Wason PL5454 $92 KARANGAN MAS SOEHARMA. POUCRO . UITV.
ASIA
WAWATJAN ABDOELKOMAR
UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR KALOEARAN BALE POESTAKA
CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
Cornell UniversityLibrary PL 5454.S92
DATE DUE
| DATE DUE | |||
| F... | |||
| UL | FUL 41991 | ||
| 1 | |||
| GAYLORD | PRINTEDINU.S.A. | ||
ech
; Serie No. 527 Hargana f 0.30
WAWATJAN
ABDOELKOMAR
KARANGAN
MAS SOEHARMA
KALOEARAN BALE - POESTAΚΑ .
DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR - WELTEVREDEN - 1922 :-
DANGDANGGOELA .
1. Sinekaran noe djadi mamanis , pamaksadan noeroetan boedjangga , miwah kadang-warga kabeh , noe ahli sareng toetoer , toeman kana ngoengkara dangding , malar djadi résěpna , maos djeung ngaroengoe , soegan tina rěsěp matja, laoen nambahan oge pangarti , atawa loba loeang .
2. Malak-mandar didjarieun misil , djadi eunteung keur ngeunteungan lampah , ka lalaki ka awewe, sadaja meureun maphoem , dangět ieu geus rea istri , noe pinter toer përtjeka , radjeun sok teu moeloes , aja bae katjawadna , teu koe hanteu rea³ noe geus boekti , kieu djeung kitoe tea .
3. Saoepama enggeus laki -rabi , tara awet da soengkan diadjar , elmoe djeung prak boemen , ngawoela soehoed , ka tjaroge lahir djeung batin, lahir noe kaoeninga , batinna di poengkoer . di poengkoereun mah ngolembar , henteu kaop djaoeh ti panon salaki , sok njorang lampah salah .
4. Tjohagna mah henteu wěning ati , asoep kana babasan baroedak , ,,ngarompi " anoe kitoe teh , rompi sae ti pajoen . ti poengkoerna mangga tingali , tah kitoe oepamina , meureun hamo moeloes , pabentar sapapaosna , margi bakat sae-awon awal-ahir, nadjan boeni kapendak.
Wawatjan Abdoelkomar . 1
5. Kitoe deui noe djadi lalaki , osok ieu aing kena³ , koe doemeh diwenangkeun teh, bodjoan doea-tiloe, teu kaopan nendjo noe geulis, tjareraman kabita, eta lampah kitoe , sok dipake kaoelinan, isoek nikah, sore diserahkeun deui, antoekna tambah roetjah .
6. Djalma roetjah eta teh pinasti , djalan kana hiroep soesah , da minděng geringan bae , malah saoer noe loehoeng , doktor anoe arahli , sok tara boga anak, di bogana ripoeh , tara lila toeloej adjal, malah radjeun boedak lolong barang lahir , moen hiroep tangtoe soesah .
7. Indoengna ge mo' pati walagri , tina sabab tangtoe katepaan , koe panjakit anoe goreng , intjoe, toeroen ka anak - mana poma mangka areling , singkahan lampah roetjah , ambeh hiroep moeloes , oelah njorang paribasa , ati saenggeus katjingtjirihi , ditioeng sanggeus hoedjan .
8. Malah ieu noe baris diwintjik, didadarkeun dikarang koe těmbang , lalakon awewe saleh , anoe soehoed -soemoedjoed , koemawoela lahir djeung batin, keur boedak ka kolotna, noeroet sapiwoeroek , tara aja noe dipoengpang , barang gede koemawoela ka salaki, lara bagdja tarima .
9. Nadjan bengis noe djadi salaki , lamoen hantem dilawan koe sabar,.
noe běngis toengtoengna eleh , ahirna djadi toendoek , mitjeun kana lampah noe tadi , timboel hate manoesa , noe saleh toer moeloes , lantaran era sorangan , tah sakitoe pamikirna ęta istri , teu gaplah hate sabar .
10. Toeloej aos ieu noe digoerit, baris njeuseuh rěrěgěding manah , aja hidji nagri gede, dajeuh garoeda ngoepoek , patjarěman anoe sinělir , nandjoeng noe djadi pangkat, matak bětah matoeh , nandjak djalan ka tjaina , tjek pantoen mah : „ Matak sararoegih moekti, arawet kadjěněngan."
11. Eta boekti saeusi nagari , djalma pada gěnah -bětah , kana gawe soson , reboen geus ngabroel , balangsiar neangan ridjki , padagang nanggoeng barang , koeli manggoel patjoel , toekang tani geus prak njabak, sagawena noe maranti , kitoe salalawasna .
12. Anoe matak nagri tambah rěsik , aloes hawa toer asak piara, djalmana meh senang kabeh , noe tani mědah -mědoeh , loba doeit baloentjir leuit , kitoe deui padagang , salawasna oentoeng , noe koeli gěde boeroehna , radjana ge beunghar teu aja noe nanding, dina mangsa harita .
13. Eta nagri katelah Marangin, kakasihna anoe djadi radja , Sang Perboe Gardjita katong, waktoe eta katjatoer , aja hidji soedagar soegih , kapal lajarna opat , parahoe sapoeloeh , toko-tokona ngadjadjar , toko beas , toko bako , toko entjit , sarta djeung salianna.
14. Keur mah beunghar , boga anak hidji , toer lalaki bidjilan sakola , kasep teu aja noe něndeng , djangkoeng -koneng sampoeloer , hade saoer djeung amis-boedi , asalna tědak Bagdad , gawena noe bakoe , dipětakeun koe ramana , njëkěl boekoe , kaloear-asoepna doeit , dina sapopoëna .
15. Selang daměl noe maranti , ngawakilan ramana roronda , ngoemisi ka oenggal toko , ngaranna geus kamashoer , katělahna Abdoelkomar bin, Hadji Moehamad Irsad , oemoerna katjatoer , dina etangan ramana , waktoe eta doea poeloeh taoen mandjing, sěděng roemadja -poetra .
16, Ngan sok kena kasep ieu aing, loba harta , handjakal katjida , boga adat anoe goreng , karěsěpna ngawajoeh , henteu kaop nendjo noe geulis, sok 'moen djinisna soeka , kolotna nja kitoe, ngoembar napsoe ngoelajaban , tampolana tjoel gawe , neangan istri , noe poeroeneun diopat .
17. Moen geus bosěn teu tata-pasini , nadjan kabeh harita dipirak , salamina kitoe bae , ajeuna noe katjatoer , aja deui soedagar soegih , Aboekasim ngaranna , pěngkoeh njěkěl hoekoem , teu ara ngarah-ngarinah, batal , haram, eta sakabeh dipahing, toengtoeng kota imahna.
SINOM .
1. Ki Aboekasim harita , geus boga anak sahidji , istri geulis djeung pertjeka , handap asor , hade boedi , timpoeh toer teu koemaki , katělahna Siti Ningroem, geus misah ti sěpoehna , dileler tempat pribadi , dipaparin baboe sarta keur goeroena .
2. Goeroena istri oetama , geus sepoeh , alim, binangkit , hatam sagala kabisa, ĕnggeus poegoeh kana ngadji , digawe kitoe deui, ngarenda , ngabordel , ninoen, ngapoet , njoengging djeung njoelam, olah kitoe deui , eta goeroe dileler gadjih boelanan .
3. Katjarita lawas , Nji Siti Ningroem kawarti , dina waktoe eta , geus sěděng roemadja -poetri , joeswana koerang -leuwih , tina toedjoeh wělas taoen , meudjeuhna wěkěl pisan, kana roepa ilmi , tara soengkan , da lain adjang noe lian .
4. Ti harita henteu lawas, kěrsana noe Maha Soetji , tara tjidra ti djangdjina , parěng dina mangsa hidji , goeroe Nji Ningroem gering , oebar doekoen henteu mampoeh , harita ladjěng wapat, Nji Ningroem banget prihatin , tina henteu aja goeroe keur gantina .
5. Ajeuna taja noe ngadjar, ngan woengkoel ngadërës ngadji , djeung digawe roepa ", 1 noe beunang diadjar tadi , taja tambahna deui, piwoeroek djénatna goeroe , boelak -balik ngan eta , Nji Ningroem tambah prihatin , toeroeg joeswa geus aja dawoehna .
6. Roemaos geus hina pisan , nilik sasamana istri , ĕnggeus pada tjarogean , ti dinja toeloej ngalěngis , barina tjeurik leutik , njambat ngarangkoel ka baboe : „Na' koema ' kërsa ama , noe matak henteu digalih , diri koering geus sakieu kagedean ."
7. Baboena welaseun pisan, harita ge toeloej indit, ngadeuheusan ka soedagar , geus tepoeng , pok hatoer ta'dim : ,,Doeh djoeragan , Nji Siti , ajeuna keur sanget ngangloeh , ngoengoen - liwoeng manahna , menggah koe timbangan abdi , taja sanes ngantos dawoehan gamparan .
8. Reh poetra geus sěděng joeswa, gamparan atjan kakoeping, mirěmpag keur tjarogena , toerta moal ěnja sisip, bahan tanapi doeit , eukeur baris ngoeroep mantoe , koema' noe djadi kërsa , noe lian atawa wargi , naha baris ngilari bangsa soedagar ?
9. Da nadjan poetra oelama , atawa poetra prijaji , mo ' boeroeng roa noe kersa, ajeuna panoehoen abdi , moegi dimanah lantip, soepados enggal kadahoep " , ti dinja ki soedagar , maos : „Alhamdoelillahi , " rempoeg pisan kana satjarita emban
10. Ajeuna mah maneh moelang , bedjakeun ka anak kami , oelah mangloh indoeng -bapa , nja mělěng diri pribadi , indoeng -bapa teu sisip, noe matak tatjan dioeroes , manehna masih koerang , koe kami enggeus kadjoedi , tatjan tjoekoep elmoena keur imah -imah.
11. Sabab teu beunang digampang , lalakon boga salaki , pigeusaneun djadi hardja, loeloes -moeloes laki -rabi , moekti djeung senang ati , rahajoe saoemoer -hiroep , da ari indoeng -bapa , ngan rek titip mata -tjeuli , masing genah ngadenge reudjeung nendjona .
12. Ari anoe djadi boerang , estoe henteu aja deui , matak ngoelajaban bajah , njoengkělit di djěro peudjit , inggis njeredet ati , soemaoet dina djadjantoeng , ngan lantaran ti anak, lamoenna henteu pinanggih, loetoes -moeloes ngawoela ka salakina.
13. Bapa rasa katěmpoehan , sabab asal bapa wadjib , ngawarah noe djadi anak , keur waktoena masih leutik, awewe pon lalaki , përěloe disoewoek elmoe , anoe baris mangpa'at , ajeuna moenggoeh Si Njai, koedoe meunang heula elmoe noe sampoerna .
14. Sabab baris kalakonan, përloe kadjoedi koe ati , pikeun lampah kahareupna, soepaja salamět diri, djaoeh tina balai , noe matak wirang ka sěpoeh , bral maneh geura moelang , tjaritakeun ka Nji Siti , oelah moengkoer moen elmoe atjan kapaham.
PANGKOER .
1. Njai ěmban gantjang moelang , geus patěpoeng deui djeung Njai Siti, toeloej bae dipitjatoer , ti awitna oendjoekan , ka ramana , henteu aja noe kalaroeng , sarta pisaoer ramana , dioendjoekkeun ka Nji Siti .
2. Henteu aja noe kaliwat , gěmět pisan diwintjik titi-rintih , Nji Siti ngawalon : „Noehoen ", harita teras dangdan , rek ngadeuheus ka rama sareng ka iboe , njoehoenkeun dawoeh noe njata , tina hal talaboel ilmi.
3. Koemaha kërsa ramana , barang dongkap ka rama hormat ta'dim, sampean rama diamboeng , „Neda pidoe'a ama , sareng iboe moegi moegi hasil maksoed ", ramana ladjěng ngandika, sarta maparin wawadi .
4. Doeh njai , djoengdjoenan ama , moega dikaboel maksoed Njai , moenggoeh djalma koedoe kitoe , sing tawěkal ihtiar , oelah wěleh , moen elmoe atjan katimoe , ari piongkoseunana , ama anoe boga wadjib .
5. Montong ngaborongkeun ama , nadjan beak sakabeh harta lědis , dipake ngoeroepan elmoe , ama teu panasaran , soekalilah dipake talaboel elmoe , sabab elmoe mah mangpaat , awet henteu keuna leungit .
6. Ari pigoeroeeunana ,
geura milih koemaha karěp Njai, ama moal miloe² , pilih geura tjaloekan , pek goeroean elmoena nepi katoetoeg , awewe koedoe sajaga , koedoe pinoeh koe pangarti .
7. Noe lian meureun hareran , doemeh ama ka Njai bangět měrdih, njiar elmoe koedoe toetoeg , halna naon kakoerang, ama beunghar Njai moal soesah hiroep, teu kitoe pikir ama mah , Njai koedoe boga harti .
8. Lamoen dipareng lakian , koerang bisa ngawoela ka salaki , kieu loepoet -kitoe loepoet , poegag sagala roepa , anoe djadi salaki tangtoe teu mahkoel, meureun minděng ngabaeudan , mondokkeun doeriat pasti.
9. Tah eta kitoe sababna . anoe matak ama nitah ka Njai , ngolah elmoe masing toetoeg , keur bëkël tjarogean , djeung rěgěpkeun heulaan ieu pitoetoer, djalan kana kaslamětan , lënjěpan masing kaharti .
SAIR.
1. Njai perloe pandjang nalar , oelah boetek tjara balar , sing ngambaj tjara koekoelar , ti mana marga goemělar .
2. Eta pasti tina marga , iboe -ama noe ngajoega , poerwa perloe koedoe djaga , koe lampah anoe përjoga .
3. Koedoe diesto -dipoesti , imankeun mangka sajakti , sangkanna pinanggih moekti , běrkah sěpoch noe goemati .
4. Noe goemati pangroematna , tina kahemananana , noe henteu aja bandingna , toer langgeng taja pěgatna .
5. Pandjang lamoen ditjarita , pangasih sěpoeh noe tjinta , mapan ajeuna ge njata , henteu ngitoeng banda -harta.
6. Njai koedoe toemarima , malës ka iboe-ka ama , ari malěsna tarima . koedoe koe elmoe oetama .
7. Ama-iboe noe dipoedji, tiloe roepa , tjek paradji , matja, matjoel reudjeung ngadji , eta ratoening pangadji .
8. Sakabehna kapinteran , djadi tangkal kabeungharan , reudjeung dapoer kahegaran , landong manah kasoekěran .
9. Basa matja teh iskola , diadjar tata ngawoela. ngitoeng , noelis noe tetela , matja pakeun noe ngawoela .
10. Paedahna koemawoela , lamoen běněr henteu tjěla . moen djadi garwa kapala, geus tinangtoe meunang pahla .
11. Noe radjin sarta satia, ĕnggeus pasti manggih kaja , tina marga dipěrtjaja , salaki ngamoelja -moelja .
12. Moen parěng djadi Nji Tjamat , soegěma miras pani'mat, saban boelan tampa pasmat , koe batoer dihormat-hormat.
13. Madjoe djadi Nji Wadana , tambah hegar sarta rěna , noe seba taja pegatna , djaba kaoentoenganana .
14. Ari basa matjoel tea, těgěsna tani makaja, mělak pare djeung paria , atawa naon noe aja.
15. Roepa kadaharan, noe kira matak njingkiran , tamba lěsoe lolongseran , marga tina kalaparan.
16. Reudjeung basa matjoel tea , lain ngan woengkoel makaja, tapi sagala oераја , gawe badag koedoe paja.
17. Eta kabeh pagawean , tangtoe djadi kamahian, nadjan njoekoep anoe lian , moal hanteu kabagian .
18. Gawe dibarengan harti , lamoen tani kari moekti , lamoen dagang pinoeh pěti , senang badan tiis ati.
19. Henteu tjape kalabakan, ngider, ngoejang njiar hakan , da aja beunang noempoekan , ngan woengkoel kari ngasakan .
20. Ari basa ngadji tea, ngadji kitab anoe moelja, piwoeroek para ambia, papakěm ti raboelőemja .
21. Nja eta elmoe agama , elmoe wali djeung oelama , noe ahli lampah oetama . soehoed bakti ka Jang Soekma .
22. Pérloe sagala diadji , woeroekna ti noe dipoedji , lampah santri ahli moedji , timbalan Allah noe hidji.
23. Moenggoeh santri noe sadjati , lahir -batin manggih moekti , idjati , djangdjina Raboel - moal geseh pasti boekti .
24. Di batin wande soegema , koe Pangeran ditarima , dileler tempat oetama , soegěma sakama -kama .
25. Deui elmoe mah ngoengkoelan , ěmas perak noe pikoelan, atawa doeit kapalan, sabab elmoe mah tangkalan.
26. Tangkalna teh dina ati , rekep batan dina pěti, awet tara beak pasti , tara koe toko koe peuti .
27. Tapi nadjan soegih elmoe , rea kabisa panemoe , oepama ngědoel kamoemoe , ěmboeng metakeun panemoe .
28. Karěsěp ngan kěkěděngan , tengah imah tětěmbangan , bari noenggoean ambengan , salaki lat moentjěrěngan .
29. Lamoen kitoe tanpa goena , elmoe teh taja hasilna, tjara djam euweuh djaroemna , atawa taja lotjengna.
30. Sanadjan hiroep sampoerna , da teu aja tětěngěrna , pikeun noedoehkeun waktoena, eta teu aja goenana .
31. Reudjeung Njai bok manawa, dikadarkeun pandjang joeswa , nepi ka waktoe sawawa , poma oelah njiar tjoea .
32. Pamenta iboe djeung ama , oelah sok sakama - kama , milampah noe teu oetama , engke lamoen geus akrama
33. Poma masing eling pisan, oelah kéréng barangasan , lamoen amběk koedoe pisan, njandět lamběj reudjeung lisan .
34. Sakitoe ama wawarti , koe Njai masing kaharti , moen diimankenn pinasti , awal -ahir manggih moekti .
PANGKOER .
1. Henteu pandjang ditjarita , Njai Ningroem harita enggeus tampi, artos baris majar goeroe , geus moengkoer ti ramana , toeloej milih sorangan goeroe noe lěpoes , tatanja ka oenggal djalma , témpatna paradji sakti .
2. Nji Siti gěmět njatětan, ngaran adjar reudjeung paradji , goeroe pelet goeroe těnoeng , goeroe kapaliasan, pitjeutjeuban piwoeroengan henteu kantoen, goeroe sihir paněloehan , rek dikatoeranan linggih .
3. Angkeuhna lamoen bisa mah , hajang hatam sagala elmoe lahir , elmoe batin pon nja kitoe , arek sakoeat -koeat . diadjarna hajang sing nepi ka djoenoen , djimat, toembal , nadjan mahal , koe Nji Ningroem rek dibeuli .
4. Kabeh paniatanana , kaboektian wantoe teu koerang doeit, goeroe -goeroe pada soehoed , ngawaridkeun elmoena , kawoewoehan noe diadjarna satoehoe , kěntjěng karep gede niat, katambah seukeut panggalih .
5. Henteu sabraha lilana . elmoe -elmoe geus pěpěk di Nji Sitı, djimat-djimat pon nja kitoe , asa taja kakoerang , tjoekoep pisan běkěl pioboreun hiroep, keur bawaeun tjarogean , taja kasoesah karisi .
6. Asihan djeung piwoeroengan , keur pakeeun moen geus boga salaki , soepaja tjaroge woeroeng , niatna ka noe lian , kinasihan soepaja tětěp miloetjoe , wělas asih ka andjeunna , lahir toeměka ing batin.
7. Gantjangna ieu tjarita , Njai Siti enggeus loengsoer ti boemi, sědja ngadeuheus ka sěpoch , ngoendjoekkeun paněmoena , sadjadjalan njaoer salěběting kalboe , tada teuing iboe ama , bingahna ningali aing .
8. Doemeh sakieu sangkěpna , pangawěroeh leuwih ti lian istri , estoening poendjoel ti batoer , ngoengkoelan ka sasama , barang djol teh katingal koe rama iboe , Nji Siti dihiap-hiap, bagea Ningroem anaking .
9. Koemaha ngelmoe teh hatam, tjing tembongkeun meunang talaboel'ilmi , nji Ningroem toeloej brěk dioek, di pajoeneun ramana, pok ngamalkeun do'a -do'a noe geus timoe, dipapaj ti mimitina , dipapatkeun hidji -hidji .
10. Didangoekeun koe ramama , djeung dibanding elmoe Allah noe soetji , loba elmoe anoe mangproeng , teu tjotjog djeung agama , ěnja eta piwoeroek ti doekoen -doekoen , elmoe sihir , paněloehan , soelaja djeung elmoe soetji .
11. Kitoe deui do'a -do'a , reudjeung isim tjotjog oge djeung hadis, tapi sedjen noe dimaksoed , lain elmoe lakian , ladjeng bae ki soedagar maos ta'oed , „A'oedoebillahi minha, ngalindoer eta teh Njai !!
12. Ja Allah noe sipat rahman , moegi -moegi ngampoera anak abdi, anoe kalangsoe kasaroeng , goegoeroe elmoe sasar, meunang warid papatah elmoe noe gědjoel , elmoe sihir patěnoengan , anoe dilarang koe Nabi .
13. Ladjěng njaoer ka poetrana : Adoeh Njai , elmoe maneh teu hasil , noe beunang maneh goegoeroe , lain elmoe lakian , soemawonna elmoe -elmoe noe ti doekoen , kabeh oge elmoe sasar , anoe dilarang koe Nabi .
14. Djadi maneh koedoe tobat, sarta mitjeun kana elmoe noe tadi, djeung Njai koedoe tapakoer , něda pitoeloeng Allah , moegi -moegi gantjang dipasihan elmoe , pikeun laki-rabi tea , noe tjotjog djeung hadis -adil.
15. Siti Ningroem banget wirang , sarta sieun doraka ti Mah ' Soetji , enggal ka ramana njoeoeh , njioem dampal sampean , pok oendjoekan , „Ama, abdi amit moendoer , soemědja tobat ka Allah , něněkoeng moedja semedi ."
KINANTI .
1. Toeloej moendoer Siti Ningroem , moelih ka boemi prihatin , ras kana lampah andjeunna, neangan elmoe teu hasil , sasoempingna ka boemina , tapakoer di kamar sěpi .
2. Něda hampoera Jang Agoeng , tina dosa ageng-alit, anoe enggeus kalakonan, noehoen rahmat Maha Soetji , moegi dipasihan ilham . diboeka elmoe noe soetji .
3. Djeung bari njambat ka goeroe , nja eta goeroe mimiti , anoe enggeus wapat tea, ditjipta di djěro ati, disoehoenkeun karamatna, hadiah tasbeh djeung tahlil.
4. Barang geus djědjeg saminggoe , tapakoer di kamar sěpi, měněran malem Djoemaah , Njai Siti Ningroem ngimpi , disampeurkeun koe goeroena , noe keur ditjipta koe ati .
5. Sarta masihan piwoeroek : „Maksoed Njai tangtoe hasil , ari noe djadi lantaran, Njai koedoe gasik-gasik, djiarah ka makam ejang , ramana Seh Aboekasim . "
6. Isoek bada soeboeh , Njai Ningroem gantjang indit, djarah ka makam ejangna , barang dongkap maos tahlil , maos tahlil atjan tamat, datang doea djoeroe koentji .
7. Mawa amparan araloes , samak reudjeung pramedani , eta amparan tjawisan , wakapna Seh Aboekasim, pikeun tjaralik noe djarah , disimpěn koe djoeroe koentji .
8. Doea djoeroe koentji sěpoeh , awewe sareng lalaki , meh teu aja sasamana , nini -nini , aki-aki, liwat tina oemoer loembrah , toedjoeh poeloeh toedjoeh leuwih .
9. Dipariksa koe Nji Ningroem : „Adoeh , aki reudjeung nini , naha saroea kolotna , doeloer atawa salaki ?" Nini koentji pok oendjoekan : „Soemoehoen salaki abdi . "
10. Mariksa deui Nji Ningroem , njésěděk ka nini -nini : „Ka saha nini lakian , samemeh kawin djeung aki ? " Nini koentjen ngawalonan : „Henteu doea -tiloe kali.
11. Estoening saoemoer hiroep, ngaraos kawin sakali , tépoeng boedjang sareng landjang, kitoe deui ieu aki , bodjona ngan nini pisan. taja sadjawi ti nini ."
! Wawatjan Abdoelkomar. 2
12. Nini koentjen pok disaoer , dipiwarang deukeut tjalik, dipariksa lalakonna, sapandjangna laki-rabi , dina sakitoe lawasna. teu manggih soelaja pikir .
13. Nini koentjen deui matoer : „Bérěkah salira Njai ; salami nini lakian , henteu njorang roedět pikir, ngeunah, senang salawasna , tara njorang poesing ati ."
14. Mariksa deui Nji Ningroem : „Tjoba tjaritakeun nini . naon noe djadi lantaran. anoe matak senang ati , salamět teu manggih soesah , dipiasih koe salaki .
15. Soegan nini boga elmoe , doa atawana poedji , noe geus njata karasana, elmoena boga salaki , ajeuna kaoela něda , ngalap běrěkah ti nini .
16. Moegi Goesti Allah ngaboel , nini djadi goeroe koering , lamoen koedoe make sarat , naon bae noe dimisti , koela soemědja ihtiar , kasmaran keur mere nini ."
ASMARANDANA .
1. Nini koentjen hatoer ta'dim, ngawalon pamariksaan : „Nini mah djělěma bodo , teu jasa poedji djeung dora, soemawon gadoeh kitab , ngan mitoehoe saoer sepoeh , noe karaos koe nini mah.
2. Nja eta goeroe soeargi , waktoe nini anjar nikah , ngadeuheus něda bongbolong , sědja nini ngalap berkah , něda djiad pangdoera , Njai goeroe pok miwoeroek, elmoena anoe lakian :
3. Moenggoehing noe laki-rabi, koedoe hade patekadan , soepaja oelah tjerewed, reudjeung senang karasana , hampang nja pipikiran , ngeunah dahar, ngeunah nginoem , sarta tibra sasarean .
4. Moen hajang kitoe teh misti , tětěpan sarat noe opat , kawadjiban noe djodjodo , nja eta elmoe lakian , noměr hidji itikad , henteu aja doea -tiloe , pameungkeut di alam -doenja .
5. Djaba ti salaki aing , geus ditoelis dina papan , papasten djaman bareto , ari pihartieunana , oerang oelah kabita , nendjo ka salaki batoer , hade roepa gede bagdja .
6. Sababna enggeus dipasti, lara , bagdja djeung tjilaka , oentoeng , roegi sarta djodo , memang geus dipatjang-patjang, keur dina alam toekang , moal pahili -kaliroe , djeung teu beunang diowahan .
7. Lalaki nja kitoe deui , sing tarima kana kadar, goreng oge bodjo dewek , nadjan lëndjang djiga wajang, da lain bodjo oerang , kadjeun njëmploe djeg bèrěnoek , da eta milik noe halal .
8. Sarat kadoea pěrkawis , eta ge taja bedana , pikeun lalaki -awewe , poma sing silih singkiran , naon noe matak tjoea, poma-poma koedoe laroeng , oelah wani ngalakonan .
9. Naon kasěngit salaki , oelah disorang koe oerang , lalaki nja kitoe keneh , naon kasěngit bodjona , poma oelah dilanggar, anggoer njingkir ka noe djaoeh , oelah sok rasa mokaha .
10. Sarat katiloena deui, tjaroge djeung garwa tea , koedoe pada silih wowoj , sakarésép -sakatjoea , djeung sabanda -saboga , toenggal sanak, toenggal doeloer , oelah sok beurat sabeulah .
11. Sapérti wargi salaki , oelah sok dibeda -beda , djeung anggap baraja dewek, moenggoeh pangasih -piwělas , nadjan handap bangsana , tapi lamoen bangsa loehoer , tata, basa koedoe beda .
12. Nja kitoe deui lalaki , ka baraja pamadjikan , oelah didjieun noe sedjen , angkën baraja sorangan , sabab lamoen nogentjang , sok matak djadi teu poegoeh , ahir djadi kaběngkahan .
13. Sarat kaopat perkawis , awewe wadjib ngaraksa , beurang -peuting oelah poho , sing bisa njimpěn rasiah , rasiah tjarogena , reudjeung sadjaba ti kitoe, sing bisa noetoep wiwirang .
14. Noetoepan wirang salaki , rea-rea pěrkarana, teu pérloe didjentre-djentre , saperti moen aja semah , koedoe gantjang soegoehan , djeung nembongkeun boedi aloes , anoe matak boengah semah .
15. Tapi moen salah -sahidji , aja anoe pantja-bagah , boh lalaki , boh awewe , soelaja nja pipikiran , koedoe silih hampoera , ingětkeun watekna mahloek , biasa loba lépatna . "
DANGDANGGOELA.
1. Enggeus tamat, pihatoerna nini : „Ngan sakitoe anoe ditjěkělan , noe ditoengkoes dina hate , piwoeroekna nji Goeroe , dilampahkeun siang djeung wengi, alhamdoelillah pisan, katěda, kasoehoen , salami nini lakian , henteu mendak njëri ati , poesing pikir, marga ti ati pasrah .
2. Tina emoet ka wawangsit tadi, saoepami aja kalěpatan, lantaran nini noe awon , poen aki henteu poendoeng , sinarengan teu ngomong běngis , anggoer matja istigpar , noehoen ka Jang Agoeng, mangnědakeun ka Jang Soekma, ěnja eta margi nini bersih ati , teu ara kana moengpang .
3. Kitoe deui oepami poen aki , kataradjang aja kalepatan, djeung hate nini teu tjotjog , koe nini sok diharoe , nanging sanes margi teu soedi , aki gantjang tarima , sarta ngoetjap soekoer , djadi loeloes salamina , běrkah, pasrah disarengan bersih ati , djadi silih hampoera .
4. Sanggeus toetoeg Ningroem soeka ati, bari maos : „ Alahhamdoelillah ." toeloej Nji Koentjen dileler, artos perak saratoes , djeung ngalahir : „Tarima teuing, malah -mandar mangpaat , elmoena katoengkoes , koela bisa ngalakonan , sasat elmoe pasihan goeroe sawargi" , Nji Ningroem amit moelang .
5. Kebat bae Njai Ningroem moelih, pamaksoedna ngadeuheus ka rama, harita rama kasondong , keur tjalik sareng iboe , pok oendjoekan ti awit ngimpi , těpang sareng goeroena , anoe enggeus poepoes . doegi ka toetoegna pisan, sakětjap ge omong nini djoeroe , koentji , teu aja noe kaliwat .
6. Rama-iboe sami soeka galih, ladjeng bae pada maos do'a, hadiah tahlil djeung tasbeh , noehoen ka Maha Agoeng, reh poetrana ditakdir hasil , meunang elmoe lakian , eta noe dimaksoed , moega satěroesna , hasil maksoed saenggoning laki -rabi , kapanggih mangpaʻatna .
7. Sanggeus kitoe soedagar milahir , ka poetrana bari dioesapan , sarta ngaleler panganggo : 77Eh anak ama Ningroem, reh ajeuna elmoe geus hasil , ama tarima hoetang . moega kaboel , los ajeuna geura moelang , masing soehoed ibadah , moedji , ngabakti , něda ka Noe Kawasa .
8. Dido'akeun masing geura hasil , dipasihan djodo noe oetama , noe tjotjog djeung karep maneh ," Nji Ningroem toeloej moendoer , barang enggeus soemping ka boemi , salat doea raka'at. noehoen ka Noe Agoeng, mitoehoe woelang ramana , toenda heula lalakon Ningroem ngabakti , kotjapkeun Abdoelkomar .
9. Waktoe eta tambah mindeng kawin , henteu kaop aja anoe léndjang, moen poeroen disělir bae , tapi oekoer saminggoe . enggeus bosěn dipitjeun deui , diganti koe noe anjar , teu kaop teu soeroep , pirang popotongan , henteu pilih deungeun atanapi wargi , ramana banget soesah .
10. Hénteu lebet nasehat pepeling, toeroeg kana pagawean , henteu pati soson " , tara noeroet piwoeroek, lain tjara noengtik noe geulis , neangan anoe lëndjang, ngoeroep istri aloes , sarěgěp kabina-bina, tina kitoe Hadji Irsad ewed galih, beak akal tarekah .
11. Katjarita dina mangsa hidji , Abdoelkomar eukeur djalan , ningali istri keur ngalong , nja eta Siti Ningroem , poetra istri Seh Aboekasim , soedagar toengtoeng kota , noe geulisna poendjoel , barangna breh katingalan , tjahja mantjoer pameunteuna gilap koening, timpoeh boedi -sěmoena .
12. Abdoelkomar sakalangkoeng brangti , toeloej bae ngoetoes panakawan, nanjaan soeganna daek, baris ditikah isoek, ki Soedagar ngawalon aris , ngawalon ka oetoesan : ,,Katjida nja noehoen , tapi pamenta kaoela, Abdoelkomar moega oelah goegoep teuing, koela rek rěrémpoegan .
13. Reh roemasa koela asal tadi , ance matak sakieu kaboga , kang Hadji Irsad noe mere , modal asalna ratoes , lila reboean ringgit . harta , koela, Doelkomar, persasat noe gadoeh , kabeh noe kang Hadji Irsad , kaoela mah henteu rek ngaleuleuwihi , mawa karěp sorangan .
14. Henteu hade lamoen koerang titi , moenggoeh djalma ngarah kaoetaman , hadena koedoe parele, sing hade oendak -oesoek , salamětna anoe dipambrih , agoeng berkahna sepah , djaoeh ti sisikoe , sabab moenggoeh sepah tea, lamoen njapa, awal-ahir tangtoe djadi, ka anak noe merkela .
15. Komo ieu tambah wadjib , sabab asal lantaran poetrana , běněrna Abdoelkomar teh , patoet moendoet piloentoer, babakoena njoehoenkeun widi , něda ditangtajoengan , ari koela nanggoeng , moal djadi kagagalan , pamentana Doelkomar tangtoe ngadjadi, asal rama ngidinan."
16. Panakawan ladjoe wangsoel gasik , pok hatoeran ka Ki Abdoelkomar , patitis sarta përlente , taja anoe kalaroeng , kasaoeran Seh Aboekasim , Doelkomar soeka manah , njaoer djěro kalboe : ,,Naha eta ki Soedagar , aloes těměn pikirna reudjeung pamilih , magatroe asak sasar ."
MAGATROE .
1. Katjatoerkeun ki Soedagar isoek² , poekoel dalapan geus indit , ka Hadji Irsad ngadjoegdjoeg , měněran Hadji keur tjalik, djeung Abdoelkomar kasondong .
2. Barang djol ge Hadji Irsad ladjěng njaoer : ,,Bagea adi 'Boekasim , mana datang isoek , bangoen anoe perloe teuing, naha aja gawe naon ? "
3. Aboekasim ka Hadji Irsad ngawangsoel : ,,Soemoehoen poerwana abdi , awon henteu kapioendjoek, wirehing dintěn kamari , gandek poetra geus njarios .
4. Kërsa poetra moendoet poen anak Nji Ningroem , saoerna baris dikawin , nja dintěn ieu pisan noen , doepi didjawab koe abdi , ĕngke , njoehoenkeun sarantos .
5. Rehna abdi wantoen kana koemapoeroen , marga koe emoetan abdi , goenggoengan diri sakoedjoer , amběkanana sadami , lěbět kana paripaos .
6. Abdi tea amoeng derěma ngagadoeh , banda sasampeuran jakin, kakang noe kagoengan estoe , menggah tina ieu abdi , dawoeh kakang noe diantos .
1 7. Babakoena naha sakintenna roedjoek , kagoengan minantoe laip, keur bodo teh kirang patoet , teu lajak , pangemoet abdi , estoe matak tampi -raos .
8. Madak roedjoek , dinten mana noe ditangtoe , oepami sakintěn widi , menggah abdi bade toemoet , soepados njoehoenkeun pasti, endjing tanapi pageto ?"
9. Hadji Irsad sangět hemeng dina kalboe, ningali Seh Aboekasim : „Ngomongna djeung pasang semoe , toer ati boedi běrěsih , halna manehna geus njaho.
10. Enggeus mashoer ieu anak aing latjoer , tatapi Seh Aboekasim , kawas henteu ngandoeng sěmoe , pasrahna těroes djeung ati , ajeuna erek disělok.
11. Naha ěnja omongna téroes djeung kalboe, lamoen aja omong salin . njata Aboekasim palsoe , tapi lamoen bersih ati . pangdjawabna moal kagok.
12. Hadji Irsad harita ladjéngna njaoer, ngawalon ka Aboekasim : „Ih adi, geus pasrah kitoe ? ongkoh anak ngan sahidji , moen dibikeun tangtoe poos .
13. Moal djadi samboeng leungeun-samboeng soekoe , ongkoh anak kakang geuning , bodjoanana teu matoeh . nadjan awet lahir -batin, doeriat nepi ka kolot.
14. Moal matak senang ka bapa-ka indoeng , tangtoe djadi roedět pikir , ka oerang mo' daek noeloeng . tangtoe koe awak kaharti . anak didjieun pangmongmong .
15. Boedak bageur bedjana eta Nji Ningroem , sing meunang noe bageur deui , djalma noe toenggal sakoeрое . oelah pisan rek hawatir . risi koe ieu Si Otong .
16. Sabab aja noe kawasa njëkël hoekoem , oepama baring-soepagi . aja niatna moeroegoel . poelisi noe boga wadjib , ngaringkoes djeung ngaborogod ."
17. Pok hatoeran Aboekasim bari toengkoel : „Moegi agoeng sih aksami, sakěti abdi noenoehoen , moegi dipasihan widi . abdi sangët nja hawatos.
18. Rehing abdi kamari njanggéman sanggoep , kakang moal henteu widi , waktos kamari mananggoeng , kantoen henteu widi . abdi kenging nami bohong .
19. Saoer kakang sangět kapoesti kasoehoen , tina koe asa kagalih , disangga sapoetjoek ramboet , pangasih kakang ka abdi , moegi oelah henteu tjios .
20. Abdi soempah moal soebaha kadoehoeng , pěrtjantën ka titis-toelis . lara , bagdja sareng oentoeng , miwah pati rawoeh hoerip, doeriat sareng djodjodo ."
21. Hadji Irsad njaoer sadjeroning kalboe: „Sarehna ki Aboekasim , boedi téroes djeung pioendjoek , tatapi sakali deui, koe aing arek disělok.
22. Sapěrkara koe kami anoe dimaksoed , hajang njaho Aboekasim . djalma dipandjingan elmoe , djeung ahli tekad bërěsih , atawa djalma sabongbrong .
23. Sabab lamoen eta djalma ahli elmoe , djeung ahli tekad beresih , tangtoe noeroen ka Nji Ningroem, hade tekad, bersih ati, koe batoer moal kapojok.
24. Kadoeana lamoen enja ahli elmoe , soegan lantaran ka kami , pigeusaneun anak moeloes , hade lampah , bersih pikir. noeroet ka tabe'at bodjo .'
25. Enggeus kitoe Hadji Irsad ladjeng njaoer, nja eta ka Aboekasim : „Koemaha awak geus maphoem , tjiri djalma hidji² , noe watek sae djeung awon ? "
POETJOENG .
1. Aboekasim ladjeng ngawalonan saoer , sémoe teu mikiran . satjěplakna tina hate. „Tjiri djalma anoe sae opat roepa .
2. Pintěr , singer, tjageur, bageur tjiri aloes , hartos pinter tea , babakoe oeteukna entjer, sagala hal gampil pisan kahartosna.
3. Kitoe deui, tata-titi , tindak -tandoek , doedoega përjoga , tata tingkah djeung pasěmon , oetjap , kétjap , lakoelampah , teu katjawad .
4. Doepi singer, hampang birit tara moemoel , teu aja kasoengkan , kana daměl rikat sae , menggah tjageur , hartosna tara oedoeran .
5. Hamo oedoer margi metakeun paněтое , ngelmoe sareng prakna, awon pahing, sae anggo , barang toeang oge tara sambarangan .
6. Kétjap bageur, hartosna toemoet piwoeroek, sabar toer tawěkal , tara ngarinah , ngabohong , těměn wěkël kana lampah kasaean .
7. Tjiri awon, opat keneh kaoelanoen , eta sawangsoelna , bodo , bojot, gering goreng , doepi bodo , saniskanten teu kapaham .
8. Bojot tea , liat birit sareng moemoel , kana padamělan , leleda sareng talangke, ari radjeun, koedoe bae hoemandeuar .
9. Basa gering , hate soesah djeung ngoeloewoet , awak ngarakatjak , něda tjěmi , kirang sare , kětjap goreng , salakoe - lampahna sasar .
10. Djalma bodo -bojot-gering -goreng tangtoe , djalan-djalan bahla, dagang , tani bodjod bae, djadi pangkat teu kaoer balas dilepas .
11. Moeng sakitoe paměndak abdi noe timoe, oenggal djam teu lepat, hantëm dilënjepan bae , anoe mawi ti kapoengkoer aja hibar .
12. Salamina enggon -enggon dagang oentoeng , taja sadjawina . ti njingkahan lampah awon . noe dilarang koe agama djeung drigama. "
13. Hadji Irsad mesëm barina toemoengkoel , njaoer dina manah : „Aboekasim djalma soleh , estoe enja hade téroes djeung hatena ."
14. Abdoelkomar obah sila bari toengkoel , raos disindiran , aja manah arek kapok . baris noenda lakoe anoe awon tea.
15. Hadji Irsad harita ladjéng ngadawoeh , ka ki warang bakal , „Lamoen kitoe hade bae . Abdoelkomar minggoe hareup koedoe nikah .
16. Moega djadi lantaran moeloes -rahajoe , sing saleh hatena , djeung Nji Ningroem těpoeng djodo , pada meunang rahmat ti Allah ta'ala . ”
17. Ladjěng moendjoeng Aboekasim bari matoer : „ Sakalintang bingah , něda djiad kakang bae , moegi -moegi kapalaj masing laksana .
18. Toeang -poetra djadi panoetan Nji Ningroem , doegi ka djoetjoengna , manahna salin toer saleh ." sanggeus toetoeg Aboekasim amit moelang .
19. Enggal bae ti harita geus saminggoe , goejoer sanagra , djalma ka wetan-ka koelon, geus tarapti Hadji Irsad baris pesta .
20. Gantjang boekti da poegoeh sagala tjoekoep , teu aja kakoerang, Abdoelkomar rek panganten , ka Nji Ningroem kalawan roedjoek sepoehna .
21. Boedjeng bae geus beres nikahna Abdoel , katjida boengahna , sareng garwana ngarendeng , dina korsi sabab rek disawer heula.
22. Hadji Irsad ka Aboekasim pok njaoer : „Eh, ajeuna warang , panganten geura pek sawer, sakalian kakang sědja wakil moetlak ."
23. Ladjeng nangtoeng Aboekasim oendjoek hatoer: „Dawoehan soemangga ." Enggal majoen ka panganten , djěmpling-repeh teu aja anoe njoara.
SINOM .
1. „Sekar sinom biantara, noe djadi sesëmben resmi , mědal tina kabingahan, noe samar geusan tinanding, menggah raosna ati , lir kagoentoeran mamadoe , reh sami rido manah , para kadang-koelawargi , pradjoeragan sépoeh -anom loentoer kersa.
2. Kasoehoen kalinggamoerda , tawis mitjinta -miasih, kěrsa soemping ngaloeoehan , kana ieu pesta kawin , teu pandjang hatoer deui , geus kantenan sami maphoem , da kawakilan moetlak, sanes kirang hoermat-ta'dim, tah, sakieu boektina kadar Pangeran .
3. Sareng agoeng pangaksama , teu djadi barëndoe galih , bade njělapkeun papatah , malar kapieling -eling , něda berkahna deui , ti sadaja noe kasoehoen , ka anak doeanana , rehna němbean pinanggih , dinten ieu parěng kadjodokeunana.
4. Doeh oedjang ki Abdoelkomar , reudjeung Siti Ningroem njai , regépkeun ieu piwoelang , tjangreud dina djěro ati, koe ama teu dipilih , doeanana oge pěrloe , njai sarawoeh oedjang , ama noe kagoengan wadjib, pikeun moeroek kana lampah noe oetama .
5. Seg ajeuna koe doeaan , lënjepan masing kaharti , mana djalan noe oetama , lampahkeun sing ati² , djělěma teu oetami , koedoe singkahan sing djaoeh , tapi ieu piwoelang , pondokna bae dipětik , ěnja eta sangkan gampang kahartina .
6. Sareh maraneh ajeuna , dikadar koe Maha Soetji , lahirna koe karsa ama , reudjeung doe'a para wargi , diparěng laki -rabi, djodjodon tiněmoe patoet , těpoeng sasat ka warga , ama banget boengah ati , soeka -soekoer ka Allah noe sipat rahman.
7. Oepama ieu piwoelang , koe Oedjang rendjeung koe Njai, diestokeun énja , insja-Allah lahir -batin , djaoeh tina balai , rahajoe saliring lakoe, moenggoeh wintjikanana , pilampaheun noe oetami , tah , disěboet koe ama ieu di handap.
8. Nomer hidji babakoena , lampah anoe laki -rabi, perloe koedoe satabe'at . roentoet -raoet djadi hidji , těgés roentoet teh rapih . rara djeung bagdja saloeloet , oelah soelaja lampah . reboet -oenggoel , adoe moekti , koedoe noeroet woeroek sepoeh noe baheula .
9. Lantaran rapih teh opat , hidji, pada bogoh sami. doea silih pikaroenja , tiloe silih bela -pati , djeung kaopatna deui , pada narimakeun oentoeng , eta lampah noe opat , panjangtjang doeriat pasti . lambat-lamboet djodjodon pada manisma .
DANGDANGGOELA .
1. Nomér doea moenggoeh lakoe istri , ka tjaroge koedoe banget hormat, oelah tjolontrongtjolonos , koedoe sing lemah -lemboet , tata -basa djeung boedi manis , djeung naon parentahna , salaki noe patoet , oelah pisan rek dipoengpang , sakoeatna lampahkeun sing ati² , sangkan tjarage soeka .
2. Sabalikna salaki teh misti , ngoepamakeun sakadar pantěsna , garwa oelah didjodjore , matak dioenghak batoer , těmah henteu aja pangadji , djeung naon pirěmpoegna , garwa teh noe patoet , toeroetkeun djeung sapantěsna , oelah mikir doemeh lalaki teu misti , mitoeroet karěp garwa.
3. Eta pikir anoe kitoe pasti , bakal noengtoen kana pasalia , těmahna djadi tjerewed, réboetan silih toendjoek , anoe matak perloe dipilih , nadjan pirěmpoeg garwa, moen patoet ditoeroet , nja hade pisan pilampah , ngan kadjaba noe matak mala ka diri, eta koedoe dipoengpang .
4. Tapi koedoe dadarkeun sing titi , sangkan ngarti sababna dipoengpang , soepaja oelah tjerewed, demi lampah katiloe , Njai poma sing eling³, oelah sok timboeroean , matak poegag lakoe, salaki teu meunang liar, ngala kaja ngoepaja njiar rědjěki , témah kěrěp pasea .
5. Soemawonna moen salaki Njai , tjékěl gawe ngolahkeun nagara , eta mah wadjib didjorog , těgěsna didjoedjoeroeng , sangkan oelah ninggalkeun wadjib , karana lamoen tinggal , pinasti dihoekoem , gorengna dilepas pisan , rara -wirang kapanggih koe awak Njai , djalan sok timboeroean .
6. Oedjang oge poma masing eling , oelah boga lampah timboeroean , tapi djaga masing hade , sangkan oelah milakoe, lampah anoe henteu përjogi, saperti leuleumpangan , ka noe rada djaoeh , sorangan taja batoerna , nadjan beurang , soemawonna moen ti peuting , eta wadjib didjaga.
7. Enja eta koedoe djeung pangiring, sarta koedoe reudjeung mawa damar, Wawatjan Abdoelkomar . 3 teu meunang leumpang mopoëk , sanadjan rea batoer , koedoe bae sing ati² , hargakeun sapantesna , soepaja disěboet , djatnika taja koetjiwa , pambrih leungit ati ringrang , inggis , risi, kasmaran timboel njaah .
ASMARANDANA .
1. Noměr opat eling2 , maneh Ningroem anak ama , oelah pisan sok milakon, pěpěrědih barang penta , kira salaki soesah , menta barang noe teu patoet , saperti noe mahal -mahal .
2. Noe katimbang koe salaki , moal koeat meuli eta, koe sabab harěga gěde, atawa langka ajana, diajana ge anggang , koedoe njiar ka noe djaoeh , reudjeung make ongkos loba .
3. Tapi oedjang koedoe milih, saoepama pamadjikan, měrědih noe enteng -enteng , atawa barang noe moerah , noe kira baris koeat , nja hade koedoe ditoeroet , sakadar reudjeung pantěsna .
4. Sarta kalimana deui , saoepama pamadjikan, parěng hidji poë , aja kaloepoetanana , milakoe anoe salah , noe pantes pikeun dima'loem , eta koedoe dihampoera .
5. Njai ge nja kitoe deui , oepama salaki salah , njorang loepoet salah gawe , nja koedoe gede hampoera , oelah sok këkërëngan , pasea paharoes -haroes , katangar koe anoe lian.
6. Babakoena lamoen manggih , lakoe noe matak amarah , sing daek ngelehan maneh , sabarkeun salasa oerang , oelah patjental - tjental , nja eta soepaja loeloes , pada roentoet -rapih tea .
7. Tapi noe leuwih oetami , saoepama aja lampah , noe kira matak tjerewed, atawa matak pasea , pěrloe salasa oerang , gantjang njingkah pindah dioek, ngantian leumpeuh amarah .
KINANTI .
1. Noměr gěněp noe disěboet , kawadjibanana istri , nja eta ngoeroes di imah, beberes djeung běběrěsih , nata roepa -roepa barang , sakabehna eusi boemi .
2. Përěnahna dipapatoet , mana noe pantes di sisi , sarta noe pantes di tengah , ditata oelah pahili , soepaja aloes patoetna , katendjo beres , bërěsih .
3. Tapi lain woengkoel ngoeroes , noe aja di djěro boemi , nadjan di loeareun imah, mana noe pantes koe istri , miloe ngoeroes meta -měta, kilangbara prak pribadi .
4. Saboetoehna miloe ngatoer , mělak kembang noe sareungit, dina djěro kěkébonan , djeung boeah noe amis , sarta noe aja goenana , pantés dipělak di pipir .
5. Soemawonna miloe ngoeroes , kamoekten bangsa rědjěki , njiar sandang reudjeung pangan , ngadeudeul -deudeul salaki, eta mah përěloe pisan , istri koedoe miloe mikir .
6. Ari noměr noe katoedjoeh , pěrloena noe laki -rabi, koedoe hade djeung tatangga , rikrik seutil koe rědjěki , soepaja silih toeloengan , waktoe kasoesahan ati.
7. Lamoen njai pareng noedjoe , kasemahan para wargi , eta koedoe gantjang-gantjang, panggihan djeung bear boedi , tanda boengah kaandjangan, sangkan semah ngeunah ati .
8. Oelah mesoem goreng sěmoe , djiga noe teu soeka ati , kadatangan kadang -warga, matak djadi kembang biwir , popojokan semah ngandjang , diséboet běděgong , děgig .
9. Piwoeroek ama sakitoe , maneh sing areling-eling , toeroetkeun oelah dipoengpang , soepaja salamět diri , ti doenja rawoeh aherat , oelah manggih sanggaroenggi " .
10. Tamat mariěm djoeměgoer , tatabeuhan kabeh moeni , panganten sami moendjoengan , ladjěng lěbět ka djro boemi , gër pesta rame katjida , toedjoeh poëtoedjoeh peuting.
1. Henteu pandjang ditjarita , pesta ti beurang-ti peuting, rada koerang paedahna , woewoeh matak rea toelis, diboeroe anoe hasil , dibantoen anoe përěloe , tjarita lalakonna, Abdoelkomar sanggeus kawin , djeung Nji Ningroem estoening sami asihna .
2. Estoe taja koetjiwana , asihna paměget -istri , sami silih mongmong karsa , estoening djadi sahidji , Nji Ningroem komo deui , nětěpan piwoeroek goeroe , ngalampahkeun elmoena , banget bageur ka salaki , tina sabab kitoe eta Abdoelkomar .
3. Ka garwana woewoeh njaah, adat roetjah djadi leungit , tjěpět kana padamelan , sering dianggo wawakil , ngaronda ka noe tebih, ngantorna ge oenggal isoek, marios padamělan , Hadji Irsad senang galih , reh ningali poetrana sae lampahna .
4. Malikan deui tjarita , soepaja djadi patitis , ambeh poegoeh kahartosna, koe noe ngaos , koe noe ngoeping , kotjap Doelkomar tadi , samemeh nikah ka Ningroem , boga istri boenian , tiloe kabeh beunang njëlir , bangsa istri anoe sarasab lampahna.
5. Sanggeus sělirna tarěrang , jen Doelkomar woewoeh asih , ka garwana anoe anjar , kabeh pada sirik ati , pada sieun kasisih , gantjangna istri noe tiloe , barěng pada ihtiar , goegoeroe ka ahli sihir , menta djampe asihan djeung pitjeutjeuban .
6. Soepaja ki Abdoelkomar, ka manehna asih deui , tjeutjeub ka garwa noe anjar , sakitoe anoe dipambrih ; tjotjobaning Jang Widi , paněda sělir didjoedjoer , toeměrap ka Doelkamar , soemeredet dina galih, banget ngangrès sono ka istri boenian .
7. Manah Doelkamar teu tahan , ka sělir pikirna meulit , Siti Ningroem katingalna , ngadjědig siga běběgig , seurina matak idjid , tingkahna moetoeh teu loetjoe , roesras ka noe tiloean , seblak manah djeung ngagidir. teu pamitan leos neang noe tilioean ,
8. Moeter kilir tiloe tempat, ka Nji Ningroem mah teu eling, geus pirang lawasna, teu ara pisan dikilir, kana damělna mangkir , geus lami teu ngoeroes boekoe , Nji Ningroem katjarita , ngalahir djeroning ati, adoeh ieu , aing teh njandang tjotjoba.
9. Hidji , njoba kasabaran , koedoe pasrah kana takdir , kadoeana koedoe bisa , noetoep tjatjadna salaki , kabeh tjatjad salaki , wadjib ditoetoep , dirimboen ajeuna Abdoelkomar , keur ditakdir bingoeng pikir, deudeuh teuing, moen kadangoe koe ramana.
10. Nji Ningroem neangan akal , soepaja oelah katjiri , jen tjarogena teu aja, pek masangkeun medja toelis, reudjeung sadia deui , samping, badjoe , ikět, saboek , lengkep sapanganggona , djeung dibanding kertas mangsi , digělarkeun dina kamar panjeratan .
11. Keur kitoe datang oetoesan , panjaoer soedagar Hadji , Nji Ningroem gantjang ngadjawab : ,,Bieu di dinja keur noelis , moendoet panganggo bersih , saoerna mah erek madjoe , tah geuning panganggona , taksiran angkat ka tjai, kěrsa siram, rek ngantor, tjaritana mah . "
12. Barang oetoesan geus moelang , Nji Niroem miwarang istri, oendjoekan ka tjarogena , sakadar hatoer tingali , disaoer koe Pa Hadji , pěrloena ngadjak barěmpoeg , sarta geus diwalonan, jen akang noedjoe di tjai , kěrsa siram, rek angkat ka padamělan .
13. Kitoe bae salawasna , tapina soedagar Hadji , pikirna henteu përtjaja , toeloej ngoetoes hidji abdi , koedoe ngintip ngalingling , Doelkomar tjaroge Ningroem , koema ' noe saběněrna , lakoe - lampah anak kami , sabab kami banget koe hěnteu përtjaja .
14. Naha běněr pang ajana, atawana henteu sidik , geus mangkat noe dipiwarang, hidji djalma noe përjogi, ka tempat tiloe istri , oetoesan meunang pitoedoeh ,
Doelkamar geus kapendak , noedjoe babarengan tjalik, barang reret , Doelkamar ka djěro ngědjat.
15. Oetoesan pek ngadeukeutan , bari tataros ka istri , koemaha kiliranana , istrina ngawalon gasik : „Woengkoel bae di koering , tara kilir ka Nji Ningroem , geus pirang-pirang lawas, malah ka noe doea deui , sami bae tara pisan dikiliran ."
16. Oetoesan narosna mapaj , ka imahna selir-selir, kabeh saroea djawabna, hajang katangar diasih , oetoesan gantjang balik , sadatangna pok pihatoer , teu aja noe kaliwat , sakoemaha noe kapanggih, Hadji Irsad bendoe koeměntab manahna .
DOERMA.
1. Toeloej bae harita ge miwarangan, gandek njaoer djroetoelis , anoe kapërtjaja , kolot loba loeangna , geus těpoeng djeung djoeroetoelis , gandek hatoeran : "Disaoer koe Mas Hadji."
2. Toeloej indit djoeroetoelis roeroesoehan , geus marěk ka ki Hadji, Hadji njaoer kěras : „Nja gagal anak oerang , djadi teu salah sahidji , pada paloengna , djeung anak Aboekasim ! "
3. Djoeroetoelis kaget barina hatoeran : „Engke , djoeragan Hadji , koemaha margina , abdi teu atjan terang , pěrdjalanan poetra tadi , sareng garwana . " Hadji toeloej ngalahir :
4. „Anak kami datang adatna katoekang, roetjah sarta mělěntjing , ongkoh lawas pisan , tara ka pagawean , gawena beurang djeung peuting, ngilir sěliran , poho ka anak-rabi .
5. Tatapina koe Nji Ningroem dikiloengan, bangět dipinding -pinding, soemawon oendjoekan , jen kitoe loemampahna , anggoer seg diboeni -boeni , pagar keur siram, kami banget teu soedi .
6. Běněrna mah Nji Ningroem geuwat bebedja , oelah diboeni -boeni , lampah salakina , soepaja kaoeninga , kami banget henteu soedi , ka doeanana , taja salah sahidji ! "
7. Djoeroetoelis toeloej pok njoendoel dawoehan : „Koemawantoen sim koering, njëmbahkeun doedoeka , reh abdi koemalantjang, jaktosna mantoe sadjati , istri sampoerna , tjěkap těmah -wawadi .
8. Anoe kitoe istri kaetang oetama , tina saratoes hidji , moeng mantoe gamparan , noměr hidjina sabar , kadoeana pasrah ati , noe katiloena , noetoep tjatjad salaki .
9. Sarěng noetoep kalingsěman měrětoea , marga gamparan pasti , koe tjatjadna poetra , tinangtos kalingsěman, koe mantoe dipinding-pinding, oelah katara , sakitoe noe dipambrih."
10. Djadi lemper harita ge Hadji Irsad , ladjengna njaoer rintih : „Koemaha pětana , sing bageur Abdoelkomar ?" Djoeroetoelis walon ta'dim : „ Pikir abdi mah , poetra teh noe sajakti .
11. Moal lepat keuna koe djampe wisaja , nja eta elmoe sihir , doepi keur landongna , pitoeah ti poen bapa , estoe henteu aja deui , ngan kedah meuntas , ngoembara masing tebih .
12. Ameng -aměng ngadjadjah ka noesa -noesa , ningali nagri-nagri, timbalan iskola, njiar tjonto toeladan , noe sae di sanes nagri, sing jasa noelad , moen engke pareng moelih .
13. Da geus tangtos moen dipandjangkeun joeswana, meureun diseleh waris , ngadjalankeun oeang , moen paham adat -adat , djalma di sanes nagari , lampahing dagang , wande pinanggih moekti .
14. Adat goreng sok salim adat sampoerna , kitoe paměndak abdi , noe baris njarěngan , abdi ge teu pamběngan , lamoen engke gagal deui , dalah koemaha . ihtiar eta wadjib ."
15. Hadji Irsad soeka boengah , pok nimbalan : „ Teu borong djoeroetoelis , kakang sědja pasrah ; los , atoeh geura dangdan ! '' Djoeroetoelis toeloej indit , sasadiaan , kotjap enggeus sajagi .
16. Kapal reudjeung roepa -roepa sasangoean , soemawonna noe ngiring, pirang-pirang djalma, milih anoe përjoga , djongos , baboe sarta koki , koema biasa, ngiring soedagar soegih .
17. Geus sadia Ki Djoeroetoelis hatoeran , ngoendjoekkeun geus sajagi , Ki Hadji nimbalan, miwarang njaoer poetra , teu lila Doelkomar soemping , pok didawoehan : „Eh oedjang , boeah ati.
18. Reh ngan maneh anoe djadi anak ama , noe bakal nampa waris , oelah kadjongdjonan , pěrloe koedoe ihtiar , neangan elmoe pangarti , djeung loeang - loeang , tjonto ti sedjen nagri .
19. Koedoe leumpang, iskola ka nagri lian, sing njaho nagri -nagri , ngalap keur toeladan , babakoe lakoe dagang , moen agoes geus nampa waris , teu djadi soesah , mětakeunana doeit .
20. Poë Sënen ieu, oedjang koedoe iang, ngan opat poë deui, hendjig geura dangdan , mang 'Oelis noe marengan . " Doelkomar indit teu pamit, bawaning soengkan , pikirna asa ngimpi .
21. Toeloej moelih ka pondokna sělir tea , ka Ningroem mah teu mampir , djol datang bebedja , jen geus meunang timbalan, iskola ka oenggal nagri, ngadjadjah noesa , noe tiloe boeah ati .
22. Pada pěsěn něda dikintoen pakean , měsënna warna roepi , Abdoelkomar boengah , ladjengna ditjatetan , ditoelis dina notisi , pikeun elingan, mangke sasoemping -soemping .
23. Kana tempat nagri anoe didatangan , soepaja oelah lali , kotjapkeun gantjangna , něpi kana waktoena, Doelkomar enggeus tarapti , ladjengna angkat , diaping koe Mas 'Oelis .
24. Dina waktoe Doelkomar di palaboean , Nji Ningroem meunang warti , jen tjaroge djěngkar , rek ngadjadjah nagara , toeloej ngoetoes hidji istri , njanggakeun arta, reana opat ringgit .
25. Saoer Ningroem : „ Sanggakeun ka kang Doelkomar , oendjoekkeun , aing titip , oelah henteu meunang , pangngagaleuhkeun „akal, " anoe kalintang përjogi," oetoesan loempat , njoesoelkeun eta doeit .
26. Barang tepoeng oetoesan djeung Abdoelkomar , těroes njanggakeun doeit, barina oendjoekan : „Saoer rai gamparan , ieu doeit opat ringgit, keur meuli „ akal, " anoe langkoeng përjogi."
27. Geus ditjandak eta doeit koe Doelkomar, tatapi teu digalih, silokana garwa, sabab manahna bingbang , kasapoet koe bingoeng pikir, ka selir beurat, kotjapkeun geus tarapti .
28. Bongkar djangkar , měsinna enggeus dipasang , kapal madjoena tarik , di laoet teu kotjap, kotjapkeun saban handjat , di oenggal nagara mampir , moeka tjatětan , pěsénan sělir tadi .
29. Pendekna mah henteu aja noe dimanah , saban manggih nagari , ngagaleuhan barang , roepa anggoan , nja eta pikeun mimingkis , noe tiloe tea. ka garwa mah teu eling .
30. Sanggeus toetoeg raosna ki Abdoelkomar , pěsěnan sělir hasil , kérsa bade moelang , djangkarna geus dibongkar , kapal madjoe leuwih tarik , nanging kapěgat , koe angin moendoer deui.
31. Henteu ladjoe, kapalna malik ka toekang , weleh digalar -gilir, geus kitoe Doelkomar, mariksa ka sadaja : ,,Koemaha noe geus kapanggih , loeang ka toekang , moen kapal poentar-poentir ? "
32. Pangiringna noe pangkolotna ngadjawab : „Menggah adat sasari , moen kieu pětana, sok aja noe kaliwat , pěsěnan noe tatjan. hasil , " Abdoel ngamanah , bari moeka notisi .
33. Diilikan dina sagala tjatetan , sakabeh ge geus hasil , taja noe kaliwat , geus kitoe Abdoelkomar , kěrsana erek disalin , njandak raksoekan , beh , doeit opat ringgit .
34. Němbe eling, jen aja pěsěn garwana, estoe teu atjan hasil , koedoe meuli „ akal " , anoe leuwih përjoga , koe doeit noe opat ringgit, toeloej Doelkomar, miwarang ka moealin .
POETJOENG .
1. Pok miwarang : „Geuwat noeroenkeun parahoe , oerang handjat heula, djeung batoer sakabeh , sabab aja pěsěnan anoe kaliwat .
2. Pamadjikan anoe ngaran Siti Ningroem, titip meuli „ akal " , noe pěrjoga sarta hade , atjan meunang , ajeuna oerang neangan ."
3. Tjek moealim : „ Moal sae koe parahoe , ieu bae kapal , parahoe mah moal tereh , dibiloekkeun," kotjap asoep ka moehara .
4. Abdoelkomar handjat ka nagara asoep , njandak hidji rentjang, nanggoeng pajoeng , soetra , loket, reudjeung doeit reana sareboe pasmat .
5. Soep ka pasar kana oenggal toko asoep , rek ngagaleuh „akal ", tatapi taja noe mere , oenggal djalma njěboetkeun : „ Soedagar edan .
6. Taja „akal " anoe didjoeal di waroeng , bari teu kalampah, tatjan manggih saoemoer ge, ngan silaing , soedagar tangkoelak „ akal. "
7. Atoeh loepoet sadjero nagri teu nimoe, noe ngadjoeal „ akal, " Abdoelkomar ladjoe bae , asoep kampoeng doeaan kaloenta-ioenta .
8. Saban manggih djalma teu dipilih patoet , toeloej dipariksa : „Soegan boga „ akal hade " , rek dibeuli koe koela sareboe pasmat .
9. Enggeus běběs dina oenggal -oenggal kampoeng, taja noe kaliwat , lemboer diasoepan kabeh , henteu meunang , anggoer mah pada njarekan .
10. Abdoelkomar toeloej oenggah kana goenoeng , kapareng keur nandjak, diboeroe gantjangna bae , gok patěpoeng djeung aki² saoerang .
11. Nanggoeng soeloeh sarta ditoempangan daoen , toeloej dipariksa , sarěng diadjakan ngaso , tjek Doelkomar : „ Soegan aki boga „ akal ."
12. Lamoen boga koe koela dibeuli tangtoe , sareboe wang pasmat , malah ieu doeitna ge," kaběněran ti dinja lantaranana .
13. Pok ngawalon, aki bari imoet : „Aki boga „akal," paranti milih awewe, anoe sae djeung noe awon itikadna .
14. Saoepama boga bodjo doea -tiloe. soemawon moen opat , mana noe hade noe goreng , diakalan soepaja oerang oeninga .
15. Mana istri anoe itikadna aloes , pasrah kana kadar, narima kana papasten , ka tjaroge henteu sědja pangalapan . "
16. Abdoelkomar njoesoel pihatoerna sépoeh : „Koemaha „akalna," geura sok, kaoela nendjo , rek ditampa koe kaoela diwadahan ."
17. Tjeuk ki Sepoeh : „Boga sabaraha agoes , reana geureuha ? " Abdoelkomar gantjang bae , ngawalonan : „ Pamadjikan koela opat ."
18. „Mangga agoes , ari datang koedoe njamoer, djeung oelah ti beurang , soemping teh koedoe geus poëk, sarta salin panganggo noe tatambalan .
19. Pok popojan ka garwa, djeung sěmoe měsoem : Tiwas di laoetan , 77 kapal bědjad , batoer paeh , barang beak, taja anoe katoeloengan .
20. Malah-malah kami henteu mikir hiroep, tjeuk waktoe tadi mah , ngan pareng hadena bae , eukeur ngaloen , kapanggih koe kapal lian .
21. Toeloej bae kami teh didjieun matroes , koe noe boga kapal , henteu digadjih sagoweng , sabab kami didjieun djalma beulian. "
22. Mana istri noe daek nampa ka Agoes, eta noe oetama , tjiri djalma bersih hate , sarta beunang dipigarwa salamına.
23. Mana anoe teu daek nampa ka Agoes, oelah dipiara , tjiri-wantji djalma goreng, ěnja eta awewe noe pangarahan .
24. Dibasakeun eta istri anoe kitoe , daek di hadena , moal njaah ka tjaroge , ngan sakadar soeka , doemeh loba oeang .
25. Ari istri noe sadjati lain kitoe , tjaroge tjilaka , tarima kana papasten , lara -bagdja geus kadar awak doeaan .
26. Tah, sakitoe , „ akal " kaoela teh , Agoes, mangga geura tampa , djeung koe Agoes geura pake ." Abdoelkomar ngalahir : „Koela tarima .
27. Geura tampa ieu doeit teh sareboe ! " ki Sěpoeh ngadjawab , bari leungeunna kekepes : „Teu biasa koela boga doeit loba .
28. Wantoe -wantoe kaoela saoemoer hiroep , djělěma waloerat, njatoe ladang soeloeh bae , henteu wërat ngampihan doeit reboean .
29. Inggis teuing koela ditěrěka batoer , disěboet ngabangsat , atawa rea noe iren, pada sirik ka koela hajang maehan .
30. Ajeuna mah koela něda anoe patoet , ka awak kaoela , doeit opat ringgit bae. sakitoe mah kaoela werat ngampihan .
31. Tangtoe boeni, moal katara koe batoer, " ti dinja Doelkomar, enggal bae moeka loket. dibidjilkeun doeit opat ringgit tea .
Wawatjan Abdoelkomar 4
MIDJIL .
1. Dilelerkeun doeit opat ringgit, titipan bareto , aki-aki gantjang nampa bae , hatoer noehoen , djeung soeka ati , toeloej pada pamit, sami moendoer .
2. Katjarita Doelkomar geus soemping , ka kapal geus andjog , matros saradia kabeh , tarik djangkar geus moetër měsin , těroes lajar tarik , loemampahna ladjoe .
3. Henteu aja lampah tjara tadi , kapal loea -leo, ajeuna mah djalan teroes bae , kana oenggal poelo teu mampir , da kabeh lastari , henteu aja pěrloe .
4. Henteu kotjap lilana di tjai , kotjapna bae djol , pada soemping ka nagarana teh , pek balaboeh waktoe keur lingsir , barangna reup peuting , pek Doelkomar loengsoer .
5. Kërsa moelih ka nagri ti peuting, djeung njalin panganggo , sing sĕrĕwa tatambalan bae , henteu njandak rentjang sahidji , soempingna mimiti , ka sělir noe tiloe.
6. Pangheulana ka noe noměr hidji , ngětok panto, pok mariksa eta awewe teh : „Saha eta , anoe di pipir ?” Doelkomar ngalahir , ngawalonan saoer .
7. „Abdoelkomar nja salaki Njai , geuwat boeka panto ! djadi hina ajeuna kami teh , toeroeg ama teh deui , katjida ka kami , datang ka teu ngakoe .
8. Ari pokna ama teh ka kami : „Haling , sia mantog ! keur ngaroeksak, ngawiwirang kolot ! " barang panto moeka , gok panggih , istrina ningali , barina djamědoed .
9. Ladjěng bae Komar njaoer deui , Djeung njoesoetan panon : „Adoeh, Njai, oelah leutik hate, rehna kakang datang geus laip, djeung teu mawa ridjki , ngan badan sakoedjoer .
10. Ajeuna teh kakang hajang salin, ngaganti panganggo , geura tendjo ieu , roebat -rabet ! " Awewe teh ngawalon bengis , sarta goreng boedi , pokna : ,, Noeroestoendjoeng !
11. Da kami mah teu boga salaki , kawas anoe gelo . hajoh njingkah , tong ka dieu maneh !" Abdoelkomar djoeng indit deui, ka noe hidji deui , djeung ka noe katiloe .
12. Kitoe bae pangwalonan sami , njěboet : ,, Soegan gelo , moen ěnja ge salaki kami teh , barang kirim , lain bet roedin , eboeng , hajoh indit , teu hajang , teu boetoeh .
13. Bogoh soteh , lamoen loba doeit, tjara keur bareto , eukeur kasep pinoeh koe kamoekten , ajeuna mah teu soedi njigtjrig , ka djalma geus roedin . talak kami , tiloe !
14. Anggoer kami rek neangan deui , noe beunghar noe tjotjog , da kami teh masih pajoe keneh , hajoh , njingkir ka ditoe , roedin ! " Abdoelkomar indit, njaoer djěro kalboe :
15. „Ah, tetela, geuning kabeh iblis , bět kakara njaho, mana horeng goreng hate kabeh , bongan aing , noe tjoepět pikir, noe kitoe dikawin , kabongroj koe ajoe .
16. Tjing ajeuna rek njoba Nji Siti , naha djalma serong , atawana naha bersih hate ?" Ladjeng bae didjoegdjoeg gasik, teu lila geus soemping , Doelkomar tjoeměloek.
17. Barang Njai Siti Ningroem ngoeping , andjeunna teu poho , geus tetela jen gentra tjaroge , enggal nondjol ti tengah boemi , barangna ningali , sidik Komar -Abdoel .
18. Heg dirangkoel barina djeung nangis : „Engkang teh koe naon , anoe mawi doegi ka kieu teh ?" Abdoelkomar ngawalon gasik, sapěrěti tadi , tjek aki di goenoeng .
19. Siti Ningroem banget ngangrès galih, los njandak panganggo , tjarogena dipisalin bae , bari henteu pegat djeung nangis : „Doeh , panoetan abdi , kasmaran saoemoer .
ASMARANDANA .
1. Langkoeng soeka -doeka abdi , doepi anoe djadi doeka , ĕngkang bět nandang prihatos, pohara tampa tandingna , kalěboeh di laoetan , toeroeg - toeroeg ama -iboe , teu bisa ngangkěn ka engkang .
2. Anoe djadi bingah ati , engkang aja noe noeloengan , koe oerang kapal noe sanes , kantenan meureun engkang mah , bingah margi nandangan , tjatjakan abdi ge estoe , reboe -laksa kabingahan .
3. Reh engkang soemping ka boemi , teu aja sakara -kara, moegi saladjengna bae , ginandjar kawiloedjěngan, tong njorang deui bahla, reboe noehoen ka Jang Agoeng , djembarna ka noe noeloengan .
4. Ki Abdoelkomar ngalahir , dina salěběting manah : „Estoe ieu istri saleh , anoe hade dipigarwa , tjek aki -aki tea , noe parěng tepoeng di goenoeng , noe mere boeboeka „akal."
5. Ladjěngna njaoer ka rai : „Doeh Ningroem intěn berlian , nja Enoeng garwa engkang teh , anoe hade patekadan , panoetan salawasna , ĕngkang soempah taroh oemoer , lamoen ti sěmět ajeuna .
6. Ka hareup rek njorang deui , lampah anoe goreng tea , moegi Jang Widi sinaksen , njaksian soempah si kakang, moega oelah djamoega , lahirna ti para sěpoeh , batinna Allah ta'ala.
7. Sarta moal deui-deui, boga lampah noe ka toekang, ka Enoeng rek ngadjodjore , Enoeng teh panoetan engkang , lahir -batin mo' tinggal, tah soempah engkang sakitoe , moega koe Enoeng saksian.
8. Ajeuna dangoekeun Njai, engkang rek dadar pamendak , lampah anoe geus kalakon, tjeuk engkang , engkang tjilaka , kaléboeh di laoetan , saěnjana eta wadoel , noe poegoeh eta teh „ akal. ”
9. „Akal " anoe beunang meuli , doeitna ti Enoeng tea , koe engkang kaharti kabeh , sartana enggeus karasa, lampah pait-peuheurna ," lalakon ki Komar -Abdoel , didadarkeun ka raina.
10. Njai Ningroem nangis deui, tina kaliwatan boengah , wireh ngadangoe tjaroge . sasaoeran totobatan , baris saleh djeung sabar. kotjapkeun bae geus isoek, Doelkamar marěk ka rama .
11. Oendjoekan lalakon tadi , gěmět taja noe kaliwat . tatag , patitis , pērlente . ti poerwa doegi wěkasan . sadajana didadar, tjara wengi ka Nji Ningroem , teu aja pisan bedana .
12. Hadji Irsad soeka galih, ngadangoe pihatoer poetra , reh poetrana geus roemaos , ageung kalepatanana , ari ajeuna tobat, lakoe - lampah noe ka poengkoer , henteu sědja dilakonan.
13. Ka Nji Ningroem malik asih , didaměl garwa poesaka , dianggo toeladan gede , njata jen saleh manahna . estoe ati sampoerna , djeung roemaos dipitoeloeng , kana djalan kasaean .
14. Katjap Doelkomar kawarti , henteu lawas ti harita , ladjeng angkat ka pasantren , kalawan widi ramana , sareng garwa teu tinggal , mahamkeun sagala elmoe , bagbagan hiroep sampoerna .
15. Boeboehan aja ti tadi , toeroenan hade sěpoehna , nadjan keur ngorana goreng , lamoen geus aja joeswa mah , komo djeung dibarengan , soehoed kana ngoelik elmoe , naon bae wande gampang .
16. Elmoe geus katjangking , lilana teu katjarita , ngaraosna di pasantren , lahirna sareng batinna, elmoe sinarěng prakna, ladjěng sami pamit moendoer , koe goeroena kawidian .
17. Barang soemping ka nagari. koe rama -iboe dipapag , tina bakating koe sono , marga ongkoh kalamian , reudjeung poetra teu tepang . ajeuna katoeroeg - toeroeg . tambah pinter djeung bageurna .
11. Hadji Irsad tambah asih , sarta seep përtjantěnna , ka poetra , ka mantoe oge, sami teu aja bedana , estoe raos ka poetra , henteu raos ka minantoe , raos sami poetra tjikal.
19. Barang enggeus lami -lami , manah Hadji geus sěděngna , ka poetra seleh kamoekten, ladjěng bae ngatoeranan , Pangoeloe sabawahna , moendoet saksi ki Pangoeloe , ki Hadji pok sasaoeran :
20. „ Sim koering njoehoenkeun saksi , ka Kaoem djeung para mitra , tina koela enggeus kolot, rek seseleh harta -banda , ka anak , Abdoelkomar , sakoemaha noe kasěboet , dina ieu tandatangan .
21. Sarta ieu oerang saksi , teu langkoeng Pangoeloe -kota , koemaha adjěngan bae, bagikeun asal walatra , pakir , miskin sadaja ,' ladjeng bae ki Pangoeloe , ngadeg barina ngadoenga .
22. Henteu koengsi pesta deui, ngan woengkoel rioengan toeang , pakir , miskin koempoel kabeh , sarta pada nampa djakat, noe lima , gěněp perak, malah aja noe sapoeloeh , geus kitoe sami boebaran .
23. Hadji Irsad toeloej ngalih, ka loear ti padalěman , ngadamel deui pakoewon , sinareng besanna tea , oge geus papasrahan , harta-banda ka minantoe, ngababakan loear kota.
24. Toemětěp moedji ngabakti , ibadah ka Goesti Allah, ambeh wiloedjěng sakabeh , ngaos sareng ngadoedoe'a , moega -moega poetrana , wiloedjěng toeroen -toemoeroen , parěk ridjki , pandjang joeswa .