak beuki soehoed kana digawena teh.

Biasana memeh poekoel 4, geus datang ka imahna, di dinja pek deui digawe sagawe -gawe . Tatangkalan , boebocahan , anoe gararing koe kahoeroean tea, toeloej koe manehna ditoengtoet ditoearan , pek didjieunan soeloeh ; atoeh teu woedoe , teu kakoerangan parab hawoe . Sanggeusna ditocaran , teu diantep ; pek koe manehna dipělakan deui boeboeahan noe araloes . Estoe radjin pisan , teu poho kana pikahareupeun.

Henteu sabaraha lilana , geus ngemploh di palataranana , loba tatangkalan noe mareudjeuhna aloes djadina Di djoeroe pakarangan , njieun kebon sajoeran , digěmoek dihade -hade . Djaba ti ngadahar teh , make bisa ngadjoeal , deui , ka toean di pabrik .

Sanggeus beres pakaranganana , ajeuna děk memeres imah , dikapoer nanaon . Ti dinja pek njieunan parabotna , njieun randjang, bangkoe koe kai , atawa awi . Atoeh beuki matak bětah bae .

Tanahna pabrik, lélégana geus anggeus diboeroedjoel djeung těroes diberesan , geus nepi ka tempona tjěb dipělakan . Tiwoena djaradi araloes , datang ka katendjona geus ngemploh hedjo bae, djiga tegal diampar alkětip hedjo kabeh . Toean apziener njaoerkeun , jen di dinja kebon pangaloesna bae , ti antara kontrak eta , koe pagaweanana Wirio.

Wirio ajeuna koedoe oenggal poë ngaliwat ka dinja, sabab meunang parentah koedoe ngoendjalan tiwoe ka pabrik, anoe djaoehna sawareh mah , aja anoe lalakon sadjam . Moendingna , ajeuna digawekeun énja . Kawantoe moending baredas , loba nakĕr beubeunanganana teh , sangkilang djeung kira -kira ngamomotanana , beda pisan beubeunanganana djeung noe sedjen , noe moendingna karoeroe koerang ngoeroesna .

Barang mimitina mah narik tiwoe ka pabrik , manehna ngadenge , jen koedoe ditimbang djeung roda -rodana , djeung moendingna sagala , katjida kagetna sarta teu kaharti koemaha pipětaeunana .

Tjeuk batoerna toekang roda deui : ,,Padjoekeun bae ka ditoe , toeh kana itoe " , bari ditoendjoekkeun kana hidji těmpat , tapi teu katembong aja naon -naon di dinja ; sihoreng lebah dinja teh , aja timbangan,,,Pek sina tjitjing roda maneh di dinja ."

Heg koe Wirio ditoeroet . Manehna gantjang bae ngarti , jen eta teh timbangan. Sakeudeung naker , tiwoe, roda , katoet moendingna, kabeh geus ditimbang.

Pikirna Wirio , bari ngabongkar momotanana tiwoe : ,,Koemaha kanjahoanana , beuratna tiwoena. Padahal kapan beuratna tiwoe woengkoel, noe dibajar teh . Ari roda , kitoe deui moending , teu saroea kabeh beuratna .

Tjeuk hatena , bari balik ngaliwat deui eta timbangan : „ Euh kaharti ajeuna mah . Eta roda kosong aja dina timbangan, djoldjol kanjahoan bae beuratna tiwoe woengkoel ."

Si roda teh djeung moendingna ditimbang deui , pek ditjangkolongkeun kana beubeunangan ti heula , beh bae timbangan tiwoena woengkoel .

,,Tapi aneh ," tjeuk Wirio,,, Dina roda teh aja 20 pikoel , tjěnah tjeuk toean pabrik, tjotjog pisan djeung pikiran aing ; djadi teu aja bohongna ."

Witio beurang peuting euweuh deui ngan ngoendjalan tiwoe bae pagaweanana . Moendingna semoena hareseeun pisan Sawareh mah kebonna djaoeh ti djalan gede, lamoen momotna beurat -beurat mah , geus moal bisa djalan bae, sabab djalanna loba noe matak tipětěk kikiping .

Ngan kabeneran bae moendingna bisa reureuh lila , sabab di hareupeun pabrik, tampolana aja 50 mah roda anoe naroenggoe . Dina keur toenggoe kitoe, sok moendingna koe Wirio dibere. djagong sina njatoean , djeung oepama loba laleur atawa reungit, koe Wirio, sok dikeproekan koe dahan kai noe loba daoenan .

Teu aja anoe ngoengkoelan ka Wirio, ngoeroesna moending , karoenjaeun, da ka manehna sakitoe toeloengna ; bisa rada gěde hasilna teh , koe lantaran tanagana eta moending . Kaharti nakĕr pang Wirio tarima ka moendingna , nja eta koe gede gawena , noe matak manehna hade ngoeroesna . Anggapanana tjara ka sobat noe satoehoe ; geus tara bae meupeuh neunggeul teh , atawa soentarsentor. Ari moendingna sabalikna, teuing koe itjeus . Oepama ngadenge sora djoeraganana teh, geus rantjoeng bae tjeulina ; ari didangdanan , tjaritjing , malah sok njodorkeun beuheungna .

Dina hidji poë , Wirio keur mawa moeatan tiwoe, ngadagoan di pabrik , ngomong -ngomong djeung batoerna ; kawawoehanana njarita , jen di lěmboer , anggang ti dinja aja kasakit sasalad sato .

Tjeuk Wirio : „ Di dieu aja moending noe ti dinja ?"

Djawab batoerna : „ Loba , malah ieu deukeut, rodana , ti lěmboer eta ."

,,Bo" , tjeuk Wirio : ,,Kade geura ! Moending oerang oelah sina njatoe oeroetna . Eta kasakit koe gantjang tepana . Kaběnĕran oerang boga tambana ; tapi kitoe, ari moending kakara sapoë atawa doea poë katĕrapna, aja toeloenganana . Oepama moending maneh katĕrap , boeroe -boeroe bae ka oerang , geura , matih nakĕr. Ti bapa , meunang eta oebar teh ."

Sanggeus ngomong kitoe, manehna kagiliran ditimbang, ti dinja teu lila djoeng indit , rek momot tiwoe deui . Balikna tjara sasari bae poekoel opat. Moendingna diampihkeun , toeloej manehna sagawe -gawe di lemboer , teu euweuh pigaweeun . Keur kitoe djol sobatna , Saleh , djeung hidji Tjina , ginding nakěr, ngaranna babah Li A Sie , ti dajeuh , toekang dagang , beunghar ; bareto sok meulian bako djeung pare ti Wirio.

,,Kang Wirio, ieu babah teh meulian pare ti Omong Saleh : oerang lemboer , tapi euweuh noe sanggoepeun ngoendjal ka imahna , tina keur repot digarawe di sawah . Engkang teh bisa kira -kirana noeloeng ka ieu babah ?"

Tjeuk babah teh : ,,Bajaranana leuwih ti batan di pabrik ."

Pikir . Wirio ,,Lakadalah , kawas-kawas bagdja , ieu. Siga pikaoentoengeun . Mokaha njělang sapoeloeh poë mah ; di pabrik ajeuna loba roda , soegan moal koemaha , djeung moending deui, moal paamprok djeung moending -moending noe boga kasakit ."

Djawab Wirio : „,,Hade Bah, koe kaoela ditoeloeng ; isoekan isoek-isoek, rek ngamimitian . Rempoeg mimiti ti poë isoek, Bah ?"

Tjina teh atoheun pisan, pek noedoehkeun tempatna ka Wirio, geus kitoe tjlak kana kahar , toeloej balik ka dajeuh .

Teu lila Wirio eureun digawena , toeloej njampeurkeun tatanggana , gek dioek dina amben , njaritakeun tjarita batoerna tadi , jen aja kasakit sasalad sato , bari omongna : ,,Oepama katangen aja eta kasakit di oerang , geuwat bae bebedja ka kaoela , karana moen tatjan lila mah, gampang ngoebaranana ."

Geus ngomong kitoe, amit ka babatoeranana , ka imahna ; di imah njampak pamadjikanana keur dioek ngadagoan manehna , ari baroedakna geus harees . Toeloej Wirio dadaharan djeung pamadjikanana. Sanggeus dalahar , Wirio njarita , jen geus pasini djeung babah , rek ngoendjal parena . Tjeuk Wirio : ,, Kami mah atoh , meunang pagawean ti Tjina teh , sabab tedjana di lemboer -lemboer , ajeuna loba kasakit moending , djadi bisa njingkiran , teu tjampoer djeung moending -moending ti lěmboer eta ; ongkoh deui di Babah mah , majarna leuwih ti di pabrik ."

Geus kitoe Wirio toeloej hees , sabab tjapeeun katjida , poë eta digawena pohara . Pamadjikanana sanggeus merenan oeroet dahar, noetoerkeun ka enggon .

Tapi peuting eta , barang kakara doea djam sarena , Wirio ngoredjat , ngadenge noe disada tarik nakěr. Tjeuk pikirna : ,,Naha eta teh moending , kitoe, katerap panjakit , atawa naon ?" Toeloej manehna ngagisik panon , tina toendoeh keneh , pek dioek , ngadengekeun soegan disada deui.

Ari pek teh, tetela tina kandang moendingna . Geuwat manehna toeroen , neang moendingna , pek diomongan ; ari moending teh narendjo ka Wirio, heg disada deui . Wirio beuki kěkětěgan pikirna, toeoerna njorotjod, bawaning reuwas. Angin ngahiliwir kana beungeutna , nambahan ngagětěr kana hatena barina ngadegdeg

Tjeuk pikir Wirio : „ Bo , geura ieu , kasakit sasalad tea . Moal salah ieu moending teh njatoe djoekoet oeroet moending anoe boga kasakit , tadi di pabrik ; weu dododja anjar ieu ! Tjoba itoe djoekoetna wareuteuh bae . Bo , tjilaka moending aing katepaan panjakit sasalad , moal sak deui meureun matak njaliara sasalad teh di lemboer oerang .

Pikiranana , eta kabeh lantaran bareto keneh bae , lalawora kĕrisna dibawa ti lemboerna ka Galagah ! Lah , koe teu geura beak mamala teh ; iraha atoeh diganti koe anoe moedjoer deui , tjara bareto . Ngan ieu moending noe dipake tanggeuhan teh , ari . ajeuna garĕring. Moega -moega bae , oerang teh tereh manggihan deui moedjoer !

Wirio ragragan tjimata bari balik ka imahna , rek njaloekan pamadjikanana. Pamadjikanana toeroen , noetoerkeun bari mawa tjempor .

Pek didamaran , koe Wirio diilikan , letahna. ,,Enja katĕrap sasalad ", omong Wirio ka pamadjikanana : ,,Ajeuna mah geura. ngarieus oebar bae . Raratjikna aja di imah beunang noehoerkeun . Bapa mah geuning geus sababaraha kali ngoebaranana koe eta bae, matih nakěr . Pek , boeroe -boeroe ."

Gantjang pamadjikanana miroen seuneu , naheur tjai dina teko . Wirio koe maneh njokotan raratjikan , pek dikana-tekokeun , toeloej digodgog .

Teu lila godogan teh ngagolak , pengarna oebar njamboeang saimah -imah. Kira meunang sadjam , godogan teh dibotolan , toeloej ditiiskeun dina djahas meunang njaian. Geus kitoe tiis , toeloej diinoemkeun.

Peuting harita , tiloe kali diinoemanana . Teu ngoeroes sasarean , ongkoh Wirio mah teu ingětingět atjan kana hees teh , soesah , ngan noenggoean moendingna bae, bari diomongan tjara ka djělěma . Meus -meus ngahoeleng manehna teh , ngingětkeun lamoen eta moendingna paraeh , koemaha nja pilampaheun, njanghareupan pagawean sakitoe beuratna . Ari pěta , ngan tanaga moending noe dipake andělan teh. Wah geus tjilaka gede bae . Ngan meureun , ari paraeh teh dina koeboeranana teh , rek diawoeran kembang , djeung rek ngoekoes .

Tapi , ah , moal ĕnja parach . Ongkoh oebar eta mah ti bapa , matih naker , asal kaboeroe bae , mokaha ; ari ieu barang katě ap, barang dioebaran , pirakoe soegan . Djeung deui ongkoh boga keris si Poesaka , kapan eta teh ngaraksa pisan kana sagala bahla . Moestahil rek bakal ditilar koe si Poesaka !

Wirio ari ras ka dinja , gede hatena , pek deui moendingna diinoeman .

Kitoe bae nepi ka isoek. Langit pinoeh koe mega , panonpoë tjahajana teu bengras , kawas noe miloe soesah ka Wirio .

Tatanggatatangga pada kageteun nendjo Wirio sedjen ti sasari . Biasana mah isoek-isoek teh geus marěta di boeroeanana ; ari ieu katendjo tjitjing bae di istal , bari nangkeup toeoer bangoen soesah . Omongna : „ Naha gĕring kitoe ? Ah meureun tjapeeun bae, toeloej kaheesan di istal ." Ti dinja digĕroan : ,,Wirio, Wirio !"

Wirio ngoredjat , toeloej njampeurkenn ka tatanggana .

Tjeuk tatanggana : ,,Panjana teh gering ."

Walonna ,,Koering mah henteu , ngan itoe moending ."

,,Naon ? Moending gering ?"

,,Enja . Geuning koering kamari njarita , jen oesoem aja panjakit moending ! Ajeuna moending koering pisan katĕrap . Ti peuting mimitina . Hadena kaboeroe dioebaran ; aja bae ajeuna mah meueusan ."

Tatangga - tatanggana ngaromong , karoenjaeun ka Wirio, bari marawa parabot , toeloej arindit ka sawahna . Sawareh mah aja noe rek naroeloengan ka Wirio. Tapi tjeuk Wirio : ,,Ieu mah teu aja toeloenganeunana , něda didoakeun bae, sing tereh tjageur deui .”

Kana digawe , poë eta mah boloampar , ngan njělang sakeudeung , ka kěbon tiwoe , digawe , tapi teu djongdjon , ingět bae ka moendingna , teu kadoegaeun lila, toeloej bae balik deui.

Tengah poë , dongkap Babah Li A Sie tea , toeloej asoep ka imah Wirio , nanjakeun naha tjidra .

Barang nendjo eta Tjina , datang Wirio toeloej nitah pamadjikanana noenggoean moendingna .

Manehna heg asoep ka imahna , njampak babah Lie A Sie keur njěnjěkěl keris si Poesaka , ditjokot koe maneh tina gantoenganana , bari ditendjoan . Omongna : ,,Naha Wirio, teu dalang rek ngoendjal pare teh ?"

,,Teu bisa Bah, Djawabna bari panonna teu lepot kana kĕris : moending koering peuting tadi gering. Sabar -sabar bae heula, kira -kira doea tiloe poë mah ."

Tjeuk babah teh : ,,Bo , edas ! Naha atoeh teu miara doea rakit , moending ? "

,,Teu boga doeitna , Bah !"

,,His doeit mah gampang , djoeal bae ieu kĕris . Malaoer euweuh gawena . Pipantéseunana ngagantoeng dina wadah pakarang koela , di imah. Sabaraha rek didjoealna ? "

,,Moal didjoeal sanadjan sabaraha oge, Bah, keris mah , kawantoe toelang tonggong . poesaka ti bapa ."

,,Ah, toelang - tonggong teu aja mawatna, geuning anggoer heug bae kahoeroean ; ajeuna pek deui moending gering . Mending djoeal bae , koe kami dibeuli f 100.- estoe aloes ieu mah .”

29,Wah , Bah, moal , f 1000 oge , moal didjoeal ."

,,Oelah kitoe Wirio , palangsiang , boa teuing moending teh paraeh , ĕngke tangtoe boetoeh koe doeit , keur meuli deui moending . Kami mah rek njieun kahadean bae ka wirio , rek dibajar ajeuna ieu keris teh f 150. tapi moal leuwih . Moal aja noe wani , noe sedjen mah kana sakitoe , kami mah ieu bae, bogoh ."

„ Taja pangintěn Bah , nadjan koering teu boga kedjoëun oge wiwilanganana ."

Ngomongna kitoe Wirio rada ngamběk .

,,Nja eta mah mangsa bodo , ngan oelah handjakal bae ĕngkena , kami nawar geus leuwih ti hargana eta keris . Barina oge kami ka dieu teh lain rek meuli keris . Iraha kira -kira bisa ngoendjal pare teh ?"

,,Di mana moending tjageur bae ."

,,Iraha pitjageureunana ?"

,,Doeka teuing, paněda temah oelah lila-lila . Tjoba oerang etang . Ajeuna Senen ; kinten opatwělas poě ti ajeuna , koering ngamimitian mawa pare ka Babah ."

,,Opatw las poë kakara rek ngamimitian ? Bo, gagal . Minggoe hareup pidatangeunana kapal, ari eta pare teh baris diiangkeun kana kapal eta ."

,,Koemaha atoeh ! sakitoe deui soegan bae bisa tjageur beh dieu, beh dieu . Sabab moal kadoega ngagawekeun lamoen tatjan tjageur pisan mah . Ari gawe sakitoe beuratna ."

Eta Tjina , meunang soesah pisan neangan roda teh . Koe sabab kitoe kapaksa koedoe noeroetkeun pamenta Wirio .

Rada djamědoed inditna Tjina teh ti imahna Wirio. Pikiranana bari toempak kahar : Na aja djělěma pěrtjaja-pěrtjaja teuing kana pakarang , eta mah Djawa. Panjana teh eta kĕrisna beunang digarewol , wět gagal . Sagala teh disěboet poesaka . Keun sia , da mo boeroeng beunang . Rek nitahan si Kromo bae , sina dipaling, moal aja noe njahoëun ."

Wirio toeloej ka istal deui , pek nginoeman deui moendingna , koe oebar .

Ngomong djeung Tjina teh, matak nambahan teu ngeunah . Koe naon eta Tjina teh make njabit-njabit katjilakaan kahoeroean .

Barang katangen , moendingna beuki tjenghar , djeung mimiti daraekeun deui njatoean , Wirio rada senang oge hatena .

Geus kitoe manehna hajangeuu dadaharan , toeloej ka imahna , moemoeloek . Sanggeus dadaharan pek oedoed . Kakara manehna ti isoek, oedoed .

Geus boerit moending teh beuki měnding . Tetela oebar teh matihna. Peuting eta , Wirio sasarean ngeunah ; tapi keukeuh hoedang tengah peuting, djeung djanari , nginoemkeun oebar ka moendingna .

Isoekna, manehna isoek -isoek keneh pisan hoedang . Pamadjikanana koedoe noenggoean moendingna , ari Wirio indit ka tegal , rek dadahoet deui pioebareun , da noe di imahna geus meh beak . Ingětanana njadiakeun djeung baris noeloeng moending sedjen , bisi aja noe katĕrap deui.

Wantji pětjat sawěd , geus datang deui . Mani mawa sakaroeng leutik pioebareun ; datang -datang , toeloej bae dipoë .

Moendingna , beuki madjoe kana tjageur . Tatangga - tatanggana daratang ti sawah , njalampeurkeun ka Wirio, kabeh pada miloe boengah , sarerea pada njěboet oebar matih.

Geus meunang doea poë, Wirio madjoe deui kana pagaweanana , tapi teu mawa moending , maksoedna moendingna mah rek sina. reureuh heula 2 poë mah , lalěsoeeun keneh , oeroet gĕring . Tangtoe beubeunanganana moal sabaraha , tapi teu naon -naon , da beunang tanagana sorangan oge, tjoekoep keur dahareun saanakbodjo , darapon narima bae koe saeutik.

Kaboengahanana , oeroet moendingna tjalageur deui tea teu lila , sabab isoek-isoek manehna barang rek indit pisan ka těgal deui , rek digawe , digěroan koe sobatna , pokna : ,,Wirio, ka dieu geura , sapi kaoela tendjoan, bět kitoe, teu tjara sasari "

Wirio kaget . Djoldjol ras bae kana paragan sato tea ; pangpangna manehna njalahkeun sorangan , doemeh manehna noe djadi lantaran , pang sapi batoerna garĕring teh, moendingna

TJARITA POESAKA 3 asalna meunang meunang panjakit ti pabrik, geus kitoe dibawa ka lemboerna , panjakit teh tepa ka sato batoer .

Tjeuk Wirio, bari ngilikan eta sapi : „ Geus sabaraha lilana , ieu sapi teh kieuna ?"

Djawab sobatna : ,, Geus aja doea poë mah , njatoena saeutik pisan. Ari panjana teh mokaha bae .

,,Ngan oelah ělat teuing bae ", tjeuk Wirio. „ Katjida ieu geringna. Keun rek njokot oebar ka imah."

Wirio poë eta teu bisaeun ka tegal , sabab barang neang kandang-kandang sedjen , wet boehbeh bae moending , sapi garěring . Pamadjikanana ngagodog oebar mani sakantjah. Ari Wirio ngan dagdag digdig bae ka kandang kandang sapi djeung moending , ngoebaran . Sateka-teka narekahan moending gering teh , sabab roemasa , asal moendingna noe mawa panjakit .

Isoekna, meh sakabehna moending djeung sapi di lěmboer Wangkal , garĕring. Katjida djělěma -djělěma teh saroesaheunana . Eta koe noedjoe pigaweeunana pisan , rek dipake njambcet sawah . Katjida eta mah saroesaheunana teh . Wirio ajeuna leuwih riboet ti katoekang. Digawe di pabrik mah geus pot bae . Malah rek ngoendjal pare ka Tjina oge djeung ngcendjal bako , teu bisa dina waktoena.

Tapi Wirio ngarasa bagdja , doemeh bisa noeloengan batoerbatoerna , komo manehna pertjaja , jen eta panjakit -panjakit moending , manehna noe djadi lantaran. Sapoë djěpoet ngoeroes moending gĕring bae, loba noe kaboeroe koe oebarna , nja tjalageur deui Tapi aja bae noe teu katoeloengan . Doeaan batoerna Wirio noe ngalana ka manehna ělat teuing, sapina toeloej paraeh . Ari noe rea mah , di djěro opat poë tjalageur deui . Sarta eta kabeh , tarimana koe dioebaran Wirio bae , demi di lemboer sedjen mah noe paeh teh poeloeh -poeloeh .

Kitoe , noe matak kabeh oerang lemboer Wangkal mah pada tarima kana pitoeloengna Wirio.

Barang moending -moending tjalageur , Wirio kakara bisa narik pare tea. Tjina teh atoheun nakěr, barang nampa pare mimiti teh. Gantjangna pagawean ka Tjina anggeus . Manehna atoheun , da rek njanghareupan deui pabrik , bareto geus djangdji djeung toean kawasa.

Tapi ka babah Li A Sie , nja anggěr sok mindeng mawaan pare beunang meulian, kawantoe langganan ti bareto , djeung majarna teu woedoe .

Geus meunang sawatara boelan , něpi deui kana oesoem diboeat . Tjatjakan aja doea pcë bae halodo sarta panas , pare teh meureun pibakaleun gantjang asak. Tapi sakitoe oerang priboemi ngarepngarep djeung narareda hajang halodo , sapoë -poë teh ngětjrěk bae hoedjan Mani beurang -peuting mendoeng -měndoeng bae pihoedjaneun , pancnpcë , tembongna sakeudeung -sakeudeung pisan.

Hoedjan ngětjrěk sok ngaroegikeun ka noe tani , sabab matak goreng kana pare di sawah djeung kana bako oge goreng , noe matak toekang - toekang tani , dina oesoem diboeat mah ngarepngarěpna teh kana halodo bae . Digějěr koe hoedjan mah , beuki roeksak bae, pare djadi nanajeumeun , lila -lila mah boeroek . Soesoekan -soesoekan tjaraah, toengtoengna , ger bae bandjir , atoeh leb bae kana pare , tambah roeksak, deui

Beu, beda katjida djeung oesoem panen katoekang - toekang ! Harita mah , awewe lalaki djeung baroedak , isoek -isoek teh geus arindit ka sawah , bari karakawihan , rek dibaroeat ; beubeunanganana pekk dibareungkeutan. Ari ajeuna djělěma -djělěma teh ngan narendjo ka langit bae, něda -něda entong hoedjan , tapi teu dimakboel. Sawah-sawah kabeh bangoen aloem , djeung tjalěbrek, pělak bako lolobana roeksak, balas kahoedjanan teuing , poetjoekna ngarěloek .

Pangharepan kana oentoeng teh , geus euweuh taksiran .

Waktoe panonpoë bengras deui , mega -mega njaringkah , pare noe hade , kari aja saparo deui mah . Bako , meh euweuh poeloekeunana .

Komo di lemboer Wangkal mah , saeutik pisan beubeunanganana diboeat teh . Oerang lemboer noe karolotna ngarasa kakara, katjilakaan tjara harita . Estoe ngan saoekoer hakaneun satahoen , kitoe oge biheung mahi, biheungmoal. Bako teu barisaeun ngadjoeal .

Kaběněran, aja oge saoerang -oerangeun anoe boga pĕpěrěnian , sesa diboeat taboen toekang , ari lolobana mah geus bareak. Oerang Priboemi , teu barisaeun neundeun ; tjara boedak bae : dina keur oentoeng , sok awoer-awoeran , tara mikir pikahareupeun. Ari dina oesoem patjěklik teh , djol bae handjakal handeueul .

Oerang Wangkal oge, nja karitoe .

Tjeuk Wirio ka pamadjikanana : „ Na, aja kaběněran , taoen toekang doeit-doeit batoer dipoelangkeun ! Běněr harita teh arĕmboengeun , pikiranana da baleunghar . Ari ajeuna barobah . Kamalaratan nampeu , lamoen seug bareto teu dipoelangkeun teh doeitna , tjěnah meureun Wirio teu bageur . Sabab , nadjan sakoemaha ditembong - tembongkeunana kaběrěsihan oerang , tangtoe bae loba noe nětěpkeun , jen salah oerang . Djeung ari koe kitoe tea mah , ĕnja maranehanana běněr . Kĕris si Poesaka bareto koe kami tara dibawa ka mana -mana , ka loear ti ieu lěmboer , sabab djěnatna bapa , basa rek poepoes ngalahir kieu : ,, Sapandjang ieu kĕris aja mah , ngagantoeng di imah maneh , tangtoe baragdja djeung aroentoeng bae oerang Wangkal teh."

Kari doea tahoen deui, oerang nja noenggoe , katěboes deui sawah oerang ; koe mětakeun kadaek mokaha , ngan oelah kadatangan bahla bae.

Něpi ka waktoe ieu oerang teh koedoe atoh , rědjěki sakadarna tjoekoep . Moegi -moegi bae noe tiloe tahoen koerat-karet teh, digantian koe kasoegihan kabagdjaan . Maneh leuwih njaho : gěde pangharepan teh, matak hoerip .'

VII .

AKAL BANGSAT .

Si Wirio teh matak karoenja ! Ti isoek nepi ka boerit koedoe digawe pohara pikeun hakaneun manehna djeung anak-pamadjikanana ; tapi manehna gede hate bae . Oenggal poë wěkěl pisan njanghareupan pagawean noe sakitoe beuratna teh, ana balik pasosore , pasěmon teh kawas noe boengah noe sceka bae.

Dina djero satahoen beubeunanganana tjoekoep pikeun kahiroepanana , malah leuwihan . Pamadjikanana mah make bisa meuli parabot imah saeutik-eutikeun , tamba bloengblong teuing. Hareesna make kasoer , djeung geus boga medja , lampoe gantoeng , leutik -leutik bae mah .

Doemadak tahoen eta oerang Wangkal parena moeloes , tjoekoel beubeunanganana . Harga pare moerah , sobat -sobat Wirio teu parohoëun , pada marere , datang ka leuitna dieusi kawas noe njaramboet bae ; atoeh teu woedoe dina doea tiloe boelan mah , beubeunanganana koeli teh teu dipake meuli beas . Nja manehna bisa meuli papakean djeung sakoer noe perloe .

Teu lila datang patjěklik . Beas goreng teh dina sapikoel něpi ka gěněp toedjoeh roepia . Sobat -sobatna Wirio di Wangkal atawa baraja-barajana di Galagah , geus bolampar mere , keur maranehna oge biheung mahi, biheung moal , něpi ka oesoem diboeat deui . Wirio teu woedoe ripoeh , beubeunanganana koeli teh keur hakan woengkoel endap -endapan , geus bolampar inget kana papakean atawa parabot imah mah .

Tapi eta Wirio sakitoe ripoehna teh .tara pisan njarita , soemawonna hoemandeuar . Ingětanana gěde pangharepan pikeun ka hareup sarta mindeng ngomongan pamadjikanana , jen ĕngke ka hareup moal teu aja kasěnangan . Estoe gede pangharepan keur ka hareup teh, sarta pageuh hatena , moal salah deui pisěnangeunana , ngan samemeh nepi kana waktoena teh, koedoe nandangan prihatin bangět .

Karoenja pisan Wirio ! Naha eta katjilakaanana teh koerang keneh? Naha henteu tjoekoep , djělěma sakitoe pangbeungharna djeung pangdiadjenanana koe djělěma oerang Wangkal , ajeuna koedoe tiloe tahoen tětěběngan , doengkoer -dongkar digawe beurat , keur ngarah sahoeapeun -sakopeun ? Eta teh kakara tiloe boelan měntas diboeat , anoe biasana mah , komo oerang Wangkal , saeusieusi imah saroeka ati , ari ieu djadi sakitoe saroesaheunana .

Si Wirio digawena geus sababaraha poë dina kebon deukeut post Katapang , deukeut sisi laoet , anggangna ti imahna lalakon sadjam , datang ka dadaharanana koedoe měkěl.

Dina poë kahidji , mimiti ngaboeroedjoel , njampak aja batoer doeapoeloeh mah , samoending -moendingna anoe pada ngaboeroedjoel , sawah lahanna leuwih ti opat poeloeh baoe legana . Oenggal po ngoerangan , ari ditanjakeun koe Wirio, djělěmana maroeriang.

Harita kakara manehna ingět, jen di Katapang teh kasohor tempat goreng hawana, koe sabab kitoe manehna teu ngeunah hatena . Naha teu ingět ti bareto , meureun neangan pagawean di sedjen těmpat . Tjeuk pikirna : „ Paingan geus doea poë ari ti peuting sok rieut bae ."

Harita datangna ka imahna koerang berag . Sabisa -bisa mindingan soepaja oelah kanjahoan koe pamadjikanana jen aja kasoesahna , tapi keukeuh bae katangen . Katendjo Wirio panonna tjarělong djeung teu pati ngomong , tara ti sasari . Toeloej nanja bari ,,Koe naon kang, na gĕring?" sorana sẽmoe kaget :

Wirio kaget , ditanja kitoe teh . Tjeuk pikirna : „ Naha aing teh geus katĕrap moeriang kitoe ? Djeung rarasaan lalesoe , samar kahajang." Toeloej manehna ngadjawab pokna : ,,Poegoeh ieu rada rieut . Sapoë djepoet digawe di noe panas . Lamoen engke peuting bisa hees tibra mah , isoek ge leungit."

Manehna ĕmboengeun mandi , koe tjai tiis teh ngadegdeg , djeung dadaharan teu ngeunah . Sore keneh pisan Wirio geus ka enggon , toeloej hees . Tapi heesna teu tibra ; meusmeus lilir , djeung loba impian , deui , noe teu paroegoeh . Isoekna ari hoedang teh beuki aloem .

Tapi isoek-isoek keneh pisan manehna indit ka Katapang, rek dilawan bae moeriang teh. Ingetanana , soegan engke keur digawe bidjil kesang , meureun djadi hade .

Barang datang kana pagaweanana , aja noe njarita jen peuting tadi aja doea oerang Priboemi , anoe minggoe toekang digarawe di Katapang, paeh koe moeriang .

Enja bae saomong djělěma teh , jen Katapang goreng hawana, djělěma anoe djaragdjag oge, lila -lila mah euweuh anoe koeat .

Ari Wirio mah ajeuna koedoe digawe di dinja . Omongna dina hatena : ,,Ngan sapoë ieu deui bae, aing ka dieu teh. Lamoen aing gering, saha noe pingoeroeseun anak djeung pamadjikan ?"

Kira-kira poekoel 10 , datang opsender ngaronda pagawean .

Gantjang Wirio menta idin oendjoekan . Tjeuk opsender teh : ,,Aja naon Wirio ?"

Tjeuk Wirio : „ Moegi djoeragan oelah běndoe , endjing koering moal bisa digawe deui di dieu, margi ajeuna ge moeriang , oepami parantos katjida , kantěnan koering loepoet pisan moal bisa digawe deui . Saha noe pingoeroeseun pamadjikan sarěng anak ?”

Tjeuk toean opsender teh dina hatena : ,,Toeh geus brek deui ."

Djawabna : „ Handjakal pisan Wirio. Tadina pikir aing , pantar maneh mah djagdjagna , tangtoe koeat di dieu .

Nja katjida gorengna hawa Katapang teh. Tina doea poeloeh djělěma toekang ngaboeroedjoel dina djěro doea minggoe , ngan tinggal gěněp noe tjalageur . Nja geus oelah dipělakan tiwoe di dieu mah ." Geus kitoe, Wirio dibere pagawean sedjen keur isoekan sarta toean opsender tea toeloej těroes ngaronda deui.

Wirio meak -meakeun kadaek digawe harita , hajang ngadjědjěgkeun sapoë teh. Rieut geus euweuh rasakeuneunana , hoeloe mani asa dipaloean bae, awak wěleh teu kesangan mangkilang digawe , meak-meakkeun tanaga , ngarah kesang teh . Manehna atoheun naker bisa toetoeg digawe nepi ka poekoel opat . Toeloej balik ka imahna pikirna bari leumpang : ,,Oentoeng aing henteu nombro di pagawean . Soepaja bisa hees bae ĕngke peuting, moal naon -naon , isoek aing bisa digawe deui , rek di goenoeng bae ngawoeloekoe teh, ngarah sehat ."

Tapi Wirio kasakitna leuwih banget ti panjangkana . Peuting eta teu pati hees , kalah ka impian bae loba djeung goendam nanaon , walahwah -weuleuhweuh, datang ka pamadjikanana njaring . ,,Koe naon kang ?" Omongna lalaoenan :

Wirio ngoredjat hoedang , ngimpi matak pigilaeun pisan . Moenggah kadeuleu keneh , nendjo boehaja tjalawak , rek ngalĕgleg manehna . Teu kitoe, ngimpi nendjo maoeng ngarontok moendingna , digoesoer ka leuweung. Omongna : „ ,Poegoeh ngimpi ! Leuh aja reuwas , atoh nakěr digeuingkeun teh, djeung ieu, na aja rieut , mani asa ĕngab -engaban , di djěro . Menta tjai ka dieu, hajang nginoem , letah mani asa toehoer ."

Pamadjikanana njokot kěndi , toeloej ditotor . Barang geus seubeuheun , sirahna ditjabak koe pamadjikanana . Pamadjikanana mani pias , bawaning kaget , omongna : ,,Kang ! geuning akang teh moeriang, ieu mani sakieu njěbretna.

Tjeuk Wirio : ,,Poegoeh ! sakieu teu ngareunahna . Geus bae Katapang mah , ieu teh moeriang ti dinja .'

Geus kitoe toeloej hees deui . Teu lila děrěkděk deui bae sasar , malah djeung ngatjo teu poegoeh -poegoeh . Aja teu goendam , sakeudeung -keudeungeun , lah, ngamběkanana siga noe eungapeun pisan .

Pamadjikanana geus teu poegoeh tjabak , něpi ka teu bisa hees deui . Pek dirimboenan koe simboet djeung samping naonnaon , soegan bidjil kesang . Tapi awakna tonggoj bae panas sarta teu aja kesangan , djeung simboet teh meusmeus dikepeskeun koe Wirio.

Barang braj beurang , Wirio rek hoedang , ingětanana rek digawe tjara sasari , mawa moendingna ka sawah. Tapi katjida lieurna djeung soekoe laleuleus teu bisa nangtoeng , loengse taja tanaga , ngan brěk bae ngagoler deui .

Sababaraha poë kitoena teh , leuwih saminggoe ; pamadjikanana mah soesaheun katjida , aja pikiran palangsiang Wirio geus deukeut kana adjalna Dina doea tiloe poë mah boga keneh doeit keur balandja , tapi liwat tina saminggoe doeitna beak , padahal kasakit mah angger bae . Sobat - sobatna di lěmboer Wangkal katjida karoenjaeunana ka Wirio djeung ka pamadjikanana Kabeh pada harajangeun noeloeng , tapi lolobana keur sadirieunana oge seuseut seuat . Wirio oge teu hajangeun ditoeloengan koe noe waloerat deui mah . Nadjan njahoëun , jen sobat -sobatna teh balageur pisan . Ngomong ka pamadjikanana : „ Sapandjang oerang boga keneh papakean mah , oelah daek nampa ti noe sedjen , sabab batoerbatoer oorang oge keur saroesaheun ."

Tapi Wirio ngahělas pikirna , barang nendjo pamadjikanana ngagadekeun papakean . Ari doeitna teh babari pisan beak . Isoekna geus djoeng deui ngagadekeun badjoe laken noe baroedak ; geus kitoe totopong Wirio noe pangaloesna . Ti dinja samping pamadjikanana. Ari gěringna masih keneh bae.

Lila-lila kasakitna rada měnding , tapi awakna lalěsoe euweuh tanaga , dina doea minggoe bae mah , moal bisa digawe . Leumpang oge di imah koendang iteuk . Wirio ngěněseun pisan papakeanana beak kabeh di pakgade , toer ngan sakitoe -kitoena , minangka tanda mata waktoe manehna boga .

Ari ajeuna , tanwande toeloej lapoer , sabab sanadjan Wirio tjageur , moal oedjoeg -oedjoeg meunang rědjěki pimahieun keur něboesan . Papakeanana kabeh noe araloes , geus beak digadekeun , ari doeitna , ngan kari sakětip -kětipeun bae . Wirio geus sisip akalna, pamadjikanana aja pikiran rek ngagadekeun deui toesoekkondena , aloes pisan , tapi eta teh titinggal indoengna , koe sabab kitoe , manehna teu kadoegaeun ngaloearkeun , tapi harita geus rek lah -lahan bae . Hadena aja pitoeloeng .

Dina hidji mangsa pasosore , Wirio keur ngagoler dina saloe- . saloe měntas moeriang , pamadjikanana dioek gigireunana bari keur kakapoet , djol aja Tjina , babah Li A Sie tea asoep ka djěro imahna. Doemeh manehna njěkěl pakgade , eta babah njahoëun jen Wirio ngagadekeun roepa -roepa barang , gantjang pikirna si hiri ,, Ieu djělěma tangtoe boetoeheun koe doeit . Ajeuna děngki teh : mah beunang kĕrisna koe aing , keun rek mětakeun akal "

Gantjang nitah masang kaharna, rek ka Wangkal , ka imah Wirio . Barang manehna nendjo Wirio gering , panonna tjarélong djeung koeroe katjida , pikir Tjina teh : ,,Paingan , ari kieu mah , papakeanana dibawaan ka pakgade bae." Omong Li A Sie : ,,Koe naon Wirio, maneh teh gĕring ? Handjakal nakěr, heug aja pagawean. Kami meuli pare ti Litjin , tadina rek nitah ditjokot ":

Djawab Wirio : „ Taja pětana ajeuna mah Kahareup onaman doeka teuing. Leuwih saboelan koering gĕring . ,,Teu bisa kitoe kieu ." Tjeuk Tjina , bangoen karoenjaeun : ,,Astagah ! Atoeh teu bisa balangsiar naon -naon meureun Koemaha ari dadaharan sakieu lobana parabaneun ?"

Tjeuk Wirio : ,Euweuh deui ngan ngagadekeun bae, aja basa , banda tatalang raga . Eta ge doeka teuing, boa bisa něboes boa henteu ."

,,His , eta mah ĕntong salempang , ongkoh kami anoe njěkěl pakgadena oge, koe kami dibere tempo doea tahoen ; malah djaba ti eta , kami rek noeloeng ka maneh , bisi maneh boetoeh koe doeit, koe kami dibere ngindjeum , sabaraha bae , panaoerna mah engke bae ."

Djawab Wirio : ,,Noehoen pisan Bah, eukeur mah koering aja noe rek ditawarkeun . Ajeuna mah paparin persekot bae, sapoeloeh perak."

,,Hade , heh ieu ," bari toeloej milang opat ringgit dina medja ." „ Ajeuna mah njieun tandatangan bae ka dinja . Lain bisa noelis ? Di dinja geus disěboetkeun boga hoetang sapoeloeh perak. Heh ieu potlotna."

Wirio pek njieun tandatangan , sarta atoheun ; pamadjikanana nja kitoe keneh, doemeh toesoekkondena teu koengsi digadekeun ; manehna teu pisan-pisan njangka, jen eta Tjina bageur soteh sabab boga pangarah , nja eta rek ngadjaring (ngaringkoes ).

Tjeuk Wirio : ,,Noehoen sareboe , Bah . Koering kahoetangan kahadean gede katjida koe Babah , moega -moega bae koering bisa gantjang males . Di mana koering geus bisa , tangtoe dikoendjal pare Babah , ti Litjin .

Roda koering ajeuna keur njadangan gawe babah ."

Tjeuk Tjina teh : ,,Entong njieun soesah kitoe, koe doeit sapoeloeh roepia . Ongkoh djeung batoer pada -pada mahloek mah koedoe silitoeloengan , mistina ge . Entong sok misit teuing kana doeit teh, ari geus beak mah ngindjeum deui bae ka kami . Ieu a a opat bon , sapoeloeh - sapoeloeh roepia . Lamoen koe maneh ditanda sahidji , toeloej dianteurkeun ka imah kami , meureun dibere sapoeloeh roepia . Ajeuna mah sing tereh tjageur bae . Dadaharan sing ngeunah , ambeh tereh djagdjag . Ngan koe pamenta kami , poma -poma pisan , oelah roesoeh digawe , bisi karoegrag .”

Geus kitoe Babah teh balik . Wirio katjida nganoehoenkeunana .

Wirio masih keneh bae geringna . Meusmeus moeriang , meusmeus moeriang . Sabab tara dioebaran koe kina . Aja doea boelan mah kitoe bae, teu bisa pisan digawe . Barang geus tjageur pisan , kakara digawe deui. Orokaja hoetangna ka Tjina , nepi ka geus opat poeloeh roepia . Ajeuna eta hoetang rek ditoengtoet dibajaran saminggoe saroepia . Li A Sie , Tjina bageur , tangtoe ditampa majar saminggoe saperak teh. Kitoe pikirna Wirio. Tapi teu lila katangen ngarahna Tjina tea. Wirio dititah digawe saminggoe djěpoet , barang dina oesoem bajaran , omong Babah Li A Sie ka Wirio, djeung manis : „ Wirio bajaran maneh ti kami gěněp roepia , tapi hoetang maneh opat poeloeh roepia . Djadi kari tiloe poeloeh opat roepia deui."

Wirio katjida kagetna , koe eta pangatoeran . Manehna rek ngomong , orokaja kaboeroe dipěgat koe Tjina teh : ,,Entong loba tjarita , oentoeng maneh , teu koedoe ngentresan oge ! Lamoen maneh ěmboeng kitoe, bajar ajeuna sama sakali , tangtoe kami moal moesingkeun ka maneh ."

Djawab Wirio : ,,Koemaha koering pibisaeun naoer hoetang koering kabeh samasakali , keur dadaharan oge baris saminggoeeun , teu aja ."

,,His , djoeal bae moending maneh ."

Tjeuk Wirio ; ,, Baroek ngadjoeal moending , anoe sakitoe noeloengna , taja pětana ."

,,Keris atoeh ! koe kami dibeuli saratoes lima poeloeh , ajeuna .' ,,Ongkoh tjeuk koering oge , eta mah moal ka loear ."

,,Nja, koemaha atoch , doeit kami koedoe dipoelangkeun deui , asa běněr nakěr . Djadi maneh koedoe digawe di kami gěněp minggoe deui. Isoekan koedoe mawa roda ka dieu ."

Tjeuk Wirio : ,,Koemaha koering dadaharan ?"

Tjeuk Tjina : ,,Pěrkara eta mah, koemaha maneh bae . Kami mah mapatahan enggeus , soepaja meunang doeit. Tapi maneh ěmboeng , teu borong di dinja ." Bari toeloej Tjina teh aboes ka imahna. Wirio mah diantěp bae di loear .

Wirio ngomong dina hatena , bari masang deui moendingna ,,Nja pangarahna ĕnja , Tjina teh . Asalna manehna rek balik : maksa mere ngindjeum doeit , ari ajeuna kitoe , ngaringkoes bae ieu mah , badis ĕnja . Koe teu njana rek nipoe . Běněr tjeuk bapa , Tjina djeung Arab mah lain pisobateun , teu beunang dipĕrtjaja .”

Aloem pisan Wirio datangna ka imah. Pamadjikanana njangka , salakina aja deui noe karasa . Tapi lain . Barang Wirio njarita kasoesahan , pamadjikanana katjida ngahĕroekna , toegěnah koe babah Li A Sie .

Omong Wirio : ,,Eta Tjina teh ngagebrag ka aing , ngarah aing daek digawe gěněp minggoe , henteu make boeroehan . Tapi keun, da moal ĕnja digoegoe , isoek mah rek digawe ka pabrik bae . Rek dibajar doea roepia saminggoe , sabab leuwih ti sakitoe mah , moal bisa . Ari maksoedna noe ĕnja tea mah hajangeun kana kĕris . Tapi moal beunang ."

Isoekna Wirio digawe di pabrik ; panggébrag Tjina teu ditolih . Barang ka tiloe poëna , Tjina teh datang ka imah Wirio mawa batoer doeaan barajana . Omongna kasar : „ Kami teh rek njokot doeit ka Wirio, bareto ngindjeum ka kami ."

Pamadjikanana reuwaseun , toeloej ngadjawab : ,,Moal bisa majar sama sakali , Bah ! Ngan saban toetoep minggoe , Wirio rek datang koe maneh ka Babah , majar hoetang doea roepia saminggoena , něpi ka loenas ."

Tjeuk Li A Sie : ,,Ah ěmboeng , hajang ajeuna pisan , dibajar kabeh ."

99‚Taja pětana , Bah , koering mah teu boga doeit sapeser -peser atjan."

Tjina teh kodjengkang , njokot kěris si poesaka tina bilik , boes diaboeskeun kana kantong, bari omonga : ,, Rek dibajar koe kami bae ."

Pamadjikanana Wirio ngadjěrit, bari ngarontok ka Li A Sie , rek ngarěboet eta kĕris , tapi Tjina noe doea deui tea noeloengan ; pamadjikan Wirio ditjěkěl leungeunna doeanana . Li A Sie gělěděg loempat kana kahar . Ari geus dioek dina kahar, batoerna noe doeaan noetoerkeun , toeloej baralik .

Pamadjikan Wirio gěgĕroan , menta toeloeng . Aja oerang lemboer , hidji , doea , noe beridjil , tapi baringoengeun , teu barisaeun noeloengan , ongkoh teu waranieun ka Tjina noe beunghar teh.

Barang Wirio datang ka imahna , pasosore , njampak pamadjikanana tjeurik , keur soesaheun katjida , bangoen anoe kanjěnjěrian pisan . Ngomongna ka Wirio pěgat-pegat , njaritakeun noe geus kadjadian tadi . Wirio ngagidir amběk , tjatjakan lamoen babah Li A Sie aja, tangtoe tiwas . Lila-lila amběkna ngagilir , kana soesah noe lělěb tea.

Koemaha tarekahna, soepaja eta kěris beunang deui ? Doeit keur majar hoetangna teu boga . Ngindjeum ka sobat -sobatna , nja, meureun meunang , tapi pikirna leuwih hade entong . Djeung tatjan poegoeh dibikeun koe si Li A Sie teh , nadjan hoetang dibajar oge.

Meureun tjeuk si bangsat teh : ,,Keris beunang meuli , tjenah. Dikoemahakeun, geura ! Pek diterangkeun koe Tjina batoerna noe doeaan , jen maranehanana njaksian waktoe djoeal -meulina.”

Wirio geus beak karěp pisan , teu timoe piakaleun ; sobatsobatna oerang Wangkal kabeh baringoengeun . Toeroeg - toeroeg tjek kapěrtjajaan kana pakarang, lamoen eta kĕris geus ka loear ti lěmboer Wangkal , ingětanana tangtoe loba katjilakaan , da geus euweuh noe nangtajoengan . Ngan noe bisaeun noeloeng moelangkeun deui eta kěris , koedoe bangsa Walanda noe gěde pangaroehna tapi saha , djeung Walanda teu aja noe wawoeh.

Peuting harita , Wirio djeung saanak -pamadjikanana , geus lain dikieuna bae saroesaheunana , nepi ka euweuh noe sasarean . Pikiranana kana kĕris poesaka bae, anoe ditjokot koe Tjina . Estoe matak njěri ĕnja eta mah , saoemoerna Wirio kakara ngarasa njĕri hate kitoe.

Manehna teh tadina masih gěde bae pangharepan , pikeun kasenangan ka hareup . Ari ajeuna , geus teu katoong bae piajaeun bagdja teh, samasakali .

VIII.

PITOELOENG NOE TEU PISAN -PISAN DINJANA.

Wirio, teu wěleh-wěleh neangan pidjalaneun, soepaja eta kĕris kapimilik deui . Sapeuting djěpoet njileuk bae ; tapi di mana beh piakaleun, tjop kana pidakoeeunana si Li A Sie , ekol bohong , ngarah oelah eleh . Koemaha nja pěta , moen manehna mental toeloeng ka toean Opziener , atawa ka toean Assistent -Resident, didjawab koe si Lie A Sie : ,, Da koering mah beunang meuli , tjenah ! Si Anoe si Anoe saksina " , nja eta batoerna noe doeaan tea .

Pikirna Wirio , barang hoedang isoek-isoek : ,,Ah, soegan rek diandjangan bae si Lie A Sie teh." Toeloej manehna dangdan , rek ka dajeuh . Tapi sampingna noe aloes , badjoe , totopong , noe dipake ngaginding basa ka noe kariaan tea di Galagah , kabeh geus digadekeun .

Anoe aja teh badjoe samping kitoe bae , paragi sapopoe tea . Ngan boeboehan Wirio ahli běrseka , bararěsih mah koedoe .

Poekoel toedjoeh isoek-isoek , manehna tarapti . Barang rek djoeng pisan indit , djol si Saleh djeung pirang-pirang batoerna oerang Wangkal , arasoep ka imahna . Saleh ngomong : ,, Ieu batoer sarerea pada karoenja ka akang . Katambah sararieuneun bilih aja katjilakaan , lantaran kĕris poesaka geus ka loear ti lěmboer ieu . Koe sabab kitoe , ieu sarerea baris naroeloeng ka akang , pikeun něboes eta poesaka . Koedoe dimanah , kabeh oerang Wangkal pada hararěpeun , eta kĕris boeroe -boeroe balik deui ka akang. Tah , ieu doeit meunang ngoempoelkeun ti sarerea , poma oelah teu ditampi . Mangga bajarkeun ka Tjina teh ; tangtoe akang aja hak ngarawat deui eta kěris . Entong lila-lila dimanah . Akang teh moal ĕnja ngarah tjilaka batoer sarerea ."

Djawab Wirio : ,,Engkang oge kaběněran pisan , rek indit ka si Lie A Sie . Lamoen bari mawa doeit , meureun leuwih ngeunah koe sabab eta , rek ditarima bae eta pitoeloeng doeloer sarerea teh. Enja akang teh henteu pěgat -pěgat harěp kana katjilakaan doeloer -doeloer kabeh , koe djalan engkang . Ajeuna rek pĕrloe pisan pikeun kasalamětan běrkah sarerea , eta kĕris aja deui di akang , djadi koedoe eta doeit , ditarima koe akang, tapi make perdjangdjian , di mana akang geus boga , eta doeit dipoelangkeun ."

Djawab Saleh parangi atoh , doemeh Wirio daek nampa , pokna : ,,Soemangga ."

Tjeuk Wirio deui : ,,Noehoen sareboe , pitoeloeng doeloer -doeloer sarerea . Moega -moega bae hasil maksoed . Tapi tjeuk rarasaan , lamoem teu aja pitoeloeng bangsa Europa mah noe gede pangaroehna , hese ."

Sanggeus ngomong kitoe, Wirio indit ka dajeuh.

Barang kakara meunang saparapat djam leumpangna , dina pengkolan djalan , manehna nendjo toean nangtoeng . Nendjo petjina make pasmen bodas , tangtoe toean Aspiran -Kontrolir . Gek Wirio dioek. Toean Aspiran teh njampeurkeun , mariksa bari parangi manis , lahirna : „ Ari ka lěmboer Wangkal , ti dieu djaoeh keneh ?"

Pioendjoek Wirio : ,, Soemoehoen eta , parěk pisan . Oepami parantos langkoeng pengkolan ieu , djol beh bae katingal ."

„ Kawas katjida maneh njahona di Wangkal teh , nja ?”

,,Abdi , oerang dinja pisan ."

,,Maneh meureun njaho , oerang Djawa noe ngaran Wirio ?" ,,Soemoehoen , nja abdi pisan ."

„ Alah -alah , kaběněran , euj ! Wirio , ĕnja maneh boga oebar moending gĕring ?"

,,Soemoehoen gadoeh oge . Nalika di Wangkal , moending aloedoer , seueur noe dioebaran koe abdi ."

,,Aeh-aeh , ĕnja sabedja teh . Tjing atoeh , Wirio, pangnjieunkeun saratoes botol . Di lemboer -lemboer ieu beh kidoel, timboel deui eta panjakit teh . Djělěma -djělěma , geus beak karep teu barisaeun ngoebaran . Engke koe kami dibajar, sabotolna saperak .'

,,Oendjoek soemangga ; sedja pisan abdi noeloengan , namoeng , entong nganggo dibajar. Masih langkoeng oge tina saratoes botol , soemangga , soepados dipaparin botolna bae, doepi landongna mah , entong ngagaleuh ."

,,Ari ajeuna , maneh rek ka mana ?"

,,Soemoehoen bade ka dajeuh, aja lěrěskeuneun ."

,.Moal beunang di engkekeun , nepi ka isoek ? Koe hajang mawa ajeuna, eta oebar teh, doea tiloe botol mah . Oelah salempang , baris dibajar."

,,Soemoehoen timbalan, perloe pisan , abdi ajeuna ka dajeuh , teh . Nanging oepami gamparan kersa noeloeng ka abdi , teu sawios , diendjingkeun oge.'

,,Naha naon ? Tjoba tjaritakeun . Moen kami bisa , heug, ditoeloeng ."

Toeloej koe Wirio ditjaritakeun , ka eta toean Aspiran teh , jen kěrisna dirampas , koe babah Lie A Sie , sarta oerang lemboer Wangkal saroesaheun katjida , teu aja eta kĕris teh .

Saoer toean Aspiran : Nja djahat enja eta Tjina teh."

,,Sing pĕrtjaja , tiloe poë koe kami beunang deui , eta kĕris . Kami njaho, ka eta Tjina teh kabeh . Tapi , énja eta keris teh , aloes ? Koemaha roepana ?"

Koe Wirio ditjaritakeun roepana , sarangkana , landeanana , potonganana , pamorna , sagala roepa .

,,Asa keur boedak keneh baheula , nendjo kĕris kitoe teh ?"

,,Panginten , margi abdi kenging eta keris teh , ti poen bapa . Doepi poen bapa , nalika djadi djongos , sa -India kadjadjah kabeh . Koe djoeraganana , eta kĕris sering ditembongkeun ka tatamoena , margi tina saena .'

,,Saha ari ngaran bapa maneh ?"

,,Soemoehoen Moestari."

,,Moestari ? Ari bapa maneh teh, naha bareto djongosna toean Residen Maarten ?"

..Soemoehoen timbalan

,,Djadi maneh , Wirio, anak Moestari, tea . Aneh ĕnja ieu mah . Maneh teu ingět , eta toean Residen kagoengan poetra , noe pangleutikna , sinjoh Nico ?" .

,,Kantěnan . Sering pisan abdi oelin sareng sinjoh Nico mah . Sok mangnaekkeun boeboeahan , sareng mangběrěsihankeun kandang djapati nanaon . Kalintang rěsěpeunana kana manoek sareng bangor teu kintěn , sakitoe leutik keneh teh ."

Toean Aspiran imoet , saoerna : „ Saĕnja -ĕnjana , Wirio, kami , sinjoh Nico teh, noe baheula sok oelin djeung maneh . Kami anak toean Residen Maarten pangleutikna, anoe didjongosan koe Moestari , baheula . Ari Moestari teh , teuing koe bageur !" .

Barang ngadenge kitoe , Wirio toengkoel , eraeun , tjong njěmbah , pihatoerna : ,,Moegi gamparan ngahampoentěn ka abdi , reh teu terang , bieu njanggěmkeun gamparan . Henteu nginten saboe . oek -boeoek atjan, jen gamparan poetra toean Residen Maarten ."

,,Teu naon -naon . Kami mah waas , oeroet baheula sok oelin djeung maneh . Maneh harita kira-kira leuwih 5 atawa 6 tahoen ti kami , sok dipiwarang koe rama kami ngiring-ngiring kami oelin . Isoek-isoek geuning , sok mangmawakeun sabak djeung boekoe , ka sakola. Poekoel sawělas djol maneh mapagkeun koe kareta. Pasosore sabot rama koelěm , sok aroelin di pakarangan , geuning lěga nakěr nja ?"

,Soemoehoen ." .

,,Harita mah maneh teu woedoe oge bisa ngomong basa Walanda ; koemaha ajeuna timoe keneh ?"

,,Aja bae , saeutik-eutikeun mah ."

,,Tapi Wirio, tjoba tjaritakeun , waktoe bapa maneh ka loear ti bapa , teu woedoe boga teuteundeunan ; bapa mindeng sasaoeran ka kami . Tapi ari maneh mah kawas teu pati boga . Naha ĕnja kitoe ?"

,,Soemoehoen timbalan . Nalika maot , seueur oge titilarna . Namoeng seep kahoeroean . Gadoeh sawah disewakeun , dianggo ngagentosan ka oerang lěmboer Wangkal , sakoer noe nareundeun gagadoehanana di abdi ."

,,Geus Wirio ; maneh teh tjara bapa maneh bae, bageur ka batoer . Soekoer pisan . Ieu koe make kaběněran , make papanggih . Pěrwatěk kĕris poesaka deui bae. Aneh , kami meh -meh pěrtjaja kana hikmatna eta kĕris Kieu geura : Wirio ! Tendjo itoe kareta kami , doemeh djalan sakitoe gorengna , ari kami perloe noeloeng oerang lemboer noe garĕring sapina ; kami leumpang bae . Hajoe ajeuna djeung kami balik deui ka Wangkal , heg njieun oebar sabaraha botol bae heula ; djadi lalampahan kami henteu gaplah .

Keun keris mah koe kami dioeroes , sing beunang deui koe maneh . Malah maneh oge baris didjeudjeuhkeun . Kami moal senang ati , moen anak Moestari hiroepna balangsak . Keun sagala oeroesan koe kami dioeroes . Sing pĕrtjaja , sinjoh Nico rek ngoeroes ĕnja -ěnja ka batoer oelinna keur boedak ."

Pioendjoek Wirio : ,,Bo , gamparan , oepami abdi ditoeloengan koe gamparan , dongkap ka keris poesaka kenging deui , geus pisakoemahaeun bae tarimana, margi dihilian koe naon bae oge, nadjan koe artos sakoemaha oge, moal dikaloearkeun ; ari margina ageng pisan hikmatna , matak ngoentoengkeun sareng matak bagdja , katambah bieu pisan didawoehan koe gamparan , koe watek eta kĕris , nepi ka ajeuna abdi tiasa patěpang sareng poetra toean Residen Maarten , toer geus djadi pangagoeng , deui ."

Saoer toean Maarten : ,,Hajoe ajeuna oerang ka Wangkal , sabab koedoe boeroe -boeroe noeloengan abdi -abdi noe tjilaka ."

Geus kitoe, djoeng doeanana laleumpang , ngarendeng bae bari teu eureun toean Maarten sasaoeran , njarioskeun lalakon andjeunna keurna moerangkalih keneh .

Pamadjikan Wirio barang nendjo salakina reureudjeungan djeung toean , kageteun pisan , komo eta mah , nendjo Wirio ngomong senang , soeka ati djeung eta toean , kawas djeung sobat . Katjida teu kahartieunana , tapi barang dibedjaan koe Wirio, jen eta toean teh batoer oelinna baheula , manehna miloe boengaheun , malah toeloej ngabantoean naheur oebar tea.

Toean Maarten teh bari ngadagoan noe keur naheur oebar , rarat-reret ningalian eusi imah. Katjida roentang -rantingna, tapi bareres , bararěsih . Nilik parangi djeung tjaritaanana , katangen koe toean Aspiran Controlir , Wirio teh djělěma bageur pisan . Koe sabab kitoe manahna , hojongeun pisan noeloeng .

Kahidji heula , oebar tea rek dibajar sing perjoga , di mana boekti jen matih, rek nitah njieun loba , kana doea tiloe ratoes roepiaeun mah . Euweuh kaheseanana , sabab geus kawidian koe pamarentah , pikeun narekahan ngaleungitkeun eta panjakit .

Wirio njieunna oebar henteu lila . Toean Maarten oge heraneun , bět sakitoe terehna . Harita meunang doea bělas botol , ngan keur njoba bae heula . Oepama toean Aspiran hojongeun deui mah , soepaja ngirim botol kosong bae, tangtoe dipangnjieunkeun.

Toeloej eta oebar teh dipiwarang di -kana kaharkeun . Toean Aspiran ngalahirkeun tarima kasih , bari sok maparin lima ringgit , ,,Kop, tah Wirio boeroehan tjape , meureun loba gawena saoerna : keur maneh ."

Djawab Wirio : Kantěnan ari padamělanana mah seueur , namoeng ieu mah oebar teh mawi artos . Padamělan sakieu alitna mah, tara njoehoenkeun dibajar."

,,Teu oemoem bae Wirio ! Tampa ieu doeit teh. Maneh teh djělěma hade djeung bageur , tapi oelah teungteuingeun teuing. Lamoen oerang lemboer onaman noe malarat tea , noe koedoe mareulina ieu cebar , sedjen pěrkara , ieu mah da Kangdjĕng Gcepěrmen . Kangdjěng Goepermen geus ngawidian ka kami , make doeit loba , pikeun meulian oebar djeung narekahan ngaleungitkeun panjakit hewan . Koedoe kieu nja pikiran teh : Maneh ajeuna saolah -olah pagawe koempěni , eta doeit minangka gadjih maneh . Oepama ieu oebar aja toeloenganana , engke kami meuli loba , sarta harga noe pantes ."

Wirio teu ngcmong deui , doeit teh ditampa , sarta toeloej diteundeun ; pikirna : ,,Koempěni , ari koempěni teh beunghar , lamoen eta cebar dibajar , asa gelo , moen teu ditampa teh ."

Tapi Wirio henteu tinggal , ari kana ngahatoerkeun noehoen mah ka tcean noe bageur teh , bari njoehoenkeun deui pitoeloengna hal kĕris tea.

Saoer toean Maarten : ,,Kĕris mah keun koemaha kami , moal boeroeng beunang . Isoek ge koe kami dibawa ka maneh , karana kami hajang berdami pikeun noeloeng maneh ka hareup . Kami teu senang katjida nendjo anak Moestari , malarat kieu . Pantar maneh noe katembong nondjol ti batoer . malah bisa matja, bisa noelis nanaon , tangtoe bisa njiar rědjěki tina djalan sedjen , oelah djadi koeli digawe ti isoek něpi ka boerit kitoe."

Geus kitoe toean Aspiran Controlir teh tjlak nitih kahar , gagantjangan moro ka lemboer noe aja panjakit tea.

Oerang lěmboer katjida aratoheunana , nendjo toean Aspiran soemping njandak oebar , sabab geus loba moending djeung sapi noe paraeh katĕrap eta panjakit , euweuh deui noe diarep -arep , ngan pitoeloeng toean Aspiran . Barang soemping , toeloej maparinkeun oebar tea bari ngawoeroek mětakeunana eta oebar sarta ngalahir ka Loerahna : ,, Di mana aja toeloenganana eta oebar , koedoe geuwat lapor."

Geus kitoe toeloej moelih ka dajeuh , soempingna geus boerit.

IX.

BAGDJA NOE TEU DISANGKA -SANGKA .

Oeroet angkat sakitoe djaoehna , toean Maarten palajeun, tapi teu aja manahna kana ngaso , eling hojongeun noeloengan Wirio. Sanggeus siram toeloej ganti anggoan , djoeng angkat ka babah Lie A Sie , tjara noe ngandjang bae . Soempingna geus poëk . Imahna teh gěde djeung agreng , ma'loem imah noe beunghar . Pondokna lěga , lampoena oge mani gěněp , diseungeut kabeh , katjida mabrana , papaes tembok katjaangan , aja pigoera pirangpirang, wongwongan-wongwongan sagala roepa . Dina sisi tembok djěro make medja tapekong , paranti njoengsoem , dioekir sarta diaer-mas , mani marakbak . Loehoereunana , dina tembok, aja artja Kong Ngoetjoe , nabina oerang Tjina ; dihapit koe doea gambar dewa. Dina eta medja topekong , aja pirang-pirang lilin beunang njeungeut, warna-warna pisan . Dina kamar paragi tamoe , euweuh sasaha . Laloeasa pisan lamoen toean Aspiran Controlir palaj ningalian papaes -papaes teh . Tapi toean Maarten henteu pati djongdjon manahna , hojong geura gok bae těpang djeung babah Lie A Sie teh, rek ngoeroeskeun keris tea . Barang soep oge ka pandopo . toeloej ngagěntraan : ,,baroedak ! baroedak !"

Teu koengsi lila , aja badega datang ka loear , toeloej toean Maarten mariksakeun , babah Lie A Sie aja henteuna di imah.

Djawabna : ,,Aja."

Pek andjeuna miwarang dibedjakeun .

Teu lila babah Lie A Sie datang . hormat pisan ka toean Aspiran teh. Sanggeus tatabean toeloej njalikeun . Geus kitoe djol badegana mawa soeroetoe , teu lila djol noe mawa kěrekan djeung paranti tjalatjah . Ti dinja djol noe mawa patehan , tjatjangkirna aloes nakĕr.

Toean Aspiran neuteup bae ka priboemi , geus kitoe pek sasaoeran : ,,Tadi isoek -isoek aja oerang lemboer Wangkal ngadoekeun andjeun."

Tjeuk babah Lie A Sie : ,,Aeh-aeh , naha pěrkara naon ?"

,,Omongna mah dipaling keris ."

,,Baroek maling keris ? Moegi oelah didangoe bae . Kapan kaoeninga , koering teh djělěma beunghar, sakahojong meureun bisa meuli . Mangga bae tingalian , parabot imah woengkoel , langkoeng ti doea reboeeun ."

Saoer toean Maarten : „,Pěrtjaja pisan, ngan soegan meuli atawa koemaha , eta kěris ti oerang Wangkal ?"

,,Oepami meser lérés . Malah waktoe idjab-kaboel djoeal -meuli , disaksian koe poen doeloer djeung dahoean . Mangga bae pariksa doeanana oge. Geura oerang saoer ."

,,Ah , henteu perloe , eta mah . Itoe oerang kampoeng meureun noe teu běněr . Djadi andjeun teh kamari ka imah Ardjo di Wirio, meuli keris kalawan terang. Sabaraha dibeulina ?"

,,Saratoes lima poeloeh roepia , tapi eta Wirio boga hoetang ka koering 34 roepia , djadi koering koedoe nambah 116 roepia deui ."

,,Kitoeh ; sarta eta anoe 116 roepia , kamari geus dibajar, kakarek kĕrisna koe Wirio dipasrahkeun ka andjeun ; nja kitoe ?"

,,Lĕrěs kitoe", bari oemat -imoet babah teh , sabab ngarasa senang hatena , doemeh oeroesan beres . Tapi sangkaanana salah , rehna toean Maarten noe tadina manis teh, oedjoeg -oedjoeg děrěkděk bae ngamběk bari sasaoeran : ,,Lie A Sie maneh bohong , kami njaho těrang pisan , eta keris koe maneh dipaling."

Tjeuk Tjina teh : ,,Na koemaha toean wani njěboet kitoe?"

,,Enja maneh bohong , samalah koe kami rek diterangkeun, geura dengekeun :

,,Dahoean maneh djeung doeloer misan maneh , geus nĕrangkeun ka kami waktoe maneh njokot eta kěris , Wirio keur euweuh. Pamadjikanana noe nampa doeitna , ari tjeuk maneh doeitna ditampa koe Wirio."

„ Namoeng manawi • " pioendjoek Tjina teh .

,,Naon? manawi ? Entong loba ekol , kadieukeun bae eta keris , lamoen teu dibikeun ajeuna maneh diaboeskeun ka boei . Ajeuna koe kami diadjar, noe sok nipoe djělěma leutik teh."

Tjina teh moenggah pias , tina reuwas, teu ngomong sakěmekkěmek atjan, ngan nendjo bae, ka toean Aspiran Kontrolir .

,,Hajoh , geuwat tjokot, kami loba gawe deui !"

Djoeng Tjina teh lalaoenan , njokot kĕris tea , sok diteundeun dina medja , bari mioendjoek , pokna : ,,Oepami toean hojong , tah ieu keris teh, tapi estoe koering teu gadoeh dosa . Katjida ieu mah . Meureun manah toean , koering maling adjen -adjen 150 roepia , padahal koering teh Tjina pangbeungharna sadajeuh ieu mah , sarta diadjenan koe oenggal djělěma , malah koe toean Assistent -Resident pisan diadaban . Pikeun koering soeka keneh leungit doeit sareboe , batan manggih perkara kieu ; wantoen soempah , koering teu gadoeh dosa . Taksiran moesoeh koering noe ngagogoreng teh , madjarkeun sok bohong atawa nipoe ."

Toeloej koe toean Aspiran keris teh ditjandak bari šaoerna : ,,Montong aja basa doeit sareboe -sareboe kitoe, djeung montong

TJARITA POESAKA 4 reuwas -reuwas, ieu rasiah moal aja noe njahoëun lian ti oerang doeaan . Ngan oelah deui -deui bae kitoe kalakoean . Lamoen maneh toepa - tipoe deui kitoe , ieu rasiah koe kami diboekakeun kabeh . Ajeuna mah pikiran bae dosa maneh , malah -mandar bisa ngahadean kalakoean maneh ."

Teu lila toean Maarten geus soemping ka boemina , toeloej tjalik bari ningalian keris , waaseun pisan eling ka baheula keur andjeunna moerangkalih keneh , mindeng ningali eta kĕris . Lila pisan , ngan tjalik bae dina medja toelisna ngamanahan Wirio djeung salirana koe andjeun . Njeh imoet , roepana boengah dina manahna , doemeh poë eta geus laksana noeloengan oerang Priboemi , komo ieu mah noe ditoeloengan teh Wirio pisan . Sakoemaha piatoheunana Wirio kĕrisna beunang deui , sakoemaha pitarimaeunana ka oeroet batoerna oelin baheula , sarta ajeuna djadi panjaloeoehan manehna .

Manah toean Maarten : ,, Ieu keris oerang boengkoes hade -hade , sarta isoekan isoek -isoek dianteurkeun koe oepas ka Wangkal . Karoenja koe Wirio, geus lila ngarep -ngarěpna ; memang kamistian aing boeroe -boeroe noeloengan , sina senangeun hatena djeung sina ngarasa bagdja . Oepas sina talatah, jen aing rek datang pasosore , karana noenggoe heula laporan ti Loerah, perkara oebar kasakit hewan tea, memeh lohor oge datang ."

Pek keris teh diboengkoes koe soerat kabar, soep dikanalatjimedja -toeliskeun . Barang rek disorog latjina, ret kana medja , aja soerat loehoereun kertas. Tjek manahna bari ningalian eta soerat : ,,Enja aing koedoe ngawalon soerat ka sobat aing , toean Jager : Njoeratan naon ieu kamari deuih ? Toeh geuning menta pimandoreun noe hade kana gawe , djělěma mangarti bisa ngoeroes bako . Teu gampang . Ah keun, Wirio bae rek diasoepkeun , kana ngoeroes bako , ngarti , kaběněran ; ngan soepaja Wiriona bae. daekeun . Tapi eta koe bětah di lěmboerna . Ah rek diomongan bae , sina daekeun .

Paingan eta oerang lemboer pararětjaja kana pakarang, da tjatjakan aing bae, lamoen teu njaho mah , eta teh ngan kaběnĕran woengkoel, meureun pertjaja oge kana poesaka teh . Lamoen Wirio ngadengeeun eta , tangtoe beuki katjida bae si Poesaka dipoendi -poendina . Paingan manehna sakitoe soesaheunana barang eta keris ditjokot koe Tjina teh. Tapi isoek oge kapimilik deui , kasoesahna tangtoe leungit ."

Kitoe bae dina manahna . Sababaraha lilana teu daekeun lali kana kagorenganana si Lie A Sie djeung kana kahadeanana . Wirio .

Isoekna, isoek-isoek oepas geus toempak koeda mawa kĕris poesaka tea ka Wirio . Ari datang , kaběněran Wirio kakara djol mawa saniskara akar-akaran, bongborosan djeung djoedjoekoetan beunang dadahoet ti těgal keur oebar tea . Sok boengkoesan teh dika-Wiriokeun , bari pok ngomong , jen toean Aspiran pasosore rek soemping ka Wirio . Geus kitoe oepas teh tjlak deui kana koeda , toeloej balik ka dajeuh .

Gantjang Wirio asoep ka imahna rek moeka boengkoesan tea . Geus aja tjop , jen eta kĕrisna tea , tapi mangmang palangsiang lain , da lahir toean Aspiran teh, rek ditjandak koe andjeun .

Keur kitoe, pamadjikanana djeung anak -anakna njalampeurkeun pada hajang njaho , eusina noe diboengkoes koe soerat -soerat kabar tea. Ari beh teh, ĕnja , keris tea ; mani disoehoen koe Wirio bawaning atoh , pek ditětělkeun kana hatena , bari njěboet ngaran toean tangtajoengan tea, narimakeun , doemeh eta noe ngadatangkeun kaboengahan djeung bagdja ka imahna .

Nja kitoe deui pamadjikanana djeung anak -anakna katjida aratoheunana saloesoerakan , nepi ka tatangga -tatanggana njalampeurkeun, naranja aja naon . Tadina nendjo oepas hareupeun imah Wirio , teu lila saeusi imah sakitoe saroeka atina. Pek koe Wirio ditjaritakeun , tatangga - tatanggana mariloe atoh . Teu lila pabedja -bedja datang ka oenggal djelěma noe tjonggah pada daratang miloe soeka , omongna djělěma -djělěma teh : ,,Ajeuna mah geus oelah bae eta kĕris ka loear ti dieu , karana bagdja djeung kaoentoengan oerang , meureun miloe leungit."

Pasosore barang djělěma -djělěma baralik tina pagaweanana , ngadarenge gamelan ditabeuh . Kabeh kaget , naha aja naon ; djeung nendjo katja-katja dihiasan . Barang datang ka lemboer , dibaredjaan , jen mestakeun kĕris poesaka noe dirampog koe Tjina tea , beunang deui koe pitoeloeng tangtajoengna toean Maarten , Aspiran Kontrolir .

Geus galib pisan oerang Djawa mah , oepama aja kaoentoengan gěde atawa kasoekaan gede teh, sok raramean , njalametkeun .

Katjaritakeun , Loerah noe kamarina dipaparin oebar 12 botol tea , datang ngadeuheus ka toean Aspiran Kontrolir .

,,Koemaha oebar teh aja toeloengna ?" Toean Maarten mariksa : ,,Soemoehoen aja pisan , oelah ka noe geus lami teuing bae oedoerna . Oerang lemboer sadajana pada nganoehoenkeun ka gamparan , sareng njoehoenkeun deui eta landong."

,,Nja hade , malah ajeuna oge kami rek ka Wangkal , rek nitah njieun oebar deui sing loba . Geura moelang bae ajeuna maneh mah , bedjakeun ka djělěma -djělěma isoekan baris dikirim loba , oebar ."

Toean Maarten teh estoe djělěma soenggoeh -soenggoeh kana gawe , soehoed , toehoe , iklas njaahan pisan ka djělěma , tara ngantěp kana kasoesahna , poegoeh poentangeun anoe leutik . Estoe menak Walanda anoe aloes tea ieu mah .

Poekoel doea beurang , miwarang masang kareta, rek angkat ka Wangkal . Samemeh eta , geus miwarang koeli mawa botol kosong pirang-pirang, sina ti heula .

Barang geus deukeut ka lemboer , ngadangoe sora gamělan ngeunah . Dina manahna : ,,Eta teh pesta , kitoe ? doemeh kĕris poesaka geus beunang deui ? Paingan atoeh eta keris diaranggap pangadjina leuwih ti batan emas perak ; pararětjajaeun , djadi panjinglar matak euweuh panjakit djeung matak salamět .

Katjida entengna pikeun njoekakeun djělěma noe kieu mah , djeung soepaja katarimaeun , koe pěrkara leutik pisan , rakieu . Dewek teu kaharti , eta Tjina koe sakitoe njieunana soesah ka djělěma salělěmboer . Lain matak resep , moen oerang njieun kahadean ka pada djělěma ? Ka oerangna oge matak bagdja , soemawonna lamoen katendjo koe panon sorangan , saroeka atina, beak eta mah ."

Soempingna ka lemboer Wangkal , teu karaos deui koe andjeunna, doemeh keurna dina kareta teh, loba noe dimanahan , noe matak teu oeningaeun , jen di Wangkal keur pesta saroeka ati . Katjida ramena djeung baroengahna abdi -abdi , komo barang maranehna narendjo panjaloeoehan si Wirio soemping mah .

Soempingna dipapag soerak , djeung kebodjiro . Anoe biasa oerang lemboer , di mana aja pangagoeng sok repeh teh , ajeuna teu kawawa . Geus poho kana tatakarama, ngan ger -ger bae saloesoerakan , ajeuh-ajeuhan .

Toean Maarten oge geus ngama'loem , teu naon -naon , anggoer siga resepeun ningali abdi -abdi saroeka ati sarta tjalik , ngaloeoehan sakeudeung . Djol soesoegoeh ka andjeunna. Tina kabageuranana henteu ditampik , saeutik-eutik mah diraosan . Ras deui emoet ka djaman moerangkalih keneh , sok sering toeang kadaharan kampoeng djeung raos pisan .

Tapi ari lila -lila mah tjalik, henteu , tina aja badamikeuneun ka Wirio, toeloej angkat djeung Wirio ka imahna . Sasoempingsoemping gek tjalik dina randjang awi , Wirio dioek di handap teu djaoeh , bari mando .

Lahirna toean Aspiran : 97Wirio, kami atoh nakěr , oebar ti maneh teh gěde toeloengna , asal oelah ka noe geus pajah bae . Ajeuna koedoe njieun deui , sakoemaha bae meunangna . Botolna tadi koe kami geus diiangkeun ka dieu . Handjakal maneh keur pesta soeka -soeka , kapaksa dibědol , koedoe njieun oebar ; tapi dikoemahakeun , pěrkara perloe leuwih ti naon -naon .”

Pioendjoek Wirio : ,,Abdi mah gadoeh raos bagdja ageng kabina-bina , tiasa noeloeng ka gamparan margi geus moal tiasa males bae kana pitandang gamparan , ka abdi sareng ka oerang lemboer Wangkal sadaja . Sanadjan kědah didaměl siang -wengi oge, taja panginten moengkir . Soemoehoen ieu mah bahanna parantos sajagi , malah poen bodjo ajeuna keur ngagodogan . Endjing reboen -reboen , koe abdi bade disanggakeun dina roda , abdi pribados ka dajeuh ; atanapi diladjengkeuu bae koe abdi dibantoen ka lemboer noe aja paragan , soemangga pisan ."

Saoer toean Aspiran : ,,Maneh mah sabapa maneh bae , Wirio. Bapa maneh nja kitoe, memeh dipentaan atawa didawoehan geus tarapti . Panoedjoe pisan eta pikiran maneh . Hade bawa ka lemboer

Tjiloreng bae sama sakali , ambeh teu mitjeun waktoe . Engke heuleut opat poë , njieun deui opat poeloeh atawa lima poeloeh botol , toeloej bawa deui ka dinja , dina roda . Kami pěrtjaja pisan ka maneh ."

,,Oendjoek soemangga ."

,,Djeung Wirio, sakoemaha noe geus dibadamikeun tea , f1.- sabotolnoa . Heh ieu f 50. heulaanan , sesana engke pandeuri ."

,,Bo gamparan ageng teuing . Abdi adjrih nampi , sakitoe agengna mah . Pira atoeh dadahoet djoedjoekoetan sareng akarakaran, parantos kitoe, ladjeng bae digodog ."

,,Ah, entong diingětkeun kitoe . Pirang-pirang djělěma noe digawena teu sakoemaha , nampana doeit leuwih loba. Ieu mah pangarti noe dibajar teh. Kapan koe kami geus diterangkeun , Kandjéng Goepěrněnien geus ngawidian balandjana , keur ngichtiaran ngaleungitkeun paragan . Tarima bae ieu doeitna teh oelah henteu, keur ngongkosan ieu pesta sawareh, sawareh deui keur něboesan papakean tea ti pakgade ."

,,Noehoen reboe -reboe noehoen , koe naon dibalěsna koe abdi kasaean gamparan teh ?"

,,Anoe koedoena tarima mah kami , karana koe mandjoerna oebar ti maneh , bisa ngaleungitkeun paragan sakitoe matak reuwasna, nja gawe kami djadi . Goepěrněmen tangtoe maparin poedjian ka kami djeung djělěma -djělěma tararimaeun ka kami , lain oentoeng eta kami teh ?.

Tapi oerang ajeuna badami sedjen perkara , geura : Kamari kami geus ngomong ka maneh , jen kami teu ngeunah katjida nendjo anak si Moestari malarat kieu . Wirio sobat kami ti leuleutik , digawe naktak -moendak , padahal pangartina tjoekoep , kami nanggoeng , tangtoe bisa njiar kahiroepan anoe leuwih gampang . Koe sabab kitoe, kami hajang katjida noeloeng . Geura kieu : Didjěmběr , maneh ge njaho , di dinja kami boga sobat , djěněnganana toean de Jager , djadi toean kawasa di kontrak bako .

Kamari ieu andjeunna njoeratan , menta toeloeng pimandoreun anoe tjakep. Kamari barang kami rek ngampihan keris maneh tea, eta soerat teh katendjo , toeloej diilikan deui , ari ras teh ka maneh . Tjeuk hate , Wirio tangtoe bisa , djadi mandor toean de Jager . Koemaha pikiran maneh ?".

,,Bo , kasembah kasoehoen pisan , namoeng sadaja -daja , oendjoekan sawaktjana bae, abdi teh teu kadoega nilar Wangkal . Poen bapa maotna di dieu , oerang Wangkal sadajana sarae ka abdi , sareng gagadoehan abdi nadjan ajeuna disewakeun oge ka pabriek , aja di dieu , parěk."

,,Koe kami oge geus kataksir piljawabeun maneh kitoe , tapi maneh koedoe inget pamadjikan djeung anak , sakoerang -koerangna maneh koedoe doea tahoen deui ngalakonan sangsara kieu , djeung tidoengdoeng digawe . Tjoba ka Djemběr maneh koedoe tisoesoet - mah boga pangkat hade , djeung doenoengan bageur . Gadjih gede , tjoekoep keur kahiroepan maneh . Oepama engke hajang balik ka dieu tangtoe bisa . Rek njamboet sawah, rek naon , moal aja halangan ."

,,Soemoehoen timbalan, ari diemoet -emoet mah , jaktos sadawoehan gamparan , abdi teh moal sae nampik pangasih . Soema wonten didaoehkeun koe gamparan , koe lantaran keris poesaka ,- seratna diaos deui . Eta kĕris watěkna ngan rek ngoentoengkeun bae ka abdi , leres pasanggěmna poen bapa , nalika bade tilar . Eta saolah -olah pitoedoehna , koe abdi pĕrloe ditoeroet ."

,,Djadi maneh teh daek, Wirio ?".

,,Soemoehoen timbalan. Bade dilakonan bae , sanadjan abdi abot ninggalkeun Wangkal oge sareng papisah sareng oerang dieu . Iraha abdi kědah mios ?" .

,,Leuwih hade boeroe -boeroe . Tapi koe kami rek disoeratan heula, njaritakeun lakoe - lampah maneh. Leuwih hade ĕngke bae ngadagoan leungitna paragan . Ajeuna mah kitoe bae Wirio. Kami rek balik , engke meureun dibedjaan ."

,,Oendjoek soemangga . Reboe -reboe noehoen kana pitoeloeng gamparan . Njanggakeun kawiloedjengan, noen !" .

Toean Maarten bari moelih dina manahna kieu : ,,Enja bae sasangka teh, oerang dieu mah katjida pěrtjajana kana kĕris poesaka , naon -naon teh angkeuhna koe pěrwatěk eta bae. Kawasna omongan aing sakitoe aloesna , moal teurak , lamoen si Wirio hĕnteu pěrtjajaeun kana kĕris mah . Kaběněran beunang diomongan koe aing ; toer teu sakoemaha hesena . Ajeuna mah tjoekoep , sobat aing toean de Jager , djělěma hade , toer pinter , binangkit , "" tangtoe bisa metakeun mandor sakitoe mangartina djeung bageurna. "

Wirio, samoelihna toean Aspiran Kontrolir , toeloej njampeurkeun ka noe pesta , rek njaritakeun lahirna toean Aspiran tea. Kabeh oerang Wangkal pada ngaregěpkeun énja . Atoeh kasoekaan kaboengahan anoe sakitoe gědena teh, les leungit diganti koe doeka , doemeh rek ditinggalkeun koe Wirio, djělěma sakitoe hadena , ahli toetoeloeng . Teu lila djělěma pada meunang bedja , kabeh daratang ka Wirio pada naranjakeun . Tetela Wirio rek pindah, sarta kerisna tangtoe dibawa .

Tadi oerang Wangkal sarocka ati , doemeh keris poesaka datang deui ka dinja , tangtoe nangtajoengan ka sarerea , ari ajeuna baris dibawa koe noe boga , alamat lapoer pisan . Koemaha pidjadieunana djělěma -djelěma oerang Wangkal ? Ras ingeteun kana kahoeroean , mani ngarandjoeg , da harita ge , lantaran eta kĕris dibawa njingkah ti Wangkal . Ari ieu , baris sapandjangna lapoer . Koe Wirio kaharti , jen oendjoekanana ka toean Aspiaan Kontrolir goegoep teuing njoemanggakeun . Koemaha geus kitoe ?.

Djělěma-djělěma pada maroentangan , soepaja Wirio oelah toeloes ; malah njanggoepan rek noeloeng sapangaboetoehna Wirio rek mangdigawekeun , rek dihormat-hormat.

Wirio hajangeun pisan nohonan pamenta sobat -sobatna , tapi geus katjangtjang koe sanggoep , katambah eta teh noeroetkeun pitoedoeh kĕris poesaka , djadi teu kadoega ngarobah deui , omongna : ,,Koemaha atoeh , da oepama teu daek teh, saroea bae djeung teu noeroet kana pitoeloengna poesaka , kawantoe kadar kaoela noetoerkeun eta (1 ) "

Geus kitoe, aja hidji hadji ngomong bédas : ,,He doeloer -doeloer noe awewe noe lalaki , oepami sarerea ngarti kana tjaritana Mas Wirio bieu , oerang teh entong mapalangan . Geus bae ajeuna mah , entong diparoentangan teuing, karana moal hade ngahalanghalang ka noe geus diatoer koe Goesti Allah . Keris poesaka ĕngke aja matakna ka oerang , lamoen Wirio di dieu . Geuning saoerna : Bagdja tjilakana , noeroetkeun eta poesaka kĕris . Lamoen Mas Wirio manggih kaoentoengan , ingětkeun bae lahirna ramana , oerang oge sarerea , oerang Wangkal , tangtoe manggih kaoetoengan . Anggoersih oerang sing baroengah ngaboengahkeun noe rek pindah . leu pesta oerang toeloejkeun , mestakeun kĕris , doemeh mere pitoedoeh kana kersana Pangeran, sakitoe lěmboetna ."

Eta omongan hadji teurak pisan ; djělěma -djělěma noe araloem teh balalear deui, toeloej pada njaramětkeun ka Wirio. Gamělan ditarabeuh deui , sarta djělěma -djělěma kabeh malintjrak , saroeka ati , nepi ka peuting pisan , sabab geus tereh meunang bagdja , hikmatna keris poesaka , noe diarep -arep ti babareto .

Wirio loeloegoena anoe mangkoe eta pesta , tapi henteu poho ngalongokan anoe keur njieun oebar , sabab pikirna ngarasa dipěrtjaja koe toean Aspiran Kontrolir , moen goreng boeboeatanana , era katjida . Soemawonna make dibajar, nadjan teu kitoe oge ngarasa kawadjiban sorangan noeloengan oerang lemboer Tjiloreng .

Isoekna batoer -batoerna harees keneh , Wirio mah geus ngadangdanan rodana . Memeh bidjil panonpoë indit ka Tjiloreng , nganteurkeun oebar . Ari balik djalan ka dajeuh, něboesan papakean .

Oebar Wirio mandjoer pisan, datang ka sababaraha botol ngirimna ka Tjiloreng . Dina djěro opatbělas poë pirang-pirang sapi djeung moending anoe katoeloengan . Keur kitoe, aja soerat ti toean de Jager , ti Djember , jen Wirio baris ditarima djadi mandor sarta koedoe boeroe -boeroe datang . Geus disadiakeun imah leutik , gadjihna dina ngamimitian opat -poeloeh roepia .

Wirio gantjang beberes , parabot -parabotna didjoealan katoet moendingna . Manehna ragragan tjimata barang nendjo moendingna ditoengtoen koe noe meuli . Beurat katjida , pisah djeung moendingna teh , ngingětkeun sakitoe toeloengna dina keur Wirio ripoeh , maraban anak pamadjikanana. Harita mah njatoe nginoem

(1) Těměn těměnna di Islam mah teu hade.— Noe njoendakeun .

njasat beunang tanaga moendingna bae . Ngan Wirio ngeunah hatena , doemeh didjoealna teh ka sobatna , anoe tjara Wirio bae gětenna kana piaraan.

Komo eta mah ninggalkeun lemboer Wangkal , tempat bali geusan ngadjadi , lemboer sorangan ti boeboedak , estoe beuti mělik pamělaran . Djeung djělěma -djělěma sakitoe njobatna , sakitoe djaradi hidjina .

Isoek-isoek poëan indit , djělěma -djělěma oerang Wangkal , awewe lalaki , karoempoel di imah Wirio, narěpoengan . Barang djoeng loba noe tjareurik . Sapandjang katendjo mah pada ngadaroakeun. Sanggeus teu katarendjoëun , kakara baralik ka saimahsaimahna. Sarerea , euweuh deui noe ditjaritakeun ngan Wirio, tina kabageuranana , djeung ahli toetoeloengna , sarta kabeh pad mangnĕdakeun , soepaja salamět , bisa balik deui ka Waugkal .

X.

KONTRAKAN RAWA-TAMTOE.

Ari Djember teh dajeuh leutik , di tengahtengahna pisan karesidenan Basoeki . Kira-kira lima poeloeh tahoen ka toekang , di dinja teh desa keneh . Sakoerilingna leuweung gělěděgan woengkoel , ngan aja hidji -hidjieun oerang lěmboor , anoe mangkalan ngadon , ngěbon .

Barang di Poelo Djawa lila -lila kakoerangan tanah pikeun mělak kopi djeung bako djeung pěpělakan lian ti eta, nja aja hidji -hidjieun toean tanah , anoe moeka tanah di afdeeling Djěmběr , dipilih anoe lalendona.

Koemaha ari lila-lila mah , leuweung anoe sakitoe rěmpětna teh djadi kontrak bako djeung kopi , araloes pisan .

Ti dinja loba Walanda noe daratang , boemen -boemen di Djemběr, mimitina mah toean -toean tanah , geus kitoe djoeldjol noe ngadegkeun toko , ari geus kitoe, tambah deui bangsa toeantoean anoe tjarěpěng daměl , datang ka di djěro lima poeloeh tahoen teh , djadi nagara rěsik sarta běrěsih , komo ajeuna mah geus kasorang kareta api , babari ngiangkeun pangasilan tanah ka Soerabaja atawa ka Panaroekan."

Dajeuh Djěmber teh ajana dina tanah datar. Tanah sakoeriling dajeuh , kabeh pinoeh koe kěbon bako djeung pasawahan . Dina tanah -tanah miring oenggahna ka noe loehoer , kontrakan kopi araloes .

Anoe njaraba ka kontrakan -kontrakan , sok taroempak kahar di dinja , disěboetna per , sedjen potonganana djeung di sedjen tempat.

Djalanna ioeh , sabab toeroet -toeroet sisina dipělakan tangkal asěm , kentja -katoehoeeun djalan pasawahan bae , aja noe diparean , dipělakan djagong djeung ditiwoean . Teu lila beh kěbon bako ngiplik -ngaplak, loba noe digarawe , koeli-koeli oerang Madoera , aja mandorna noe ngapalaan . Opsendĕr -opsender Walanda loerlar taroempak bendi , ngaronda kěbon . Ana nèpi kana djalan leutik , bendina ditoenda , Opsendĕrna koekoeroeboetan kana kěbon bako noe saděděg -saděděg djangkoengna , ngaronda noe digarawe .

Sapandjang djalan , boehbeh wawangoenan koe awi , hateupna koe kadjang, nja eta goedang bako . Daoen bako beunang ngala teh diteundeun di dinja , soepaja toehoer koe hawa angin . Deukeut eta goedang -goedang bako , loba imah laleutik , imahna koeli -koeli , djeung noe digarawe di dinja. Ti kadjaoehan katembong aja gědong -gědong deukeut lěmboer , parabotna araloes , tetela noe ngeusian bangsa Europa, neuleu sakitoe běrěsihna . Gědong noe panggědena , boemina toean de Jager tea , djoeragan kawasa kontrak Rawa -Tamtoe . Ari gědong -gědong noe laleutik , boemina opsendĕropsender . Deukeut gedong toean kawasa, aja imah leutik loetjoe pisan , sihoreng imah Drahman , anak Wirio tjikalna . Eukeurna leutik miloe djeung bapana . Ari geus gede kira oemoer 18 tahoen , Wirio balik , nja koe toean kawasa dipake ngaganti bapana , da sabapana bae daekna kana gawe teh djeung mangartina, deui .

Ajeuna lalakon bapana :

Ari Wirio inditna ti Wangkal ka Rawa-Tamtoe teh , di djalanna meunang tiloe peuting. Barang datang ka Rawa-Tamtoe , toeloej ngadeuheus ka Toean de Jager . Koe toean kawasa diakoe toeloej didjadikeun mandor , nja asoep kana imah noe beunang njadiakeun tea. Teu lila kaoeninga koe toean kawasa djeung koe Opsendĕropsender teh , jen Wirio djělěma daek djeung mangarti, njaho kana pagawean kebon djeung bisa ngokolakeun bako sarta digawena salawasna djeung pikiran , sagala oeroesan saestoena , datang ka toean de Jager beak pěrtjaja ka Wirio. Katoeroeg - toeroeg Wirio teh oentjoel ti mandor -mandor sedjen , dipikarěsěp koe djělěma . Koelikoeli pada resep digarawe di Wirio, sakitoe Wirio garangna kana gawe teh, sarta ngeprikna leuwih ti noe sedjen . Ari sababna Wirio leuwih dipikaresep koe koeli -koeli , eta doemeh adil ; mandor sedjen mah teu aja noe saběněrna tjara manehna . Kalolobaanana sok ngarah ngarinah bae ka noe koeli teh , noe matak sok teu koe hanteu, loba kadjadian noe matak roegi ka kontrak

Meureun bae , mandor -mandor sedjen teu raresepeun ka Wirio. Loba noe sirik , sabab Wirio mah dipoedji koe toean kawasa, tina kagetolanana . Pangpangna , eta , koe dipikaresep koe djělěma tapi sakitoe njarahoëun teh sababna , ongkoh gareuleuheun bae .

Mindeng pisan dipitčnahkeun ka toean kawasa , tapi salamětsalamet bae . Malah aja noe ngarah pisan, rek ngabongohan ti noe soeni ; kaběněran Wirio salawasna ati-ati djeung teu lila, sadatangna ka Djember , geus kawentar kasiatna keris poesaka tea, sanadjan tatjan aja noe nendjo kana eta keris , tapi geus njarahoëun, jen kĕrisna aja kaahenganana . Djělěma -djělěma kabeh pěrtjajaeun katjida da tara katangen bohong ongkoh , sapandjang aja keneh keris eta , noe bogana moal asor bae . Koe sabab eta mandor-mandor noe sedjen , euweuh noe wani ka Wirio teh.

Katjaritakeun , nepi ka oesoem moepoel , toean kawasa teu kira -kira bae boengah manahna , doemeh bako sakitoe lobana , toer sakitoe aloesna , komo bagian Wirio mah , beubeunanganana leuwih ti noe loba . Tapi tahoen eta teh kaitoeng apes , sabab loba pisan goedang kahoeroean . Ngan di tjěkělan Wirio woengkoel noe salamět teh. Wawangoenanana tarětěp saasal keneh bae , děmi di noe sedjen mah , aja noe geus doea tiloe kali diadĕgan .

Biasana saban -saban kahoeroean teh, pirang-pirang bako anoe. miloe kadoeroek . Djadi nadjan beubeunanganana ti kěbon sakitoe tjoekoelna oge, malah bisa roegi -roegi keneh bae , atawa teu aja pisan oentoengna . Anoe teu kahartieun koe toean de Jager teh djeung koe opsendĕr -opsender , nja eta koe di bagian Wirio tara pisan kahoeroean . Ngan priboemi bangsa kolot-kolot noe njaraho sababna teh , nja eta doemeh Wirio boga keris poesaka mangkilang teu atjan narendjo kana eta kĕris . Atoeh Wirio beuki diaradjenan bae koe oerang dinja .

Kaemper -emper ka toean kawasa, jen Wirio boga keris poesaka aheng katjida . Aja noe ngoendjoekkeun , hidji aki-aki , waktoe aja deui goedang noe kahoeroean .

Ari toean de Jager mah goemoedjeng bae ngadangoe tjarita kitoe teh, da pangna goedang -goedang mandor sedjen sĕring kakahoeroean teh, koe andjeunna oge geus kamanah , eta tangtoe aja noe djail bae . Tapi ari akalna soepaja djělěma -djělěma oelah ngadoeroek goedang , oelah djarail kitoe mah , wěleh bae tatjan manggih . Geus dikieu -kieu teh , gagal bae .

Pihatoer opsender noe pangkolotna : Manawi oerang tjobi dialihkeun bae, eta poen Wirio ka apdeling sanes ."

Koe toean de Jager dimanah . Nja, Wirio teh dipindahkeun ka tempat noe panglobana kahoeroean .

Katjida anehna teh, barang sok Wirio dipindahkeun ka dinja , pagawean djadi beres , djeung djempe teu aja goedang kahoeroean . Oerang kampoeng mah geus neken bae , jen eta teh përwatek kĕris poesaka tea , tapi toean kawasa teu nganděleun bae . Ari manahna , ngan koe kapinteran loeloes -moeloesna Wirio bae , mana -mana noe dimandoran koe manehna , pagaweanana djadi , ari oerang kampoeng mah noedingna koe pérbawa keris , madjah teh.

Geus kitoe toean kawasa panasaran , tina hojongeun ngadjaga tanahna toeloej Wirio disaoer , pek dipariksa : ,,Enja Wirio, maneh boga keris aloes ? "

Pioendjoekna : ,,Soemoehoen , oepami panasaran hojong tingali , mangga , koe abdi bade dibantoen . Tara dipake ngarah ginding, margi teu sae."

,,Hajang oge ngilikan , tapi engke deui bae . Ajeuna mah rek nanjakeun eta bae, doemeh tjeuk oerang kampoeng , eta keris teh matak oentoeng djeung matak salamět bae ka maneh . Enja eta teh? Maneh pribadi përtjaja ka dinja ? ".

,,Abdi mah noe parantos boekti bae, eta kĕris poesaka mawa bagdja ka abdi . Sapertos abdi pindah ka dieu , koe hikmatna eta keris ."

,,Kitoe ? Ari rasa kamni mah, maneh ka dieu teh koe toean Maarten ari keris mah ngan doemadak bae, katoeding koe karikari . Tjoba Wirio tjaritakeun noe satěměn -těměnna , naha ĕnja eta kĕris nangtajoengan , kana kahoeroean tjěkělan maneh ?" .

,,Doeka ari kana kahoeroean onaman mah , ngan abdi wantoen bae njěbat, jen eta keris matak rahajoe kana ieu kontrakan ."

,,Koe naon atoeh eta kahoeroean noe loba teh ? Tara dipikir eta koe maneh ?".

,,Kantěnan sok dipikir mah , malah terang oge margina sahidjihidjieun , moeng abdi teu kadoega oendjoekan bae ka gamparan , inggis bilih bendoe . Ajeuna rehna dipariksa, koe abdi rek dioendjoekkeun bae . Jaktosna mandor -mandor noe lěpat ."

,,Boeroek mandor ? Na koemaha noe matak aja tarěka kitoe? ".

,,Soemoehoen timbalan , kantenan gamparan mah teu oeninga . Eta mandor -mandor njeuseup gětih koeli -koeli ; noe karoeli teh digěntjet, dipères doeitna ."

77Pirakoe barodo -barodo teuing noe koeli teh , make marere doeit ka mandor ."

,,Sanes kitoe, si koeli teh digawe saroehoed , sapertos ngababad atanapi ngored . Ari parantos , padamělanana teh disěboet goreng , atoeh bingoengeun djělěma teh , ingětanana tangtoe moal kenging boeroehan . Ti dinja teu aja deui djalanna, kadjabi doeit boeroehanana tea dihatoerkeun sawareh ka mandor , kakara dibajar . Namoeng dina hatena teu ngeunaheun , nja saakal -akal , goedang bakona disoendoet , soepaja si mandor tea , diseuseul koe gamparan .

,,Seueur deui kaboektian, jen noe karoeli teu dibajar samistina . Koe perkawis kitoe, teu wěleh -wěleh ngarah ka mandor ."

Saoer toean kawasa : ,,Wirio, maneh wani ngagorengkeun batoer mandor , kade geura , maneh pribadi noe mangke meunang hoekoeman ."

,,Tah geuning . Abdi geus njangka, jen gamparan baris ngalahir kitoe, noe mawi tadina abdi teu wantoen ngoendjoekkeun . Doepi ajeuna abdi dipariksa , nja dioendjoekkeun sapamĕndak abdi , margi katimbang baris dipariksa pandjang . Kantěnan ĕngke , kaboektian sapioendjoek abdi .”

,,Keun bae . Wirio, koe aing rek dipariksa ěnja . Ajeuna mah geura indit bae ka ditoe , kade maneh mah djempe bae, oelah tjatjarita ka batoer "

,,Oendjoek soemangga ."

Barang Wirio geus indit kana pagaweanana , djoeragan kawasa ngahoeleng bae deukeut medja toelisna, sasaoeran njalira : ,,Edas eta mah , naha teu katangen ti tadina . Djeung deui eta opsendĕr -opsendĕr , naha euweuh pisan noe aja sangka , jen mandormandor ngadjepit ka noe karoeli ? Teu kaharti ĕnja eta mah ! Tapi aing pĕrtjaja ka Wirio , omongna tangtoe běněr . Ngan koemaha mariksana, soepaja beunang laoekna , herang tjaina "

Geus kitoe hoeleng deui djoeragan kawasa teh ngamanahan eta .

Ti dinja tanghi , ladjéng sasaoeran : „ Ah ! mending dipariksa blockblak bae deuh .

Engke oge bangsatna tangtoe beunang . Moen tetela saomong Wirio běněr , teu beunang henteu tangtoe kaboeka ieu rasiah.

Bari sasaoeran kitoe, koredjat ngadeg , toeloej miwarang masang kareta .

Gantjangna kareta dipasang , ladjěng angkat ka kěbon , mariksa kěbon bako noe loba koelina keur digarawe, pek njaoer noe karolot doea tiloe , dipariksa bisi aja kapanasaran ka noe djadi mandor . Kabeh pioendjoekna : ,,Soemoehoen timbalan, ari didaměl abot, doepi mandor sok mentaan doeit ka noe koeli . Oepami teu dihatoeranan , sok toeloej bae padamelan diawon-awon . Da noe panoedjoe mah , eta Wirio . Eta mah adil ."

Něpi ka beurang pisan toean de Jager mariksana , kakara eureun . Kasaksi ěnja , jen Wirio saomong -omongna běněr djeung kaoeninga anoe djarahat teh. Harita keneh kabeh mandor -mandor katoet Wirio, deui disalaoer . Barang geus daratang , ngalingkoeng tjaringogo , toean de Jager sasaoerang bédas :

,,Aing ajeuna meunang katerangan ĕnja , di maraneh aja noe ahli tipoe , ngadjěpit noe koeli , datang ka djělěma -djělěma teh gareuleuheun sarta ngarah , marětakeun roepa -roepa kadjahatan .

Kastro , Kartoedjono djeung Soekirman ajeuna dilepas .

,,Hajoh arindit ka ditoeh , oelah nintjak -nintjak deui kontrak ieu ."

Tina hojong poeas ngoesirna , djeung ngadeg noendjoek kana panto bari noendoeng eta tiloe mandor .

Mani pias tiloeanana arindit, lalaoenan djeung ngarasa handjakal katjida . Mandor -mandor noe sedjen taroengkoel , euweuh noe kadoega tjěngkattjěngkat atjan, soemawonna nendjo mah ka djoeragan kawasa. Ngan Wirio noe wani nendjo teh , isarat nembongkeun , jen běněr omong manehna tadi teh , isoek -isoek .

Sanggeus mandor noe tiloe arindit, djoeragan kawasa sasaoeran ka mandor -mandor noe lian, saoerna : ,, Maraneh teu dilepas teh saheulaan , lain koe sabab balageur , ngan rek ditjoba bae . Ingět , samangsa aja deui kahoeroean , mandorna noe boga tjangkingan tea , dilěpas . Djig kabeh geura baralik , lampah goreng leungitkeun ! Djělěma anoe běněr mah teu kakoeroeng koe ieu parentahan , aing njaho di dieu mandor -mandor noe běrěsih atina .”

Barina ngagengsor mandor -mandor teh baridjil ti kantor djoeragan kawasa, kabeh sarieuneun . Ti harita langka pisan kahoeroean , sarta djělěma -djělěme sarěnangan pikirna .

Koe Wirio diboekana noe djarahat ngahoeroean goedang -goedang bako teh , nja toean kawasa bisa mětakeun ichtiar koe kakĕrasan . Teu kira -kira bae tarimaeunana ka Wirio, ngan teu pok bae . Ajeuna pěrtjajaeun leuwih ti bareto . Gadjihna oedjoeg -oedjoeg dioendakkeun tina f 40.- kana f 60 , atoeh Wirio bisa oge neundeun saboelan -saboelanna teh . Dina oesoem moepoel tina gede beubeunanganana meunang pěrěsen f 300.- dibrokeun sama sakali . Mandor -mandor noe sedjen oge pada dipěrĕsenan , tapi teu loba tjara Wirio, tjangkingan Wirio mah panglobana kaoentoenganana djeung goedang -goedang bakona pangsalamětna , euweuh noe kahoeroean ..

Tina roepa -roepa perkara tembong asihna eta toean kawasa ka Wirio , sarta Wirio beuki sarěgěp bae digawena .

Dina oesoem mětik deui geus poegoeh di bagian Wirio, di bagian mandor -mandor sedjen beubeunanganana tjoekoep pisan , datang ka tjeuk noe geus hareubeul mah digarawena di dinja, kakara bae pělak bako sakitoe aloesna .

Ongkoh di kontrak Rawa-Tamtoe teh kakara digarap koe djělěma sakitoe saroehoedna , garětolna , lantaran katarik koe kadaek Wirio ; noe loba noeroetan , tina pada harep kapake tjara Wirio. Kontrak -kontrak , noe deukeut, kaelehkeun kabeh , nadjan tahoen hade oge , da noe digarawena teu aja noe narik tjara di RawaTamtoe , beubeunanganana teu bisa ngalawan ka kontrakan toean de Jager . Koe toean de Jager kagalih, Wirio noe djadi lantaran sakitoe madjoena teh.

Perkara kahoeroean , geus teu kadenge -denge deui . Mandormandorna pada ĕnja -ěnjaan ngadjagana , katambah noe koelina euweuh noe teu ngeunah , da bajaranana euweuh noe koerang . Wirio oge boengaheun pisan , doemeh sanggeus manehna djadi mandor di dinja , Rawa-Tamtoe sakitoe madjoena . Beuki pageuh bae kana kĕrisna, inget bae ka wasiat bapana basa rek maot : ,,leu keris poesaka perbawana matak bagdja ka maneh ."

XI.

TILOE BANGSAT .

Di Rawa -Tamtoe geus bakoe , dina rek mimiti mětik teh sok pesta , ari geus salse ngokolakeunana pamoepoe , sok siděkah gěde . Ana děk teh digawe , djělěma -djělěma teh beuki sarĕgěp bae , nendjo taneuh sakitoe ridoehna , tangtoe pialoesaeun deui bae bakona. Wirio geus doea tahoen digawena di dinja , ajeuna naek djadi mandor besar . Pagaweanana anoe bangga geus kaliwat djadi ajeuna rada senang meureunan . Bisa ninggalkeun sakeudeungkeudeungeun . Manehna permisi ka toean de Jager saboelan , hajang ngalongok baraja -barajana di Wangkal .

Manehanana djeung pamadjikanana tara poho -poho ka lěmboerna djeung ka baraja-barajana , sobat -sobatna noe sakitoe daralitna . Ari tjaang boelan , manehanana minděng dioek hareupeun imahna , bari njaritakeun Wangkal .

Dina hidji sora badami rek njaba ka lěmboerna , noe rek didjieun pangbalikan.

Wirio ajeuna mah teu kasoesahan koe doeit . Sakitoe tatjan lilana digawe di Rawa-Tamtoe, manehna geus bisa neundeun leuwihna f 1000.- djeung oenggal boelan ditambahan .

Poë piinditeun geus ditangtoekeun poekoel 9 isoek -isoek , saimah -imah rek indit dina tjikar sapi . Wirio ngadeuheus heula ka toean de Jager , rek amit djeung rek aja noe disoehoenkeun . Barang manehanana datang ka kantor toean kawasa , manehanana njokot kĕris poesaka bari oendjoekan .

,,Abdi bade njoehoenkeun sih pitandang gamparan , oepami gamparan kersa mah , bade ngawěratan ieu ."

Toean de Jager kaget djeung ngawalon : ,,Heug bae Wirio. Tapi teu kaharti naha eta kĕris poesaka noe sakitoe aloesna teu dibawa, ongkoh biasana oerang Djawa noe tjoekoep mah , ana njaba sok njoren kĕris ."

,,Kangdjěng", pioendjoek Wirio,,, abdi parantos ngalakonan dawoeh gamparan , njoren kĕris waktos ka noe kawinan , handjakalna doegi ka ajeuna , margi waktos ieu poesaka ka loear ti rorompok, kahoeroean di kampoeng sapoeloeh rorompok seep pisan katoet noe abdi kadoeroek , abdi seep ledis kagadoehan sareng artos noe sobat -sobat abdi seep, abdi teh djadi malarat. Dongkap ka pikeun teda abdi saanak bodjo , kapaksa kedah koeli -koeli . Oepama teu dibantoen mah poesaka teh , moal ageng teuing tjilakana , malah kawas moal aja katjilakaan kitoe ; eta margina ajeuna moal dibantoen . Abdi ngaraos aja alamat , oepami ieu kĕris ajeuna dibantoen , di dieu baris aja tjilaka . Sangět pisan panoehoen abdi njoehoenkeun soepados ieu keris , disimpen koe gamparan ."

Toean de Jager goemoedjěng , sakitoe pĕrtjajana si Wirio, kakasih andjeunna , bari njaoer : ,,Heug koe kami eta kĕris diampihan , rek diteundeun di kantor . Wirio sing salamět di djalan . Maneh digawe di dieu doea tahoen , ajeuna pek maneh njieun kapělěsiran ."

Wirio nganoehoenkeun ka toean de Jager , toeloej indit ti kantor , bral djeung anak pamadjikanana ka Wangkal .

Katjaritakeun dina hidji waktoe , pasosore , kira -kira poekoel 7 , saditinggal koe Wirio, di pajoeneun boemi toean kawasa, loba koeli karoempoel ngadaragoan bajaran . Toean kawasana djeung opsendĕrna keur riboet katjida , tapi ngan oekoer sadjam , beres . Leuwih paro geus narampa boeroehan maroelang , saroeka ati ; sawareh aja noe toeloej ngaropi di waroeng , sawareh geus karěsěleun , teu geura kasěboet ngaranna .

Keur riboet majaran kitoe, aja 3 euwah -euwah asoep ti toekang. Harita teh geus poëk katjida , datang ka teu katarendjoëun koe koeli -koeli noe keur ngadaragoan bajaran boeroehanana . Datangna mapaj pagěr sisi pakoewon Kira-kira 20 M. deui kana tempat majar noe koeli tea , noe panghareupna ngarandĕg . Batoerna noe doea oge miloe ngaranděg deui. Koe noe ti heula diisarahan , toeloej naragog , kahalangan koe tangkal kai gěde . Aja sapoeloeh minoet taksiran darioekna di dinja teh . Euweuh hidji djělěma noe nganjahoankeun . Toean kawasa djeung opsender euweuh sangka , baris aja pibahlaeun .

Bangsat noe kahidji teh gantjang tjéngkat toempa - tempo tapi taja noe nganjahoankeun , toeloej njoeloesoep kana panto toekang , bloes ka gedong . Batoerna noe doeaan kělěmět deui lalaoenan kana deukeut panto oeroet batoerna asoep tea . Njalinkěr kana goemploekan pěpělakan poering noe ngaronjok .

Sanggeus salse majaran , toean kawasa toeloej dahar djeung toean Opsender . Teu lila daharna enggeus . Toean kawasa ngadaměl soerat iangkeuneun isoekan djeung toean Opsender noelisnoeliskeun oeroet bieu majaran. Poekoel 9 toean Opsendĕr amit , toeloej moelih toempak bendina.

Toean de Jager toeloej ka kantorna deui , noelis nepi ka poekoel 11 , kakara anggeus . Geus kitoe djoeng ngadeg rek ka pangkeng pasareanana . Doemadak ngareret kana keris pihape Wirio tea ngagantoeng loehoereun randjang.

Ras eling ka Wirio , lahirna dina manahna : ,,Aja -aja bae djělěma , na , pěrtjaja -pěrtjaja teuing ka noe kitoe . Pikeun djelema bodo onaman teu naon -naon , ari Wirio mah djělěma geus meunang pangadjaran djeung mindĕng tjampoer djeung Walanda . Tapi bět pěrtjaja kana perkara kitoe . Aneh . Nja , kadjeun koemaha bae oge , Wirio teh poegoeh djělěma setia djeung běněr . Keun bae kitoe mah . Da matak moeloes djeung madjoe ka kontrakan , hajang naon deui."

Bari sasaoeran dina manahna kitoe teh , angkatna beuki deukeut kana randjang tea ; malah keris teh aja manah rek ditjandak hojong ningalian ĕnja -ěnja . Barang rek top pisan njandak kĕris , dikolong randjang aja noe oesik , kawas rada katadjong koe sapatoena. Toean de Jager tjitjing sakeudeung , tapi ras eling geuwat njandak kĕris tea , bari dipěsat . Dina manahna : ,,Tah , aing teu sieun ajeuna mah . Ieu di kolong randjang aja djělěma njoempoet , tangtoe noe rek maling. Keun bae , tara bogaeun pestol ieuh, da oerang kampoeng , di bogana oge keris . Djadi saroea , pada njěkěl kĕris , bedana aing mah koe tiloean teu sieun . Tapi aing koedoe ati -ati . Lamoen si bangsat ngarasa kěpělěngkok sok tetekadan , leuwih hade bidjil njaloekan boedjang ."

Geus ngamanah kitoe, toeloej loengsoer ; ti boeroean ngagero , saoerna : ,,Sidin ! Amat geuwat ka darieu , aja bangsat !" .

Sakoemaha sangka toean de Jager teh enja . Tarodjol aja djělěma bidjil tina kolong randjang , awakna boeligir , teu dibadjoe . Tapi kakara arek nangtoeng geus kěrěwěk koe toean de Jager hoeloena , bari digeubig -geubigkeun !".

Bangsat teh goegoerindjalan , hajang lepot ; tapi pageuh . Serepet matěk kĕris , sarta rek di těwěkkeun ka toean de Jager . Tapi katjingtjětkeun bari saoerna : „,Pek ! pek ! geura těwěk ari wani ! Tapi ati -ati deuleu ieu , keris poesaka Wirio noe matih tea , katodel saeutik oge sia modar !"

Bangsat teh roempoejoek bae, euweuh tangan pangawasa , ongkoh pageuh deui , boeoekna ditjěkěl koe toean kawasa tarik nakěr .

Sihoreng eta teh oeroet mandor , noe dilěpas tea , ngaranna Pa Setro . Toean kawasa oeningaeun pisan . Manehna ampoenampoenan bari ngalesotkeun kĕrisna.

Saoer toean de Jager : ,,Heug koe aing dibere ampoen , tapi ke sakeudeung , ari baroedak geus daratang .”

Sidin , djongos djeung Amat , koesir, tingtorodjol maroro . Toeloej bangsat teh dibarogod koe doeaan , datang ka teu bisa walakaja . Geus kitoe děrěkděk doeanana oendjoekan ka djoeraganana , jen barang ngadenge djoeraganana toeloeng - toeloengan , aja bangsat , aja bangsat , ngagareuwat norodjol ka loear . Barang bidjil , nendjo 2 djělěma laloempat, toeloej diaroedag , tapi lapoer teu kasoesoel . Sanggeus teu bareunang , toeloej njalampeurkeun toean kawasa, sihoreng keur njěrěk djělěma .

,,Saha eta noe doeaan teh ?" Toean de Jager mariksa ka Pa Sětro noe keur ampoenampoenan :

,, Doeka !" Walonna :

TJARITA POESAKA 5

,,Sia teu njaho ? ati -ati , sia ! Tendjo ieu kĕris Wirio, sakětjos oge sia modar . Bedjakeun aing hajang njaho ."

,,Ampoen, toean ! Mangga koe abdi bade dioendjoekkeun .

,,Poen Kartoedjono sareng Soekiman . Eta teh batoer abdi , njaroempoet di loear . Namoeng ajeuna tarega ka abdi "

,,Si bangsat , sia . Pedah tarega ka maneh , kakara dibedjakeun , nja ? Make rek ngabaradog doeit aing djeung wani rek něwěk ka aing ! Amat pasang kareta ! Aing rek koe maneh ka dajeuh , njerenkeun ieu ka poelisi sarta sina neangan noe doea deui .”

Teu lila toean de Jager geus gěrěděg angkat ka dajeuh , lapor ka poelisi . Sadjadjalan dina kareta sarta poëk deui, eling bae ka omongan Wirio waktoe mihape kĕris ka andjeuna , pokna : „ Abdi ngaraos aja alamat , oepami kĕris poesaka dibantoen , kantěnan di Rawa -Tamtoe aja katjilakaan ."

Naha ěnja eta keris teh aja hikmatna kana ngadjaga baja ? Na čnja kitoe, matak oentoeng djeung matak bagdja ka Wirio ?.

Tapi ari toean de Jager mah , emboengeun pĕrtjaja bae manahna : „ Ah eta mah ngan kaběněran bae ". Tapi ari Wirio mah , eta pang teu djadi kapalingan , tanda hikmatna kĕris bae .

Sakitoe deui toean de Jager manahna narimakeun pisan ka Wirio. Sabab pangna Wirio mihapekeun kĕrisna ka andjeunna , tina manehna sieun aja katjilakaan di kontrak .

Geus peuting pisan toean kawasa soempingna ka boemi toean Assistent -Resident Djěmběr, toeloej ngětrokan panto Toean Assistent -Resident teh kakara reup pisan koelěm tapi goegah . Sanggeus sasaoeran toeloej angkat djeung toean kawasa , ditoetoerkenn koe poelisi doea taroempak koeda .

Di djalan toean de Jager laloeasa pisan , njarios ka toean Assistent -Resident, pěrkara diasoepan bangsat teh, ti awal něpi ka ahir ; ka keris -keris Wirio ditjarioskeun .

Saoer toean Assistent -Resident : Enja mindĕng nakĕr bangsa poesaka -poesaka teh sok aja anehna , meusmeus beh siga aja toeloengna , padahal estoe kaběněran bae. Sakapeung mah aja matak seurina, wět saoetak -saeutik teh padjar watěk poesaka . Tapi ari tarima ka mandor Wirio mah rempoeg . Waktoe manehna nitipkeun eta kĕris , tembong naker wiatna rek ngadjaring kasalmětan andjeun . Katoeroeg - toeroeg ka hareup, eta poesaka goena pisan ."

,,Goena koemaha ? ".

Tangtoe moal aja deui bangsat anoe wani asoep ti peuting ka boemi andjeun . Oerang kampoeng , geura engke koe andjeun kaoeninga , tangtoe sarieuneun koe eta kĕris , tina sakitoe anehna, bisa noeloengan pitjilakaeun gede. Tangtoe sarieuneunnana koe andjeun leuwih ti katoekang ; bangsat -bangsat moal aja noe wanieun deukeut, sabab bangsat -bangsat teh , kalolobaanana ahli bid'ah bae ."

Saoer toean de Jager : ,, Pěrtjanten pisan, moal lěpat kitoe. Djadi koering koedoe narimakeun énja -ěnja ka poen Wirio teh ."

Katjaritakeun eta toean -toean saroemping ka boemi toean kawasa, sarta teu lila oepas noe doea tea daratang , deui. Gantjang Pa Sětro dipariksa koe toean Assistent -Resident , ngambat ka batoerna noe doeaan tea. Geus kitoe diserenkeun ka oepas . Pek diborogod dibawa ka dajeuh, diasoepkeun ka boei

Toean de Jager tina liwat waktoe, geus teu hajangeun deui sare , toeloej ngadjadjapkeun toean Assistent -Resident ka dajeuh soempingna deui ka kontrak , poekoel lima isoek-isoek , keur nongtrongan kohkol , ngahiakeun koeli-koeli kana digawe .

Isoek-isoek harita geus narěkab bedja ka kontrak sedjen djeung ka dajeuh , jen boemi toean kawasa diaboesan bangsat , tapi bangsatna beunang Biasa bedja sok dienolan tea , komo kěris poesaka Wirio mah , lain dikieuna katjaritakeunana . Koeli -koeli di Rawa -Tamtoe komo njaritakeun keris poesaka gede pisan dangiangna , matak ngoentoengkeun kana kontrak , malah toean kawasa teh koedoe gěde tarimana ka Wirio. Ti barang Wirio datang ka kontrak Rawa-Tamtoe. salamět sarta gede kaoentoe nganana djeung kahoeroean goedang djěmpe , teu aja deui kadjadian.

Heuleut doea poë si Kartoedjono djeung si Soekirman katangkép . Barang peuting eta ngadenge riboet -riboet bioer bae kaboer ka djalan ka Basoeki . Tapi tina seukeutna poelisi , doeanana katjěrěk .

Sanggeus saboelan diboeina dilandraad . Mimitina mah moengkir, tapi kapeupeuh koe Pa Sětro , toengtoengna ngakoe .

Pa Setro dihoekoem 5 tahoen , noe doeaan deui tiloe tahoen sewang kěrdja paksa didjěro rante. Tiloeanana diboeang ka Atjeh .

Sanggeus eta tiloe djělěma dihoekoem , kontrak Rawa-Tamtoe djeung sakoeliah Djěmběr salamět sarta karěta , sabab eta bangsat tiloe teh katjida dipikasieunna .

XII.

PANOETOEP .

Wirio saanak bodjona , përmisina saboelan teh kapake kabeh . Diakoe didama -dama pisan koe kabeh sobat -sobatna di Wangkal , geus kitoe koe baraja -barajana di Galagah . Katjida diparisonona . Wirio soeka ati pisan nendjo oerang Wangkal haroerip deui . Meunang doea oesoem teh diboeatna aroentoeng bae ; kasoesahkasoesah katoekang teh , les bae poho , kalindih koe kasenangan . Ngan aja keneh kakoeranganana , nja eta Wirio hajang balik deui ka Wangkal , sabab mindeng pisan aja karěrěpět , di Wangkal euweh pisan noe beunang dikoemahaan .

Sarerea pada maroentangan , soepaja Wirio gantjang-gantjang balik . Sawahna ajeuna mah geus lepas ti toean pabrikna, sarta Wiriona dina doea tahoen teh , geus loba tjengtjelenganana , tangtoe bisa hiroep noe pantés .

Tapi Wirio mah teu sanggoep kitoe-kieu, sabab pikirna hajang oendjoekan ka toean de Jager , moal hade djoldjol lěp bae , koeja balik ka leuwi . Tapi sobat -sobatna teh hajang entong lila-lila , di mana geus diboeat noe kasanghareupan ieu bae , Wirio teh koedoe balikna Djělěma djělěma oerang Wangkal kabeh saranggoep mangnjawahkeun , soepaja di mana Wirio balik , boga piběkěleun .

Sanggeus beak permisina , Wirio balik , datangna ka Rawa-Tamtoe boerit. Di djalan meunang tjarita , jen toean kawasa kaasoepan bangsat , tapi koerang tetela pisan , koe sabab eta tjape - tjape oge, sore eta keneh teroes bae ngadeuheus ka doenoenganana , karana tangtoe ti dinja mah terang pisan.

Toean de Jager katjida soeka atina , dideuheusan koe Wirio teh , lahirna : Wirio meureun geus meunang bedja , jen aja 99 bangsat asoep ka imah, meh bae kami dipaehan . Moen heug euweuh keris maneh , koemaha mah ! Kaeusian téroes rasa maneh teh. Katjida kami tarimana koe maksoed maneh . Koe naon aing nja moelang tarima , maneh sakitoe hadena gawe ka kontrak ."

,,Sajaktosna abdi noe kědah moelang tarima ka Gamparan ," pioendjoek Wirio . ,,Gamparan njandak abdi waktos abdi keur teu gadoeh kabina-bina kědalı koeli ti endjing doegi ka sonten , keur dina pot -potan pisan."

,,Tapi eta koeli anoe malarat pisan teh geuning djadi mandor hade , njontoan kahadean ka noe sedjen . Noe karagoengan , komo toean kawasana, tarima pisan . Isoek pageto oge, tangtoe maroelang tarima ka maneh ."

Pioendjoek Wirio : ,,Sanes kitoe gamparan , abdi mah moeng digawe sakamistian abdi bae . Ajeuna kontrak madjéng , lantaran eta bae , kĕris poesaka . Nja kitoe deui bangsat doemadakan kaoeninga sareng gamparan wiloedjeng , teu tiwas , eta lantaran kĕris keneh bae ."

Toean de Jager mesem , keukeuh teu nganděl kana hikmatna poesaka mah , lahirna : ,,Koemaha bae eta mah . Anoe poegoeh mah maneh Wirio, anoe matak rahajoe ka ieu kontrak teh , koe sabab eta kami moal poho-poho , tarima ka maneh . Ajeuna mah ieu kĕris maneh , moelangkeun . Teu sjak deui , ieu keris ngoentoengkeun ka maneh . Da leungeun pa Setro teh mani leuleus bae, barang ieu kĕris dioengkoelkeun teh . Aja oendjoekan naon deui, Wirio ?"

,,Soemoehoen timbalan , aja pisan pioendjoekeun teh , moeng meh -meh teu wantoen pok."

,,Pok bae ! Entong asa-asa, soegan bae kami bisa noeloeng ." ,,Sobat -sobat abdi di Wangkal , mani maroentangan ka abdi , harojongeun abdi wangsoel ka Wangkal ajeuna , saparantos diboeat ."

,,Rek permisi deui sanggeus lima boelan ? Moen perloe pisan mah teu naon -naon . Diidinan koe kami ."

Sanes kitoe . Doeloer -doeloer abdi di Wangkal , panědana abdi wangsoel teras ka Wangkal . Sareng saestoena abdi oge hajang wangsoel ka bali geusan ngadjadi Moegi -moegi gamparan henteu běndoe , oepami abdi engke saparantos diboeat , njoehoenkeun ka loear ti gamparan !"

,,Aeh-aeh, Wirio, matak kaget ěnja , djang . Na koenaon maneh teh ? Naha teu betah deui di Rawa -Tamtoe ? Naha, aja noe matak teu ngeunah ka maneh , di dieu ? Atawa koerang gadjih, soegan ? Pok bae omongkeun ; koe kami ĕngke ditoeloeng . Tapi ari ka loear ti kontrak mah , katjida teuing."

,,Bo , noehoen pisan kana pangasih gamparan . Abdi teh barangdaměl di dieu , rěsěp sareng langkoeng - langkoeng abdi nja noehoen , keur sakitoe waloeratna ladjěng dipasihan padamělan koe gamparan. Namoeng ajeuna , sawah abdi parantos lepas , artos sakintĕnkintěnna , aja koernia gamparan , abdi teh gadoeh . Doepi kahajang abdi pang -pangna , hajang wangsoel ka lemboer bade njěnangkeun awak, sareng doeloer -doeloer abdi sadaja di Wangkal ngantosngantos abdi bae . Malah pikeun kahiroepan abdi ka pajoen parantos disajagikeun koe abdi -abdi oerang Wangkal teh . Sawah pisan , gadoeh abdi , parantos dipanjamboetkeun . Koe margi eta , sadaja -daja abdi teh , moegi diwidian bae wangsoel , hawatus koe noe ngarantos . Moeng aja sapěrkgwis bae, anoe abdi kapaksa kědah lami teh di dieu !".

,,Naon , Wirio ? ".

,,Sieun digalih koe gamparan , abdi koerang tarima , oepami nilar kontrak teh ".

,,Wah , moal ! sagala noe geus kadjadian , salawasna kami moal poho , jen kasalamětan djeung kamadjoean ieu kontrak , eta lantaran maneh . Oepama rek ngarah soepaja maneh tětěp tea di dieu , poegoch ngan baris kaoentoengan kontrak bae . Kadoeana , sabab kami njaho, sadjaba ti pagawean maneh hade teh, djeung sagala perkara satěměn -těměnna . Maneh geus jakin , jen kĕris poesaka noe ngoentoengkeun ka maneh , tapi kami mah nětěpkeun poegoeh lantaran kasatiaan djeung kabageuran maneh bae . Ajeuna kami teu rek ngahalang -halang ka maneh , sanadjan kami beak handjakal , tapi kapaksa koedoe ngidinan maneh balik ka lěmboer sorangan , sabada biboeat Tapi maneh koedoe njombo ka kami , eta bae anak maneh noe panggédena sina tjitjing di dieu . Koe kami rek disakolakeun naon -naon , engkena rek didjieun mandor , meureun tjara maneh bae, daek digawe . beunang dipĕrtjajana djeung toehoena .

,,Oedjoek soemangga pisan ", pioendjoek Wirio . ,,Eta mah estoe bagdja ageng , poen anak ditjandak koe gamparan . Ari kitoe mah abdi teh moal soemělang teuing, nilar kontrak teh, rehna djoeragan kawasa nganggep abdi nirtja ti dieu teh , sanes djělěma kirang panarima ".

Dalapan boelan ti harita , di Wangkal aja raramean gede pisan , kakara bae aja raramean sakitoe gědena , sihoreng mestakeun Wirio datang deui , balik ka bali geusan ngadjadi . Oerang Wangkal teh boga rasa asa boga deui bapa , saloeoehaneun sagala pangaboetoeh .

Hareupeun imahna , aja balandongan dipoetjoek , pinoeh koe ban dera laleutik djeung roepa -roepa kěrětas papaes . Dina loehoereun pangdioekan Wirio djeung pamadjikanana aja kĕris , nja eta si poesaka tea , pinoeh koe kěkěmbangan sareungit.

Euweuh saoerang , noe ingět kana balai noe geus kasorang teh .

Kabeh pada pertjaja . jen baris ngahareupan bagdja , sabab kĕris poesaka ajeuna datang deui, noe baris nangtajoengan njinglar saroepaning katjilakaan sarta matak bagdja ka Wirio saanak pamadjikanana . Eta djělěma -djělěma kabeh pada saroeka ati .

Eta kapĕrtjajaan oerang lěmboer , koe oerang oelah ditjatjampah nadjan oerang ěnja tjotjog kana manahna toean de Jager , geuning lahirna : „ Wirio pangbagdjana teh tina daekna digawe , toehoe djeung saestoena . Koe lantaran njontoan hade djeung toetoeloengna , djadi ngabogaan hikmat bisa matak bagdja ka noe sedjen ."

Moegi -moegi bae eta djělěma pandjang oemoerna , bisa lila ngadjaring lemboer Wangkal .

PLGFN