Pustaka Taratsa

Baca teks (PDF): Puisi Béling (Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi)

20 halaman · 3 halaman diproses dengan OCR · 1.7 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. Puisi Béling (Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi)
  2. Pangantér
  3. Daptar Eusi
  4. Naon Senah Anu Abadi Téh, Pak Sapardi
  5. Nya Kieu Weh, Abi Ceurik Deui
  6. Jang Anu Teu Mungkin, Jeung Anu Mungkin
  7. Anu Ngahuleng Sabada Ngagorowok Dina Toa
  8. Ari Kahayang mah Kawas Batur
  9. Jang Barudak Anu Can Kéneh Bisa Move On
  10. Hirup Mah Silih Anteran
  11. Sono
  12. Pangabutuh
  13. Abdi
  14. Puisi Goreng 1

Puisi Béling (Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi)

Puisi Béling (Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi) Muhammad Akmal Firmansyah

Layout ku: Andhika.Printing Gambar sampul ku: Willy Wonka Pemeriksa Aksara: Dafrut

diterbitkeun jeung didistribusikeun ku Malapah Gédang, Oktobér 2024.

Citakan pertama, 2 Oktober 2024.

Pangantér

Neda nyangkeun zine jilid kahiji Puisi Beling: Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi. Dina puisi-puisi nu baris medal ieu pembaca moal kénging nanaon malihan puisi-puisi ieu hadéna mah dijadikeun bungkus gorengan. Leres, puisina goreng oge acan. Namung, dina ieu judul katinggalinamah gagah pisan kusabab kainspirasian ku dua karya anu kahiji kaimplengan ku karya anggitan Apip Mustopa nyaeta Bogoh Ka Randa anu mana nyaritakeun hiji jalmi nu kanyeyeuri ku perasaan pikabogoh tapi teu dibales di pangumbaraan.

Anu kadua kainspirasian ku Remy Sylado dina Puisi Mbéling. Ah siganamah ieu keren mung uing nulisna jadi puisi béling, naon senah béling teh? Béling teh nalika kaca pepeus teras ngaburancay jadi béling tah eta maksadnamah kandas cinta kuring.

Tangtu ieu sakumpulan puisi disanggakeun ka mantan kuring, ka barudak anu meureun cenah bahasa gaulnamah rélete. Mugia ku médalna ieu puisi tiasa nga-delete kenangan-kenangan.

Heug nyanggakeun puisi-puisi goreng oge acan, hade oge henteu, neda dihapunten pami gaduh kalelepatan.

Rabu, 2 Oktober 2024 Kabupatén Bandung

Daptar Eusi

Naon Senah Anu Teh Abadi, Pak Sapardi 5 Nya Kieu Weh, Abi Ceurik Deui 6 7 Jang Anu Teu Mungkin, Jeung Anu Mungkin 8 Anu Ngahuleng sabada Ngagorowok Dina Toa 9 Ari kahayang mah Kawas Batur Jang Barudak Anu Can Keneh Bisa Move On 10 Hirup Mah Silih Antrean 11 Sono 12 13 Pangabutuh 14 Abdi 15 Puisi Goreng 1

Puisi Beling (Sakumpulan Sajak Nyeuri Haté Abi)

Naon Senah Anu Abadi Téh, Pak Sapardi

Anu abadi mah ngaran gang, ngaran jalan amun partaina lain nasionalis pasti moal loba ngaran Sukarno-Hatta. anu abadi mah eta ceunah aya bejamah ormas anu kantos digegendong ku pamarintah. anu abadi mah eta ceunah mahasiswa anu enya ngayakeun simulasi aksi ari taeun dekeut jeung pulisi. Leres abi anu fana mah, mulih deui ka babalik pikir nyen abi teh saha, saha ari abi bapak Sapardi?

nu fana mah warna bereum ci limun muhun fanta katawisnamah keur halodo kieu garing tapi da ceunah ceuk beja kudu diboikot mending meseur bajigur. Anu fana mah eta tempat ngojay muhun maksadnamah eta panorama. Janten, anu fana jeung abadi teh naon?

oh waktos, waktos. Ayeuna teh abi seur hawatos mikiran wae artos, leres waktos teh artos, pantesan seur jalmi seur anu hawatos janten keueng kalebeut abi

Nya Kieu Weh, Abi Ceurik Deui

Saha anu apal urang bakal kandas, dina lamunan mah hayang kawas batur atawa carita-carita dina drama amun henteu kawas carita dina novel anu éndahna kacida. Mung, hirup mah lalakonan kusabab pigawé sorangan. Ayeuna kuring kawas biasa nyaeta ngalamun, bari ninyuh cikopi, nyesép jarcok jeung ngadangu lagu The Adams.

Saprak ageus pegat jeung si Nyai, hirup téh meni sepi, dek nanaon asa hoream, tapi senah arurang teh jalma leutik anu oge kudu mikiran dahar, leuwih sedih teu boga duit tibatan peugat ku asmara.

hayangnamah boga duit kawas batur, meh bisa meuli stélan alus diga seniman sejen anu unggal poe boga agenda ngawangkong tapi urang sebernamah gawe oge barijeung mun ditenjo ku baturmah biasa wae, aslinamah uing teh keur kaduhung nyaris dek linglung, ampun paralun.

hayangmah ayeuna teh ngajieun puisi anu hadé dina kaayan manah awut-awutan, tapi teu sanggup aweh kabisa, sabab kahayang ayeunamah bisa mikaboga anu baheula dipikaboga tapi ayeuna teu bisa, ayeunamah hayang ceurik waelah.

Jang Anu Teu Mungkin, Jeung Anu Mungkin

mungkin abi resep ka neng,

tapi jajauhan ku kaayaan abimah lain sasaha, saha atuh abi?

neng, syarat utami dina mikabogoh teh nyaeta mikaresep eta atos dilakonan ku abi ngan mun kedah bobogohan

yakin neng oge heran, sabab aya syarat kadua nyaeta kedah sadar diri

abimah sadar diri weh,

abimah lain sasaha

nya saha atuh abi?

Anu Ngahuleng Sabada Ngagorowok Dina Toa

balad-balad ayeuna urang ngaharepan september hitam nalika nagara nguatkeun impunitas. balad-balad ayeuna urang pada-pada mikiran muhasabah kana anu naon nu parantos dicumponan, kahade milik arurang, nu butut mah milik nagara.

isukna, baturan nu biasa ngagorowok dina leungiteun jadi pananyaan dulur-dulurna. Pek teh sing horeng keur ngahuleng tarik mikiran kumaha salain ngagorowok bisa ngungkapkeun rasa mikanyaah tapi teu bisa, dipaksa kadon jadi cilaka. Pek ceurik deui weh jang.

minggu hareup, urang ngagorowok deui ka negara, keun nu goreng mah negara, panan si neng mah masih istimewa eta oge mun maneh teu balik mikir.

Ari Kahayang mah Kawas Batur

boga kabogoh

boga kabogoh

boga kabogoh

ari silaing aweh kacape minghareupkeun jelma anu jelas-jelas embungeun

Jang Barudak Anu Can Kéneh Bisa Move On

kalem urang oge sarua, keur aya keneh diga nu enya geus awehna nyeuri kabina-bina padahal anu salah diri sorangan

keun can bisa mah ulah dipaksa, ngan wayahna capena aweh dua dek ngumbara kamana tetep weh mikiran anu baheula kungsi aya

keur bareto aya di sia-sia cenah mun pangalaman teh guru nu terlambat

nyaho kitu mending ulah sakola, sing sabar milikna teing kamana. Nya ti mana?

Hirup Mah Silih Anteran

“Kamana a,” saur si amang anu parantos kuring pesen ngaliwatan layanan aplikasi ojeg onlen. Sapanjang jalan manehna nyarita naon wae nu parantos kaalaman dina nyakolakeun murangkalih dugi pamajikan dicokot ku jawara. “abi wani a, amun sorangan-sorangan, da manehna jadi preman pasar wanina sok lobaan, ah cing bisa mawana weh,” ceuk si amang baris terus nyaritakeun pangalaman hirupna. Simkuring ninggali sisi-sisi jalan macaan papan reklame bari teras ngadangukeun carita manehna anu paadu-adu jeung angin ngahaliwir. “Tapi hirupmah silih anteran nya, A,” kitu ceuk manehna dina lampu merah kacida lilana. “Abi nganterkeun aa, abi oge atos nganterkeun murangkalih ayeuna tos gede jeung nikah, cing sina bisa mawana,” tuluy eta si amang nyarita. Alhamdu, lampu hejo tuluy maju kédap deui dugi kanu panuju, téu lila ageus carita si amang dugi ka lokasi anu dianteran ku manehna. Muhun saurna hirupmah silih nganterkeun.

Sono

saurna teh anjeun sono ka abdi, tapi abdi tara ngarti abong senah lalaki tapi saleresna abdi ge sono ngan alim mere nyaho abong senah lalaki

dina hiji peuting ngalamunan hirup anu kadang diluhur nya kadang standing, tapi ieu sono ka anjeun teu bisa eling.

saurna abi teh bucin ngan alim mere nyaho sakali deui, abong senah lalaki.

Pangabutuh

wanci ngenal duit balad jeung dulur jadi leungit ku sabab dituntut pangabutuh lameh hirup teu ripuh tapi akhirna janten silih tuduh garelut kusabab pangabutuh haté janten keruh duh euy, ripuh.

Abdi

abdi gejala dina carita anu diserat ku pangarangna teu sabaran ngalokonan hirupna. abdi derita anu teu anggeus-anggeus dipidawuh, ku nabi kamalaratan.

Puisi Goreng 1

Penyair-penyair ejakulasi nulis puisi tukang khotbah ngumbar syahwat teu pernah ereun nyiarkeun kamaslahatan nyeun hirup masih kénéh kaburot maktan tapi senah kedah waé ngalaksanakeun kahadean anjeuna hirup awut-awutan. abi hoyong meser iman dina sapotong video influenser terkenal reseup pamor ogé hoyong meser ideologi anu dijual di warung kopi. tukang nulis warta di pajamanan algoritma dipaksa nulis carita porno, ngabongkar salingkuh jeung skandal artis mukakeun aib sabari ajeunna ngaloco jang SEO jang algoritma klik per klik nambihan duit. mahasiswa nu sok demo ngadatangan pajabat ngajual massa hianat ka perjuangan baladna sorangan. naon anu dipercanten salian kaimanan, Salian geura ngalungkeun motolov dina éta panangan? Penyair-penyair masih kénéh ngaloco ngadameulan puisi.

Playlist lagu jang maturan nyeuri hate:

1. Darso - Mawar Bodas

2. Darso- Kabogoh Jauh

3. Doel Sumbang-Tétéh

4. Yayan Jatnika - Hampura

5. Hétty Koés Endang-Émut Baé