Baca PDF (OCR): Dongeng paloekna tina sprookjes Andersen : Diwoewoehan anggitan

56 halaman · 8 halaman diproses dengan OCR · 4.7 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. CORNELL UNIVERSITY LIBRARY
  2. DONGENG PALOEKNA
  3. TINA
  4. SPROOKJES HANS ANDERSEN
  5. D. K. ARDIWINATA djeung R. MEMED .
  6. I.
  7. Poetri sadjati .
  8. II .
  9. Papatah .
  10. Dongeng Radja Anom .
  11. III .
  12. Panganggo weuteuh .
  13. IV.
  14. Awewe hade panarima.
  15. A.
  16. V.
  17. Batoer ngalalana.
  18. EUSINA

Wason PL5454 A665D6 Serie No. 318 Hargana f 0.30 P DUCRO, UITV.

ASIA DONGENG PALOEKNA

TINA

diwoewoehan anggitan

SPROOKJES HANS ANDERSEN

djeung

D. K. ARDIWINATA

R. MEMED

ON UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR KALOEARANC BALE-POESTAKA

CORNELL UNIVERSITY LIBRARY

Serie No. 318 Hargana f 0.30

DONGENG PALOEKNA

TINA

SPROOKJES HANS ANDERSEN

DIWOEWOEHAN ANGGITAN

D. K. ARDIWINATA djeung R. MEMED .

KALOEARAN BALE-POESTAK A.

:-: DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR WELTEVREDEN 1932.

I.

Poetri sadjati .

Djaman baheula aja hidji radja kagoengan poetra paměget hidji, katjida dianggona kameumeut sarta dinangna -nengne pisan , tina taja deui noe bakal djadi ganti , dimana andjeunna wapat.

Tapi sakitoe dioegoengna koe iboe -rama , ditoeroet sapamoendoet , diadjenan koe somah sanagara , radja anom henteu pisan kamagoengan ; koe sabab eta abdi tambah miloetjoena sarta pada něněda ka Noe Kawasa , soepaja dipandjangkeun joeswana.

Barang geus seděng roemadja -poetra , koe ramana dipariksa, bisi geus palaj garwaan . Lahir radja sěpoeh : „Doemeh ajeuna oedjang geus baleg , rasa ama geus meudjeuhna boga rabi, malah ari kahajang mah ajeuna bae, meungpeung ama hiroep keneh . Pěrkara ngalamarna oelah ngaborongkeun , toedoehkeun bae poetra radja mana noe dipikahajang teh !"

Sadjongdjongan Radja Anom henteu iasaeun ngawalon , bingoeng ngamanah pidjawabeun.

Teu lila pók oendjoekan : „Soemoehoen pariksa, sadaja dawoehan parantos kahartos. Sakalintang abdi Goesti nja ewed , nampi lahiran sakitoe , tina margi isin , rehing gadoeh kahajang noe sésah kalaksanakeunana.

Kangdjeng rama lintang tingali , menggahing noe djoeměněng radja kědah sampoerna lakoe - lampah , ageng timbangtaradjoe , marentah sareng kaadilan ; koe margi eta teu aja deui koe abdi anoe diemoet , moeng djalan kaoetamian ngeujeuk nagara , bilih baring-soepagi aja milik , tiasa ngagentos .

Kadjabina sae lakoe - lampah , pikeun noe ngolah nagara perloe pisan kagoengan prameswari anoe pěrjogi, toeroetaneun abdi sadaja , soepados reugreug hatena , pageuh setiana . Oepami radja geureuhaan noemoetkeun kaasih woengkoel , moal sabaraha nitenna kana boedi prameswari , tangtos gampil kaangsonan , kawoedjoek miloe kana lakoe noe teu loeloes .

Hawatos teuing koe abdi , resak těměn nagara .

Koe margi eta sanget panoehoen abdi Goesti , soepados diwidian mios tebih, bade njaba ngalalana , ngilari poetri sadjati, poetra radja noe sampoerna ."

Radja Sěpoeh boengah manahna , ngadangoe pioendjoek poetra , lahirna : „ Soekoer boga karep kitoe, ama ngaroedjoekan pisan. Dongeng Paloekna . 1

Bra bae ajeuna mah , geura miang, moega Goesti Maha Soetji maparin rahmat, hasil noe dimaksoed !"

Radja Anom soedjoed njioem sampean ramana , moelih ka kapoetran, njandak panganggo djeung pisangoeeun di djalan .

Isoekna djěngkar, njalira bae angkat sakaparan -paran . Pirang ngambah nagara ; kampoeng taja noe dilaroeng , padesan kabeh disorang , tapi wěleh, poetri sadjati mah henteu mendak , teu koe hanteu pada aja koetjiwana , tandaning lain saestoena .

Toedjoeh taoen Radja Anom ngalalana , henteu atjan aja kekengingan. Toengtoengna ngaraos bosen , toeloej bae moelih . Tjek dina manahna : „Geus pirang tahoen lilana aing njaba , ninggalkeun nagara , neangan noe moal kapanggih . Ajeuna mah leuwih hade balik bae , masing henteu diteangan oge djodo , mah tara. kanjahoan , geus aja oge datang sorangan ."

Henteu katjatoer di djalanna , kotjapkeun geus népi bae ka boemi . Iboe-rama taja hinggana boengah manahna , poetra soemping deui.

Dasar panteg panedjana , Goesti Maha Soetji henteu samar ngagandjar ka abdina noe běněr .

Dina hiji peuting ger hoedjan angin , gelap dordar . Sora goegoer geus taja dengekeuneunana , kilat tingboerinjaj . Di djěro dajeuh djemprek tiiseun, taja djalma noe ngoelampréng .

Radja sapoetra garwa keur tjalik di kamar , ngadangoe noe ngětrokan panto . Ari diboeka , aja istri geulis lir widadari , ramboetna ngaroendaj , panganggona tjaliproek . Dipariksa koe Radja : „Saha ieu, rek ka mana , aja naon ?"

Istri teh soedjoed bari oendjoekan , sasaoeran beres perlente , matak loetjoe noe ngadangoe :

„ Soemochoen pariksa Goesti , manawi dipěrtjantěn , poen bapa teh jadi radja. Anoe mawi dongkap ka dieu , kasaroeng , nalika ngiring matjangkrama di leuweung . Manawi aja sih piwělas Goesti , njoehoenkeun widi sawengi ieu ngarĕrěh di dieu !"

Radja, garwa djeung poetra teu kira -kira kageteunana ; henteu njangka eta teh poetra radja. Malah mimitina mah henteu pĕrtjantěneun ; moal enja poetra radja sakitoe nistana, soemping tengah peuting keur hoedjan riboet , panganggo baroetoet djalibrěg . Tapi barang katingali parangina , boedi manis , tata hoermat . taja tjawadeunana, Radja, garwa djeung poetra henteu salamar deui, tangtoe eta teh poetra radja. Toeloej miwarang gandek njokot panganggo noe barérésih baris salin .

Radja anom ratoeg manahna , ningali istri sakitoe geulisna. Kakara ajeuna mendak istri noe panoedjoe djeung manah .

Barang geus peuting Nji poetri dipěrnahkeun dina hidji kamar, toeloej koelem .

Isoekna ngadeuheusan ka Radja Sépoeh ; lahir Radja : Koemaha Njai , tibra sare teh?"

Walon Poetri : ,,Anoe mawi , abdi Goesti teh sawengi djěpoet henteu tiasa mondok , doeka naon , hadapeun kasoer raraosan teh aja noe ngagandjěl kana tonggong , langkoeng - langkoeng njĕrina !”

Radja Sěpoeh goemoedjeng dina manahna . Di noe singkoer njarios ka poetrana , lahirna :

,,Kadenge tadi tjarita Nji Poetri ? Ama geus teu mangmang deui , nja eta poetri sadjati noe dipikahajang koe oedjang teh , sababna ngan poetri sadjati noe boga rarasaan sakitoe lěměsna mah . Anoe ngagandjel kana tonggongna teh teu pira, katjang sasiki , beunang ngahadja ama neundeun , arek ngadodja énja -henteuna anak radja , sababna lamoen bangsa koeritjakan mah moal karasaeun. meureun doeg-sek bae , komo deui sakitoe tjapena. Ari eta katjang teh diteundeunna dina kasoer panghandapna , ditoempangan deui koe kasoer toedjoeh lapis ."

Radja Anom langkoeng boengah manahna , reh maksoed kalaksanakeun .

Henteu heuleut satahoen toeloej bae nikah , pesta rame pisan. Abdi pada miloe soeka ati , Radja Anom kagoengan geureuha .. Radja -poetra djeung Radja-poetri sami asihna , lajeut lir goela djeung peneut, oleng -panganten taja bosenna .

Barang ramana poepoes , Radja Anom ngadeg radja . Nagara . tambah hardja , koering maroekti , menak baleunghar, pada gampang njiar kahiroepan .

M.

II .

Papatah .

Hidji mangsa poetra radja Hindoestan angkat ka pilémboeran , panganggona biasa bae , ngahadja soepaja oelah aja noe njahoëun . Ari noe matak njamoer kitoe , andjeunna palaj niten kahiroepanana abdi di pasisian , sarta angkatna kitoe teh mindeng pisan.

Oepama Radja Anom ningali noe miskin , koedoe bae dipaparin , měndak noe kasoesahan ditoeloengan .

Barang soemping ka hidji lemboer , ningali hidji aki keur dioek sisi djalan , nawarkeun papatah opat roepa . Radja Anom kageteun manahna , kakara ngadangoe , aja noe ngadjoeal papatah . Toeloej akiaki teh dipariksa : ,,Papatah naon , aki , djeung sabaraha hargana ?"

Walon aki : ,,Papatah sae pisan ; lamoen dilampahkeun matak salamět , ngadjaoehkeun balai , ngadeukeutkeun redjeki : ari hargana teu kenging ditawar deui : saratoes roepia !"

Koe Radja Anom henteu dimanah pandjang , toeloej aki-aki teh dipaparin saratoes roepia , lahirna : Tjik . tjaritakeun eta papatah teh !"

Walon aki : ..Mangga , geura dangoekeun !

Papatah kahidji : Lamoen oerang njaba , koedoe ati pisan , oepama di panjabaan manggih noe teu wawoeh mere boedi manis , poma koedoe iatna ngadjaga pibahjaeun .

,, Lamoen oerang keur dina djěro bahja . oelah waka Kadoea : beak pangharepan , ihtiar sabisa -bisa soepaja kaloear tina balai ."

Katiloe : ,,Oepama oerang ngandjang ka doeloer awewe noe geus boga salaki, lamoen hajang diakoe , koedoe ginding oelah nembongkeun kahinaan ."

Kaopat : ,,Lamoen rek migawe hidji pagawean , oelah ngandělkeun teuing kana pitoeloeng batoer."

Sadjalan-djalan Radja Anom henteu pegat ngamanahan papatah tea , sarta palaj ngaboektikeun .

Sasoempingna ka boemi , toeloej njarios ka ramana . Radja sẽ . poeh bĕndoe , lahirna : „ Naha mana bodo teuing, něpi ka beunang ditipoe koe oerang kampoeng , doeit dipake meuli omongan pangoloan . Soegan teh geus boga pamilih . Bral ajeuna mah geura indit, boektikeun eta papatah teh. Lamoen henteu boekti oelah nintjak deui ka dieu !"

Radja Anom soesah manahna , toeloej angkat , ngadjoegdjoeg hidji nagara .

Heuleut saminggoe , kira wantji magrib , soemping ka hidji lemboer , ngareréb di hidji waroeng . Toekang waroeng teh bageur pisan , boedi parangina manis , soesoegoehna perjoga , pangkoelěman běrěsih .

Memeh koelem , Radja Anom njileuk bae, emoet kana papatah tea . Dina manahna : „ Naha aja djělěma akoean teuing, toerta kakara wawoeh, boa ajeuna aing koedoe ati teh !"

Kira waktoe djanari , keur meudjeuhna sepi , andjeunna ngadangoe noe ngérétek ; braj panto kamar pangkoeleman teh moeka . Teu kira bae reuwasna ningali aja noe asoep , njěkěl sekin beunang maték.

Ari ditégés - tégés , toekang waroeng tea . Radja Anom ras emoet kana papatah noe kadoea ; miris risi teh leungit, toeloej ngadĕg , henteu pisan goegoep , sasaoeran tatag, lahirna : „,Ke heula , kaoela aja pitjaritaeun ." Toekang waroeng kageteun , nendjo tata Radja Anom sakitoe rintihna , taja sieun , euweuh semoe risi .

Dina pikirna : „ Ieu djělěma kawas lain sabongbrong , tangtoe aja djadjatenna ."

Lahir Radja Anom : ,, Sampean teh tangtoe pisan rek ngarah banda kaoela . Lamoen sampean hajang oentoeng , henteu perloe kaoela dipaehan ; ngariboet -riboet bae, sababna moal aja paedahna ; bisi tjara dongeng andjing. Djělěma noe koerang pariksa teh sok kadoehoeng ahirna !"

Tembal toekang waroeng : „ Andjing naon ?" Saoer Radja Anom : ,,Geura dengekeun , kaoela rek njarita ."

Dongeng Radja Anom .

,,Dina hidji nagara aja hidji soedagar , boga andjing teuing koe mangarti, beunang dititah tjara djělěma . Ki soedagar njaaheun pisan ; ka mana -mana teh tara papisah .

Hidji mangsa soedagar katjilakaan , dagangna roegi , něpi ka djadi miskin pisan . Kaběněran bogaeun sobat noe karoenjaeun, ngaranna soedagar Salim. Ki soedagar teh dibere ngindjeum doeit pikeun modal , toeloej indit ka nagara sedjen , rek dagang , njoba² soegan meunang oentoeng . Ari andjingna henteu dibawa , dititipkeun ka ki Salim, itoeng djadi tandon .

Sabot ki soedagar njaba , ki Salim kabongkaran , doeit modal djeung dagangan beresih dipaling taja noe kari . Taja hinggana bae soesaheunana , mani ngagilintjing pisan . Keur soesah kitoe djol andjing titipan teh njampeurkeun , letahna ngělel semoe tjapeeun , siga ĕntas njaba djaoeh . Gěp doedoekoej ki Salim digegel , dibawa ka loear . Ki Salim kageteun pisan nendjo polah andjing kitoe , henteu ngartieun naon maksoedna . Andjing balik deui bari ngagogog , kawas noe ngadjakan indit . Tjek pikir ki Salim : ,, Ieu andjing tangtoe aja maksoedna ." Toeloej noetoerkeun ka loear . Andjing teroes leumpangna bari ngegel doedoekoej , ngadjoegdjoeg hidji roejoek sisi leuweung. Barang datang ka dinja, andjing teh eureun bari tjatjakar . Beh pěti doeit djeung barang2 teh kapanggih . Ki Salim atoheun pisan, doeit djeung barang teh gantjang dikoendjal ka imahna. Bawaning koe soeka sarta tarima kana kabelaanana andjing, hoetang sobatna teh rek diloenaskeun bae , itoeng pamoelang tarima . Toeloej njieun soerat njaritakeun katjilakaän sarta kabelaan andjing, nja kitoe deui kasoekaan , doemeh barang kapimilik deui djeung ngaloenaskeun pihoetang tea . Eta soerat digantelkeun kana kongkorong andjing. Koe sabab katjida mangartina, henteu hese deui , maksoed ki Salim koe andjing ka hartieun , toeloej indit ka nagara tempat doenoenganana ."

Radja Anom eureun njariosna, boengah ningali toekang waroeng ngaregěpkeunana teh mani teu oesik .

Oeroet tadi rek maehan teh ajeuna mah resep noe aja , kairoet koe tjarita . Sekinna disělapkeun dina bilik. Omongna : „ Mangga těraskeun, hajang terang toengtoengna , noen !"

Radja Anom neroeskeun , njarios :

,,Meunang doea poë di djalan , andjing teh datang ka doenoenganana . Barang nendjo andjing datang , ki soedagar reuwaseun ; ras inget kana hoetang , atjan boga keur naoer , tina sangkana , andjing datang teh, dititah nagih . Tjek dina pikirna : „ Leuwih hade ieu andjing dipaehan bae, soepaja aing bisa nganglés henteu kadatangan ."

Teu pandjang dipikir , gědak bae andjing teh ditarok, hoeloena remoek , paeh harita pisan .

Soerat tina kongkorong ragrag , toeloej koe ki Soedagar ditjokot. Ari dibatja, broek bae soedagar ngaroempoejoek , handjakal sagede goenoeng maehan anoe sakitoe boemelana , lantaran koerang pariksa. Ki soedagar tjeurik sẽségroek kawas boedak ; andjing dioesapan .

Tah bisi kitoe noe matak oelah roesoeh teh!"

Barang tamat Radja Anom njarios , manoek di loear letjet disarada , hajam raong kongkorongok, nandakeun geus beurang .

Toekang waroeng reuwaseun pisan , sieun dilaporkeun ka nagara . Toeloej soedjoed ka Radja Anom bari totobatan , soempah , moal ngalakoekeun deui djahat .

Radja Anom toeloej djengkar deui , ngalahir djéro manahina : " Geus doea . papatah teh kaboektian."

Ajeuna andjeunna palaj ngaboektikeun noe katiloe . Angkatna ngadjoedjoeg nagara raka -istri noe dipigarwa koe hidji radja . Barang soemping ka sisi kota , Radja Anom njamoer oelama , ngoetjel tasbe . Harita keneh teroes ka karaton bae . ngadeg dina sisi koeta deukeut lawang .

Teu koengsi lila lar aja gandek Radja ngaliwat ; lahir Radja Anom : „Oendjoekkeun ka Radja Istri , raka bade népangan !"

Gandek seuri , omongna : „ Ieu teh noe gelo , moal énja Prameswari kagoengan raka siga kitoe !"

Saoer Radja Anom : "Entong loba tjarita ; geuwat bae oendjoekkeun, lain akon , énja dewek teh raka Radja Istri ."

Samaroekna gandek mah djělěma koerang , tapi Radja Anom keukeuh miwarangna. Gandek teh poesingeun toeloej indit, omongna : „Keun sia, geura engke aja karasana !"

Barang Radja Istri ngadangoe pioendjoek gandek , taja hinggana bendoena , lingsěm koe tjaroge , raosna dihina. Dina manahna : „Eta djělěma tangtoe noe rek ngapěskeun salirana , teu aja pisan těrkaan ka raka mah . Bawaning kaliwat běndoena , henteu dipariksa deui , Radja Anom ditimbalan dibělěnggoe , diasoepkeun ka pandjara. Tapi Radja Anom henteu pisan prihatos , njaoer sadjeroning manahna : „Běněr papatah noe katiloe teh !"

Meunang tiloe boelan dipandjarana , kakara dika-loearkeun , toeloej angkat deui , ngadjoedjoeg sedjen nagri .

Barang soemping ka hidji lemboer deukeut katja hidji nagara , ngadangoe di waroeng aja awewe tjeurik bari sasambat : Kahajang teh sing ngaroemasakeun , montong mikahajang noe lain. lajak ; koemaha lamoen paeh ; lah koemaha atoeh , heg anak ngan hidji -hidjina !"

Radja Anom mariksa ka noe keur tjeurik .

Wangsoel awewe teh : „Emh , ki sanak , koering teh gadoeh anak lalaki keur meudjeuhna běger . Ajeuna indit ka dajeuh , hajang meunangkeun poetri , poetra radja. Tapi pamohalan , woengkoel naroehkeun oemoer , soemawonna anak koering, poetra² radja noe garagah oge maroelih djěněngan ."

Saoer Radja Anom : „Naha noe matak kitoe ?"

Djawab toekang waroeng : „ Radja teh keur kasoesahan , dipentaan wadal koe hidji děděmit . Lamoen teu iasaeun njaosan , poetra radja noe istri tangtoe djadi wadal . Bawaning njaah ka poetra djeung palaj maehan eta dědemit , radja saembara , 2 saha noe bisa maehan , tangtoe dipoeloeng mantoe . Tapi teu atjan aja noe bisaeun , radja noe garagah sakti teh paroepoes , komo deui anak koering. Lah tobat , koemaha atoeh !"

Saoer Radja Anom : Oelah soesah teuing bibi , soegan koering bisa noeloengan !"

Toekang waroeng teh atoheun pisan ; ngoesapan ka Radja Anom , omongna : „Soekoer , noehoen , piwarang balik bae poen anak mah!"

Toeloej Radja Anom angkat ka karaton , mariksa ka noe ngadjaga , soegan aja boedak ngora noe rek diadoe djeung dědemit , moendoet idin něpoengan heula .

Radja Anom dibawa kana hidji kamar , njampak ki boedjang keur dioek bae nangkeup harigoe , soesah memeh pek . Saoer Radja Anom : Koela teh dititah koe toeang iboe , mantoean 27 maehan berhala , keun kaoela sanggoep entong reuwas ."

Ki boedjang boengaheun pisan nangtoeng bari njěkěl ka Radja Anom , omongna : „ Koela oge lain teu wani , bieu mah keur mikir pingalawaneun."

Kotjapkenn geus peutingna Radja Anom djeung ki boedjang: geus taraki -taki, ngadago -dago datangna děděmit tea .

Teu koengsi lila Radja Anom ngadangoe noe ngagoeroeh di djero taneuh; boemi karaosna inggeung saperti koe lini . Ari ki boedjang teu loba tjarita deui , doeroegdoeg bae loempat ka loear ti kamar , balik ka indoengna ; soemawonna maehan , koe ngadenge oge geus asa kop bae . Tapi Radja Anom ditinggalkeun teh henteu gimir , emoet kana papatah noe kaopat : lamoen rek migawe hidji pagawean , oelah ngandělkeun teuing pitoeloeng batoer.

Ret ningali kana bilik, aja gobang ngagantoeng , toeloej ditjandak bari dibatek . Di tégés eta gobang didjieunna tina emas , tjahjana hoeroeng .

Sora dina djero taneuh beuki deukeut kadangoena . Braj taneuh teh moeka . Radja Anom kageteun , ningali aja noe hoeroeng kawas lampoe ; beuki deukeut beuki sidik , sihoreng eta teh mata děděmit tea , oraj naga noe katjida gědena . Soengoetna tjalawak , sihoengna ranggeteng . Radja Anom henteu goegoep , soemawonna kasima, gědjos soengoet oraj teh ditodjos koe gobang , toeloej digorok. Oraj goegoerindjalan bari sesĕgor , taneuh amboeradoel . Pědang teh mani mělénting , tapi koe Radja Anom henteu dilesotkeun ; gobang beuki djero asoepna kana soengoet oraj . Lila oraj teh leuleus, gětih ngaboerial tina soengoetna , hos paeh . Radja Anom teu kira boengah manahna , toeloej pedang noe pinoeh koe gětih teh dipaoet tina soengoet oraj .

Isoekna noe ngadjaga gehger , dědemit geus beunang , loempat ngoeninga ka Radja . Radja sapoetra garwa goera -giroe ningali , diiring koe saeusi karaton .

Radja mariksa ka Radja Anom, anak saha , ti mana asal , saha ngaran , bari henteu wělěh neuteup . Pok Radja Anom njarios ti awal něpi ka ahir . Radja teu kira boengahna , kagoengan mantoe poetra radja, kasep toer gede wawanen.

Heuleut saminggoe ger pesta nikahkeun Radja Anom ka poetri , rame pisan, toedjoeh poëtoedjoeh peuting henteu eureun -eureun .

Barang geus meunang sawatara boelan , Radja Anom amitan ka měrtoea , bade doemeuheus ka iboe - rama .

Garwana ditjandak , diiring koe aleutan doenja -barana .

Tjatoerkeun geus soemping bae ka iboe -rama . Radja Anom gantjang njarios ti sadjengkarna nepi ka soemping deui ka boemi , teu aja noe kaliwat . Saoer Radja Sepoeh : „ Soekoer Oedjang geus datang deui, mawa rabi , sarta katjida ama boengahna , boga anak oetama pikeun ngaganti . Ti sẽmět ajeuna ka hareup ama djangdji , moal pisan njawad kana hidji perkara anoe tatjan poegoeh hade -gorengna .

Barang ramana poepoes , Radja Anom ngadég radja, ditoeroet koe abdi , diadjenan koe sasama radja.

M.

III .

Panganggo weuteuh .

Djaman baheula aja hidji radja gede , teuing koe resep nganggo, teu djamak djeung batoer : kagoengan artos sakieu -sakieu teh soenat ka noe sedjen , perloe ngagaleuh panganggo noe araloes bae ; nepi ka kana ngoeroes nagara oge atawa ngoeroes soldadoe pikeun ngadjaga kana kasalametan nagara kaloeli-loeli .

Děmi kalangĕnanana ngan kana pělěsiran , ningali kamidi , kana pesta -pesta , ngadaměl iringiringan , boeboedjeng djeung salianna ti eta . Pikeun kana hidji -hidji roepa kalangĕnan aja atoeranana panganggo anoe beunang njoeroep -njoeroep , beunang mapantes : paranti boeboedjeng kieu , paranti kana pesta kieu djeung salianna . Djadi njětana kana panganggo teh alah manan istri.

Djeung deui saban -saban aja pepestaan atawa naon bae teu meunang henteu , koedoe bae ngadadak ngadamel panganggo . Geus poegoeh deui ari kana pesta onaman , kaitoeng djamak keneh , ieu mah sakalieun pělěsir sore oge kedah bae ngaleuseuhan . Ngan oekoer di boemi sok nganggo panganggo oeroet teh ; kitoe oge lain anoe geus loesoeh soemawon boeroek , oekoer anoe lalajoe-sěkar.

Dika-manakeun panganggo anoe geus teu kaanggo teh ? Naha dibagikeun ka menak-menak atawa disidekahkeun ka pakir miskin? Henteu , kabeh oge diampihan bae : raksoekan aja koedangna , sindjang aja koedangna , sapatoe oge mani geus njajeud , alah manan di toko boesoek . Ningali goendoekna panganggo teh djadi kani'matan gede ka andjeunna .

Koe lantaran sakitoe bogohna kana panganggo .-bogoh kasawat tangtoe bae - sakoemaha noe geus disěboet di loehoer , tjoel ka noe wadjib , woengkoel ngamanahan ka dinja. Ana keur tjalik , ngahoelengna teh ngan ningkes panganggo , ngamanahan , model naon anoe tatjan kalaksanakeun . Ngagentosna panganggo , di boemi oge nepi ka oenggal djam . Ngahadja njadiakeun hidji kamar paranti nganggo -nganggo , diseboetna ,,kamar saged" . Di dinja teh radjég eunteung noe satangtoeng -satangtoeng , paranti nilik andjeun , kenr njoeroep -njoeroep panganggo .

Ari biasana mah geuning , moenggoeh di radja-radja sedjen , oepama aja anoe nanjakeun, di mana Kangdjěng Radja, didjawabna teh : „Kangjeng Radja keur magelaran , ngabarempagkeun padamělan nagara " djeung salian ti eta . Tapi ari seng di Radja eta mah lain kitoe, didjawabna teh : ,,Kangdjeng Radja keur di kamar saged , atawa, keur nganggo -nganggo ."

Katjaritakeun nagara eta Radja, kaasoep kana nagara rame oge . kadjodjo koe djalma ti nagara sedjen , anoe rek ngadon dagang atawa ngadon neangan kahiroepan.

Dina hidji mangsa datang doea djalma toekang ngagiringsing ka eta nagara . Maranehna geus njahoëun , jen adatna Kangdjĕng Radja teh résép nganggo anoe teu djamak djeung batoer . Toeloej maranehna ngadeuheusan ka karaton. Dipariksa koe Radja, ti mana nja asal djeung naon pikarěpeun. Ari pioendjoekna : „ Soemoehoen dawoeh Goesti , abdi Goesti njembahkeun sewoe bebendoe , laksa doedoeka , wirehing koemawantoen toemorodjog tanpa larapan. marék ka dampal Goesti : abdi Goesti teh awit ti nagara Anoe : anoe mawi marek ka dampal Goesti , manawi dampal Goesti bade ngersakeun nimbalan ngadaměl panganggo anoe aheng teu kintěn , sareng kasaeanana moal aja noe mapakan . Doepi kaahenganana , sok tara katingal koe djalma anoe sakalangkoeng bodona , atanapi koe djělěma anoe teu tiasa kana padamělanana ."

Kangdjeng Radja ngadangoe pioendjoekna eta djalma , sakalangkoeng kagetna sarta sasaoeran dina manahna : ,,Euleuh , hajang teuing aing boga papakean anoe kitoe ; lamoen seug geus boga teh tangtoe aing bisa nganjahoankeun , saha di antara ponggawa aing anoe bisa kana pagaweanana djeung anoe henteu ."

Sanggeus ngamanah kitoe toeloej Kangdjeng Radja ngadawoeh : ,,Atoeh poegoeh , aing hajang pisan dipangnjieunkeun geura prak bae geura njieun , boeroehna mah koe aing moal ditawar deui , dapon aloes bae djeung sing ĕnja sakoemaha tjarita maneh ."

Pioendjoek toekang giringsing : Teu pindo daměl , abdi Goesti · mioendjoek anoe sajaktosna pisan , sareng abdi Goesti mananggěl , depami eta panganggo teu kamanah, abdi Goesti njembahkeun djiwa raga . Nanging awon teu kapioendjoek , pikanteheunana abdi Goesti sok midamel pribados bae , boh kanteh biasa atanapi běnang ĕmas , margi oepami kenging noe sanes mah sok itjal kaahenganana ."

Dawoehan Radja : „ Soekoer pisan, aing hajang koe benang emas ; menta bae ĕmasna mah ka djoeroe simpen aing sakoemaha perloena . "

Tjatoerkeun eta toekang giringsing geus dipaparin pirang -pirang emas pibenangeunana djeung pirang-pirang doeit keur balandja djeung ongkos -ongkos noe sedjen , sabab pioendjoekna ka Radja, ieu padamelan moal tjekap koe saeutik-saeutik ongkos .

Tidinja prak manehna njadiakeun pametengan , hindésan , gé dogan paninoenan djeung pakara, sakoemaha adat biasa noe rek nganteh djeung ninoen. Nja kitoe deui njadiakeun parabot paranti njieun benang emas . Tapi eta paparabotan teh ngan woeng .

koel parabot bae, teu aja noe dipigawena ; ari doeit tea mah djeung emas arasoepan bae kana kantong ki toekang ngagiringsing.

Děmi pětana djiga noe enja naker , leungeunna paboeis , tjara noe keur digawe ; dina keur mihane , koear -kier , boelak -balik bari njěkélan andir.

Abdi -abdi oerang nagara eta geus loba noe njarahoëun , jen Kangdjeng Radja keur nimbalan ngadamel panganggo aheng ; kabeh pada kawaraneun , pada hajang geura njaho boektina . Tjeuk palikiranana : lamoen eta panganggo geus anggeus , tangtoe aing bisa njaho tatangga - tatangga aing atawa batoer -batoer aing noe pinter djeung noe bodo .

Katjatoerkeun Kangdjeng Radja geus garo -mengmengan bae , palaj geura ningali boektina , palaj geura nganggo , geus dilamoenkeun bae sarta dina manahna njangka, jen eta panganggo teh moal gagal aloesna . Andjeunna palajeun pisan ningali anoe keur digawe , keur koemaha , naha tangeh keneh atawa geus tereh anggeus , sabab kérésana -dimana geus anggeus , andjeunna rek ngadamel pesta iringiringan , soepaja iasa ngahělarkeun panganggo aheng djeung ambeh abdi -abdi tarĕrangeun , jen andjeunna ngaleuseuhan panganggo aheng . Tapi oepama rek ningali , bisi ngagokan , toeroeg - toeroeg kagoengan manah seber meueusan , sieun koe andjeunna teu katingali , heug bae engke kanjahoan, jen andjeunna djělěma bodo.

Koe sabab eta tjek manahna : Leuwih hade aing nitahan bae patih, anoe geus katangen djělěma běněr atina, hade koemawoelana, toeroeg - toeroeg njahoëun kana atoeran tinoen noe hade noe goreng .

Gantjanging tjarita djoeragan Aria Patih geus djoeng angkatna ka tempat noe keur njieun panganggo tea , ditimbalan koe Kangdjěng Radja .

Barang geus soemping andjeunna ka dinja, teu kira -kira bae kagetna , doemeh anoe madjar maneh keur ninoen teh , bět teu katingali kantehna atawa běnangna , ngan pakarana bae ngabaragoeg , tapi ari polahna eta toekang ninoen djiga ěnja keur digawe tjakah - tjikih, koear-kier pěta noe keur mihane ; noe saoerang djiga noe keur ninoen . Andjeunna sasaoeran dina manahna : „ Na koemaha ieu noe digawe teh, bět teu kadeuleu noe dipigawena . Naha mata aing lamoer atawa aing djělěma bodo . Palangsiang enja aing bodo . Beu era těměn lamoen aing katangar nja kabodoan ."

Koe sabab andjeunna kagoengan manah kitoe, teu kersaeun ngedalkeun , jen eta tinoen koe andjeunna teu katingali .

Toekang ninoen noe saoerang eureun digawena , toeloej mědě kan ka djoeragan Aria, bari oendjoekan : „Noehoen pisan dampal gamparan soemping , mangga geura tingalian ieu boeboeatan djisim abdi , nanging tebih keneh kana parantos , margi kedah ngadadak ngadamelan kantehna. Ieu pakara roepina sapertos pakara biasa bae, nanging sajaktosna pakara hikmat ; anoe mawi kekenginganana sanes deui . Geura mangga tingali , ieu benangna sakieu léměsna , oepami koe pakara biasa mali moal kenging ditinoen. Mangga tingali ieu anoe geus parantos , sakitoe matak loetjoena . Ieu teh anggoëun raksoekan, tjobi tingali , kembangna sareng soeatna sakitoe ahengna ."

Djoeragan Aria Patih teu pegat -pegat kaget di djéro manahna , ari ngadangoekeun pioendjoekna toekang tinoen bari toetoendjoek , djiga sakitoe enjana , tapi weleh teu katingali ; sotjana dihantěm dibélel -belelkeun , anggoer tjoer bae bidjil tjikaseer manan katingali mah .

Koemaha pikatingalieun , da poegoeh oge euweuh. Tapi andjeunna teu kĕrsaeun waktja mah , sieun disěboetkeun djělěma bodo , anggoer pok bae sasaoeran bari sẽmoe kaget : „ Edas , edas , edas ! Ieu mah estoening aloes lain di kieuna ; amboe , amboe , amboe ! Lamoen seug dewek ngora keneh , hajang boga badjoe tjara kieu . Tada těměn Kangdjeng Radja pibingaheunana ningali piraksoekaneun sakieu aloesna , amboeing , amboeing , amboeing !"

Toekang tinoen toengkoel bari imoet ngagélénjoe , pioendjoekna : Noehoen oepami kamanah mah ."

Djoeragan Aria Patih toeloej moelih ti dinja , rek oendjoekan ka Kangjeng Radja . Barang soemping pok hatoeran , njarioskeun kaaloesanana piraksoekaneun, dioendjoekkeun ngaranna poleng djeung salian ti eta , tapi ngan noeroetkeun omonganana toekang tinoen bae , da poegoeh teu katingali .

Kangdjeng Radja sakalangkoeng bingahna sarta pertjantén kana pioendjoekna ki Patih , kawantoe geus kaoeninga adatna , jen Patih teh salilana djělěma toehoe , djělěma běněr .

Toekang tinoen tina ngarasa geus kamanah pagaweanana , toeloej njoehoenkeun deui pérsékot djeung njoehoenkeun emas , pokna mah keur njieun deui benang , sabab noe bareto teu mahi. Sapanoehoen manehanana koe Kangdjěng Radja teu pisan dipogogan , sabab geus teu aja manah timboeroe : kapalajna ngan soepaja geura tereh anggeus bae , palaj geura ngaleuseuhan .

Heuleut opat lima poë Kangdjeng Radja ngoetoes deui pangoeloe marios noe digawe . Ari eta Pangoeloe děděganana pěndek gede , patoeangan rada boedajoet , rarajna bewosan , tapi geus bodas , kawantoe geus aja joeswa, ana nganggo dastar , bakoe sok dastar beureum , ngadjěgir sagěde tampir . Ana angkat sok ngadjingdjing tasbe sagede -gede moentjang , estoe soeroep kana děděganana .

Barang djoeragan Pangoeloe soemping ka tempat noe keur ninoen , teu koerang -koerang kagetna , tjara djoeragan Aria Patih bae, sabab koe andjeunna oge wěleh teu katingali , tjatjakan nganggo tasma .

Sasaoeran di djero manahna : Na koemaha ieu teh noe matak teu kadeuleu ? Naha aing teh bodo , kitoe ? Ari bodo mah asa sageuj , da geus kawentar , loba noe njěboetkeun ka aing djělěma. pinter , toeroeg - toeroeg geus loba karangan -karangan aing , kitab bab agama ; kitab Toehpah djeung Pathoelkarib koe aing geus katalar , paranti moetoes noe padoe . Kana elmoe paraid aing geus maher, paranti ngawariskeun . Moen rek oge , aing teh koerang bisa kana gawe . Tapi eta oge asa moestahil. Ngan si , atoeh . da djělěma mah enggon kaloeloepoetan ; rasa aing asa pinter asa bisa ; biheung teuing boektina mah henteu. Tapi nadjan kitoe , lamoen kanjahoan aing bodo atawa teu bisa kana gawe , era téměn , boeboehan alam doenja . Koe sabab eta leuwih hade aing rek njěboetkeun katendjo bae, ngabohong saeutik mah mokaha , melaan wiwirang .

Tjek toekang ngagiringsing: Mangga djoeragan Pangoeloe , tingali ieu pagawean djisim abdi , naon kakiranganana ? Menggahing emoetan djisim abdi mah asa parantos tjekap pisan; geura mangga tingali ieu keur raksoekanana , ieu keur sindjangna , ieu keur lantjinganana . Latarna sareng kembang -kembangna tina raksoekan kana sindjang asa parantos soeroep pisan , abong oepami dongkap ka teu kamanah teh koe Kangdjeng Radja ! ”

Ari djoeragan Pangoeloe tea djělěma ahli bebenjon , ahli njiar pikaseurieun . Barang ngadangoe pihatoer toekang ninoen kitoe, toeloej , sasaoeran : ,,Bodjeg , bodjeg , bodjeg ! Astagpiroellah halalim , naha ieu poleng teh mana loetjoe - loetjoe teuing, mana manismanis teuing ! Panoedjoe , euj ! Rasa dewek oge geus euweuh kakoeranganana . Moal ĕnja koe Kangdjeng Radja něpi ka teu kamanah! Keun koe dewek oerang oendjoekkeun !"

Toeloej djoeragan Pangoeloe moelih, oendjoekan ka Kangjeng Radja.

Kangdjĕng Radja sakalangkoeng boengah manahna , ngadangoe pioendjoek Pangoeloe sarta beuki woewoeh pertjantenna.

Djalma-djalma oerang nagara eta oge geus eundeur njaritakeun , jen Kangdjěng Radja ajeuna bakal kagoengan panganggo anoe aheng katjida sarta kitoe-kitoe rasiahna .

Sarerea pada kawaranan , pada hajang geura beh nendjo boektina sarta sarerea pada boga pikir kieu : „Ah, ajeuna mah aing bakal bisa njaho saha batoer -batoer aing atawa tatangga aing anoe bodo atawa noe teu bisa kana pagaweanana .”

Katjatoerkeun Kangdjeng Radja palajeun ningali koe andjeun pipanganggoëunana keur dina tinoenanana keneh .

Dina hidji poë toeloej angkat ka noe keur ninoen teh , diiring koe djoeragan Aria Patih , djoeragan Pangoeloe djeung pirang panakawan.

Barang soemping ka dinja teu kira -kira Kangdjeng Radja heměngeunana , tina teu katingali naon -naon ; pakara ngabaragoeg bae , teu aja kanteh salambar , ngan toekang ngagiringsing tea bae měta leungeunna djiga noe keur digawe .

Patih djeung Pangoeloe toeloej ngadareukeutan kana pakara , aroendjoekan sili tempas , pabisa -bisa tjarita , bari toetoendjoek , moedji -moedji kana kaaloesanana tinoenan , sabab pangirana , Kangdjěng Radja mah ningali kana tinoenan teh.

Kangdjěng Radja sasaoeran di djero manahna : „ Teu kaharti katjida , naha ari koe aing bet teu kadeuleu ! Naha aing teh bodo , kitoe, atawa teu bisa kana gawe ? Era těměn , lamoen kabodoan aing katangar koe sagala djelěma . Ah, leuwih hade rek njěboet . keun kadeuleu bae."

Toeloej andjeunna sasaoeran ka Patih , dawoehanana : „Beu , ĕnja , Patih , katjida aloesna ieu tinoenan teh , kami panoedjoe katjida , malah saoemoer kakara ngarasa bogoh , ngarasa résěp kana pipapakeaneun tjara ajeuna."

Pioendjoek Patih : Soemoehoen dawoel Goesti , emoetan abdi Goesti dina waktos Dampal Goesti ngaleuseuhan eta panganggo , pěrjogi katjida oepami ngadaměl arak-arakan sapoeter dajeuh , soepados abdi -abdi sadaja tiasa ningal kana kasaeanana pangang go Dampal Goesti , kantenan sadaja sami ngiring bingah . Kadjawi ti eta oerang iasa ngoeningakeun , saha di antawis abdi -abdi atanapi pangkat alit anoe bodo atanapi anoe teu tiasa kana padamélanana ."

Dawoehan Radja : „ Poegoeh , moepakat pisan. Hade ti ajeuna bae koe Patih sadiakeun , oerang njieun iring - iringan anoe rame katjida , pikeun njoekakeun abdi -abdi ."

Tidinja Kangdjeng Radja ngadawoeh deui ka toekang ninoen : „ Ieu pipanganggoëun aing koedoe anggeus di djero lima poë deui, hah , sabab dina poé eta aing rek iring - iringan ; kaběněran ninggang kana wewědalan aing ongkoh . Koemaha sanggoep , hah ?"

Toekang ninoen : „ Sadaja -daja , bade dienggalkeun bae, kadjeun abdi Goesti digawe siang -wengi ."

„Soekoer !"

„Patih ! Ieu toekang ninoen paparin doeit sing loba djeung ti semět ajeuna manehna diangkat djadi mantri -tinoen Radja .'

Soemoehoen timbalan .”

Sanggeus kitoe toeloej Kangdjéng Radja saponggawana maroelih .

Katjatoerkeun toekang ninoen ti poë harita digawena beurangpeuting ; ti peuting hibar damar di paninoenan , soepaja katarangen koe sagala djělěma , jen manehna énja keur ngagentakkeun panganggo Radja .

Nja kitoe deui abdi -abdi sanagara geus pada njaho , jen dina po eta Kangdjeng Radja baris ngadamel iring - iringan, ngahelarkeun panganggo weuteuh anoe aheng . Atoeh teu kira -kira pahiboetna istri -istri , njadiakeun panganggo keur nongton ; noe teu boga dibelaan andjoek hoetang .

Dina po piisoekaneun iring iringan tea djoeragan Aria Patih djeung para ponggawa geus prak tatan-tatan , njadiakeun keur helaran tea , roepa -roepa karasmenan djeung ngatoer ponggawa-ponggawa anoe baris ngiring , aja noe dina koeda , aja noe dina kareta, ngiring kareta Kangdjéng Radja, noeroetkeun loehoerhandapna pangkat . Ieu iring iringan kersana djoeragan Aria Patih arek diramekeun pisan , leuwih ti sasari , sabab bari mestakeun. panganggo Radja noe sakitoe ahengna tea .

Nja kitoe deui noe rek laladjo , pidoea -poëeun deui teh geus abring-abringan, abroel -abroelan satoeroet -toeroet djalan gede : oerang pasisian geus daratang , sabab kabeh pada kawaranan , pada hajang geura njaho , koemaha boektina noe diseboet panganggo aheng teh.

Katjatoerkeun toekang ninoen , piïsoekaneun iring - iringan teh geus njieun anggeus . Tinoenanana geus dikeureut , malah piraksoekaneun -pilantjinganeun toeloej dibedahan , prak dikapoet sakali djeung salian ti eta . Keur waktoe migawe eta , loba noe njaksian , sarta kabeh bati bengong bae , sabab teu aja pisan noe kadeuleu , ngan woengkoel pěta toekang ninoen bae. Dina keur ngagoenting , goenting meta djiga noe ěnja , tapi euweuh noe digoentingna ; dina keur ngapoet , djaroem tjoestjos ka loehoer ka handap , teu tembong koekoelarna , soemawon noe dikapoetna . Tapi sakabeh djalma balem soengoetna , rapet kawas noe beunang ngalampat koe malam , sabab sarerea pada sieun kanjahoan koe batoerna , jen teu nendjo kana kapoetan ; moen katangen koe batoer , tangtoe manehna dingangaranan djéléma bodo atawa teu bisa kana gawe , meureun, moen manehna djadi patoekangan moal aja noe ngengken , moen toekang koeli , moal aja noe ngoelikeun.

Gantjanging tjarita toekang ninoen toeloej ngadeuheus ka Kangdjeng Radja, nanggeuj baki , pokna , rek njanggakeun panganggo tea .

Barang datang ka karaton , kasampak Kangdjeng Radja keur didareuheusan koe menak-menak .

Dawoehan Kangdjěng Radja : „Koemaha , Mantri -tinoen , geus anggeus panganggo kami ?"

Pioendjoekna : Soemoehoen dawoeh parantos !"

Toekang ninoen toeloej moeka toeroeb baki , top djiga aja noe ditjokot tina eta baki , bari oendjoekan deui : „ Soemoehoen timbalan . Ieu raksoekanana , ieu sindjangna , teu kinten hampangna . dongkap ka oepami dianggo teh meh teu karaos bae .

Menak-menak noe aja di dinja aroendjoekan piligenti , moedjimoedji kana kasaeanana eta panganggo , sawareh mah ngan gogoděg bae, hajang disěboet kaget , ningali eta panganggo , padahal ari di djèro atina mah kagetna teh eta koe teu kadeuleu ! Anoe aroendjoekan kabeh oge taja deui kadjaba ti ngan sieun kaoeninga bae koe Kangdjěng Radja, jen andjeunna teu ningali kana eta panganggo , ma'loem noe koemawoela . sieun katjida koe doenoengan disěboetkeun bodo atawa teu bisa kana gawe teh .

Toekang ninoen oendjoekan deui : „ Ieu perkawis panganggo moal aja noe tiasa nerapkeunana , lintang ti abdi Goesti pribados ."

Dawoehan Radja : „Atoeh poegoeh , soemawonna euweuh noe bisaeun , di ajana oge koedoe maneh bae noe něrapkeun ; isoekan maneh isoek-isoek koedoe geus aja di dieu , pikeun nganggoan kami ."

Kotjapkeun isoekna toekang giringsing teh doeanana geus aja di karaton, pahiboet měta djiga noe keur nganggoan Kangdjěng Radja di kamar saged , bari biwirna ngaboeih , moedji kaaloesan panganggo djeung kana katěgěpan Radja nganggo eta panganggo , nja eta adat anoe doesoen katjida , teu njaho di adat tatakrama ; tapi Kangdjeng Radja harita teu aja pisan béndoena . sabab manahna pinoeh koe kaheméng , ngamanahan panganggo noe teu katingali , malah teu karaos -raos atjan ; soemawonna barang ningali kana eunteung , mani asa teu kagoengan raraj , awahing koe lingsěm , da poegoeh tetela diwoewoeda , tapi ari rek njarios mah teu kadoega , sieun disarěboet bodo atawa teu pantes djadi Radja djeung njangka . jen koe batoer-batoer mah boa teuing enja katarendjoeun papakean teh .

Gantjangna djoeragan Aria Patih oendjoekan , ngoen joekkeun anggoëun iring - iringan parantos sajagi . Ladjeng Kangdjeng Radja angkat ka loear , njěta anoe kenging midang sataker tanaga , djiga anoe palaj nembongkeun panganggo aheng . Doea mantri ngiring ti poengkoer , njěta noe njěkélan toengtoeng dodot , tjara pěrěboe Astina koe para tjeti : tapi ieu mah noe ditjěkělanana teh angin bae . Eta oge noeroetkeun papatahna toekang giringsing .

Tidinja tjlak Kangdjeng Radja nitih kareta, ger ngangkat iringiringan .

Barang abdi -abdi naringal , jen sidik Kangdjeng Radja teh diwoewoeda . ngan makoeta bae noe katendjo teh , kabeh pada bengong sarta ngomong di djero atina : „ Na koemaha ieu teh ; naha mata aing anoe teu awas atawa ĕnja Radja diwoewoeda ? Wah , palangsiang koe batoer mah kadeuleueun , ngan aing bae noe teu nendjo , tanda aing bodo atawa koemaha .”

Mimitina mah henteu aja hidji djělěma anoe wani ngomong , lantaran sieun kanjahoan koe batoerna , jen manehna teu nendjo . Tidinja tjew saoerang ngomong : Naha aja panganggo aloes -aloes teuing !"

Tjek noe saoerang deui : „ ,Enja , euj , ieu mah panganggo teh katjida aloesna !"

Ti dinja mah ger bae oenggal djělěma ngomong , tjek noe saoerang aloes , tjek noe saoerang deui loetjoe djeung salian ti eta .

Dongeng Paloekna . 2

Geus kitoe Kangdjeng Radja ngalangkoeng kana hidji goendoekan baroedak , anoe keur meudjeuhna togmol , geta -gěto . Tjek hidji ,,Ilih, naha Kangdjěng Radja bět ditarandjang ? " boedak :

Tembal batoerna : ,,Enja bae euj , padjar maneh nganggo panganggo aheng teh , geuning ditarandjang !"

Tidinja beuki rame baroedak teh ngomong : ,,Radja ditarandjang ! "

Kadenge koe awewe-awewe, omongna : ,,Atoeh da ĕnja , kadeuleuna koe kami oge Radja teh diwoewoeda ."

Tjek sahidji lalaki : ,, Da pangdeuleu kami oge saestoena mah nja kitoe ."

Ari geus dimimitian koe saoerang mah , kolot-kolot oge ger bae njarěboetkeun , jen Kangdjěng Radja diwoewoeda .

Kangdjeng Radja ngadangoe kana omonganana eta baroedak ; kolot-kolot oge , sanadjan ngomongna tingharewos, katingali koe Radja dina oelatna djeung pětana , jen njarěboetkeun, Radja diwoewoeda . Koe sabab eta Kangdjěng Radja dina manahna mah beuki ngaraos lingsem bae . Tapi dilawan deui koe manah anoe tjengeng pertjajana : ,,Wah palangsiang anoe teu nendjo teh ngan djělěma noe barodo tea bae, ari noe palinterna mah narendjoëun ."

Sanadjan andjeunna kagoengan manah kitoe, teu kiat lamilami . Iringiringan teh dipiwarang eureun bae sarta Kangdjĕng Radja téroes moelih ka karaton. Loengsoerna tina karěta teu weudeu, tétěp bae njěta anoe nganggo panganggo aheng .

A.

IV.

Awewe hade panarima.

Djaman baheula dina hidji lemboer di pasisian aja doea djělěma ewe -salaki, oemoerna geus rada kolot oge, leuwih ti tengah toewoeh .

Imahna tihangna onaman kai , ngan hateupna eurih sarta geus iris , bilikna geus loba noe toblong . Di toekangeun imahna leuit boetoet , tajoh geus sababaraha taoen tara dieusian pare . Nja kitoe deui saoeng lisoengna aja keneh , ngan geus rada njangge . jeng ; lisoengna oge aja , tapi kawasna geus langka pisan dipakena noetoe . Deukeut saoeng lisoeng aja istal , dieusi koeda djaloe hidji . Ngan eta anoe rada balĕger keneh , awahing sok dioeroes , lantaran njaah kana koedana , kawantoe pangabogoh ti ngongora kana ngingoe koeda teh. Tapi harita mah koedana ge geus koeroe , da tara seubeuheun njatoeanana , mangngaritkeun geus teu kadoega , meuli djoekoet soemawonna teu koeat , ngan saoekoer diangon bae di sisi djalan atawa di tegal noe deukeut ka imahna , koe manehna atawa koe pamadjikanana . Tapi sanadjan maranehanana ti ngongora henteu beunghar oge, ari karasana mah senang bae , henteu ngabaroengsinang , lantaran ewe -salaki lajeut, tara ngagědekeun patjektjokan panjarewedan , aja rèdjékieuweuh rědjěki saroeka bae, narima kana naon anoe aja.

Soemawonna pamadjikanana saoemoerna tara pisan moesing , pěpěrědih ka salaki anoe sakira matak djadi kasoesahan ; naon bae anoe dibikeun koe salakina, koe manehna ditarimakeun . Oepama dipangmeulikeun badjoe anoe manehna rada koerang bogoh, tara teuing aja omong , sabab pikirna meureun mana dibeuli oge manehna mah bogoheun , nendjo di pamadjikan batoer pantes . Tedakna naon anoe dilampahkeun koe „ Paing" , tangtoe běněr , da meureun samemeh dilakonan teh dipikir heula.

Eta sababna anoe matak djeung salaki djadi roentoet -raoet .

Dina hidji sore pamadjikanana ngomong , pokna : „ Paing , koeda teh anggoer oerang djoeal bae atawa toekeurkeun ka noe leuwih perloe , sabab oerang geus teu bisa miara. Paing kapan geus teu kadoega mangngaritkeun, ari meuli djoekoet koe naon dibeulina ; boga mah doeit , perloe meuli beas djeung laoek noe oedoeh , malaoer geus sababaraha poë oerang ngan djeung angeun gendjer bae njatoe teh , beunang ngoendeur ti sawah batoer . Ari diangon , lah, kami mah geus teu koeat , tjape , kawantoe geus toeroen oerat ; kamari ge mani bloegbloeg laboeh loeloentjatan dina galengan. Djeung deui ajeuna mah oerang geus teu sakoemaha perloena ngingoe koeda , ka dajeuh tjarang , da geus taja patjarian ; geuning koeda teh teu kaoer balas koe noe ngindjeum bae , mani geus koeroe ."

Toekeurkeun kana naon ?"

,Kana naon bae anoe leuwih perloe ; lamoen kana sato deui , 17 koedoe ka noe gampang miarana."

,,Ah, tapi kawasna mending didjoeal bae . montong ngariripoeh maneh make boga ingon ."

„Didjoeal, nja didjoeal , koemaha Paing bae ."

,,Lamoen geus pajoe beulikeun kana naon ladangna ?"

,,Mangsa bodo , Paing leuwih njaho kana kaperloean awewe , kapan ti baheula oge Paing mah sok bisa nitimoekeun pamadjikan ."

,,Nja hade ari kitoe mah , isoekan kami rek ka dajeuh .”

Isoekna kira wantji haneut mojan, mentas nginoem tjikopi , Paing indit toempak koeda , selana geus boetoet dihakanan beurit, ditjalana komprang, samping sěmět toeoer , totopong diěrekeun bari njěkělan pětjoet .

Paing teh ti ngongora djéléma godjeh . bisa tjarita sarta sok résép bébénjon djeung batoer, matak pikaseurieun . Harita . nadjan tatjan aki-aki pisan, boeoekna djeung koemisna geus bodas , halisna oge geus soemambel widjen , djadi tambah matak loetjoe . Samemehna djoeng manehna ngomong ka pamadjikanana, pokna : Maing , tjitjing di imah , oelah njanjabaan ."

Walon Maing bari ngadilak :

,,Wah, njaba ka mana , tjape atjan ."

Eta pamadjikanana satoengtoeng salakina katembong keneh mah , nangtoeng bae di panto . ngawaskeun .

Katjaritakeun Paing barang geus rada djaoeh ti imahna. prok papanggih djeung hidji djalma ngagiringkeun sapi bikang, soesoena randoetdoet , kawantoe keur anakan. Barang ret oge Paing ngomong di djero atina : „ Leuh, lamoen seug ieu koeda ditoekeurkeun ka dinja mah , meureun oentoeng. Bener ngoeroesna rada roegi , tapi saban isoek aing boga tjisoesoe , sakoerang -koerangna -doea botol mah meunang . Heug deukeut ka djoeragan Loerah, ajeuna aja doea toean kontrak , arandjeunna oenggal isoek sok ngaraleueut tjisoesoe . Ajeuna mah njarandakanana ti dajeuh ; lamoen aing boga tjisoesoe mah , meureun ngalanggan ka aing, da deukeut, atoeh sakoerang -koerangna aing lima ketip mah sapoë meunang , saroea bae djeung boga pangsioen .

Tidinja ngagéroan ka noe ngagiringkeun sapi teh : „ Agoes , tjing liren heula , eta sapi teh kagoengan saha , rek ditjandak ka mana ?"

,,Anoe koering, pa , rek dibawa ka dinja ka tegal , rek diangon ."

„Euleuh , koemaha lamoen oerang toetoekeuran bae sareng koeda bapa ?"

Noe boga sapi ngahoeleng , toeloej ngadeukeutan kana koeda teh , ngilikan koekoelintjiranana , tjarehamna . Tjik pikirna : „ Ieu koeda ngan koe koeroe bae, ari koedana mah koeda hade djeung ngora keneh . Lamoen koe aing dipiara dilintoehan, doea boelan oge meureun lakoe f 150 mah." Toeloej ngomong ka Paing : „Sabaraha bapa wani noempang ?"

„Wah , montong make noempang , da bapa teu boga doeit , oerang pagoeling -goeling bae ."

,,Mangga bae atoeh , djadi !"

Sanggeus toetoekeuran teh Paing benerna mah balik , tapi ari ieu henteu , sabab aja kaperloean rek ka pasar, téroes bae ki dajeuh noengtoen -noengtoen sapi , pikirna : „ Kapalang, rek sakalian bae , da geus indit ti imah , ari ngahagal deui mah sok hese ."

Beuki deukeut ka nagara djelěma beuki loba noe lalar -liwat , noe madjoe noe balik , kawantoe nagara gede . Atoeh sapi teh teu kira-kira matak poesingna , djadi djaringhas , meusmeus mogok , meusmeus ngadat , sieuneun koe djelema loba . Paing mani geus teu poegoeh polah , kesang loeoet -leet , ngoetjoer kawas mandi bae, geus memeh kawalahan .

Lar aja djělěma noengtoen embe bikang. ינTah," tjek Paing di djero atina, „ anggoer rek ditoekeurkeun ka dinja , moal matak soesah teuing mawana, toeroeg - toeroeg ngingoena di lemboer moal sakoemaha hesena , njatoena henteu pohara , diangon di sisi -sisi djalan oge koe Paing tjoekoep . Tjisoesoena nadjan teu loba tjara sapi , tapi beunang diala , djeung loba noe beuki , malah tjek oerang Arab mah leuwih matak koeat kana badan tinimbang djeung tjisoesoe sapi. Maing tangtoe leuwih atoheun boga embe ti batan boga sapi , moal hese ngoeroesna djeung awakna tangtoe djagdjag deui , da nginoeman tjisoesoena saban isoek ."

Pok ngomong ka noe mawa ĕmbe teh :

,,Oedjang , toekeuran bae eta embe teh koe ieu sapi , edas ripoeh mawana , bapa , top bae pagoeling -goeling , montong make noempang .'

Noe boga embe teh teu mikir deui, djol heug bae ; atoeh saha anoe emboeng , embe ditoekeuran koe sapi .

Paing neroeskeun lalampahanana , noengtoen -noengtoen embe rek moro ka dajeuh. Beuki deukeut ka dajeuh, djéléma beuki pagaliwota . Embe teh mimitina mah ngitjlik bae ditoengtoenna teh, teu matak hese , tapi barang geus djaoeh djeung nendjo djělěma loba , geus mimiti ngadat , népi ka Paing kapaksa koedoe neangan pameupeuh , katambah koe kalikiben , atoeh teu woedoe Paing rada ngesang deui , da ĕmbe beuki hese bae ditoengtoenna teh , mani geus samar polah .

Lar aja djelema mawa soang . Tjek pikir Paing : „ Lah , djeung kieu kieu teuing mah, anggoer rek ditoekeurkeun bae kana soang , meureun moal hese teuing mawana . Djeungna deui , da teu roegi² teuing noekeurkeun ěmbe ka soang teh moenggoehing di aing mah, kawantoe geus kolot, noe diarah teh hasil aja, tapi oelah hese - tjape , da karipoehan mah ti ngongora oge geus karasa , ajeuna mah ngan kari neangan kasenangan .

Gantjangna embe ditoekeurkeun kana soang : Paing neroeskeun lalampahanana ka dajeuh ; soang dikelek . Sadjalan -djalan teh teu aja repehna , ngan : wang ! wang ! bae , bari ladak-lodok ; manahoreng hajangeun njatoean .

Paing, nadjan teu sakoemaha beuratna oge, koemaha atoeh da djeung era djeung gandeng , katambah beuteung lapar, tikoro mani toehoereun hajang nginoem . Deukeut katja -katja gek dioek , eureun bari meuli tjendol ; ari dahar mah tjek pikirna , engke bae di dajeuh , di waroeng kawawoehanana , ambeh djongdjon djeung kadaharanana ngareunah. Tidinja djoeng deui indit , soang dikelek deui , soep asoep ka dajeuh. Sadjalan -djalan djělěma malěntjrong bae ka Paing, kabeh sẽmoe anoe hariwang , nendjo soang tjelembeng , disada taja eureunna .

Barang geus datang ka waroeng noe didjoegdjoeg tea , toeloej Paing dahar , teu kira -kira ponjona . Keur kitoe teh dihantěm ditaranja koe toekang waroeng djeung noe sedjen oge , ti mana meunang soang , atoeh Paing teu kaoer ngahoeap balas nembalan , mani kaběsekan . Sanggeus manehna dahar, pek maraban soangna koe hoeoet beunang menta bae ti toekang waroeng tea , sesa maraban hajam .

Barang geus reres barang daharna sarta geus eureun tjape , djoeng indit deui bari manjoen oedoed pipah; soangna dikelek deui , niatna rek ka sobatna , Tiina , anoe tokona di parapatan , nja eta anoe dipimaksoed ti imahna rek dipanggihan tea .

Barang datang ka dinja njampak aja hidji toean tanah noe keur balandja. Paing diakoe koe sobatna teh . dibageakeun tina geus kalilaan teu papanggih . Ret Paing ka gigireunana , bet nendjo aja hoei koeměli diwadahan dina tjarangka, teu sakoemaha lobana, kawasna mah pamilihan. sesa ngadjoeal , da geus rada baroeroek sawareh . Paing ngomong di djero pikirna : „ ,Ah , soang teh leuwih hade rek ditoekeurkeun bae ka dinja, da ieu koe hese mawana, heg ajeuna mah sakitoe djaoehna ti dajeuh ka lemboer. Djeung deui Maing tangtoe leuwih atoh dikirim koeměli ti batan dikirim soang , teu hese miara , djeung kabeukina kana koeměli teh."

Barang geus njaritakeun kaperloeanana , toeloej Paing ngomong , ngadjak toetoekeuran djeung koeměli . Babah katjida kageteunana , pok nanja koemaha oesoel -asalna noe matak boga pikiran kitoe djeung ti mana boga soang . Derekdek Paing njaritakeun lalakonna tina asal mawa koeda . toeloej ditoekar-toekeur, ditoekar-teker, népi ka djadi soang .

Babah sarawoeh toean tanah tea mani akej-akéjan nanggap tjarita Paing. Atoeh da poegoeh sakitoe anehna , tina asal soekoe opat nepi ka djadi soekoe doea .

Tidinja toean tanah teh sasaoeran :

,,Geura bapa engke ari datang ka imah moal teu galoengan djeung pamadjikan, da teu oemoem teu moepakat , indit mawa koeda , ari balik mawa koeměli."

19Wah , moal toean , pamadjikan koering mah bageur ti ngongorana oge ; sakitoe deui , nadjan leuwih ti sakitoe oge moal datang ka poendoeng pamadjikan koering mah ."

,, Wah , pirakoe deui nepi ka teu ngamběk , kaoela mah wani tataroehan ."

,,Mangga tataroehan koemaha ?"

,,Heug, lamoen ĕnja pamadjikan bapa teu ngambek , koe koela dipěrěsěn doeit doea ratoes lima poeloeh perak, tapi lamoen ngamběk , bapa koedoe digawe sataoen di koela sarta moal diboeroehan ."

Mangga , djadi !"

Gantjangna Toean tanah miwarang njaloekan sado , tjlak doeaan djeung Paing taroempak , sarta tjarangka koeměli tea dibawa.

Barang nepi ka lemboer Paing . sado eureun di hareupeun imahna . Maing kaget ngadenge sado ngagoeroedoeg sarta eureun di palebah imahina , toeloej norodjol ka loear. Barang ret nendjo Paing reureudjeungan djeung toean , teu kira -kira kageteunana , atina mani ratoeg , soekoena njorodtjod, maroekan Paing meunang pěrkara. Tapi teu lila datang deui pikiran , boa -boa toean anoe rek meuli koedana , da harita koeda teu kadeuleu ; heg rada lěmpĕr meueusan .

Paing djeung Toean toeloej taroeroen tina sado ; Paing bari mawa tjarangka koeměli , sok diteundeun di tepas . Maing geus teu kawawa , hajang geura nanjakeun koeda , pok ngomong : „ Na ka mana ari koeda , Paing ?"

"Ke geura," tjek Paing, bari toeloej ngadangong , njangareup ka Maing di pajoeneun Toean tanah , „ari koeda teh asalna koe kami ditoekeurkeun kana sapi , da tjek pikiran kami mending sapi manan koeda teh , ngarah tjisoesoena , heg didjoeal ka Toean anoe deukeut djoeragan Loerah tea ."

,,Atoeh poegoeh , djaba ti oerang meunang doeit oenggal poë teh meureun miloe seubeuh koe tjisoesoe deui , meureun lintoeh awak kami ."

Tapi nja eta atoeh , barang ditoengtoen sapi teh bet ngadat , toeloej bae koe kami ditoekeurkeun deui kana embe bikang."

27 , Euleuh euleuh , koemaha sapi teh teu neunggar ka Paing ?” „ Henteu ari neunggar onaman ."

„ Alah , soekoer ! Mana ajeuna embena , da ĕmbe oge hasil, kapan beunang diala tjisoesoena djeung teu hese miarana."

„Har , nja eta atoeh , ari pek teh ditoengtoen embe teh ngadat deui bae, toeloej bae koe kami ditoekeurkeun kana soang ."

„ Alah běněr , mana ajeuna soangna , kami hajang geura nendjo , ti baheula kami hajang boga soang teh , kabita koe endogna koe galěde , bet ajeuna kalaksanakeunana ."

,,Ari soang teh manahoreng matak poesing pisan dibawana, sadjalan -djalan teu repeh disada , atoeh ditoekeurkeun deui bae koe kami , tah ka dinja kana hoei koeměli .”

,,Aeh , aeh, atoeh soekoer , Paing , ieu mah teu hese deui miara, ngan kari ngolahkeun bae . Mana tjek kami oge , Paing mah ti babaheula bisa nitimoekeun , bisa nganjahokeun kaperloean awewe , kapan koeměli teh kabeuki kami , ieuh !"

Toean tanah ngadangoekeun tjarita Maing teh goemoedjeng bae bari gogoděg , kaget naha aja awewe hade -hade teuing panarima ka salaki . Toeloej sasaoeran : „Paing, Maing , kaoela soeka ati katjida ngadenge tjarita Paing djeung Maing sarta nendjo boedi -parangi Maing anoe sakitoe manisna . Rasa kaoela bagdja gěde katjida djělěma anoe loeloes -roentoet laki -rabina ti ngongora něpi ka kolot. Ajeuna boeroehan Maing hade ka salaki ieu kaoela měrĕsen doeit f 250, moega -moega masing mangpa at piběkěleun Maing di djero oemoer geus kolot."

A.

V.

Batoer ngalalana.

Ki Djahim liwat saking soesah atina, lantaran bapana gering pajah, kawas-kawas geus deukeut kana adjalna .

Ari di imahna teh teu aja pisan batoer , ngan padoedoeaan bae , sabab indoengna enggeus hilang. Barang dina hidji peuting , kira wantji poekoel doea, keur meudjeuhna djempe , toeroeg -toeroeg tjěmpor kakalintjesan kawas geus koerang minjak , ki Djahim digeuingkeun koe bapana , sarta ditjaloekan ; toeloej koe ki Djahim disampeurkeun . Bapana neuteup kana beungeut ki Djahim bari ngalimba , pok ngomong sorana pegat -pegat , bari sẽmoe deudeuh , asih anoe taja hinggana ; „ Oedjang , katarima pisan kanjaahan djeung kabelaan maneh ka bapa , ajeuna koe bapa rek ditinggalkeun , tapi montong leutik hate , Insja Allah maneh bakal meunang pitoeloeng ti Noe Maha Soetji , wawales hade ka kolot."

Sanggeus ngomong kitoe, bapa ki Djahim toeloej sakarat , sarta teu koengsi lila kěrělěk bae hilang semoe anoe babari pisan .

Ki Djahim kaget , toeloej bapana digĕro -géro , dirampa bět geus tiis kawas gěbog bae ; digoejah -goejah , gědag kabeh . Ti dinja ki Djahim ngarti , jen bapana geus maot , ngan les bae teu ingět bawaning koe reuwas. Barang geus inget deui , ngarampa deui ka bapana , digoejah -goejah deui, angger bae satadi ; gero bae tjeurik bari sasambat , bapa -bapaan . Saking doemadak tatangga tatangga teu aja pisan anoe lilir , djadi teu aja noe neang ; ari rek ngageuingkeun ki Djahim ten wanieun, atoeh geus samar polah samar kolojoh. Awahing koe bingoeng toeloej bae ki Djahim woeloe tina kele , téroes salat , kawantoe ki Djahim ti leuleutik koe bapana dipeuseuh kana agama , disina ngadji , teu meunang tinggal waktoe, lěkět poeasa , sabab , bapana oge , nadjan lain alim , njantri pisan . Barang geus salat toeloej babatjaan sarta něněda ka Rabboel alamin , moegi -moegi bapana dipaparinan rahmat koeboer djeung dihampoera dosana . Tidinja awahing koe geus tjape oeroet babatjaan , ngan reup bae sare . Naha ari geus reup teh bět ngimpi aneh katjida . Di ditoena teh bapana henteu hilang , biasa tjara sasari bae, ngomong geretjek bari boedi manis . Ti dinja bet djol bae aja poetri soemping , geulis kawanti -wanti , panganggona moeroeb -moebjar singsarwa soetra , sarta nganggo makoeta ditaretes koe inten, nja kitoe deui inten dina pinggělna , panitihna djeung dina kangkaloengna mani broj -brojan kawas panonpo bae ; Tapi eta Poetri henteu lila , toeloej bae djengkar deui . Sanggeus Poetri angkat , tjek dina impianana teh , bapana nanja ka ki Djahim bari imoet : „ Maneh njaho saha eta Poetri teh ?" Diwalon koe manehna : Henteu !"

„ Eta teh poetra radja, pipamadjikaneun maneh .”

Teu kira -kira ki Djahim atoheunana . Keur atoh -atoh teh ngan ras bae inget , kageuingkeun koe noe tjarektjok di loear , anoe rek ka tjarai . Ki Djahim toeloej hoedang , ka tjai , bari tjarita ka tatanggana , jen bapana geus toeloej . tatangga -

Kawantoe bapa Djahim djělěma bageur sarta ahli ibadah, sakabeh tatanggana daratang , marere , ngaroeroeskeun , něpi ka tjatjakan bapa Djahim sakitoe nja malarat. ari dina hilangna mah biasa djelema noe tjoekoep bae . Ari ki Djahim taja deui gawena ngan élah -elih tjeurik , demi noe dipikir , kadjaba ti njeri katinggal hilang teh , bingoeng pika-hareupeun , koemaha nja pipětaeun, koemaha nja njatoe , saha noe baris ditoetoerkeun , da di lemboer eta teh manehna estoe njelap, lieuk deungeun -lieuk deungeun .

Waktoe bapana dibawa ka astana , ki Djahim miloe , tapi rarasaanana geus teu poegoeh , ti beurang asa lajoengan , leumpangna asa nintjak asa henteu; djéléma noe ngalanteurkeun teu poegoeh hidji -hidjina .

Waktoe bapana diasoepkeun kana 10eangan , manehna miloe ngeupeulan taneuh keur gegěloena , toeloej disodorkeun ka noe ngoerěbkeun . Dina keur waktoe bapana diadanan dikamatan mah manehna geus teu kaampeuh , ségroek deui bae tjeurik , nadjan koe batoer dihoeit oge , koemaha atoeh da teu beunang dipengkek . Komo keur waktoe lebe matja talkin , enja oge manelina henteu ngarti , tjeurikna beuki rosa bae , sabab pikirna nja ajeuna panoengtoenganana bapa aing dirioeng-rioeng koe djelěma . Barang geus anggeus lébe matjana talkin , ki Djahim koe maneh ngawoerkeun tjandana djeung kembang , toeloej ditjitjian koe tjai tina kendi .

Kawasna ti tadi oge geus kadjoedi koe tatangga -tatanggana , jen ki Djahim bakal kanjenjerian ditinggalkeun koe bapana tehatoeh da koe sarerea oge sageuj ten kaharti poegoeh boedak noenggelis - boektina harita geus sadia leukeur , djantoeng katoet bëdogna , sarta koe kolot-kolot djantoeng dititah dibeulah , leukeur dititah diteukteuk koe ki Djahim, bari dipapatahan parantjahna : ,,Neukteuk leukeur , meulah djantoeng tjas kantjas paria djawa", nja eta soepaja ki Djahim oelah toeloej baloeas atawa sawan bangkaj .

Sanggeus reres , toeloej sarerea boedal .

Ki Djahim ngadenge pirang-pirang manoek astana disarada , tambah-tambah nja matak kétir kana atina, oengkoet -oengkoet tingärěngkoet, siit oentjoeirg sitsitan taja eureunna , kawas noe keur ngadalikiran bapana , tikoekoer ngelak dina tangkal tjaringin , 27 sémoe -semoe mapatahan ka ki Djahim : Meugeus . Djahim , montong dipake kamelang bapa maneh teh , moal boeroeng manggih rahmat di aherat , da poegoeh djělěma hade ."

Ki Djahim nendjo manoek noe laleutik , kajaning : manoek anis , piit, manoek seupah , manoek djantoeng , halibĕran tina dahan kana dahan bari retjet disarada , kawas noe mere ingět , jen montong dipake kasoesah katinggal koc bapa , tendjo alam-doenja lega , pinoeh koe tatangkalan , boeboeahan noe ngareunah hakaneun djělěma , plong hatena teh rada tjopong , henteu soempĕg teuing , sarta ngomong di djero atina : Lamoen seug aing djangdjangan tjara manoek, meureun hiběr ngawang -ngawang . tada téměn resepna ngambah -ngambah alam-doenja ."

Tjatoerkeun , barang geus datang ka imahna, ger kolot-boedak dalahar , sidekah njoesoer tanah, tapi ki Djahim mah teu daekeun dahar , dioepah apeh ge koe kolot-kolot weleh bae , sabab pikirna ingět bae ka bapana sarta lalamoenanana , hajang ngambah alamdoenja tea , beuki njongsrong , sabab ingetanana , lamoen tětěp tjitjing di dinja , tangtoe moal daekeun poho -poho ka bapana .

Sanggeus beres sidekah tiloena , toedjoehna , ki Djahim nawarnawarkeun imahna ka tatanggana . Ari ditaranja , djawabna : „ Koering rek njaba, neangan paman koering."

Gantjangna aja noe wanieun meuli kana eta imah lima ringgit, gotjrak dibajar .

Barang geus beres , ki Djahim toeloej dangdan , papakeanana aja sapangadeg djaba noe dipake , pek diboentél ; ari doeitna anoe lima ringgit tea diasoepkeun kana pesak saboekna . Tidinja djoeng indit , sedjana rek ngalalana , tapi samemeh téroes teh , njimpang heula ka astana bapana , rek nerapkeun toetoenggoel bari rek amitan.

Barang datang ka dinja , pek toetoenggoel batoe beunangna ngahadja meuli saringgit , doeitna ladang imah tea , diterapkeun, geus kitoe pok ngomong , pokna : ,,Bapa , koering amit arek ngalalana , doakeun koe bapa , koering sing salamét ."

Ti dinja djoeng deui indit , estoe teu poegoeh noe didjoegdjoeg , leumpang noetoerkeun indoeng soekoe bae . beuki djaoeh , beuki djaoeh ti lemboerna . Manelina resep pisan ngawaskeun kana pataka masigit , ret deui , ret deui, da tembong ti kadjaoehan , kelar , ingét manehna sok salat Djoemaah djeung bapana dina eta masigit.

Geus kitoe ka loear ti dajeuh , toeloej njorang pasawahan , tegal , kébon , aja oge lemboer-lemboer ; katjida manehna résěpna , kawantoe saoemoer kakara nendjo patempatan di pasisian.

Barang geus soeroep panonpoë , manehna aja dina hidji tempat anoe djaoeh ka lemboer . Kabénĕran aja saoeng ranggon , toeloej manehna asoep ka dinja rek mondok . Tapi manehna teu pisan ngarasa keueung atawa nalangsa , sabab peuting harita boelan ngebrak tanggal opatbělas , langit lengiang katendjona paoel djiga boeloedroe , bentang baranang anoe gede anoe leutik , tingkaritjeup , tingkarětip , djiga inten anoe ngabarak dina alkětip boeloedroe . Tjek pikiranana : boelan minangka lampoena , langit ibarat koelamboena , koelamboe anoe teu matak salempang sieun kahoeroean tea . Atoch barang doeg teh sanggeus babatjaan , toeloej bae sare tibra , katambah tjape oeroet leumpang sapoë djepoet ; lilir soteh geus balebat , kageuingkeun koe manoek saeran , manoek haoer djeung manoek sapoe , retjet disarada , kawas noe mere inget ka ki Djahim : Meugeus sare teh, Djahim, oelah kadjongdjonan , ieu geus soeboeh , geura salat , geura njembah ka Noe Maha Soetji ."

Ki Djahim barang geus salat soeboeh , toeloej indit deui rek noeloejkeun lalakonna . Barang geus beurang nepi kana hidji pakĕmitan . Kabénéran harita poëna poë Djoemaah , loba noe rek saralat ka masigit. Ki Djahim toeloej miloe salat ; euweuh noe wawoeh saoerang -oerang atjan.

Di toekangeun masigit aja koeboeran . Sanggeus salat Djoemaah ki Djahim toeloej kana eta koeboeran tea , sabab inget ka astana kolotna geus lila teu dilongok - longok . Barang boes ka dinja manggih koeboeran noe geus bala , toeloej koe manehna dilenangan djeung pek hadiah ka ahli koeboer . Ingětanana : „ Moega ka bapa aing oge masing aja noe ha'at tjara aing kana koeboeran ieu ."

Barang kaloear tina pakarangan masigit, beh manggih noe baramaen , aki-aki , mani geus bongkok , toeroeg tanpadaksa . Ki Djahim karoenjaeun toeloej mere lima pitjis . Noe baramaen teh katjida atoheunana sarta kaget , doemeh biasana noe marere teh ngan oekoer sasen , panggede sabenggol .

Barang ki Djahim geus barangdahar di waroeng , toeloej indit deui , rek neroeskeun lalakonna , kaloear ti pakemitan, beuki djaoeh , beuki djaoeh .

Panonpoë geus rek soeroep , langit meded koe pihoedjaneun , kilat tingbaroerinjaj . Ki Djahim leumpangna beuki gagantjangan , pikiranana soegan di hareup manggih keur ngioehan , sabab harita mah teu aja pisan lemboer noe katembong , woengkoel noe bala bae, kaso , eurih , pasělang djeung kebon . Kaběněran beh manggih hidji tadjoeg wakap di sisi djalan , atoeh geuwat manehna asoep ka dinja , tapi harita geus poëk sarta barang manehna geus asoep , ger bae hoedjan gede , gělap tingbělědag , angin ngagoeroeh . Ki Djahim noempi bae di djoeroe tadjoeg , harita mah teu woedoe rada keueung djeung nalangsa , tapi dalah dikoemaha , da geus kitoe boektina, sanadjan sieun kieu -kieu oge , měrěkětkeun maneh bae . Tapi awahing koe tjape, teu sakoemaha lilana ngarasa keueungna, reup bae sare . Lilir kira geus tengah peuting, hoedjan geus raat, boelan geus ngebrak, djadi di djero tadjoeg oge rada tjaang.

Aneh katjida , di tengah tadjoeg teh bet aja pasaran make pangroeroeb , tjiri aja majitan . Mimitina ki Djahim ngagebĕg sarta ngarasa sieun teu kira . tapi koe manehna dipikir deui : ,,Naha aing make sieun koe noe paeh , kapan majit mah geus teu daja teu oepaja , digoelang -gaper oge koe noe hiroep geuning sok tjitjing bae , moal ĕnja bisa kieu-kieu ka aing ; barina oge sanadjan manehna bisa walakaja , bolampar teuing njieun deui pidorakaeun ka pada kawoela, manehna oge geus njantong kana siksaan , lamoen ĕnja manehna djělěma goreng tea mah . Ari noe sok djarahat tea mah saĕnja -ĕnjana lain noe geus paeh , nja eta noe keur hariroep keneh , geuning sok aja noe maling, noe ngarampog djeung salian ti eta ." Koe lantaran ki Djahim boga pikiran kitoe, lés bae kasieunna teh leungit .

Teu koengsi lila goeroetak aja doea lalaki asoep ka tadjoeg , padagdag -poedigdig kawas djělěma amběk , noe saoerang bari ngomong kieu : „ Noeroestoendjoeng djělěma teu gadoer kekenjos , boga hoetang teu daek majar, keur hiroep keneh ditagih ngan ĕngke -isoek engke -isoek bae, ajeuna modar sama sakali , komo beuki moal majar. Ajeuna mah oerang aloengkeun bae ka noe bala , sina dihakan andjing, atawa oerang palidkeun ka waloengan ." Tidinja ngan kerewěk bae majit teh ditjékél koe doeaan .

Ki Djahim geus teu kawawa awahing koe watir ka majit, toeloej norodjol ti djoeroe , njampeurkeun ka eta doea djéléma sarta ngomong : Rek dikoemahakeun majit teh ? Ingkeun oelah 72 diopenan ; djéléma koemaha ieu teh ?"

Kageteun katjida eta doea djéléma teh , toeloej ngomong , pokna : ,,Ieu noe paeh teh boga kabeubeurat ka kaoela lima roepia , anoe matak rek dipitjeun bae ka noe bala , géměs , bongan keur hiroep keneh teu daek majar ."

,,Aeh -aeh , keun bae hoetang sakitoe mah koe koering dipangmajarkeun, heh ieuh gěněp roepia djeung anakna , kaběněran doeit koering ngan kari sakitoe -kitoena deui, tadina rek keur běkěl , ari ajeuna mah top bae keur sampean , dapon eta majit oelah dikaniaja ."

,,Ka dieuh atoeh ari arek dipangmajarkeun mahi , soekoer !"

Sanggeus nampanan doeit , gédjlig bae eta doea djělěma teh taroeroen .

Ari ki Djahim toeloej neroeskeun deui lalakonna, soep asoep ka noe bala , beuki djaoeh , beuki djaoeh , koekoeroesoekan , totorobosan ; bět geus aja di tengah leuweung ; boelan beuki ngebrak , njaangan noe keur leuleuweungan . Ki Djahim loba pisan papanggihanana : nendjo sato leuweung rendang keur nareangan kahakanan ; doeroewiksa djeung děděmit kadareuleu koe manehna , sakabeh oge taja noe ngaheureujan ka ki Djahim, malah karoenjaeun, sabab njarahoëun , jen ki Djahim teh djělěma bageur , djě . lěma njaah ka kolot, toeroeg boedak sangsara katalajah.

Anoe pangänehna noe katendjo koe manehna nja eta ketjit , aja sawělas , gawena keur aroelin bae dina dangdaoenan bari kakarawihan , da kětjit teh leutik pisan , noe panggědena ngan oekoer sagede tjoeroek. Euleuh , aja bangoen bararoengaheun eundeuk -eundeukan , sosorodotan dina tjiiboen, sawareh mah tjiiboenna poejar, manehna ragrag kana taneuh , ger pada njoerakan koe batoer -batoerna .

Aja deui lantjah gede make makoeta ditaretes inten, loeloentjatan tina dahan kana anoe sedjen mantengkeun ramatna , manahoreng keur njieun sasak djeung karaton, mangnjieunkeun kětjit tea. Eta karaton katjida aloesna , soemawonna barang geus katapelan tjiiboen , toeloej kasorotan koe boelan , euleuh mani djiga gědong permata bae . Kětjit djeung lantjah téroes bae soekansoekan nepi ka bidjil panonpoë . Barang geus beurang ketjit teh maroeboes kana kembang koedoe , tidinja datang angin , toeloej kětjit, karaton djeung sasak teh dibawa koe angin, ngan kari ramat lantjahna bae , tinggarěbaj katěbak koe angin .

Kotjapkeun ki Djahim barang geus beurang , ka loear ti djero leuweung, toeloej njorang djalan biasa deui . Kadenge aja noe ,,Euj dagoan , rek ka mana ?" ngagĕroan ti toekang , pokna :

Barang dilieuk bět lalaki . Tjek ki Djahim : ,,Koering rek leumpang sakaparan -paran bae , da geus teu boga indoeng -bapa , dje tema kabalangsak ."

,,Hih , atoch ari kitoe mah tjotjog , kaoela oge nja kitoe, sarta maksoed kaoela rek ngalalana ; hajoe bae ajeuna mah oerang reureudjeungan djeung kaoela , oerang silibelaan , sapapait -samamanis."

Ki Djahim atoheun pisan , pok ngomong : „Atoeh noehoen ari kěrěsa mah . Mangga .

Ti dinja djoeng doeaan laleumpang deui , beuki lila beuki roekět sarta beuki silipikanjaah , sabab doeanana pada djělěma bageur . Tapi kanjahoan koe ki Djahim , jen batoerna teh leuwih pintěr , leuwih loba loeangna manan manehna , moal gagal ĕngeus lampar panjabaanana , da geuning loba pisan tjaritana anoe araneh , něpi ka ki Djahim kabangbrangkeun , leungit pikirna anoe ngoeloewoet teh.

Panonpoë geus loehoer pisan , toeloej maranehanana ngioehan handapeun kai rek moerak bekělna . Keur kitoe djol aja hidji nininini mani geus bongkok koendang iteuk . Eta nini -nini ngakeup soeloeh , beunangna ngarorotek ti leuweung . Sampingna soerantoet semět toeoer djeung kadjaba ti samping noe dipake ngakeup teh make deui samping dibeubeur - leupeutkeun sarta diselapan tiloe regang waroe. Barang eta nini -nini geus nepi kana palebah ki Djahim tea , ngan gebloeg bae laboeh tisoledat , soekoena potong pisan mani kapaehan ; barang geus inget deui , goak tjeurik sasambat alah -alahan . Ari pikir ki Djahim mah harita hajang geuwat bae moro , rek digandong , rek dianteurkeun ka imahna , tapi tjek batoerna leumpang tea : „ Montong . Keun bae oerang oebaran ," bari pek moeka endongna , njokot hidji wadah anoe dieusi baloer sarta omongna ka eta nini -nini : „ Lamoen nini dioebaran koe ieu , dadak -sakala tjageur, moal aja sakara -kara, tapi kaoela menta diboeroehan koe eta regang tiloe anoe njělap dina samping nini ."

Tjek nini -nini teh bari loenggak - linggek matak pikaseurieun : ,,Hih , moës teuing koe eta mah ; euleuh atoeh gede teuing boeroehna ."

Tjek batoer Djahim : „ , Kadjeun ari ěmboeng tjageur mah ."

Gantjangna sok bae koe nini -nini teh dibikeun regang teh , sabab tinimbang djeung ngagoler di dinja mah , leuwih hade lapoer regang . Toeloej koe batoer ki Djahim dioebaran , harita keneh tjageur , teu aja oeroet -oeroetna , malah leumpangna leuwih djagdjag manan memeh laboeh tea . Sakitoe kamatihanana eta baloer , da poegoeh lain sabaloer -baloerna , lain beunang meuli ti roemah obat .

Tjek ki Djahim : ,,Keur naon eta regang teh ?"

Walonna : ,,Hih , keun bae, moal boeroeng aja pigaweeunana .”

Ti dinja djoeng deui eta doea djělěma teh indit . Barang geus djaoeh , tjek ki Djahim : Euleuh itoe langit mani sakitoe angkeubna , moal gagal bae tangtoe hoedjan gede ; koemaha oerang , ka mana nja ngioehan ?"

Ari tjek batoerna : ,,Hih, itoe mah lain mendoeng pihoedjaneun , goenoeng , goenoeng loehoer poentjakna kalampoed koe mega . Engke oge moal boeroeng kasorang koe oerang ; euleuh geura , dina poentjakna teh aja rěsěp , tapi katjida tirisna , keur panas poë ereng -erengan teh di dinja mah tiris bae . Hajoe bae geura oerang sing gantjang leumpang teh ambeh tereh něpi ."

Ti dinja sebroet laleumpang deui , ki Djahim mani notog -notogkeun maneh , awahing koe hajang geura něpi ; maroekanana geus deukeut , teu njahoëun , jen goenoeng teh sok tembong gélor. Djalan beuki nandjak sarta kentja-katoehoeeunana pinoeh koe leuweung gělěděgan , reang sora manoek disarada , mani geus teu poegoeh dengekeuneunana .

Kakara satengah djalan doeanana geus ngahegak raripoeh komo ki Djahim , kawantoe kakara nandjak sakitoe nětěkna. Kaběněran beh manggih waroeng gede pamondokan , toeloej bae arasoep ka dinja , rek dahar bari rek toeloej mondok , sabab geus tanggoeng lakoe. Ari boes teh ka dinja, bet loba djělema , malah di pipir aja djělěma ngagimboeng keur nanggap tjemen , anoe mentas ngamen ti tonggoh , da di loehoer goenoeng teh rame , kawantoe loba tanah kontrakan . Ki Djahim djeung batoerna oge anggeusna dalahar toeloej laladjo . Ari anoe laladjo teh dioekna ngalingkoeng . noe panghareupna dina korsi . Aja hidji toekang djagal , lintoeh beuteungna gembroe , dioek nambroe bae dina korsi bari ngagigirkeun andjing, andjingna semoe galak , měrong bae kana tjemen teh . matak gila, toeroeg - toeroeg teu ditalian . Barang tjemen keur dimaenkeun , kaloear radjana , make makoeta aloes , pangäloesna bae tina sakabeh tjemen, ngan gabroeg bae dirontok koe andjing teh , dikěrěkěb hoeloena mani rěmoek . Atoeh noe boga teh sirikna teu tjeurik bae, awahing koe soesah , matak boentoe lakoe , nepi ka harita oge toeloej eureun bae maenna teh . Barang djělěma geus boebar , batoer ki Djahim ngomong ka noe boga tjemen : Keun bae montong soesah -soesah teuing, 99 pěrkara tjemen kaoela sanggoep ngahadekeun deui ." bari toeloej njokot baloer tina endongna tea, pek dibaloerkeun kana radja tjemen teh. Enja , harita keneh tjemen teh baléger deui , waloeja tjara asalna tadi . malah aja tambalina, ajeuna mah hiroep sorangan , bisa méta koe maneh teu kalawan parabot , biasa djělěma hiroep bae ngan teu bisa ngomong . Atoeh teu kira -kira noe boga tjemen teh atoheunana ; nja kitoe deui sakabeh djělěma noe aja di waroeng karageteun , nendjo tjemen hiroep sorangan .

Tjatoerkeun ti peutingna kakara poekoel salapan teh di wa roeng geus djempe , djéléma geus sarare , kawantoe noe ngaradon mondok teh tjarapeeun mentas njaba . Barang kira wantji poekoel doeawělas , noe boga tjemen hoedang lantaran kageuingkeun koe sora noe tjeurik ngabangingik , naha aja noe tjeurik sẽmoe njĕri -njëri teuing : toeloej koe manehanana didengekeun . Bet manahoreng noe tjeurik teh tjemen hidji . Pek koe manehna dideukeutan, tetela tjemen, tjeurik bari midangdam , pokna : ,,Koering hajang dihiroepan, kabita koe radja tjemen .'

Atoeh noe boga tjemen teh toeloej bae ngageuingkeun batoer ki Djahim , bari omongna : „,Tjing koering neda piwelas sampean , panghiroepankeun itoe tjemen koering noe hidji , teu kawawa koering koe watir : ari piboeroehaneunana mah doeit beubeunangan poë tadi , mangga bae kabeh keur sampean ." Ari tjek batoer ki Djahim , kaoela teu hajang diboeroehan koe doeit, menta eta bae pedang noe dipake koe sampean ."

Tina koe bawaning watir ka tjemen sok bae pedang teh dibikeun . Batoer ki Djahim toeloej ngahiroepan genep tjemen koe baloer tea . Noe boga tjemen hajangeun njoba , toeloej nitah batoerna njeungeut lampoe , masangkeun paranti maen tjemen djeung nitah nabeuh tatabeuhanana . Barang prak teh, enja tjemen noe gěněp katoedjoeh radjana hariroep, toeloej ngarigel . Atoeh djělěma saeusi waroeng haroedang kabeh , nendjokeun sarta kabeh barengong . Awahing koe resep mimitina eusi dapoer toekang waroeng miloe ngigel , geus kitoe toekang waroengna , noe marondok, kabeh mariloe ngigel . Toengtoengna lain ngan djělěma bae , hihid , siwoer, tjoetjoekil , peso , tingäratjléng kawas anoe miloe ngigěl . Atoeh sapeuting harita rame eak-eakan pesta něpi ka braj beurang .

Tjatoerkeun isoekna isoek -isoek ki Djahim djeung batoerna djoeng deui indit rek něroeskeun lalakonna deui, rek nandjak ka poentjak goenoeng tea . Kira poekoel sapoeloeh maranehanana geus aja di poentjakna. Teu kira -kira ki Djahim kageteunana , ploengplong deudeuleuan djararaoeh wararaas : tangkal kalapa , djambe , kiara , anoe sakitoe laloehoerna djaoeh , aja di sahandapeun soekoe manehna . Ka nagara awas, marakbak gědong noe galěde katendjona ngan sagĕde -gede saoeng sawah , waloengan anoe galĕde ngĕndat sagede kamalir , sisi langit asa beuki djaoeh . Noe kadenge djaba ti sora sasatoan , ratok sora kalotok moending djeung domba noe keur diarangon , boedak angonna ngelak kakawihan , teu kira -kira bae kagagasna hate ki Djahim . Toeloej manehna moedji ka Goesi Allah noe geus ngadamél alam sakitoe aloesna sarta anoe geus maparin rarasaan ka manehna anoe sakitoe ni'matna dina mangsa harita . Nja kitoe deui batoer ki Djahim sidakép bari mělěng ka leuweung - leuweung djeung ka nagara anoe katodjo koe panonpoë sakitoe panasna , sẽmoe -sẽmoe anoe mikir kieu : „ Ieu sakoer noe kadeuleu koe aing , anoe sakitoe matak heranna djeung matak resmina kana pikir aing , kabeh djadi tanda woedjoedna Allah ta'ala , anoe wadjib disembah koe aing beurang kalawan peuting."

Keur kitoe-kitoe ngan ngeng bae kadenge aja sora manoek radjawali gelak -gělik, radjawali anoe boeloena bodas , ngalajang di awang-awang . Tapi eta sorana teh beuki lila beuki laoen , beuki laoen, toengtoengna ngan ketjlik bae ragrag kana lebahı soekoe batoer ki Djahim ; bet geus paeh !

Emh , karoenja teuing, manoek sakieu aloesna bět paeh teu poegoeh . Tjoba itoe djangdjangna sakitoe aloesna , bodas ngeplak ."

Toeloej manehna njokot pedang pamere toekang tjemen tea , pek djangdjang manoek teh doeanana diteukteuk , boes diaboeskeun kana endongna .

Barang geus kitoe ki Djahim djeung batoerna badami rek moeroe ka nagara noe katemborg ti dinja, toeloej moedoen .

Teu katjatoer di djalanna , djaoeh mo boeroeng tjoendoek , anggang mo boeroeng datang , sanggeus sababaraha lilana leumpangna , djol bae nepi ka nagara noe didjoegdjoeg tea .

Eta nagara teuing koe gede sarta rame . Di tengah - tengah nagara aja karaton radja, kěntengna perak, woewoengna emas , hibar marakbak, pakaranganana dikoeta koe batoe marmer sagěbleg , batoe marmer anoe ngeplak bodas tea , herang ngagentjlang .

Ki Djahim teu wanieun oedjoeg -oedjoeg asoep ka nagara , ngadjakan ka batoerna ngaréréb heula di waroeng , di loear kota , Dongeng Paloekna . 3 hajang ngareureuhkeun tjape heula djeung hajang ngaganti papakean ; toeloej bae asoep ka hidji waroeng pamondokan .

Sorena ki Djahim djeung batoerna darioek dina salon di hareupeun waroeng , disanghareupan koe priboemi . Noe boga waroeng njarita , njaritakeun radja di dinja katjida bageurna , sabar adil palamarta , teu tjěgikan teu tjěgoekan . Andjeunna kagoengan poetra istri hidji , ngan sakitoe -kitoena bae poetrana teh , keur meudjeuhna roemadja -poetri , geulis lain kaoelinan . Radja geus palajeun pisan kagoengan mantoe , tapi poetri teu kersaeun bae tjarogean , sakitoe loba anoe nanjaan para poetra radja deui . Ari kapalajna poetri teh palaj tjarogean ka noe bisa ngabade kana toetoeroetjinganana . Andjeunna geus ngadaměl saembara : sahasaha anoe bisa něgoeh tiloe toetoeroetjingan , noe ditoeroetjingkeun koe andjeunna koe manten , teu pilih boeloe , kadjeun tjatjah kopak koeritjakan , kadjeun naon , tjek wiwilanganana nadjan andjing boedoeg ti djarian, koe andjeunna bakal dipitjaroge ti doenja nepi ka aherat . Tapi sabalikna, saha -saha anoe sanggoep něgoeh , ari prak teu kategoeh , bakal dipaehan harita keneh , digantoeng atawa diteukteuk beuheung . Ajeuna geus aja sababaraha oerang anoe dipaehan koe poetri , lantaran teu bisa nimoekeun toetoeroetjingan , malah aja oge poetra radja, ari noe nimoekeun mah tatjan aja . Kana eta kalakoean poetri kitoe, Kangdjeng Radja katjida teu panoedjoeeunana , tapi dalah dikoemaha , da teu beunang disaoeran , ari rek dibengisan meureun teu tega , kawantoe poetra ngan sakitoe -kitoena , toeroeg - toeroeg sakitoe kameumeutna. Djadi damělna teh ajeuna beurang -peuting ngan něněda ka Allah ta'ala , soepaja geura aja noe bisa něgoeh toetoeroetjinganana ; tjaritana andjeunna meh oenggal peuting salat ta'at, moen poë Djoemaah sok ngahatoeranan toeang ka Sjech Abdoel Kadir , nja kitoe deui oelama -oelama anoe djamhoer koe andjeunna dipiwarang tirakat , nirakatan poetri .

Tjek ki Djahim : „ Ih , naha aja radja elehan teuing ; lamoen koering mah djadi radja, boga anak kitoe, njokot hoë bae , hoë talaga noe sagede tjoeroek , rangket sing satengah mati, toetoer aja awewe něpi ka ngamoemoerah kana pati djělěma ."

Sabot keur ngomong kitoe djělěma di djalan tjektjok : „Euleuh itoe poetri, itoe poetri !" Noe di djero imah tingtarorodjol . Tjek 17 noe boga waroeng : Toeh geuning , mangga oerang naringali !” Toeloej tiloeanana naragog di sisi djalan .

Teu lila lar ka hareupeun waroeng , noe pangheulana poetri tea, nitih koeda bodas ngeplak , dileumpangkeun bae , rarahab moeroeb -moebjar ; ari panganggo poetri sing sarewa soetra , ditapoek koe ĕmas doekět , ditaretes inten objor , makoetana katodjo koe panonpoë noe keur toenggang goenoeng mani matak serab. Nja kitoe deui tjamětina emas , gagangna ditaretes inten, ana dioelangkeun teh ngaboerinjaj kawas kilat bae . Di poengkoereun poetri , ngabroel doeabelas parawan-parawan noe keur mareudjeuhna, taroenggang koeda hideung, panganggona soetra bodas , make pita beureum . Ti poengkoereunana leugeudeut deui lalakilalaki , bangsa panakawan, kabeh taroempak koeda .

Ki Djahim djeung batoerna liwat saking bengongna , nendjo poetri sakitoe geulisna , djadi kawasna djalma -djalma teh , lamoen geus nendjo roepa poetri, lat bae kana kagorenganana teh.

Ari noe pangänehna paningal ki Djahim , eta bět koe tjĕples tjara poetri anoe kaimpikeun koe manehna tea basa bapana hilang, teu dipitjeun sasieur . Ki Djahim ngomong di djero atina sarta oedjoeb , pokna : „ Wah nja ieu pipamadjikaneun aing teh, nja aing anoe pibisaeun něgoeh toetoeroetjinganana teh ." Toeloej ngomong ka toekang waroeng : Keun , koering sanggoep nimoekeun toetoeroetjinganana ."

Walon toekang waroeng: Soekoer , ari sanggoep mah ; hade , isoekan geura ngadeuheus bae ka djoeragan patih, da eta poerah nampana noe rek negoeh ."

Tjatoerkeun isoekna djoeng ki Djahim indit sorangan bae ka djero dajeuh rek ngadeuheus ka djoeragan Patih . Barang geus datang sarta geus oendjoekan , naon anoe dimaksoed , ki Djahim ditjandak koe Patih ka karaton , rek dideuheuskeun ka Kangdjěng Radja . Barang Patih geus didawoehan asoep , toeloej ngadeuheus sarta maksoed ki Djahim tea dioendjoekkeun . Ki Djahim disaoer . Barang Kangdjeng Radja ningali ka ki Djahim, ngalimba tina watirna , boedak ngora toer roepana djadjar pasar , bet rek sasanggoepanan ; ningal kana roepana mah taja taksiran kana pibisaeun ngabade , atoeh meureun djol gělentjěng bae diteukteuk beuheungna , karoenja těměn , boedak bakal keneh .

Toeloej ngadawoeh ka ki Djahim : „Djahim, naha maneh geus njaho kana atoeranana , anoe matak sasanggoepanan ? Djeung naha maneh geus tega kana pati ?"

Walon ki Djahim : „Soemoehoen dawoeh Goesti , parantos . Manawi aja hibar Dampal Goesti bae ."

„Heueuh , dido'akeun sing salamět . Patih , tjig bawa ka patamanan Nji Poetri !"

Toeloej Patih djeung ki Djahim ka patamanan .

Ari djol teh, ki Djahim mani mělěngěk , nendjo majit rantoej dina dahan -dahan kai , sawareh mah ngan kari rorongkongna bae. Dina djambangan -djambangan parentoel tangkorek djělěma ditantjěb-tantjěbkeun make gagang , tingbarěgeg , tingsarerengeh . Mimitina mah ki Djahim moeringkak boeloe poendoekna , tapi datang deui pikiran oedjoeb tea : „Ah , aing mah moal nepi ka kitoe, da geus tangtoe ieu poetri teh pimilikeun aing .”

Keur kitoe ngan goeroetak bae Poetri soemping ka patamanan , diiring koe ěmban -emban , beunang nganggo basadjan anoe baloekboek tea. Barang ningali ka Patih , toeloej njampeurkeun bari naros : Keur ngadamél naon émang teh ?"

„ Ieu ngabantoen djalma anoe bade ngiring saembara ."

Ki Djahim diteuteup koe poetri, nepi ka kalamas-kelemes , awahing koe isin , naha aja pentjrong matak serab -serab teuing .

Ari poetri mimitina mah keroeng ningali ka ki Djahim teh , da poegoeh djělěma boedjigdjrig matak geuleuh, tapi dimanah deui : „Ah mana kitoe ge djéléma hajangeun paeh , da moal énja. bisaeun negoeh . noe kitoe -kitoe patoetna koe bisa , noe karasep oge, poetra radja teu bisaeun ." Toeloej bae dipaparin boedi manis, dipariksa . Atoeh ki Djahim mani geus samar polah , asa noe dipikabogoh . Toeloej poetri miwarang njokot keur soesoegoeh sarta semah ditjandak tjalik dina korsi patamaran . Ari soesoegoehna teh koeel anoe ngareunah tapi teu loba , toeloej ngaraleueut tiloean ngarioeng . Djoeragan Patih njandak koeeh hidji , pek ditoeang , bet ngan goetjal -gitjěl bae dina goegoesi , da poegoeh geus teu waosan , toengtoengna diheungheum , diarah tjaina . Ari koe poetri dihantěm bae ditjandak sasaoeran ; ana rek ngadjawab ngan gědjlok bae kana tikoro , atoeh kagělong , mani geus eueuleugeugan bae .

Koe poetri ditingali koe djoeroe sotja . Tina běrboedina iasa mengkěk pigoemoedjengeun , toeloej bae njandak sasaoeran ka ki Djahim .

Barang geus lila , saoer Patih ka ki Djahim : „ Hajoe atoeh , ajeuna mah oerang moendoer bae heula, isoekan ka dieu deui ."

„ Enja ," saoer Poetri , „ isoekan poekoel sapoeloeh koedoe geus aja di dieu. Isoekan teh tangtoe hakim djeung rengrenganana koempoel baris njaksian benĕr -henteuna něgoeh . Lamoen bisa něgoeh isoek, koedoe něgoeh doea kali ; tapi ari noe ĕnggeus2 mah tara ngadoea -kalian , toeloej bae dipaehan .”

Walon ki Djahim : Mangga ."

Toeloej bae boebar .

Ki Djahim teu pisan miris ngadenge kasaoeran Nji Poetri kitoe, sabab pikiranana teh geus tangtoe Allah ta'ala maparin pitoeloeng ka manehanana , tangtoe toeroetjingna teh katimoe . Pendekna eta mah geus teu dipikir saeutik-eutik atjan, pěrkara gampang tjěnah . Ari noe dipikaingět teh taja deui ngan kageulisanana poetri bae , koemaha pirasaeunana boga pamadjikan sakitoe geulisna.

Barang datang ka pangandjrekanana , dérékdek njarita ka batoerna njaba tea ti awal nepi ka ahir . Pakarepanana mah dina keur njaritakeun kageulisan poetri hajang pandjang katjida hajang tetela, soepaja kahartieun énja , koemaha geulisna teh, tapi manehna teu timoe pipokeun, toengtoengna mah ngan oeh-ěh bae atoeh da lain tjaritakeuneun , ngan koedoe ditendjo bae koe sorangan , kakara kaharti .

Ari batoer ki Djahim barang ngadenge tjarita sobatna kitoe, gawena teh ngan ngahoeleng bae bari semoe aloem , pok ngomong : Eh, Djahim, kami teh katjida pisan njaahna , beuratna, ka maneh ; koe paniatan mah hajang lila keneh reureudjeungan djeung maneh teh, ari ajeuna maneh bet kitoe , napsoe ngadoedoed, kawas geus népí kana titis toelis maneh . Nja dalah dikoemaha , da manoesa mah teu daja teu oepaja . Mistina mah ajeuna kami koedoe tjeurik élah -élih, tapi moal , rek dipengkek bae , sabab lamoen kami tjeurik , tangtoe moal bisa ngomong djeung maneh , padahal peuting ieu teh peuting panoengtoengan . Isoekan bae dimana maneh geus indit , kami rek tjeurik meakkeun karep. Ajeuna mah anggoer oerang soekan -soekan bae, sosonoan .

Barang geus peuting batoer ki Djahim ger njieun bandrek . Ari geus asak , pok ngomong : Djahim , hajoe oerang ngarinoem bandrek , tamba tiris, heg peuting sakieu tiisna, deungeunna mah ieu bae pisang goreng , da euweuh deui , oerang minangka pestana , pesta sosonoan ." Gěr ngarinoem .

Ari ki Djahim barang kira geus beak satengah tjatjangkir nginoemna , bět ngan leng bae toendoeh , lentjong, lentjong , reup bae sare dina korsi . Toeloej koe batoerna dipangkoe , dipindahkeun ka enggonna .

Tjatoerkeun barang geus peuting batoer Djahim njokot endongna, toeloej ngodok djangdjang manoek radja wali tea , anoe beunang neukteuk di loehoer goenoeng , ditalikeun kana lebah kelekna , djeung regang waroe noe panggědena pamere nini -ninį noe laboeh tea, diselapkeun kana beubeurna , toeloej ka loear , gělěběr hiběr moeloek pisan , morona ka boemi Nji Poetri tea . Barang datang ka dinja kaběněran njampak taja noe njaring saoerangoerang atjan, tjombrek tiiseun, toeloej njoempoet di noe boeni bari matek adji halimoenan , soepaja oelah aja noe nendjo ka manehna .

Barang saparapat deui ka poekoel doea welas peuting, braj djandela pangkoeleman moeka , teu lila lol Nji Poetri bidjil , diraksoekan pandjang , géléběr hiber. Geuwat diboeroe koe batoer Djahim , toeloej ditoetoer -toetoerkeun , teu didjaoehan , bari hantem dipěrěk pěk diteunggeulan koe regang waroe bawana tea . Nji Poetri teu kira-kira kageteunana , ditingalian taja djělěma taja naon , da boelan mah harita teh tjaang ngěbrak , tapi karaosna asa aja noe neunggeulan mani mérékpék sarta njerina teu kira -kira .

Koe Nji Poetri dikawawakeun bae , téroes hiber sataker tanaga , tarik alah manan dadali , lepas alah manan panah , tapi koe batoer Djahim dikoentit bae . Geus kitoe djol něpi kana hidji goenoeng ; Nji Poetri ngetrokan . Barang diketrokan , ngan gělégér bae aja sora tarik alah manan mariem , batoer Djahim nepi ka ngagěběg . Tidinja braj goenoeng teh engab , soep Nji Poetri asoep , ditoetoerkeun koe batoer Djahim.

Mimiti asoep teh mapaj goeha tjara torowongan pandjang , tapi harita teh bisa bae nendjo , sabab satoeroet -toeroet sisi goeha tea pirang pirang leunjaj , tjika djeung koenang anoe kawas ngahadja njaangan Nji Poetri . Geus kitoe djol kana hidji pangkeng ; bilikna , lalangitna djeung ti handapna perak diadoe -maniskeun djeung emas . Di dinja oge tjaang ngebrak bae , sabab nja eta ditjaangan koe sagala roepa sasatoan noe sok bidjil tjahja di noe poëk , katoeroegtoeroeg di sisi bilik radjěg tangkal kembang , kembangna galede , sagěde -gede kembang sarangenge , sarta hoeroeng tjahajana. Kana eta kembang taja noe wani njabak, sabab tangkalna oraj anoe. matih, ari kembangna seuneu hoeroeng anoe bidjil tina soengoet oraj tea .

Lalangitna ditapoek koe leunjaj eudjeung lalaj anoe paoel kawas langit, djangdjangna kikiplikan katjaangan koe tjahja leunjaj tea , katjida pisan anehna . Děmi di tengah - tengah pangkeng aja pangtjalikan karadjaan , anoe didjieunna gelas bodas tjara tjisoesoe , anggělna dina panjarandeanana , beurit, make tenda , lalangitna ramat lantjah ditarapang koe djangdjang koekoepoe noe araloes , něpi ka djiga ditaretes koe permata . Ari noe dioek dina eta bangkoe karadjaan hidji djoeroe těnoeng make makoeta tjětaan radja. tapi teuing koe goreng patoet .

Barang Poetri geus soemping ka dinja , toeloej disambat , dibawa tjalik koe djoeroe těnoeng tea dina bangkoe karadjaan ngarendeng . Ti dinja radja djoeroe těnoeng nitah nabeuh gamelan . Ari gamělanana teh lain anoe biasa tea , ieu mah bangkong , tonggeret , toeraes djeung salian ti eta . tapi kadengena ngeunah katjida . Aja deui djoerig tjara ketjit laleutik ger ngigelan eta tatabeuhan di pajoeneun sangradja djoeroe těnoeng , teu kira -kira ramena , kawas pesta gede bae . Tapi ari ka batoer Djahim mah euweuh noe nendjo saoerang -oerang atjan ; manehna nangtoeng poengkoereun Poetri , djadi bisa awas kana sagala djeung bisa ngadenge ka sakoer noe ditjaritakeun koe djoeroe těnoeng djeung Poetri .

Awewe eusi karaton katendjona gareulis tarěgép , tapi ari saĕnja -ĕnjana mah , lamoen dideuleu koe djělěma noe běněr matana, anoe teu dipipahokan koe djoeroe těnoeng , eta teh lain djělěma , gagang sapoe dipěpěntolan koe toelang engkol , toeloej dihiroepan sarta dipapaesan koe papakean noe araloes .

Katjatoerkeun barang geus rada lila . pesta eureun, toeloej Nji Poetri njarios , jen isoekan baris aja deui anoe rek asoep kana saembara sarta naros , naon anoe koedoe dielingkeun koe andjeunna , tanjakeuneun ka noe saembara tea.

Tjek djoerce těnoeng : Ajeuna mah oerang bere toeroetjing anoe babari hae , tapi taja pětana katimoe . Poetri koedoe eling kana sapatoena noe sabeulah , toeloej toeroetjingkeun."

Nji Poetri katjida atohna sarta nganoehoenkeun kana piwoeroekna djoeroe těnoeng .

Ti dinja Poetri amit moelih, toeloej ka loear. Goenoeng noetoep deui , Poetri poeng deui ngapoeng . Batoer Djahim teu tinggaleun , hiběr poengkoereun Poetri bari meupeuhan koe regang tea . Poetri beuki kaget bae manahna , naon anoe karaos sakitoe njĕrina teh , da ari djělěma mah atawa djin anoe měrgasa ka andjeunna teu katingali .

Barang geus soemping ka kapoetren toeloej lěbět , téroes koelěm . Batoer Djahim balik ka pamondokanana , njampak Djahim keur sare tibra .

Ari isoekna reboen -reboen keneh Djahim geus hoedang . Batoerna miloe hoedang sarta njarita , jen ti peuting manehna ngimpi papanggih djeung poetri sarta andjeunna keur ngelingkeun kana sapatoe Djahim . Djadi lamoen Djahim disoeal : naon anoe dielingkeun koe poetri, meureun koedoe ngadjawab „ sapatoe ".

Eta omongan sanadjan beunang ngadenge ti djoeroe těnoeng oge koe manehna disěboetkeun tina impian bae, sabab maksoedna moal ngabedjakeun rasiahna .

Ari tjek ki Djahim : ,,Koering oge sanggoep ngabade koe noe sedjen, sabab koering katjida pěrtjajana ka Allah , jen bakal maparin pitoeloeng ka koering ; tapi impian sampean kawas leuwih běněr . Ajeuna mah nja piwoeroek sampean bae anoe rek dipake teh . Tapi nadjan kitoe djělěma teu meunang oedjoeb , ajeuna koering rek indit ; lamoen bae eta panorah salah , tangtoe koering dipaehan , djadi moal papanggih deui djeung sampean . Koe sabab eta ajeuna koering něda hampoera , bisi aja kaloeloepoetan anoe lahir anoe batin, kawantoe oerang geus lila reureudjeungan, sarta koering hatoer noehoen kana piwelas djeung pitoeloeng andjeun , didoakeun moegi andjeun sing salamět , djaoeh balai parek rédjéki ."

Ngomongna kitoe teh ki Djahim bari ngalimba . Nja kitoe deui batoerna geus teu tahan mengkěk pitjeurikeun , moeroeboet tjipanonna bari ngawalon : ,, Sami -sami bae , Djahim , koering menta dihampoera ti doenja nepi ka aherat, djeung didoakeun koe koering sing salamět !”

Ti dinja ki Djahim djoeng indit, ngadjoegdjoeg ka karaton. Barang datang ka dinja, geus njampak djělěma pirang-pirang mani něba , sabab ti kamarina oge geus meunang bedja , jen poë eta baris aja deui noe rek asoep saembara . Kabeh pada panasaran hajang njaho djoetjoengna . Barang ret narendjo ka ki Djahim, sawareh ngomong kieu : ,,Atjah , make ngalalakianan, djělěma kitoe patoetna make hajang miloe saembara ." Ari tjek sawareh deui : ,,Euh , karoenja teuing djělěma keur meudjeuhna ngora , djaoeh keneh nja lalakon , koemaha lamoen teu bisa norah , meureun boentoe kalakoean ; moegi -moegi bae masing bisaeun ."

Ki Djahim njělěnděp ka djěro bari poepoentěnan , toeloej asoep kana tengah -tengah koempoelan , njampak hakim djeung pirangpirang rengrenganana anoe baris njaksian djeung ngahoekoeman , nja kitoe deui menak-menak anoe sedjen pada tjaralik dina korsi ; Kangdjěng Radja oge aja linggih.

Barang ki Djahim geus asoep , kabeh anoe aja di dinja pada mere hormat ; ki Djahim didioekkeun dina korsi .

Ari Kangdjeng Radja barang ningali ka ki Djahim ngalimba bae tina watirna , ngalahir dina manahna : „Karoenja teuing ieu djělěma sakieu ngorana koedoe paeh , lantaran ti anak aing ; moegi -moegi Allah ta'ala nimoekeun kana soealna anak abdi ka ieu djelěma ."

Kangdjeng Radja teh ti kamarina oge teu pěgat² něněda ka Allah noe Maha Soetji , noe kagoengan sipat rahman rahim, moegi2 geura aja noe bisaeun ngabade kana babadean poetrana , tina geus seep nja toegěnah , bět kagoengan poetra poerah maehan djělěma ; malah ti peutingna mah andjeunna nětěpan ta'at di masigit, diiring koe para oelama . Eta kabeh saěnjana mah daradjatna ki Djahim bae , dipikanjaah koe djalma² , běrěkahna noe hade ka kolot.

Katjaritakeun barang geus sadjongdjongan ki Djahim ajana di dinja, djol Poetri soemping , beunang nganggo -nganggo panganggo anoe araloes ; mani montjorong tjahajana, toeloej maparin hormat ka sakoer noe aja.

Ti dinja pok mariksa ka ki Djahim, saoerna : .. ..naon anoe keur .. „ Djahim ,.

.diingětkeun koe kaoela ajeu ... na?"

Walon Djahim : „ Gamparan ajeuna keur eling kana sapatoe djisim abdi ."

Barang Nji Poetri ngadangoe djawaban ki Djahim, pameunteuna wani sepa kawas majit , salirana rampohpoj awahing koe reuwas, doemeh katorah emoetanana , toeloej tjalik ninggangkeun andjeun kana korsi bari ngadawoeh ka hakim, jen panorah ki Djahim běněr . Atoeh ana ger teh soerak sakabeh djalma noe aja di dinja mani asa kaindit .

Poetri ngadawoeh deui ka ki Djahim, jen manehna koedoe datang deui, koedoe norah doea kali deui . Geus kitoe koempoelan boebar , ki Djahim balik ka pondokna , bari soeka -boengah .

Barang geus amprok djeung batoerna tea , toeloej Djahim njaritakeun lalampahanana. Sobatna teu kira2 boengahna , asa manehna pribadi bae anoe oentoeng teh.

Ari ki Djahim toeloej salat sarta soedjoed soekoer ka Raboel'alamin , doemeh geus diběněrkeun panorahna , bari něněda , moegi anoe doea kali deui oge masing ditimoekeun.

Tjatoerkeun ti peutingna barang Djahim geus sare , sobatna geus djoeng deui indit noetoerkeun Nji Poetri rek ka goeha deui tjara kamari tea, bari měrěkpěk neunggeulan Nji Poetri , leuwih ti kamari , sabab harita mah mawa pameupeuh regang waroe teh mani doea. Ka manehna euweuh hidji djalma noe bisa nendjo , tapi ari manehna mah bisa ngadenge sagala omongan batoer . Omongan djoeroe těnoeng , jen Nji Poetri isoekan koedoe něgoehkeun sapoetangan , koe manehna kadenge sarta dibedjakeun ka Ki Djahim ; ari ngabedjakeunana mah tjara kamari tea bae, padjar meunang ilapat tina impian.

Atoeh isoekna , barang geus prak dipiwarang něgoeh koe Nji Poetri , běněr deui bae . Sakabeh menak2 djeung saeusi karaton, soemawonna rama Nji Poetri baroengaheun pisan , geus teu aja papadana , ngan Nji Poetri bae anoe mesoem aloem teh, lir oepama kembang eros anoe kapanasan , damělna ebog bae dina. dipan , teu sasaoeran sakĕmek .

Ajeuna oerang ngan kari ngadago milikna ki Djahim bae ; lamoen manehna běněr deui něgoeh katiloe kalina , geus tangtoe salamět , bakal boga pamadjikan poetri sarta lamoen radja geus poepoes , tangtoe manehna djadi gantina. Tapi sabalikna , moen teu kategoeh , tangtoe manehna balik ngaran .

Piisoekaneun něgoeh katiloe kalina tea , ki Djahim sore -sore geus ka enggon ; samemeh reup sare manehna babatjaan heula , něněda njoehoenkeun salamět . Ari batoerna , barang Djahim geus kanjahoan sare , pek něrapkeun deui djangdjang , njoren pědang , gělěběr hiběr sarta regang waroe tea harita mah dibawa tiloeanana , téroes ngadjoegdjoeg ka boemi Nji Poetri .

Peuting harita poëk mongkleng boeta radjin teu kadeuleu 2 tjoeroek atjan, lantaran langit měděd djeung hoedjan angin boela -bali , tatangkalan di kěbon radja anoe digantoengan iga koeda tea mani sarěmplak dahanna katěbak angin , kilat tingboerinjaj , gelap dordar teu aja eureunna .

Teu lila braj djandela moeka , lol Nji Poetri bidjil , gělěběr hiber. Sanadjan pameunteuna pias lantaran sesah manah tea , tapi harita andjeunna mesěm bae ningali peuting anoe sakitoe matak gilana teh, sẽmoe teu aja kawěgah saeutik-eutik atjan, djalanan kadjoeroeng koe napsoe , malah sakitoe teh koerang keneh . Koekoedoeng bodas anoe dianggo koe andjeunna , ngĕrab ngerab katěbak angin , djiga lajar dina kapal.

Batoer Djahim tea ngoentit-ngoentit bae ka Nji Poetri bari měrěkpěk neunggeulan deui koe pameupeuh regang waroe tiloeanana nepi ka Nji Poetri bidjilan gětih, njoeroetjoed sapandjang djalan , mehmehan bae andjeunna teu kiat hiběr, tapi tina dipak sakeun nja teu boeroeng nepi kana goenoeng toekang těnoeng teh .

„Na, aja hoedjan gede-gede teuing ," saoer Nji Poetri „ saoemoer doemělah oge tatjan ngarasa njaba keur hoedjan sakieu gedena !" Ari tjeuk Djoeroe Tenoeng : Lamoen gede sangsarana , gěde deui gandjaranana ."

Toeloej Nji Poetri tjatjarios , jen Djahim běněr deui něgoehna ; lamoen isoekan běněr deui něgoehna , tangtoe manehna anoe meunang , djadi andjeunna moal iasa soemping -soemping deui ka goenoeng , moal iasa mětakeun deui patěnoengan . Eta anoe koe andjeunna dianggo handjakal dipikasedih.

Walon Toekang Ténoeng : ,, Ah, moal isoekan mah moal bisaeun nimoekeun ; keun ajeuna koering rek mikir neangan tegoehkeuneun, anoe sakira moal pikatimoeeun koe manehna , kadjaba lamoen manehna oge toekang těnoeng anoe pangabisana saloehoereun koering. Tapi ajeuna mah keun bae montong djadi manah , anggoer oerang soekan bae ."

Tidinja gër pesta deui : Kětjit-kětjit ngarigel bari marawa obor , lantjah beureum tingäladjret, měri anoe ngendanganana , leunjaj anoe njoelingna, simeut-simeut anoe njalěmpoenganana , pesta rame lain dikieuna .

Barang geus lila Nji Poetii amit rek moelih.

Tjek Toekang Tenoeng : „ Mangga , nanging koering hajang ngadjadjapkeun, ambeh tiasa keneh sasarengan .”

Gělěběr doeanana haliběr , bidjil tina goeha ; koe batoer Djahim ditoetoerkeun , bari dihantěm deui diteunggeulan tonggongna doeBarang nepi kana lawang kapoetren , Djoeroe Těnoeng amit rek balik , bari ngarangkoel ka Nji Poetri sarta ngaharewos : „ Isoekan andjeunna kedah eling kana sirah."

Sanadjan sakoemaha lalaoenanana oge anoe ngaharewos , koe sobat Djahim kadengeeun bae, da dideukeutan mani adek , sabab Djoeroe Tenoeng tea mah teu awaseun ka manehna . Sanggeus kitoe Nji Poetri mah boes bae lěbět ka boemina .

Děmi Djoeroe Tenoeng tea, barang rek balik ngan kěrĕwěk bae boeoekna didjambak koe batoer Djahim , képlas ditilas beuheungna koe pedang mani sapat . Geus kitoe eta hoeloe dikeueumkeun kana tjai sakeudeung , soepaja beak getihna, pek diboentěl koe sapoetangan . Sanggeus tarapti , bral batoer Ki Djahim balik ka pangandjrěkanana .

Ari isoekna isoek -isoek boentělan dibikeun ka Ki Djahim , bari ngomong , pokna : „ Ieu boentelan bawa koe sampean , tapi oelah waka diboeka -boeka , samemeh disoeal koe Nji Poetri mah . Dimana geus disoeal , kakara diboeka , sabab nja ieu anoe baris ditěgoehkeun teh."

Poë harita di karaton djéléma geus heurin oesik koe anoe rek laladjo ; mandapa pinoel koe menak-menak , rengrengan anoe baris moetoes tjaralik dina korsi , majoenan medja noe ditaplakan koe laken hedjo .

Kangdjeng Radja harita nganggo panganggo karadjaan anoe wareuteuh , kawas anoe rek kana pesta gede bae , makoeta noe ditaretes inten dianggo , mani moebjar tjahajana, njandak tětěkën karadjaan beunang ngosok mani babaranjajan. Ngan Nji

Poetri bae anoe aloem teh, rarajna sépa kawas majit , panganggona loesoeh .

„Naon anoe keur diingětkeun koe kaoela ajeuna ?" saoer Poetri ka ki Djahim.

Barang geus dipariksa kitoe , sor ki Djahim ngasorkeun boentělan tea bari diboeka . Barang beh teh manehna oge ngagěbég , nendjo hoeloe Djoeroe těnoeng anoe sakitoe matak gilana. Nja kitoe deui djalma-djalma noe aja di dinja tingbirigidig , ting. kalětjrot njidoeh sarta katjida barengongna .

Tjek ki Djahim : Nja ieu anoe keur dielingkeun koe gamparan teh."

Ari Nji Poetri barang ningali hoeloe Djoeroe těnoeng djeung ngadangoe omong ki Djahim , sadjongdjongan mah teu iasa sasaoeran , bengong bae. awahing koe hareungeueun , sarta pangatjianana kaboer.

Barang geus rada eling , toeloej bae njoeoeh ka ki Djahim , saoerna :

„ Nja andjeun pidjoeraganeun djeung pisalakieun koering teh ." Ari ger teh djělěma noe aja di dinja soerak kabeh tingdaréngek , tingsaroak, mani asa kaindit , aja noe bari adjret-adjretan , sawareh ngapoeng -ngapoengkeun topi atawa sapoetangan , nandakeun soeka boengah . Lotjeng digojangkeun , bědoeg , kohkol dititirkeun , mariěm gégělégèran diseungeut sababaraha kali . Di lěmboer-lémboer djělěma rame narakolan kohkol , talěm , kaleng , naon bae noe deukeut ditakol , soemawonna toetoenggoelan .

Atoeh harita teh nagara mani gendjlong , eundeur kawas nanahaon bae .

Kangdjeng Radja bawaning koe boengah toeloej ngarangkoel ka Nji Poetri bari ngalimba sarta saoerna : ,,Soekoer eulis , nja kitoe anoe dipenta koe ama teh , ajeuna ama geus boetjat bisoel ."

Teu lila ti harita Kangdjěng Radja ngadaměl pesta gede rek ngarendengankeun Nji Poetri ka ki Djahim . Ari ki Djahim ti harita oge geus teu kenging mondok di mana -mana , dipernahkeun di boemi Patih , beu . diogo -dioegoeng pisan , didjieun poepoehoenan .

Pisaminggoeeun deui ka prak , di nagara enggeus rame koe noe mapaesan dajeuh: djalan-djalan gede didjadjaran koe bandera kentja-katoehoe , imah-imah noe parantes pada marasang bandera , tanda noe bogana miloe boengah . Woewoeng, bilik djeung pilar dikalapoer , sanagara wani ngeplak ; di oenggal parapatan didjieunan katja-katja damar sewoe ..

Geus poegoeh aloen -aloen , sapoeterna dibébétek adegan pikeun tongtonan djeung noe daragang ngabaris sarta bareres dikapoer djeung dibanderaan . Ari di karaton mah geus poegoeh deui , lain tjaritakeuneun , perhiasan djeung karasmen geus taja papadana bae .

EUSINA

. I Poetri sadjati . Katja14 II Papatah . ill Panganggo weuteuh 10 19 IV Awewe hade panarima V Batoer ngalalana . 25