Baca PDF (OCR): Wawatjan tjarita Moehammad kaja

54 halaman · 2 halaman diproses dengan OCR · 4.3 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. I. ASMARANDANA .
  2. II. SINOM.
  3. 6
  4. 11
  5. III . DANGDANGGOELA .
  6. IV . KINANTI .
  7. V. MIDJIL .
  8. VI . POETJOENG .
  9. TAMAT .
  10. EUSINA
  11. 1. Asmarandana p. 1 - 5 .
  12. 2. Sinom p. 5 - 16.
  13. 3. Dangdanggoela p. 16.- 24.
  14. 4. Kinanti p. 24 - 30.
  15. 5. Midjil p. 30 - 38.
  16. 6. Poetjoeng p. 38 - 43 .

Wason PL5454 W38 1921

ASIA wason L5454 2038 1921

CORNELL UNIVERSITY LIBRARY

CORNELLUNIVERSITYLIBRARY

Ser No Hargana f 0.30 WAWATJAN TJARITA MOHAMMAD KAJA TJITAKAN KATILOE UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR KALOEARAN BALE- POESTAKA POUCRO . UITV.

.. 0.70 Y a 0.08 יפ

BALE POESTAKA ngaloearkeun sareng ngadjoeal boekoe -boekoe anoe ditoeliskeun di handap ieu . Sahasaha anoe bade ngagaleuh , artosna kedah dikintoenkeun ti pajoen koe postwissel .

Ngaranna boekoeNgaranna noe ngarangHargana..
Boekoe batjaan roepa-roepa kaolahanNji Mas Djam'ahf 0.30 "
Damar woelan (wawatjan) Dik TromM. Sastradiredja C. J. Kieviet0.70 Y
Djalan pangoepadjiwa (wawatjan)Dencomiberdie" 0.22
Djalma pamınggatan ( tjarita )R.. Danoemihardja " 0.09 R. Ardiwinata " 0.180.019
Dongeng-dongeng Soenda I IdemII M. Saleh djeung Ardiwinata" 0.15
Idem Dongeng -dongengII M. Saleh djeung Ardiwinata Ardiwinata0.45
Dongeng -dongeng toeladan (wawatjan )0.45
Dongeng -dongeng toeladan (wawatjan )R. Prawirakoesoema וי 0.070.07
(wawatjan ) Elmoe kabeungharan . D. K. ArdiwinataR. Prawirakoesoema וי 0.07, 0.07
Elmoening tani (wawatK. Andiwinata" 0.08
Elmoening tani (wawatjan ) R. Djajadiredja Gěněpbēlas tjaritaDjajadiredja,, 0.05
Gěněpbēlas tjaritaMangoendikaria0.16 12
Hal mélak djeung ngokolakeun roopa -roepa pěpělakan I (Boekoe )”
kan I (Buekoe)Scticodinestmas0.08
Kahardjaan nagaraM. Setjaadipoetra M. Natawisastra djeung M.0.08 וי
Kasakit awewePadmadinata,,0.15
Kasakit aweweDr. Snoeck Henkemans0.02
Kasakit pest di Poelo Djawa djeung pikeun panolakna1-0.03
Koelak tjanggeumDr. O. L. E. de Raadt R. Poerawinata0.03
Lalampahan Daoed bin Oetin (Tjarios )a 0.08 יפ
Lalampahan ka DiawaM. Mangoendikaria" 0.16
Lalampahan ka Djawa Těngah (Tjarios )R. Poerawinata " 0.140.14
Lalampahan Michiel Adr. de RuyterR. Ardiwinata " 0.280.28
Lalampahan Soedagar Moelapar (wawatjan )Ararma0.20
Maharadja Djoesi ( tjarios)0.30 ود Mangoendikaria, 0.30
Maharadja Djoesi ( tjarios) Natasoengkawa (wawatjanR. B. Kartadiredja וי 0.10, 0.10
Natasoengkawa (wawatjan tjarios)
Natasoengkawa (wawatjan tjarios)R. B. Kartadiredja" 0.21

WAWATJAN TJARITA MOEHAMMAD KAJA TJITAKAN KATILOE KALOEARAN BALE -POESTAKA 1921. DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR WELTEVREDEN . ADUCRO UITV.

FRNE

Wason PL 5454 . W38 : 1921231 10 % S

I. ASMARANDANA .

1. Asmarandana digoerit , ditembangkeun basa Soenda , ari anoe ditjarios , aja sahidji djělēma , beunghar taja kakoerang , soegih moekti liwat langkoeng , sarta těměn ibadahna .

2. Oerang nagri Danarèsi , ngaranna anoe katělah , Moehammad Kaja geus kolot , boga pakoewon sorangan , sajaga djeung përjoga , ka sedjen nagri kamashoer , ngaranna reudjeung beungharna .

3. Geus poendjoel sa -Danarěsi , hanteu aja noe mapakan , sanadjan radjana oge , beungharna teh kaoengkoelan , koe Ki Moehammad Kaja , rea gědong poeloeh -poeloeh , araloes taja padana .

4. Ngadjadjar ngaberes baris , hoeroeng -herang pangeusina , djiga di karaton bae , djeung sadia goedang -goedang , di mana -mana těmpat , poeloeh -poeloeh toer parinoeh , goedang prabot goedang oeang ..

5. Waroeng -waroeng djěro nagri , toko -tokona ngadjadjar , rea noe manehna bae , rea waroeng noe disewa , djeung rea boga kapal , parahoe mangratoes - ratoes , geus poegoch ingon ingonan - . Wawatjan tjarita Mochamad kaja .

6. Koeda onta sapi moending , atawa djeung salianna , soemawonna domba ěmbe , geus taja noe bisa milang , estoe taja kakoerang , parangina lemah -lemboet , rea djalma anoe soeka.

7. Menak -menak koering -koering , malah Kangdjěng Radja pisan, asih wělas manah sae , ka Moehammad Kaja tea, pada rěsěp sadaja , rea djalma noe měrtamoe, ti lian-lian nagara .

8. Toer asih ka pakir -miskin, soemawonna ka ahlina , ka sadaja sěpoeh anom, para moe'min djeung oelama , reudjeung rea sobatna, diangkěn ichwan saestoe , beurang peuting koekoempoelan .

9. Sami ngaos para moeʻmin, hanteu ělat katoeangan , sing sarwa anoe sarae, saban poë motong domba, těrkadang sapi pisan , dianggo toeang ngarioeng , sobat-sobat koering menak.

10. Henteu towong beurang peuting , ti mana -mana darongkaр , pada soeka rěsěp sono , katjatoer Moehammad Kaja, manahna henteu pěgat, něněda ka Maha Agoeng , hajang dipaparin anak.

11. Moehammad Kaja prihatin, sangěting hajang poetraan, bět henteu pinarěng bae, tapi teu wěleh ihtiar , tatamba henteu ělat, ongkos pirang-pirang reboe , henteu ngitoeng karoegian .

12. Dilakonan djeung dipikir , něda ka Allah ta'ala , hanteu samar ngantos -ngantos , piwělas kērsa masihan , anak lalaki pisan, henteu lali saban waktoe , ngadoe'a hajang laksana .

13. Tina sangěting pamoedji , njoehoenkeun ka Noe Kawasa , kěrsaning Jang Maha Manon , ditarima panědana, těroes reudjeung kadarna , Moehammad Kaja dimakboel , geus nganděg bobot garwana .

14. Ki Moehammad soeka ati, henteu pěgat-pegat hadjat, nadar saban isoek sore, kotjap noe bobot garwana , geus oemoer toedjoch boelan, Moehammad Kaja katjatoer , teu damang pajah katjida .

15. Noe ngalajad ahli wargi, para moe'min kocring menak, Moehammad geus samar raos, geus nangtoękeun kana adjal , bakal pegat papisah , harita ka anoe koempoel, Moehammad Kaja sacerna .

16. Ajeuna pihatoer koering , ka sadaja noe ngalajad , koering gadceh rasa sedjen, djeung sadaja bakal pisah, koering něda saksian , wasiat ka anoe kantoen, reh poen bodjo koering tea.

17. Koe sadaja geus katawis , jen keur gadoeh kakandoengan , saoepantěn mangsa ngowo, kaloear boedak ká doenja, moen lalaki poen anak, wasiat koering panoehoen , moegi-moegi dingaranan .

18. Toeroenkeun ngaran sim koering , ngaranan Moehammad Kaja, lamoen kaloear awewe, ngaranna kcemaha kěrsa , geus tamat wasiatna , mangsa nepi kana waktoe, Moehammad Kaja ngalěnggak .

19. Poepoet adjal geus lastari , awas ningali garwana , ngotjeak nangis ngaděngek, sasambat bari midangdam , kotjap bae enggalna, henteu pandjang dipitjatoer , 'Mad Kaja dipoclasara .

20. Disiraman ahli wargi , parantosna dioelēsan , disalatkeun koe sakabeh, para moe'min praoelama, prakiahi djeung sobat, sanggeus salat rěmpag toeloej, digotong ka pakoeboeran.

21. Dikoerěbkeun geus lastri, sadajana geus baroedal , menak koering boedak kolot, masing -masing ka boemina, katjatoerkeun garwana , bada hadjat matang -poeloeh , harita garwana babar .

22. Ka loear poetrana sidik, jen paměgět aloes pisan, noe ngalajad sěpoeh anom, istri paměgět darongkap , geus salamět noe babar , soeka soekoer ka Jang Agoeng , ingět ka raka nalangsa .

23. Enggeus bersih moerangkalih , toeloej bae dingaranan , toeroet ka wasiat bae, ngaranna Moehammad Kaja , nja djěněngan ramana, poetra kasep moeloes aloes , rea anoe sami soeka.

24. Enggeus ageung moerangkalih , mingkin njěples siga rama , oemoerna noe katjarios, nja eta Moehammad Kaja, toedjoeh tahoen sampoerna , iboena soeka kalangkoeng , ningal geus ageung poetrana.

25. Taja kasoesah saeutik , wantoening rea titinggal, doenja brana laksa kěten, reudjeung aja titinggalna , roepa djimat poesaka, toetoeroenan ti karoehoen, sadajana tiloe roepa.

26. Noe sahidji roepa soeling , kadoea kětoe poesaka, katiloena roepa endong, kabeh aja hasiatna , iboena enggeus terang , disimpěn boeni koe iboe, taja deui anoe terang .

27. Hasiatna djimat tadi , teu katjarita ajeuna , di pajoen ge katjarios, noe tiloe djimat poesaka , hidji -hidji watěkna , gantjangna noe mangoen tjatoer, geus gěde boedak nonoman.

II. SINOM.

1. Mohammad Kaja kang poetra , oemoer toedjoeh tahoen mandjing , harita toeloej diadjar , kana sagala bab ilmi, barang geus rada ngarti, toeloej ka sakola ascep , něpi ka bablas pisan , Moehammad enggeus mangarti , limawělas tahoen oemoerna sampoerna.

6

2. Harita Moehammad Kaja, pikirna ěnggeus birahi , baleg tĕroes lampah roetjah , maen djeung latjoer ka istri , tina reaning doeit, sakarěp-karěp didjoedjoer , henteu beunang dihalang , koe iboena diwěwěling , djongdjon madjoe tariking napsoe hawana .

3. Iboena ngan kantoen soesah , teter teu asoep pepeling , mingkin lami mingkin tambah, roetjahna leuwih ti misti, henteu beunang digeuing , 'Mad Kaja leuwih takaboer , rasa cuweuh kakoerang , teu pisan ingět di ahir, beurang -peuting gawena ngan pělěsiran .

4. Diladjoer lampah Moehammad , teu aja pisan karisi , ĕnggeus wantěr ngalalana , laladjo ka lian nagri, ka dajeuh Goenoeng Rawit , ngambah nganteur lampah latjoer , malah poetra radjana , djěněngan Nji Dewi Soetri , koe manehna harita geus ditěpoengan .

5. Dihagal pok ditanjaan , poetri běngis nembal nampik , ki Moehammad meunang wirang, balikna ka Danarěsi , teu pěgat woewoeh eling , koe poetri mingkin kapintjoet , Moehammad kaedanan , katjipta bae Nji Poetri , dahar sare teu ngeunah sangět kasmaran .

6. Tapi roetjah ka noe lian, manan koerang anggoer tambih , teu aja pisan kandegna, doeitna geus seep lědis , roepa barang noe kari ,

D t

imah gědong waroeng -waroeng , koe manehna didjoeal , ěmas perak intěn sisip , -awoer hanteu njaah pake maen oewar .

-naon roepa barang 7. Naon , didjoeal kabeh dibasmi , geus taja pisan noe tinggal , barang indoengna ge lědis , kěrsaning Maha Soetji , sakabeh doenjana loeroed , noe di imah di loear , geus dongkap ka titis -toelis , lima tahoen boerindil Moehammad Kaja .

8. Koeat djangdji djeung kadarna , Moehammad Kaja geus miskin , kipajahna ge geus soesah , imahna ngagewok leutik , sarohang tihang awi , daharna beunang djadjaloek , němbe aja elingan , handeueulna ti pandeuri , kadongdora dipajoeng geus kahoedjanan .

9. Ngan tinggal tiloe poesaka , djimat toeroenan ti aki , noe disimpěn koe iboena , dipoesti diboeni -boeni , koe poetra teu kapanggih , diroeang handapeun hawoe , di djěro parakona , koe Moehammad teu kapanggih , henteu pětot iboe nangisan ka poetra .

10. Nalangsa prihatin tambah , eling ka djamanna tadi , ka tjaroge djeung ka banda , lila -lila pasrah ati , eling jen takdir diri , papasten Allah Noe Agoeng , sabar rido tawěkal , ati bersih hanteu moengkir , hanteu lepat ngantosan pitoeloeng Allah .

11. Moehammad Kaja ngarasa , prihatin ngarēgih tjeurik , kakara ingět ka Allah , tobat djeung masrahkeun diri, iboena langkoeng watir , Moehammad dirontok gabroeg, ditjioem ditangisan , 1 dioesapan poetra nangis , pok hatoeran ki Moehammad ka iboena.

12. Ajeuna sim koering tobat, moal ngalampahkeun deui , kalakoean hal masiat, ajeuna koering geus eling , geus karasa koe diri , ka iboe sědja dek toeroet, sakoemaha timbalan , koe koering bade diiring , diimankeun piwědjang moal dipoengpang .

13. Karasa sangět nalangsa , sasat čnggeus ngagilintjing, harita saoer iboena, soekoer oedjang pikir eling , geus tobat moal deui,. lampah batan noe kapoengkoer , ajeuna iboe waktja, těrang hanteu rek samboeni, saestoena aja keneh barang bapa .

14. Noe koe iboe disimpěnan , dipoesti diboeni -boeni, tapi lain roepa oeang , djimat poesaka ti aki , kabehna tilce roepi , soeling endong reudjeung kětoe , dipěrtelakeun pisan , hasiatna hidji-hidji , pěrwatčkna djimat anoe tiloe roepa.

15. Hatoeran Mochammad Kaja, noen iboe panoetan koering , kalangkoeng hajang oeninga, poesaka toeroenan aki , koering teh hajang sidik, tjeuk iboena tceh di ditoe, disimpěnna diroeang , di handap parako boeni, pek dikali kapanggih tiloeanana .

16. Dirawat koe ki Moehammad , atohna kaliwat saking , Moehammad owah tekadna, oedjoeb takaboer nja diri , atina woewoeh eling , ka istri poetrana Ratoe , kabogohna manehna, noe baretona geus nampik , panasaran maksoedna teu dilajanan .

17. Ajeuna meunang tanaga, pang manehna oedjoeb djeung dir, sabab enggeus boga djimat, poesaka noe roepa soeling, tangtoe bae katjangking , poetri poetra Ratoe Goenoeng, taoe rasa ajeuna , moal gagal kapimilik, Moehammad djro atina woewoeh panas.

18. Geus mashoer Moehammad Kaja, ngaran kitoe ti leuleutik , koe sabab reudjeung boektina , rea banda langkoeng soegih, barangna djadi miskin , sangsarana geus kamashoer , roeksakna lampah reetiah , anoe njěboet kabeh dialmi , disarěboet ngaranna Moehammad Baia .

19. Ari harti basa baja, pakewoeh sarta prihatin, djeung deui Moehammad Baja, mingkin katambah prihatin, kewoehan liwat saking , nandang sangsara kalangkoeng , sabab madjce lampahna , pěrbawana djimat pasti , kadjacian dipakena koe manehna.

20. Pikiran teu pěgat-pegat, eling bae ka Nji Poetri , : poetra Radja Soerjalaga , di nagara Goenoeng Rawit , kakasihan Nji Poetri, Dewi Soetri geulis poendjoel , hanteu aja bandingna , di nagri ngan eta hidji , noe katjipta koe Moehammad Kaja tea.

21. Teu hatoeran ka iboena, Moehammad top njokot soeling, ngěmat Nji Poetri maksoedna, toeloej ditioep sakali , bangět watěkna soeling , Poetri datang geus di pajoen , hareupeun ki Moehammad , iboena kaget ningali, aja istri montjorong mantjoer tjahjana.

22. Tapi eta istri tea, sare tibra tatjan lilir, Nji Poetri digoejah -goejah , Poetri lilir alak -ilik, manahna sělang-sěling, sapěrti anoe ngalindoer , Nji Poetri sasaoeran, ieu teh di mana aing, bari nangis raos djěro pangimpian ..

23. Ari tjeuk Moehammad Kaja, saestoena ieu Njai , lain dina pangimpian , ieu teh di Danarěsi , di imah engkang Njai , oelah reuwas anggoer soekoer , Njai ka dieu dongkap , kce karěp ěngkang pribadi , maksoed ěngkang ajeuna tangtoe laksana .

24. Njai 'mo meunang basangkal , soemawonna Njai nampik , ěngkang sok inget baheula, ati engkang ngěněs peurih , koe sabab Njai nampik , wawalěsna ieu tangtoe,

11

Njai soemping njalira . ti nagara Goenoeng Rawit, ĕngkang soekoer Njai teh bakal ditikah.

25. Nji Poetri barang geus terang, raosna teh sělang-seling, nangis ngadjěrit ngotjeak , kami henteu soedi teuing , koe manehna dikawin, sabab kami poetra ratoe, djeung kami henteu soeka, naha wani-wani maling , geuwat -geuwat poelangkeun kami teu bětah.

26. Moehammad Kaja djawabna , ngomong kěras běngis sěngit, ' eh Njai lamoen manehna, ěmboeng koe ěngkang dikawin, tangtoe 'mo bisa balik, ka nagara Njai djaoeh , lalakon tiloe boelan, tapi lamoen soeka Njaí , reudjeung ěngkang saloeloet djadi doeriat .

27. Papasten Allah ta'ala , titis -toelis noe geus pasti , sarta parěng kadar oerang, djodo geus.tangtoe ngadjadi , • ěngkang djeung Njai kawin, Njai salamět toer moeloes , 'moen hajang moelih gampang , djeung engkang bae sakali , Dewi Soetri njaoer di djěro manahna.

28. Oepama aing basangkal , oetjap běngis sarta nampik , geus tangtoe diri tjilaka, aing koe basa noe manis , ajeuna hatoer koering , lamoen manah engkang estoe , ka koering hojong nikah , soeka pisan diri koering , nanging hajang di nagri koering sorangan .

29. Tapi ěngkang koedoe těrang, ka koering oelah samboeni, pambrih djadi kaloeloesan, ajeuna naros sim koering , koema' margina koering , pang bisa ka dieu tjoendoek , tina djaoeh katjida, matak heran ati koering , estoe engkang sakti sarta jasa ngěmat.

30. Tina bangěting soekana, 'Mad Kaja walon ka Poetri, ěngkang waktja satěrangna , pang Njai ka dieu soemping, koe elmoe ěngkang matih , sakědep netra geus djěboel , ěnja ieu roepana, soeling poesaka ti aki, ngan sakali ditioepna Njai dongkap .

31. Soeling djimat pěrwatekna , wantoe aja eusina djin , ěnja eta anoe mawa , ngagandong salira Njai , gantjangna Njai Poetri , ngolo-ngolo manis imoet, tjing engkang hajang terang , di roepana eta soeling , gantjang bae Moehammad mikeun soelingna .

32. Koe Nji Poetri geus ditampa , toeloej ditioep sakali , Poetri maboer geus teu aja, djeung soelingna moesna leungit , moelang ka Goenoeng Rawit, djeung rama iboe geus těpoeng , rama ladjěng mariksa , ' na poelang ti mana Njai , awak Njai di dieu enggeus disěbar .

33. Roesoeh gehger praponggawa , anoe nareangan Njai , Raden Poetri pok oendjoekan, dipěrtelakeun sakali , koe kang rama kasoerti , ngahoelěng teu pisan njaoer , Radja běngong manahna , ningal kana hikmat soeling, pěrwatěkna moestadjab kabina -bina.

34. Radja tambah soeka manah, eta soeling djadi milik , Sang Radja njaoer patihna , ngadeuheus di srimanganti , dawoeh Radja eh Patih, bisi maneh tatjan ma'loem, Nji Poetri ěnggeus datang , matak heran leuwih gaib , diterangkeun ka Ki Patih rasiahna .

35. Patih ngahoelěng mikiran, matak helok djimat soeling, tapi henteu sasaceran, ĕnggeus moendoer Raden Patih, ngabedjakeun jen Poetri, ĕnggeus soemping ka kadatoen, montong ditareangan , atoh sakoer abdi² , Kangdjěng Radja djeung Nji Poetri sasaoeran.

36. Tina bawaning koe soeka, reh soeling geus djadi milik, Sang Radja alon ngandika , wěwěkas ama ka Njai, poma oelah wawarti , njarita ngomong teu poegoeh , koedoe pageuh rasiah , noe roepa poesaka soeling , ama atoh enggeus boga soeling djimat.

37. Malah harita koe Radja, geus ditjandak eta soeling , toeloej ditioep ditjoba , tapi teu maoenat soeling, oendjoekan Njai Poetri, satimbalan abdi noehoen , katjarita noe tinggal , anoe leungiteun koe Poetri , toer dipaling soelingna dibawa minggat,

38. Moehammad Kaja napsoena, ngagěrěgět pěgěl ati , pok hatoeran ka iboena , 'koema iboe diri koering , ngěněs panas nja ati , koering ajeuna rek njoesoel, něda eta poesaka, endong toeroenan ti aki , endong enggeus diparinkeun koe iboena.

39. Gantjang toeloej disorendang , dieusi doeit saringgit, pok amitan ka iboena, njoehoenkeun pandoeʻa koering , moegi salamět diri, rek njoesoel Poetri noe kaboer , Moehammad toeloej mangkat , sorangan singkil poerikil , lalampahan didjalanna tiloe boelan.

40. Eusi endong katjarita , asal dieusi saringgit, geus sapoë pek diteang , geus djadi sapoeloeh ringgit, anoe sapoeloeh ringgit, sapoë djadi saratoes, ringgit teu pisan koerang , noe saratoes kitoe deui, sapoëna gous djadi sareboe pasmat.

41. Doeit tambah ngareaan, 'Mad Kaja geus djadi soegih, ari lampah keur di djalan, maʻloem pada ningal doeit, rea djalma noe asih, kapintjoet rea noe miloe, ka 'Mad Kaja noe bela, pada ngiring soeka ati , djadi tambah rea batoer pangiringna .

42. Gantjangna bae geus dongkap , ka nagara Goenoeng Rawit, asoep ka toko balandja , mas perak intěn dibeuli , panganggo noe maranis , balandja bapoeloeh reboe , sarta manehna midang , kitoe deui anoe ngiring, ki Moehammad panganggona noe arendah.

43. Sakoer noe sami naringal , pada kaget oerang nagri, aja semah leuwih kaja, soedagar ti Danarěsi ,

Radja geus ngoeping warti , Moehammad Kaja katjatoer , marěk ka Kangdjěng Radja , mawa panganggo rek bakti , noe digotong noe ditanggeuj roepa² .

44. Kandjěng Radja Soerjalaga , linggihna di srimanganti , Moehammad Kaja geus dongkap , njěmbah hoermat langkoeng ta'dim , Sang Radja kaget galih , mariksa ka ki tatamoe, kaoela tatjan terang , andika ti mana tadi , roèmah tangga andika ti nagri mana .

45. Djeung saha ngaran noe nělah, rek naon maksoed ka kami, eta naon noe dibawa , ragěm² anoe ngiring, 'Mad Kaja langkoeng adjrih, oendjoek sěmbah ka Sang Ratoe , pariksa Kandjěng Radja, djisim abdi djalma pakir, ti nagara Danarěsi noe katčlah .

46. Torodjog tanpa larapan , ngadeuheus ka linggih Goesti , njanggakeun ieu hadiah , nanging sakalangkoeng daʻip , moegi Goesti migalih , Sang Radja enggal ngadawoeh, tjing kami ningalian , harita pajoeneun Goesti , pek diboeka katingal kabeh koe Radja.

47. Ngahoelěng bae Sang Radja, bengong ningal pangabakti , araloes sarta djeung loba, panganggo noe roepi warni, sipat njamoe sapalih , soetra2 toer araloes, sapalih mas -ěmasan , pěrmata intěn bidoeri , ki Moehammad ka Radja kěbat oendjoekan .

48. Doepi maksoed abdi tea, ka gamparan linggih Goesti , taja sanes pasrah badan , sědja ngagandek di Goesti , teu sědja wangsoel abdi , ngantos loentoer galih Ratoe , masihan sěsěngkěran , sěkaring komala boemi , manawina kadar abdi sareng poetra.

49. Titis -toelis djodo poetra , loeloes sarimbit djeung abdi, Sang Radja ladjěng mariksa , saha nja ngaran pribadi , Moehammad oendjoek ta'dim , ngaran abdi kapioendjoek , nělah Moehammad Kaja, abdi sangět daʻip miskin , Radja emoet ti Nji Poetri rasiahna .

50. Mesěm Sang Radja ngandika , ari moenggoeh diri kami , rido doe'a soekoer pisan , tatapi koemaha djinis , harita Kangdjěng Goesti , nimbalan Poetri disaoer , djeung iboena měděkan , Radja mesëm ka Nji Poetri , ieu Njai noe ngaran Moehammad Kaja.

51. Ajeuna ka dieu datang , njoesoel nanjaan ka Njai, djeung mawa doenja barana , ti nagara Danarěsi , ajeuna koema' Njai , soeka atawa teu poeroen , ari tjara ama mah , rek noeroetkeun karěp Njai, Dewi Soetri oendjoekan manis ka Radja.

III . DANGDANGGOELA .

1. Noen pariksa iéu djisim abdi , kana maksoed poen Moehammad Kaja, djeung abdi hajang sadjodo , lamoen kang rama roedjoek , sareng aja toelis sim abdi, sědja ngiringan pisan, Sang Radja ngadawoeh, Njai ama doe'a pisan , geura akoe los bawa ka djěro poeri , kakang maneh 'Mad Kaja.

2. Katjatoerkeun geus di djěro poeri , ki Moehammad Kaja langkoeng soeka, kantoen ngantos² bae , kana nikah noe tangtoe, toer dikawoelaan Nji Poetri, langkoeng dihoermat -hoermat, Poetri manis moeloet , tapi manahna rangkěpan , gědena mah hanteu soeka hanteu soedi, lakian meunang tjatjah.

3. Siga soeka manahna prihatin, Njai Poetri keur neangan akal , rek ngagělo ngolo-ngolo, dina sahidji waktoe, Moehammad Kaja djeung Nji Poetri, tjalikna hanteu anggang, mesěm Poetri njaoer , sim koering naros ka ěngkang, poerwa ěngkang ka dieu ka Goenoeng Rawit, ka koering kěrsa nikah .

4. Njandak barang rea roepi-roepi , ěmas perak djeung intěn pěrmata , panganggo noe aheng2 , nanging ěngkang ka poengkoer , kaoeninga koe djisim koering , katingal taja banda, imah oge lěmboet , ěngkang miskin hina nista, eta doenja tjandak ěngkang anoe tadi , asal beunang ti mana.

5. Ki Moehammad hanteu boga pikir, koe bawaning katoengkoel koe soeka , teu boga sangkaan polos, 'Mad. Kaja walon njaoer , těrang waleh ka Njai Poetri saterangna poen engkang, Wawatjan tjarita Moehammad kaja .

djadi soegih djěgoed, koe sabab boga poesaka, djimat endong toeroenan titinggal aki , ari endong watěkna .

6. Dieusian koe doeit saringgit , moen ti peuting ti beurang diteang , diboeka toeloej dikodok , ĕnggeus djadi sapoeloeh , noe sapoeloeh diteundeun deui, kana endong poesaka, diteang geus isoek, geus djadi saratoes pasmat, noe saratoes ringgit teh nja kitoe deui, djadi sareboe pasmat.

7. Pendekna mah sakoemaha eusi, tangtoe djadi tikělna poeloehan , jen kitoe watek endong teh, Nji Poetri imoet njaoer , lamoen engkang rido ka koering , teuing hajang oeninga, poesaka karoehoen, roepa djimat endong tea , gantjang bae endong dibikeun ka Poetri, 'Mad Kaja taja sangka .

8. Endong ĕnggeus katjangking koe Poetri, gantjang bae Poetri njandak djimat, soeling ditioepkeun bae , sakali pake noendoeng , ti pajoeneunana Nji Poetri , tjatoer Moehammad Kaja, ingět geus di lěmboer, di imah manehanana, barang awas katingal iboena nangis , kěbat bae mariksa .

9. Ki Moehammad hatoeran djeung nangis , těrang waktja ti wiwitanana , sakabehna ditjarios, barang iboe ngadangoe, jen poetrana nandang prihatin, taja pisan saoerna, ngahoelěng ngadjěntoel , katjatoer Moehammad Kaja, ngěněs peurih napsoe amarah ngagidir , rek malěs sangět panas.

10. Katjarita Raden Dewi Soetri , sanggeus maboer Ki Moehammad Kaja, Njai Poetri geuwat bae, oendjoekan ka Sang Ratoe , djeung dipěrtelakeun sakali , iboe djeung rama soeka , Nji Poetri dioegoeng , tatapi taja noe těrang, Radja boengah reh meunang poesaka deui, endong djimat poesaka .

11. Katjarita enggeus tiloe peuting , ki Moehammad Kaja anoe kotjap, : ka iboe nangis djeung waleh , noen iboe koering toeloeng , sakalangkoeng peurih nja ati, ngěněs panas nalangsa, maksoed dina kalboe, Poetri teh arek diteang, panasaran moen tatjan laksana koering , iboe geuwat toeloengan .

12. Eta djimat anoe hidji deui, disoehoenkeun koe koering ajeuna , poesaka arek dipake , noe sipat roepa kětoe , iboe nangis liwat hawatir, toeloej kětoe.ditjandak , harita ge toeloej , diparinkeun ka poetrana, ki Moehammad gede hate gilig pikir , kětoe dipake pisan .

13. Ki Moehammad henteu katingali , lěs ngaleungit ngan sorana terang , ti dinja djoeng indit bae, di djalan tara těpoeng , reudjeung djalma noe wara -wiri , sabab henteu katingal , watěk djimat kětoe , ki Moehammad gede manah, djeung takaboer teu aja pisan karisi , toer leumpangna sorangan .

14. Djeung manehna henteu měkěl doeit, tatapina teu aja salempang, moen aja kahajang njokot , kadaharan ti waroeng , henteu aja anoe ngahoeit , sapandjangna di djalan , teu aja kabingoeng , kadaharan sakarěpna , tiloe boelan di djalan ka Goenoeng Rawit, kotjap ěnggeus datangna .

15. Toeloej bae asoep ka djro poeri , torodjogan taja anoe ningal , Njai Poetri djongdjon bae , Moehammad njoeplak kětoe , poetri kaget awas ningali , ngagěběg reuwas njěblak , poetri gantjang ngakoe, matoer noen engkang hatoeran , soemping deui emoet mělang ka sim koering , ajeuna . soekoer pisan .

16. Sarěng saha engkang teh nja soemping , ngawalonan ki Moehammad Kaja, ĕngkang ngan sorangan bae, teu pisan mawa batoer , gantjang bae harita Poetri, sadia katoeangan , pěpěk sarta aloes , tambah hoermat ka Moehammad, gěnah pikir Moehammad kapintjoet deui , taja pikir rangkěpan .

17. Njai Poetri kěbat matoer gasik , ĕngkang koering naros anoe těrang , sim koering kalangkoeng bengong, ningal kasakten mandjoer , ĕngkang sakti jasa ngaleungit , hanteu aja noe ningal , asoep ka kadatoen, kaoeninga enggeus aja, di djro poeri tjalik di gigireun koering , ĕngkang leuwih saktina .

18. Ngawalonan engkang lain sakti , anging engkang pang henteu katingal , boga djimat langkoeng aheng , ari roepana kětoe , ' moen dipake geus tangtoe leungit , teu katingal koe djalma ,

Poetri imoet njaoer , nja siga naon roepara , kětoe djimat noe langkoeng ahengna leuwih , sim koering hajang ningal.

19. Ki Moehammad pek nembongkeun deui, koe Nji Poetri kětoe geus katjandak , soeka boengah langkoeng atoh, gantjangna Poetri toeloej , njandak djimat noe roepa soeling, ditioepkeun sapisan , 'Mad Kaja geus maboer, ti kadaton ěnggeus moesna , leungit deui Nji Poetri geus sirna ati , taja pisan karempan .

20. Ki Moehammad katjatoerkeun deui , kaloearna ti kadaton tea , ninggang kana tempat sedjen, kana poentjaking goenoeng , sangět sangsara liwat saking , djeung rea sasatoan, leuweung loewangliwoeng , tanah kabawah nagara , Goenoeng Rawit lalakonna djaoeh deui , kira satengah boelan.

21. Ki Moehammad barěng inget lilir , alak -ilik ngahoelěng nalangsa , maras -miris djěro hate,

• sorangan loehoer goenoeng , ki Moehammad langkoeng prihatin, nangis ngěněs nalangsa, reudjeung hoemarěgoeng , rea sato galak , pagoletak matak gila matak watir , wantoe di leuweung sangar .

22. Tapi pasrah ka Goesti Jang Widi , toeloej toeroen ti goenoeng ka lebak,

beurang -peuting henteu sare, leumpangna oesrak-asroek, koekoeroeboetan poëk peuting , manehna sangět lapar, ngělěpěr lalěsoe , bawaning teu barangdahar , noe didahar naon2 noe kapanggih , kajaning poepoetjoekan.

23. Toeroet goenoeng mipira pasir , djoerang2 kasorang kateang, 'Mad Kaja nalangsa hate, eureun handapeun kajoe , hoelang-hoelěng barina mikir , geus lila di leuweungna , Moehammad kasaroeng , henteu těrang lebah mana , taja lěmboer soemawonna lamoen manggih , noe lidig roepa djalan .

24. Enggeus meunang lima wělas peuting , di leuweungna ki Moehammad Kaja, pikirna teu tjopong2 , . kaliwat tina bingoeng , ati pasrah ngaboeang diri , nanging teu pěgat2 , ngantosan pitoeloeng , bawaning sangět laparna , beh manggihan ningal tangkal boeah hidji , sarta aja boeahna.

25. Tapi boeah noenggal ngan sahidji, taja doea atawana rea, Mad Kaja kaliwat atoh, boeah toeloej diadjoel , ĕnggeus moerag ka handap boemi, ditjokot koe Moehammad , arek digaroegoet, pek digigit diasaan , eta boeah digigitna ngan saeutik, kěrsa Allah ta'ala ,

26. Ki Moehammad roepana teh salin , kawas sato tandoekan ranggakgak , geus lir tandoek oentjal bae, ki Moehammad ngoedoenoeng , beurat njëri kaliwat saking , geus hanteu koeat leumpang , hanteu bisa nangtoeng, lampahna bari ngarandang , roemanggieung ngěněs tjeurik peurih ati , sangsara kabalangsak .

27. Mingkin sangět pasrah ka Jang Widi , geus kersana henteu ngarasoela , ngingětkeun kana papasten, nanging ati ngoeloewoet, henteu kěndat něda ka Goesti , abdi tobat teu koeat, beurat njoehoen tandoek, moegi pasihan waloeja , ilang tandoek geus teu wěrat adoeh Goesti , tjara ka toekangtoekang.

28. Ki Moehammad maksa leumpang deui, pek ngarandang soep ka sedjen těmpat, nja di leuweung eta keneh, handapeun kai ngaoeb , panas poë noe moentrang -měntring , nahnaj ngěděng ngadjoprak , beurat sangět lēsoe , teu nginoem teu barangdahar , djoeng ngeureujeuh hoedang ngarandang geus boerit , dikira waktoe asar .

29. Beh manggihan tangkal boeah deui , reudjeung aja sasiki boeahna, ki Moehammad leuwih atoh , pek digadil koe tandoek, boeah beunang moerag ka boemi, ditjokot koe Moehammad , ngahoelěng ngadjěntoel , hanteu wani gantjang2 , dahar boeah pikir rempan ati risi , sok sieun djadi bahja .

30. Palangsiang nambahan balahi , tapi maksa bawaning koe lapar , karěpna didahar bae, diseget sagaroegoet , kěrsa Allah noe Maha Soetji, Moehammad dahar boeah, • tandoek noe disoehoen , leungit sapada harita , tanpa lebih taja oeroetna saeutik , ki Moehammad waloeja .

31. Enggeus poelang kaasalna tadi , djadi senang sarta segěr koeat, 'Mad Kaja lampahna djongdjon , tatapina kasaroeng , ĕnggeus lila di leuweung soeni , nandang sangsara pajah , hanteu manggih lemboer , ĕnggeus leungit roepa lawas , djadi roedig bělěwoek koelitna hoerik , Moehammad ganti ngaran .

IV . KINANTI .

1. Ngaranna anoe katjatoer , manehna anoe ngalandih , Kai Miskin pangakoena , harita geus madjoe deui , ĕnggeus manggih tegal lēga , Ki Miskin boengah saeutik .

2. Tapi henteu manggih lemboer , atawana djalan lidig , ari eta roepa boeah , anoe doea tea tadi , dibawa didjieun djimat , dikandoeng dipoesti -poesti .

3. Tatapi moal kaliroe , pěrwatěkna hidji2 , sabab boeah ditjirian , gantjangna Ki Miskin indit , ti těgal enggeus kaloear , meh leungit ati prihatin .

4. Djěro pikirna koekoeboek , hajang malěs ka Nji Poetri , Ki Miskin teu niat moelang , sědjana rek madjoe deui , panas ngěněs djeung binasa , niat něpoengan Nji Poetri .

5. Ki Miskin leumpangna ladjoe , geus něpi ka pinggir nagri , ngahoelěng koema' nja akal , pigeusaneun djalan panggih , djeung Nji Poetri poetra Radja , Soerjalaga Goenoeng Rawit .

6. Ka nagara Miskin asoep , di pasar moesapir , djadjaloek sabeunang-beunang, kadaharan sangoe roti , sěgěr Miskin tambah koeat, saban poë ngan moesapir .

7. Lila miskin matoeh , boeboedjang di anoe soegih, di soedagar toekang barang , geus gěnah pake běrěsih, pikirna teu pěgat , ngoelik akal anoe lantip .

8. Soepaja tereh patěpoeng , djeung Nji Poetri Dewi Soetri , tatjan kaharti djalanna , ' moen asoep ka djěro poeri , Miskin teu pětot mikiran, sangkan salamět toer hasil .

9. Gantjangna bae ditjatoer, katjarita Kai Miskin, noe djadi boedjang soedagar, harita keur mikir² , manehna geus meunang akal , djalan asoep ka djro poeri .

10. Ka soedagar amit moendoer , manawi aja paidin , sim koering sědja rek moelang, soedagar teu mere idin, Miskin keukeuh indit maksa, make papakean rawing .

11. Isoek Miskin toeloej , ngadeuheus ka Kangdjěng Goesti , Sang Radja enggal mariksa , rek naon datang ka aing , sarta maneh oerang mana, saha ngaran maneh Miskin .

12. Oendjoek sembah Miskin toengkoel, noen pariksa Kangdjěng Goesti , djisim abdi oerang djaba , ngaran sim abdi poen Miskin, geus teu gadoeh indoeng bapa, atanapi nini aki .

13. Sarěng hanteu gadoeh doeloer, sadajana ahli abdi , toempoer teu aja noe tinggal , kantoen sim abdi pribadi , kasangsara hina nista , estoe sakalangkoeng Miskin .

14. Hanteu aja geusan wangsoel , margi koemawantoen abdi , torodjog tanpa larapan , teu ngadab ka linggih Goesti , djisim abdi pasrah badan, ngagandek di Dampal Goesti .

15. Noe jogja minoelja agoeng , djoengdjoenan sadaja abdi, pangaoeban sanagara , noe asih ka pakir-miskin , měnggah maksoed abdi tea, moegi 'Djěng Goesti migalih .

16. Hariring Radja ngadawoeh, ajeuna maneh eh Miskin , běněr karěp maneh tea , ajeuna tangtoe koe aing , dirawat di djěro poera, maneh poerah ngala tjai .

17. Tjampoer djeung awewe dapoer , Kai Miskin soeka ati, gantjangna ĕnggeus měrěnah , di dapoer tjampoer djeung istri , ari pagaweanana , sore isoek ngala tjai .

18. Ki Miskin matak kajoengjoen , matak rěsěp matak watir , istri dapoer pada soeka , diasih koe para Njai , geus poegoeh koe Kangdjěng Radja, koe pawarang koe Nji Poetri .

19. Ki Miskin tjampoer di dapoer, těrkadang sok miloe ngoki , olah2 djeung noe rea, těrang kana hidji , moenggoeh hatoeran Sang Radja, djeung pawarang djeung Nji Poetri.

20. Nji Poetri anoe katjatoer , taja sangka ka Ki Miskin , jen eta Moehammad Kaja, kapalsoe roepana salin , Poetri rěsěpeun katjida, Ki Miskin dipikaasih .

21. Salawasna di kadatoen, Miskin teu pěgat prihatin, djeung henteu pěgat tirakat, dina saban2 peuting , ti beurang minděng poeasa , njoehoenkeun oelah katawis .

22. Kira geus meunang satahoen, aja di dapoer Ki Miskin, kotjap dina hidji mangsa, Ki Miskin pikirna eling , maksoedna njieun lantaran , pambrih maksoedna ngadjadi .

23. Kabeh toeangeun di dapoer , mamasakan geu tarapti , Kai Miskin enggeus terang , hatoeran sahidji-hidji , para koki hanteu aja, boedal ti dapoer ka tjai .

24. Noe tinggal manehna woengkoel , Ki Miskin pikirna eling , njokot boeah sok tandoekan, toeloej dikoeroed saeutik, sajoer hatoeran Sang Radja, dipoeroeloekan saeutik .

25. Ti dinja Ki Miskin toeloej , moeroeloekan sajoer deui , kana hatoeran pawarang , geus poegoeh hatoeran Poetri , sangkoe noe tiloe hatoeran , teu katara lampah Miskin .

26. Geus daratang eusi dapoer , beurang kaganti koe peuting , sadajana mamasakan , geus diakoetan ka boemi , kira djam poekoel dalapan , Radja taroeang di boemi.

27. Reudjeung pawarang teu kantoen, malah poetrana Nji Poetri, taroeangna sami ni'mat , ponjo sedjen ti sasari , sajoer anoe tadi tea, sami seep limit bersih .

28. Sanggeus salse toeang Ratoe, pawarang reudjeung Nji Poetri , taroeangna kawarěgan , Radja ngantoek tengah boemi, pawarang Poetri djeung Radja, ladjěng ebog kana katil .

29. Koelěmna dongkap ka isoek, ngadjěmpling hanteu ngalilir , geus isoek emoet Sang Radja , ngagěro Sang Radja nangis , ningal mastaka tandoekan , ranggakgak teu bisa tangi .

30. Pawarang deui nja kitoe , soemawonna Njai Poetri, sami nangis djědjěritan , sirah tandoekan ngadjědig , ranggah lir satandoek oentjal , ear nangis di djro poeri .

31. Koe Raden Patih kadangoe, di lěbět rame noe nangis , Patih dangdan gantjang loempat, moeroe soep ka djěro poeri , djog ka pangkoelěman pisan , kasondong Radja keur nangis .

32. Patih ningal ka Sang Ratoe , ngarontok Patih djeung nangis , ningal mastakana Radja, tandoekan gede ngadjědig ,

Ki Patih manahna heran , Radja nalangsa prihatin .

33. Pawarang Poetri nja kitoe , katingal koe Raden Patih, kookeun teu sasaoeran, geus lila Sang Radja bidjil , ka loear ti pangkoelěman, dipajang koe Raden Patih.

34. Sanagara kabeh goejoer , praponggawa para mantri , sami ngalajad ka Radja, roesoeh loempat ka djro poeri , reudjeung garwa² menak, sami ngalajad ka boemi .

35. Pawarang noe digoegoeloeng , Nji Poetri pon kitoe deui , Pawarang Poetri djeung Radja, henteu pětot² nangis , prihatin nalangsa wirang, diroeroeboeng beurang peuting .

36. Radja ngeureujeuh ngadawoeh, tjoba toeloeng ieu Patih, koema' bae tarekahna ,. ieu tandoek sangkan leungit , ajeuna koedoe saoeran, doekoen noedjoem reudjeung tabib .

37. Sakabeh koedoe dikěloen, sina nambaan ka kami , reudjeung kami boga nadar , saha noe njageurkeun kami , tandoek leungit tina sirah , pěrdjangdjian kami pasti .

38. Moal tjidra enggeus tangtoe, digandjar sabeulah nagri , sarta didjadikeun pangkat , djěněng radja wakil kami , kasěboetna Radja moeda , reudjeung perdjangdjian kami.

39. Toeloej disina mihoekoem , Ngabogaan Njai Poetri, sanadjan saha djalmana , boh menak atawa koering , bisa njageurkeun waloeja , moal pilih moal moengkir .

41. Tapi maneh oelah palsoe , koedoe teang masing sidik, rehing geus kieu boektina , baloekarna kitoe deui , koe maneh torah sing terang , seboet oelah risi² .

42. Pioendjoekna goeroe noedjoem, noe diterangkeun sapalih , henteu sahinasna pisan, manahna Radja bok bisi , noen pariksa Kangdjěng Radja, eta teh kasawat Goesti .

43. Kěrsaning Jang Maha Agoeng , tjotjoba salira Goesti , tapi kědah galih sabar , pasrah rido ka Jang Widi , 1 djeung pěrtobat oelah ělat , soepados enggal walagri .

44. Goesti damang deui tangtoe, tandoek leungit tanpa lebih, mo' aja sakara -kara , kitoe paetangan abdi , ajeuna tatjan mangsana , di ahir ge tangtos bidjil.

V. MIDJIL .

1. Katjatoerkeun Raden demang Patih, ka loear ti djěro , praponggawa enggeus koempoel kabeh, ra'jat menak djeung koering , saoer Raden Patih, eh sakoer noe koempoel .

2. Dawoeh Radja ka sadaja abdi , noe sěpoeh noe anom, saha djalma anoe njampe, ngadamangkeun salira Goesti , eta enggeus pasti , djěněng djadi Ratoe .

3. Djeung deui dikawinkeun ka Poetri, nadarna Sang Katong, hajoe boedal ihtiar sing tereh, soegan bae aja noe hasil , 1 pitoeloeng Jang Widi, Radja damang moeloes .

4. Geus baroedal kabeh abdi² , noe ngidoel noe ngoelon, noe ka wetan reudjeung anoe ngaler , pada maksoed hajang ka Poetri , hajang geura kawin, sarta djadi Ratoe .

5. Reudjeung deui parentah Den Patih, djalma sěpoeh anom, misti ngalandongan reudjeung njampe , paměgět bareng reudjeung istri , ngalandongan Goesti , gěr goejoer tagiwoer .

6. Henteu aja noe kaliwat hidji , kabeh pada djogo ,

anoe ngalandongan djeung noe njampe , teu aja noe měntal sahidji, pada heran pikir , djalma kabeh bingoeng.

7. Beurang peuting henteu ělat djalmi , henteu aja towong , doekoen kabeh pada njampe , aki djeung nini , taja anoe matih , ngaleungitkeun tandoek.

8. Henteu aja noe kaliwat hidji , sakoer anoe tembong, malah rea ti nagara sedjen, taja noe toemama sahidji, paradji teu mahi , soesahna kalangkoeng .

9. Woewoeh ripoeh Radja Goenoeng Rawit , salira rampohpoj , kabeh djalma anoe njampe waleh, taja anoe sanggoep sahidji, ngan kantoen sahidji, henteu miloe2 .

10. Enja eta noe ngaran Ki Miskin, teu pisan katakon , koe Den patih ngan kaliwat bae , henteu kaparentah koe Patih, teu njampe ka Goesti , tatjan pisan noeloeng .

11. Teu damangna 'Djěng Radja geus lami , henteu tjopong2 , tiloe boelan diitoeng ditetek , beurang peuting teu soewoeng djalmi , di loear di poeri , kabeh pada bingoeng .

12. Kangdjěng Radja njaoer ka Ki Miskin , bari ngaharewos , eh Ki Miskin tjoba toeloeng djampe, ngan maneh noe teu katingali , moeroe² aing , niat njampe noeloeng .

13. Naha maneh teu wělas ka aing , ngeunah² djongdjon , dideuleuna anggoer ngaděděmpes , di dapoer ngeunah² ati , sakieu prihatin , aing sangět liwoeng .

14. Sasaoeran Radja bari nangis , Miskin adjrih mando, saoer Radja panasaran hate, 'moen tatjan didjampe koe Miskin, kitoe deui Poetri , djeung pawarang toeloeng.

15. Reudjeung deui pěrdjangdjian aing , moal tjidra bohong, sakoemaha noe ka Patih bae,

: maneh meureun geus terang sidik , saembara aing , eta teh jen kitoe .

16. Oendjoek sembah Ki Miskin ka Goesti , ngawalonan alon , mangga abdi ka gamparan njampe , ka pawarang sareng ka Poetri , moegi Maha Soetji , djampe abdi makboel .

17. Namoeng Goesti panoehoen sim abdi , Goesti oelah bohong , pěrdjangdjian moegi oelah geseh , rek sabolehboleh sim abdi , wireh geus dimisti , Miskin njěmbah moendoer .

18. Los ka dapoer njokot doea tjangkir , teu aja noe njaho , njoempoet boeni di noe rada poëk , doea tjangkir dieusi tjai , harita Ki Miskin , . boeahna dikoeroed .

19. Dipoerceloekkeun ka eta tjai , anoe doea tjomplong , teu katara tjai angger bae , geus dibawa koe Aki Miskin , ngadeuheus ka boemi , Miskin dioek toengkoel .

20. Laga Miskin di pajoeneun Goesti , eta doea tjomplong , noe dieusi tjai teh didjampe , sěmoe anoe ěnja teh teuing , pek njampe Ki Miskin , • ngoenjem bari imoet .

21. Lila pisan njampena Ki Miskin , Radja manah bengong , ningal pěta Ki Miskin keur njampe , sila rekep tjakěp djeung tartib , tata titih rintih , toengkoel bari ngoekoes . Wawatjan tjarita Moehammad kaja

22. Toeloej tjěngkat harita Ki Miskin, njampena parantos , pok oendjoekan barina ngadehem , noen Goesti ieu roepi tjai, parantos koe abdi, didjiad noe makboel.

23. Disanggakeun tjai dina tjangkir , ka pawarang ongkoh, pok oendjoekan leueut masing seep , oelah aja kantoen saeutik , ditjandak koe Goesti , pek dileueut toeloej .

24. Kěrsa Allah Anoe Maha Soetji , anoe noeloeng jaktos , Kangdjěng Radja sarěng pawarang teh, harita keneh ge walagri , tandoek noe ngadjědig , leungit taja oeroet.

25. Kangdjěng Radja djeung pawarang nangis , koe bawaning atoh, tandoek leungit salirana sae , Radja ladjěng njaoer ka Miskin, eh ajeuna Miskin , diri maneh tangtoe.

26. Boeat nampa gandjaran ti kami , nadar moal bohong, djangdji kami moal pisan geseh , panadaran jen koedoe boekti , kami henteu moengkir , isin koe Jang Agoeng .

27. Tatapina koemaha Nji Poetri , koedoe geuwat boro, geura djampe pek inoeman bae, sabab eta keur bcdjo Miskin, sina tjageur Poetri, gantjang Miskin moeroe .

28. Dina kamar Nji Poetri keur nangis , Ki Miskin ěnggeus djol , ngomong soegal pokna eh awewe, koema' raos ajeuna Poetri , tandoek ngawiwingking , mo' aja noe sanggoep .

29. Ngaleungitkeun tandoek maneh Poetri , lepot saoemoer mo ' , sabab doraka kaliwat gede , wawalěs ti noe dinjěnjěri , ngahina toer djoelig , goreng ati palsoe .

30. Aloes omong oetjap moeloet manis , sarta olo² , montong2 djaga enggeus paeh , di lahir ge enggeus pinanggih , tandoek ngadjědjědig , wawalěs noe hasoed .

31. Sing roemaos jen geus nganjěnjěri , lamoen hanteu poho , ka noe ngaran Moehammad Kaja teh , oerang nagara Danarěsi , koe maneh ditampik , diolo ditipoe .

32. Sabab kitoe maneh mo' walagri , tandoek hamo lesot , moal aja anoe bisa njampe , tandoek maneh masingna leungit , kadjaba ti kami , noe moestadjab makboel .

33. Tapi maneh 'moen hajang walagri , koedoe soson2 , tobat heula sarta koedoe saleh , sababna tjotjoba ti kami , bongan nganjěnjëri , keur waktoe kapoengkoer .

34. 'Moen teu njaho ieu ngaran Miskin , djalma ngalalakon , noe ngaran 'Mad Kaja asalna teh , lamoen tatjan tobat mah Poetri , • moal tjageur deui , Nji Poetri ngarandjoeg .

35. Bari njaoer pok njaoer ka Miskin , koering geus roemaos , lamoen jaktos 'Mad Kaja andjeun teh , ajeuna hatoer tobat koering , hampoera sim koering , koe ěngkang noe estoe .

36. Moegi enggal toeloengan sim koering , manah sing hawatos , teu kawawa koe beurat sirah teh, sareng ajeuna djisim koering , sědja pasrah diri , : ka engkang rek toehoe .

37. Kërsa engkang sagala kairing, moal njolowedor , sarta moegi teu djamoega bae, lamoen gindi-pikir rek moengkir , kitoe soempah koering , saksina Jang Agoeng .

38. Kai Miskin wělas ka Nji Poetri , teu paos ditjrios , gantjang Miskin njokot tjangkir bae, dieusian tjai sakali , ditjampoeran deui , boeah beunang ngoeroed .

39. Bari njoempoet dina kamar boeni , geus kitoe norodjol , mawa tjai sarta pek didjampe , di pajoeneunana Nji Poetri, rapat teu katjiri, tjangkir geus di pajoen .

40. Ieu tjai pek leueut koe Njai, koe Poetri ditjokot, djeung dileueut tjai teh geus seep , kěrsa Allah Noe Maha Soetji , tandoek Poetri leungit , toer salira moeloes .

41. Segroek nangis njaloeoeh ka Miskin , koering noehoen atoh, bagdja gěde engkang noe noeloeng teh, henteu njangka pisan sim koering , sakieu geus lami , djeung ěngkang teu těpoeng .

42. Rama iboe ngalajad ka Poetri , manahna geus tjopong , soeka soekoer geus walagri kabeh , enggal hatoeran Njai Poetri, ieu Kai Miskin , geuning djalma palsoe.

43. Njalin roepa njamar djalma miskin , nanging noe sajaktos , kakang koering 'Mad Kaja noe saleh, anoe sangět sangsara diri , anoe dinjěnjěri , koe abdi kapoengkoer .

44. Kangdjěng Radja běngong pok ngalahir , ama mingkin atoh, bagdja gěde moelja diri maneh, isoekna Radja njaoer Patih, geus marěk di boemi, bengongna kalangkoeng .

45. Radja njaoer běrkah diri kami , teu sawios -wios , djeung pawarang rawoeh Poetri hade, didjampe ti peuting koe Miskin, ngahoelěng Den Patih, moedji langkoeng soekoer .

46. Djeung olohok ningali ka Goesti, kaliwat koe atoh, djeung teu njana Miskin bisa njampe , liwat heran manahna Patih, oendjoekan ka Goesti , abdi reboe noehoen .

47. Kangdjěng Radja něrangkeun sakali , Patih 'moen teu njaho , eta Miskin djalma noe kapelet, noe baheula nanjaan Poetri , didadar sakali , taja noe kalaroeng .

48. Reudjeung deui ajeuna Den Patih, nandakeun jen atoh, niat kami teh gantjangkeun bae, 'Mad Kaja kawinkeun ka Poetri, • někanan sadjangdji , toeloej djadi Ratoe .

49. Patih njěmbah kaloear ti poeri , koempoelan di gědong, ngaembarkeun jen Radja geus sae, malah ajeuna kěrsa Goesti , rek nikahkeun Poetri, ka Miskin noe palsoe.

50. Kabeh djalma enggeus pada harti , harita geus gendjlong , oeroes sadia karasmen , nikahkeun 'Mad Kaja ka Poetri , gantjang geus sajagi , ti noe djaoeh tjoendoek .

51. Enggeus koempoel noe ti district² , sadia parabot, reana noe rek laladjo bae, rendengan doekoen ka Nji Poetri, koempoel ahli-wargi, leungit manah moetjoeng.

VI . POETJOENG .

1. Di nagara rame gamělan goemoeroeh , toer ajeuh -ajeuhan , ngaděrěgděg sora bědil , tingdjalěgoer mariěm djeung kalantaka .

2. Goenoeng Rawit hiboet goejoer geus tagiwoer , pasoeriab djalma , kolot boedak menak koering , laki istri ngagělěk paheula-heula .

3. Raden Patih ditimbalan koe Sang Ratoe, njaoeran pramenak , koempoelan di Srimanganti , Den Panghoeloe Kalipah djeung sarat² .

4. Geus sadia di Srimanganti noe koempoel , katjatoer 'Mad Kaja, harita enggeus disalin , koe panganggo hoeroeng-herang karadjaan .

5. Sarta nganggo makoeta kantjana moeroeb , goeměbjar tjahjana, matak serab noe ningali , tjakěp těgěp kasep matak njěblak manah .

6. Ki Moehammad loengsoer dipajoengan agoeng, ti lěbět ka loear , digedeng koe Raden Patih, ĕnggeus soemping ka Srimanganti gek lenggah.

7. Den Panghoeloe tjalikna ngalih ka pajoen , sarěng praponggawa , sarat ketib modin , ki Moehammad geus lenggah dina amparan .

8. Ladjěng nikah Moehammad Kaja geus poetoes , saksina sadaja , sanggeus nikah ladjěng ngalih , lenggah dina bangkoe karadjaan pisan .

9. Henteu lami Poetri soemping ti kadatoen, beunang nganggo midang , tambah geulis langkoeng manis , dina bangkoe lenggah ngarendeng djeung raka .

10. Raden Patih djoeng ngadeg di tëbeh pajoen, ladjěng sasaoeran, eh sadaja anoe hadir, ieu koela nimbalkeun dawoehan Radja.

11. Kërsa Radja rehing geus kagoengan mantoe, djěněngan Moehammad , ajeuna didjoengdjoeng linggih, djadi Radja di Goenoeng Rawit nagara .

12. Noe kawasa ngadjalankeun daměl Ratoe , marentah ponggawa , rajat kabeh abdi² , Kangdjěng Radja liren tina karadjaan .

13. Praponggawa para mantri oendjoek noehoen , sadaja ngistrenan , henteu aja anoe moengkir , 1 toer soemoedjoed kabeh sědja koemawoela.

14. Enggal bae maos doe'a Den Panghoeloe , • ger amin sadaja , praponggawa para mantri , sami moendjoeng ka panganten Radja anjar .

15. Radja anjar djeung Nji Poetri ladjěng loengsoer , ngarendeng angkatna , pakael -kael djaridji , dipadjěngan diiring koe menak² .

16. Para istri reudjeung paměgět ngagoeroeh, sadaja maridang , sěpoeh anom anoe ngiring, para ěmban noe ngiring mawa tampekan .

17. Enggeus soemping ka kadaton Radja baroe, diboro dipapag , ladjěng lěnggah di djro boemi,. djeung Nji Poetri pagedeng-gedeng teu anggang .

18. Raden Patih praponggawa pratoeměnggoeng, hadjat bada nikah , di gědong di Srimangati , ti peutingna najoeb toer arak -arakan .

19. Katjatoerkeun panganten Sang Radja baroe, geus ka pangkoelěman, arebog paměgět istri , sasaoeran njarios lampah katoekang.

20. Noe arebog tibrana teh langkoeng2 , kotjapkeun isoekna, Radja Sěpoeh Goenoeng Rawit, kěrsana teh ngalih ka pakoewon anjar .

21. Nagri Goenoeng tambah rame woewoeh aloes , sarta tambah kěrta , taja rampog taja paling , rea djalma ti nagara lian datang .

22. Anoe dagang soedagar rea noe matoeh, njieun toko imah , rea djalma anoe moedji , Radja Baroe běrboedi toer bidjaksana .

23. Leuwih adil pěrtjeka djeung lemah-lemboet , ka ra'jat balabah , mere -maweh moerah asih, geus kamashoer kalian-lian nagara .

24. Hidji mangsa Sang Radja eling ka iboe, tinggal di nagara , di Danarěsi geus lami , lima tahoen pipisahan sareng poetra .

25. Kěrsa Radja sareng Poetri eta iboe , ajeuna dikěmat, geus top njandak djimat soeling , těngah wěngi pek ditioep koe Sang Radja.

26. Ngan sakali geus djol soemping Kangdjěng Iboe, ka pajoeneun pisan , barang Sang Iboe ngalilir , tjileung raos dina pangimpian . tjoelang -

27. Sanggeus terang Iboe aja di kadatoen , kaget dina manah , henteu njaoer anggoer nangis , Kangdjěng Radja gabroeg ngarontok iboena.

28. Radja nangis njoeoeh ka pangkon kang Iboe, njaoer těrang waktja, 'moen iboe henteu tingali , ieu koering noe ngaran Moehammad Kaja.

29. Běrkah iboe ajeuna geus djadi Ratoe , piwělas Sang Radja, Goenoeng Rawit ka sim koering , ditikahkeun ka poetrana djadi Radja.

30. Istri anoe dikěmat basa kapoengkoer , nja ieu boektina , nami Raden Dewi Soetri , Njai Poetri harita ladjěng moendjoengan .

31. Saoer Radja diri koering berkah Iboe , Iboe langkoeng soeka , ningal poetra enggeus moekti , djěněng Radja dioegoeng dihoermat -hoermat .

32. Sarěng deui moegi ajeuna kang Iboe, • oelah rek soemělang , miemoet ka Danarěsi , tětěp bae di dieu sarěng kang poetra .

33. Lahir iboe soemawonna aja saoer, teu aja kabeurat , iboe teu ingět saeutik , lamoen enggeus ajeuna těpang djeung oedjang .

34. Geura Iboe dangoekeun arek tjatjatoer, ti sapoengkoer oedjang , iboe kalangkoeng prihatin, beurang -peuting ka oedjang taja hilapna .

35. Djeung sangsara kaliwat banget nja ripoeh , koerang hal kipajah, iboe oenggal poë koeli , ngala tjai boeboeroeh ka noe baleunghar .

36. Saban poë iboe sok boeboeroeh noetoe , eukeur barangdahar , malah ieu oge samping , boeroek boetoet geus rea pisan tambalna .

37. Beunang iboe ti anoe beunghar boeboeroeh , imah geus teu aja, iboe saban2 peuting , lamoen sare nja di mana bae doegna .

38. Rea djalma noe njěboet boeroeng ka iboe, sangěting sangsara , ngan teu pětot dina ati , ngarěp² ka oedjang teu geura datang .

39. Lamoen aja oedjang mah nja moal kitoe , iboe teh katalang , koe oedjang noe poerah ngěmis, Radja nangis sangět wělas ka Iboena .

40. Njai Poetri ngoeping nangis bloek njaloeoeh , ka pangkon iboena, saoer Radja meugeus Njai , montong nangis Iboe gentos panganggona .

41. Koe noe bersih anoe weuteuh anoe aloes , Nji Poetri geus njandak, Iboe geus nganggo disalin , tengah wengi ladjeng taroeang sadaja .

42. Enggeus isoek ka Radja Sěpoeh mioendjoek , jen soemping Iboena, Radja Sěpoeh soeka galih , sami těrang sadaja ka iboe Radja.

Y : :

43. Loeloes roentoet sadajana sami moeloes , tětěp -toemětěpna , rioeng moengpoeloeng ngahidji, sadajana bangloes taja kakirangan .

44. Tjariosna Moehammad Kaja geus toetoep , sěmět djadi Radja,

ngageugeuh di Goenoeng Rawit , tambah mashoer nagara moekti mibawa .

TAMAT .

EUSINA

1. Asmarandana p. 1 - 5 .

Moehammad Kaja anak soedagar beunghar di Danarěsi , meunang pirang2 kakajaan titinggal ti baраna, djeung boga 3 roepa djimat: soeling, endong djeung kopeah.

2. Sinom p. 5 - 16.

Koe lantaran rěsěp maen djeung latjoer, ajeuna Moehammad Kaja djadi miskin , malah djimat soelingna oge geus euweuh, ditipoe koe Dewi Soetri , poetra Radja di Goenoeng Rawit. Lantaran maoenatna djimat endong, ajeuna Moehammad Kaja beunghar deui , sarta těroes nanjaan ka poetra Radja Goenoeng Rawit, anoe nipoe djimat soeling tea .

3. Dangdanggoela p. 16.- 24.

Tina binangkitna Poetri Goenoeng Rawit, Moehammad Kaja katipoe deui bae , kabeh djimatna beunang koe Poetri Goenoeng Rawit tea, sarta Moehammad Kaja těroes leuleuweungan , sangsara . Di leuweung manggih doea boeah adjaib , moen didahar noe hidji matak tandoekan, noe hidji deui paranti njageurkeunana .

4. Kinanti p. 24 - 30.

Moehammad Kaja njamar, lila toeloej boeboedjang di Radja Goenoeng Rawit. Radja djeung poetra garwana teu damang, sadajana tarandoekan , lantaran diwisajaan koe Moehammad Kaja.

5. Midjil p. 30 - 38.

Radja saembara ; saha noe njageurkeun tangtoe didjadikeun radja, sarta dikawinkeun ka poetrana . Ajeuna Radja djeung sapoetra garwana daramang deui , dioebaran koe Moehammad Kaja.

6. Poetjoeng p. 38 - 43 .

Moehammad Kaja ditikahkeun ka Dewi Soetri , sarta těroes djadi radja di Goenoeng Rawit, ngagentos měrtoeana .

Ngaranna boekoe Ngaranna noe ngarang7
Panggoegah (Bockoe) tjarios) Raden Oestama ( Siddarama atawa Djaja Roekmantara (tjarita) Bab njegah nginoem arak

RLG FI

OLIN LIBRARY -CIRCULATION DATE DUE

8
30t7Y199
GAYLORD PRINTEDINU.S.A.
GAYLORD PRINTEDINU.S.A.