Baca PDF (OCR): Hoedjan djeung gelap : disoendakeun koe

56 halaman · 6 halaman diproses dengan OCR · 3.6 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. HOEDJAN DJEUNG GELAP
  2. H. Ch. CROES
  3. M. S. TJAKRA PRAWIRA
  4. PASAL I.
  5. Tina hal hoedjan .
  6. BOEBOEKA.
  7. PASAL II.
  8. Tina hal gelap .
  9. ТАМАТ .
  10. EUSINA:

Wason58 QC925.5 Hargana f 0.15 1922 JOEDJAN DJEUNG GELAP

ASIA

KARANGAN

H. Ch . CROES

Make 8 gambar

UITGAVE VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTUUR

KALOEARAN

BALE POESTAKA

CORNELL UNIVERSITY LIBRARY CORNELL CORNELL COM ZAP RIA erie No. 558 Hargana f 0.15

HOEDJAN DJEUNG GELAP

KARANGAN

H. Ch. CROES

DISOENDAKEUN KOE

M. S. TJAKRA PRAWIRA

Make 8 gambar .

KALOEARAN BALE POESTAKA

Wigssa! 171 X

PASAL I.

Tina hal hoedjan .

BOEBOEKA.

I. Lamoen koe oerang diingětkeun , di doenja teh pirang -pirang kadjadian anoe matak heran ka oerang , djeung anoe oerang teu njaho naon sababna . Tatapi koe ihtiarna noe palalintěr , ajeuna geus loba pisan kadjadian -kadjadian anee kanjahoan sababna atawa lantaranana .

Pangirana djalma anoe bodo atawa anoe pondokheureut , eta kadjadian-kadjadian teh djidjieunan djoerig atawa djin.

Tjontona :

Aja doea sinjoh. Dina hidji poë maranehna moro . Koe lantaran harita teh keur meudjeuhna panas poë , eta doea sinjoh teh kesangan loeoet -leet , něpi ka papakeanana djibroeg .

Ti dinja toeloej baralik .

Ari djalan anoe kasorang koe maranehna teh meuntas hidji waloengan , tjaina herang toer tiis .

Barang maranehna něpi ka sisi eta waloengan , toeloej bae marandi , koe lantaran teu koeat koe hareudang .

Henteu sabaraha lilana ti waktoe daratang ka imahna, eta doea sinjoh garĕring pajah pisan , něpi ka doktor oge meh teu bisaeun ngoebaran .

Djongos djeung baboena njarangka , jen panjakitna eta doea sinjoh teh koe lantaran „ kabadi ” , sabab eta waloengan angker , tangtoe djoerig noe ngageugeu di dinja , ngamběk , koe lantaran tjaina diparake mandi . Soepaja noe gĕring tea tereh tjageur , kcedoe mitjeun antjak ka eta waloengan , sarta koedoe sidĕkah , pikeun ngaleungitkeun amběkna eta djoerig.

Djalma noe bodo mah meureun tĕroes pĕrtjaja bae kana sangkaan eta baboe djeung djongos teh , dikirana ĕnja kitoe.

Lamoen bapana eta doea sinjoh tea hidji djělěma anoe bodo djeung pĕrtjaja kana bid'ah mah , meureun nganděl kana eta omongan , sarta meureun nitah mitjeun antjak djeung sidekah , moal menta toeloeng ka doktor.

Hadena bae eta toean teh pikiranana lain kitoe , andjeunna njaho sarta ngarti , jen mandi dina waktoe oerang keur kesangan teh henteu hade , sabab awak anoe keur panas lamoen kagentak katiisan , sok asoep angin , nja matak moeriang tea.

Sarerea tangtoe geus ngarasa , lamoen oerang keur kesangan , nangtoeng di panto , tangtoe oerang asoep angin atawa salesma . Koe lantaran eta , oerang koedoe geuwat neang doktor, soepaja dioebaran koe oebar „ asoep angin" , něpi ka tjageurna.

Sanggeus eta doea sinjoh tjageur deui , rěměn ngěbak deui dina eta waloengan , tapi maranehna henteu katĕrap moeriang deui, geuning !

Djadi koe sabab eta , tetela pisan , jen panjakitna bareto teh lain koe lantaran diheureujan koe djoerig (kabadi).

Lamoen ĕnja oge eta waloengan angker sarta digeugeu koe djoerig , saperti omongan baboe djeung djongos tea , naha atoeh naon sababna anoe matak eta sinjoh waktoe mandi mimiti kabadi , ari kadoea djeung katiloe kalina henteu kitoe-kieu ?

Lain kalakoeanana eta sinjoh² teh dina waktoe mandi , kadoea atawa katiloe kalina saroea bae djeung basa mandi mimiti ?

Koe lantaran eta lamoen oerang ngadenge tjarita atawa bedja , oelah oedjoeg² pěrtjaja bae, tapi koedoe dipikir heula, saroeakeun atawa bandingkeun djeung sagala roepa perkara anoe geus kanjahoan koe oerang . Soepaja oerang bisa njaroeakeun atawa ngabandingkeun , pĕrloe pisan oerang ngarti sarta njaho kana roepa kadjadian , sarta bisa ngira³ , naon noe djadi lantaran djeung koemaha těmahna .

Ieu di handap koe sim koering ditjaritakeun sagala pěrkara anoe patjantel djeung kadjadian hoedjan djeung gělap .

II. Naon anoe patjantel djeung hal hoedjan teh?

Samemeh hoedjan ilaharna langit teh sok mendoeng , katoetoep koe mega , beuki lila beuki kanděl, toeng . toengna ger bae hoedjan .

Sanggeus rada lila , eta mega teh leungit deui.

Barang tjoer hoedjan atawa waktoe hoedjan tatjan lila , tangtoe aja angin ngagělěboeg .

Naon ari anoe disěboet halimoen atawa mega teh ?

Saënjana halimoen atawa mega teh saroea bae ; lamoen katembongna handap (pikeun oerang pagoenoengan ) diseboetna halimoen, lamoen katendjo di loehoer ngaranna mega ; sakapeung mega teh roepana hideung.

Tjinděkna mah mega djeung halimoen teh saroea keneh bae .

Lamoen hidji djělěma leumpang di goenoeng anoe pinoeh koe halimoen , tangtoe beungeutna , leungeunna djeung soekoena anoe henteu katoetoepan koe papakean , kabeh baraseuh sarta lila -lila piñoeh koe tjai tingkarětjlak siga kesang .

Nja kitoe deui lamoen hidji barang diteundeun dina hidji těmpat anoe pinoeh koe halimoen , lila-lila tangtoe baseuh ; sabalikna lamoen teu aja halimoen , tangtoe mo kadjadian kitoe.

Djadi koe lantaran eta tetela pisan , jen halimoen teh saěnjana mah kěkěproel tjai atawa tjai ngĕproel .

Ana kitoe omongan djělěma anoe geus ngarasa ngawang-ngawang make kapal ngapoeng , běněr pisan ; tjek manehna , lamoen geus nepi ka loehoer sarta toeloej asoep kana mega , di dinja manehna bisa nangen , sagala pakakas atawa barang -barang noe aja di djěro kapal ngapoeng baraseuh . Anoe make tasma , katjana baseuh , siga pisan anoe diteundeun dina saloehoereun aseupan anoe keur dipake njangoe .

Pangira sim koering di antara anoe maratja ieu boekoe , aja anoe nanja, koe naon sababna noe matak di langit aja tjai ?

Lamoen kěproel tjai tea gede , tangtoe ragrag ka boemi , nja djadi hoedjan .

Tapi lamoen eta kěkěproel tea leutik mah , tjara kěproel tjai tina tjoeroeg atawa pantjoeran, tina laleutikna něpi ka katendjona teh ngalangkang di awang-awang sababaraha lilana ; lamoen ngoempoel eta kěkěproel teh něpi ka djadi kětjlak , tangtoe pisan ragragan .

III. Ti mana asalna eta kěkěproel tjai teh ?

Soepaja oerang njaho kana hal eta , oerang koedoe ngawaskeun heula tjai anoe njamboeang anoe djadi kĕntěl .

Hidji wadah anoe leah dieusi tjai , diteundeun di noe panas , sanggeus sawatara lilana eta tjai tangtoe ngorotan atawa saat pisan.

Lantaran eta tjai kapanasan , njamboeang djadi saab tjampoer djeung hawa, tapi koe oerang mah henteu katembong.

Tjai bisa oge djadi saab , lamoen koe oerang ditaheur , oepamana :

Oerang naheur tjai dina katel atawa parioek ; lamoen eta parioek atawa katel tea henteu ditoetoepan , lilalila tjaina saat , njamboeang djadi saab .

Samping, badjoe atawa papakean anoe baseuh , lamoen dipoëkeun di noe panas , lila -lila toehoer , sabab tjai anoe aja dina eta papakean tea njamboeang djadi saab , koe lantaran kapanasan koe panasna panonpoë tea.

Tjai tereh njamboeangna , lamoen gede angin atawa diteundeun dina těmpat anoe roebak .

Eta sababna anoe matak tjai dina wadah anoe leah tereh saat djeung papakean baseuh anoe dibeberkeun di noe panas , tereh toehoer ; djadi :

Lamoen aja tjai 2. tjatjangkir , anoe satjangkir dikana -botolkeun , anoe satjatjangkir deui dikana-piringkeun, eta botol djeung piring , doeanana teundeun di noe panas , tangtoe pisan tjai anoe dina piring , leuwih tereh saatna , ti batan anoe dina botol.

Nja kitoe deui samping anoe dipoëkeunana dibeberkeun, leuwih tereh toehoerna tinimbang anoe diloemboekkeun . Hal ieu geus kapaham koe toekang -toekang minatoe , nadjan tatjan dialadjar elmoe alam oge, sabab geus karasaeun koe maranehna .

Di loehoer koe sim koering geus ditjaritakeun , jen tjai saparioek teh lila -lila bisa saat njamboeang djadi saab lamoen ditagogkeun ; ana kitoe tetela pisan jen tjai bisa djadi saab lamoen kapanasan ; nja kitoe deui sabalikna, eta tjai moal daekeun njamboeang djadi saab , lamoen henteu kapanasan .

Oepama tjai dina piring koe oerang diteundeun dina tempat anoe tiis , sanggeus sawatara poë lilana koe oerang diteang deui , tangtoe katjiri tjaina rada tjělong. Djadi tjai anoe njamboeang , djadi saab teh lamoen teu kapanasan mah ngan saeutik pisan.

IV. Njamboeangna tjai teh tĕroes ka awang-awang, patjampoer djeung hawa , sabab hawa bisa ngampihan saab .

Naha lobana saab anoe diampihan koe hawa aja watĕs -wangĕnna ?

Naha awang-awang teh salawasna bae beunang dieusian koe saab ?

Naha teu aja watěsna ?

Koemaha těmahna , lamoen awang-awang loba teuing ngampihanana saab ?

Awang -awang koe oerang beunang dioepamakeun wadah tjai anoe eusina aja oekoeranana , sarta ngan beunang dieusian sakitoe.

Lamoen eusina kalobaan teuing , tangtoe tjaina moedal .

Nja kitoe deui awang -awang bisa ngampihan saab , ari lobana atawa saeutikna noeroetkeun toehoerdjeung panasna .

Awang -awang anoe panas , bisa ngampihan saab leuwih loba ti batan . awang-awang anoe tiis . Lamoen saab anoe aja di awang -awang tea kalobaan teuing, tangtoe moedal saperti tjai anoe diwadahan tadi tea .

Opamana awang ngan bisa ngampihan 8 M³ , toeloej di eusi 9 M³, tangtoe anoe 1 M³ djadi tiis , hartina eta saab robah djadi kěproel tjai , lila koempoel djadi hidji , toeloej ragragan .

Kieu katĕranganana :

Hidji wadah anoe rekep pisan dieusi hawa oepama 1 d.M³ , eta wadah koe oerang dieusian saab . Mimitina mah henteu katembong naon² , sabab hawa anoe 1 d.M³ teh bisa ngampihan saab anoe tadi diasoepkeun tea ; tapi lamoen saab anoe diasoepkeun kana eta wadah dihantěm bae ditambahan , lila2 eta wadah koe oerang katembong baseuh , djeung di djěrona aja tjaian . Lamoen těroes bae koe oerang diasoepan saab , tjaina beuki loba , lila ngalobaanana eureun koe maneh , těmahna eta tjai teh koempoel sarta těroes ragragan .

Lamoen eta wadah dipanasan , sanadjan hawa anoe di djěro eta wadah angger oge 1 d.M³ , bisa ngampihan saab leuwih loba ; tapi lamoen eta hawa, tiis , kakoeatanana ngampihan saabna oge, ngoerangan .

Ieu di handap aja tjatětan, meunang noekil tina itoengan djeung papariksaan anoe palintěr sarta disĕboetkeun nepi ka sababaraha ; 1 M³ hawa , bisana ngampihan saab , lamoen panasna saperti anoe ditoelis di handap :

Panasna : Lobana saab :Lobana saab :
0º5,6 GramGram
506,8 }}”
10°9,4 79”
15 ° 012,7 77
20°17,1”
25 °22,8 19”
27025,5 19”

V. Saha anoe geus ngarti kana patokan anoe kasěboet di loehoer , tangtoe ngarti oge naon anoe ngadjadikeun hoedjan .

Tadi di loehoer disěboetkeun jen hawa teh bisa ngampihan saab , aja noe loba aja noe saeutik . Angin anoe salawasna ngahiliwir , eta teh njokot saab atawa nganteuran .

Koe lantaran angin , saab anoe aja dina hidji těmpat bisa nambahan atawa ngoerangan .

Angin laoet mawana saab loba , djadi nambahan saab di tempat anoe kaliwatan koe eta angin ; ari angin darat mah ngan saeutik pisan mawana saab teh.

Kawoewoehan angin darat teh ilaharna panas , djadi hawa anoe didatangan koe eta angin tambah panas . Koe sabab eta hawa anoe kadatangan koe angin darat, beuki lila beuki koeat bae ngampihanana saab , (saroeakeun djeung tjatětan anoe di loehoer ).

Lamoen dina hidji těmpat , saab anoe aja dina hawa tea nambahan , nepi ka noeroetkeun panasna eta hawa teh henteu bisa ngampihan deui saab , tangtoe pisan saab anoe sawareh robah roepana , djadi kěproel tjai , nja eta anoe dingaranan mega atawa halimoen tea.

Lamoen panasna hawa ngoerangan , tangtoe kĕproel tjaina tea nambahan .

Kěproel tjai tea beuki lila tambah gede , djadi kětjlak, toengtoengna ragragan .

Ari hawa djadina tiis , koe lantaran meunang angin tiis, atawa koe sabab deukeut ka poentjak goenoeng .

Noeroetkeun anoe kasěboet di loehoer , lobana djeung saeutikna hoedjan teh , koemaha panasna hawa atawa koemaha lobana saab bae .

Koe sabab eta tjai teh koe oerang beunang dioepamakeun kintjir anoe salawasna moentir ka loehoer ka handap ; tjai , laoet , talaga , rawa dj . s . t. njamboeang djadi saab , lantaran kapanasan koe panonpoë ; eta saab lamoen katiisan djadi tjai deui , nja eta hoedjan , ngagantian tjai : laoet , talaga , rawa, waloengan dj . s . t. anoe tadi njamboeang djadi saab tea . Koe hal eta , oerang teu koedoe risi , di doenja bakal kakoerangan tjai !

VI . Noeroetkeun tjarita anoe di loehoer tadi , babari pisan lamoen oerang rek něrangkeun sagala kadjadian anoe patjantel djeung hoedjan atawa djeung mega .

Sakapeung ari isoek oerang sok nendjo halimoen di sawah . Lamoen panonpoë geus loehoer , eta halimoen leungit deui ; kieu sababna :

Ti peuting panonpoë teu katembong , boemi tiis , hawa di boemi oge tiis ; koe lantaran tiis , hawa teh henteu bisa loba ngampihanana saab . Saabna anoe aja, tiis djadi halimoen . Lamoen panonpoë geus loehoer , hawa teh djadi panas , bisa ngampihan saab tea . Kitoe sababna noe matak eta halimoen teh leungit.

Sore -isoek , poentjak goenoeng dilampoed koe mega, Naon sababna ?

Katĕranganana saroea djeung anoe kasěboet di loehoer , nja eta boemi ari ti peuting tiis ; hawa oge miloe djadi tiis , saab oge miloe tiis , nja ieu anoe ngadjadikeun halimoen (katendjo di goenoeng ) atawa mega (lamoen katembong ti tanah rata ) teh .

Ieu di handap ditĕrangkeun hidji pěrtjobaan pikeun ngaboektikeun jen eta tjarita anoe di loehoer teh běněr .

Hidji gelas dieusi tjai tapi teu pinoeh , diasoepan es sagoeroentoel , oelah sina nepi ka moedal tjaina .

Teu sabaraha lilana oerang nendjo di loeareun eta gelas baseuh , tjaina njalangkroeng dina gelas , beuki lila beuki gede , něpi ka ngotjor ka handap .

Ti mana asalna eta tjai anoe di loeareun gelas teh ? Naha ti djĕro gelas kitoe ?

Lain , sabab samemeh eta gelas diesan , henteu botjor ; djadi tetela eta tjai teh asalna ti loeareun gelas .. Hawa teh ngampihan saab ; koe lantaran es, eta hawa djadi tiis , nja saab anoe dina hawa tea djadi tjai deui , sabab hawa sanggeusna tiis teu pati koeat ngampihan saab .

Tjai anoe djadi saab tea napěl di loeareun gelas (ieu dioepamakeun halimoen di loehoer goenoeng ). Lamoen hawa tambah tiis , ngotjorna eta tjai tambah gěde (ieu dioepamakeun hoedjan ).

Hal gelas anoe ditjaritakeun bieu, beunang dioepamakeun mega djeung hoedjan .

Saha -saha anoe geus ngarti kana pěrkara anoe geus ditjaritakeun di loehoer , koedoe daek neangan sorangan , naon sababna kadjadian di handap ieu :

Lamoen hatong kareta api disada , koe oerang katembong aja halimoen (haseup bodas ) saeutik, tapi henteu lila leungit deui .

Djalma anoe toempak kareta api atawa trem, sarta dioekna deukeut kana hawoena , beungeut atawa papakeanana rěměn ngarasa kakĕproelan tjai .

Naha ari mega salawasna tangtoe djadi hoedjan ?

Naon sababna noe matak mega henteu djadi hoedjan? Djeung koemaha sababna anoe matak mega lamoen katěbak angin gede sok tara djadi hoedjan ?

Angin anoe mana , anoe ngadatangkeun hoedjan ? Angin laoet atawa angin darat ?

Sagala katerangan anoe henteu saróea djeung tjarita di loehoer tadi atawa anoe teu haharti koe akal , oelah dipĕrtjaja .

VII. Di Poelo Djawa atawa di poelo -poelo HindiaWetan , loba pisan djalma anoe baroga toembal atawa djampe paranti ngadatangkeun hoedjan , rea oge anoe barisa njarang.

Dina ieu boekoe koe sim koering rek ditjaritakeun saeutik tina hal eta toembal .

Mangke noe matja bisa ngabandingkeun djeung tjarita - tjarita anoe tadi.

Di Banjoemas djeung di Kědoe , geus ilahar pisan djělěma oerang dinja njarieun Towong (Towok ) pikeun ngadatangkeun hoedjan .

Di Tegal, eta Towok disěboet „ minta -minti” . Nini Towok teh hidji gajoeng diwědakan koe tipoeng atawa wědak biasa , diroepakeun beungeut djělěma , sarta dipapaesan koe mangle djeung boboreh , toeloej gagangna diasoepkeun kana boeboe , minangka awakna . Eta boeboe ditapělan sapoe pare opat beungkeut pikeun leungeunna .

Sanggeus kitoe, eta nini Towok teh dipitjeun ka makam (koeboeran ) anoe disarangka angker , lilana 3 atawa 7 peuting.

Dina waktoe tjaang boelan eta nini Towok ditjokot deui ; awakna ditalian koe karembong , ditjěkěl koe 24 djělěma , diteundeun di loehoereun anglo , dikoekoesan make menjan , sarta nitah sababaraha baroedak parawan disina němbang , dibaroeng koe sora tatabeuhan . (Ari tatabeuhanana , nja eta : landjam , boejoeng djeung hihid . Ari anoe nabeuhna biasana awewe anoe ngarora keneh ); maksoedna ngondang nini Towok .

Ari nini Towok teh nja eta widadari anoe ngoeroes hoedjan , tjěnah.

Lamoen eta nini Towok ojag , tandana geus kasoeroepan widadari , sarta moal sabaraha lilana oge hoedjan , tjěnah.

Ieu perkara pikeun djělěma anoe pandjang pikiranana mah , meureun matak bidjil pikiran kieu : „ Naha ĕnja nini Towok teh bisa ngajakeun hoedjan?"

Sanadjan eta djalma anoe boga pikiran kitoe teh tatjan loba kanjahona, sarta tatjan loba loeangna , tapi pikiranana anoe disěboetkeun tadi , koedoe dipikir kalawan běněr (sampoerna ).

Di loehoer geus ditjaritakeun , jen dina hawa teh aja saaban anoe asalna tina tjai laoet, talaga , rawa dj . s. t.

Koe lantaran saab teh beuki lila beuki loba toer tiis deui , nja toeloej robah djadi mega ; lamoen beuki tiis bae, těmahna nja djadi hoedjan .

Naha koemaha pibisaeunana , aja běběgig , sapĕrti nini Towok , bisa ngarobah papasten Goesti Allah ?

Nini Towok teh djidjieunan manoesa , lain?

Teu kaharti koe akal, lantaran manehna teh (nini Towok) henteu patjantel saeutik-eutik atjan djeung pěrkara mega atawa saab noe aja di awang '.

Koe naon henteu maledogkeun batoe bae ka hateup , soepaja hoedjan , montong njieun nini Towok , kahesehese .

Nawon bedana ngagajoeh hoedjan koe nini Towok djeung koe maledogkeun batoe ka hateup ?

Rasa sim koering saroea bae . ¹)

Aja deui akal manoesa pikeun ngadatangkeun hoedjan; oepama di Madioen , koe oetjing hideung .

Lamoen geus lila henteu hoedjan2 , oerang dinja narèangan oetjing hideung ; eta oetjing dibawa ka sirah tjai .

Di dinja eta oetjing ditjěkělan bae, di mana disada , toeloej dilělěpkeun kana eta tjai , nepi ka paehna .

Noeroetkeun kapĕrtjajaan oerang dinja , moal sabaraha lilana oge, malah sakapeung mah harita keneh oge tangtoe hoedjan .

Kalakoean kitoe teh henteu sabaraha bedana djeung kamandjoeran nini Towok tea.

Pati oetjing teh , henteu matak nambahan saab , atawa ngoerangan panas atawa ngobahkeun djalanna angin anoe mawa saab tea .

Lamoen pati eta oetjing hideung boga kakoeatan ngadatangkeun hoedjan , tjek pangira sim koering, batoe bodas atawa kalapa hedjo anoe dipitjeun ka djěro tjai oge , tangtoe boga perbawa kitoe . ¹)

Aja deui akal oerang Madioen pikeun ngadatangkeun hoedjan , nja eta hidji boedak awewe disina ngaloengkeun badjoena ka hateup, toeloej nangtoengkeun sapoe dina taneuh, sina tibalik (gagangna di handap , tjongona ka loehoer ), direndengkeun djeung batok dieusi lěboe , djeung haloe digolerkeun di dinja.

Ieu pěrkara saroea bae djeung pěta nini Towok tea .

Sarat pikeun njarang hoedjan , noeroetkeun kanjaho sim koering mah kieu :

Toembak poesaka warisan ti karoehoen diatjoengkeun ka langit , bari dikoekoesan koe měnjan, sarta make sisihan anoe dieusi sangoe , laoek, kěmbang , boboreh dj.s.t.

Kalakoean kitoe teh saroea bae djeung akal ngadatangkeun hoedjan make nini Towok tea..

Doeanana henteu aja gawena , sabab henteu aja hidji djělěma anoe bisa ngajakeun atawa njarang hoedjan, lian ti Allah ta'ala koe andjeun !

Allah henteu beunang diparentah koe nini Towok atawa koe toembak!!

VIII . Ajeuna aja pananja kieu : „ Naha djělěma aja noe bisa ngadatangkeun atawa njarang hoedjan ?

Tjek pangira koering , ieu doea pěrkara moestahil bisa dipigawe koe manoesa , karana henteu aja hidji djělěma anoe bisa marentah angin atawa panas , lian ti Allah !

Běněr noe palintěr bisa njěboetkeun baris hoedjan atawa henteuna , tapi kitoe oge make pakakas pikeun mariksa djalanna angin , pakakas pikeun nganjahokeun loba-saeutikna saab dj . s . t. Tapi sakapeung taksiranana teh sok njalahan, lantaran aja roepa² pěrkara anoe matak robah kana kaajaanana hoedjan .

Hoedjan djeung gelap .

Di nagara Walanda loba panggoeng paranti mariksa hawa ; hasilna eta pamariksaan, noe palinter bisa njěboetkeun pikeun aja angin djeung ti mana datangna.

Hal eta pamariksaan, engke di hareup koe sim koering ditjaritakeun .

Oepama eta angin datang ti darat, tangtoe moal bisa mawa hoedjan .

Lamoen oerang ngingětkeun kana panasna hawa biasana , téroes dibandingkeun djeung panasna hawa waktoe harita , tangtoe bisa ngira , naha panasna hawa teh baris nambahan atawa bakal ngoerangan .

Koe sabab eta koe oerang bisa kanjahoan rek hoedjan atawa moal .

Oepama angin ngagělěboeg ti laoet sarta panasna hawa teangoerangan , tangtoe bakal hoedjan ; tapi sanadjan datangna angin ti laoet oge, ari panasna hawa nambahan mah , eta tatjan tangtoe baris hoedjan .

IX. Sok radjeun aja djělěma anoe ngakoe boga toembal bisa ngagajoeh hoedjan atawa bisa njarang.

Djalma anoe kitoe oelah pisan koe oerang dipĕrtjaja, sabab manehna henteu bisaeun niiskeun atawa manaskeun saab di awang².

Ari tjai bisana njamboeang djadi saab teh, koe lantaran panasna panonpoë .

Djělěma bodo bisa oge njěboetkeun , jen djělěma anoe ngakoe² bisa ngagajoeh hoedjan djeung bisa njarang teh, taja lian, ngan arek matjikeuh bae.

Djalma anoe ngakoekeun bisa kitoe, geus njahoëun , jen loba djalma anoe pĕrtjaja kana bid'ah.

Kamashoeran djeung kamandjoeran toembalna , manehna pribadi anoe ngoear ".

Djělěma anoe pěrtjaja kana eta omongan , ngabantoean nĕrěkabkeun eta bedja , malah sok ditambahan, asal sadjeungkal djadi sadeupa .

Teu sabaraha lilana , djělěma sanagara eta , taloek djeung sieun koe manehna .

Nja waktoe harita maksoedna si toekang giringsing teh hasil , bisa ngalilito noe barodo anoe pěrtjaja kana eta bid'ah tea.

¹) Di sawareh tempat , baroedak ngarawih atawa aroelin , maksoedna njarang , tjěnah.

Aja deui sarat pikeun njarang teh , (pikeun djělěma anoe keur njanjabaan atawa keur aja di nagara batoer ). Kieu tjĕnah :

Lamoen manehna di djalan papanggih djeung djělěma , toeloej ditanja : „ Naha maneh henteu papanggih djeung noe reuneuh?" Lamoen ditembalan : „Henteu," tangtoe moal hoedjan . Tapi lamoen didjawab : „Enja , tadi papanggih ," eta saratna koedoe ditembalan deui : „ Mana , resep kana beuteungna !"

Tembal kitoe teh , bisa njarang hoedjan , tjěnah .

Lian ti eta pikeun djalma anoe leuleumpangan , aja deui paranti njarang sangkan oelah hoedjaneun , nja eta koedoe njokot karikil sakoemaha bae, tĕroes kandoeng , bari ngomong kieu : „ Lamoen ieu karikil tatjan ragrag , oelah waka hoedjan ."

Koe sabab katjida pĕrtjajana kana bid'ah , něpi ka manehna nětěpkeun , lamoen eta karikil masih aja dina kandoenganana mah , tangtoe moal hoedjan .

Sarat anoe disěboet di loehoer , lamoen dibandingkeun djeung katĕrangan tina hal hoedjan , matak teu kaharti koe akal . Sageuj ! Moestahil !! Pirakoe !!!

Koemaha rek kahartina koe akal atoeh , da moestahil kakawihan djeung omongan anoe saroepa kitoe bisa njĕgah kana pangersa Allah .

Ah , eta mah teu kaharti !

¹) Pěrkara njiksa maehan sato anoe tanpa dosa , eta teu meunang pisan . Allah ta'ala henteu idin , nagara oge ngalarang . Saha noe ngarempak larangan Allah , eta djalma kaběndon koe Allah . Saha noe kabĕndon koe Allah , moal dikaboel pamentana koe Allah .

Ana kitoe moestahil pisan djalma anoe maehan oetjing tanpa dosa baris dikaboel pamentana soepaja hoedjan ! Rasa sim koering moal !! TJAKRA PRAWIRA .

PASAL II.

Tina hal gelap .

I. Oerang sarerea geus njaraho kana : hoedjan , angin, kilat djeung gělap ; dina waktoe eta oerang ngarasa hawatir djeung sieun , lain ?

Tapi tjarang anoe boga ingětan atawa mikir : „ Naon ari kilat teh ? Ti mana asalna gělap ? Setan atawa djin eta teh ? Naha saroepa bae djeung hoedjan , angin atawa noe sedjen ??"

Tadi sim koering geus njaritakeun , naon² anoe ngadjadikeun hoedjan djeung sakabeh pěrkara anoe njamboeng ka dinja .

Lamoen eta hal geus njaangan kana pikir oerang , ajeuna koering rek njaritakeun tina hal gelap , kilat djeung salianna, noeroetkeun pamĕndakna anoe palintĕr .

Samemeh sim koering nĕrangkeun eta pĕrkara, sim koering rek nĕrangkeun heula bab electriciteit (hawa listrik).

II. Hidji semprong lampoe koe oerang kosok koe soetra sing bĕdas .

Sanggeus rada lila eta semprong dikosokna , tangtoe ngabogaan kakoeatan anoe matak ngaherankeun ka oerang , nja eta bisa narik kertas anoe laleutik , atawa barang anoe hampang , kajaning : lěboe , kai gaboes anoe meunang ngeureutan dj . s . t.

Gambar gelap dimasigit Demak .

Lamoen oerang arek ngadjadjal , koedoe neangan heula gelas atawa semprong lampoe anoe ipis , sabab lamoen anoe kanděl mah , sok rěměn gagalna ;eta gělas koedoe toehoer pisan .

Koe sabab kitoe hadena pisan mah eta gělas teh koedoe dideang heula atawa diteundeun dina bola -bola lampoe anoe meunang njeungeut.

Samemeh eta gelas dikosok koe soetra , henteu ngabogaan bakat njĕrot.

Djadi tetela pisan , jen eta gelas ngabogaanana kakoeatan kitoe sarta bisana narik barang2 noe laleutik teh, koe lantaran dikosok koe soetra heula. Eta kakoeatan disěboetna ,, electriciteit" . Tapi electriciteit anoe aja dina semprong teh , ngan sakeudeung pisan ajana , ti dinja mah toeloej leungit deui bae .

Lian tina gelas djeung soetra anoe bisa ngajakeun electriciteit teh, aja deui nja eta eboniet (¹) dikosok koe koelit oetjing atawa ělak, dikosok koe kaen panas .

Eboniet djeung ělak teh bisa narik oge barang anoe hampang , tapi kakoeatanana tereh leungitna.

Ari electriciteit anoe asal tina gelas djeung tina eboniet , beda kaajaanana .

Gělas A sanggeus dikosok koe kaen panas , ditoempangkeun kana toengtoeng djaroem, lamoen katoël saeutik oge, toeloej inggeung .

Oepama dideukeutan koe salah sahidji toengtoeng eboniet anoe geus dikosok koe koelit oetjing, tangtoe eta 2 barang silih tarik .

Lamoen A dideukeutan koe B, toeloej inggeung noeroetkeun djalanna panah , nja eta ngadjaoehan B. Ajeuna A djeung B dikosok deui , sabab electriciteit anoe tadi geus beak . Geus kitoe B deukeutkeun kana salah sahidji toengtoeng A, tangtoe A inggeung (ojag) noeroetkeun djalanna B, djadi A ditarik koe B.

Aja 2 eboniet anoe meunang ngosok koe kaen panas , anoe hidji ditoempangkeun kana djaroem saperti gambar anoe di loehoer ; ti dinja oerang ngadeukeutkeun deui eboniet noe sedjen , tangtoe eta 2 eboniet silih tarik . Lamoen toengtoeng eboniet anoe tadi diantělan koe gelas anoe dikosok koe kaen panas , eta eboniet silih tarik deui .

Ajeuna tetela pisan , jen electriciteit gelas teh beda djeung electriciteit eboniet .

Barang anoe aja electriciteitna sarta saroea roepana sok silih tarik , oepama : electriciteit gelas djeung electriciteit gelas , atawa electriciteit eboniet djeung elec triciteit eboniet .

Anoe sedjen roepana , tapi sok silih tarik , nja eta oepama : electriciteit gelas djeung electriciteit eboniet .

Doea barang anoe sedjen electriciteitna, lamoen koe oerang dideukeutkeun , electriciteitna leungit, siga pisan eta electriciteitna teh koempoel ngadjadi hidji .

Sawareh barang ngabogaan electriciteit, tapi aja oge noe henteu ngabogaan . Emas, beusi , tamaga dj . s. t. , sakoer barang tambang , eta pada teu ngabarogaan electriciteit .

Mahloek anoe hiroep, tjai , barang anoe beueus dj . s. t. , kaasoep oge kana barang anoe teu ngabogaan electriciteit.

Gělas , eboniet , kaleng dj . s . t. henteu bisa ngadjalankeun electriciteit, tapi beusi , ĕmas dj . s . t. bisaeun ngadjalankeun.

Bola koeningan koe oerang golerkeun dina loehoer tihang leutik anoe didjieun tina gelas . Lamoen oerang ngadeukeutkeun barang anoe ngabogaan electriciteit kana eta bola tea , tangtoe eta bola katerapan electriciteit .

Salilana eta bola deukeut djeung barang anoe tadi mah , henteu pětot -pětot ngabogaan electriciteit.

Ari electriciteit anoe aja dina bola koeningan tea beda -beda , noeroetkeun electriciteitna barang anoe dideukeutkeun bae .

Electriciteit anoe diajakeun koe barang anoe dikosok teh ngan saeutik pisan ; lamoen oerang hajang electriciteit loba , koedoe make pakakas.

Electriciteit teh beunang dikoempoelkeun atawa diampihan, oepama : diteundeun dina bola koeningan anoe tadi tea .

Lamoen koe oerang diantĕlan ramo , katembong saperti seuneu ngagěbos kana ramo oerang .

Kieu kateranganana :

Eta bola ngabogaan kakoeatan (electriciteit) , ari tjoeroek oerang anoe dideukeutkeun ka dinja meunang kakoeatan ti dinja, henteu beda djeung barang anoe kasěboet tadi . Eta doea roepa electriciteit arek ngoempoel (sanjawa) ; koe lantara pakoempoelanana tea nja ngadjadikeun seuneu .

Oepama aja doea wadah noe didjieunna tina gělas , toeloej koe oerang dieusian electriciteit anoe beda kaajaanana . Lamoen eta doea wadah koe oerang dideukeutkeun , tangtoe eta electriciteit anoe doea roepa teh djadi sanjawa (ngoempoel ).

Oepama eusina electriciteit dina eta doea wadah tea loba , tangtoe ngadjadikeunu seuneu sarta loeloentjatan (gegěbosan ) tina eta wadah kana wadah noe sedjen .

Pirang -pirang noe palinter geus ngadaraměl pakakas pikeun ngampihan electriciteit. Lamoen eta pakakas direndengkeun, tangtoe electriciteitna anoe 2 roepa tea ngoempoel , něpi ka ngadjadikeun kěmbang api anoe njorotna leuwih ti 2 M, sarta ngadjadikeun sora anoe tarikna saperti sora kai baseuh dibeuleum .

III. Geus sababaraha ratoes taoen anoe palintěr mikir sarta neangan akal pikeuu nganjahokeun hal gĕlap ; lila -lila bisa oge nganjahokeun hal kaajaan electriciteit, tapi hal gelap mah tatjan kanjahoan keneḥ bae .

Dina hidji waktoe aja oerang Amerika anoe kasohor pintěr , djěněnganana Franklin ; andjeunna kagoengan sangkaan , jen mega teh ngabogaan electriciteit ; eta sangkaan andjeunna kitoe teh tĕroes didjadjal , kieu :

Dina hidji poë langit angkeub katoetoepan mega, hidji tanda jen baris hoedjan gěde, sarta dibaroeng koe sora gelap . Eta toean toeloej ngapoengkeun langlajangan. Barang eta langlajangan něpi kana mega , toeloej toengtoeng benang anoe koe andjeunna ditjěpěng teh, digantelan sosi .

Mimitina mah , henteu katembong naon -naon ; tapi barang eta tali geus baseuh , ramona eta toean toean diantělkeun kana eta tali . Harita keneh katembong aja seuneu ngagoerilap .

Koe hal kitoe, netelakeun, jen tali anoe baseuh teh bisa ngadjalankeun electriciteit .

Noeroetkeun katĕrangan anoe di loehoer , tjai teh bisa ngadjalankeun electriciteit .

Kadoea kalina toean Romas anoe ngadjadjal teh . Tali langlajanganana digoeběd koe kawat tamaga , lantaran tamaga mah bisa pisan ngadjalankeunana electriciteit.

Saharita keneh , sanadjan talina eta langlajangan tatjan baseuh oge , geus katembong seuneuan , ngagoerilap kana ramo .

Pěrtjobaan anoe kitoe katjida lalaworana, sabab lamoen di langit meudjeuhna loba electriciteit, tangtoe bisa ngajakeun seuneu anoe leuwih gede .

Lamoen tjoeroek oerang dideukeutkeun , karasa njĕri , saperti anoe dipěntjet tarik . Ti antara toean -toean anoe kasěboet di loehoer tadi geus maot saoerang , lantaran papariksaan tina hal electriciteit . Dina hidji poë waktoe eta toean mariksa hal electriciteit, oedjoeg aja seuneu ngagoerilap gěde pisan tina pakakasna kana salirana , něpi ka andjeunna němahan pati ,

Eta seuneu anoe ngagoerilap sakitoe gědena teh saěnjana nja eta gělap .

IV. Naon saěnjana ari gelap teh ?

Tadi geus diterangkeun, jen tjai waloengan , talaga , laoet dj . s . t. sok njamboeang djadi saab , koe lantaran panasna panonpoë .

Di mana eta saab katiisan , sok djadi mega atawa halimoen.

Djalma anoe palinter loba noe njarangka , jen kětjlakan tjihoedjan djeung mega teh pagesrek , nja ngadjadikeun electriciteit . Sakapeung eta mega ngampihan electriciteit loba pisan.

Di loehoer geus ditjaritakeun , jen hidji barang bisa dieusi koe electriciteit, lamoen dideukeutkeun djeung barang anoe dieusi electriciteit. Djadi lamoen aja mega anoe dieusi electriciteit ngadeukeutan mega anoe sedjen , tangtoe mega anoe kadoea oge kaeusian koe electriciteit , tapi electriciteitna beda djeung electriciteit anoe ti heula.

Sawareh barang anoe laloehoer , kajaning : moenara , tangkal randoe , leuweung dj . s . t. , sok ngabogaan oge electriciteit, tapi electriciteitna beda djeung electriciteit noe aja dina mega .

Di loehoer koe sim koering geus diterangkeun , jen electriciteit anoe beda teh sok silih tarik .

Di mana eta doea roepa electriciteit teh tjampoer (sanjawa), tangtoe ngadjadikeun seuneu ngagoerilap laleutik .

Koe lantaran electriciteit dina mega tea loba , djadi seuneuna oge pandjang saperti goerat (garis ) pandjangna něpi ka 100 M, malah sok aja noe leuwih , anoe koe oerang disěboet kilat tea .

Djadi ana kitoe, anoe disěboet kilat teh nja eta seuneu saĕnjana mah .

".Eta kilat teh kebat tina hidji mega ka mega noe sedjen , atawa tina mega kana barang noe aja di boemi .

Kilat anoe němboes tina mega kana mega deui , ĕnja oge matak sieun , tapi henteu matak njilakakeun ka oerang ; ari anoe matak njilakakeun mah eta kilat anoe němboes ka boęmi , sabab kilat anoe kitoe teh , nja eta bangsa seuneu electriciteit anoe njilakakeun kana djiwana toean propesor anoe kasěboet di loehoer tadi .

Kilat teh bisa maehan djalma atawa sato , ngadoeroek tatangkalan djeung imah.

Djalma anoe disamběr gelap , sanadjan henteu paeh oge , saloear awakna sok leuleus : lamoen teu kitoe, leungeun djeung soekoena kemper .

Lamoen anoe disamběr gelap teh taneuh , sok kadjadian aja liang noe djěrona něpi ka sababaraha metĕr . Koe lantaran panasna , eta taneuh sok mantjawoera atawa antjoer .

Kitoe sababna anoe matak sok liangan saperti songsong atawa katoeng běling .

V. Koemaha akalna sangkan oerang henteu disamběr gelap atawa bisa njingkiran eta katjilakaan ?

Mimitina oerang koedoe neangan akal , sangkan imah oerang oelah disamběr gělap , lamoen bisa kitoe, oerang saimah -imah , bisa njingkiran katjilakaan koe lantaran disamběr gelap .

Ari pakakasna pikeun njinglar gelap , koe basa Walanda disěboetna bliksemafleider" atawa „palajangan 77 gĕlap " .

Anoe meunangkeun eta pakakas , nja eta toean Franklin anoe kasěboet tadi .

Eta pakakas didjieunna tina 2-3 kawat anoe gědena sagĕde -gede ramo ; toengtoengna eta kawat kabeh sareukeut sarta koedoe leuwih loehoer tina woewoeng imah.

Eta kawat tina loehoer imah nepi ka djěro taneuh ; toengtoengna anoe di handap lalantjip . Soepaja oelah taihiangan , toengtoengna anoe di loehoer diboengkoes koe platina .

Naon sababna anoe matak pakakas „ palajangan gelap❞ bisa ngoerangkeun atawa njinglarkeun bahja gělap ?

Sababaraha kali eta gelap njamběr barang anoe loehoer anoe deukeut kana mega , dina waktoe hoedjan anoe dibaroeng koe gelap dordar sarta anoe babari ngadjalankeun electriciteit .

Lamoen mega anoe loba electriciteitna ngadeukeutan kana pakakas „ palajangan gelap " tea , electriciteit anoe aja di boemi ditarik , lamoen eta doea roepa electriciteit beda kaajaanana .

Electriciteit noe ti djěro taneuh ngoempoel dina toengtoeng loehoer palajangan gelap tea, nja di dinja eta doea roepa electriciteit tjampoerna (djadi sajangna ). Ngoempoelna doea roepa electriciteit teh , aja doea djalan kahidji , saeutik-saeutik sarta lalaoenan , kadoea , gantjang pisan .

Lamoen tjampoerna lalaoenan , hoeroengna seuneu noe aja dina toengtoeng palajangan gelap teh leutik sarta henteu matak njilakakeun .

Tapi lamoen tjampoerna gantjang mah , hoeroengna seuneu teh gěde, ngalentab tina mega kana toengtoeng eta pakakas . Eta seuneu saěnjana kilat , eta henteu matak njilakakeun , sabab electriciteitna asoep kana eta pakakas, sarta téroes dibawa ka djěro taneuh.

Djadi gawena palajangan gelap teh aja 2 roepa : kahidji , ngoerangan lobana electriciteit noe aja dina mega , koe lantaran eta 2 roepa electriciteit anoe sanjawa teh saeutik patjampoerna ; kadoea njinglarkeun bahja gělap njamběr imah, sabab eta electriciteit ditěroeskeun ka djěro taneuh.

Palajangan gelap teh koedoe dipariksa sarta didjaga sangkan oelah taihiangan , sabab barang tambang atawa zat anoe taihiangan teh henteu bisa nĕroeskeun djalanna electriciteit .

Djadi lamoen eta pakakas taihiangan , matak njilakakeun pisan ; koe lantaran eta , imah oerang bisa disamběr gelap .

Ana kitoe pakakas anoe taihiangan teh lain matak njinglarkeun kana bahja gělap tapi sabalikna, matak ngadeukeutkeun (ngadatangkeun ).

Naha hade lamoen oerang ngioehan dina handapeun tangkal kai anoe loehoer , dina waktoe hoedjan anoe dibaroeng koe gelap dordar ?

Poegoeh bae teu hade mah , malah oelah pisan ; sabab kalakoean kitoe teh matak ngarisikeun . Ongkoh di loehoer geus disěboetkeun , jen barang anoe loehoer teh deukeut sarta babari pisan kana disambĕrna koe gelap .

Djalma anoe ngioehan dina kandapeun kai anoe loehoer waktoe aja kilat , asoep kana paribasa : iwak nangtang soedjen .

Masing ingět, oerang oelah pisan leumpang dina tempat rata anoe teu aja tatangkalan loehoer .

Lamoen oerang kahoedjanan di sawah atawa di aloen -aloen , sarta waktoe harita teh gelap dordar, leuwih hade oerang boeroe -boeroe balik bae.

Oepama djaoeh teuing ka imah, poma oelah pisan nangtoeng di tempat anoe teu aja tatangkalanana, sabab lamoen oerang leuwih loehoer ti batan barang2 noe sedjen , bisa djadi disamběr gelap .

Panghadena oerang koedoe neangan tempat pikeun ngioehan anoe harandap .

Djalma anoe di djero imah waktoe gelap dordar , oelah pisan tjitjing di handapeun barang beusi , kajaning kakait lampoe gantoeng djeung salianna .

Sabab lamoen imahna disamběr koe gelap , electriciteitna téroes mapaj lampoe atawa kakait tea ( ingět : , tangtoe djalma beusi bisa ngadjalankeun electriciteit) anoe aja di handapeunana atawa noe deukeut ka dinja miloe disambĕr ; tapi lamoen rada djaoeh mah henteu sabaraha matak njilakakeunana .

VI. Oerang oge tangtoe njaho, henteu sabaraha lilana ti měntas aja goerilap , oerang sok ngadenge aja sora ngabělědag atawa ngagělěgěr , lain ?

Sora naon eta teh ? Naha sora djoerig atawa sora gělap ? Djeung naha ari sora teh beunang ditĕrangkeun sabab-sababna anoe saěnjana ?

Ieu di handap koe koela rek ditĕrangkeun, naon sababna noe matak aja sora .

Naon ari noe ngadjadikeun sora teh ?

Oepama oerang nabeuh goong atawa bende rada tarik, toeloej diawoeran keusik lěmboet , eta keusik tangtoe laloentjatan sapĕrti anoe keur adjroeg -adjroegan .

Kawat rěbab atawa biola dikeset koe pangesetna atawa didjĕntrengkeun koe ramo , eta kawat tangtoe ngagětěr ; lamoen ngagětěrna eureun, tangtoe sorana oge eureun.

Lamoen eta kawat diteundeunan kertas meunang ngalipětlipět (soepaja babari obah , eta kertas anoe meunang ngalipět tea oelah dikapoet atawa ditalian) , salilana eta sora kadenge mah , kertas teh toeroen -naek bae (adjol-adjolan ). Ieu di handap aja gambar anoe dingaranan „ stemvork" didjieunna tina wadja, lamoen ditakolkeun kana medja atawa kana barang noe sedjen, eta stemvork teh ngagětěr ; oepama gagangna diantělkeun kana medja , kakara sorana kadenge koe oerang .

Eta sora sok dipake patokan koe djalma anoe rek měnjanji .

Hoentoena eta stemvork aja doea, anoe hidji toengtoengna lantjip .

Hoedjan djeung gelap . 3

Lamoen oerang hajang njaho , jen kadjadian sora teh tina ngagětěrna barang , lian tina make stemvork , beunang oge koe beusi ipis anoe meunang ngabaloer koe areng .

Eta stemvork koe oerang takolkeun heula kana medja, sanggeus kitoe toengtoengna diadĕkkeun kana beusi ipis anoe beunang ngabaloer koe areng tea , tapi sing rada anggang ; geus kitoe eta beusi ipis teh tarik sing gantjang, tangtoe koe oerang katendjo goerat tapak stemvork dina eta areng , barengkok siga pisan hoentoe simeut.

Pěrtjobaan anoe di loehoer tadi, netelakeun , jen kawat rěbab , keusik dina goong (bende ), kertas dina kawat rěbab djeung toengtoeng stemvork teh kabeh ngagětěr satoengtoeng aja keneh sorana mah .

Hal ngagětěrna barang -barang dina waktoe disada , beunang oge diterangkeun atawa diboektikeun koe barang -barang noe sedjen , tapi tatjan tangtoe babari diterangkeunana .

Ieu di handap diterangkeun anoe leuwih tĕrang :

Sora teh kadjadian tina barang anoe ngagětěr . Oepama oerang měntang kawat sing kentjěng, tengahtengahna koe oerang tarik ka loehoer atawa ka handap , geus kitoe leupaskeun, tangtoe eta kawat ngagětěr .

Goong oge lamoen koe oerang ditakol , tangtoe ngagětěr , dj.s.t. Lamoen henteu ngagětěr tangtoe mo aja sorana .

Goong , kawat rěbab djeung stemvork anoe keur disada , lamoen koe oerang ditjěkěl , tangtoe sorana eureun , sabab ngagětěrna eta barang koe oerang kaeureunkeun.

Hawa oge sok ngagětěr . Lamoen oerang měkaskeun bědil , tangtoe pisan di djěrona kaasoepan koe hawa (gas) anoe asalna tina obat anoe hoeroeng .

Koe lantaran koetjoeboeng bědil tea leutik , ari gasna loba, atoeh tangtoe pisan madjoena oge leuwih tarik, ngadjědjěk hawa noe aja di loeareunana . Lamoen eta hawa geus ka loear , tangtoe hawa anoe ti A djeung ti B balik deui ka oeroetna sarta sili sěděkkeun , patarik -tarik . Kitoe sababna anoe matak hawa sok ngagětěr.

Oerang tangtoe ingět keneh kana hal goong anoe keur ditakol atawa kana stemvork anoe ditakolkeun kana medja .

Sora bědil djeung gelap oge saroea bae djeung eta , sababna mah , ngan aja bedana saeutik -eutikeun .

Di loehoer tadi geus diterangkeun , jen seuneu teh asalna ngan sakoenang , tatapi koe lantaran gantjang ngagoerilapna , nepi ka ngadjadikeun saperti goerat anoe pandjangna 100 M.

Kilat atawa seuneu teh gantjang pisan meulahna hawa ; koe lantaran panjoeroengna eta seuneu , hawa teh ngagětěr , kitoe sababna noe matak sok aja gělap atawa goeloedoeg (goegoer )..

Sora gelap tara tereh -tereh eureunna , tapi beuki lila beuki kendor djeung beuki djaoeh kadengena , lir barang boeleud digorolongkeun .

Lamoen sora ngadoepak hidji barang , eta barang teh sok miloe ngagětěr deui bae, tapi eta sora toeloej disoeroengkeun deui koe hawa ka tempat sedjen , siga bal dibaledogkeun kana bilik. Sora anoe balik deui dingaranan aweuhan .

Sanadjan kadjadianana goeloedoeg teh barĕng djeung kilat, tapi koe lantaran kagantjanganana kilat , djadi roepana teh kilat anoe ti heula , pedah anoe pangheulana katendjo koe oerang .

Sora leumpangna dina sasěkon 330 M. Oerang bisa nganjahokeun djaoeh -deukeutna gelap ti oerang , koe milang ti antara nendjo kilat djeung ngadenge sorana .

Di mana oerang nendjo kilat , toeloej oerang ngitoeng : hidji , doea , tiloe ; lamoen lěbah tiloe koe oerang geus kadenge sorana , djadi djaoehna antara gelap djeung oerang teh 3 X330 M990 M; lamoen kitoe oerang teu koedoe sieun kasamběr , da djaoeh ti oerang .

Oepama mimiti oerang nendjo goerilap sarta koe oerang diitoeng djaoehna 990 M, teu lila nendjo deui djaoehna 1320 M, toeloej 1650 M, djadi tetela pisan jen eta goerilap teh beuki lila beuki djaoeh ti oerang . Lamoen kitoe oerang teu koedoe sieun .

Tapi lamoen eta kilat koe oerang diitoeng beuki lila beuki ngadeukeutan , pĕrloe oerang boeroe² njingkah ti eta tempat, pikeun ngadjaoehan bahja noe bakal datang .

VII . Sanadjan oerang geus rěměn nendjo kilat atawa ngadenge gelap djeung goeloedoeg oge , tapi ana kaběněran ngadenge deui eta sora mah sok aja bae sieunna. Koe lantaran kitoe teu matak heran lamoen aja djalma anoe neangan katĕrangan , naon sababna anoe matak aja kilat djeung gelap ; tapi sanadjan kitoe oge oerang oelah waka oedjoeg² pěrtjaja bae kana katĕrangan djalma anoe koerang kanjahona, karana djalma noe kitoe mah loeang loembrahna sok make sabab tjarita djaman baheula , anoe teu matak kaharti koe akal .

Ieu di handap koering rek njaritakeun kapĕrtjajaanana oerang Djawa Tengah, kana hal gelap .

Noeroetkeun kapĕrtjajaanana djalma loba , gělap teh bangsa djoerig, sarta rěsěp ngaheureujan djělěma . Ari lobana henteu kaitoeng , malah aja hidji kapalana anoe minangka djadi radjana .

Gélap teh boga moesoeh anoe sok disěboet djoerig goendoel . Koe bawaning katjida geuleuheunana gelap. teh ka eta djoerig goendoel , djadi salawasna dioedagoedag bae sarta dibědilan .

Hal ieu koe kaoela teu pĕrloe ditjaritakeun pandjang , sarerea oge tangtoe ngarti kateu-běněranana .

Tadi di loehoer geus ditetelakeun , jen gelap teh asalna tina patjampoerna doea roepa electriciteit.

Djadi lamoen aja djalma anoe pěrtjaja jen gelap teh djoerig, eta hidji tanda , jen manehna teh djalma bodo sarta borangan .

Tapi ĕnggoning kitoena teh nja moenasabah bae , lantaran manehna henteu ngarti kana kakoeatan kilat (electriciteit).

Kapĕrtjajaan djalma anoe kasěboet tadi tea něpi ka djadi adat kaloembrahan, malah nepi ka ngadatangkeun roepa² sarat pikeun ngadjaoehkeun atawa ngadjaga katjilakaan koe lantaran disamběr gelap .

Adat djeung sarat kitoe teh toeg ka kiwari masih loba keneh anoe marake .

Ari sarat anoe ilahar dipake pikeun ngadjaoehkeun atawa ngadjaga eta katjilakaan teh , kieu : lamoen aja anoe nendjo kilat, koedoe geuwat ngomong : „ Gandĕri ! Ieu aing anakintjoena Kiai Ageng Selo !"

Noeroetkeun tjarita djalma baheula , eta omongan teh asalna roepa2 , saperti anoe kasěboet ieu di handap .

Keur waktoe Kiai Ageng Selo matjoel di sawah, oedjoeg ger bae hoedjan gěde pisan dibaroeng koe angin boela -bali djeung gělap dordar ; teu lila andjeunna ningali aja hidji sato anoe roepana matak gila, ari ngaranna wallohoe'alam!

Kiai Ageng Selo njangka, jen teu sak deui eta sato teh gelap anoe mindah roepa djadi sato ; sabab kitoe pamakena lamoen eta gelap rek njamběr djělěma .

Toeloej eta sato koe andjeunna ditewak sarta ditalian pageuh pisan.

Ari eta sato teh saěnjana radja ti sakabeh gelap , sarta sakti ngaleuwihan ti gelap noe sedjen ; tatapi waktoe harita bisa oge katangkěp , lantaran Kiai Ageng Selo kasaktianana leuwih ti manehna .

Eta gelap teu bisa leupas tina panjangtjangna, lila? toeloej manehna hatoeran ka Kiai Ageng Selo , menta ampoen soepaja dileupaskeun deui.

Tatapi Kiai Ageng Selo teu aja pisan manah karoenja soemawonna rěsěp kana eta sato , lantaran emoet kana kagorenganana sok nganiaja ka poetra -poetoena , malah toeloej diasoepkeun kana hidji koeroengan , disanggakeun ka Kangdjěng Soeltan Demak .

Lain ratoes tapi rewoe djalma anoe laladjo eta sato .

Kangdjěng Soeltan ngalarang pisan ka sakaer anoe laladjo, oelah mawa tjai kana deukeut koeroengan eta gelap , sabab lamoen eta gelap kabandjoer koe tjai sanadjan saeutik oge, sok toeloej djadi deui sakoemaha asalna tadi sarta ngaroeksakkeun koeroenganana .

Dina hidji mangsa aja hidji nini -nini (saěnjana eta nini -nini teh pamadjikan gelap anoe keur dikoeroeng tea), njampeurkeun arek laladjo sarta mawa tjai sakěndi henteu kanjahoan koe djalma anoe ngadjaga .

Tjai anoe sakendi tea toeloej koe manehna dibandjoerkeun ka salakina ; harita keneh eta gělap djadi gěde teu kira -kira sarta koeroengna roesak adjoer djadi lěboe , ari gelapna leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, ngan sorana bae anoe kadenge teh , ngadjĕgoer lir goenoeng oeroeg , matak reuwas ka sakoer anoe ngadenge .

Ti waktoe harita eta gelap teu kira -kira sieuneunana koe Kiai Ageng Selo katoet poetra poetoena .

Koe lantaran eta , lamoen eta gelap ngadenge sora djalma anoe njambat kieu : „ Gandĕri , ieu aing poetrapoetoe Kiai Ageng Selo ", toeloej bae loempat tarik , henteu wanieun nganiaja ka eta djalma.

Ieu tjarita katjida pisan aloesna lamoen ditjaritakeun ka baroedak , tatapi lamoen koe oerang dipikir ĕnjaenja, tangtoe oerang njangka : „ Sageuj kitoe !"

Tadi di loehoer geus ditjaritakeun , malah koe oerang beunang didjadjal atawa ditendjo , jen goerilap teh asalna tina patjampoeran doea roepa electriciteit . Pirakoe , moestahil , seuneu atawa electriciteit sieuneun koe omongan : „Gandĕri" , djeung lian ti eta .

Djaba ti eta , lamoen koe oerang dibandingkeun djeung katĕrangan anoe kasěboet di loehoer tadi , asa moestahil, sageuj , gělap bisa mindah roepa ngarepakeun sasatoan . Teu kaharti , eta mah !

Lamoen aja noe ngomong , jen manehna bisa njěkěl seuneu sarta ditalian koe saboekna , tapi teu sakarakara, eta djalma anoe ngomong kitoe teh lamoen henteu niat ngaheureujan ka oerang , tangtoe manehna rada koerang ingětanana (rada gelo), sabab omonganana teh henteu kadjadian sopopoë ; pantes pisan eta djalma noe ngomong kitoe teh koe oerang disěboetkeun edan atawa owah akalna .

Omongan eta djalma saroea pisan halna djeung dongeng Kiai Ageng Selo , sabab doeanana saroea pada njaritakeun njěkěl seuneu , ngan doeka seuneu dina kěrekan, atawa dina paneker , karana teu aja bedana , saroea pada seuneu .

Koe sabab eta tjek ingětan koering mah , tjarita Kiai Ageng Selo teh teu beunang dipertjaja , ngan aloes sarta těgěp pikeun kasoekaan baroedak bae.

Aja deui hidji dongeng anoe meh saroea djeung tjarita kiai Ageng Selo ; ieu tjarita asalna ti afdeeling Poerworědjo sabeulah kidoel .

Kieu tjaritana teh :

Djaman baheula waktoe Kiai Kolo Běntjok matjoel di sawahna , langit katembong mendoeng ; henteu lila ger bae hoedjan angin gělap dordar anoe pohara tea, malah aja hidji tangkal kandĕri dipanah gělap ; tatapi eta gelap teu kira-kira apěsna , lantaran manehna njělap dina dahan eta kai něpi ka teu bisa walakaja deui .

Kiai Kolo Bentjok njampeurkeun kana eta tangkal kai .

Barang geus deukeut toeloej eta gelap teh ngomong , menta toeloeng ka andjeunna sangkan loepoet tina eta balai . Djawab Kiai Kolo Bĕntjok : „Hade , maneh koe oerang ditoeloengan , tapi koela aja pamenta ka maneh ."

Gělap ngomong deui : „Naon pamenta sampean teh ?" Kiai Kolo Bĕntjok : „ Pamenta kaoela maneh oelah wani njamběr ka kaoela djeung ka anak - intjoe kaoela ."

Pamentana eta Kiai koe gelap disanggoepan sarta didjangdjian lamoen engke aja hoedjan anoe dibaroeng koe gelap , koedoe geuwat2 njěmpilkeun regang kanděri dina tjeuli , soepaja gelap teh ingěteun kana djangdjina ; lian ti eta koedoe njambat kieu : „Kanderi (ganderi ) ieu aing anak intjoe Kiai Kolo Bentjok ."

Ieu dongeng teu koedoe diterangkeun deui , sabab saroea keneh djeung dongeng Kiai Ageng Selo , pendekna moestahil , toer doeanana oge teu aja mangpa‘atna .

Ngan ajeuna oerang koedoe ngingětkeun sapěrkara bae , nja eta ... ..

Lamoen hidji barang disamběr gelap , oepama tangkal kai atawa sadjaba ti eta , eta barang sok toetoeng atawa hoeroeng siga beunang meuleum bae , ari gělapna mah teu aja di dinja . Oepama eta seuneu geus pareum, hoeroengna oge henteu katembong .

Dina dongeng Kiai Kolo Běntjok geus disĕboetkeun , jen gelap sanggeus njamběr tangkal kandĕri teh toeloej tjitjing bae lir oepama barang anoe ditewak koe manoesa .

Naha aja , seuneu anoe beunang ditjěkěl koe manoesa atawa koe sasatoan ?

Saratna oerang Banjoemas lamoen ger hoedjan anoe dibaroeng koe gelap dordar , nja eta oerang koedoe njělapkeun regang kandĕri anoe daoenan keneh kana daoen tjeuli , tjenah . sangkan oelah disamběr gelap ,

Ti Ieu pananja mana meunangna sarat kitoe teh ? saoerang oge teu aja anoe bisa něrangkeun kalawan saběněrna . Soegan mah baheula aja gělap anoe geus saperti tjek ngarasa kaděmpet koe dahan kandĕri , tjarita Kiai Kolo Běntjok tea . (Ha -ha -ha , teu kaharti Tj koe akal eta mah !!! S. . ).

Saĕnjana tangkal kandĕri atawa tatangkalan anoe sedjen oge , teu aja hidji -hidji atjan anoe beunang dipake měgatan gelap .

Moestahil , sageuj , pirakoe tatangkalan bisa nolak kana patjampoeranana doea roepa electriciteit .

Sarat pikeun ngadjaoehkeun gělap mah taja lian ngan koedoe ati² .

Oelah pisan oerang ngajakeun barang anoe matak narik hawa electriciteit ; anoe dipake sarat lain regang kandĕri , tapi ingětan (pamanggih ) oge .

Ieu di handap ditjaritakeun saratna anoe dipake koe djalma baheula , dina waktoe aja gelap dordar.

Anoe dipake sarat teh nja eta gantar pamoëan digolerkeun atawa disarandekeun ; ari anoe djadi sabab , kieu :

Gělap teh moesoeh setan (djoerig ) ; ari setan resep pisan ngaheureujan ka gelap , sangkan manehna ngamběk. Lamoen eta setan dioedag koe manehna , toeloej ngagantoeng dina gantar, lamoen eta gantar henteu ngagoler atawa njarande. Lamoen setan disamběr gelap , bisa oge djelěma atawa imah anoe deukeut ka dinja kabarerang .

Aja oge sarat anoe njamboeng kana hal nolak gelap . Loba pisan baroedak anoe rěsěp heureuj njotjoo eunteung dieunteungkeun kana tjahaja panonpoë , eta tjahaja disorotkeun kana pagěr , hateup atawa kana beungeut djalma, soepaja eta djalma reuwaseun .

Eta kalakoean kitoe teh henteu hade , sabab lamoen gelap nendjo tjahaja dina pagĕr , pangirana , manehna diheureujan koe moesoehna nja eta setan goendoel tea , toeloej bae ngamběk sarta eta setan teh disamběr .

Eta setan toeloej loentjat, toengtoengna djalma anoe aja sakentja-katoehoeeunana eta eunteung , kasamběr koe eta gelap . Koe sabab eta sarat djalma baheula teh ngalarang , teu meunang baroedak njotjoo eunteung kitoe, bisi disamběr gelap .

Aja deui hidji pěrkara anoe koe koering rek ditjaritakeun , nja eta, saratna lamoen keur hoedjan , oelah pisan toendjaktoendjoek kana barang anoe tjarang katendjo, malah barang anoe rěměn katendjo sapopoë oge teu meunang , tjenah ! Ari sababna kieu :

Noeroetkeun katĕrangan djělěma anoe pĕrtjaja kana hal bid'ah, koe lantaran gelap teh bisa ngaroe pakeun djělěma , sasatoan djeung lian ti eta , djadi lamoen kaběnĕran ditoendjoek koe oerang , manehna sok ngamběk bari njamběr.

Sarat-sarat anoe kasěboet tadi koe oerang teu pĕrloe ditjaritakeun pandjang -pandjang, sabab geus tetela pisan jen asalna gelap teh seuneu anoe kadjadianana katembong koe manoesa , nja eta tina patjampoerna doea roepa electriciteit ; saroea bae djeung kěrekan anoe dikěrekkeun kana doesna , atawa tjahaja panonpoë anoe dikoempoelkeun koe kakoeatan soerjakanta.

Koe hal eta tetela pisan , jen gelap teh lain djin atawa djoerig, tapi seuneu .

Kapĕrtjajaan djělěma anoe njěboetkeun, jen gělap teh djoerig, eta beunang diseboetkeun kapĕrtjajaan anoe teu karana sabab (teu aja gawena saeutik-eutik atjan).

Lain moestahil pisan kěrekan atawa soerjakanta disěboetkeun aja djoerigan ?

Nja ari noe bodo onaman , moenasabah bae rek pěrtjaja atawa sieun oge koe kĕrekan atawa soerjakanta anoe disangka djoerigan , sabab manehna mah bodo !

Koemaha tjek sangkaan oerang , dina gambar idoep , hoedjan dj.s.t., aja oge djoerigan ?

Lamoen oerang geus ngarti , jen gelap teh saĕnjana lain djoerig, tangtoe oerang mo pěrtjaja kana tjarita atawa saratsarat anoe didongengkeun dina tjarita Kiai Ageng Selo atawa Kiai Kolo Běntjok anoe bisa njěrěk gelap .

Naha aja oerang Walanda anoe pěrtjaja kana eta sarat-sarat ? Rasa koering 'mo aja!

Naha loba mana , bangsa Walanda djeung Djawa anoe disamběr gělap ?

Meureun tjek oerang loba bangsa Djawa, sabab oerang Walanda mah meh rata-rata pada njaraho kana pakakas pikeun njingkirkeun gelap , anoe dingaranan ,,palajangan gelap " (bliksemafleider).

Kanjahona djělěma anoe pěrtjaja kana bid'ah , atawa sarat -saratna anoe asalna tina barang -barang anoe moestahil , koe oerang teu beunang dipĕrtjaja .

Kalolobaanana djělěma pěrtjaja atawa migawe kana hidji pěrkara (sarat ) anoe asalna ti djělěma djaman baheula , tatapi ana disěděk -sěděk mah manehna sorangan oge henteu ngartieun kana eta hal , sabab kabeh oge ngan oekoer dedenge tara atawa toetoeroet moending bae , henteu dipikir atawa dipariksa soemawonna diboektikeun heula koe manehna .

Koe lantaran eta katĕranganana oge henteu beunang dipěrtjaja.

¹ , Eboniet teh teuas , didjieunna tina karet (caoutchouc ) ditjampoeran koe walirang ; njieunna, eta karet djeung walirang teh dipanasan heula koe seuneu , nepi ka panas pisan .

Roepa eta eboniet kawas galeuh djohar , ngan henteu herang .

ТАМАТ .

EUSINA:

Katja Pasal I Tina hal hoedjan . 3 Pasal II Tina hal gelap . 20

Digitzed byGoogle

aj6oo5-sn-pdpa tpr/ttuess -d1gitized in the Public