Wason PL5451 D97 1912
ASIA
CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
Prijs franco per post f Verkrijgbaar bij het Depot van Leermiddelen te Weltevreden tegen ezending van den postwissel tot genoemd bedrag .
8 0B00
Serie uitgaven door bemiddeling der Commissie voor de Volkslectuur , No. 93.
PALANGGERAN
NOELISKEUN BASA SOENDA KOE AKSARA WALANDA .
BEUNANG NGATOER
COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR ,
KALAWAN ΜΟΕΡΑΚΑΤΝΑA : TOEAN H. C. H. DE BIE, C. M. PLEIJTE, М. МОЕHAMAD RAIS, M. PARTADIREDJA, D. ARDIWINATA DJEUNG M. AMONGPRADJA.
Tertjitak pada G. KOLFF & Co.- BATAVIA 1912 .
هلا 2
, Beenik 200
Serie uitgaven door bemiddeling der Commissie voor de Volkslectuur , No. 93 .
PALANGGĚRAN
NOELISKEUN BASA SOENDA KOE AKSARA WALANDA.
BEUNANG NGATOER
COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR ,
KALAWAN MOEΡΑΚΑΤΝA : TOEAN H. C. H. DE BIE , C. M. PLEIJTE, М. МОЕНAMAD RAIS, M. PARTADIREDJA, D. ARDIWINATA DJEUNG M. AMONGPRADJA.
Tertjitak pada G. KOLFF & Co.- BATAVIA 1912 .
! 101 X
PAMOEKA TJARITA .
Něpi ka ajeuna noeliskeun basa Soenda koe aksara Walanda tatjan angger hedjahanana . Sababaraha oerang Mantri Goeroe anoe geus njoba njieun atoeran nětěpkeun eta hedjahan , tapi sěmoena tatjan sapagodos keneh bae. Lolobana atoeran Mantri Goeroe teh katjida teuing ngoekoehanana kana sora atawa oenina kětjap.
Ajeuna koe Commissie voor de Volkslectuur eta atoeran arek ditětěpkeun . Děmi anoe diingětkeun dina ieu atoeran :
1. Njieun palanggeran anoe gampang ditoeroetanana koe sarerea sarta ringkěs , oelah loba teuing make aksara djeung tanda .
2. Sabeunang-beunang ieu atoeran disina sadjalan djeung atoeran noeliskeun basa Djawa , Madoera djeung Malajoe .
3. Henteu ngoekoehan teuing kana sora atawa oenina kětjap, kadjaba lamoen katjida teuing matak djanggalna .
4.. Henteu ngingětkeun kana asalna ketjap, anging anoe katjida teuing ngaroeksakna kana atoeran Grammatica.
Ti sěmět ajeuna moega sarerea anoe noeliskeun basa Soenda koe aksara Walanda hedjahanana masing sapagodos .
COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR .
Weltevreden, 1 December 1911 .
PANOENGTOEN KANA BAB NGATOER HEDJAHAN BASA SOENDA.
Lamoen oerang rek nembongkeun karěp atawa pikiran sorangan ka noe sedjen , soepaja leuwih tetela tibatan koe péta, oerang koedoe make basa. Ari basa teh warna² ; oenggal bangsa pada boga basa sorangan .
Děmi anoe disěboet basa tea nja eta pakoempoelan kětjap³.
Oepama oerang rek ngabedjakeun pikiran oerang tea, toeloej eta kětjap dioenikeun atawa diomongkeun sarta diatoer djeung diroendajkeun noeroetkeun sakoemaha anoe dimaksoed
Děmi anoe djadi kětjap disěboetna sora (1) (lettergreep = kantetan aksara ). Sora djělěma beunang didjieun roepa2, nja eta koe parabot ngoenikeun sora anoe aja dina soengoetna. Doea tiloe sora (kantetan aksara ) dikantetkeun, djadi hidji kětjap.
Pikeun djalma² anoe padeukeut tjitjingna, lamoen rek njarita , těgěsna nembongkeun pikiranana tea ka noe sedjen , tjoekoep koe make kětjap tea baé. Tapi lamoen hajang njarita djeung noe paanggang atawa soepaja aja pikeun ingětan ( tjinděkna paanggang tempat atawa paanggang waktoe) eta koedoe aja tarekah deui, nja njieun tjiri atawa gambar .
Njieunna tjiri oge diatoer , soepaja noe njieun djeung noe nendjo eta tjiri saroea ngahartianana .
(1) Sora = lettergreep. Sora klank .
Tjiri anoe pangheula-heulana dipake koe djělěma nja eta gambar2 barang anoe rek dibedjakeun tea sarta dingaranan gambar harti atawa gambar kětjap . Koe eta atoeran mimitina mah anoe beunang ditembongkeun teh ngan sakoer barang anoe boekti baé; děmi noe teu boekti mah djeung kalakoean² henteu beunang.
Tapi aja pěrkara noe teu beunang diboektikeun sok kabawa koe barang noe boekti , sapěrti oerang njěboet pananpoé, saking doemadak baé sok ingět kana tjaang, panas djeung beurang ; djeung lamoen ngadenge boelan djeung bentang , sok inget kana peuting djeung lian ti eta. Koe sabab eta lila² tambah deui akal djělěma , oepama rek nembongkeun beurang atawa peuting, ngagambar baépanaпроć atawa boclan sabculah djeung bentang (saperti pananpoé digambarkeunana koe boeleud (1).
Lamoen nendjo djělěma tjingogo bari njëmbah , tangtoe oerang inget kana kětjap hormat; djadi gambarna djělěma noe keur kitoe teh beunang oge dipake noedoehkeun kětjap hormat tea .
Kalakoean oge beunang ditetelakeun koe gambar . Oераma oerang rek ngagambarkeun narik , njieun baé gambar djělěma anoe keur narik , djeung salian ti eta .
Koe akal eta djělěma baheula geus bisa oge silih bedjakeun karěpna atawa pikiranana , nja eta gambar² tea didjadjarkeun nepi ka djadi hidji tjarita.
Tapi tangtoe pisan eta tjiri teh koerang hade, sabab gambar mah hese pisan dirobah-robahna soepaja bisa noetoerkeun robahna kětjap . Saperti gambar tjaang, sakoemaha noe geus diterangkeun di loehoer tea, henteu beunang dipake ngagambarkeun njaangan , ditjaangan, katjaangan djeung salian ti eta.
Djadi kadjaba ti gambar harti teh koedoe aja gambar sora atawa oeni. Laoen dihantěm diatoer gambar harti teh něpi ka djadi gambar oenina atawa sorana kětjap.
Děmi djalanna kieu :
Tadina dina gambar harti teh henteu pisan ngingětkeun kana oenina , tapi koe tina lilana dipake djeung dioenikeun toeloej baé gambar tadi teh djadi doea karěpna, kana boektina djeung kana sorana , nepi ka lila-lila datang pikiran deui hidji gambar beunang dipake ngahartian doea kětjap anoe saroea oenina .
Tjontona : Pikeun njěboet kětjap oedoed toeloej ngagambarkeun roko (soeroetoe ). Tapi kětjap oedoed teh noedoehkeun oge kana kalakoean oedoed . Djadi lamoen rek noedoehkeun kalakoean oedoed gambarna mah nja roko keneh baé .
Koe sabab kitoe eta gambar beunang baé disěboetkeun gambar babadean .
Eta gambar tea tangtoe pisan moal beunang dianggěrkeun kitoe baé, sabab hese njieunna ; djadi koedoe diakal-akal deui soepaja leuwih babari, leuwih ringkěs didjieunna.
Pikeun njěboet sapi mimitina mah meureun sapina digambarkeun , tapi lila meureun tjoekoep koe gambar hoeloena woengkoel, malah toengtoengna mah koe doca tandock oge mahi.
Ana geus kitoe hidji gambar teh beunang disamboengsamboeng , diadoe -adoe , nepi ka beunang dipake njěboet sababaraha roepa kětjap.
Aksara Tjina oge tangtoe kitoe oesoel -asalna , doea tiloe gambar ditěpoeng -těpoeng bari diakal -akal, soepaja beuki babari didjieunna ; toeloej pindah kana harti sedjen anoe lain barang boekti. Kětjap² anoe saroea sorana atawa hartina, tangtoe gambarna oge make gambar eta keneh.
Aksara noe kitoe koe Tjina mah beunang dipake něpi ka ajeuna , sabab kětjap-kětjapna lolobana pisan ngan sasora baé ; djadi hidji gambar ngan noedoehkeun sasora baé.
Tapi pikeun bangsa² sedjen mah , anoe basana leuwih loba atoeranana , akal anoe disěboet di loehoer teh henteu beunang dianggěrkeun , koedoe diatoer deui soepaja laoen bisa njoekoepan kana basana .
Koe atoeran noe di loehoer tea djělěma geus bisa boga toelisan pikeun ngagambarkeun sora, nja eta gambar , anoe tadina ngan noedoehkeun ngaran barang atawa kalakoean baé teh, ajeuna beunang dipake ngagambarkeun sora .
Tapi eta gambar sok noedoehkeun keneh kětjap² anoe leuwih ti sasora ( lettergreep). Lila anoe kitoe teh dipitjeunan sapotong2 , ditinggalkeun sorana noe mimiti baé . Nja beh djělěma teh manggihan deui akal pikeun njieun aksara anoe sasora2 atawa sakantetan aksara , tjara aksara Djawa djeung Sanskrit .
Aksara noe kitoe disěboetna syllabische schrift, atawa koe oerang beunang dingaranan aksara rangkěp, děmi aksara Walanda , nja eta alphabetische schrift, oerang ngaranan aksara lantjar. (1).
Eta aksara lantjar hidji -hidjina henteu noedoehkeun hidji harti djeung henteu noedoehkeun hidji sora ( lettergreep ), estoe ngan djadi pokona sora2 baé anoe ngadjadikeun basa .
Aksara rangkep tea hese , sabab oenggal sora atawa lettergreep beunang diseboetkeun koedoe sedjen ditoelisna ; ari sora tea kapan dina oenggal basa sakitoe lobana . Djeung deui koe aksara rangkep teh henteu bisa noeliskeun sakabeh sora . Geura ingětkeun baé aksara Djawa moal beunang dipake noeliskeun basa Walanda nepi ka sampoernana .
Sanadjan aksara salantjar oge ari sampoerna pisan mah tatjan , sabab dina hidji basa teh geuning ari sora -sorana mah sakitoe lobana, děmi aksara ngan saeutik .
Ngan eta baé koe aksara ieu mah meh sagala soara beunang ditoetoerkeun .
Aksara lantjar teh ari pokona mah nja tina aksara rangkěp keneh, ngan koemaha pangdjadina kitoe, eta keur - dimaranahan keneh koe boedjangga, djadi henteu pěrloe ditjaritakeun di dieu.
(1). Sing inget kana samak rangkěp djeung samak lantjar .
Sanggeus oerang ngahartikeun pěrkara noe geus disěboet di loehoer, ajeuna oerang njaritakeun tiloe roepa aksara , anoe sok dipake noeliskeun basa Djawa djeung basa Soenda , oerang tetek hidji , toeloej timbang mana anoe panghadena pakeeun nepi ka djaga.
Basa Soenda nepi ka ajeuna ditoeliskeun koe tiloe roepa aksara ;
a. Aksara Djawa
Arab b.
с. « Walanda .
a. Ari aksara Djawa nja eta aksara anoe koe oerang disěboet aksara rangkep tea , asalna tina aksara Sanskrit di tanah Hindoestan , diadjarkeunana ka oerang dieu koe oerang Hindoe barěng djeung ngadjarkeun elmoe djeung pangabisa noe sedjen .
Eta aksara Sanskrit tea dipake noeliskeun basa Djawa , datang ka lawas ti lawas djadi aksara Djawa toelen .
Koe oerang Djawa eta aksara diadjarkeun deui ka oerang Soenda , tapi tetela katjida pikeun noeliskeun basa Soenda mah teu sakoemaha hadena , sabab loba sora noe teu katoetoerkeun. Malah kapakena oge baheula mah babakoena ngan koe menak2 baé, ari di somahanana mah teu pati loembrah .
b. Ari aksara Arab kaasoepna kana aksara lantjar tea . Eta aksara koerang hade, sabab teu daekeun oeni , lamoen teu dibarisan, anoe ditoelisna di loehoereun djeung di handapeun aksara bakoe ; ngan sawareh -wareheun baé , anoe beunang dioenikeun teh, nja eta anoe beunang diterapan aksara pamandjang.
Djeung deui beunangna dipake noeliskeun basa Soenda teh sapěrkara koedoe ditambahan aksara , njieun aksara anjar, kadoea barisna oge koedoe ditambahan djeung koedoe ditoeliskeun dina oenggal sora .
Koe sabab kitoe , eta aksara Arab matak moesingkeun pisan ka noe noelis :
1e. Kalam koedoe diangkat -djoengdjoeng baé ka loe hoer, ka handap pikeun noeliskeun baris, henteu bisa těroes , djadi matak kěndor .
2e . Lamoen kapohoan noeliskeun titik atawa baris atawa eta baris henteu dina paběněran aksarana, eta matak salah gěde , něpi ka sakapeung teu beunang dibatja.
3e. Koe lantaran madjoena ti katoehoe ka kentja oge eta matak leungeun tiparieus, djeung aksara noe měntas ditoeliskeun teu babari katendjona, teu tjara noelis madjoe ti kentja ka katoehoe .
Koe sabab eta aksara Arab teh hadena ngan keur noeliskeun basana sorangan bae, geuning boektina ajeuna oge basa Malajoe anoe geus biasa pisan ditoelis koe aksara Arab, ari geus dimimitian ditoelis koe aksara Walanda mah , aksara Arab teh beuki kaelehkeun baé , boh di Soematra , boh di Malaka , sabab aksara Walanda leuwih hade.
Di tanah Pasoendan aksara Arab leuwih kapake tibatan di tanah Djawa . Geus poegoeh kitab agama , dalah wawatjan oge loba anoe ditoelis koe aksara Arab, tapi ari djadi aksara priboemi mah henteu .
с. Aksara Walanda oge nja aksara lantjar , ngan ieu mah leuwih tjoekoep ti batan aksara Arab, sabab pikeun noeliskeun basa sedjen teh henteu koedoe ditambah deui koe aksara anjar ngadadak njieun atawa ditambah titik djeung goerat.
Eta aksara anoe tiloe roepa tea anoe geus disěboet di loehoer , asal -asalna mah toenggal sabibit. Geus diparios koe boedjangga Europa , jen aksara Sanskrit teh, nja eta pokona aksara Djawa tea, asalna tina aksara Phoenicie, nja eta aksara hidji bangsa anoe aja di tanah Sjam. Eta aksara ditoeroetan deui koe toeroenan Ismail , saperti oerang Arab , nja djadi aksara Arab, djeung koe oerang Griek djeung Latijn djadi aksara Griek djeung Latijn . Děmi aksara Latijn tea nja eta asalna aksara Walanda .
Ajeuna oerang pariksa aksara noe mana diantara noe tiloe tea, anoe panghadena pikeun noeliskeun basa Soenda djeung aksara mana anoe koedoe dipadjoekeun pikeun nga. madjoekeun kapala djeung abdi oerang poelo Djawa koe anoe aja manahna palaj ngamadjoekeun , babakoena koe kangdjěng Gouvernement ?
Sakoemaha anoe geus diterangkeun kateu -pati-hadeanana di loehoer, aksara Arab mah geus montong baé dipake. Koerangna hade teh lain ngan noeliskeunana baé, njitakna oge hese pisan, něpi ka boekoe anoe ditjitak koe aksara Arab hargana marahal pisan .
Děmi aksara Djawa , sakoemaha anoe geus ditjaritakeun tadi , pikeun noeliskeun basa Djawa mah teu matak naon2, hade baé , tapi oepama dipake noeliskeun basa Soenda loba katjawadna .
Sapěrkara basa sedjen henteu beunang ditoeliskeun koe aksara Djawa sing tjěples sakoemaha oenina asal . Geuning aksara Arab h, ch, k djeung q (k) lamoen ditoelis koe aksara Djawa mah djadi saroepa baé sakapeung sok aja oge noe noelis .
Dina basa Walanda mah loba pisan kětjap² anoe maeh doea tiloe aksara ; anoe kitoe moal beunang ditoeroetan koe aksara Djawa . Děmi oerang Soenda tea lamoen hajang madjoe tangtoe koedoe make basa sedjen teh .
Kapan ajeuna oge geuning geus loba basa Walanda djeung Arab noe diasoepkeun kana basana , komo lamoen oerang Soenda geus tambah mah kanjahona djeung pangabisana meureun beuki tambah deui basa sedjenna anoe dipake . Ari ngindjeum basa tea mah henteu pèrloe, lamoen geus boga sorangan kětjapna anoe loembrah dipake.
Djeung deui oepama dina basa Djawa aja aksara biasa ..mbl eta (medeklinker ) anoe patoempoek , saperti kakara beunang dioenikeun, lamoen geus dibantoean koe pamaeh , djeung pasangan saperti
Djaba tinja tjatjadna aksara Djawa teh, pikeun noeliskeun basa Soenda, sok kakoerangan rarangken , sapěrti pikeun ngabedakeun sora ě djeung eu, henteu aja rarangkenna , doeanana saroea baé ditoelisna koe paměpět . Tapi ari ieu onaman henteu sabaraha , sabab oenggal aksara oge, lamoen rek dipake noeliskeun basa sedjen , sok aja kakoeranganana dina lebah dinja mah.
Děmi anoe panggěde-gědena katjatjadan aksara Djawa nja eta dina hal njitakna. Saha² anoe geus ngarti kana atoeran njitak , meureun bisa nganjahoankeun, jen tjitakanana aksara Djawa teh loba pisan roepana , henteu tjara aksara Walanda . Kapan kadjaba ti aksarana teh koedoe aja pasanganana , ti dinja djol deui rarangkenna ; eta kabeh henteu aja noe sakaroepa . Koe sabab eta kadjaba ti roengkang loba teuing atoeran teh , tangtoe hargana oge mahal.
Nja kitoe deui ngesetna. (něrapkeun dina tjitakan ) hese pisan , kapan hidji aksara teh koedoe dipilih , mangkaning sakitoe warna-warnana ; djaba tinja koe lantaran aja pasangan djeung rarangken , anoe koedoe diteundeun di loehoereun djeung dihandapeun djadjaran aksara noe bakoe , tangtoe pisan sěla djadjaran teh koedoe diberean tempat pikeun ngomean tjitakan noe salah , da teu meunang hěnteu koedoe aja salahna teh .
Doemeh ajeuna koedoe loba boekoe anoe dieusi sagala roepa elmoe , liarkeuneun ka oerang Soenda pikeun ngarah kasalamětanana , waloeja badan , walagri ati, eta katjatjadan njitak tadi tea teu beunang dimokahakeun. Djadi lamoen aja mah aksara anoe leuwih hade, leuwih babari ditoelisna djeung ditjitakna sarta koe bangsa sedjen di poelo Djawa geus diparake atawa beuki diparake, tangtoe pisan aksara Djawa teh teu koedoe dipake.
Oepama oerang Soenda geus daek make aksara anoe diadjarkeun koe panoengtoenna , nja eta aksara anoe geus loembrah pisan dipake di manas , tangtoe pikeun maranehanana leuwih gampang diadjar basa Malajoe djeung Walanda sarta teu mitjeunan waktoe pikeun diadjar aksara Djawa deui, anggoer eta waktoe teh dipake njiar elmoe sedjen anoe leuwih mangpaat.
Djeung loba bangsa sedjen anoe ngartieun kana basa Soenda, tapi kana aksarana mah teu měrdoeli . Geura lamoen boekoe Soenda ditoelis koe aksara Walanda mah , meureun dibaratja koe bangsa sedjen , djeung lamoen kanjahoan eta boekoe teh hade, tangtoe oerang Soenda diadjenan, těmahna bisa tjampoer djeung bangsa sedjen .
Koemaha atoeh nerapkeunana aksara Walanda kana basa Soenda ?
Sakoemaha noe geus ditjaritakeun di loehoer lamoen oenggal sora koedoe pada aja aksarana mah tangtoe soesah pisan . Lamoen kitoe tangtoe koedoe ngarang aksara anjar, atawa aksara heubeul ditjirian koe disina miring djeung lian ti eta.
Eta teu aja gawena, da teu matak leuwih terang, anggoer matak hese baé, djeung kadjaba ti matak loba salah teh , roepana oge djiga kotor.
Noeroetkeun sakoemaha noe geus kalampahan, saestoena make aksara noe geus aja teh, tjoekoep kabina-bina, malah eta oge koedoe dipilih deui sakoer anoe pěrloena baé ; geus kitoe toeloej nětěpkeun patokan, oenggal sora anoe saroea , toelisanana oge koedoe sakaroepa .
Lamoen teu kitoe teh tangtoe matak bingoeng baé .
Patokan kitoe teh dina oenggal aksara oge aja, ngan anoe katimoe djeung noe henteu baé , sabab eta teh perloe katjida, soepaja noe noelis djeung noe matja saroea ngahartianana .
Dina ieu boekoe eta patokan koe kaoela rek ditjoba diterangkeun , soepaja hedjahan tjotjog sarta sarerea saharti .
Dina ieu patokan anoe ditjokot teh nja eta kagampangan , oelah loba atoeran make roepa tjiri ngarah tjotjog djeung oenina sora .
Oelah pisan oerang boga pikiran , jen hedjahan aksara Walanda koedoe tjotjog djeung hedjahan aksara Soenda, da kapan sedjen -sedjenna deui, doeanana pada boga atoeran sorangan .
(1) Malah baheulana pisan samemeh djělěma aja pikiran ngagambarkeun kětjap, geus aja basa siloka atawa sasmita pikeun tjarita djeung batoerna.
Tjontona : roehak kai atawa awi noedoehkeun ngantjam rek njoendoet imah, djeung salian ti eta.
PALANGGERAN
NOELISKEUN BASA SOENDA КОЕ AKSARA WALANDA .
I. AKSARA .
1. Aksara Walanda anoe sok dipake noeliskeun basa Soenda, nja ieu :
adi a. , ama , тата.
b. badak , sasab.
d. doelag, badoed.
e. edan , rehe . ěmas , mělěs . eungap , seuneu .
g. galak, boedoeg .
h. hajam, soesah.
i. imah, mahi .
j. joeda, oeroej .
k. kadal, boedak.
1. lima, amil.
m. moeloes, oesoem .
n. nabeuh , heurin .
0. opak, poho . oepat, soeock.
p. pager, dadap .
r. ragěm , kělir.
S. sawah , awas .
t. tiwas , doeit.
w. wajang, wiwiw .
2. Eta noe sakitoe henteu mahi , toeloej ditambahan deui opat aksara:
tj. tjabok .
dj . djiga.
nj. njewa .
ng. ngopi, ngomong .
3. Aksara Walanda dibagi doea bagian : aksara oeni atawa aksara hiroep djeung aksara teu oeni atawa aksara paëh .
Ari noe disěboet aksara oeni nja ëta gambarna sora anoe těrang pisan kadengena, lempeng teu loehoer handapan djeung teu beunang didoeakeun ; saperti : a, e, i, о, ое, ě, eu.
Děmi anoe disěboet aksara paëh, nja eta gambarna sora anoe ngagoeroeh atawa njeah , saheulaeun atawa sapandeurieun aksara oeni , saperti :
h, n, tj, r, k, d, t, s, w, l, p, dj, j, nj, m, g, b, ng. N. B. Geura oenikeun sing lambat, heg rasakeun : roe, ar.
4. Aksara oe, eu, tj, dj, nj djeung ng disěboet aksara rangkěp.
5. Oenggal kětjap didjadikeun koe hidji sora (engang) atawa leuwih . Děmi anoe diseboet engang tea, nja eta sora anoe dioenikeun koe sakali njalangapkeun atawa ngabalemkeun soengoet .
6. Lamoen hidji kětjap anoe didjadikeun koe doea engang atawa leuwih , rek dipisah-pisahkeun sasora , eta koedoe dihalangan koe goerat pondok ngaranna gěrět , sapěrti : ba-an.
7. Hidji engang anoe toengtoengna aksara paëh disěboet sora maeh , ari anoe toengtoengna aksara oeni , ngaranna sora hiroep.
8. Oepama hidji sora maëh diterapan rarangken ditoekang an, eun djeung ing, eta aksara anoe dipaeh teh miloe kana rarangken . Tjontona : gě-ně-pan, toedjoe -heun, ba-ngěting.
Nja kitoe deui ieu :
ti-loe-a-na-na ; ka-ha-ka-na-na-na ; ka-re-a-a-na-na ; pi-lém-boe-reu-na-na ; pidjang-koe-ngeu-na-na ; ngindjeum -keuna-na .
Děmi gawenaoerang nganjahokeunhal měgat-měgatkeun kětjap, babakoena pisan pikeun ngatoer anoe kagok djadjaranana, eta atoeran megatkeunana nja koedoe kitoe.
AKSARA OENI .
9. Aksara e dina basa Soenda oenina doea roepa , seperti dina : bere djeung dina běrem . Koe sabab eta noe kadoea ditjirian koe tjoerěk ti loehoerna.
10. Lamoen sora è leuwih loehoer dioenikeunana, djadi eu. Tjoba batja ieu doea roepa toelisan:
běběr beubeur .
11. a. Doea aksara oeni noe ngantet , lamoen saroea, oenina pada tetela sapěrti : baan , deet, piit, goong , boeoek , hëëh, heucuh.
b. Nja kitoe deui a atawa eu, lamoen ngantet djĕung aksara oeni noe sedjen , doeanana pada terang, saperti : tjave, baeud , heuaj, leuit.
c. Tapi oepama i atawa e ngantet djeung aksara oeni noe sedjen , diantarana sok ngadjadikeun soraj, ibaratna
1. pias pijas, dieng dijeng ; rion= rijon ;
tioengtijoeng ; rieg rijeg; sieun sijeun.
2. teateja ; tjeos= tjejos.
d. Nja kitoe deui lamoen o atawa oe ngantet djeung aksara oeni noe sedjen , di tengahna sok sada aja w:
1. moal mowal; toël= towel ; poë=powe.
2. doea doewa ; koech koeweh, hoei hoewi; koeěs koewès .
Eta aksara jdjeung w disěboet aksara samar , sabab saěnja -ěnjana datangna eta aksara ngan katarik koe ngoenikeun doea aksara oeni tea bae. (¹). Tatapi sanadjan kitoe, kadengena eta aksara samar teu saroea , aja anoe katjida, aja noe meueusan bae.
Pikeun palanggěrananoe pasti , eta aksara samaroelah ditoeliskeun , kadjabasawarehwareheun anoekatjida teuing matakdjanggalna kana tjeuli . Eta geus tangtoe kitoe bae , sabab teu aja hidji atoeran atawa palanggěran anoe bisa ngarampid kabeh kana pěrkara anoe diatoer atawa dianggěrkeun tea ; koedoe bae aja noe njingsal . (').
Děmi anoe koedoe disingsalkeun :
1. Noe sedjen hartina toer sedjen sorana , saperti : goëng djeung goweng .
2. Diantara oe atawa o djeung ě, saperti :
soewěng, owěl.
3. Dina kětjap anoe diradjek sarta diganti sorana dina kětjap noe ti heula, lamoen dina asal kětjapna geus aja w, di noe dirobahna oge koedoe diajakeun . Misilna : goewang -gawing.
4. Kětjap 2 : bowek, korowek , kotjowek , tjangkowck , tjangkowak , kotjowak , ejang djeung ejong, koedoe disingsalkeun , sabab terang pisan kadengena. (*).
(1). Aksara w djeung j noe sedjen, diseboet aksara běněr , sapertina dina: lowong , hajang , majeng, lajeut , lawon , geuwat dj. s . t.
II RARANGKEN .
bede di c i
12. Sakabeh rarangken di hareup koedoe dikantetkeun kana asal kětjapna, kadjaba rarangken anoę doea sora eta mah mending dipisahkeun, soepaja babari dibatjana . Djeung deui saěnja -ěnjana noe kitoe mah lain rarangken , sabab aja hartina, djadi kaasoep kana kětjap panambah . Tjontona :
(1) Er is geen regel zonder uitzondering .
(2) Anoe matak terang kadengena teh, sabab anoe opat pangheulana asalna tina wek, nja eta sora panganteur kana soëk; anoe doea pandeurieunana asal tina wak, kětjap panganteur kana beulah ; ejang asalna tina jang=dewa, djeung ejong tina jong , anoe djadi pokona kětjap : sampojong , kolojong djeung solojong .
panür, piwoerock , pangwarah, satoeroej, sidoeroe , tidagor, tingkotjeak , dibeuleum , kasimbeuh , mangmawakeun , barěmpoeg, njanghareup;
pada njabok , para menak , sili(h) tanja, barang dahar; priboemi, përnjai (pranjai).
Katerangan : 1. Lamoen rarangken mang diterapkeun kana kětjap anoe mimitina aksara ng, djadi ng-na koedoe dirangkep . 2. Lamoen rarangken di djeung aksara iroeng diterapkeun kana kětjap ngantet, asal ketjapna koedoe digeret, saperti : dikěrid-peuti, ngahoeroen-baloeng .
13. Děmi aksara iroeng diterapkeunana kana asal kětjap, aja noe dipake ngaganti kana aksara noe pangheulana djeung aja noe ditambahkeun bae , nja eta sakoemaha anoe diterangkeun dina elmoe grammatica. Tjontona :
a. Asal kětjap anoe mimitina aksara oeni , ditambahan koe aksara ng ; sapěrti :
aala-ngala
e-entep - ngentep
i-itoeng - ngitoeng
o-olo -ngolo
ocoeseupngoeseup
ĕ-endog - ngendog
eu-eunteung -ngeunteung.
b. Asal kětjap anoe mimitina aksara k diganti koe ng, sapěrti .
kadek-ngadek .
c. Anoe mimitina t diganti koe n: takol-nakol.
d. Anoe mimitina tj djeung s diganti koe nj:
tjabok - njabok
sorong -njorong
e. Anoe mimitina aksara p, diganti koe m : pipit-mipit,
f. Děmi asal kětjap anoe mimitina make aksara : h, g, r, d, l, dj, j, w, djeung b, kabeh ditambah koe nga. Tjotona :
hoeroep - ngahoeroep .
Palanggeran. 2.
godog - ngagodog
rawoe - ngarawoe
doepak - ngadoepak
liwatngaliwat
djegang - ngadjegang
jajajngajajaj.
warah - ngawarah
borong - ngaborong .
Katerangan : Ketjap 2 anoe kieu loba anoe teu noeroet atoeran , sakoemaha anoe diterangkeun dina boekoe granımatica
14. Sakoemaha anoe diterangkeun dina grammatika atawa elmoe basa rarangken di tengah : ar anoe sok robah djadi al, koedoe disělapkeun di tengah , kadjaba dina asal kětjap anoe mimitina aksara sora sok diteundeun ti hareup djeung dina asal kětjap anoe sasora sok djadi r. Tjontona :
boedak - baroedak .
gede-galěde
djol - radjol .
Děmi rarangken oem djeung in mah ngan disělapkeun bae , sapěrti : soemeuhah , sinigeg .
15. Nja kitoe deui rarangken di toekang koedoe dikantetkeun kana asal kětjapna , sapěrti :
boentoet boentoctan .
mawa mawaan.
sieun - sieuncun.
ngiringngiringkeun .
nintjak - nintjakkeun .
samping - sampingna .
banget - bangěting .
16. Lamoen rarangken keun diterapkeun kana asal kětjap anoe toengtoengna aksara k, k-na koedoe dirangkěp, sapěrti : nintjakkeun .
17. Lamoen rarangken keun diterapkeun kana asal kětjap anoe leuwih ti sakětjap , boh migawe (bedrijvende vorm), boh dipigawe ( lijdende vorm), hidji -hidjina kětjap anoe djadi asal kětjap tea, koedoe dihalangan koe gěrět atawa tjiri panjamboeng.
Tjontona :
ngahoeroen - soeloehkcun ,
diadoe koembangkeun ,
dikaloehoerkeun ,
dika -loehoer parakeun ,
dika loehoer para - sandakkeun .
Nja kitoe deui ieu :
ka - Bandoengkeun.
ka Soemědangkeun .
18. Rarangken an djeung eun lamoen diterapkeun kana kětjap ngantet, asal kětjapna koedoe digěrět, sapěrti: leho monjetan ,
soreang - monjeteun .
19. Oepama hidji kětjap geus diterapan rarangken an , eun djeung keun, toeloej ditambahan na, eta na-na djadi ana. Tjontona :
anakanana, hajangeunana ,
ngaloengkeunana . III :
NGARADJEK . .
20. Lamoen hidji kětjap asal diradjek , eta hade ditjirian koe angka doea ti loehoerna ( Tjontona : 1 ) , poma² , djalma , koeda² ,
21. Lamoen hidji ketjap roendajan , diradjek saantero kětjapna , eta oge hade ditjirian koe angka doea . Tjontona :
sahıdji -sahidji -sahidji ,
sadjalan sadjalan -sadjalan ,
sabogana²=sabogana sabogana - ,
sakarěpna sakarěpna -sakarěpna ,
Tapi lamoen ance diradjekna teh ngan asal kětjapna bae , eta leuwih hade ditoelis kabeh ,make digěrět diantara noe diradjek tea , soepaja oelah matak kagok anoe matja. Misilna : sadjalandjalan , kabawa -bawa, sakarěp -karěpna , dialoeng -aloengkeun , dika-lochoer -loehoerkeun .
22. Oepama hidji omongan atawa saroentoejan kětjap diradjek, eta oge koedoe dihalangan koe gěrět .
Teu aja deuiteu aja deui.
Djol kosong - djol kosong .
Sakoer anoe dipegatkeun koe gěrět atawa tjiri ngantetkeun ) eta tanda panjamboeng ( kaitoeng keneh kana ngantet .
Lamoen henteu , teu djadi salah . ( 1)
IV NGANTETKEUN DJEUNG MISAHKEUN KETJAP .
23. Noeliskeun basa Soenda koe aksara Walanda koedoe dikantetkeun sakětjap2 .
24. Děmi kětjap³ anoe koedoe dipěgatkeun koe gěrět, njaeta : a. Kětjap anoe diradjek , tapi teu sagěmblěngna .
b. Kětjap anoe diradjek sarta diganti sorana , sapěrti : goewang -gawing, loear -leor.
c. Kětjap ngantet atawa saroentoejan kětjap anoe dirarangkenan , saperti :
diadoe-koembangkeun , ngahoeroen -soelochkeun , dibeuleum -seuseur , ngabeuteung -siraroe, nonggong -kocja , saanak-bodjo, saparat -parat-djalan.
d. Kětjap anoe dihadja dipegat-pegatkeun sasora2. (no . 8). 25. Kětjap ngantet (samengestelde woorden ) ditoelisna koedoe dipisahkeun , sabab hidji -hidjina pada aja karěpna, sapěrti :
tihang beusi , batoe walanda, samping solo, hoedjan boeah, seuscut seuat, tembong gélor , hoedjan angin , heurin oesik.
Tapi lamoen eta kětjap katjida dalit djadi hidjina, něpi ka oerang henteu ngingětkeun kana hartina kětjap, malah sawareh mah , lamoen disěboet asalna , matak se djen harti , atawa geus diganti sorana asal , noe kitoe mah koedoe dikantetkeun baé , atawa digěrět, sapěrti :
amismata , parahoeloe , katjapiring , koetoekoeja, pananpoë, dibolokotokkeun , epes -meer , tolo-heor dj . s . t.
26. Kětjap panambah : teh, mah, pon, nja djeung si koedoe dipisahkeun .
27. Kětjap pangiring (voorzetsel ), sanadjan anoe sasora , koedoe dipisahkeun djeung kětjap anoe diiringna , saperti :
di imah, ka djalan, tigoenoeng di djèro , ka loear, tidinja , di dieu, ka ditoe , ti harita , koe naon, datang kapach, nepi kamopo, ti batan , koe sabab , koe tina, koe bawaning, Nja kitoe deui ieu :
di djěro imah, di djěroeun saboek, di locar garis , di locareun lémboer, ka lochoer goenoeng , ka loehoereun imah, ti tengah sagara, ti handapeun batoe .
28. Kětjap tji anoe ngantet djeung kětjap barang sedjen ,boh djadi ngaran atawa lain ,ditoeliskeunana koedoe dikantetkeun baë , sapěrti : Tjitaroem , Tjiboerial , Tjibinti . tjikopi , tjitch , tjikalapa , tjikaseer djst . noe ,
29. Ngaran djělěma anoe didjadikeun koe doea kětjap di atawa wi katiloe ( ) meunang disakantetkeun ,meunang oge dipisahkeun , tapi aksara gedena dina kětjap noe mimiti bae , saperti :
Soeradjibdja = Soera djibdja
Ardiwinata =Ardi winata
Natadikoesoema Nata di koesoema .
Tapi lamoen didjadikeun koe tiloe kětjap atawa leuwih , koedoe dipisahkeun sarta aksara gedena pilih kětjap noe djadi loeloegoena bae , soepaja oelah loba teuing make aksara gede . Tjontona :
Soeria nata koesoema ,
Soeria Nata adining rat,
Raden Adipati aria Poerba adining rat .
30. Ngaran barang ngaranna ( )anoe didjadikeun sorangan ) (1 koe doea tiloe kětjap ,koedoe dikantetkeun bae , tapi
Eigen naam = ngaran sorangan ngaran ( mentjil ) (1 ) . Gemeene naam = ngaran loembrah ngaran ( bangsa )
lamoen pandjang teuing meunang oge dipisahkeun make gěrět . Tjontona :
Leuwigoong, Tangkoebanparahoe , Soerakarta, Poerwakarta, Soerakarta Adiningrat djst.
31. Kětjap 2 noe sasora lamoen diradjek , boh diganti sorana , boh henteu , atawa dikantetkeun djeung kětjap noe sasora deui, ditoelisna koedoe disakantetkeun bae. Tjontona :
djoldjol , djoeldjol , pokpok , pekpek , kopkop , tjoeltjil, djoeldjěl, tjroengtjreng , brangbrong , sarsoep , larběk , topdjig, tjoeldjeun , rastjlok, djst .
V. AKSARA GEDE .
32. Aksara gede gawena pikeun ngabedakeun hidji kětjap ti kětjap anoe sedjen djeung pikeun narik pikiran anoe matja , soepaja eta kětjap ditolih atawa dihartikeun. Sabeunang -beunang oelah loba teuing make aksara gěde teh .
1º. Dina alamat karangan .
33. Děmi dipakena :
2º. Dina kětjap noe mimiti dina hidji omongan .
3º. Dina kětjap anoe mimiti dina djadjaran anjar. Katerangan : Alam ajeuna sair atawa tembang , anoe ditoelis sapada sadjadjar , tara dimimitian koe aksara gěde .
4º. Dina kětjap anoe djadi ngaran (ngarang sorangan = eigen naam ).
a. Ngaran djělěma (Ilikan No. 29).
b. Ngaran nagara , district atawa lemboer (Ilikan No. 30).
c. Ngaran goenoeng (idem ).
d. Ngarang waloengan (idem) .
c. Ngaran poelo atawa tanah (idem ).
7. Djěněngan Allah djeung ketjap gagantina.
g. Ngaran noe sedjen² .
Katerangan :
Ngaran -ngaran anoe djadi katerangan, toelis koe aksara leutik bae , sapěrti : samping solo, koeda batak, goela dago .
5º. Ngaran bangsa : Soenda, Malajoe , Walanda .
6°. Ngaran kapangkatan , lamoen toedoeh ka hidji djalma, koedoe ditoelis koe aksara gěde. Tjontona : Kangdjeng Radja dideuheusan koc para mantri, ponggawa , démang , tocmenggoeng . Piocndjockna Mantri tch
8°. Ngaran poë , boelan, tahoen : Ahad, Poeasa , Alip.
9. Pangkat toetoeroenan anoe dibarengkeun djeung ngaran , koedoe ditoelis koe aksara gěde, sapěrti : Raden Sastra, Oedjang Kocsen, Njimas Iti.
10. Djaba ti eta kětjap² anoe dihadja koedoe dibedakeun, eta hade ditoelis koe aksara gěde .
VI . TJIRI TOELISAN .
34. Tjiri toelisan dibagi doea bagian :
a. Tjiri omongan , sok disěboet oge tjiri lagoe matja b. Tjiri kětjap , těgěsna tjiri noe dipake dina noeliskeun kětjap.
Eta tjiri gawena soepaja noe matja gantjang ngahartina kana omongan atawa kětjap anoe dibatja tea .
35. Děmi ance djadi tjiri omongan :
Titik (punt), koma , koma punt (punt komma), titik rangkép (dubbele punt), tjiri nanja , tjiri kaget , koma rangkep atawa kěkëntëng (aanhalingsteeken , gërět cureun-cureunan (aandachtstreep ), tjiri halangan (beletselteeken ) djeung kocroong (haakjes ) .
36. Ari tjiri kětjap :
Tjiri bēdas , tjiri mitjeun , tjiri ngantetkeun , tjiri ngarioetkeun, tjiri mondokkeun, tjiri misahkeun . Djaba tjocrěk djeung tjiri 'ain . tinja :
37. Tjiri omongan :
Titik (punt) (.) gawena keur noedoehkeun omongan, anoe geus tamat , atawa kětjap noe geus taja toeloej .
na, saperti dina alamat karangan atawa tjiri mondokkeun.
Koma (komma) (,) keur misahkeun seler atawa anak omongan (bijzin ) tina indoengna (hoofdzin) , nja eta dina omongan sadapoer (samengestelde zin) djeung keur ngaganti kětjap : djeung , alawa. Tjontona Barang eta bocdak keur bongoh , eta langlajangan dilcupaskeun . Gok koering papanggih djeung Tjina, anoc bareto ngoebaran Ema , tapi manchna teu nanja, sabab pohoeun deui.
Oenggal poë manehna kikiriman ka koering . ngirim kadaharan, tjotjoäan djeung doeit.
Koma punt (punt komma) ( ;) gawena pikeun misa h keun seler omongan anoe sapangkat tina indoengna , atawa sakapeung saroea bae gawena djeung punt tea. Tjontona :
Koesirna amběk bari malikkeun pētjoetna ; petjoet meulit kana beuheung si Salim . Atoeh poegoeh njaho mah, ngan hese teu kira sarta djaoeh pisan ; lalampahan saratoes poë ti dieu.
Tjek si Lengser : „ Ajeuna sarera koedoe geura toekang toembak koedoe geura njëkël toembak ; sadia : toekang bandera koedoe geura panggoel banderana . "
Titik rangkěp (dubbele punt) (:) gawena pikeun noedoehkeun kětjap anoe rek ditataan ; atawa ditoelis saheulaeun omongan, anoe dikěkěntěngan koe koma rangkěp, nja eta anoe noedoehkeun omongan batoer (lain omongan noe ngarang ) , Tjontona :
tjamat , mantri politie, loerah Děmi noe aja harita : djeung toea kampoeng .
Tjek Loerah teh : „ Tadi mah aja di rorompokna . "
Tjiri nanja (? ) ditoelis dina toengtoengna omongan nanja . Tjontona : Ti mana silaing ?
Tjiri kaget ( !) ditoelis ditoekangeun kětjap atawa omongan anoe noedoehkeun : kaget, nitah, menta djeung anoe koedoe dibědaskeun sorana .
Tjontona : Ka dicu, euj! Euleuh , naha itoe mana aloes teuing !
Koma rangkěp (kěkěntěng ) ( ,, ...... ") gewena keur ngabedakeun omongan batoer djeung omongan noe ngarang. Tjontona :
Dawochan radja : „Ajeuua maneh koedoe boeroe² indit."
Atawa sok dipake oge njirian kětjap anoe aneh , anoe perloe dihartikeun koe noe matja , saperti : Barang kaoela datang ka sawah , nendjo hidji barang, rocpana tjara saoeng leutik, tapi tihangna ngan hidjı , disebortna „sanggar" , dicusi endog.......
Tjiri halangan (........ ), noedoehkeun anoe matja koedoe oedjoeg eureun bae, kawas 2 anoe ngarang aja halangan pikeun noeloejkeun eta omonganana . Tjontona : Kangdjeng Gouvernement geus pirang2 metakeun akal, sangkan abdi-abdina madjoe, tapi nëpi ka ajeuna tatjan sakoemaha tapakna , taksiran lantaran abdi koerang kadaek , atawa ........
Tjiri eureun -eureunan ( -). Lamoen anoe matja manggih tjiri eta, koedoe eureun leuwih lila manan dina punt, sabab maksoedna noe ngarang, eta omongan baris ditoeloejkeun koe omongan anoe pěrloe pisan dihartikeun (ditolih). Sakapeung eta omongan anoe kitoe sok diteundeun dina hala-halaeun omongan , ditjirian koe doea tjiri eureun -eureunan . Tjontona : Sakapeung Agan Abdoellah sok ditalang-talang oge balandja koe mertoeana - da ari ramana mah harita geus bolampar noeloengan batoer .
Barang Aom Oesman tepang sareng Agan Sariningratkitoe djenněganana pigeureuhaeunana teh teu kira bae boengahna , tina eta istri sakitoe geulisna.
Koeroeng ( ) , gawena keur misahkeun sabagian omongan tina sagěmblěngna sarta leuwih pohara misahna teh ti batan anoe dipisahkeun koe doea tjiri eureun -eureunan tea. Tjontona :
26 - 'Lis atawa ' Oelis
Saoer toean Derocitér (bēnērna pisan mah de Ruiter): „Kaoela henteu wani ngahatoerkeun eta sakelat (asal tina basa Arab sachlat) ka adjéngan, margi lain gadoeh kaoela .
38. Tjiri kětjap .
a. Tjiri bědas , těgěsna kětjap anoe koedoe bědas dibatjana . Biasana dina basa Soenda anoe kitoe teh sok digoerat bae ti handapna , sapěrti : Koering gadoeh anak ngan hidji-hidjina .
b. Tjiri mitjeun. Sok aja kětjap anoe dipitjeun sapotong, ti hareupna atawa ti toekangna. Eta anoe kitoe hade ditjirian koe koma ti loehoerna . Tjontona :
'moenlamoen
'mohamo
na' naha
koema ' koemaha , dina omongan : koema ' onam , koema ' maneh .
Djaba ti eta dina ngomong geus loembrah pisan ngaran djeung sěsěboetan sok dipondokkeun . Eta ' lamoen ditoeliskeun hade oge ditjirian . Tjontona :
| Ahmad djadi | djadi | Mad |
| Sastra | 'Tra | |
| Bapa | " 'Pa | 'Pa |
| Bibi | " 'Bi | 'Bi |
| Djoeroetoelis | 'Lis ata |
c. Tjiri ngantetkeun ilikan dina no . 21 , 22 djeung no. 24.
d. Tjiri ngarioetkeun Sok aja kětjap anoe dirioetkeun, těgěsna dikoerangan sorana . Anoe kitoe babakoena anoe make rarangken an djeung sora ha di těngah² . Eta hade oge ditjirian , soepaja leuwih terang . Tjontona : kadjaksân = kadjaksaan ; pasantrên = pasantrian ; pawôn =pahawôn =pahawoean .
e. Tjiri mondokkeun. Soepaja ngentengkeun kana gawe, hade katjida sing aja sababaraha kětjap anoe dipondokkeun ditoelisna , make ditjirian koe titik, tapi tangtoe koedoe sapototos djeung batoer, soepaja noe noelis djeung noe matja saroea ngahartianana. Kětjap anoe kitoe dina basa Soenda saeutik keneh pisan nja eta: R.raden ; M. = mas ; R. M. raden mas ; Kdj . kangdjeng;f. roepia ; G. goenoeng ; K.=kali; T. tandjoeng ; Tel.= teloek ; dj . s. t. djeung satoeloeljna ; sap. saperti; оер.=оерата.
f. Tjiri misahkeun . Anoe dipake tjiri kitoe titik ngarendeng, diteundeun di loehoereun aksara anoe rek dipisahkeun . Tjontona : goöng , poë, poëk, hoeloečun Sarän , koerän , satja dj . s. t.
Eta oge hade bae pake, tapi teu sakoemaha pěrloena ; ngan anoe pěrloe pisan teh dina kětjap saperti poë, djeung kocrän , soepaja oelah dibatja por djeung koeran.
g. Tjoerěk ilikan dina no . 9 .
h . Tjiri 'ain. Dina basa Soenda sok aja oge hidjihidjieun sora anoe dingiroengkeun , sapěrti dina kětjap 'cong djeung 'eon. Anoe kitoe hade ditjirian koe tjiri 'ain, sanadjan henteu tjěplek pisan , soepaja oelah něpi ka salah dibatjana.
VII . BASA SEMAH .
39. Basa semah nja eta basa sedjen , anoe geus djadi priboemi , ditoeliskeunana měnding noeroetkeun koemaha dipokkeunana koe oerang Soenda bae , saperti : lohor, asar, magrib, isa, soeboeh , woeloe, rěsěden, asisten , koentoelioer , kalektor, listrik, sépoer, toge, datjin , takoʻah , kamedja , lagodjo , lomari dj . s. t.
40. Tapi kětjap² basa Walanda anoe mashoer sarta teu sakoemaha hesena noeliskeunana , měndig noeroetan sepel Walanda , soepaja babari kahartina koe bangsa sedjen , djeung oerang priboemi bisa ngarti kana toelisan anoe běněr .
Tjontona : Resident, Assistent -Resident, Januari , Februari dj . s. t.
41. Lamoen oerang rek noeliskeun basa Arab anoe tatjan loembrah dipake koe priboemi, anoe tatjan aja pokpokanana anoe galib, hade noeroetkeun hedjahan Kitab Logat Melajoe .
Digitized byGoogle
RLGFILM
Serie uitgaven door bemiddeling der COMMISSIE voor de VOLKSLECTUUR.
2 Boekoe anoe diseboet di handap, nja eta boekoe anoe dikaloearkeunana koe lantaran Commissie voor de Volkslectuur , didagangkeun di goedang boekoe kangdjēng Gouvernement (Depot van Leermiddelen) di Weltevreden. Saha anoe rek meuli njoehoenkeun bae ka toean Administrateurna , tapi doeitna koedoe dikirimkeun ti heula weselkeun .
ВOЕКОЕ BASA SOENDA.
M. Saleh en Ardiwinata . Dongeng Soenda I. aksara walanda f 0.08 Ardiwinata. Idem idem II idem idem > 0.19 R. Hasan Soemadipradja. Pewoelang tatanen. Id. id > 0.13 M. Natawisastra, 100 Paribasa I Idem idem . . > 0.22 Idem Idem idem II Idem idem > 0.21 Idem Idem idem III keur ditjitak . Idem Idem idem IV idem. Idem Idem idem V idem. R. M. Moeh . Moesa. Tjarita Abdoerahman djeung Abdoerahim aksara walanda > 0.15 R. Lenggang Kantjana . Warnasari III idem > 0.16 C. M. Pleyte. Pariboga 25 dongeng soenda id. Djilid I » 0.14 Idem . idem idem id. II > 0.15 Idem . idem idem id. III > 0.14 Idem . idem idem id. IV » 0.14 Idem. idem idem id. V » 0.14 Idem. idem idem id, VI » 0.20 Idem Pariboga , didjadikeun sadjilid idem > 0.90 M. Partadiredja. Tjarita roepa idem I > 0.12. Idem idem idem idem II > 0.09 Idem idem idem idem III > 0.12 M. Natawisastra. Toetoeroetjingan, make těmbang , keur ditjitak M. Partadiredja. Piloeangeun I > > > « II « » < Wadiwasta . Pitoeah poepoerieum > > Saroeni sarosopan I > II « > > R. Prawira Koesoema . Dongeng toeladan2 . Mangoen di karia . Tjarios lalampahan Daoed binOetin > « R. ajoe Lasminingrat . Tjarita Erman « > R. Kartadiredja . Tjarios Nata Soengkawa » « Wawatjan . Koeja kadjadjaden R. Poerawinata. Koelak tjanggeum >
ALGFILM
OLIN LIBRARY -CIRCULATION
DATE DUE
| DATE DUE | |||
| _ | _ | ||
| NOV 1 2 89 MY 26 | NOV 1 2 89 MY 26 | 26 | |
| GAYLORD PRINTEDINU.SA. | |||