WASON PL 5454 L34 1922
ASIA
Cornell University Library PL 5454.L34 1922 Tjarita Erman.
3 1924 020 393 611 ech
CORNELL UNIVERSITY
ITHAC 1853
John M. Echols
Collection on Southeast Asia
JOHN M. OLIN LIBRARY
DATE DUE
GAYLORD PRINTEDINU.S.A.
Serie No. 63.
TJARITA ERMAN
1 DISOENDAKEUN
KOE
RADEN AJOE LASMININGRAT
TJITAKAN KATILOE.
KALOEARAN BALE POESTAΚΑ.
DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR WELTEVREDEN 1922.
1703
11 : 2 :6 : 7
PASAL 1.
Ditilar koe iboe.
Kirageus aja saratoes taoen ka toekang, di Nagara Walan- da aja hidji djalma toeroenan menak, nja kitoe deui garwana sami bae djeung tjarogena,sarta beunghar taja kakoerangana- na,dikawoelaan koe abdi -abdina. Waktoe harita kagoengan poetra paměgět hidji, djěněngana- na Erman.
Eta moerangkalih tatjan oeningaeun di rama,sabab ramana geus lami angkat ka pangpěrangan,ari garwana mah dikan- toen bae di boemina;kabeh djalma sami arasih ka eta moerangkalih tea.
Manah iboena sabisa-bisa rek ngawoeroek noe pantěs ka poetrana, soepaja bisa njoekakeun kana manah ramana,di mana soemping, geus njondong poetra rea pangartina. Dina hidji mangsa pasosore iboena tjalik di djěro pangkeng, bari ngalahoen poetrana, sarta pangatikna, ngaran Mina, aja di dinja,dioekna oge teu djaoeh,bari njěkělan kembang ditoedoeh -toedoehkeun ka eta moerangkalih tea. Tina bawaning loetjoe ningali lampah poetrana,koe iboena hantěm bae eta moerangkalih teh ditjioeman. Teu lila djěboel datang panakawanana anoengiring tjarogena kana pangpěrangan tea, roemenghap sěmoe soekěr bari pok hatoeran ngoeningakeun jen tjarogenatatoe pajah pisan, sarta sasaoeranana samemeh poepoes teh hajang tepang heula djeung garwana. Barang garwana ngadangoe tjaritana eta panakawan, raraj-
| djeung | pananganana | datang | |||
|---|---|---|---|---|---|
| ngadegdeg | , | ||||
| bae | , soepados | . | , moeng | sae | |
| . | |||||
| oge | |||||
| iboe | : | ! | |||
| iboe | noe | ||||
| Erman |
na moenggah pias ka teu jasa mangkon poetrana tea Geus kitoe panakawanana ngoepahan ka djoeragan istrina, pokna :„Raka teh teu patos walesdjoeragan ajeuna enggal angkat raka kaboedjěng koe landong, malah mandar enggal damang deui " Ti dinja manahna rada tětěg, sarta toeloej nganggo². Barang rek djěngkar Erman njampeurkeun heula poetrana, sarta sasaoeran bari nangis,saoerna Emh Erman,kěmbang mata, tangtoe maneh moal njaho sababna matak Tjarita.
iboetjeurik.Karoenja teuing anak iboe, oepama ama poepoes samemeh oedjang njaho di bapa. Pisakoemahaeun soesahna ati iboe;ari dibawa oedjang ajeuna ka pangpěrangan teuaja pětana,sabab soesah di djalanna." Ti dinja sasaoeran deui ka pangatikna noe ngaran si Mina tea,sarta bari neuteup,saoerna : „Aing ajeuna njelehkeun anak kakasih aing ka maneh, sarta koedoedidjaga koe maneh sing hade, papatjoean oelah rek ditinggal -tinggalkeun, sanadjan sakitjeup oge koe maneh teh; dina sarena koedoe dioeroestjara keur aja aing bae, djeung koedoe dibawa djalan² dina waktoe noe hade,isoek bawa ka djěro kěbon,sarta bari kawihan;eta boedak toedoeh-toedoehkeun kana kěmbang² djeung kana sagala roepa noe araloes, oelah sina njoo naon² anoe teu hade,bisi didahar. Djeung deui poma oelah disěntoran,atawa dipolototan,atawa dibaeudan,soemawonna lamoen dipeupeuh diteunggeul,tina sabab eta boedak tatjan aja akalna.Moenggoeh djalma anoe ngadjaga boedak teh, ngaraksana koedoe saperti malaikat bae. Kitoe deui ka noe toenggoe imah, aing talatah, nja eta ieu pangatik teh koedoe dikanjahokeun gěten-toelatenna ka boedak. Lamoen maraneh noeroetkeun sakoemaha omong kami,sarta djeung satoehoena,kami djangdji tangtoe moal poho baris aja panarima. Tah sakitoe talatah kami ka maneh. Poma maneh oelah rek salempang, tangtoe kami ingět něpi ka balik deui. Oepama mangke,di mana kami geus datang deui, njampak anak kami salamět, tangtoe kami moelang tarima ka maneh, sakoemaha pantěsna. " Harita piwoeroek djoeraganana kabeh disanggoepan koe si Mina. Ti dinja eta moerangkalihtoeloej koe iboena ditjioeman sarta didoaan lalaoenan, doana pandjang pisan; seg iboena tanggah ka langit bari ngalimba tjisotjana njalangkroeng. Sanggeus kitoe seg eta moerangkalih dipaparinkeun ka si Mina; ari andjeunna toeloej kana kareta,sarta didjaradjap- keun koe sakabeh abdi -abdina bari tjareurik. Waktoe harita hoedjan djeung poëk kabina -bina.
PASAL 2.
Mokaha ngadatangkeun tjilaka gěde.
Awewe noe ngaran Mina tea, djalma malarat sarta pahatoe; ari parangina sěmoe manis toer bear boedina sarta hade pisan lampahna, noe matak koe djoeraganana kapilih sarta dipěr- tjaja ngarorok poetrana. Mina estoe noeroet pisan kana sagala parentah djoeraganana,toer tara ngabaekeun kana pěrdjangdjian,manehna estoe toehoe sarta njaaheun pisan ka
doenoenganana teh,sabab djoeraganana oge katjida hadena ka Mina teh. Mina katjida pisan njaaheunana ka Erman,sabab ingětanana geus tangtoe eta moerangkalih moen pandjang joeswana teh bakal djadi doenoenganana. Dina hidji poë si Mina dioek noenggoean ajoenan Erman, bari ngarenda djeung diteundeunan kembang roepa² dina deukeut ajoenanana keur aměnganana moerangkalih tea. Ti loehoerna ditoeroeban koe lamak noe ipis; atoeh katendjona teh wani njatjas pisan, moenggah mantjoer tjahjana moerangkalih teh sarta woewoeh sieup,reh ditapoek koe kěkěmbangan;kitoe deui kembangna moenggah siang reh kahibaran koe tjahjana moerangkalih. Dina mangsa harita Minangadenge aja tatabeuhan. Kabeh djalma noeaja di djěro eta boemi pada laloempatan maksoedna rek njaloekan eta tatabeuhan. Ti dinjatoeloej bae dibawa ka pangkeng handap, soekan² nanggap tatabeuhan reh djoeraganana teuaja di boemi. Si Mina taja deui karěsěpna ngan kana tatabeuhan, tapi ari mangsa harita mah dipěrěkětkeun bae,tina sabab inget kana djangdji djoeraganana;manehna tjitjingbae ngaděděmpes. Aja hidji toekang kěbon loeloempatan ka loear ka djěro,bari ngomong, pokna: „ Mina,Mina! ka dieu toeroen,ieu tendjo geura aja tatabeuhan ngareunah pisan, saoemoer oge kakara manggih, geura ieu saoerang noe něrěbang, saoerang,boedak, noe mětakeun sikoe beusi, djeung saoerang deui ajaboedak wani kěmboeng pipina nioep tarompet,estoe tatabeuhan ngareunah pisan kadengena. Ka dieu geuwat toeroen." Si Mina ngawalonan, pokną : „Ah, teu wani ninggalkeun moerangkalih, sanadjan sakeudeung oge." Toekang kěbon teh ngomong deui, pokna: „ Oelah salěmpang ka Erman,keun bae da keur sare,ka dieu bae sakeudeung mah montong mělang teuing; matak naon soegan ditinggalkeun satengah djam mah, poma oelah teu daek, geuwat ka dieu,da ngan sakali ajeuna bae." Ti dinja toeloej si Mina indit laladjo djeung bari něpakan dada tina heranna djeung rěsěpna, tatapi atina mah teu poegoeh bae tina rasana laladjo ninggalkeun moerangkalih. Ti dinja geuwat manehna balik deui.Nadjansakoemaha rěsěpna oge,manehna maksa bae balik, toeloej loempat njampeurkeun kana ajoenan Erman tea. Estoe tjilaka gěde pisan, barang diteang teh kana ajoenanana harita kasampak geus kosong, tapi dikirana koe Mina maroekanna aja djalma noe ngaheureujan bae, eta moerangkalih disoempoetkeun, toeloej manehna asoepka pangkeng neangan moerangkalih tea. Ti dinjaseg ka loear deui;wěleh eta moerangkalih henteu kapanggih.Gantjangna Minatoeloej
bae loeloempatan, bari tjeurik gegěroan,ti dinjaseg aneprok dina golodog sěsěgroekbari midangdam, pokna : „ Eh doenoe- ngan,ka mana djoeragan koering, saha djalmana,naha heureuj teh bět kabina -bina teuing,kawas taja deui pigaweeun,kadieu- keun koe kaoela rek diais, djeung rek disěsěpan. Eh,ieu agan, kěmbang malati kaaměngan agan,naha agan mana teung- teuingeun teuing, geura mangke koering tiwas, těrkadang meunang hoekoem pati,siksaan ti iboe-rama. Naha saha atoeh noe iren -panastren teh ka diri kaoela? Taksiran eta,doemeh djoeragan geus djangdji kěrsana rek moelang tarima.Tajoh kitoe noe matak tjoea ka diri teh, inggis kami meunang bagdja lantaran timoerangkalih. Ěh, abong teuing bagdja awak! Estoe roemasa koering teh salah, koerang ati kabengbat ka- goda koe batoer;bět anggoer nendjo noe ngawih ditabeuhan, diigělan;mana horeng pisoesaheundirikoering; samborong teuing tjeuk bapa, hiroep teh koedoe ati², sagala lampah koe- doedipikir heula, oelah rasa mokaha pedah tina djalan leuleutikan,bět henteu dipikir heula, nja eta bisi pinanggih djeung kasoesahan,da ari geus kieu mah soesah pioebareunana. Estoe kadoehoeng teu noeroet ka woeroeksěpoeh.Nja ajeuna karasana,da kadoehoeng mah tara ti heula datangna teh,sok ti pandeuri. Pilakadar soesah teh lantaran kabengbat koe tatabeuhan. Geus pisakoemahaeun bae koering nja soeka lamoen Erman kapanggih deui teh,meureun koe koering rek diěěmban bae,moal pisan ditinggal -tinggalkeun, geus teu aja pětana rek kabengbat deui koe laladjoaneun teh." Noe laladjo kabeh ngadarenge, jen Mina keur tjeurik sarta midangdam,malah noe ditanggapna oge harita toeloej bae baralikgeus teu tolih menta diboeroehan. Sakabeh eusi boemi djeung pamagěrsari pada laloempatan, objag nareangan moerangkalih,sarta toeloej ngaloris barang di djěro boemi. Ana diloris djabatimoerangkalih teh, loba pisan barang2 anoe laleungitan. Ti dinja mah tětěp pamikirna sakabeh, jen eta moerangkalih teh tangtoe ajanoe maling. Harita koempoel awewe-lalaki pinoeh di djěro boemi djeung di latar,liroepama aja papaten bae. Noe toenggoe boemi ngomong, pokna: „ Eh Allah," ieu mah estoe baroeang anoekatjida pisan njoesahkeunana ka djoeragan istri reudjeung ka oerang." Eta kasoesahan si Minageus teu beunang ditjaritakeun deui, tjatjakan moen teu aja noe nganjahoankeun mah,manehna meureun ngoentjloengkeun maneh ka soemoer. Ti dinjaseg manehna ngomong deui, pokna: „Eh, Pangeran, anoe sipat moerah,naha saha anoe pitĕrangeun atoeh, bět sakitoe kasala- han asa saeutikna, datang ka matak tjilakaanoe sakieu gědena."
PASAL 3.
Kasoesahan iboena.
Etagědong oeroet Erman tea moenggah pinoch koe djělěma, sarta balawiri pasoeliwěr nareangan djeung pada saroesah atina. Si Mina rasana wani ngan kari saparo deui njawana, lahoenanana datang ka geus tjiproek koe tjipanon. Manehna dioek bari neuteup kana ajoenan Erman tea; kěmbang noe dina ajoenan tea taloehoer djeung maroeragan. Katjaritakeun djoeragan istri tea geus soemping ka pasang- grahan,sarta geus tepang djeung tjarogena, toeloej koe andjeunna dilandongan,Tina tatoena teu pati parna, sanggeus dilandongan oge teras bae hoemapoer. Andjeunna di pasang- grahan pangpěranganana henteu lami, ladjěng bae moelih deui ka boemina,rehna mělang ka poetrana anoedjadi boeah manah. Katjatoerkeun geus soemping ka boemina, enggal loengsoer tina kareta,sarta teras lěbět ka boemi. Djalma sakoer noe aja di dinja sarieuneun katjida,tina sabab nendjo djoeraganana soemping.Ti dinja Mina ngadjěrit bari ngomong, pokna: „ Eh Allah," karoenja teuing koe djoeragan istri, djeung koemaha pětana koering!" Ti dinja ditingali koe djoeraganana beungeut si Mina wani pias,sarta matana beureum oeroettjeurik, djeung barang ngareret kana ajoenanana, kosong. Sakabeh noe aja di dinja teu aja saoerang-oerang atjan noe wanieun ngomong ka djoeraganana,tina katjida pisan sarieuneunana. Koe iboe Erman dihantěm dimanahan, naon noe matak si Mina kitoe pěpětaan,bari manahna ratoeg,sěsěblakan raos disěbitan bae. Barang geus kamanah sarta tetela jen poetrana leungit, gero bae nangis, ngadjěrit maratan langit, ngotjeak maratan lemah,salirana leuleus toengtoengna les bae henteu eling. Barang geus eling deui tina kapioehanana, ladjěng andjeunna sasaoeran : „ Eh Allah,naha mana meunang balai gěde teuing. Eh oedjang, siki mata iboe,boeah ati, oepama aja bedjana ka ama maneh, tada teuing pinjěrieunana manahna, meureun alahmanan ditěwěk koe pakarang moesoehna. Eh,anak aing Erman," na' di mana atoeh maneh ajeuna, djeung koemaha asalna noe matak maneh aja noe maling teh ? Njaah teuing! meureun ka maneh teh moal aja noe mere pangadjaran anoe hade! Leuwih hade iboe njeungtjeurikan oedjang di astana,tinimbang djeung tjara ajeuna mah,sabab oepama oedjang poepoes mah, aja arěp -arěpeun bisa papanggih di sawarga;koemaha ari tjara ajeuna mah teu aja pisan pikeun pangboeboengah
kana ati iboe. Koemaha toengtoengna oedjang aja di noe sedjen?" Ti dinjaandjeunna ladjěng ningali ka boemi sarta tanggah ka langit bari njaoer kieu : ود„Ěh Allah, noe kagoengan ka- njaah ka abdina,toer noe kawasa sarta wenang noeloeng ka djalmanoe keur nandang kasoesahan, estoe moeng Andjeun pisan noe lajak mikawělas ka noe prihatin, nja eta reh anak koering ajeuna papisah djeung koering, tatapi kantěnan moal paanggang ari djeung Andjeun mah, tangtoe Andjeun oeninga, moenaja di djěro leuweung, leuweung mana, atawa moenaja di djěro goeha tempat bangsat, goeha noe mana piajaeunana anak koering teh. Tapi oepama koering henteu dipaparinan deui těrang,atoeh da ngan Andjeunanoe pingadjagaeun sarta ngaraksa ka anak koering.Andjeun tangtoe ngadangoe sanadjan kana sora gagak oge, soemawonna kana tjeurikna anak koering.Moegi² Andjeun kěrsa maparinan sabar-tawěkal ka diri koering,bisa nahan kana ieu kasoesahan, djeung oepama anak koering aja noe maling tea mah,atoeh eta oge da kalawan kakawasaan Andjeun. Koe margi eta noe matak koering sědja nitipkeun ka Andjeun kalawan ati anoe iklas.Taja sanes moeng pitoeloeng Andjeunanoe diantosan,tina kasoesah koering sakieu gědena. " Toenda heula iboena noe keur katoengkoelkeun koe soesah tjalik bari ngalilipoer manah. Katjaritakeun si Mina atina wěleh henteu beunang dililipoer, ti dinjatoeloej bae ngarontok kana sampean doenoenganana, bari njanggakeun pěrtobat, omongna: „Koering iklas noekeur- keun njawa ka poetra gamparan, langkoeng sae koering paeh, estoe soeka pisan, tinimbang djeung nandangan kasoesah kieu. " Djoeraganana ngahampoera ka si Mina,sarta pok ngalahir, saoerna : „ Heug koe aing dihampoera, tapi ka hareup koedoe ingět, geuning henteu salah omong aing teh. Koe sabab maneh teu noeroet kana omong aing, ngan ngagědekeun lalawora djeung ngoembar napsoe bae, rěsěp kana laladjo, toengtoengna kieu kadjadianana. Aridjělěma ahli soekan² teh ahirna sok tjara kembang seungit, djadialoem sarta ligar balik deui ragragan kana taneuh. " Lila mah geureuha menak teh rada lělěr oge manahna,sarta geus beak nja panasaran,rehna pirang² anoe nareangan, anoe ngaler anoe ngidoel,sawareh aja noe ngoelon aja noe ngetan,di- saksrak ka goenoengka leuweung², tapi wěleh henteu kapang- gihbae. Sakabeh noe nareangan geus pada baralik saimah- imahna, ngan si Mina anoe toeloej sakaleumpang-leumpang- bae bari tjeurik,matana wani tjindoel balas tjeurik teuing, beungeutna pias, leumpangna daloegdag-daligdeug sěmoena nahnaj teu nangan,katěbak koe angin oge meh bae roeboeh.
Sakabeh djalma sakoer noe nendjo kana lampahna si Mina pada kararoenjaeun,soemawonna djoeraganana mah wělaseun katjida,tina ningali sakitoe kaedananana ditilar koe asoe- hanana teh. Djoeraganana sok rěměn sasaoeran njalira,saoerna :,,"Éh Mina,saroea bae maneh teh njërina peurihna djeung aing."
PASAL 4.
Goeha enggon bangsat.
Anoe maling Erman tehhidji nini -nini, beungeutna pias, djeung boeoekna bodas sapěrti kapas
| bae. | ||
|---|---|---|
| asoep | oenggal² | |
| , | , | poë |
| anoe | geus asoep | anoe, |
| , | barang2 |
Kalakoeanana eta awewe teh, sok ka imah, malingan boedak akalna henteu koerang oenggal intip- intipan neangan bongoh. Dina hidji mangsa manehna reureudjeungan djeung djalma noe ngamen tatabeuhan tea, barang koempoel laladjo,eta nini-nini teh ngageuwat bae titoekang naek kana tangga maling eta moerangkalih djeung noe ringkěs sarta pantes,ti dinja toeloej bidjil deui gagantjangan loempat ka leuweung mawa moerangkalih djeung barang². Eta moerangkalihdisoempoetkeun dina djěro leuweung,ari ti peutingtoeloej dibawa leumpang kana djalananoe soem- pang-simpang, anoe tara kasorang koe djalma, tapi manehna měkěl kadaharan, beurang -peuting leumpangna kěkělěmětan bae; gantjangna barang geus djaoeh loemampahna,manehna něpi ka hidjigoenoeng. Dina eta goenoeng aja goeha sababaraha hidji beunang njieunanoe baheula, djalanna poengkal -pengkol, djeung di- lingkoeng koe batoe, soepaja hese kapanggihna koe anoe rek neangan, djeung eta goeha dipantoan koe beusi. Aritoekang sorogna tjitjingna di sahandapeun eta goeha. Harita toeloej diboeka,di djěrona aja deui djalan,katjida pisan djaoehna rek něpi kana ěnggon bangsat teh. Eta enggon boeni katjida,moal kapanggih koe poelisi, tjatjak lamoen kapanggih mah eta bangsat geus tangtoe gede hoekoemanana. Di dinja diteundeunna sagalabarang2 noe beunang malingan teh,sarta disimpěnna dina djěro pěti noe gěde sarta santosa, ari eusina nja eta sipat njamoe, emas, perak djeung permata. Děmi roepana bangsat tea estoe matak gila pisan, wani geus siga hantoe bae. Waktoe harita bangsat teh roepa² kalakoeanana,sawareh aja noe keur njaratoe djeung sawareh deui aja noe keur maen kartoe. Ti dinja nini -nini teh toeloej asoep,sarta mawa moerangkalih tea,sarta eta moerangkalih pada nareuteup koe
sakoer noeaja di dinja, djeung pada ngira jen eta moerangkalih tangtoe toeroenan menak, katjida pisan aratoheunana, tina geus lila pisan maranehanana neangan moerangkalih anoe toeroenan menak,maksoedna rek didjaga dihade-hade, nja eta ingětanana rek didjieun djimat, soepaja djadi panoelak balai. Eta nini-nini tea katjida pisan diparoedjina,sarta pok ngomong loerah bangsat teh ka nini -nini, pokna : „Ajeuna maneh geus boga panggawe anoe sakitoe gědena mangpaʻatna. Satěměnna kieu :oerang kakara ajeuna ngarasa bagdja,sabab ieu boedak tangtoe djadi pakarang, nja eta oepama salah sahidjina batoer ajanoe katjěkěl koe poelisi, ieuboedak oerang pake kěpěng;kieu oerang nja ngomong: „Heg bae eta batoer kaoela dihoekoem,sarta moal dileupaskeun deui, tapi ieu moerangkalih tangtoe koe kaoela dipeuntjit." Tah kitoe oerang nja ngomong. Tina njaaheunana, tangtoe batoer oerang noe katjěkěl koe poelisi teh dileupaskeun deui. Ajeuna ieu boedak koedoe dimoemoele mangka hade. Dina djěro eta goeha tea, Erman anteng oelinna sarta nalaktak reh keur meudjeuhna loeměngěr toetoeroet moending djeung tatjan inget kana naon², tina sabab moerangkalih ke-
| tatjan | oeninga | |
|---|---|---|
| . | ||
| goeha | tea teu | |
| ,saoemoer | -oemoer |
neh,sarta di boelan, atawa di panonpoë Ari dina djěro aja pisan tjahjana boelan atawa tjahja panonpoë ngan masih aja damar dina palita, ti beurang ti peuting teu aja pareumna. Tatapi ari kahakanan mah loba,karana eta toekang maling tea,sok mawaan oenggal poë kadaharan djeung inoeman roepa², piběkěleun salilanatjitjing di djěroeta goeha. Di dinja aja gentong wadah tjai běrěsih pisan,ari enggonna diamparan djoekoet anoe toehoer, ti loehoerna seg diamparan deui samak. Nini -nini tea katjida pisan toelatennangoeroes eta moerangkalih, panganggona djeung toeangeunana teu aja pisan ka- koeranganana. Erman salawasna aja di dinja teu pisan ngadangoe noe ngadji,atawa noe moedji, soemawonna njěboet djěněngan Goesti Allah,tina sakabeh noe aja di dinja woengkoeldjalma goreng bae. Di antara eta sakabeh bangsat tea, aja hidjianak djalma bageur noe asoep ka dinja,manehanana rěsěp katjida kana oelin, oenggal poë reureudjeungan bae djeung Erman,sarta sok njoekakeun kana manahna Erman;manehna sok noedoeh -noe- doehkeun kana tjotjooan roepa², beunang njieun koe kai. Erman diberehidji soeling malahteroesdiadjar koe manehna sina bisa djeung njoelingna; djabati eta diadjar ngagoentingan kěrtas baris njieun kěkěmbangan roepa². Kitoe bae Erman teh pagaweanana oenggal poë.Djeung aja hidji tjotjooananoe
pangdipikarěsěpna, njaeta gambar iboena beunang maling nini-nini tea waktoe bareto basa keur maling andjeunna; eta gambar ditaretes koe permata, katjida pisan Erman teh rěsěpeunana. Eta gambar tara dibikeun oenggal poë, ngan di mana eta nini -nini parěng keur soeka atina,kakara dibikeun. ka moerangkalih teh sina ditjoo. Katjaritakeun di dinja aja hidji djalma ngora asoep djadi hidji djeung bangsat, parěng manehna nendjo kana gambar iboena Erman tea,sarta těroes manehna tjeurik sadjěroning ati, tina sabab ingět ka indoengna sorangan,bari ngomong dina hatena kieu : „ Ěh koemaha bae lampahna djalma noe njokot ieu gambar sarta maling ieu moerangkalih,eta iboena sakitoe geulisna,na koemaha ieu asalna ? Oepama andjeunna oeningaeun jen poetrana ajeuna reureudjeungan dina tempat sangsara toer sakieu sěpina, geus pisakoemahaeun bae pisoesaheuna- na,taksiran ajeuna oge ngangloeh bae tina tjintana ka poetra.Oepama aing bisa nganteurkeun deui ka iboena, geus pisakoemahaeun teuing bae piatoheunana, tatapi koemaha pi- akaleunana,sabab aing oge ajeuna tjitjing dina djěro pandjara; tjatjak lamoen bongoh mah batoer²,sarta meunang pidja- laneunana keur bidjil, tangtoe aing teh minggat." Tjaritananoe ngarang, eta djalma ngora noe boga pikiran kitoe teh, toenggal asalna beunang maling keneh bae, ngan geus katjida heubeulna. Gawena oenggal poë ngan ngaběběrah Erman bae, tatapi manehna henteu pisan wani mapatahan tina djalan kaaheratan,sabab sieuneun koe batoer -batoerna,noe matak di dinja mah tara meunang aja noe ngomong njěboetkeun djěněngan Goesti Allah.
PASAL 5.
Djalanan leupastigoeha.
| geus | gede, | ||||
|---|---|---|---|---|---|
| oenggal² | poë | , | , | ||
| , | „ sapoë | ||||
| noe poegoeh | |||||
| teu | . |
Waktoe harita Erman rada manehna katjida pisan heraneunana mikiran toekang maling tea, naha ka mana njabana teh sok tara aja bae malah Erman sababaraha kali njarita hajang miloe djeung bangsat tea tapi teu kaidinan ngan dibobodo bae, pokna bangsat teh : Moen hajang miloe mah engke deui bae sedjen poë hade miloe." Dina hidji mangsa toekang maling teh bareng reudjeung njarabana nareangan palingeun; aja di goeha teh ngan nini -nini tea bae sorangan,da manehna mah geus koeat Eta nini tea roepana katjida pisan gorengna, beungeutna baroetjoet,kawas djěroek poeroet atawa kawas randoe asak, tjeulina kawas tjeuli gadjah,matana beureum kawas kembang
wera, iroengna ngěloek kawas pamatoek ekek, toenggirna kawas gagang oër. Aripagaweanana ajeuna mah ngan poerah ngapoetan djeung nambalan papakean bangsat tea bae sakoer noe geus rarobet. Isoek nini hees keneh, njěgrek bae kerek ngeunaheun pisan. Barang nini keur hees, Erman toeloej njokot tjorong sarta diseungeutkeun, sanggeus hoeroeng toeloej leumpang toeroet djalannoe poengkal-pengkol tea, tapi barang nepi kana la- wangna beusi teu beunang diboeka,sabab dikoentji pageuh pisan,ti dinja toeloej balik deui sarta soesaheun pisan. Eta djalan rea pisan simpanganana, oepama salah teh sok toeloej kasaroeng datang ka sababaraha pal. Harita Erman salah henteu make djalan anoe tadi, datang ka sasab djaoeh pisan, oborna oge meh bae pareum. Erman hera- neunpikirna nendjo ti kadjaoehanbět aja noe siga damar kětip², toeloej disampeurkeun,ana diawas -awas tjahja teh beuki deukeut beuki gede, katendjona bět siga djalma tjahjateh. Ti dinja manehna ngiklaskeun atina sarta toeloej disampeurkeun datangka bisa ka loear. Di dinja manehna manggih wahangan, toeloej bae meuntas kana těgal. Erman ajeuna boga rasa geus ka loear tina goeha anoe poëk mongkleng tea, geus aja di kolong langitanoe biroe roepana, djeung nendjo goenoeng2 sababarahahidjisarta leuweung kai sakoerilingna. Harita isoek keneh, panonpoë kakara bidjil, tjahjana montjorong, tjiiboen noe dina dangdaoenan katendjona siga ěmas,dina těgal djoekoet hararedjo, kěkěmbangan noe araloes harita keur karěmbangan,manoek² disarada patembalan di djěro leuweung, goenoeng tjaangna ka loehoer², pating garoerilap, hararedjo, koebang tingbaranjaj kasorotan koe panonpoë. Erman hookeun bae, tina katjida heranna, tjara djalma loeloengoe bingoeng nendjo sagala roepa, pikirnaestoe adjaib sagala noe katendjo,ti dinja pok ngomong sorangan : „Di mana aing teh ieu, něpi ka mana aing ieu, koemaha mana heran² teuing, djeng naha mana araloes teuing tetendjoan teh. Barang ngalieuk ka toekang nendjo kai satangkal noe leuwih hedjo daoenna, ngalieuk deui ka gigir aja batoe loekoetan hedjo, djeung nendjo deui kakaian ngadjaroemploek, tatangkalan noe laleutik ngarajapak, katendjona těgal teh liroepama laoetan bae. Ti dinja manehnanendjo deui kana panonpoë kakara bidjil, montjorong herang matak serab, tina sěla² goenoeng noe loehoer pisan,dina eta goenoeng pinoeh koe kakaian,daoenna ngemplok haredjo, tjahjana nodjo kana mega, katendjona wani siga emaslapis-lapis di langit. Erman pikiranana katjida heranna, pangirana noe katendjo teh tangtoe tjahja seuneu,reh
saoemoernatatjan manggih,wani hibar tjara kahoeroean bae, katendjona teh eta panonpoë sapěrti keur poëk aja lampoe di loehoer goenoeng, montjorong sapěrti ěmas boenděr. Ti dinjapok Erman ngomong deui sorangan: „Naon gara- garana ieutjahja noe hoeroeng?" Katjida pisan Erman heraneunana, seug pananganana diboekakeun doeanana. Beuki loehoer panonpoë teh beuki hoeroeng tjahjana, nodjo kana sotjana, datang ka kapoëkan sotjana teu beunang dibeuntakeun. Ti dinja seug malik majoenna.
Di dinja andjeunna seg angkat -angkatan loentang -lantoeng noetoerkeun kalangkangna, tapi tatjan kadoega angkat djaoeh, sabab aringgis nintjak kěkěmbangan, djeung djoekoet noe aja dina těgalan,manahna sieuneun parotong. Teu lila andjeunna beh ningali hidji anak ěmbe keur děpa dina handapeun kai, heug andjeunna soesoerakan,saoerna : „ Wah ěmbe ?" barı loempat rek newak ěmbe. Anak embe teh hoedang bari disada : mè,mè. Erman barang ngadangoe sora ěmbe ngagěběg reu- waseun sarta pok njaoer: „ Karah riroep bisa leumpang,bisa njora,naha da ari noe aing mah paeh kabeh, djeung teu bisa oesik,heran kami mah na saha noe ngahiroepan." Ti dinja andjeunnaseg papariksa,mariksakeun sagala roepa ka anak ěmbe; andjeunna běndoe ka ěmbe teh sabab henteu diwalonan. Teu lila andjeunna ningali noe ngangonna datang, hidji djalma ngora keneh,ari pipina beureum sarta ngagandoj koe gětih, djeung boeoekna roepana siga noe toetoeng,manehna keur neangan ěmbena leungit, barang gok teh manehna měn- tjrongbae ka Erman sarta taki ngadjaga dirina,sabab dikirana eta teh tangtoe noe maling ěmbena. Koe Erman toeloej diadjak sasalaman. Noe ngangon atoheun koe sabab diadjak sasalaman. Ti dinja Erman seg sasaoeran,lahirna: „ Koemaha ieu kami kapaiděr, tjing kami pangnoedoehkeun,di mana goeha² noe galěde teh, djeung ieu boemi langitanoe ngoerilingan oerang,naha ieu teh anoe maneh kabeh,koemaha kami hade tjitjing di dieu djeung ěmbe maneh? " Didenge -denge koe toekang ngangon sasaoeranana moerangkalih teh,bět teu matak kaharti; ingětanana toekang ngangon: „ Naha ieu djalma teh koemaha asalna,noe matak kitoe njari- tana ?" Ti dinjatoeloej ditanja, pokna: „ Koemaha noe matak
| toeloej | : | noe | |||
|---|---|---|---|---|---|
| teh ? " | : „ Noe | ||||
| goeha | . | koe | |||
| . | , moenggah | ||||
| , | seg | ěmbe, | toeloej | , | sabeulah |
datang ka dieu Djawabna moerangkalih matak kami teh kakara ka loear tina " Těroes Erman ditjaritakeun lantaranana andjeunna dipiara koe nini² Toekang ngangon barang ngadenge jen kitoe sasaceranana Erman ngalokotoj tina hawatirna sarta ditjěkěl pananganana djeung deui manehna mawa anak dibawa loempat tarik
pisan tjara noe maling, sabab eta toekang ngangon něrkana geus tangtoe jen ieu moerangkalih teh bojongan bangsat noe aja di djěro goeha.
PASAL 6.
Enggon djalma tapa.
| aja hidji | djalma | |||||
|---|---|---|---|---|---|---|
| toetoegan | goenoeng | geus | ||||
| oemoerna | geus gěde | elmoena ěmbe, | ,, | poeloeh | geus | .. noe |
| tea | . | toetoegan | goenoeng | |||
| , | aloes | , | ||||
| . | ||||||
| poelo | , | |||||
| boeboeahan | . | , |
Dina lalaki kolot, leuwih tidalapan taoen Pang ajana di dinja nja eta keur tapa ari ngaranna mashoer pisan, tina sabab nja eta Embah Mandrad Ingětanana toekang ngangon Erman teh rek dibawa ka keur tapa Tempatna eta noe tapa teh di deukeuttjai palataranana katjida tjeuk paomongan tea mah wani siga sawarga -loka bae Dina tengah -tengahna taman aja pinoeh koe tatangkalan djeung kěkěmbangan sarta Di dinja aja imah leutik dihateup dina lebah pantona pinoeh koe kěkembangan ngarambat,ari di pipirna aja kěbon anggoer, djeung satoeroet-toeroet pasir eta pinoeh koe hoema,kitoe deui dina tengah tjai aja poelo leutik,malah golodogna oge dihapit koetjaieta keneh. Dina hidji mangsa eta ěmbah noe keur tapa tea tjalik dina bangkoe, handapeun tangkal kaigěde,sarta sagala roepa sakoer anoeaja di sakoeriling patapaan eta kabeh katingali. Teu lila djol datang boedak toekang ngangon ěmbe teh djeung Ermanasoepka djěro pangtapaan,di dinja aja hidji kitab gěde pisan,anoe sok diaos koe ěmbah Pandita,diteundeunna dina loehoer medja leutik pajoeneunana anoe tapa tea. Djeungeta ěmbah teh boeoekna geus bodastjara kapas bae, tatapi ari pameunteuna mah kawas anoe ngora keneh. Geus kitoe ěmbah enggal goegah tina pangtjalikanana,sarta toeloej njampeurkeun ka eta baroedak anoe doeaan,malah těroes diakoe djeung dihade-hade dihormat katjida. Sanggeus kitoe toelcej ditjaritakeun koe toekang ngangon teh ka ěmbah,ti awalna keneh sagala pěrlampahanana eta moerangkalih tea. Tidinja seg dipariksa eta moerangkalih teh koe ěmbah, saoerna : „Saha djěněngan andjeun teh ? " bari tceloej eta moerangkalih dipangkoe,sarta boga sangka jen ieu moerangkalih teh tangtoe ajanoe maling, djeung roepana moal salah deui toeroenan menak. Geus kitoe toeloej embah teh sasaoeran deui ka toekang ngangon tea,saoerna : ,, Ingkeun bae ieu moerangkalih teh di dieu djeung kaoela, sarta koe maneh oelah rek ditjaritakeun ka hidji djalma oge; rasa kaoela ibce-ramana ieu moerangkalih aja keneh,ieu moerangkalih moen di dieu mah senangeun katjida,alah batan di těm
pat noe sedjen,moal kapanggih koe bangsat, ongkoh ka dieu mah moal daekeun, tangtoena oge sieuneun saperti asoep kana djěro seuneu,tina sabab di dieu mah euweuh ěmas perak, ngan
| aja | moepakat | nja | |
|---|---|---|---|
| elmoe | , | ||
| , nepi | . | , tětěp | |
| noe | |||
| sasěmět. | koedoe | ||
| sěpoeh | noe | -soesoe. | |
| ěmbe |
woengkoel noe harade bae eta anoe dipake kangewa koe bangsat tea Tidinja boedak angon teh toeloej dipiwarang balik sarta memeh indit teh didjangdjian deui, ari Erman mah sina tjitjing di patapaan ka těpoeng deui djeung iboe-ramana, djeung aja saoerna tapa teh ka Erman, nja eta ngadjang- djian tiajeuna njěboet ka andjeunna teh „ Embah" Eta djalma keur tapa tea, katjida ngakoena sarta njoegoehan roti djeung tji Boedak toekang ngangọn tea toeloej njokot iteukna, rek balik njampeurkeun batoer -batoerna, tatapi Erman henteu daekeun lesot ti manehna, nangis bari njěkělan badjoena. Ti dinjatoeloej diolo koe boedak toekang ngangon teh, pokna: ,,Moal lilaěngke ogebalik deui. " Ti dinja mah seg bae koe Erman dilesotkeun, sarta toeloej manehna indit,tina soeka atina toekang ngangon teh seg bae mere anak ěmbehidji,keur tjooëun Erman.
PASAL 7.
Hal panonpoë djeung kěmbang.
Eta djalmasěpoeh noe tapa tea djeung Erman tjaralik reureudjeungan di kěbon,ari Erman dioekna dina bangkoe, harita tceloej ditanja koe nce tapa teh, soegan aja hidji barangti iboena atawa ti ramana. Djawabna Erman : „Aja di dieu di koering,malah katjida pisanaloesna, ajeuna aja dina pesak, geura mangga tingali. " Toeloej dikaloearkeun tina pesakna, nja eta gambar iboena tea. Eta Erman estoe matak karoenja pisan koelitna mělěkat sěmoe beureum,tina saoemoerna kakara kapanasan koe panonpoë. Gambar iboena tea ditaretes koe intěn, katodjo koe panon- poëwani pating garoerilap; Erman ngahoelěng bae. Noe tapa teh katjida watireunana,sarta ngomong dina djěro pikirna kieu : „ Geus tangtoe ieu moerangkalih poetra menak,taksiran eta moal salah deui gambar iboena, geuning sakieu geulisna, parabotna oge wani sakitoe araloesna." Ermansanggeus ngahoelěng, toeloej naros ka noe tapa teh : ,,Koemaha di dieu teh mana sakieu tjaangna "-bari noendjoek kanapanonpoë„naha aja damar sakitoe tjaangna?Tjik tjaritakeun ka koering saha noe njieun palita emas teh ? Heran katjida bět matak tjaang ka sakoeriling boengking, datang ka.
teu bisa měntjrong tina bawaning koe serab, damar noeaja didjěro kamar koering mah ngan tiap tingkarětip bae,ari ieu mah beuki loehoer bae, datang ka tjlok di langit. Mimitina katendjona dina deukeut tangkal itoe, tatjan ogelilageus katendjo loehoer pisan, geus taja pětana kaoela bisa něpi ka dinja. Kitoe deui ari geus kana loehoereun kai anoe pangloe- hoerna beuki panas,na koemaha noe matak bisa leumpang, djeung deui ngagantoeng teu make tali, saha anoe ngadjalan- keunana, djeung saha noe naek njitjian minjakna?" Walon noe tapa teh : „Ih, intjoe,eta noe tjaang teh, ngaranna njaeta panonpoë, sarta didjadikeunana geus pirang2 kěti taoen, djeung tara make minjak sakětjlak -kětjlak atjan. " Ti dinja Erman pok ngomong deui : „Koering teu ngarti keneh bae, djeung ieu deui kembang estoe matak heran pisan." Toeloej Erman loempat mětik kembang djeung ditoedoeh-toedoehkeun ka noe tapa tea,bari ngomong, pokna: „Geura ěmbah ieu sakieu aloesna, aja noe beureum, aja noe koneng djeung aja noe woengoe,koemaha ieu teh, ditjet, djeung naha mana leu- keun teuing, sabaraha lilana ěmbahnjieun ieu kembang wani sakěbonan, tajoh talina oge bola soetra,matana oge ieu mah koedoe noe awas pisan, da sakitoe lalěmboetna,sarta goen- tingna oge koedoenoe seukeut.Koering oge bisa njieun kěkěmbangan, tatapi henteu bisa tjara kieu. " Noe tapa tea njaoer : „Ih Erman,moal aja hidji djalmanoe bisa njieun kěkembangan tjaraieu,kabeh oge ieu mah djadi koe maneh, bidjil tina djěro taneuh." Koe noe tapa diterangkeun kitoe teh, Erman mah henteu pěrtjajaeun keneh bae, omongna Erman : „ Moal ěnja! taksiran koering mah eta kabeh tangtoe beunang njieuněmbah. " Ti dinja toeloej noe tapa teh njokot sisikian baris pibiniheun sarta dikeupeulkeun kana panangan Erman,bari sasaoeran kieu : „ Tah,ieu hidji -hidjinaanoe baroeleud teh, nja eta siki anoe djadi kěkěmbangan tea,sarta djadina koe maneh. Ieu siki lamoen dipělakkeun dina djěro taneuh, tangtoe engkena djaradi, sagala roepa kěkěmbangan,kabeh djadina tina eta sisikian tea." Walon Erman : „ Lamoen kitoe mah ěnja sisikian;ari anoe galěde mah njieunna leuwih gampangti batan njieun erlodji ěmas." Walon noe tapa: „ Tah, nja kitoe běněr." Pok deui Erman ngomong: „ Saha anoe njieun ieu sisikian anoe laleutik teh,rasa koering leuwih babari njieun ieu kěkěmbangan, djeung njieun sisikian mah, geuning bět baroeleud djeung laleutik pisan." Sarta toeloej eta kěkěmbangan djeung pentilna ditingalian, tatapi koe Erman tatjan kaharti keneh bae. Erman kapanasan,
tina sabab panonpoë harita geus montjorong pisan, toeloej ngomong, pokna: „Adoeh, koemaha pětana sakieu panasna ieu tjahjateh. " Heg oendoer-oendoeran bari ngomong sorangan, kieu : „Ih,naha sakieu djaoehna bět panasna kabina -bina,estoe ieu mah panonpoë teh matak heran katjida. " Tidinja toeloej Erman dibawa koe noe tapa tea kana handapeun kai,noe ngaroempoejoek. Dihandapeun eta kai, geus aja medja beunang njadiakeun anoe tapa tea. Erman di dinja katjida ioeheunana, sabab eta tangkal kai sapěrti pajoeng, djeung dahanna katjida ngarangkadakna. Ti dinja Ermanseg ngomong, pokna: „ Koemaha ieu teh aja kaigěde teuing, djeung aja sabaraha pidaoeneunana?Katendjona koe koering gagangna kawas koe kai, estoe henteu kapikirbae koe ati
PASAL 8.
Hal tatangkalan.
eta sakitoe lobana,loba těměn pigaweeunana. " Eta noe tapa tea asoepka djěro pondokna rek njieun kadaharan, sanggeus sadia toeloej dianteurkeun ka Erman;kada- haranana roepa-roepa, nja eta: roti, tjisoesoe, mantega, djeung madoe, djeung aja deui hidjiboboko leutik dieusi boeboeahan wani pinoeh,tihandapna dieusian hoei djeung lalab,ari ti loehoerna boeah samangka djeung anggoer.Toeloej eta kada- koering,koemaha ěmbah noe njieun daoenna djeung kembangna haran diasaan kabehanana koe Erman, ngareunah katjida rasana,bari naros ka noe tapa teh, pokna: „ Ti mana ěmbah meunang ieu sagala kadaharan, soegan mah ěmbah sok malingan! " Eta noe tapa tea reudjeung, bararang dahar djeung Erman, sarta sasaoeran kieu : „Tingali ieu," bari njandak hidjiboeah djeung toeloej dipotongkeun,, bisi Erman henteu njaho ěmbah ngala boeah ieu,toeh tina tangkal itoe,koe ěmbah dipoeloe- ngan oenggal poë sarta dikoempoelkeun, meunang saboboko ieu." Walon Erman: „Ěnja běněr, paingan ari kitoe mah." Eta noe tapa tea ngira jen Erman tatjan ngaharti pisan, toeloejErman harita ditoengtoen kana handapeun tangkal kai tea, barang něpi eta noe tapa teh pek maledog boeah kai sarta toeloej boeahna dibikeun ka Erman,bari njaoer: „Tingaliieu koe oedjang tina asal leutikna datang ka djadi gěde,ti hedjo datang ka beureum, nja eta sapěrti nce koe ěmbah tadi ditoedoehkeun dina boboko tea,kabeh ieu tatangkalan ka loear tina sikina. Tah saperti ieu noe napěl kana peso, ieu ogetina tangkal anoeditingali koe oedjang, djadina nja tina siki,tina Tjarita Erman.
| ; | nja djadi tangkal | engkena djadi | ||
|---|---|---|---|---|
| , | gede | , manoesa | oge, | |
| . | ||||
| bae. | ||||
| koe. | , | |||
| , | ||||
| , | ditoedoeh | -toedoehkeun | . | |
| , | koe |
djěro siki ieu tah pisan sababaraha tangkal nepi ka saoemoer hiroepna moal aja euweuhna ieu tangkal teh Ieu roti asalna tina siki keneh " Toeloej noe tapa teh ditoedoehkeun ka Erman roepana gandroem Saoer noe tapa teh : „ Ieu oge siki tjara siki kěkěmbangan keneh bae tah nja ieu asalna noe djadi sababaraha hidji roti, sapěrti noe katingali koe oedjang dina medja ieu " Djaba ti eta sagala pěrkara ka Erman bari toeloej dibawa kana hoema djeung tarigoena noe tapa teh diala saranggeuj,sarta diraměs dibidjilkeun siki tarigoena. Saoer noe tapa teh: „Geura ieu tingali, sagala tatangkalan djadina tina sisikian, nja tjara ieu bae,kitoe deui sagala djoe- djoekoetan anoeditintjakan koe oerang, djeung sagala kěkěmbangan anoe aja di sakoeriling ieu; djeung ieu sagala pěrkara anoekatingali koe andjeun dina loehoer medja, nja eta sapěrti tjisoesoe djeung mantega,eta asalna ka loear tina djoekoet. Madoe asalna tina kěkěmbangan, djeung deui ieu bangkoe korsi djeung medja asalna djadina tina siki keneh bae, ngan soepaja ieu sisikian diawoerkeun bae dina loehoer taneuh tangtoe toeloej djadi. Ieu asalna koe ěmbah ngan satjanggeum gandroem dipělak dina těgal noe beunang matjoel, ajeuna djadi sakieu lobana, djadi ridjki ka sakabeh djalma. " Eta saoer noe tapa teh didengekeun koe Erman, katjida pisan heraneunana wani ngahoelěng bae.
PASAL 9.
Hal tjinjoesoe djeung hoedjan.
Waktoe Erman tjatjarita djeung noe tapa tea,harita di dinja geusmimiti reup- reupan, toeloej bae Erman ditoengtoen pananganana,sarta noe tapa teh mawa hidji boejoeng paranti wadah tjai,rek neangan tjinjoesoe noebidjil tina djěro batoe.Barang geus manggih teh, eta moerangkalih katjida pisan heraneunana, bari naros pokna: „Astagah,koemaha ieu teh bět sakieu lobana tjai bidjil tina djěro batoe. " Erman beuki lila teh beuki heran bae,mikiran eta tjinjoesoe taja beakna, da tjeuk pangiranamah asa geus meudjeuhna eureun, ari ieu mah bět hajoh keneh bae bidjilan tjaina. „Na saha anoenjitjikeunana ieutjaiteh, djeungti manameunang tjaisakieu lobana.Ejang, parantos ieu liang tjai teh geura tjotjokanbae, soepaja sina geura saat sama sakali." Walon noe tapa teh : „Ieu tjai teh bisi intjoe henteu terang asalna tina panonpoë noe ngadjadikeun teh, ieutjai bidjilan
keneh tatjan meudjeuhna eureun, djeung tatjan meudjeuhna ngoerangan." Djeung deui Erman harita ningali laoet, pangirana mah eunteung,kitoe deui sagala pěrkara sakoer anoekatingali, Erman katjida pisan heraneunana. Tidinjanoe tapa teh toeloej balik sarta mawa boejoeng meunang ngeusian tjai, djeung toeloej manehanana njiram tatangkalan djeung kěkěmbangan. Eta moerangkalihbarang ningali ka noe keur njiram, toeloej gěgěroan, pokna: „ Embah,keur njieun naon eta teh di dinja, naha bět rek ngaroeksakkeun kěkěmbangan, geura ěngke eta kěkěmbangan teh laloentoer djeung lalaas."
Noė tapa ngawalon bari njioem ka Erman : „ Sagala tatangkalan, kěmbang², sajoer -sajoeran djeung djoekoetª eta kabeh aja parabna pikeun hiroep tjara oerang bae;ieutjaimoen di cerang mah saperti inoemanana. "
Erman naros deui, pokna: „Koe saha eta tatangkalan anoe sakitoe lobana dibere tjaina datang ka mahina, djeung saha noe bisa naekna kana tatangkalan sakitoe gědena djeung Icehoerna njitjikeun eta tjai?" Walon noe tapa: „Eta pěrkara geus ditangtoekeun pisan, geura mangga koe intjoe tingali,koemaha ěngke boektina, njiramna teh leuwih gantjang manan panjangka oedjang tea," - bari tanggah eta noe tapa teh ka langit. Waktoe harita parěng datang megatigoenoeng mawa pihoe- djaneun,mimitina mah hoedjan moeroeboej bae,lila² gěr gěde katjida. Erman heraneun pisan, manggih anoe sakitoe aloesna, sarta pok ngomong: „Moen kitoe mah estoe matak njěnangkeun kana pagawean,meureun ejang moal koengsi njebor², djeung : ieutjai ragragan sakieu aloesna ngěproel sababaraha rewoe, sapěrti oerang njitjikeun tjai tina djěro boejoeng noe gěde pisan, tatapina saha anoe ngadatangkeunana roepa noe adjaib noe dingaranan mega teh,sarta mawatjai tina těmpatnoe sakitoe loehoerna, djeung koemaha asalna eta mega teh, ngagantoeng bět henteu ragrag. " Ngawalon eta noe tapa teh: „Intjoe,atoeh koedoe njaho koemaha eta asalna."
Koe Erman diteuteup sarta diawas-awas eta mega, datang ka euweuhna leungit djadi běrěsih. Erman beuki tambah bae heraneunana, djeung aja deui sababaraha pěrkara anoe ngadjadikeun heran sarta bingoeng kana pikiran Erman, sapěrti: roepana kěmbang, djeung dangdaoenan noe ngarambat, djeung aja deui tjai iboen noe ngagarantoeng dina dangdaoenan tjahjana wani tjara intěn bae, djeung manoek tingtjaritjit hala- liběr kana dahan kai, kabeh sakoer anoe kasěboet,matak
ngaherankeun ka Erman,sarta ngalantarankeun panaros ka noe tapa tea djeung pangwalonna. Harita sabot keur sasaoeran Erman djeung noe tapa tea, kaboeroe poëk, panonpoë geus soeroep, katingalina siga asoep kana dasar laoet. Erman njaoer: „Astagah,ieu palita panonpoë tea geus ngalělěp ka djěro tjai, geura mangke poëk, oerang moal bisa soeka ati." Tjeknoe tapa: „ Sanadjan oerang njeungeut damar oge moal tjaang tjara kitoe,toer ajeuna sakieu tirisna anggoer geuwat2 bae oerang karoelěm, montong njeungeut damar deui.Engke ogedina waktoena oerang hoedang, panonpoë teh naek deui datangnati sabeulah goenoeng ieu,eta teh tangtoe kitoe bae oenggal poë,sok aja euweuhna sapěrti hidji palita, djeung taja eureunna sakeudeung ge, njaangan djeung manasan sagala barang.
PASAL 10.
Panaros noe aloes djeung waktoe noe saběněrna.
Sanggeus kitoe Erman noeloejkeun tataros ka noe sěpoeh ahli tapa tea, tatapi hanteu diterangkeun kabeh sakahajangna koe eta noe tapa teh, ngan dihartian saeutik -eutikeun bae, nja eta soepaja tambah kanjahona. Ti dinja Erman tehtoeloej naros deui, pokna: „Ejang,naon noe ngadjadikeun panonpoë noe sok leumpang teh?Djeung deui saha noe njieun langit teh sakieu aloesna wani mělěngkoeng djeung roepana oge sěmce biroe? Kitoe deui saha noe ngampihan tjai sakitoe lobana wani ngaboerial tina handapeun batoe teu aja beakna ? Djeung saha noe ngampihan mega² noe sok ngabaseuhan tatangkalan teh?Njaktjlakanana ogewani hare- rang djeung tingbaranjaj tjahjana. Djeung saha noe ngadjar manoek disada, geuning sorana sakitoe ngareunahna, padahal teu make soeling. Djeung saha noe ngampihan sisikian kěkěmbangan djeung tatangkalan noe galěde něpi ka djadi dina lebah kahajang oerang ? Djeung deui saha ieu teh noe njieun boemi sakoerilingna, djeung djoekoet noe sakitoe araloesna wani kawas alkětip bae, haredjo djeung karěmbangan,estoe koering mah matak bingoeng? " Djawabna noe ahli tapa teh : „ Intjoe, eta pikiran běněr pisan; bisi teu njaho, ěnja aja pisan noe ngatoer djeung noe mapantěs kana ieu sakabeh."
Saoer Erman:Ěnja ejang, oepama aja teh hidji djalma anoe bisa njieun sala sahidjina tina ieu barang²,estoenja pintěr katjida,da batoer koering mah noe aja di djěro goeha,barodo pisan kana gawena teh. Dina hidji mangsa eta goeha rek roen- toeh, toeloej diaromean,ditaroelak,teu kira bae hareseeunana. Ari ieu mah langit geuning sakieu gědena bět teu aja hidji kai anoe nahan, estoe koering mah matak heran.Djeung deui palita koering mah anoe aja dina djěro goeha hěnteu daekeun tjaang lamoen henteu ditjitjian minjak mah; sarta didjaga dihade -hade soepaja oelah poëk, djeung boejoeng² koering mah dieusinatjai meunang ngala,da oepama henteu dieusian tjai beunang ngala mah,tara daekeun eusian koe maneh. Kitoe deui ari njieun kembang koe kěrtas sakitoe hesena, datang ka matak njeri mata; koering oge geus njaho sarta geus ngalampahan sorangan,noe matak koering kaget oge kana ieu sakabeh.Ajeuna koering geus ngarti jen sakoer noe katendjo koe koering di sakoeriling ieu, rasa koering lain pisan beunang njieun manoesa. Tah koe sabab eta ajeuna koering hajang njaho, na saha atoch noe njieunna teh ?" Mangsa harita kakara asoep pikiran noe běněr ka Erman, tina hal sagala pěrkara sakoer anoekatingali sakoerilingna, nja eta tina sabab eta noe tapa tea ngahartianana ka andjeunna katjida terangna. Tidinja seg noe tapa teh ngawoercekan deui ka Erman, sarta bari ngoetjoer tjipanonna,saoerna : „Etapanjangka oedjang běněr pisan, jen ěnja ajaanoe ngadjadikeun eta sagala barang, nja etaanoe kawasa, toer noe kagoengan hikmat, ngahiroepkeun sakabeh manoesa, nja eta anoe didjěně- ngananALLAH, goestina sakabeh mahloek." Teu koengsi lila eta panonpoë geus ka loehoer, djeung tjahjana montjorong. Koe Erman dihantěm bae ditingali,sarta andjeunna eling ka noe ngadjadikeun sagala pěrkara tea. Noe tapa teh njaoer deui : „Běněr intjoe, Allahanoe ngadjadikeun kana sagala pěrkara anoekatingali koe andjeun di- sakoeriling ieu, djeung noe ngadaměl langit toer noe sakitoe matak helokna, djeung deui noe ngadaměl tjahja panonpоё toer ngadatangkeun tjaang kana sagala roepa noeaja di sa- djěro alam-doenja,sarta anoe ngasakkeun kana sagala boeboeahan, sapěrti seuneu ngasakkeun kedjo oerang. Tah nja eta anoe ngabidjikeun tjailoba ti boemi,sarta ngadatangkeun hoedjanti langit, soepaja nambaan halabhab sagala mahloek, sarta ngadjadikeun sagala kakaian, tatangkalan anoe djaradi. Djeung deui Allah keneh ngadjadikeun sagala roepa
| bae anoe | ||
|---|---|---|
| anoe | ,anoe | |
| anoe | , manoesa | , |
manoek² disarada toer ngalagoe ngadaměl saniskara toer sakitoe araloesna sarta pinoeh koe pěrhiasan², scepaja njoekakeun atina djeung ngageuing soepaja
noeroet kana hoekoem Allah. Moal sabaraha lilana deui geura mangke oerang asoep kana enggon anoe aloes djeung senang alah batan di doenja.Sanadjan oerang hanteu těgěs, koeAllah mah oerang katingali, aja di mana oge, djeung ngadangoe kana omongan oerang,sarta ningali kana sagala lampah oerang, malah lalampahan oedjang oge hakekatna mah nja Andjeunna noe ngěrsakeun; oedjang teh nja koe Eta keneh dibidjilkeunana tina djěro goeha bangsat teh, sarta ditěpoengkeun djeung ěmbah.Djeung eta sagala tatangkalan djadi kasenangan ka sakabeh djalma, sapěrti sobat anoe geus hade pisan, njaahna teh geus tjara bapa oerang bae." Eta kabehpitoetoer didangoekeun bae koe Erman. Sanggeus kitoe beurang kaganti koe peuting, boelan geus bidjil, tjaang katjida djeung dikoeriling koe bentang, tjahjana goegoerilapan, kalangkangna katingali di djěro tjai;eta tjai roepana wani sapěti eunteung bae,tina sabab katodjo koe boelan djeung bentang². Waktoe harita katjida pisan sěpina, tjeuk paribasa tea mah daoen salambar oge wani taja noe ojag. Ti dinja datang pikiran anjar ka Erman, nja eta napakoeran kamoeljaan Goesti Allah. Kitoe deui noe tapa teh toeloej tanggah ka langit,sarta namprakkeun pananganana těroes ngadoe'a. Erman oge noe- roetan ngatjoengkeun leungeunna sarta ngoetjoer tjipanonna, nja eta tinasabab soekoer ka Goesti Allah, těgěsna ka noe ngadaměl andjeunna,reh ngabidjilkeun tina djěrogoehaka alam- padang. Haritageus toetoep eta noe tapa teh ngadoeʻana, djeung tambah² soeka atina tina sabab ngadangoekeun doeʻana Erman, kieu pokna teh : „ Koering moedji soekoer ka Allah anoe kagoengan sipat moerah,tina kěrsa ngaloearkeun koering,ti djěro goeha tempat bangsat,sarta něpoengkeun koering ka noe sampoerna toer anoe ngabakti, djeung anoe kěrsa mamata- han sarta ngabedjaan ka koering sababaraha pěrkara anoe araheng dadamělan Allah." Sanggeus kitoe eta noe tapa teh toeloej noengtoen kana pananganana Erman,sarta těroes dibawa asoep ka djěro pang- kengna, dipiwarang koelěm dina katil,bari dikampoehan koe kampoeh noe leuleus.
PASAL 11.
Lalampahanana noe tapa.
Ermantětěp bae harita tjitjing di dinja,sarta dipagahan sagala kahadean, pitoetoer noe araloes, nja eta soepaja leungit
deui papatahna bangsat noe goreng tea,waktoetjitjingdina goeha.Djeung deui koe noe tapa teh barang daharna dimeu- djeuhnakeun, djeung dioeroes soepaja salira Erman teh seger deui,sabab waktoe keurtjitjing dina djěro goeha mah salirana leuleus, tapi ari koe pangoeroesna noe tapa tea mah,Erman teh rarajna poelih deui, tjahjana ge wani kawas kěmbang ěros ka- tinggang tjiiboen bae. Dina hidji waktoe noe tapa teh, boga niat rek njaba, nja eta sědjana rek neangan iboe ramana Erman.Tapi maksoedna teh ari Erman mah rek dititipkeun di bapana toekang ngangon ěmbe tea, ari manehna rek toeloej leumpang ka lěmboer,ka leuweung -leuweung ka tempat noe soeni noe rame, neangan iboe-ramana Erman tea, tapi Erman mah, nja kitoe pikiran noe tapa teh, rek dipihapekeundibapana toekang ngangon ěmbe tea. Samemeh hajam kongkorongok djeung padjar tatjan bidjil, bentang timoer oge kakara bidjil,eta noe tapa tea toeloej nga- goegahkeun Erman ti pangkoelěmanana. Sanggeus kitoe toeloej eta moerangkalih teh dibawa koe manehanana kana djěro sorambi,sarta ngadoe'aka Allah soepaja dipaparinan salamět. Barang geus anggeus ngadoana, toeloej dalahar sarta sanggeus sadia boeboengkoesan piběkěleun, toeloej bae arindit, diiring koe Erman sarta teu kira soeka atina, njorang djalan sababaraha djalan djeung leuweung² noe paranti djalma maroro. Barang něpi kana sampalan pangangonan ěmbe, seg bae di dinja darioek sarta ngioehan ngeureunkeun tjape, djeung toeloej dalalahar.Barang keur dina těngah dahar, djol datang sahidji boedak toekang ngangon ěmbe,barina sasalaman ka noe ahli tapa tea. Ti dinja Erman toeloej nangtoeng tina katjida heranna, tapi djeung soeka atina,bari toeloej sasaoeran kieu : ,,Astagah,ieu djalma leutik bět tjara koering, djeung sakieu aloesna; koering salilana di alam-doenja estoetatjan manggih djalma leutik tjara koering. Hiap ka dieu djalma leutik djeung aing! " Boedak toekang ngangon ěmbe teh toeloej njampeurkeun ka Erman,sarta koe Erman dipiwarang mawa běběkělanana anoe dibawa koe noe tapa tea, ti dinjatoeloej arindit tiloeanana. Erman sasaoeran djeung boedak toekang ngangon ěmbe tea, kalawan boedi manis, datang ka lali kana pěrkara noe sedjen. Haritageus něpi kana hidji lěmboer anoe deukeut kana goenoeng noe loehoer,sarta loba pisan ěmbe anoe keur njaratoean, nja eta lěmboer djalmaanoe rek didjoegdjoeg koe noe tapa tea. Geus kitoe Erman ningali ajadoea anak ěmbe,oemoerna kakara doea poë, toeloej koe andjeunna di tjandak dipapang- koe,teu kira² rěsěpeunana. Waktoe harita eta noe tapa teh rek neangan anoe ngangon
ěmbe anoe dimaksoed tea, barang ngareret ka loehoer bět aja hidjibatoe,sarta dihandapna aja tjai ngotjor, roepana matak waas katjida, djeung di dinja teh aja hidji djalma awewe ngora keneh nja eta toekang ngangon ěmbe,manehna keur dioek dina tengah loehoer batoe tea,sarta ngadji kitab, djeung sorana teh pasehat pisan.Toeloej koe noe tapa teh disampeurkeun. Aripapakeanana eta awewe teh bodas, beungeutna parangina kawas djalma anoe keur aja kasoesahna. Eta awewe saoemoerna oge tatjan pisan papanggih djeung noe ahli tapa teh, tatapi teu koengsi lila oge toeloej wawoeh bae,tina sabab nendjo tingkah lakoena sakitoe hadena, djeungmanehna geus meunang oge bedja, jen teu djaoehti eta tempat aja pandita. Awewe teh seg tjěngkat bari njampeurkeun ka noe tapa tea, ngahormat sarta ta'dim katjida. Noe tapa teh pok mariksa,saoerna : „ Pikiran kami maneh tatjan lila djadi toekang ngangon ěmbe di dieu,ari sababna djeung kami kakara papanggih ajeuna." Walon awewe teh : „ Koering geus toeman djadi toekang ngangon ěmbe, malah geus sababaraha oesoem koering di goenoeng² nja djadi toekang ngangon ěmbe, tatapi ari di dieu mah koering kakara tiloe poë." Njaoer deui noe tapa teh : „ Oerang mana maneh teh djeung naon sababna noe matak lakoe lampah maneh katendjona koe kami kawas djalma noeaja kasoesah? " Barang kadenge saoer noe tapa teh koe eta wewe, sěgroek bae awewe teh tjeurik, wani ngoetjoer tjipanonna,bari ngomong doemareuda, pokna: „ Eh Allah,"poegoeh koering teh asalna mah djaoeh pisan; ari sababna noe matak kieu teh, nja eta noeroetkeun akal anoe henteu djeung pikiran, toengtoengna koering teh asoep kana ieu enggon sangsara, padahal bareto mah koering teh aja dina djěro panangan anoe moelja pisan. Pang kieu teh lantaranana koering keur ngasoeh poetra djoeragan; sabot koe koering ditinggalkeun, moerangkalih teh dipaling koe bangsat,atoeh koering teh geus teu kadoega tjitjing deui di djoeragan koering, nja eta tina sabab nendjo kanjaahanana sakitoe poharana.Ajeuna koeringsoesah katjida, datang ka los ka ieu goenoeng, koering tjitjing di dieu estoe di noe tiiseun katjida djeung koering teh ngadoe'a beurang -peuting soepaja dihampoera koe Allah,teu wěleh něně- da moega² eta moerangkalih didatangkeun deui ka iboe -ramana, nja eta soepaja kaganti kasoesahan koe kasoekaan.Ajeuna paněda koering ka Allah estoe gede katjida, tjeuk wiwilangan nadjan dibanding djeung batoe atawa djeung goenoeng² ieu anoe galalěde oge tajohna gede keneh maksoed koering; ieutji- mata koering anoebidjilan anging Allah ta'ala noe oeninga. " Noe tapa teh njaoer sarta goegoep, pokna: „Taksiran ka
oela paněda maneh teh geus dikaboel koe Allah dina waktoe ieu" bari toeloej eta noe tapa teh ngodok kana sakoena ngaloearkeun gambar iboena Erman anoe dina katja tea. Ari noe matak dibabawa eta gambar teh nja eta pedah rek neangan iboena Erman, ingětanana moenajanoe sakaroepa teh tangtoe nja eta iboena.Toeloej harita ditembongkeun eta gambar teh ka awewe tea,sarta bari sasaoeran kieu : „ Maneh wawoeh kana ieu gambar, tjing saha noe boga roepa kieu? " Ti dinjaawewe teh katjida pisan kageteunana,reuwas pa- baoer djeung atoh, toeloej ngomong, pokna: „ Eh Allah," nja ieu djoeragan koering teh, nja eta iboena moerangkalih noe leungit tea. "
Erman tina sabab ngadenge omongna awewe tea, gantjang manehna njampeurkeun bari loempat, kitoe deui awewe tea nendjo bae kana salakoe-lampahna Erman. Ti dinja Erman pok nanja: „Koe naon maneh teh mana tjeurik,naha hajang njatoe? Moen hajang njatoe mah tah geuning ieu roti djeung boeboeahan, pek geura hakan." Gantjangna noe tapa teh njaoer deui ka awewe noe keur tjeurik tea,saoerna: „Tendjo koe maneh tah ieu boedakna anoe dipaling teh, djeung gambar iboena." Barang kadenge koe awewe tea,eta saoer noe tapa, ngan roempoejoek bae,tina sabab atina katjida atohna. Ti dinjaseg manehna tanggah ka langit djeung leungeunna ditamprakkeun baringadoe'a, pokna: „ Saěnja -ěnjana Allah teh njaah pisan ka abdina,boektina doa koering dikaboel, ajeuna koering sakieu gědena nja kaatohan. " Eta awewe tea geus teu beunang ditjaritakeun deui tina kaboengahanana, nendjo ka Erman, tjipanona mani njoeroetjoed,bari ngomong pokna: „ Allah anoe maparinan salamět ka koering. Eh Agan,Allah noe něpoengkeun koering djeung agan! "
Noe tapa tea sasaoeran deui : „ Koemaha nja eta moerangkalih teh,atawa asa keneh? " Walonna awewe teh : „Moenggoeh paningal koering kawasna nja ieu pisan, margi rarajna sami djeung raraj ramana kawas beubeulahan terong.
| mangke | agan mangga | ||
|---|---|---|---|
| bae | ; | ||
| awewe | . : | ||
| soekoerkeun noe | noe | ||
| noe něpoengkeun oge | , | , bae |
Lah pisakoemahaeun atohna iboe oerang neangan iboe -rama agan djeung koering "
Noe tapa teh njaoer deui ka tea saoerna ,,Koedoe ka Allah ta'ala kagoengan boemi-langit djeung maparin salamět ka ieu moerangkalih,sarta njaatkeun tjipanon maneh, djeung ngaraksa maneh teu aja pěgatna, nja maneh noe bakal ieu moerangkalih ka iboe-ramana, tapi maneh lantaranana ti kaoeladjeungti noe ngadjaga kaoela saoemoer -oemoer malah -mandar katarima
sarta meunang kamoeljaan salawasna lantaran mangneangan- keun iboe -ramana ieu moerangkalih. " Geus kitoe eta tiloeanana toeloej arasoepka djěro imah noe boga ěmbe tea. Kira²geus aja satengah djam lilana,eta noe boga ěmbe teh datang djeung pamadjikanana. Barang beh teh katingali koe Erman gantjang Erman njaoer : „Njaieu indoeng-bapa koering teh? " 1 Walon noe tapa: „Lain. ” Erman heraneun dina pikirna reh ngadangoe saoer noe tapa tea kitoe,ti dinjatoeloej njaoer deui : „ Ieu priboemi katjida pisan gede kahadeanana djeung kanjaahanana ka semah,naha ari indoeng-bapa koering tjara ieu?" Ti dinjatoeloej darioek bari dalahar leueut; teu lila těroes arindit deui,tina sabab rek neangan iboe-ramana moerangkalih tea. Haritageus boerit, panonpoë geus rek soeroep.Gantjangna něpi kana hidji lěmboer deukeut kana hoema,di dinja loba imah². Erman heraneun pisan ningali ka eta lěmboer. Ti dinja toeloej bae marondok di dinja,sarta ari isoekna toeloej arindit deui. Ti lebah dinja kira lalakon tiloe poë deui ka lěmboerna teh.
PASAL 12.
Anoe diwalah -walah moal pipapanggiheun bět papanggih.
Lalampahanana noe tapa tea djeung Erman sadjalan -djalan woengkoel soeka bae, manggih imah loba. Eta moerangkalih heraneun pisan mingali hidji baledina loehoer goenoeng,dikirana koe Erman nja eta boemi ramana teh. Kadoea peutingna geus něpi kana leuweung noe gěde pisan, djeung djalanna goreng katjida, datangka meh teu beunang disorang koedjalma.Djeung deui mangsa harita datang angin gěde djeung hoedjan gěde pisan,kawas beunang njitjikeun bae.Peuting harita poëk-mongkleng. Gantjangna geus narěpi kana hidji imah paranti pangeureunan; di eta tempat geus mashoer pisan jen sok loba bangsat, tatapi koe maranehanana henteudipikir, geus koemaha behna bae da geus peuting, toeloej bae moro mondok ka dinja.Sanggeusna dalahar leueut, tina bawaning tjarape, toeloejbae sarare, ngan masih noe tapa tea noe njaring teh, dioek bari ngadoa djeung ngadji kitab nepi ka tengah peuting. Erman sarena deukeut andjeunanana. Waktoe harita ngadenge sora djělěma wani raong geus
tjara sora gagak bae ngagoeroeh djeung ngarěket -rěket panto. Kabeh djalma pada kaget djeung sarieuneun. Etadjalma sěpoeh noe tapa tea noe keur njaring keneh,di pangkeng; barang rek ka loear,rek ngaboektikeun noe ngagoeroeh tea, papanggih djeung si Mina di panto. Si Mina goesak- gisik bari ngomong: „ Eh Allah," palangsiang toekang maling tea datang deui,rek njoempoetkeun deui moerangkalih ." Walon noe tapa: „Tjitjing oelah tjektjok ". Ti dinjatoeloej toeroen rek něgěskeun djalma noe ngagoeroeh tea. Eta noe tapa teh katjida sieuneunana rek moekakeun panto teh, tatapi eta djalmanoe di loear beuki tambah ngagědoran pantona. Ti dinjapok ngomong noe ti djěro imah : „Wah maneh kabeh hanteu kawasa kana ieu panto, kadjaba Goesti Allah noe kawasa teh, oerang oge dikěrsakeun koe Andjeunna. Hade diboekakeun ieu panto, lamoen kira rek djadi sobat mah,oelah djadi moesoeh." Sanggeus njarita kitoe toeloej pantona teh diboekakeun, sarta toeloej arasoep opat djalma sarěgoet pisan, djeung marawa bědil. Aja saoerang noe mawa obor toeloej ngomong, pokna: „ Kaoela rek mariksa pangkeng² ieu,sabab djoeragan kaoela ěngke sakeudeung deui reksoemping, sarta njandak rentjang deui, rek moro koelěm ka imah ieu." Walon noe tapa teh: „Djoeragan maneh teh saha?" Ngawalon deui djalma noe datang anjar teh : „ Djoeragan kaoela menak anoe tatoe di pangpěrangan tea, ajeuna geus damang,sarta geus rapih djeung moesoehna,kěrsana rek moelih djeung sabaladna. " Barang kadangoe koe noe tapa tea tjaritana djělěma, andjeunna boga rasa jen eta menak teh, tangtoe ramana Erman; noe tapa teh ngeunah manahna reh těrkana bakal babar maksoedna. Ti dinjatoeloej koe noe tapa teh kabehanana djeung perdjoerit-pěrdjoeritna diakoe. Kitoe deui eta pěrdjoerit teu aja pisan noe angkoeh,atawa noe běngis ka noe tapa teh woengkoel boedi basa noe hade bae,malah pok ngomong perdjoerit teh : „ Koering něda maap, moegi oelah djadi manah tina sabab koering geus ngalanggar kahormatan ka adjěngan, nja eta tina margi angin sareng hoedjan gede, toeroeg geus poëkeun di leuweung, koering teh sieun peutingeun di loear, noe matak koering datang ka dieu; kawasna oepama koering henteu nendjo tjahja damar ieu ti kadjaoehan, tangtoe koering ajeuna aja di leuweung keneh bae." Omongna pěrdjoerit teh kadangoe koe noe tapa tea, jen lantaran tina tjaangna damar, noeloengna datang ka ngadatangkeun ramana Erman ka dinja. Ti dinjatoeloej moedji soekoer,tina geus pěrtjaja jen eta teh tangtoe ditoedoehkeun koe Goesti Allah.
PASAL 13.
Ramana Erman soeka-boengah.
Teu lila djěboel menak teh soemping, tatana koemaha tjara adat menak noe kawasa bae, diiring koe pěrdjoerit sarta nganggo hoeroeng -herang. Koe noe tapa tea katjida dihormatna,sarta ditjalikkeun. Sanggeus tjalik toeloej noe tapa teh njandak inoeman sarta toeloej ditjitjikeun kana gelas parantina, noe sagělas disangga- keun ka menak tea,ari noe sagělas deui koe andjeunna. Toeloej koe menak teh ditjandak sarta dileueut bari njala- mětkeun ka sěpoeh teh, saoerna :,,Salamět paman noe hade ka kaoela, moegaka hareup tambah manggih rahajoe, koela ngeunah rasa nendjo ka andika, katjiri jen paman teh djalma běrěsih sarta poerah ngabakti. Geura bireungeuh koe paman,eta baroedak kaoela kabeh pada soeka ati, nja eta tina sabab bisa baralik deui tipangpěrangan noe sakitoe gědena.Tatapi ari noedjadi kapala mah saperti kaoela,lain kitoe, aja oge pikirsoesah ,nja eta sok sieun di imah kaoela aja kasoesahanana,běněr pamadjikan kaoela tjageur, tatapi heran ieupikir kaoela sakieu soeměblakna,euweuh deui noe djadi ati teh ngan tina hal anak kaoela bae, noe matak pamadjikan teh geus heubeul pisan henteu njoeratan ka kaoela njaritakeun hal eta noe sidik, ngan ari dina soerat bareto mah noe dikirimkeun ka kaoela kieu pokna: „Sabot gamparan teu aja, koering geus moal bisa papanggih deui djeung poetra gamparan di djěro doenja ieu."
Tah koe sabab eta kaoela ngandoengati risi bae,reh kaoela noe matak djadi toekang perang teh, nja eta sabab ngadjaga eusi imah kaoela oelah dipoerba koe moesoeh, tapi palangsiang ari noe ditinggalkeun mah aja kasoesahna. Ěh paman, " tjikatoeh babaran soegan aja pamanggih,koemaha kaajaan ahli kaoela. " Djawab noe sěpoeh ahli tapa teh, bari sěmoe atoh, pokna: „ Ajeuna koering rek njarios anoe anehkatjida ka gamparan, njaeta poetra gamparan damang sarta matak ngadatangkeun kasoekaan, djeung deui saoemoer hiroep koering tatjan manggih moerangkalih noe tjara kitoe. " Saoer menak teh : „Naha paman wawoeh djeung eta boedak? " Walon sěpoeh teh : „ Koering wawoeh katjida,samalah sabral gamparan angkat perang, datang kasoesah gěde pisan ka eta moerangkalih." Toeloej bae ditjaritakeun koe noe ahli tapa teh,hal eta moerangkalih,ti mimitinaněpi ka panganggeusanana, taja pisan
noe kaliwat,sarta dihatoerkeun ka andjeunanana gambar iboena Erman tea. Saoer menak teh : „ Lah ěnja ieu roepa pamadjikan kaoela, adoeh njaah teuing! Eh paman," ajeuna kaoela ngarasa soeka ati;mana ajeuna anak kaoela? " Djawab sěpoeh: „Eta didjěro pangkeng." Menak teh ladjěng norodjol ka pangkeng, diiring koe sěpoeh tea bari mawa damar.Barang beh teh kadamaran, pameunteuna moerangkalih, tjahjana kawas boelan poernama bae. Tidinja gabroeg bae dirontok koe ramana bari digalemoh ditjioeman,sarta njaoer: „ Eh djantoeng ati bapa,siki mata bapa,ieu bapa maneh! Ieu ratoening waktoe kasoekaan; ja Allah koering soekoer ka Andjeun. ” Sěpoeh teh sasaoeran : „Satěměnna běněr saoer kitab,Goesti Allah maparin tjahja bagdja ka moerangkalih noe keur sare tibra."
Menak njaoer deui bari ngoetjoer tjisotjana sarta doemareuda,saoerna :,,Waktoekaoela leumpang,ieu boedak masih orok beureum keneh, ari ajeuna koela papanggih,bět geus djadi boedak sampoerna pisan sarta kasep. Ěh pamadjikan aing noe moelja, ajeuna aing kakara ngaharti,kana oenina soerat maneh tea, djeung soekoer aing ajeuna geus papanggih, djeung siki mata aing,Erman. "
Ti dinja toeloej Erman ditjandak pananganana sarta ditjioeman koe ramana,bari njaoer koe boedi basa noe hade,saoerna : „Hoedang, hoedang!Tendjo ieu bapa maneh! " Etamoerangkalih ningali ka ramana bari ngagisik sotjana, tina sabab loeloengoe. Arigeus běněr mah njaringna sarta geus běrěsih rarajna, toeloej bae njioeman ka ramana bari nangis,saoerna : „Mana,ama,ari iboe koering? " Saoer ramana teh : „ Eh anak ama, ajeuna ditakdirkeun koe Allah noe maha soetji, nja eta noe miara ka maneh taja pěgatna,maneh bisa balik deui ka ama djeung salamět sapapan- djangna, marga eta ama teh moedji soekoer ka Noe Maha Moelja." Ramana sasaoeran deui : „ Eh Allah noe maha moelja,Andjeun noe leuwih njaah ka koering noe maparin soeka ati sakieu gědena. " Etakaboengahan ramana geus teu beunang ditjaritakeun deui. Kitoe deui Erman harita toeloej bae njaring djeung kalakoeanana sěmoe loeloengoe. Ti dinja menak teh njaoer deui ka noesěpoeh tea,saoerna : „Eh sobat kaoela, sabaraha pigědeeunana hoetang kaoela ka sampean,tina sabab sagala pangadjaran anoe koe sampean di papatahkeun ka ieu anak kaoela sakitoe oetamana, tjeuk wiwi
langan kaoela teh nadjan ngadjoeal barang poesaka oge soeka ati, nja eta baris majar panarima kaoela kasampean. " Waktoe harita si Minaasoepka djěro pangkeng, nangtoeng ti kadjaoehan sarta ngarerepeh.Barang katingali koe ramana Erman, toeloej disaoer, sarta těroes koe andjeunna ditjandak leungeunna, bari sasaoeran lemah -lemboet,saoerna :,,Maneh oelah sieun²,hal eta bangsatěngke oge tangtoe meunang wa- walěs,tina lalampahanana anoe goreng katjida. " Peuting harita keneh eta balad -baladna anoedjaradi pamoek, arindit leumpang neangan imah bangsat tea,rek ditangkěp sarta ditalian dibawa ka boei. Sanggeus kitoe peuting harita Erman dioekna ditengah- těngah pada ngarioeng koe sarerea. Ti dinja sěpoeh teh sasaoeran : „Ajeuna geus meudjeuhna oerang sarare, soepaja isoekan isoek²,moen teu aja halangan oerang bisa něpi ka boemi sarta djeung salamětna."
PASAL 14.
Panglipoer iboena Erman.
Eta iboena Erman tea keur tjalik diboemina djeung keur soesah manahna,harita andjeunna ngadangoe bedja jen pěrang tea geus beres, malah tjarogena tangtoe tereh soemping. Ti dinja andjeunna moeroeboettjisotjana,sarta bari sasaoeran dina manahna : „Eh koemahą bae pikalakoeaneun aing, nja eta koe sabab kasoesahan aing sakieu gědena .Aripamadjikan pěrdjoerit tangtoe kabeh pada soeka²,sabab kadatangan sala- kina, tapi ari aing mah taja pětana,noe poegoeh mah ngan sieun noeaja,koemaha kadjadianana oepama geus soemping, djeung koemaha pětana aing nja moekakeun rasiah,,anak aing noe leungit tea." Kasoesahan-iboena Erman geus teu beunang ditjaritakeun deui salawasna tatjan aja panglipoer kana manahna. Tidinja toeloej andjeunna ka kěbon, angkatna roendag-randěg bari ngadoe'aka Goesti Allah, njaeta ngadoeʻana njoehoenkeun soepaja lipoer manahna tina kasoesah,sabab teu aja deuianoe jasamemeres kana kakoesoetan ati abdina, djeung anoe noe- doehkeun kana sagala atoeran anoe pihadeeun anging Allah ta'ala, wenang Allah ngadjadikeun kasoekaan di ahirna. Ti dinja andjeunna toeloej ngioehan dina handapeun kai anoe di djěro kěbon tea,sarta nangis sěmoe ngěněs djeung těroes ngadoe'a deui kieu : "„ Eh Allah noe sipat moerah,karoenja teuing koe salaki koering, djeung koering enggeus njorang kana ieu tjilaka lantaran didaměl koe Andjeun,ěh koemaha pětana atoeh soepaja koering pinanggih djeung soeka
ati; Andjeun noe kawasa misahkeun bapa djeung indoeng djeung anak di saalam-doenja, margi eta moega poelangkeun deui bae eta anak koering; Andjeun anoe kawasa njaatkeun sadajana liang tjaianoe ngalalotjor,kitoe deui moegi ieu tjimata koering geura saatkeun; Andjeunnoe sipat moerah,teuaja sanes noe disoehoenkeun moeng karilaan Andjeun noe moelja, moegi gěntosan ieu kasoesah ati koering koe kasoekaan. Eh Allah koering teh roemaos pisan jen djalma gadoehdosa, tapi Andjeun oge tangtoe oeninga sarta ngadangoe kana sorana noe boga dosa, noe ka loear tina ati noe keur soesah; ěh Allah mocga oelah nolak kana panoehoen abdina,da koering teh teu aja deui panjalindoengan salian ti ka Andjeun." Sanggeus andjeunna ngadoe'a,teu lila ngadangoe sora soe- koe djalma noe leumpang, toeloej ditingali, sihoreng noe leumpang teh nja eta si Mina. Manehna kakara datang pisan harita teh kana handapeun tatangkalan noeaja di boeroean tea. Eta iboena Erman tjahjana wani mantjoer, malah katendjona koe si Mina harita wani siga widadari ti langit bae. Tidinja toeloej si Minangomong, pokna: „ Eh djoeragan koering,ieu koering mawa bedja noe matak njoekakeun kana manah gamparan, nja eta hal kakasih gamparan tea.Ajeuna poetra gamparan,Erman, djeung sarentjangna moegi koe gamparan ditě- pangan sakědap." Sabot si Mina keur tjatjarita,harita djol bae sěpoeh ahli tapa teh datang, geus něpi ka boemina Erman, sědjana rek hatoeran ka iboena Erman jen tjarogena rawoeh poetrana ajeuna geus deukeut. Koe iboena Ermangeus kasoerti, toeloej bae dipapagkeun sarta ditjandak pananganana noe ahli tapa teh, ditoengtoen sědjana iboe Erman rek ditjandak ka pangkeng paranti Erman diajoen basa keur moerangkalih keneh. Barang andjeunna keur moekakeun panto, teu lila djol bae soemping tjarogena teh bari ngagandong poetrana, nja eta
| Barang | oge | ningali | geus | ||
|---|---|---|---|---|---|
| . | eta | , | |||
| „ | |||||
| ěh | ! | ||||
| geus | : | ||||
| paeh | , ieu teh | boedak | noe sabab | oepama | ,ěh |
| saoemoer | anoe | gědena | sabab. |
Erman tea iboena teh teu bisa sasaoeran deui, ngan oekoer njaoer kieu : Eh salaki aing! anak aing " toeloej bae kapioehan dina deukeut tjarogena. Ari lilirtoeloej sasaoeran „ Ajeuna koering palangsiang rek tina sabab tetendjoan koering kieu koemaha pětana sakieu adjaibna diajakeun koe Goesti Allah. Tadina koering sieun katjida, salaki koering soemping njampak teu aja, tapi ari ajeuna bět ditjandak koe andjeunna pisan. Ajeuna koering moal aja pěgatna hiroep moedji soekoer ka Allah, ngahalangan kana sagala tjilaka sakitoe Eh Allah moal aja pěgatna pamoedji koering sarta soekoer ka Andjeun, nja Andjeun noe ngahalangan kana tjilaka koering teh, jaktos Andjeun sipat. moerah sarta asih ka abdina.
Eh boeah ati aing djeung tjahja mata aing, koemaha maneh teh bět geus djadi boedak lalaki sakieu sampoernana; ěh salaki koering koemaha ieu teh sakieu gědena kasoekaan, maksoed oerang teh dikaboel koe Goesti Allah, ajeuna Allah ngadatangkeun anoe adjaib pisan ka oerang teh, marga eta pantes pisan oerang teh moedoe moedji soekoer." Kabeh tiloeanana moeroeboettjisotjana,tina sabab langkoeng-langkoeng nja saroeka manahna. Si Mina tjeurik,kitoe deui kiaisěpoeh noe tapa tea djěněngan kiai Mandrad,teu jasa nahan tina hawatir ningalinoe narangis, toeloej bae andjeunna miloe nangis. Barang geus areureun narangisna, eta Erman mimiti rek njaritakeun ka iboena ti mimiti něpi ka tamatna sakabeh kala- koean andjeunna. Eta iboena oepama ngadangoe dina palěbah kasoekaanana, wani ditjioeman poetrana teh tina bawaning koe boengah, kitoe deui oepama ngadangoe dina palěbah sangsarana,wani moeroeboettjisotjana. Erman njaritakeun deui tina mimiti ningali doenja barang bidjil tina goeha tea, seg ditjaritakeun sarta djeung běněrna; Erman katjida pisan soekananjaritana teh. Děmi dina palěbah njaritakeun pangwoeroek ěmbah Mandrad hal nganjahokeun sipat Allah djeung sagala barang noe didjadikeun koe Allah, iboe -ramana teh wani njalangkroeng tjisotjana. Rama Erman njaoer ka garwana : „ Ěh Njai, pisakoemahaeun bae rasana,lamoen Erman salawasna aja dina goeha bae,meureun moal nendjo di kasoegihan Allah, djeung kaagoenganana Allah noe ngadaměl doenja djeung saeusina.Reudjeung deui pitoeloeng Allah eta Erman ka loearna tina goeha bět dipa- parin ilham terang atina, datang ka bisa ngahartikeun kana sagala hikmat Allah." Walon geureuhana: „ Lěrěs, ajeuna mah oerang teh ngan kari moedji soekoer bae ka Goesti Allah, sareng pisakoemahaeun bae soekana Erman,ka loear tinagoeha noe sakitoe poëkna, nendjo tjaang sakitoe terangna, tjahja ieu boemi,rasa koering saroea bae djeung hoedangti koeboer anoe poëk -mongkleng,těroes asoep ka sawarga.Djeung deui tjotjooan Erman noe di djěro goeha, nja eta kembang kertas, djeung ěmbe- ěmbean leutik djeung tatangkalan kertas noe didjieun di djěro goeha tea,eta kabeh tjotjooan Erman tatjan sampoerna,ari geus nendjo dadamělan Allah mah. Rasa koering mah nendjo kasoegihan djeung kangeunahan doenja, oepama dibandingkeun djeung kasoegihan kangeunahan aherat mah, moal aja sapěr- sarewoena; ingetan oepama aja hidji barang noe dipake ka- njaah koe oerang leungit geus heubeul,ari kapanggihna deui mangke di aherat,rasana saroea djeung oerang keur aja keneh
di doenja;kitoe ajeuna rarasaan oerang saroea bae djeung di sawarga,sababnja eta geussakieu lilana kakara kapanggih deui djeung anak anoe leungit sakitoe heubeulna." Sěpoeh ahli tapa tea sasaoeran : „ Eta lahir gamparan istri-paměgět katjida pisan lěrěsna, sarěng rasa koering beunang diibaratkeun kieu : moenggoeh manoesa sanadjan taja noe ma- pagahan ari aja ilham mah, tangtoe bisa mikir jen aja Allah nja eta tina nendjodadamělanana.
PASAL 15.
Djalma noe pantes dipoelang hade,noe goreng tangtoe meunang hoekoeman.
Rahajatna noe dipiwarang noempès bangsat tea, ajeuna geus baralik,sarta těroes ngadeuheusanka ramana Erman tea, njanggakeun bangsat noe beunang nangkěp tina djěro goeha tea,dirante doea dikantetkeun djeung deui sababaraha hidji kahar noe dimomotan oeang djeung permata sarta batoe noe araloes,dina loehoer oeang tea ditindihan koe nini -nini bangsat tea. Keur waktoe poëanErman leungit, pamikirna kabeh bangsat -bangsat noe aja di djěro goeha djeung nini-nini tea,eta Erman moal balik deui ka iboe-ramana, pamikirna mah tangtoe paëhdi goenoeng atawa kasaroeng ka mana -mana. Tapi ari datang eta bangsat teh ka boemi menak tea,bět Ermangeus aja di dinja keursoeka djeung iboe-ramana,atoeh eta bangsat teh katjida heraneunana,sabab teu kahartieun datang ka bisa bidjil tina djěrogoeha. Hoentoéna loerah bangsat tea wani koeměrot bari ngomong ka batoerna, pokna: „ Tadina panjana kami asa euweuh deui noe pangbisana toer panggorengna kadjabati kami, tapi ari ajeuna geura tendjo itoe boedak boedjang estoe leuwih ti kami,boektina kami mah datang ka dirante djeung dibělěnggoe dibawa ka pangberokan.Ajeuna kami kakara njaho kana pěrkara noe kami tatjan njahoti bareto.Poegoeh ogearigeus něpi kana djangdjina mah, tjeuk paribasa nadjan hidjiěmbe pengkor oge bisa nangkěp ka manehanana. " Kitoe deui bangsat boedjang tea noe njaaheun toer noe teu pati goreng tjara noe rea ka Erman,harita ngomong, pokna: ,,Noe matak djadi kieu ieu Erman noe ngalantarankeun teh asalna kami, marga eta soegan bae ieu moerangkalih teh nga- leúpaskeun ogeka kami, ongkoh karěsěpna teh ngan ka kami, malah mandar bae eta noe matak djadi leupas; oepama datang ka paeh teh kami, kapan saěnjana Allah ta'ala teh ana nga- hoekoeman ka djalma noe salah, nja kitoe deui ana ngaleupas-Tjarita Erman.
keun ka noe běněr.Enja běněr saperti tjek omongan kolot, hanteu pisan salah.Oepama djalma noe goreng bisa njoempoetkeun,dirina waktoe keur di doenja, tapi mangke kaadilan Allah ka manehanana dihoekoemkeun ka dirina di aherat." Erman toeloej ningali ka djalma boedjang di antara bangsat noe rea,sarta manahna bingoengeun pisan. Tidinja toeloej bae njoehoenkeun ka ramana, soepaja djalma eta oelah meunang hoekoeman,sababna rea pisan kahadeanana ka andjeunna. Ari saoer ramana : „ Eh oedjang ajeuna ama hanteu bisa djangdji naon ka oedjang, ngan mangke hade ama nangtoe- keun hidji kalakoeanana djeung tangtce hoekoemanana. Tidinja toeloej dipariksa kasalahanana boedjang tea,bět. lain bakoena djadi toekang maling, ngan djadi badegana bae; manehanana teh tatjan pisan ngaloearkeun gětih djalma. Koe-sabab eta manehna hanteu digantoeng, ngan diasoepkeun ka pangberokan bae, didjieun saksi,sarta toeloej dipoelangkeun ka barajana. Waktoe keur dibawa ka pangberokan tea, ngalahir menak teh ka manehanana : „Ajeuna sagala kagorengan hanteu meunang leupastina hoekoeman, tapi ari maneh mah hade oge leupas,koe sabab geus ngalampahkeun perdjalanan hade ka anak aing, mangke koe aing dibalěs ka indoeng maneh,tina kahadean maneh." Arisapěrti bangsat noe rea, roepa² pada meunang hoekoeman,koemaha kalakoeanana,ari nini-nini tea meunang hoe- koemankěrdja paksa dipangberokan nepi ka paehna. Ari eta barang -barangna noe geus beunang deui, dipoelangkeun ka noe barogana, tapi ari barang euweuh noe bogana mah, kabeh oge těroes bae didjoeal,doeitna dipake njieun imah miskin djeung anak jatim. Ari awewe noe ngaran si Mina tea ditětěpkeun deui pagaweanana di menak tea,tjitjing sarta senang,kasoesahanana leungit diganti koe kasoekaan. Aridjalma toekang kěbon tea noe ngadjak Mina sina toeroen ti boemi,eta dika -loearkeun, sabab pondok ingětanana, djeung hanteu koengsi lila deui manehna paeh meunang kasakit koeris.
| ěmbe | , | ||
|---|---|---|---|
| . | |||
| noe | |||
| , | |||
| . | : | ||
| poeas | geus |
Aritoekang ngangon ěmbe tea balik ka imahna,mawa
pirang² doeit djeung barang paparinti menak tea Arisěpoeh ahli tapa tea,menak teh teu kira² hojo- ngeunana ngarawatan di boemina, tapinoe ahli tapa teh teu kěrsaeun lila di dinja teu ngeunaheun koe sabab ninggalkeun imahna noe sěpi tea Ariomongna di djěro manahna kieu ,,Rasa aing geus tjitjing di doenjateh, sabab něpi kana pikarěpeun aing, ajeuna mah leuwih hade aing tjitjing di ditoe bae, soepaja djongdjon nepi ka beak oemoer ibadah ka Allah bae."
Ajeuna koe sabab rek papisah djeung menak istri-paměgět, kitoe deui djeung Erman, eta noe ahli tapa teh henteu kenging padjaoehtiandjeunna. Gantjangnati dinja mah toeloej bae noe tapa teh amitan, sarta njoehoenkeun berkah ka menak tea, sarta sosonoan heula djeung Erman; malah Erman moeridna, nganteurkeun ka sěpoeh noe hade tea něpi ka lawang loear, geus kitoe toeloej bae toempak kareta sarta těroes indit. Menak,ramana Erman tea, maparin salamět deui ka noe tapa teh saoerna : „Salamet salilana, moegi dipanggihkeun deui mangke ka hareup. "
:
| EUSINA | ||||
|---|---|---|---|---|
| . | ||||
| 1. | Ditilar | koe iboe. | 3 | |
| 2. | ngadatangkeun tjilaka gěde | 4 | ||
| 3. | iboena | 7 | ||
| 4. | Goeha | enggon bangsat | 9 | |
| 5. | leupas ti goeha | 11 | ||
| 6. | djalma tapa | 14 | ||
| 7. | Hal | djeung kembang | 15 | |
| 8. | Hal | 17 | ||
| 9. | Hal | djeung hoedjan. | 18 | |
| 10. | noe aloes djeung waktoe noe saběněrna. | 20 | ||
| 11. | noe tapa | 22 | ||
| 12. | Anoe | - walah moal | . | 26 |
| 13. | Erman soeka-boengah | 28 | ||
| 14. | iboena Erman | 30 | ||
| 15. | noe pantes dipoelang hade, noe goreng hoekoeman. | 33 |
Katja
Mokaha Kasoesahan
Djalanan Enggon panonpoë tatangkalan tjinjoesoe Panaros Lalampahanana diwalah pipapanggiheun bet papanggih Ramana Panglipoer Djalma tangtoe meunang
;
Errata.
Katja7.djadjaran6-5 tihandap : pang-adjaran koedoena pa-ngadjaran.
| " | ti | riroep | ||||
|---|---|---|---|---|---|---|
| 13. | 18 | loehoer | : | koedoena-hiroep | . | |
| 17 17. | 21 | handap | , ajana | koedoe | dina | |
| 14 | loehoer | . | ||||
| " 23. | 9 | loehoer | : | koedoena | ||
| . | ||||||
| 77 25. | 17 | handap | : | koedoena | ||
| 17 26. | 16 | handap | : | koedoena | . | |
| " 31. | 18 | handap | :, : | koedoena | koedoena | , |
| 35. | 2 | handap | koedoena |
djadjaran djadjaran djeung 28 ti djadjaran djeung 15 ti djadjaran ti iboe ramana iboe-ramana djadjaranti tjipanona tjipanonna djadjaran ti mingali ningali djadjaran 8 ti loehoer Allah Allah djadjarantiditoengtoen ditoengtoen " djadjaranti : teh teh,