PEPENDÉMAN NABI SOELAEMAN
KARANGAN
H.RIDERHAGGARD
DISOENDAKEUN KOE
MOH.AMBRI
(BALE POESTAKA)
DJILID IH
NSISWA KAAN a Kirti Griya
5
PÉPÉNDÉMAN NABI SOELAEMAN
KARANGAN
H. RIDER HAGGARD
DISOENDAKEUN KOE
MOH.AMBRI (BALE POESTAKA)
DJILID II
MUSEUI SERPUSATOI TAMANSISWA YOGYAKARTA DEWARNTARAKIRTIOPN
BALE POESTAKA 1932 BATAVIA-CENTRUM
MUS TAMANSISWA KART
XI. DIPENTAAN TANDANA.
Lieuk deui-lieuk deui, mani njěri beuheung sosonggeteun ngadago-dago Infadoes, teu geura djěboel. Aja kana doea djamna sarerea dioek pada ngabětěm, hate pinoeh koe kagila, kawatir patjampoer djeung gěměs ka noe tělěngěs; deungdeuleueun koe noe dilaladjoan tea něpi ka teu hajang ngomong; madjarkeun teh pesta ngadjagal djelěma. Barang peuting ngagajoeh ka soeboeh, kadenge di loear aja noe leumpang. Teu lila djol Infadoes barěng djeung gěgěden Koekoeana gěněpan.
Gamparan, moegi oelah djadi běndoe, abdi dongkap nohonan djangdji teh rada lami," omongna. Ieu ngabantoen djělěma gě- něpan, gěgěden di nagara ieu, saoerangna njangking tiloe reboe sěrdadoe. Sapaměndak, noe katingal noe kakoeping parantos disanggěmkeun. Mangga Injosi, Radja Koekoeana anoe sah, tembongkeun naga sakti anoe meulit dina tjangkeng sarěng dongengkeun deui lalakon kang poetra, soepados arandjeunna gilig soeka hěnteuna ngahidji sarěng oerang ngalawan Radja ajeuna."
Injosi braj ngalaan saboekna, nembongkeun tjangkengna. Para gěgēden tea rob ka Injosi, nělěk² gambar naga didamaran koe satjaang-tjaangna palita, geus kitoe maloendoer deui, tapi kabeh ngabarětěm bae, teu ngomong sakětjap-kětjap atjan. Sanggeus disaboek deui, pok Injosi njaritakeun deui lalakonna, tjara noe geus didongengkeun ka pamanna.
Tah, ajeuna", tjek Infadoes, parantos kadarangoe toetoeranana. Koemaha kěrsa atanapi moal, ngabantoe ngaroeboehkeun Radja Těwala. Abdi-abdi parantos teu rěsěpeun diradjaan koe Těwala, geus seueur teuing noe dipaehan, badanna diparabkeun ka sato galak, dipake kasoekaan. Doeaan deui noe bade diadjak barěmpag teh di dieu, nanging kaboeroe adjal manten, kapan kataringali tadi. Moal lami oge arandjeun doegi kana mangsana kenging giliran sapērtos para saderek noe parantos taja dikieuna, saoepami teu kěrsa ngalawan. Mangga geura pilih."
Noe pangkolotna di antara noe gěněpan, kapala pěrang dedepe, boeoekna ggus dawoek koe hoeis, madjoe ka hareup, toeloej njarita:
Eta kasaoeran lěrěs pisan, teu aja lépatna, Infadoes, nagara teh parantos doemérit, hajangeun lesot tina kadoliman. Doeloer simkoering pribados adjalna tadi,wengi ieu keneh, bareng sareng noe sanes. Nanging ieu noe dibarempagkeun teh pérkawis penting kabina-bina, sanes mokahakeuneun. Sésah ngajakinkeunana, jen léres anoe dibelaan teh sanes djelema pangarahan, panipoean. Hanas oerang sosoroh oemoer, ahir kaledjokeun, kaglo koe saoer manis Tadi parantos disebatkeun ieu teh perkawis penting, sadjabi ti kana mamanisna, oerang kedah emoet kana papaitna. Saha noe oeninga pibaloekareunana. Éngke teh bakal bandjir gě t, erng taroeng sarng batoer, margi tangtos seueur noe biloek ka radja. Kalimbrahanana djelěma langkoeng soeka ngahormat srangenge anoe keur montjorong, hibar tjahajana ti batan srangenge noe tatjan bidjil-bidjil atjan. Kasakten oerang koelit poeben he aa aadana, r Inosi dagaoenga koe arandjeunna. Saoepami lerěs eta radja anoe sah, tjing njoehoenkeun tandana, tanda anoe boekti, anoe bisa kanjahoan koe djalma rea. Tangtos ěngke djělěma teh soeka biloekna ka oerang, margi tarěrangeun oerang bentang noe sarakti nangtajoengan piradjaeun."
Tjek koering: Kapan eta naga sakti dina tjangkeng."
Kirang tjěkap," djawabna, margi gambar mah tiasa didaměl nalika keur boedak. Ajeuna mah bade njoehoenkeun tawisna noe tjěkap. Oepami teu kitoe moal ngiring kana pangěrsa."
Lěrěs, lěrěs," tjek batoerna noe limaan deui, rěmpag sakoemaha saoer ki sěpoeh."
Měg tjěnah kana hate, bingoeng koemaha nja pidjawabeun. Sadjěroning něpikeun pamentana ka sir Henry djeung ka toean kapten, hate mah poëk, ingět teh kana gorengna bae.
Aja di koering," tjek kapten Goed giak nakěr, ke oerang tjokot. Tapi eta semah sina njingkah heula."
Koering menta tempo sakeudeung, rek badami heula tiloean. Oerang Koekoeana kabeh njingkah, ngadaragoan di loear. Toeloej kapten Goed njokot pěti leutik wadah oebar-oebaran tea, heug diboeka. Soegan teh naon noe rek ditjokotna teh, horeng alměnak leutik.
Na asa kaběněran teuing," omongna, isoekan teh lain tanggal 4 Juni?"
Enja, 4 Juni," djawab sir Henry.
Tah, ieu 4 Juni samagaha boelan, poëk pisan katoetoep kabeh, mimitina poekoel 8 liwat 15 měnit, noeroetkeun waktoe Grinits. Djadi ti lěbah dieu mah kira² poekoel 10, tjaangna deui poekoel satěngah doea wělas, da ngan sadjam satěngah lilana. Tanarippa, Afrika Kidoel djst. poëk. Tah ieu keur tandana oerang kawasa; bedjakeun wae oerang bisa mareuman boelan kitoeh."
Aloes eta kapten make ingět ka dinja. Ngan aja kasalěmpang teh saeutik, moen salah alměnak teh, koemaha nja pipětaeun, sabab tangtoe leungit pangadji satěroesna. Injosi samar toeloes djadi radja.
Lamoen eta alměnak salah, koemaha?" tjek sir Henry.
Ah, pirakoe, oelah hamham, sing pěrtjaja ka ahli palak. Samagaha kadjadianana dina waktoena, kapan waktoena beunang diitoeng. Noe geus kaloeangan katoekang-toekang tara mentjog tina itoengan. Ari ieu di dieu, tetela pisan make ditěrangkeun lě- bah-lěbahna noe kapoëkan."
Nja, moega² bae sing oelah njalahan," tjek sir Henry.
Koering atoeh miloe wae rěmpoeg, tapi ari hate mah keukeuh bingbang, sieun langit angkeub, sieun njalahan waktoena djeung rea-rea deui; anoe keur sieun babari njieun pikasieuneun sorangan, sagala disoeroepkeun, dipapantěs matak sieun. Tapi něgěr-něgěr maneh, Oembapa sina ngala noe ngadaragoan tea, rek noeloejkeun badami. Pok koering njarita:
Para menak Koekoeana, kitoe deui Infadoes, kaoela hěnteu rěsěp nembongkeun pangawasa, sabab matak roeksak boemi alam. Tatapi ajeuna kapaksa lantaran pěrěloe, mětakeun noe dipika- ěmboeng, bongan dipentaan tanda pikeun boekti anoe baris kanjahoan koe sarerea. Kaoela noeroet kana pamenta arandika, sabab kaoela katjida teu ngeunahna koe Radja, make wani² rek ngarah patina mitra kaoela, Injosi. Djeung deui kaoela gěměs ka Radja, Gagoel djeung Isanoesis sabatoerna, doemeh kasoekaanana maehan djělěma. Ajeuna kadarieu sarerea."
Koering ka panto, ditoetoerkeun koe sarerea, toeloej noendjoek kana boelan, noe geus peang tereh kalindih koe tjahaja beurang. ,Itoe naon?" tjek koering.
Boelan," djawabna.
Peuting isoek, kira² doea djam deui ka těngah peuting, boelan rek dipareyman, dilaan tjahajana. Tjing kira-kirana aja noe pibisaeun, nitah boelan sina soeroep lain dina waktoena, boemi
alam sina poëk mongkleng boeta radjin? Teu aja pangintēn, moal aja noe tiasa, margi boelan langkoeng kawasa batan manoesa, djalanna angger tara robah noeroetkeun djēlěma." Běněr,, tapi saksian nja, peuting isoek boektina saomong
kaoela." Weu, oepami Gamparan iasa kitoe," omong menak kolot bari njerengeh seuri leutik, tjěkap pisan anggoëun tawisna, teu pana~ saran bela doegi ka pěgat njawa oge.
Batoer-batoerna miloe seuri njerengeh, bawaning soeka djeung panoedjoe kana omong kokolotna.
Koering malik ka Infadoes: Kareungeu noe bieu?"
Kantěnan kakoeping mah," djawabna, nanging pohara adjaibna, ngaleungitkeun boelan keur montjorong tjaang ngebrak." Enja, saksian peuting isoek."
Mangga. Wěngi endjing teh waktosna sareureuh boedak, Gamparan bade dihatoeranan koe Radja, ningali badaja. Mana² noe panggeulisna tangtos dianggo wadal Émbah Měněng, noe linggih di ditoe di Goenoeng Tiloe tea. Logodjona Sěkragga. Moegi wě- las ka baroedak awewe. Tah di dinja waktosna mareuman boelan teh, emoetan abdi mah. Tangtos abdi-abdi, rahajat Koekoeana sadaja pada pertjantěn ka Gamparan.
Soemoehoen," tjek menak kolot teu tinggal ti njerengeh, oepami kitoe, tangtos abdi-abdi pěrtjantěnna.'
Infadoes toeloej deui njaritana: Doea mel těbihna ti dieu, aja goenoeng bongkok, bangoenna lir boelan toemanggal, noe katingali ti panglirenan, basa bade ka dieu tea. Pradjoerit tjangkingan abdi ngantos di dinja, disarěngan koe tiloe aleutan. tjangkingan ieu para saderek. Djabi ti eta bade ihtiar deui, soepados kenging doea aleutan deui noe sanes. Oepami jaktos kadjantěnan sasaoer Gamparan, boelan pareum, ti dieu Gamparan koe abdi bade dibantoen ka goenoeng eta. Ti lěbah dinja raos němpoeh Radja Tewala sabaladna."
Hade." tjek koering, ajeuna oerang tigas babadamian teh, geus tereh beurang. Kaoela rek ngaso heula bari ngoempoelkeun kasakten keur pasadiaan.'
Infadoes djeung menak Koekoeana noe gěněpan tea amit moendoer. Koe koering geus kaidinan.
Para mitra," tjek Injosi, naha jaktos iasa kitoe teh, atanapi ngan bade ngabobodo bae ka para gěgěden noe ka darieu?"
Aeh, aeh, naha teu pěrtjaja Oembapa, aeh Injosi?"
.Adjaib," omongna, ,tjatjak² oepami toean sanes oerang Inggris, tanggěl teuing simkoering pěrtjantěn. Parantos terang, oerang Inggris noe běněr tara njarios teu kantěnan. Koe margi eta, asal dipaparinan salamět teu kasamboet dina pangparěngan, sing pěrtjantěn simkoering bade nembongkeun katoemarimaan hate."
Injosi," tjek sir Henry, tjing menta djangdji noe pasti saperkara."
.Mangga," djawabna djeung bari imoet, soempah heula, sědja nědoenan naon sapamoendoet. Naon anoe kědah didjangdjikeun teh?"
Ieu," tjek sir Henry, ěngke dimana parěng djadi radja di nagara ieu, leungitkeun eta atoeran neangan djélěma keur wadal, tjara noe geus didjalankeun tadi; djeung oelah rek ngahoekoem djělěma dipaehan, lamoen tatjan asak dipariksa koe pangadilan."
Injosi ngadjawab: Koemaha toean, rarasaan oerang dieu mah bentěn deui sarěng oerang koelit poetih. Kana njawa djēlěma oerang dieu mah teu sapěrtos bangsa toean. Nanging tadi parantos djangdji bade nědoenan sapamoendoet, djadi satiasa-tiasa bade dileungitkeun adat neangan wadal sihir teh sarěng moal aja djělěma noe gadoeh dosa dipaehan, samemehna dipariksa sarěng diragragan hoekoeman."
Sir Henry: Soekoer, djadi ajeuna oerang geus tjotjog sapikir. Hajoe oerang ngaso heula, oerang sarare."
Doeg sěk teh saěnjana. Eta bae ingět teh ngan ngagolepakna djeung toeloej ngoeliat di ěnggon, těroesna walahoealam, lilirlilir digeuingkeun koe Injosi; manahoreng geus beurang pisan, poekoel satěngah sawělas. Sanggeus salse sagala, geus barangdahar nanaon, karalang-koeriling hajang njaho, koemaha atoeranana oerang Koekoeana njieun imah, koemaha ngatoerna pangkeng-pangkengna djst. Nadjan teu ngahadja nitenan oge, da poegoeh kabireungeuh, nja djadi njaho adat tali paranti awewe oerang dinja. Geus teu aja noe djadi kapanasaran, boes deui ka pangkeng pamatoehan. Sabot karalang-koeriling. lantrak-lintrik tiloean, noe djadi poko tjarita taja deui ngan pěrkara samagaha. Koering sarěng sir Henry pěrtjajana mah pěrtjaja, ngan hate teu wěleh risi, salěmpang sieun njalahan waktoena. Lamoen heug samagaha teh lain harita, tangtoe menak² Koekoeana noe diadjak sailon tea, njarita ka Radja. Tah, pisakoemahaeun teuing wiwirangna, meureun koering di dinja teu aja adjen sagoweng. Koe sabab eta teu pěgat ngadoa, moega² kadjadian. Padahal samagaha teh moal kadjadian koe doa, tapi harita mah teu aja pikir kitoe teh, noe matak ngahantěm ngamoega-moega oge. Anoe těgěr, jakin pěrtjajana kana alměnak ngan toean kapten, boeboehan oeroet opsir laoet, paham kana elmoe palak, djadi teu aja hamhamna sigana kana itoengan² pěrkara palak teh.
Tatjan lila dioek di pangkeng, boeroedoel semah noe sědja narěpoengan. Semah disambat, diakoe teu dilalaworakeun, soepaja kabeuli atina. Boedal semah teu aja gawe djaba ti ngawangkong, ngadagoan boerit. Geus boerit, panonpoë enggeus soeroep, koering ngadjěntoel tiloean pating haroelěng, pada teu hajang njarita.
Kira² satěngah salapan djol oetoesan Radja, ngangkir kana pesta, Radja rek mintonkeun sarimpina. Rap dangdan, badjoe kěre dipake, bědil pestol teu tinggal. Model, aja rek laladjo ibing noe geulis, dangdan tjara rek ka pangpěrangan. Djoeng indit; datang ka aloen² njampak geus sadia ngan kari proeng. Peuting kamarina lěbah dinja teh sěsěk djědjěl koe pradjoerit, ari ajeuna pinoeh koe awewe woengkoel, parawan keur mareudjeuhna. Kabeh tjěnah eta teh toekang ngigěl. Papakeanana ngan mangle kěmbang dibeulitkeun dina sirahna. Leungeunna noe sabeulah njěkěl tjongo daoen erang, noe sabeulah deui njěkěl kěmbang bakoeng bodas. Djaba ti eta teu aja apakean saěwir-ěwir atjan noe napěl dina badanna sakoedjoer. Radja aněgleng di těngah, deukeut soekoena tjampěgo nini Gagoel; toekangeunana Infadoes djeung Sěkragga, ditema koe doea wělas pradjoerit kapětěngan. Djaba ti eta aja sawatara gégěden, malah noe dibawa badami soeboeh tea oge aja sawareh. Tajohna noe kaidinan atawa noe diondang koe Radja nongton noe gareulis teh ngan bangsa pangagoeng kadeuheus bae, da eta harita djoemblahna lalaki diitoeng djeung koering opatan moal aja tiloe poeloeh. Djadi saěnjana mah lain pesta, ngan njoekakeun manah Radja djeung bangsa pangagoeng kadeuheus babakoena, sakalian milih wadal, keur bakti ka Émbah Měněng di Goenoeng Tiloe.
Barang djol aleutan koering, Radja njambat njalikkeun, ngahormatna tjara ka sasamana radja deui, boedina marahmaj manis. Ret ka Oembapa, boerělěng panonna noe ngan hidji teh moentjěrěng; anoe tadi marahmaj manis rěkětěk djadi haseum bakětoet. Pangangkěnna ka koering tiloean:
Mangga, oerang bentang noe barodas geura lalinggih. Ajeuna mah titingalian teh bentěn deui pisan sarěng wěngi kamari. Parawan gareulis, nanging lalaki langkoeng tarěgěp. Ditjioem koe noe geulis ni'mat, sora istri raos kadangoena, nanging sora pakarang pěrang langkoeng raos langkoeng ni'mat. Manawi aja noe kamanah eta diantawis noe gareulis, mangga njanggakeun, geura tjandak, bade sabaraha kěrsa. Djěp repeh kawas ngadagoan djawab.
Kapten Goed ditawaran teh siga-sigana aja manah, ma'loem oerang laoet mah loembrahna sok babari kagembang koe istri. Tapi geuwat koe koering dipiheulaan ngadjawab ka Radja, sabab geus kataksir pisoesaheunana ěngke mamawa awewe teh. Tjek koering: Katěda kasoehoen pisan pangasih Sang Radja, nanging bangsa koelit poetih nikahna ka bangsana deui. Parawan² di dieu jaktos tarěgěp, gareulis, nanging sanes adjangna."
Radja seuri: Teu sawios teu kěrsa mah. Di dieu aja paripaos kieu: panon awewe salawasna aloes, masing noe koemaha bae oge roepana mah. Paripaos noe sanes kieu oenina: koedoe tjinta ka noe aja, noe euweuh mah biheung teuing, hianat ge teu moestahil. Nanging, ah, di bentang mah bentěn deui sarěng di dieu, sagala hěnteu moestahil, padahal eta baroedak² parawan teh moal barangsoehoenkeun naon². Sakali deui hatoer wiloedjeng soemping oerang bentang bodas koelit sarěng andjeun oerang bentang hideung koelit. Saoepami karěp Gagoel kamari ditoeroet, manawi salira teh ajeuna parantos djěngkěr, tiis tjambewek. Oentoeng hideung-hideung oge soemping ti bentang. Ha! ha! ha!"
Ana pok teh Injosi ngadjawab noe sěnang tea: Sang Radja, ieu noe njanggěm tiasa nělasan Sang Radja, samemehna kapiheulaan koe Radja."
Teu sangka kitoe djawabna, atoeh Těwala kaget, toeloej wěra: Lantjang sia! ngoetjap djangdji heuaj!"
Lamoen anoe bidjil tina soengoetna běněr, meunang lantjang oge. Běněr teh lir oepama toembak seukeut, tara salah mětjatna
tina tēmpatna. Kitoe wasiatna oerang bentang.' Těwala ngagidir napsoe, panonna tipopolotot, hoentoena kěkěrot, napasna ngarēnghos nahan amarah. Geus rada lělěr, hěnteu renghap randjoeg teuing, ngagorowok: Geura prak ngarigěl."
Torodjol baroedak awewe noe sirahna dibeulitan mangle tea ka těngah, ngong ngarawih bari měta, ngagěblaj-gěblajkeun daoen erang djeung kēmbang bakoeng bodas tea. Rengkenek ngarigěl, ngoeriling, moendoer-madjoe, ka ditoe-ka dieu, loetjoe matak rěsěp. Meunang sababak rěg eureun, maloendoer njampeurkeun deui noe rea. Torodjol saoerang tina goendoekan sedjen. Děr ngigěl, euleuh edas, igělna rapat rikat, kěsit lain meumeueusan, tapi aloes, kewěs pantes tea. (1). Koe sangkaan igělna moal katoeroetan koe batoerna. Geus tjapeëun toeloej eureun, heug diganti koe noe sedjen; satoeloejna kitoe bae ganti-ganti meunang sababaraha oerang. Kabeh sakoer noe geus ngarigěl euweuh noe něpi pangabisana ka noe mimiti. Teu njalahan panjangka teh něpi ka dinja mah. Sanggeus pětinganana pada meunang giliran, Těwala ngatjoengkeun leungeun, ngisarahan koedoe eureun. Pok nanja ka koering: Mana noe pangsaena, oerang koelit poetih?"
Noe kahidji," tjek koering teu dipikir deui. Ari ěnggeus mah kadoehoeng, sabab ingět kana tjarita Infadoes, jen noe kapilih pangtěgěpna didjieun wadal, koedoe dipaehan.
Radja Těwala: Tjotjog, lěrěs eta noe pangtěgěpna, oerang hěnteu pasalia paměndak, noehoen parantos katěrasan koe oerang bentang. Nanging eta kageulisanana teh keur manehna mah djadi marganing pati."
.Koedoe dipaehan," tjek Gagoel. Matana geus moerělěng bae ka boedak awewe. Ari ieu, rek didjieun wadal teh teu njaho, sěnang² bae, njoo kěmbang, beunang njaboet tina mangle noe dina sirahna.
Aeh²." tjek koering, teu kahartos, koemaha margina? Asa teu oemoem noe panggeulisna, pangloetjoena, ngigelna pangsaena, pikarěsěpeun pisan, anoe kědahna digandjar bět bade dipaehan."
Radja njakakak goemoedjěng soeka sarta ngalahir:
Parantos djadi kabiasaan di dieu. Émbah noe linggih di goenoeng batoe kědah kenging bagianana. Oepami eta boedak awewe wěngi ieu hěnteu dipaehan, tangtos bakal kataradjang balai sapiri-oempi. Sanggěm pitoedoeh: oepami radja dina wěngian ngabadaja, hěnteu ngawadalan koe parawan noe panggeulis-geulisna ka karoehoen noe linggih di Goenoeng Tiloe, moal lana djoemě- něngna ratoe sarta bakal léboer, toempoeroeděs. Tjontona tingali poen lantjeuk. Djadina radja hěnteu lami, margi djělěmana leuleus hate, leumpeuh joeni, hatena gampil pisan léjoer koe tjipanon awewe. Koe margi eta tara ngawadalan ka noe linggih di goenoeng tea. Wawalěsna poen lantjeuk meunang mamala, tjilaka saanakrabi. Pareum poen lantjeuk, nja pribados noe ngagěntos. Noe mawi parantos bae ajeuna mah eta boedak awewe teh kědah didaměl wadal."
Repeh ngomong ngareret ka pradjoerit sarta njaoer ingkang poetra, Adipati Anom Sěkragga: Sěkragga, bawa ka dieu eta awewe teh. Asah toembak hiděp."
Djol pradjoerit doeaan ka hareup rek newak noe geulis tea. Kotjeak, děngek sasambat, malik ka toekang karěpna rek loempat noe geulis teh. Tapi kaboeroe katewak manten koe pradjoerit. Adoeg-adoegan, tětěrědjělan oge taja pedahna. Srog dideuheuskeun ka pajoeneun Radja.
Saha ngaran maneh?" tjek Gagoel. Aeh², ěmboeng ngadjawab? Hajang geura děk dipoetoes koe Radja-poetra."
Sēkragga madjoe ka hareup, toembakna enggeus didjoengdjoeng. Njeueung toembak ngaborelak, katodjo tjahaja boelan, pěr bae boedak awewe teh ngadegdeg saloear badanna bari nanarik leungeunna hajang dilesotkeun koe noe njěkēlan. Keur kitoe kapten Goed ngoesiwěl ngabidjilkeun pestol.
Sekragga: Itoe-itoeh, kakara oge diamangkeun geus sieuneun, tatjan poegoeh karasana."
Kapten Goed: Ke oedjang, aja karaosna geura tapak leungeun dewek." Ngoetjapna kitoe teh ngoetroek rada ngosom, djadi koe noe sedjen mah moal tetela kadengena.
Kasělang deui koe Gagoel nanja: Tah, ajeuna mah rada lělěr, tjing pok njai, geulis, saha ngaran teh? Pok bae, ěntong asa²."
Iboe," djawabna, awak ngadegdeg, sora ngelěpěr, panon teu tjitjing, neangan djalan geusan ngědjat, hajang leupas ti dinja, abdi wasta Polata, toeroenan Soeko. Lah iboe, naon dosa abdi,
naha abdi bade dipaehan?" Sing sabar tawěkal, njai," djawab nini doekoen, ,koedoe pasrah kana kadar. Énja njai teh koedoe adjal, tapi pati moelja, sabab dibaktikeun ka ditoe toeh, ka Émbah noe linggih di goenoeng. Djeung deui kapan maneh oge njaho, sěnang hees těngah peuting ti batan tjape ti beurang, noe matak měnding paeh manan hiroep, toeroeg² maneh mah paeh teh koe poetra Radja."
Děngek Polata tjeurik djeung teu repeh koemapang sasambat: Alah tobat ieuh, na kabina-bina teuing. Alaaah ěmaaa, eueueuj, hěěěě, hěh hěh hěh. Alaaah bapaaa, hměh hměh, hměh hměh hměh. Ieu koe ..... koe ...... koe ..... ring di ...... di ..... dika ....... hěah hě, hě hěah ..... dikaniaja." Eureun sasambat diganti koe ngotjomang: Laah ieuh, koering teh ngora keneh, hajang keneh hiroep. Naha bět teu meunang nendjo srangenge bidjil, teu meunang neuleu bentang? Padahal naon dosa? Naha bět teu meunang neuleu bapa, teu meunang ngarangkoel indoeng? Kaniaja teuing, teu aja rasrasan."
Bari tjeurik ngabangingik leungeunna ngatjoeng — ajeuna mah geus dilalesotkeun koe pěrdjoerit — kawas moentang² ka noe di loehoer, menta toeloeng. Tjipanonna ragragan tina pipina. Sarerea sakoer noe aja di dinja pada wělas, watir ka noe geulis, tjeurik mělas-mělis. Pok deui-pok deui njěboet kaniaja. Anoe katangen koe koering ngan tiloean, anoe teu aja rioek-rioekna; dina beungeutna teu katembong aja kawělas kawatir, nja eta hidji nini Gagoel, doea Sang Radja, tiloe logodjo Sang Adipati Anom. Pěrdjoerit djeung kapalana, sakitoe parěrěngěsna teh boga keneh rasrasan. Kapten Goed geus tipěpěrěkět peureupna. Eta awas djeung seukeut rasan Polata, kataksir toean kapten hajang noeloengan. Koredjat, gabroeg ngarontok soekoe kapten, toeloej njoeoeh, omongna: Laaah abah, oerang koelit poetih noe ti bentang, abdi něda toeloeng, pangnjaitkeun ieu abdi tina balai. Pangleupaskeun itoe toeh ti nini Gagoel."
Heug, njai, koe abah ditoeloengan, geus geura tjěngkat," tembal kapten, sorana pěgat² doemareuda bawaning kagagas. Leungeunna Polata koe kapten ditjěkělan.
Těwala noendjoek, noedoehkeun ka Sěkragga. Ari ieu tjara logodjo halabhab koe gětih, teu antare deui sirilik njampeurkeun Polata, toembakna geus didjoengdjoengkeun, ngan kari brěs.
Sir Henry ngaharewos: Lain geura děk; ngadagoan naon deui?" Ngantosan samagaha," djawab koering.
Lěrěs, nanging ajeuna pěrloe toean nembongkeun wawanen, tiwas ěngke, boedak awewe teh moal katoeloengan. Sigana Tě- wala geus teu sabar."
Geus aja satěngah djamna taksiran koering mělong boelan, pangharěpan mehmeh beak, tina sabab boelan estoening běrěsih, tjahajana ngěmpraj, langit lenglang, teu aja mega keur pisarateun. Arek ngadjawab ka sir Henry, tanggah deui. Ahli palak oge taksiran pangharěpanana moal ngoengkoelan kana pangharěpan koering dina djamdjam eta. Rek ngadjawab něpi ka poho ngadak². Djoeng nangtoeng ngoeatkeun maneh, gěn nangtoeng hareupeun Sěkragga, ngahalangan Nji Polata.
Radja!" tjek koering, ieu kalakoean teh lain lampahkeuneun, lain antěpeun. Keun eta boedak awewe teh sina balik, oelah dipaehan."
Ngadenge omong koering kitoe, Těwala mani ngarendjag heran, toeloej nangtoeng, amběk ngagidir. Baroedak awewe noe rea tingkaroewěs djeung batoerna, pradjoerit djeung para kapala tinggěrěnděng. Haok Těwala: Naon, ngomong naon sia, andjing bodas? Sia mah andjing ngagogogan singa dina liangna. Sia wani mapalangan karěp aing? Saha sia teh? Si boeroeng teh loekak. Ati², modar sia djeung batoer sia kabeh. Heg rasakeun. Halik sia, montong ngahalangan. Hajoh Sěkragga, paehan eta awewe teh. Djagabaja! tangkěp eta manoesa teh kabeh."
Torodjol noe marawa pakarang sababaraha oerang, djolna ti gigireun imah. Sir Henry, kapten Goed djeung Oembopa geus ngaberes ngarendeng djeung koering sarta pada ngawěngkang bědil.
Tjitjing!" tjeuk koering, njěntak tarik tjara noe gagah, padahal hate mah peot. Tjitjing! Dengekeun omong kami, oerang bentang, teu meunang maehan sakawěnang-wěnang. Tjoba pek madjoe salengkah, tangtoe boelan koe kami dipareuman, ditjokot tjahajana, nagara andika bakal poëk mongkleng. Saha noe teu noeroet kana parentah kami, oelah madjar maneh, deuleu ieu iteuk djimat."
Digébrag sakitoe teh ngaheunggeu kabeh, euweuh noe wanieun madjoe ngadeukeutan. Sěkragga ngadjantēng tjara artja di hareupeun, toembakna geus didjoengdjoeng kari blés noembakkeun.
Gerewek nini Gagoel: Denge tah, omongna denge! Si rahoel ngawadoel, madjar bisa mareuman boelan, hi hi hi hih, heuheuj deuh. Keun antëp, hajang njaho bisaeun. Moen ēnja bisaeun, meureun saralamět, moen hénteu paehan itoe awewe teh djeung ma-
ranehanana sakalian." Ret koering ka langit. neuteup boelan. Ana plong teh hate, boengangang teu aja papadana. Bēnēr alměnak teh teu mentjog. Dina sisi boelan mimiti tembong noe ngéléměng hideung, di boemi tjahaja boelan ngoerangan. Lah, kasoekaan dina saat eta saoemoer hiroep moal poho. Asa koemaha mah rarasaan teh harita. Tjara noe heueuh kapan ieuh, tjoeng leungeun diatjoengkeun, dilēmpēngkeun kana boelan. Ditoeroetan koe sir Henry djeung kapten Goed. Reup, reup beuki poëk. Awewe pating aradoeh, tingdjerewet sieuneun.
Mangga tingali, Sang Radja, sing awas ningali nini Gagoel, tingali para kapala, awewe-lalaki sing awas pada njaksian, Bohong ari kitoe? Boelan beuki soerěm, boemi beuki poëk, sakeudeung deui nagara Koekoeana pětēng, poëk mongkleng boeta radjin. Para kapala, arandjeun maroendoet tawisna. Tah ajeuna kaboektian."
Djělēma² geus teu poegoeh polahna, aja noe djědjéritan, gě- géroan, sawareh aja noe gěgěroanana teh bari děkoe, sawareh deui nangtoengna tjara noe leungit ingětan, sapěrti noe kasima. Radja ngabětēm bae dioek. Noe panggěr keneh ngan nini Gagoel, omongna:
Moal lila poëk teh? engke oge tjaang deui. Geus minděng ngalaman kieu teh. Montong sieun, djelěma mah euweuh noe bisaeun njokot tjahaja boelan. Darioek bae tjitjing, moal lila oge tjaang deui."
Tapi boelan beuki poëk, noe tembong kari sabeulah. Djělěma taranggah ka langit, tapi rarepeh teu aja kětjet-kětjet. Nini Gagoel djěmpe. Barang geus ngan kari rěměng², pahareup-hareup oge teu awas kana beungeut, Sěkragga ngagěro: Tjilaka! tjilaka! boelan pareum, dipareuman djeléma bodas toekang sihir. Tjilaka, oerang paëh sadjěroning pětěng." Meureun bawaning amběk patjampoer djeung sieun, oedjoeg² hioek, gěprak noembak ka sit Henry, teu teurak da make badjoe kére tea. Kěk bahoe toembakna koe sir Henry, goeriwël dipoeihkeun, pot lesot tina leungeun Sě- kragga, koeliwing blēs kana angěn Sēkragga. Blak Sěkragga nangkarak bēngkang, teu ěngap deui, kapanggang toembak njoelagrang.
Gër riboet baroedak parawan anoe sapirang-pirang tea ngaboeriak, birat laloempatan noe ngaler noe ngidoel, téroes moeroe ka lawang, pagělēk-gělēk, håjang paheula-heula bidjil. Radja ngě- loek toengkoel aboes ka karaton, diiring koe nini doekoen djeung kapětěngan. Noe kari ngan koering opatan, Nji Polata, Infadoes dieung para menak noe rek biloek tea.
Tjek koering: Para kapala, ajeuna geus katědoenan djangdji pasini teh. Hajoe ajeuna oerang ka ditoe tea, ka goenoeng, meungpeung poëk, moal aja noe nangenan. Lila ieu poëk teh kira² sadjam satēngah.
.Mangga," walon Infadoes. .da parantos sajagi."
Bréng sarerea noetoerkeun Infadoes. Kapten Goed teu poho ka Nji Polata, ditoengtoen ditjěkělan leungeunna. Tépi ka lawang měrědong pisan, něpi ka leumpang teh ngantaj, patjēkěl-tjēkēl leungeun.
1) Handjakal teu kotjap tatabeuhanana. Vert.
XII. SAMEMEH DER PERANG.
Sakitoe poëk teu katembong tjoeroek² atjan teh, teu boeroeng tépi ka noe didjoegdjoeg, lalampahan sadjam leuwih, boeboehan Infadoes djeung para kapala tea katjida apalna kana djalan. Ti lěbah loeareun dajeuh Loe geus mimiti ramang² deui, madjoe kana tjaang. Toeloej nandjak ka goenoeng, teu woedoe tandjakanana rada nandjeur, tapi sěnang leumpang teh, da tjaang djeung tiis. Djol ka poentjakna, ngěplak datar, koerilingna kira² doea mel. ari bangoenna kawas talapok koeda. Di alas Afrika-Kidoel rea goenoeng noe kitoe bangoenna teh, loehoerna teu sakoemaha, da pontjlot noe pangloehoerna oge ngan oekoer doea ratoes kaki. Ari něpi kana padataranana tea njampak djělěma mangreboe-reboe, kakara haroedang tas ngagaloler dina djoekoet, sarieuneun koe samagaha. Di těngah² padataran aja pondok, beunang njadiakeun. Ari soep ka dinja hookeun, reh sagala babandaan noe ditinggalkeun "di pangandjrěkan, di dajeuh, geus aja dinja.
Djabi ti ngadjoeroengan ngabantoen barang² teh," tjek Infa~ does, sarěng ieu sakalian ngadjoeroeng ngabantoen ieu." Tjoeng koe manehna diatjoengkeun tjalana kapten. Gěro teh noe bogana bawaning atoh, tjalana didjewang, adjrag-adjragan kawas boe-
dak. Rap harita keneh garoedas-garidoes dipake. Ah, naha Gamparan sampean teh diboenian?" tjek Infadoes. Tapi kapten Goed api² teu ngadenge wae aja noe ngageunggeureuhkeun teh. Ti harita lapoer oerang Koekoeana teu bisa nendjo
bitis bodas. Sanggeus reureuh, sarerea geus darioek, pok Infadoes, njarita, soepaja isoekna ditěrangkeun ka sakabeh noe biloek, sabab-sababna pangna para kapalana baha ka Radja Těwala. Djeung koedoe ditoedoehkeun anoe boga hak djadi radja di Koekoeana, nja eta Injosi boektina. Isoekna waktoe mělětek srangenge, pradjoerit kabeh dibaris-
keun di noe lěga, lain saeutik-saeutik pradjoerit, doea poeloeh reboe. Ari koering sabatoer-batoer diroeboeng koe para opsir, nangtoeng di noe negla, awas ka sakabeh pradjoerit.
Pradjoerit diisaratan, rěp djěmpe tjara gaang katintjak. Ngong Infadoes njarita, sorana tarik, basana ngeunah. Kawasna oerang Koekoeana mah meh kabeh bae barisa njarita, aloes basana. Noe ditjaritakeun koe Infadoes, lalakon bapa Injosi, dipaehanana koe Těwala, anak rabina dioesir sina paraeh. Tidinja děk ditěrangkeun, jen rajat geus ripoeh nandangan kadoliman Těwala, disěboetan tjonto-tjontona sapěrti noe geus kadjadian peuting kamarina. Hěnteu pilih menak koering dipaehan sakawěnang-wě- nang, dipadjarkeun goreng hate, djělěma teu toeah teu dosa. Geus eta ditema koe njaritakeun oerang bentang toemoeroen ti langit, ngaronda doenja, rek ngariksa ngaraksa manoesa noe dikaniaja, teu tolih kana halangan haroengan, lara palangan anoe kasorang. Koe sabab eta Injosi, noe geus diboeang teh dibawa deui, njorang leuweung loewang-liwoeng, toeroen goenoeng oenggah goenoeng. Těwala geus kasaksian kakědjěmanana, katělěngěsanana. Tandana jen wělas asih Nji Polata geus ditoeloengan. Sěkragga noe teu boga rasrasan geus dipaehan. Kasaktenna geus ditembongkeun bisa mareuman boelan. Tah ajeuna ngabantoe wadyabala pěrang, rek ngelehkeun Těwala, soepaja Injosi bisa maděg radja.
Biantarana koe pradjoerit disoemoehoenan, teurak njěrěp kana atina noe ngarěgěpkeun. Tamat Infadoes, Injosi madjoe, ngong tjarita, beres deui bae pokpokanana teh. Mimitina malikan noe geus ditjaritakeun koe pamanna, dipilihan noe pěrloena, geus kitoe kieu pokna:
Para menak, hoeloebalang, pradjoerit djeung rajat sakabeh. Omong kaoela geus kareungeu koe sarerea. Geura pilih, rek biloek ka kaoela atawa rek tětěp boemela ka noe ngalindih kaoela, noe maehan doeloerna, ngoesir anak-rabina? Saěnja-ěnjana radja di Koekoeana teh kaoela, meureun para kapala. hoeloebalang geus popojan ka arandika, sabab arandjeunna geus ningali naga sakti noe meulit dina tjangkeng kami. Lamoen kami lain radja naha kira-kirana kěrsaeun oerang bentang ngabidjilkeun kasaktenna pikeun ngabelaan kami? Arandika kabeh koedoe pada soedjoed ka arandjeunna. Lain pada njaho arandjeunna geus ngahalangan paniatan Těwala, djeung soepaja kami aja tempo geusan ngědjat, lantaran sakoeliah Koekoeana djadi pětěng? Poëk mongkleng dina waktoe gěde boelan, anoe koedoena tjaang ngěbrak.
Lěrěs! lěrěs!" tjek pradjoerit saoer manoek.
Injosi njamboeng deui: Kami radja, tjek kami ka arandika, kami radja. Tjing saha noe teu roedjoek, ěmboeng ngangkěn, madjoe ka hareup. Oerang diadoe djeung kami, soepaja gětihna djadi tanda beureum, jen omong kami teh běněr. Sor madjoe ka hareup."
Injosi ngomongna kitoe bari moeih² gobang loehoereun sirahna. Gobangna goegoerilapan katodjo koe tjahja pojan isoek². Kawasna euweuh noe wani ngadjadjal tanaga djeung pangabisa, ngajonan Injosi, da teu aja saoerang-oerang atjan noe oesik, boro² madjoe ka hareup.
Injosi toeloej deui njarita:
.Saběněrna kami radja, koe sabab eta toetoerkeun kami dina pangpěrangan. Lamoen kami meunang, arandika bakal moelja, meunang kaoentoengan djeung kawangikeun. Sapi djeung djariah gandjaranana pikeun arandika. Lamoen eleh, kami soempah moal tjidra. hajang paeh babarěngan djeung andika. Djeung deui ingětkeun masing hade, kami djangdji, ěngke dimana kami geus ngagěm deui poesaka toetoeroenan ti karoehoen, moal aja gětih ngotjor teu poegoeh-poegoeh. Kaadilan anoe bakal didjalankeun di sanagara ieu. Neangan toekang sihir paehaneun moal didjalankeun. Salianna ti noe ngarěmpak larangan nagara, moal aja djělēma noe dipaehan. Arandika bakal leupas tina sagala panganiaja. Éngke sarerea bakal ngeunah dahar, ngeunah sare, sabab euweuh pikarisieun, nagara tangtoe kěrěta, sabab kaadilan noe koe kami bakal dikoekoehan. Soeka, lamoen kitoe?"
Soemoehoen! soemoehoen!" saoer manoek. Hade. Ajeuna bireungeuh toeh, oetoesan Těwala raběng noe ngaler noe ngidoel, ngoempoelkeun wadyabala, arek němpoeh kami djeung arandika sarta ieu para mitra kami. Isoekan atawa pageto tangtoe datang rek ngajonan oerang. Tah di dinja kami bakal njaho, saha noe estoe pradjoerit lalaki, bela ka kami, bela ka nagara, tohtohan njait rajat noe keur dikaniaja. Kami moal poho kana kasatiaanana, kana kabelaanana, tangtoe ěngke bakal nampa pamalěs ti kami. Ajeuna geus toetoep tjarita kami, heug geura maroelang ka pondok, sasadiaan baris pěrang.'
Djoeng gegědoegna wadyabala saoerang nangtoeng, pok ngoetjap: .Koem!" Er ditembalan koe pradjoerit djeung hoeloebalangna kabeh. Ti sěmět saat eta Injosi geus diangkěn radjana. Ngan sakitoe-kitoena minangka ngistrenan radja teh harita mah, ngistrenan saheulaanan.
Salse ngistrenan toeloej barěmpoeg pěrkara pěrang. Balad atoereun aja doea poeloeh reboe koerang leuwih, tapi anoe toedjoeh reboe, nja eta tjangkingan Infadoes, pradjoerit sěsěliran, tameng dada Koekoeana, pangadjina saroea djeung doea-kalieun noe sedjen. Sanadjan kitoe, tatjan reugreug keneh hate, teu bisa ngoentoep ka moesoeh, sabab lawaneun teh lain lalaworakeuneun. Radja Těwala geus kanjahoan ngiangkeun pirang² oetoesan ka manaměndi, ngoempoelkeun pradjoerit sasesana noe ngoempoel ka da~ jeuh tea. Noeroetkeun Infadoes balad Těwala di Loe aja tiloe poeloeh lima reboe kira². Poë eta bisa nambahan lima reboe deui, djadi djoemlah kabehaja opat laksa, ngan aja pangharěpan, soegan ti noe sakitoe teh aja noe ngaběloet, tjoel Těwala biloek ka Injosi. Tapi ieu mah ngan lalamoenan, pěrkara biheung, teu beunang dipastikeun. Djadi koedoe diitoeng hidji ngalawan doea. Tah ieu noe djadi pikir teh, koemaha ngatoerna balad, soepaja tanggoh nadah moesoeh, djoerit bisa oenggoel.
Di soekoe goenoeng geus nakleuk barisan moesoeh, sigana noe dipadjoekeun ti heula teh bangsa kěkěntong². Tapi taksiran Infadoes djeung hoeloebalang noe sedjen teu njalahan, jen poë eta mah teu aja pikasalěmpangeun. Atoeh sapoë djěpoet pakěpoek sasadian, goenoeng teh didjieun benteng. Děmi sasarina eta goenoeng teh těmpat titirah noe gěring atawa noe koerang sehat, paranti ngadon tatamba. Dimana geus tjalageur, djaragdjag deui, kakara baralik ka salěmboer-lěmboerna, ari ajeuna didjieun pangpěrangan. Geus soemawonna djalan, lampingna noe katimbang beunang dioenggahan mah kabeh direumpeuk koe batoe ditoempoek-toempoek djeung naon saaja-aja. Batoe keur panimboel pirang-pirang hoenjoedan. Kabeh pidjalaneun moesoeh didjaga koe pradjoerit satjoekoepna. Tjinděkna sagala akal tarekah, sakoer anoe kapikir mah, kabeh dipětakeun. Teu woedoe tjape, sarerea teu aja noe nganggoer, dahar nginoem piligenti, soepaja pagawean oelah aja gontotna. Poë eta mani asa pondok kabina-bina. Kaběněran wantji toenggang-goenoeng rampoeng, sagala geus beres, saberes-beresna pagawean diběrětěk. Kabeh teu aja noe kaliwat diroris.
Keur nangtoeng satoekangeun benteng, ngawaskeun ka lěbak, bět aja noe ngaleut-ngaleut, kawas kakara datang ti dajeuh. Noe pangheulana bangsa gěgěden, da make badjoe koelit maoeng koembang, leungeunna noe sabeulah njěkěl tjongo daoen erang. Oetoesan Těwala ka oerang," tjek Infadoes.
Barang oetoesan něpi ka soekoe goenoeng, broel koering djeung para kapala noetoerkeun Injosi djeung Infadoes moedoen, rek něpoengan oetoesan tea di soekoe goenoeng. Gok těpoeng adoe hareupan. Oetoesan miheulaan oeloek salam, toeloej omongna: Salam ti Sang Radja ka noe koemawani rek ngalawan pěrang ka andjeunna; salam ti singa ka adjag, noe gagag-gogog dina liangna."
Geura pok, rek naon?" tjek koering.
Kieu timbalan Radja. Geura soeměrah arandika kabeh, soepaja oelah pinanggih djeung lara wirang anoe bangět."
Koemaha pěrdjandjian Těwala?" tembal koering.
Oetoesan: Perdjangdjianana aloes pisan. Kawantoe Radja agoeng, Radja moelja, rek nembongkeun wělas asih. Dawoehanana, karoenja koe djělěma. noe matak moal meuntjit loba², ngan rek njokot saoerang tina sapoeloeh, noe sedjenna bebas tina hoekoeman. Djaba eta anoe dipoendoet patina koe Radja: 1. oerang koelit poetih noe nělasan Sang Adipati Sěkragga; 2.
djēlěma hideung, nja eta boedjangna, anoe ngakoe² boga hak djadi radja, eta keur wadal Émbah Měněng noe di goenoeng; 3. Infadoes, sabab noe djadi oelon-oelonna ieu karoesoehan. Ki-
toe timbalan Sang Radja Těwala, noe wělas asih." Koering badami sakeudeung djeung babatoeran. Geus gilig, haok ngadjawab: Balik sia andjing, ka noe nitah sia, bedjakeun deuleu, aing sarerea, Injosi, Radja Koekoeana noe estoe; oerang bentang noe bidjaksana, noe bisa mareuman boelan; Infadoes menak agoeng; hoeloebalang djeung rajat sakabeh noe koempoel di dieu; teu soedi soeměrah samemeh soroh amoekan. Bedjakeun deuleu koe sia, isoekan samemeh panonpoë soeroep Těwala njawana geus patoeraj djeung ragana. Bedjakeun nja! Injosi kitoeh deuleu, rek maděg Radja ngaganti ramana. Djor geura mantog! bisi kaboeroe disingkahkeun koe iteuk djimat. Sing iatna sia, wani² ngajonan bangsa aing!" Tjakakak teh oetoesan seuri ngagakgak: Alah, ěntong ngagě-
brag deuleu! Moen ěnja mah lalaki sia, isoekan tembongkeun djadjaten sia. Pek geura soekan² ajeuna, sing mangpang-meungpeung, meungpeung hiroep. Toelang-taleng sia geus dipatjokan gagak mah, moal bisa soekan². Éngke, lamoen oerang parěng papanggih di pangpěrangan, oelah ngědjat kana bentang nja, oerang pětjak ngadoe djadjaten djeung dewek, ha ha hah hah. Amit ajeuna rek balik."
Toetoep ngomong, teu ngadagoan djawab deui, malik toelozj ngaleos, dangah kawas noe tas pasea meunang, diiring koe batoerna noe ngabarengan. Bring deui koering sabatoer-batoer nonggoh. Něpi kana benteng reup poëk, tapi teu lila ti wetan geus hibar boelan rek bidjil.
Peuting eta, tjape-tjape oge wajahna teu tjitjing, ngaroris pakarang, mariksa koeta² batoe; toeloej nata gělar, soepaja isoekan hěnteu hese, bisi kasělěmpěk koe moesoeh; ngatoer giliran noe ngadjaga, bisi moesoeh ngabongohan. Těngah peuting poekoel satoe liwat kakara rengse, pradjoerit noe teu boga djagaan sarare, doeg sěk talibra pisan, ma'loem ěntas sakitoe tjapena. Sir Henry djeung koering diiring koe Injosi djeung hoeloebalang saoerang, ngoeriling itoeng² ngaronda heula samemeh sare teh. Tjahaja toembak kasorotan boelan, tembong tinggoerilap. Barang diisarahan, lěs teu aja noe katembong, djadi noe ngadjaraga teu aja noe měleng. Balik ka pondok motong djalan, hěnteu balik deui ka oeroet. tapi ngaliwat ka těmpat pradjoerit sarare. Djělěma mangreboereboe gěmpar, sarare tibra, patoelajah di těgalan noe teu aja pisan aling-alingna, katodjo boelan poernama.
Tjing taksir, peuting isoekan kari sabraha deui ieu noe sakieu reana teh?" tjek sir Henry.
Koering gogoděg rek ngadjawab teh. Dina pikir teh eta noe keur gěmpar tjadang majit woengkoel, geus ditjatět koe malakalmaot, isoekna bakal dikěrid ka alam koeboer. Boa lain maranehanana bae noe isoekanana ngan kari ngaran teh, koering oge biheung teuing. Ras ingět ka anak pamadjikanana anoe mangkoek di lěmboer. Leuheung basa, lamoen aja kabogana, hiroepna moal katalangsara, koemaha naradjang di noe teu boga, nja njěri katinggal hilang, nja soesah koe kahiroepan.
Lah, doeka teuing, sir Koertis, ieu keur teu kantěnan pipikiran, soeměblak rarisi, sararieun."
Wah, ieu mah bakoe," tjek sir Henry, ngoemis bari rada seuri, eta koe babari nakěr ngoentjoeng.'
Soemoehoen, lěrěs pisan, malah ajeuna mah langkoeng-langkoeng ti noe parantos," djawab koering. Geura emoetkeun, oerang sakieu kaajaan, moesoeh noe baris němpoeh sakitoe poharana, bilanganana wae parantos lipět doea tiloe, djabi laloeasana, ari oerang modjok di poentjak goenoeng, ka mana geusan ngědjat. Noe mawi lah, doeka teuing, wěngi endjing teh biheung aja keneh di kieuna, biheung moal.
Lěrěs ari diteang ka dinjana mah, nanging dalah dikoemaha, parantos kalěpasan djoerig, moal sae moendoer deui, wirang tě- měn kasěbatna. Ajeuna mah oentoeng-oentoengan, kari koemaha behna, aja milik pandjang oemoer, meureun salamět, teu aja bae, teu koemaha, mana kitoe ge parantos něpi ka takdir. Pikeun koering pribadi leuwih soeka kasamboet di pangpěrangan tibatan adjal lantaran sedjen. Rek naon deui, njoesoel² doeloer teu kapanggih. Nanging teu sae djělěma teh poetoes pangharěpan, margi bagdja biasana tara djaoeh ti noe gěde wawanenna. Na matak naon oepami oerang pěrang teh endjing kenging. Ari pěrangna moal lépat hebat. Oerang pěrloe miloe pěrang sakoeat-koeat, nembongkeun wawanen djeung pangabisa, soepaja oerang oelah koengsi kawiwirangan, lantaran ngaran oerang parantos seungit, kasohor toer dipikaserab koe oerang dieu."
Tjek koering dina hate, birakaja hate djělěma teh saroea; noe wani djeung noe sieun teu beunang disasaroeakeun. Kapikirna koekoering sir Henry mah harita sigana mani hajang geura děrhajang geura děr pěrang. Boes ka pondok, ngarasa tjape djeung toendoeh, doeg ngěděng, reup sare.
Tibra sare teh, da hoedang-hoedang geus beurang, sakitanan digeuingkeun koe Infadoes, kapaksa koe aja bedja pěrěloe. Manehna njaritakeun moesoeh geus ngeungkeuj noedjoe ka soekoe goenoeng. Barisan gěde anoe dikapalaan koe Radja pribadi. Atoeh koering djeung noe pada kabeurangan dagdegdog, gěsat-gěsoet dangdan. Sir Henry dangdanna niron djendral Koekoeana, make topi boeloe², badjoe kěre rap ditoetoep koe badjoe koelit maoeng koembang, tjangkengna dibeulit koe tambang bodas, tambang boeloe sapi; lěbah toeoerna make omjok boentoet sapi. Sok pakarangna ti Infadoes. Tjek sir Henry: Ari aja di nagara Koekoeana, koedoe noeroetan oerang Koekoeana." ditěgěs-těgěs koe koering, bět těgěp, kewěs pantěs, sěgoet, pendekna sagala aja kapantěsan hoeloebalang, noe djadi titindih djoerit. Djol Injosi beunang dangdan, patangtoeng-tangtoeng djeung sir Henry; děděg saroea, djangkoeng saroea, dangdanan saroea, matak rěsěp ngalaladjoan, koe sapasang, ngan beda koelit bae, bodas djeung hideung.
Kitoena mah kitoe koering oge djeung kapten Goed dangdan teh, tapi lah edas, komo teuing tjeuk batoer meureun, koe sorangan oge karasa djaoeh kana těgěp teh. Badjoe rangkědoeh, pakarang ranggem, leungeun katoehoe njěkěl toembak, leungeun kentja njě- kěl kěpěng, gobang, bědog sababaraha hidji, pestol teu tinggal; boes topi boeloe noe pangdjangkoengna, lantaran koering didjieun kokolotna koe sarerea. Komo toean kapten mah, geus wae dibeakkeun koe sorangan goreng teh. Boeoek ngariringkik, beungeut lenang sabeulah, sabeulah deui rabok, panon herang sabeulah, da ditasma sabeulah tea, badjoe goebrah-gabrih logor. Djelěma petjekrek dangdanan rangkědoeh, pakarang ranggem. Ari noe boga djinis, gawena ngan hahah-heheh, tjěngar-tjěngir.
Bada dahar bidjil ti pondok, těroes kana batoe hideung, popontjlot noe lempar poentjakna. Ti lebah dinja awas ka mana-mana.
Lěbakeunana něba pradjoerit tjangkingan Infadoes, keur pasadiaan, ngabantoe anoe kapeped.
Barisan moesoeh anoe ngeungkeuj ti dajeuh siga teu aja beakna. Aleutan noe pangheulana kira² sawělas atawa doea wělas reboe pradjoerit mengkol ngentja; aleutan noe sapandeurieunana ngatoehoe, noe pangpandeurina lěmpěng noedjoe něngah.
Weu!" tjek Infadoes, ,oerang rek ditěmpoeh, diambrěg ti tiloe madhab."
Teu samar sarerea tjotjog kana pangira Infadoes, maksoed moesoeh geus katěgoeh. Gantjangna balad dibagi-bagi, para kapala djeung hoeloebalangna natakeun pradjoerit ngarobah gělar noe geus dibadamikeun kamari. Satjangkinganana² geus měrěnah dina těmpatna.
XIII. DITEMPOEH.
Aleutan moesoeh noe tiloe boeboehan tea madjoena antare, leumpang sěnang tjara barisan rek balik ka tangsi ěntas parada, djeung teu aja kagoembiraan kawas noe marěsoem. Boeboehan noe madjoe něngah kira² lima ratoes metěr deui kana koeta batoe, panjalindoengan balad koering, rěg eureun di noe datar. Ti lěbah dinja djalan ka goenoeng teh mimiti nandjak.
Leuh, euleuh," tjek kapten Goed, ,mani hajang njapoe itoeh. Lamoen seug koe mariěm, doea poeloeh měnit oge lědis tah!"
Koemaha toean Koeatěrmin, oepami njobi ngabědil sadjědor mah?" tjek sir Henry. Tjingtjing itoe toeh, noe gěde něnggang, djendralna taksiran."
Pek koering ngeusian bědil, ngadago sakeudeung sina rada anggang meueusan ti noe rea. Pangiringna ngan saoerang. Taksiran eta kiai pangandjoer teh rek biantara ka pradjoeritna, da ahli oerang Koekoeana mah kana biantara teh, djeung koe bararisa njarita deuih.
Dor bědil, galeong pangiringna, goebrag nangkarak běngkang. Sěblak koering angěn ratoeg sakeudeung, tjeuli panas, era ditongton koe sapirang-pirang ngabědil teu keuna. Ari noe teu diarah ngagoeling. Děk deui ngetjeng, tapi hěnteu oedjoeg² dor, ngadagoan repeh ratoeg. Ari noe diintjěrna, ngadenge sora bědil djeung neuleu batoerna ngagoeling, ngalieuk ka toekang, toeloej balik deui ngadeukeutan baladna. Dor deui bědil, tjoeng ki pangandjoer teh leungeunna doeanana rantjoeng, bloeg laboeh tisoeksroek pisan. Gěr baladna tinggarěro, tingdjarěrit. Sir Henry djeung kapten noeroetan doerdor ngabědilan. Tiloean teh meunang dalapan, tapi teu djadi dangdanan meunang sakitoe teh, atoeh da rontjong dalapan oerang tina wělasan reboe, naon hartina. Repeh sora bědil noe panoetoep, gěr soerak pradjoerit beulah katoehoe, gěr deui ditema koe beulah kentja. Noe hareup brěng madjoe rampak. Tajohna bědil teh didjieun tangara ngahoetjoehkeun. Těroes koering tiloean něrěgtěg ngaběkasan bědil. Tapi wah kalah wowotan, moesoeh sakitoe nakleukna ngangsěg beuki deukeut, beuki deukeut, lain tadaheun bědil tiloe siki. Eureun bae ngabědilan teh, ka hamboer-hamboer obat djeung pelor, mangkaning pelor ngan kari saeutik.
Moesoeh nandjak, děr ngaroeksak koeta batoe, teu nolih ti tonggoh ditěrěgtěg ditimboelan koe batoe teh. Anoe keuna sirahna djroetdjret, getih boborot, ngaroedoepoeng. Geuwat dipiheulaan koe batoerna. Brakbrekbrokna sora batoe ninggang kěpěng kasawoer koe sora pakarang djeung soerak ajeuh-ajeuhan, geus teu poegoeh dengekeuneunana. Tjeuli mani asa torek. Balad koering noenggoe ti tonggoh, tapi teu tjitjing, nimboelan djeung ngagoeloetoek-goeloetoekkeun batoe ka lěbak, noe ti lěbak keukeuh nandjak. Gěr soerak leuwih tarik, koeta batoe bědah, brah teu aja panghalang, gěro satakěr tanaga pradjoerit moesoeh:
Těwala! Těwala! tjili! tjili!" (1)
Gěr balad koering ngagěro meh barěng: Injosi! Injosi! tjili! tjili!"
Gok těpoeng moesoeh djeung lawan, gěr taroeng, djodjoh sa~ roea wanina. Alah, teu poegoeh dedengean. Kětir njeueung tjongo toembak geus beureum, gobang tingäroelang, tingharioek teu aja noe běrěsih, ngaborelak patjampoer djeung ngolepat beureum. Toembak potong djeung sěsěntaran tameng raběng tjara dongdoman dibabad. Sirah tinggělěntjěng. Reok djadjaran noe hareup rěbah tiloe opat djadjar, brěg deui digělēk koe noe pandeuri. Noe paeh teu dipalire, noe roeboeh dilaroeng batoer. Moesoeh těroes ngangseg nonggah. Balad koering, nadjan djodjoh wani, toer ngeunah nimpah moesoeh, doemeh tjitjing di tonggoh, tapi pajah, eleh bilangan, djadi kapeped, moendoer lalaoenan. Tibarang děr tjampoeh oge teu bisa madjoe, da kanděl barisan moesoeh. Samaroekna moesoeh moendoer teh baris bědah, soerakna maratan lěmah, teu njaho disadiaan tanaga weuteuh, sabab balad teh didjieun tiloe lapis, salapisna kira-kira doea reboe, antarana lima poeloeh metěr. Nadjan lalaoenan moendoerna ěnjaan. Gěr ngahidji djeung tanaga weuteuh, reok moesoeh rěbah, sěr deui madjoe, da kagělěk koe batoerna anoe ti lěbak. Reok madjoe, reok moendoer, lila-lila anggěr, tagěn sakeudeung, těroesna balad teh moedoer lalaoenan, kawas ngadago panoeloeng noe di toekang. Panas koe batoer moendoer, haok gěgědoeg balad lapisan katiloe ngahajoekeun. Brěg miloe tjampoeh.
Pěrdjoerit moesoeh, masing sakoemaha wanina oge, tanaga geus leuseuh, oeroet nandjak oge tjape, njanghareupan tanaga weuteuh, nja eungap. Seak moendoer, tapi rob deui madjoe awahing koe loba tea. Sod beulah dieu madjoe, ah beulah ditoe kapeped, ngan kitoe djeung kitoe bae meunang sababaraha djongdjongan. Sir Henry, tajohna geus teu tahan ngantěp, gědjlig indit, leumpang djodjolagan satěngah loempat, bari moeih-moeih gobang di loehoer. Kapten ngadigdig noetoerkeun. Barang balad neuleu noe rek madjoe pěrang, gěr soerak mani asa kaindit, pokna: Gadjah! gadjah! tjili! tjili!" Pradjoerit njingraj merean djalan. Gadjah njěwoek madjoe něngah, dēr ngamoek lir banteng bajangan. Sakoer noe kasorang teu aja noe manggapoelia, gěmpar djadi babatang. Koering ngawaskeun tina loehoer batoe, rerenghapan miloe tjape djeung gila moesoeh ditjatjar bolang. Sakoer noe kasabēt rampal, noe di kadek sapat tilas patjing. Kakara sadjongdjongan ngamoekna di těngah kalangan, perah gobang geus gegeberan koe gětih. Pradjoerit dibere kitoe, atoeh hatena ngadjol tambah wawanen, soerak ambalambalan, noe ngaramoek tjara noe aredan,taja kaeling. Noe di hareup moesoeh geus boengbang-bangbing, noe di toekang teu wani madjoe, antek-antekna moendoer, moendoer, brah barisanana bědah, boeriak paboerisat, birat pasalěbroengan. Něpi ka soekoe goenoeng běrěsih, teu aja moesoeh. Djol oetoesan ti beulah kentja, ngalaporkeun oenggoel djoerit.
Biwir oge baseuh keneh, tas ngoetjap soekoer ka Pangeran, sarehna oenggoel djoerit, tingtorodjol oetoesan ti beulah katoehoe, ngalaporkeun balad kapeped. Injosi gantjang paparentah. Teu kanjahoan deui moesoeh geus handjat. Doeka teuing koemaha atoeh, da koering geus kakēpoeng. Tjeuli geus torek koe soerak kasawoer koe sora tameng djeung pakarang. Doeroegdoeg noe loempat, djē- lēma djangkoeng gēde, lēmpēng noedjoe ka koering, toembakna lamborok koe gětih geus diatjoengkeun. Lěnjap hate koering, brěk děkoe. Dēk djoeralit gēboet si boeta tibeubeut, koredjat koering gantjang hoedang, da kadoepak ngagoelitik, moesoeh ngoredjat deui, rek nangtoeng djēdor dipestol lébah palipisanana, bloek deui nangkoeban ngalangsoed. Ari malik, djědak sirah aja noe měpěg, lēng boemi asa ngoeběng, reup poëk, golepak, lěs teu ingět. Barang njah beunta, geus digolerkeun dina batoe lempar, asa ngimpi njeueung beungeut boeloean sabeulah. Heug koering ditjěngkatkeun meueusan, song dibere tjai, soepaja nginoem. Geus nginoem mah eling ēnjaan, toeloej tjěngkat dioek njanghoendjar lambar.
Koemaha doeloer?" tjek kapten.
Aja běrkah, noehoen lah," walon koering.
Reuwas tadi teh, barang katingal dikěpoeng koe moesoeh. Beu! palangsiang tjek dina hate. Enggal diboedjěng, kapēndak ngadjoprak. Noehoen hēnteu parna mah," tjarek kapten.
Hěnteu," walon koering, ngan ieu rada lěnděng sarěng sirah njěri. Koemaha pěrang teh?"
Běrěkah, saajeuna mah oerang noe oenggoel. Tapi edas mahal pameulina, balad oerang kira² doea reboe djoemblahna noe maot sarēng noe tatoe, moesoeh moal kirang ti tiloe reboe karoeksakanana. Toe geuning, toeh, ngeungkeuj tjikrak, ngagotongan anoe tatoe."
Adatna oerang Koekoeana kana pangpěrangan pradjoerit koedoe sadia tjikrak, sarta oenggal tiloe reboe gěněp ratoes pradjoerit, doktorna aja sapoeloeh. Sadjolna noe taratoe tea gantjang dipariksa koe doktor. Anoe aja keneh oebaraneunana, nja dioebaran sabisa-bisa; noe katimbang pajah, parna tatoena, geus lain oebaraneun, siriwik koe doktor diraheutan koe peso noe seukeut njěmpring. tjěr gětihna njěrělěng, noe pajah toeloej ngalěmpreh, kě- lēlěp lěs, lastari njawa patoeraj djeung raga. Poë eta ratoesan pradjoerit noe kitoe maotna, sakarat didjoeroeng koe doktor. Enja djadi pitoeloeng tea mah, tinimbang nandangan kanjěri lilaa, da tjageur deui moal, nja měnding kitoe. Biasana noe tatoe koe toembak oerang Koekoeana, lain oebaraneun, tara beunang diarěparēp tjageur deui. Oepama dipaksa dioebaran teh, mandjangkeun lara bae woengkoel. Tapi doeka teuing koering mah, lah moal kadoega mětakeun tarekah tjara doktor di dinja teh.
Rada anggang ti koering. sir Henry njěnjěkěl keneh gobang pinoeh koe gētih, ngarioeng djeung Injosi, Infadoes djeung sababaraha oerang gěgěden, kawasna keur baradami. Koering djeung kapten njampeurkeun ka noe keur ngarioeng.
Sir Henry: Tah, kabēněran ki sěpoeh ka dieu. Koering bingoeng, tatjan ngarti kana pikarēpeun Injosi. Kawasna geus eleh teh, Těwala měpěk deui balad, rek ningkēr oerang, ngarah paeh langlajeuseun.
Beu, tiwas." tjek koering.
Sir Henry: leu tjek Infadoes deui, tjai beak."
Infadoes: Lěrēs pisan, eta salahiran bieu teh, Doegi ka téngah wēngi tjai tangtos seep, doegi ka tēngah wēngi oge boa, Djabi ti eta běkěl moeng kantoen saeutik, margi tadina teu maksad lami ngēnděk di dieu. Moegi kērsa ngadangoekeun pihatoer, da Gamparan mah watjis, gěde loeang gěde elmoe sarēngna deui manawi parantos sèring ningalikeun pěpěrangan di bentang, oepami di ditoe sok aja mah pěrang. Kědah koemaha ieu teh ladjēngna? Mangga geura dawoehkeun. Tēwala ngěloen deui pradjoeritna keur ngagěntos noe rontjong. Těwala parantos terangeun, jen oerang tanggoh, tjek paripaos sanes lawaneun memeh njatoe. Koe margi eta Těwala teu wantoeneun němpoeh deui, nanging bade ningkěr, soepados oerang tanpa polah, tanpa daja, sina gěmpar kalaparan. Koe emoetan tèu aja deui piliheun kadjabi tiloe pěrkawis: kahidji, tětěp di dieu, ngantosan langlajeuseun: kadoea, oendoer ti dieu, modos ka palih kaler; katiloe oerang madjēng naradjang ka moesoeh, meungpeung moesoeh tagajoer, balad oerang keur goembira. Sapěrtos tadi endjing sadaja pada hebaf, ningal ieu Gadjah" ngamoek ngoewak-ngawik, noe kasorang boengbang-bangbing, pradjoerit Tewala pating golepak, babatangna patoelajah, kawas leuweung digěmpoer koe angin poejoeh lilimboengan. Madjoel saoerna, tēras madjěng koe andjeun, pikagilaeun. Abdi ningal pribados.
Nanging tah, koemaha ajeuna. Koemaha panggalih Gamparan? Salěrěsna kědah toemaros teh ka Injosi, margi hakna Radja noe kědah moetoes.Parandene kitoe abdi hajang ngoepingkeun lahiran noe widjaksana, anoe kiat tangi wěngi sarěng gamparan noe
kagoengan sotja herang.' Koemaha manah Sang Radja Injosi?" tjek koering ka oeroet boedjang, si Oembapa tea, tapi eta ajeuna mah geus dangdan sakoemaha radja, toeroeg² djadi pamanggoelna djoerit.
Doeka Ama," djawabna, koe toeang poetra teu atjan ka emoet. Sadaja-daja njanggakeun, koemaha panggalih Ama, toeang poetra roemaos toena paněmoe.
Gantjangna koering tiloean badami. Poetoesanana dibedjakeun, ringkěs bae teu loba noe ditjatoer. Noe dipilih noe katiloe, sabab tjitjing ngadago langlajeuseun, teu kadoega; moendoer wirang, nja koedoe madjoe naradjang, sarta koedoe gantjang, oelah ngadago asona moesoeh, bisi kaboeroe beres djeung balad bisi leutik hate, hoream neuleu moesoeh sakitoe nojekna. Tapi poetoesanana dipasrahkeun ka Injosi. Sarerea mělong ka Injosi. Pada mělong toengkoel sakeudeung, mikir saliwat, tjěngkat deui, pok: Lěrěs, moepakat sapilahir Ama."
Ngan sirikna teu soerak noe ngadago poetoesan, ngadenge pok kitoe, mani giak njoemoehoenkeun djeung njěboet ngiringan pisan.
Gantjangna ngatoer-ngatoer pilampaheun. Balad Infadoes didjieun poepoetjoek baris. Bisa djadi ieu barisan tjarěm bakalna, sabab bilanganana teu sabaraha, diteundeun di hareup, dina lengkob, lawangna ka goenoeng. Sasesana dibagi tiloe bagian; noe sabagian malipir goenoeng ka beulah katoehoe, kapapantjenan ngangsěg kentjana moesoeh; noe kadoea malipir goenoeng ka beulah kentja, soepaja ngahantja katoehoena moesoeh; bagian noe katiloe baris naradjang ti hareup. Sir Henry ngareudjeungan Infadoes. Toean kapten koedoe marěngan balad katoehoe. Ari koering kaparěngkeun ngaping Sang Radja Injosi.
Geus rěmpoeg kitoe atoeranana, brak sarerea dalahar, pradjoerit njakitoe keneh. Sabadana para opsir meunang parentah, jen koedoe gantjang, soepaja moesoeh bědah beurang², karěpna Injosi memeh soeroep panonpoë hajang geus aja di dajeuh, Těwala ēnggeus katangkěp.
Samemeh boedal kapten Goed njampeurkeun ka sir Henry djeung koering ngadjak andoem salam, pokna: Doeloer, oerang teh bakal patoeraj, paanggang di pangpěrangan, biheung bisa, biheung moal, papanggih deui, marga eta něda dihampoera samoedaja kaloepoetan."
Didjawab koe sir Henry: Běněr, ki silah oerang teh bakal papisah, boa² pikeun sateroesna. Katoeroeg-toeroeg koering mah ngapalaan noe panghareupna, djadi pangheulana amprotan. Koe sabab eta teu ngarěpkeun boga oemoer něpi ka isoek, ari pradjoerit barisan si Megaměndoeng" — kitoe katělahna barisan Infadoes teh — geus bibilasan rek pěrang ngětohkeun pati. Ajeuna ki silah běněr oerang teh koedoe silih hampoera sarta moega² ki silah pinaringan bagdja, bisa ngagoear intěn anoe di djěro goedang Nabi Soelaeman tea."
Koering mah teu kadoega njarita, dina tikoro bae njěděk piomongeun teh, ari njeuweuweuw tjara boedak mah era, atoeh da di hareupeun pradjoerit, siga naon meureun, tapi ngarěmpih mah teu boeroeng. Toeloej tatabean, Kapten Goed leos, njampeurkeun barisanana, diiring koe hoeloebalang, Leos sir Henry diiring koe Infadoes. Koering djeung Injosi njampeurkeun barisan těngah.
1) Tjili = hantěm.
XIV. SI MEGAMENDOENG PERANG PANOENGTOENGAN.
Anoe ngentja djeung ngatoehoe indit barěng, leumpangna diomat-omat koedoe malipir lamping, saloengkar-salingkěr, soepaja moesoeh oelah nganjanaan rek didodoho ti gigir. Heuleut satěngah djam si Megaměndoeng madjoe, moeroe lengkob pahareup-hareup djeung pasanggrahan moesoeh. Satoekangeunana barisan Si Moending-djarah." Ieu barisan doeanana kaitoeng weuteuh, sabab tadi isoek si Megaměndoeng miloena tjampoeh ngan waktoe nganggeuskeun, ngaběrik moesoeh. Ari si Moending-djarah weuteuh pisan, da tadi teu koengsi pipiloeëun, sabab djadi pasadiaan. Noe matak ajeuna giliranana mandi gětih.
Infadoes, boeboehan kapala pěrang geus rea loeang, ngarti, jen barisanana bakal toempoer, ditoempes koe moesoeh. Samemehna proeng pěrang biantara heula ngaběběrah hatena pradjoerit. Pokna koedoe soeka koedoe boengah, sabab si Megaměndoeng meunang kamoeljaan tanpa tanding, pěrang disenapatian koe hoeloebalang agoeng, anoe toemoeroen ti bentang. Ieu djadi kahormatan gěde. Ngabelaan Sang Injosi něpi ka meunang, bakal digandjar. Moal tjidra djangdji Radja rek maparin gandjaran gěde.
Bět keueung koering njeueung pradjoerit ngeungkeuj, sasat rek noetoegkeun oemoer. Dina beungeutna teu katara aja noe hegar saoerang-oerang atjan, oelat měsoem djalma iklas, toemarima kana kadar. Maranehanana oge ngarti, meunang parentah koedoe ngalakonanana kawadjiban teh ngabelaan Radjana, soepaja oenggoel pěrangna, sarta nja maranehanana noe koedoe djadi wadal, pameuli meunang. Tapi sigana teu aja noe katembong miris, teu gimir koe moesoeh loba, noe itoenganana aja sababaraha kalieun. Hatena těgěr teu rioek². Djeung eta aneh oerang Koekoeanana mah teu sieun koe paeh teh. Kakara koering mah manggih djě- lěma rido ngorbankeun djiwana dina ngalakonan kawadjiban, teu ngingětkeun hade-goreng atawa oentoeng-roegi noe baris toemiba kana dirina. Ari koering karareueung, kalalětir, hate hě- mar-hěmir miris. Mani heran, koemaha pipikiranana eta djělěma, mana galēde² teuing wawanen. Pantěs koering rek era sorangan teh djeung kabita koe wawanenna.
Repeh Infadoes njarita, djěp djěmpling sakeudeung. Ana gěr teh soerak, koering mani ngarendjag kaget, soerak ajeuh-ajeuhan dibarěngan koe sora tameng ditabeuh koe bahoe toembak, beuki tarik-beuki tarik, ngagoeroeh lir goenoeng roegroeg, boemi eundeur. Deudeuleuan, dedengean soerěm kasapoet koe gěděrna wadyabala. Koemaha teu rek eundeur barisan si Megaměndoeng soerak barěng djeung barisan si Moending-djarah. Tina tarik madjoe laoen, beuki kěndor-beuki kěndor, retok²-retok² djěp wae djěmpe. Eta tanda panghormat ka radja keur dipisoeka. Tjek dina hate, tada teuing boengahna Injosi, sabab sakanjaho koering ti baheula oge tatjan aja radja anoe sakitoe dihormatna koe baladna noe geus iklas boeboeang njawa nandakeun kasatiaanana; radja² di nagara Roem oge teu kitoe diagoeng-agoengna.
Djěp pradjoerit. tjoeng Injosi ngatjoengkeun pědangna, tanda radja ngawalon panghormat rajatna. Tidinja si Megamendoeng dibagi tiloe boeboehan: broel pangheulana sareboe, geus aja antarana broel deui sareboe, geus aja heuleutna nja ditoetoerkeun koe boeboehan noe pangpandeurina. Kira² geus lima ratoes meter djaoehna kakara Injosi nginditkeun si Moendingdjarah.
Kělar ngawaskeun ti tonggoh, pradjoerit ngeungkeuj ka lěbak, toembak rantjoeng tingborelak di noe tjaang, kira wantji erang², boeloe topi tingkilitir kaanginan, noe leumpang siga ngarakeup, doemeh kabeh mawa kěpěng. Teu sabaraha lilana poepoetjoek barisan geus něpi ka soekoe goenoeng lěbah lěgok, pandjangna kira² aja opat ratoes meter, ka roebakna panglěga-légana oge moal leuwih ti sakitoe. Děmi ka toengtoeng loear mentjos, goepit pisan lawangna kitoe kira² aja salapan poeloeh atawa saratoes lengkah.
Barisan si Moendingdjarah aja saratoes meter anggangna ti si Megaměndoeng, němpatna tonggoheun lěgok tea. Ti lěbah dinja awas ka balad moesoeh. Sigana sanggeus kadeseh teh. Těwala ngěridan deui, nambahan baladna. Koe taksiran balad Těwala harita moal koerang ti opat laksa, kabeh dikěprik sina madjoe.
Barang něpi ka deukeut lěgok, pradjoerit moesoeh rada ngarogo rek madjoe teh, nendjo si Megaměndoeng geus taki-taki antara toedjoeh poeloeh metěr ti maranehanana. Djalan heurin, da ngan salapan poeloeh lengkah, kapaksa balad noe rea ngaheunggeu. Ari noe disanghareupan djadi lawan, pradjoerit noe kamashoer di Koekoeana, noe dipake agoel koe sarerea, tamengdada nagara. Kawasna balad Těwala sěber, njanghareupan lawan, djago kolot.
Teu lila tembong djendralna, djangkoeng gěde, diroeboeng koe hoeloebalang noe sedjen. Taksiran koering moal saha eta noe djangkoeng gěde teh tangtoe Těwala. Haok marentah, soepaja baladna madjoe. Brěng madjoe rampak ka lawang lěgok tea. Si Megaměndoeng tjitjing teu obah. Barang moesoeh geus deukeut, gěr soerak asa kaindit bari loempat ngatjoengkeun toembak moeroe moesoeh. Prok moesoeh lawan těpoeng, gěr pěrang tjampoeh, djodjoh saroea wanina, sigana pada teu eling. Noe kasamboet blagbloeg roeboeh, roepa² pětana, aja noe tidjěngkang, noe tigoeling, noe tisoeksroek, noe ngarěmpějek. Noe taroeng beuki tjarang, noe ngagoler beuki loba patoelajah, moesoeh lawan toempang tindih. Rob deui si Megaměndoeng bagian ka doea miloe tjampoeh. Leak-leak balad moesoeh tjarěm geus gěmpar djadi babatang. Si Megaměndoeng ngan kari doea pěrtiloena deui, moesoeh geus beak noe madjoe, nagěn deui ngadago moesoeh naradjang. Keur kitoe tembong sir Henry, katjiri koemisna. Alah atohna lain di kieuna, teu kasamboet waktoe tjampoeh.
Taneuh, djoekoet pinoeh koe gětih, kawas diampar koe maroes. Noe paëh mah geus poegoeh deui bobolokot mandi gětih. Lamoen neangan keur pisarateun pakarang di pangperangan noe běresih, hěnteu katjeretan getih, tadoe teuing bisa manggih. Leuwih ti op reboe pradjoeri noe harita patoelajah di dinja. Injosi gantang marentah, soepaja noe tatoe, teu pilih balad atawa moesoeh
koedoe boeroe dirawat sarta teu meunang dipaehan. Rengse wae ngarawat noe tatoe, boeroedoel deui moesoeh, noe make boeloe bodas, barisan pradjoerit ngora. Gok djeung si Megaměndoeng, děr deui pěrang rame tjampoeh. Saban měnit noe paeh ratoesan, moesoeh lawan tinggoledag. Reok moesoeh madjoe, si Megaměndoeng barisanana bongbong, teu lila reok deui moesoeh kababad. Estoening perang hebat patelak moesoeh djeung lawan, wani saroea wanina, perang pada bibilasan, silih soedoek, silih toeblěs, silih sabět koe gobang. Ka hareup ngaheuneu moesoeh, ti gigir gědjos disoedoek koe toembak. Toembak potong tjoel dipitjeun, ganti ngamaenkeun gobang. Pradjoerit saroea rikatna, ngan si Megaměndoeng boeboehan meunang oemoer, meunang loeang, paham dina peperangan, saoerangna pangadjina aja doeaeun moesoeh. Moen teu kitoe, wah bědah barisan Infadoes. Harita oge Injosi geus taki-taki, rek ngahajoekeun si Moendingdjarah. Haok sir Henry sosoak madjoe něngah bari moeih-moeih gobang di loehoer. Eta si Megaměndoeng ngadenge haok gěgědoegna mani siga indit ngadjangkoengan baladna siga nambahan. Kabeh moesoeh noe naradjang pasti bobor karahajoean, ngoedoepoeng teu ěngap deui. Sor-sor si Megaměndoeng madjoe. Gěgědoegna ngamoek ngoewak-ngawik ngentja-ngatoehoe bari ngangsěg madjoe, noe kasorang tangtoe rěbah.
Běněr lalaki", tjek Injosi, meunang oerang kitoe galagatna mah. Tingali itoeh, wah bědah moesoeh itoeh!"
Énja, braj moesoeh patoeraj, moendoer-moendoer, boeriak paboerisat, brěng biråt, běr diběrik koe si Megaměndoeng, běrěsih teu aja noe ngari sahidji. Něpi ka loehoer pasir eureun, sir Henry ngadjeleng hareupeun pradjoeritna. Asal tiloe reboe ajeuna ngan kari meureun gěněp ratoes mah, radjěg di loehoer pasir, awakna bobolokot koe gětih, geus poegoeh pakarangna mah teu koedoe ditjaritakeun. Ti lěbak leugeudeut balad Těwala, rek ngaraponan noe keur ngaso di pasir: djělěma gěněp ratoes rek ditěmpoeh koe moesoeh sakitoe nakleukna.
Beu!" tjek hate, balai."
Děr angěn ratoeg, gětih asa ngagolak, awak ngagidir amběk, mani hajang dioes bae sorangan ngamoek, njatjar moesoeh.
Apan koering teh kana gěloet, kana pěrang teh, lah pendekna ngan teu tjadoe. Da koering mah ngarah salamět, kadjeun teuing make lengkah sareboe" ti batan taroeng ngajonan anoe ngarah. Tapi harita mah doeka teuing, make ngagidir hajang madjoe pě rang, wawanen leber rarasaan teh. Ngareret ka Injosi, soegan teh tjara koering. Ieu mah teu regrog², nangtoeng sěnang, hěnteu reuwas, hěnteu kaget, soemawonna miris atawa sieun tea teu katara dina boedina.
Oerang teh rek tjitjing bae, ngantěp?" omong koering.
Ih, moal ěnja," djawab Injosi, ajeuna saatna noe sae, toeh geuning!"
Sabot keur njarita si Megaměndoeng geus děr deui amprok djeung moesoeh. Tjoeng Injosi ngatjoengkeun pědangna, koeliwing deui ka handap. Gěr soerak asa kaindit, brěng pradjoerit loempat moeroe moesoeh.
Doeka toeloejna mah koering teu bisa njaritakeun, poëk deudeuleuan, dedengean asa torek. Sora pakarang, sora djělěma noe ngadjěrit, noe sosoak, noe soerak teu poegoeh kadengena. Koering teh teu pati ingět taksiran, noe karasa ngan madjoe těroes-těroes, ari ingět geus di pasir, toekangeun koering sir Henry nangtoeng. Koering nanjakeun, koemaha noe matak geus tjlok di dinja. Koe sir Henry ditjaritakeun, jen si Moendingdjarah ngamoek, ngaběrěg moesoeh něpi ka pasir, ti tonggoh diběrěg koe si Megaměndoeng. Diangsěg ti kentja ti katoehoe, moesoeh sěber meureun, da těroes moendoer, toeloej birat, ninggalkeun bangke djeung babandan. Ajeuna si Moendingdjarah geus ngahidji djeung si Megaměndoeng.
Toeloejna pěrang taja reureuhna, hebat alah batan noe ěnggeus-énggeus. Infadoes ěnja disěboet kěkěntong teh, dimana noe rame tjampoeh manehna aja di dinja, miloe ngamoek bari ngahatean baladna. Pradjoerit tambah wanina, neuleu gěgědoegna běntěng. Sir Henry pohara dipikagilana, saban madjoe něngah, moesoeh njingraj. geus euweuh noe wani ngadeukeutan.
Tapi sakitoe barědas djeung waranina teh mehmehan kawalahan, nadah moesoeh rea teuing. Gěr moesoeh soerak geus teu kadenge daratan: Těwala! Téwala! Těwala madjoe!" Djolag² madjoe, těroes soesoembar nangtang sir Henry: Mana djělěma bodas noe maehan anak? Hajoh lawan ieu aing!" Bělěwer malengpeng koe gobang. Gěndjreng keuna kana tameng moesoehna. Doeroegdoeg moeroe, djěbet tameng sir Henry dikadek sataker tanaga, něpi ka ngadjengdjehe. Barang rek dipindo, er soerak ti kentja. ti katoehoe. Barisan noe dipapantjenan ngadodoho tea, datang meudjeuhna pisan waktoena. Samaroekna moesoeh balad Injosi teh ngan eta-etana noe aja di pasir, si Moendingdjarah djeung si Megaměndoeng, teu njahoëun bakal datang noe leuwih loba, nampol ti kentja-katoehoe. Moesoeh teu meunang papan, ripoeh, moendoer koesoet, toengtoengna boeriak paboerisat, birat, hantěm diobrot diběrik balad Injosi, něpi ka běrěsihna di pangpěrangam teu aja hidji moesoeh noe nangtoeng.
Tobat, kětir ningal saiděr-iděr pasir boleger beureum koe gětih, bangke pasoesoen tindih, pakarang noe hade keneh noe potong pasolengkrah, tameng balatak teu poegoeh bilanganana.
Infadoes njarita ka pradjoeritna bari ngaběběr raheut dina leungeunna: Noehoen arandika geus bisa ngagoengkeun ngaran barisan". Koe anak-intjoe oerang di ahir tangtoe didjieun paomongan." Malik ka sir Henry: Parantos lami abdi djadi pradjoerit, sěring ningal pěpěrangan, nanging hoeloebalang noe sapěrtos gamparan němbe měndak ajeuna."
Si Megaměndoeng ngan kari salapan poeloeh lima deui, koe Infadoes noe sakitoe teh diparentah ngarawat sakoer anoe tatoe. Djol oetoesan ti Injosi, ngala Infadoes, sir Henry djeung koering. Gantjangna koering djeung batoer-batoer něpoengan Injosi. Manehna njarita rek těroes ka Loe, moen beunang rek nangkěp Tewala.
Koering keur leumpang ret ka pasir deuì, teu djaoeh ti oeroet koering nangtoeng, bět aja kapten Goed keur dioek, gigireunana aja pradjoerit moesoeh ngagoler, disangka majit, da ngadjoprak teu oesik².
Raheut moal salah toeh," tjarek sir Henry.
Koredjat noe ngagoler teh hoedang, djoeng nangtoeng kop kana toembak, gětjrok kapten ditoembak, blak nangkarak. Běrěbět sir Henry loempat moeroe, ditoetoerkeun koe koering djeung Infadoes. Oerang Koekoeana mindo deui noembak satakěr tanaga sarta omongna: Tah rasakeun pamalěs aing!" Geus kitoe běrěngběng loempat, mělětěng ka lěbak.
Goed ngadjoprak teu oesik², sora toembak doeakalianana kadenge gětjrokna. Disangka geus djadi majit, barang beh beungeutna geus pias. Ari dirampa ngarenghap keneh sarta toeloej beunta sakeudeung, omongna: Oentoeng make badjoe kěre, teu teurak toembak teh." Reup deui peureum, ngomongna koewas-koewěs, teu poegoeh kadengena, ngalehleh kapaehan. Geuwat badjoena koe koering diboeka, awakna kbe sir Henry disasar bisi aja raheut. Oentoeng teu bohak-bohak atjan, ngan bitisna děwang mani boehahang, taksiran ka sabět gobang ti toekang. Hiděng toekang tjikrak geus djol aja noe njampeurkeun. Goed digotong dina-tjikrak dibawa ka dajeuh.
Di katja² dajeuh kapala pradjoerit noe ngadjaga mere hormat tjara ka radja, sarta ngalaporkeun Těwala djeung pangiringna aja di djěro dajeuh, teu bisa bidjil, sabab saboedeur dajeuh geus katingkěr koe balad Injosi. Noeroetkeun tjarita noe ngadjaga, Téwala geus teu oentoepan ngalawan, pradjoerit anoe bela toemoetoer saeutik pisan, di ngalawanna oge ngan rek ngarah paeh. lantaran ěmboeng sěrah bongkokan.
Bagdja katjida, lantaran aja parentah Injosi, ngoetoes pradjoerit pirang² riab ka mana², ngoetarakeun saha² noe taloek, datang sěrah bongkokan, baris dihampoera, moal dihoekoem, moal dipaehan.
Heuleut satěngah djam ti waktoe datang ka lēbah katja², oenggal djalan, oenggal lawang geus ngěmplong ka karaton keur Injosi sabaladna. Nadjan geus euweuh pikarisieun, ati² mah taja gorengna, nja eta ngadjaga bisi, pěrdjagaan ditohagaan.
Sapandjang djalan kentja-katoehoe regregpradjoerit bojongan sababaraha lapis, narangtoengna kabeh toengkoel sěmoe aloem, pakarangna digolerkeun dina taneuh hareupeunana. Waktoe Injosi ngaliwat ngan hoeloebalangna noe ngahormat, sěrdadoena mah teu meunang, da hěnteu njěkěl pakarang, geus disaroeakeun djeung bangke. Teu sabraha lilana djol ka lawang karaton, soep ka aloen², tjombrek tiiseun, teu aja djělěma ngoelamprěng. Di hareupeun lawang ka padalěman tjoenggělik Těwala dioek dina korsi sorangan, noe ngabatoeran ngan Gagoel andeprok di handap.
Bět ngahělas koering ningal Těwala, dioek ngahěloek toemoengkoel, gobang djeung tameng ngagoler gigireunana. Oeroet agoeng digoenggoeng koe sanagara, diroeboeng para pangagoeng, kawasa moerba wisesa, koe sapoë ragrag pisan. Isoek² marentah balad laksaan, ari ajeuna pasosore teu sapotong-potong atjan baladna noe ngabelaan. Anoe loedeung ngabarěngan ngan nini² saoerang, indoeng koekoetna. Eusi karaton noe mangratoes-ratoes, teu aja saoerang-oerang atjan noe wani deukeut. Pisakoemahaeun teuing nalangsana, teu boga batoer ngomong² atjan. Karoenja. Ajeuna meureun karasa, koemaha njěrina nbe ragrag tina daradjat noe pangloehoerna ninggang kana daradjat noe panghandap-handapna. Meureun karasaeun, koemaha rasana djelěma noe pada ninggalkeun koe sanak kadang sarta mitra dina keur meunang toenggara.
Antara lima poeloeh lengkah deui ka manehna, iringan Injosi eureun. Ari Injosi djeung koering sababatoeran diiring koe sawatara kapětěngan, těroes ngadeukeutan Těwala. Euleuh Gagoel soengoetna lain lawaneun, mojok, njarekan, njindiran sagala aja. Ari Těwala, tjěngkat dangah, beungeut kěroeng kětjoet, nahan amarah, panonna moentjěrěng ka Injosi, basana: Wiloedjěng rawoeh, Sang Radja. Kieu moelang tarimana djělěma noe diweureuseubeuhan, ngitjoek² balad batoer, diwoedjoekan mambrih biloek ngabarěloet. Noehoen. Bade koemaha nja pangěrsa?"
Sapěrtos andjeun ka bapa kaoela, noe dirěboet karadjaanana," djawab Injosi teu koerang teu leuwih.
Sae. Tapi kaoela hajang nembongkeun pětana kaoela adjal, soepaja sampean ingět, engke dimana mangsana giliran sampean datang. Srangenge soeroep barěng djeung gětih, bentang kaoela ge moesna barěng djeung kaoela. Ajeuna geus něpi ka djangdji kaoela koedoe němahan pati, rido pisan. Tapi pada² adjal, kaoela hajang tjara pradjoerit, patina lantaran pěrang. Ditěda sih koerniana radja, kěrsa ngidinan, sabab kasěboet dina hoekoem adat Koekoeana, toeroenan radja teu meunang dipaehan, lamoen taja idin radja. Pilawaneun meunang milih sasoekana, něpi ka kasamboetna. Ieu panoehoen teu kenging ditolak."
Idin," djawab Injosi. Mangga geura milih pilawaneun, ngan kaoela pribadi teu meunang dipilih, sabab radja teu meunang gě- loet, taroengna ngan di pangpěrangan."
Těwala ngalirik ka rioengan koering, karasa sakeudeung mě- longna ka koering. Koering geus miris, koemaha nja pipětaeun, lamoen kapilih. Diadoe djeung djělěma tetekadan, toer leuwih gěde, leuwih bědas, ti mana pibisaeun meunang. Lamoen daek ngajonan teh, saroea djeung njerenkeun oemoer. Koe sabab eta gilig dina hate, lamoen kapilih rek ditolak, kadjeun disěboet koemaha, tjek wiwilanganana kadjeun teuing něpi ka ditoendoengna ti Koekoeana oge.
Pok Těwala ngomong njanghareup ka sir Henry: Koemaha sampean kěrsa njampoernakeun daměl? Atawa měnding disěboet djělěma kětjing, njingtjiringik leutik boerih?"
Oelah!" tjek Injosi, sampean oelah milih eta."
Naha oelah, teu wanieun?" omong Tewala.
Sir Henry moedigdig, rěj beureum, omongna: Hajoh, sina njahoëun, ieu wanieun-hěnteuna."
Ja Robbi," tjarek koering, oelah, oelah dilawan, saha noe rek njěboetkeun djělěma kětjing, teu ngalawan ge, kapan tadi oge dina pangpěrangan geus kasaksi koe sarerea. Teu goena nembongkeun wawanen di dieu.
Hajang njaho, sakoemaha djadjatenna," tembalna. ,Hajoe, kaoela geus sadia." Toeloej madjoe ka hareup, gobangna didjoengdjoengkeun.
Injosi moeroe njampeurkeun, njěkěl kana leungeun sir Henry, mondah, soepaja oelah ngalajanan Těwala: Adoeh, djoeraganl sing emoet oelah loeloeasan, ngabelakeun naon? Lah, koemaha teuing para mitra, oepami andjeun kataradjang apěs."
Doakeun anggoer sing oenggoel, Injosi, lain ngahalangan," tembalna.
Ari teu kenging dipěgatan mah, teu sawios. Na aja wawa~ nen ........... Moal teu hebat tandinganana. Těwala! Gadjah geus sadia, ngadago sampean."
Radja dongkol njakakak, hij bět karareueung, ngadenge seuri noe sakarat awal. Tameng geus ditjěkěl, gobangna didjingdjing. srog patangtoeng-tangtoeng adoe hareupan, silih tilik moesoeh djeung lawan. Djangkoeng saroea, gěde saroea, sěgoet saroea, dangdanan saroea. Nilik sare'atna estoe satanding pisan. Keur noe rěsěp ngadoe djělěma, moal salah matak rěsěp.
Prak tatandang doeanana. pada ngamaenkeun gobang. Seot sir Henry naradjang, gobangna mani ngahioek, djěkoek kana taneuh, bis bae laboeh. Těwala njingtjět bari ngaheumbatkeun gobangna, gěpro kana tameng sir Henry. Sisi tameng sompad, tjongo gobang nodel pingping. Boerial gětih. Waktoe Těwala ngaheumbat, koering ngagěro bari peureum, paoer teu kadoega neuleu, panjana teh ari beunta sir Henry geus ....... teu njawaan. Alah, tjapena ngarenghap mani sěksěkan alah batan nandjak, laladjo noe taroeng, ngadoe gobang. Silih sanděr, silih sabět, silih heuneu, tapi euweuh noe kabeunangan, saroea rikatna. Saban gobang ninggang katadah koe tameng. Pradjoerit noe ngadjaga geus poho di kawadjiban, katarik koe
noe keur pěrang tandingan, barisan béntjar, rob ngarogrog, ngalingkoeng, magěr pakalangan. Saban gobang ngahioek, djělěbet kana tameng, pradjoerit tinggarěro.
Kapten Goed ngahenen dina tjikrak teu ingět². Lantaran pradjoerit katjida gandengna, njah manehna beunta, toeloej hoedang moentang ka koering, soekoena noe raheut disangkeh. Dasar sěrdadoe sakitoe ripoeh teh, neuleu batoer keur taroeng, ngahatean: Tah kitoeh! Běněr! Awas! Aloes!"
Hioek gobang Těwala, djěbet kana tameng sir Henry mani ngaboerinjaj. Kolepat gobang sir Henry. Djěkek kana tameng Těwala. Tameng rantas, těmboes kana badjoe kěrena lěbah taktak. Těwala ngagěro bawaning njěri djeung amběk, gětih ngaboerial tina taktak. Ngědjat ngawahan. Seot naradjang, bělětek, gondjrang. Sir Henry gobangna kari sapotong, pipina baloboran gětih. Djlěng doeanana pada ngēdjat, soepaja meunang papan. Sěwoek deui Těwala naradjang, gobangna ngahiěng. Reup koering peureum, teu kadoega ningal. Napas eureun sakeudeung. Ari braj beunta deui, ngamběkan renghap-randjoeg, tameng sir Henry ngagoler dina taneuh. Loeng tameng, loeng gobang, gaproek galoengan, papoekět silih hompet. Goerindjal Těwala meunang pěta; igeug-igeug. gěboet sir Henry dibeubeutkeun, Těwala kabawa tibeubeut. Těwala hajang lěsot, sir Henry pageuh ngaděngkek, goeloetoek gegerelengan. Těwala pageuh njěkěl gobangna, paparahna rek narok sirah sir Henry. Ari ieu geus njaboet badi rek něwěk moesoehna. Mani tingsereset paoer koering mah ningalna.
Rěboet gobangna! Tah gobang rěboet!" sora kapten ngagorowok.
Noe gěloet těroes gegerelengan, tapi sir Henry oentoeng, bari papoekět bisa ngarěboet gobang Těwala. Goerindjal, djlěng loentjat; moesoehna deui nja kitoe, serepet měsat badi. Seot djěkek kana dada sir Henry, teu teurak badi teh, katahan koe badjoe kěre. Barang disabět koe sir Henry, teu keuna, ditjingtjětkeun bari ngědjat.
Těwala ngadodoho, sir Henry taki-taki, gobang ditjěkěl koe doea leungeun, diatjoengkeun. Sěwoek Těwala lěmpěng pisan kana dada sir Henry něwěk koe badi. Badi něpi gobang ninggang.
Géro pradjoerit reboean ngagoak maratan lěmah. Sirah Těwala ngagělěntjěng, gěboet ngagoeloetoek něpi ka deukeut soekoe Injosi. Tina beuheung Těwala njěbrot gětih tjara tjai tina angsret mantjěr. Galeong gěbloeg badanna tigoeling. Djarigdjeug sir Henry, gěbloeg deui ngadjopak deukeut majit moesoehna. Gantjang pada moeroe sarta dibanjoe. Roeboehna toeloej kalěngěr teh bawaning koe tjape, pěgat napas djeung loba teuing gětih bidjil tina pingping tina pipi.
Wantji harieum beungeut koering njampeurkeun sirah Těwala, intēn noe dina tarangna ditjokot, dibikeun ka Injosi bari njarita:
Anggo ieu intěn, Sang Radja Koekoeana, radja anoe kagoengan hak lantaran toeroenan sarěng lantaran oenggoel djoerit."
Rap intěn tanda karadjaan, minangka makoetana, koe Injosi dipake. Geus kitoe ngong biantara tjara noe ngadalangkeun kaoenggoelanana pěpěrangan. Edas teuing koe beres, aloes, karareuna basana, hese ditoeroetanana. Maksoedna mah kieu pokna teh: -.,Tah, ajeuna hoeroe-hara ěnggeus pepes, boektina oerang noe meunang. Tadi isoek rěboen² ratoe dolim teh geus goegah, nganggo² samagrěng kapradjoeritan, diraksoekan kěre beusi, kěrsana rek mapag pěrang. Wadyabalana noe bela rejek nojek, ngoelang² toembak, menta dipadjoekeun pěrang. Hoeloebalang geus sadia, ngan ngantos timbalan ratoe. Kabeh pada soeka seuri, oedjoeb bakal oenggoel djoerit, ngandělkeun loba bilangan, doea laksa lipět doea. Lěbak, djoerang, lěgok lamping kabeh katoetoep koe boeloe topina, lir sajang katoetoep koe djangdjang manoek moe boga inja. Tameng haroes ditabeuh marěngan soerak, goembira hajang geura proeng, taroeng ngadoe kadigdjajan. Kabeh rek ngahoeap kami, matak anoe gagah rongkah maroeroe patariktarik, arek ngarah pati kami. Madjarkeun teh kami djoerig njiliwoeri, ěnggeus paeh wani datang, wani njieun hoeroe-hara, ngagoejoerkeun sanagara.
Tidinja kami ngagěbos, mětoe bajoe handaroean, tarik alah batan barat. Moesoeh kami disapoe lědis běrěsih, tjara mega ngadingding di awang² didoepak koe angin gěde njingraj toeloej moesna pisan, leungit angkeub djadi lenglang.
Mana noe gagah pěrkosa, noe wani ngalawan kami? Mana noe tadi wani koekoeboek, wani soesoembar njatjampah teh? Toembak diajoen dioendi, dioelang diamang-amang, dipake ngantjam kami. Mana djělěmana? Geus euweuh, geus ngagoler, badanna djadi babatang, djadi parab sato hewan, noe tinggal anak rabina, nanggoeng kanjěrianana.
Ari kami, Radja, sapěrti manoek garoeda noe datang kana sajangna, tas hiběr ngiděr boeana. Hiap maraneh sakabeh geura anoet, ngioehan handapeun kami. Maneh oelah leutik ati, oelah sieun, oelah reuwas, kami noe baris ngaoeban. Ajeuna waktoena oerang meunang bagdja. Nagara katoet eusina kami noe boga, istri geulis milik kami.
Mangsa keueung djeung toenggara ajeuna geus sirna rěrěp, kaganti koe mangsa hegar, moesim bidjil kěkěmbangan. Kadjahatan, kagorengan, lakoe doersila dibasmi. Boemi langit reudjeung bentang djadi saksi, jen ratoe dolim geus moesna ti alam doenja, toempoer djeung anak-anakna."
Djěp Injosi repeh, ěr wadyabala noe aja di dinja saoer manoek: "Goesti! Radja!"
Kawas noe noedjoem, bět kadjadian omong koering ka oetoesan Tewala, basa memeh proeng pěrang. Heuleut opat poeloeh dalapan djam sirah Těwala ngagoeloetoek di lawang.
IV. KAPTEN GOED PAJAH.
Saboebarna pěrang sir Henry djeung kapten dipajang, dibawa ka padalěman, teu woedoe ripoeh doeanana oge, tina bangět tjape djeung rea teuing gětih noe ka loear. Ari koering mah boeboehan paranti ngarasa tjape teh, katoeroeg-toeroeg awak hampang, da teu lintoeh, dina pěrang hěnteu tatoe teu raheut, djadi teu sakoemaha ripoehna. Tapi sapeuting eta teu sare sakěrědjěp-kěrě- djěp atjan, oeroet hoentoe singa tea karasa deui djeung sirah asa beurat, rieut mani engab-ěngaban. Taksiran geuneuk lěbah oeroet paměpěg teh, da ari katjabak njěri. Ari ras kadinja mani asa pangtjilaka-tjilakana hiroep di alam doenja teh koering tiloean. Tapi asa měnding keneh, ari dibandingkeun djeung pradjoerit noe reboe-reboe mah, ngadjaloprak di taneuh moal hoedang deui, toetoep lalakonna di doenja, padahal isoek² teh djagdjag waringkas.
Oentoeng Nji Polata aja, teu daek djaoeh. Ti waktoe ditoeloengan rek dipaehan tea, toeloej bela djadi poerah ngalaladenan, pangpangna gětenna teh ka kapten. Harita ngabantoean ngalaan badjoe kěre. Leuh, lamoen seug teu make noe kitoe, lapoer meureun sobat koering doeana kasamboet dina pěrang tjampoeh. Teu djaoeh ti sangkaan, nadjan pakarang hěnteu toemama, badan mah tangtoe eumeur di djěro, barang diboeka teh sir Henry djeung kapten sakoeliah badanna eumeur gareuneuk. Nji Polata geuwat ninjoeh baloer, seungit nakěr. Katjida toeloengna baloer teh, boektina sanggeus dibaloeran ngarasa rěrěp. Nja karasa keneh njěri awak eumeur tea mah, tapi teu aja pikasalěmpangeun. Atoeh sakitoe ripoehna las koe oebar sakali, tangtoe wae kanjěri teh moal oedjoeg² lěs moesna. Ari noe dipake kapaoer raheut kapten dina bitis djěro pisan djeung raheut sir Henry dina pipi, děwang tapak gobang Těwala. Hadena bae kapten teh bisa dodoktoran, parabot sadia dina pětina oebar-oebaran tea. Mimiti raheut sir Henry, beunang ngoembah běrěsih teh, rětrět dikapoet rapat pisan, ledak-ledak koe salěp, soepaja oelah katoempangan, oelah djiih. Beunang ngoebaran diběběr koe lamak saaja-aja, tjaretjet disosoëh. Beres sir Henry, toeloej ngome raheut sorangan, dilalajanan koe koering. Sabot koering ngome raheut, Nji Polata teu tjitjing, ngagolakkeun laoek, njieun kaldoe. Geus ngoejoep kaldoe toeloej bae ngěděng, da teu aja napsoe kana dahar, komo sir Henry mah djeung teu bisa ngangah² atjan deui. Kawas noe ngahadja ngandih, padahal kaběněran bae, pastina Těwala djeung anakna koedoe paeh koe sir Henry; na ari ajeuna ěnggonna dikěděngan pisan. Panjana teh reup peureum toeloej sare, horeng peureum noetoep paningal bae, ngararasakeun kanjěri, ari pikir mah ngagolang, ngeling² noe geus kasorang, loba pikabaloeaseunana. Tetela teu sarena teh, da saban oesik ngaharěgoeng.
Di sakoeriling boengking raong sora awewe noe tjeurik, noe sasambat, meureun anoe njeungtjeurikan salakina, atawa bapana atawa doeloerna, barajana noe kasamboet di pangpěrangan. Pantěs peuting eta rame koe noe tjeurik teh, sabab leuwih ti doea wělas reboe pradjoerit noe tjarěm, padahal pěrang ngan sapoë ti isoek něpi ka boeritKoering oge miloe nalangsa, miloe njěri, mangnjěrikeun ka noe ditinggal maot. Beuki peuting anoe tjeurik beuki laoen-beuki laoen, toengtoengna rěp djěmpe. Ngagajoeh ka těngah peuting kadenge keneh aja anoe ngabangingik, tjeurik sěmoe njěri-njěri teuing. Ieu oge lila² mah djěp repeh. Isoekna meunang bedja, aja noe tjeurik ngabangingik něpi ka těngah peuting teh di imah Gagoel. Noe tjeurikna oge moal saha deui meureun, nja eta nini² njeungtjeurikan asoehanana kasoran.
Wantji soeboeh, geus deukeut ka beurang, eta bae geus rame hajam kongkorongok, koering kakara bisa ngalěnjap. Ari reup ari děr ngimpi, ngimpi pěrang tjampoeh rame, bawaning pikir bangět pinoeh koe hal pěrang, sare oge mani kaimpi-impikeun. Hoedang² geus beurang, karasa saloear badan djeung saboekoe-boekoe njarěri, lěsoe teu aja tanaga. Kamari mah teu ngarasa sakoemaha ripoehna soteh baal keneh meureun. Tapi sakitoe teh kaitoeng pangdjagdjagna dibandingkeun djeung batoer mah. Kapten Goed goeling-gasahan, panas njebret djeung sasar sagala, estoening matak ngahělas. Oho-oho batoek, gědjlok gětih lalambaran, saban batoek ngoetahkeun gětih. Lah, koering geus samar rampa, ngoebaran teu bisa, watir beak karěp, hajang noeloengan natakoe. Sirahna hantěm dikopjok koe tjai koe Polata. Saloear badanna dibaloeran deui koe baloer noe seungit tea. Ari sir Henry aja meueusan, ti batan kapten mah. Ngadjělěpěng bae repeh, ngan panonna meusmeus ret ka noe ah-ěh goeling-gasahan, katara katrěsnaanana.
Kira² poekoel dalapan djol Infadoes ngalajad. Pokna mah manehna oge sapeuting eta teu sare sakěrědjěp, sabab těroes ngabělēdig noe kalaboer, naloek-naloekkeun, nangkěpan sesana balad Těwala. Para pangagoeng kabeh geus soeměrah ka Sang Radja Injosi. Ka sir Henry ngahormatna Infadoes geus leuwih² ti ka naon. Sakabeh oerang Koekoeana tjěnah, nganggapna ka sir Henry teh alah batan ka radja, kabeh pada serab, pada sieun tapi pada rěsěp. kasěboet wědi asih tea; dianggapna lain djělěma sawadjarna, tapi manoesa noe mahaagoeng, soesoeroepan hiang batara. Satadina panjangkana djelěma Radja Těwala teh panggagahna pangrongkahna, moal aja noe bisa ngelehkeun, ahir² koe sir Henry beuheungna sapat sapisan. Ieu teh pohara dipikahebatna koe djelěma. Infadoes datangna teh mawa bedja pikaboengaheun, nganoehoenkeun kana pitoeloeng koering sarerea, ngalěm kana kaoenggoelan sir Henry, tapi pasěmonna toeloej měsoem, bangět handjakal omongna, njampak koering sabatoer-batoer keur ripoeh, komo kapten Goed sare'atna pikasalěmpangeun pisan. Koe sabab eta tambah-tambah toemarimana; nganoehoenkeun, něda pangaksama djeung pamoedjina sababaraha tělěboeg.
Ajeuna," tjek koering, Injosi geus kawasa djadi radja, beunang ngodjajan ti ........... laoetan gětih."
Soemoehoen, lěrěs pisan apilahir, nanging adat watěk oerang Koekoeana hatena timbrěng, soeka bětah, ngarasa gěnah toemaninah, oepami sakapeung-kapeungeun aja gětih bidjil, lantaran ngaběn pakarang. Anoe maot lěrěs seueur, nanging ěngke oge kagěntosan deui, margi awewe mah hěnteu tjotjeng, sarěng baroedak djaradi kolot, laoen-laoen baranahan, nagara kěrěta rahardja deui."
Kabeurangnakeun dilajad koe Injosi. Datangna make pakean karadjaan, legegna taja pisan toemaroempangna, estoe soeroep angkoeh radja, diiring koe kapětěngan. Ras ingět waktoe di Doerban, aja djelěma manjang-moenjoeng, oemasrog ngasorkeun mareh, hajang didjieun boedjang. Ari gok deui, noedjoe koering sarerea keur ripoeh, noe bareto djadi koetiplak teh geus djadi radja, noe mahakawasa di Koekoeana. Sihoreng ari milik djělěma bět tjara kintjir, keur apěs aja di handap, keur moedjoer aja di loehoer, nja eta atoeh laoet oge aja soeroed aja pasang. dihin pinasti anjar pinanggih, milik teu pahili-hili, bagdja teu paala-ala.
Barang djol Injosi ka panto, rarěngkěng-rarěngkěng oge koering nangtoeng ngahormat: Wiloedjěng rawoeh Sang ratoe, Maharadja Koekoeana."
Lěrěs," djawabna, roemaos djadi radja didaměl koe andjeun aloean."
Injosi njaritakeun hal nagara meh saroea djeung Infadoes, ngan ditambahan koe rek pesta. Omongna rek mintonkeun maneh ka rajatna. Koering nanjakeun, nini Gagoel rek dikoemahakeun.
Djawabna: Wah, nini² djahat, teu aja deui bagianana kadjabí ti diteukteuk beuheungna sarěng moerid-moeridna bade dibasmi. Parantos teu meudjeuhna hiroep keneh, parantos lami teuing koemělěndangna di doenja, doegi ka teu aja djělěma noe těrangeun di oemoerna. Kawoewoehan parantos seueur teuing djelěma noe diwarah djahat, djadi hama ka nagara."
Naha hěnteu lěbar koe kanjahona?" tjek koering. Ngaleungitkeun elmoe gampil, teu sěsah sapěrtos ngoempoelkeunana."
Soemoehoen," djawab Injosi, sarěng noe těrangeun kana rasiah Goenoeng Tiloe, moeng eta-etana."
Noe těrangeun kana ěnggon intěn oge ngan eta, sanes? Oelah lali kana djangdji, djadi eta nini² saena mah oelah waka dipaehan."
Teu pisan² lěpat. Saniskantěn djangdji diemoetkeun pisan."
Geus kitoe Injosi amitan, koering njampeurkeun kapten Goed, kasampak geus teu ingět-ingět. Satěroesna dina djěro opat lima peuting pajah katjida. Taksiran lamoen teu digoegoeloeng, dibelaan koe Nji Polata, doeka teuing.
Di sakoeliah doenja meureun ti baheula něpi ka djaga oge awewe mah angger bae awewe, nadjan koelitna koemaha bae oge. Heran koering mah lain meumeueusan koe noe geulis hideung roepa. Énja disěboet hideung soteh dibandingkeun djeung koelit oerang Eropa, da ari lěstrěng mah hěnteu, kapan tjeuk koering geuning barang mimiti amprok djeung Oembapa, koelitna miang². djadi siga pakoelitan oerang Hindia noe kaloembrahan. Beurangpeuting mantep oemaděp taja mělengna, satjabak-tjabakna estoening titih djeung rintih. Kawasna awewe noe meunang pangadjaran ngoeroes noe gěring di roemah sakit moal leuwih ti Nji Polata, hemanna rintihna, singěrna ngarasanan noe gěring pajah. Koering djeung sir Henry geus djagdjag mah rek njělangan, tapi Polata teu mikeun, madjarkeun teh noe gěring bisi maroedah, bisi ngadjak njarita, katoeroeg-toeroeg koering bisi karoegrag tjě- nah. Niat njělangan teh bawaning karoenja ka manehna; beungeutna sěpa, kararanjos, panonna geus djarěro, tjělong; awakna noe asal boeleud ngareusi teh djadi langkonjang, lěndjang koeroe, lantaran tjape, koerang sare, koerang dahar.
Ningal sareatna koe koering geus disamarkeun bisa měnjat deul noe gěring teh, tapi Polata mah keukeuh bae, moal tjěnah, moal katoetoeloejan, ěngke oge tjageur deui. Bět ěnja, eta boedak teh seukeut rasana. Kalah koe goemati noe ngamemenan, beurangpeuting teu kěndat oebar, dioejoepan tjisoesoe beunang njampoeran naon mah, da eta rasana ngeunah tiis, djeung koering oge tereh djagdjag teh nginoeman eta.
Tiloe ratoes metěr kira² di sakoeriling boengking noe gěring sěpi djémpling, sabab radja geus marentah parindah ka sakoer noe deukeut ka dinja, soepaja noe gěring timbrěng, oelah kagandengan. . Dina hidji peuting koering neang ka pangkeng Polata, da noe gěring teh dibawa ka dinja. Damar ngatēng dina lante, Polata teu tembong. Lěnjap teh hate, njěblak toeloej ratoeg, tjipanon teu katahan njoeroetjoed, panjana teh noe gěring geus djadi majit, ngadjělěpěng teu oesik². Koering ngadeukeutan bari sěsěgroek. Barang arek děkoe, arek ngarampa, ssst ... ssst ... ssst ... ti gigireun sirah noe gěring. Horeng Polata bari ngatjoengkeun tjoeroek. Koering nanja haharewosan. Djawab Polata: Salamět, panasna tadi endjing² rěrěp, ladjěng reup koelěm. djěmpling teu lilirlilir. Abdi teu tiasa ingkah da ieu leungeun ditjandak, bade dilesotkeun sieun goegah."
Koering teu ngomong, ngan tjoeroetjoed bae tjipanon teu kaampeuh, njoesoetan tjipanon bari ngoesapan sirah Polata. Leos bae indit deui njoesoetan tjipanon. Wělas koe noe gěring, kagagas koe satiana Polata něpi ka kitoe. Tatjan poegoeh manggih deui noe boemela sakitoe djodjohna ka noe teu hir teu walahir, teu sabangsa-bangsa atjan. Ti isoek djěpoet něpi ka těngah peuting ngadjědjětrěng dioek, ngadohotan noe gěring keur sare tibra. Teu katjipta koe koering mah koemaha pirasaeunana. Liwat těngah peuting kapten Goed lilir, leungeun Polata dilesotkeun, menta tjai hajang nginoem. Polata inditna ti těmpat dioekna dipajang, liwat saking matak karoenjana, anggahotana kakoe, bawaning tjangkeul meureun.
Sagala-gala oge koedoe ninggang mangsana tea, tjara kapten Goed ninggang kana mangsana koedoe tjageur, nja tjageur, tapi ari kasakit teh basana datang lir kilat, ari indit koendang iteuk. Djadi kapten oge tjageurna teu dadaksakalå, tapi saban poë madjoe kana tjageur, tambah poë, tambah tanaga, toengtoengna bisa hoedang, bisa roemingkang deui.
Waktoe kapten keur mamajoe, koering ngawangkong tiloean bari ngadagoan tempo dahar. Djědjěr tjarita teu patok, biasa tea bae atjlok-atjlokan, bras kana njaritakeun kasakit, kana gěring, kana oebar.-oebaran, toeloejna kana njaritakeun boemelana Nji Polata. Koe sir Henry gěmět pisan didongengkeunana tina kagětenanana, kasabaranana, ah pendekna sagala kahadeanana teu aja noe kaliwat, komo eta mah dioek 18 djam teu ingkah² něpi ka rarěngkěng anggahota, inditna oge koedoe dipajang. Badanna asal lingsig djadi koeroe ngadjangdjawing. Barang sir Henry eureun njarita, ngěnjot padoedan eureun soteh, kapten indit noengtoen koe ring, pokna: Ka dieu pangdjoeroebasaankeun, bisi teu kahartieun koe Polata." Padahal teu make djoeroebasa oge moal boeroeng ngartieun, da eta loba karěp djeung pamenta kapten basa keur gěring anoe teu diomongkeun, ngan oekoer koenjěm atawa harěgoeng, koe Polata kaharti, tatjan aja sakali bae mentjog panalarna. Kapten ngomongna menta didjoeroebasaan teh doemareuda, panonna rambisak. Polata disampeurkeun teh keur digawe, njadiakeun keur dahar těngah poë.
Polata, ka dieu sakeudeung," tjek koering, ieu Bogěwan — koe oerang Koekoeana kapten teh disarěroetna Bogěwan, hartina noe herang panonna — boga pitjaritaeun saeutik."
Sot pagaweanana, toeloej njampeurkeun bari kalamas-kelemes, tembalna: Bade naon?" Make kalamas-kelemes, kawas těroes rasa.
Kapten Goed ka koering: Tjarioskeun, koering beak-beak nja tarima, roemaos ditoemboe oemoer. Tjatjak oepami teu dibelaan koe manehna, pangintěn moal tiasa měnjat deui. Koe margi eta satoetoep oemoer moal poho² ka manehna."
Kabeh koe koering ditěpikeun ka Polata. Manehna reup beureum beungeutna, toengkoel neuleu ka handap, indoeng soekoena noe katoehoe dioejěk-oejěk kana taneuh tjara noe rek njieun logak. Lebah ngadenge koe kapten dipikaeling, didjieun katineung satoengtoeng hiroep, daoen tjeulina mani eutjeuj. Njeh imoet, ret ka koering, meureun lamoen pok mah, naha make disaoerkeun. Dilak ka kapten imoet bari ngegel biwir, siga noe ngananaha ngomong kitoe. Ret kana leungeunna ret kana pagaweanana, pok ngomong bari toengkoel loenggak-linggěk, dibarěngan koe awakna hěnteu tjitjing:
Poegoeh abdi noe kahoetangan pati tea mah koe andjeunna. Sapapaosna oge abdi mah moal hilap²."
Beuki tembong geulisna manisna Polata, eta geulisna teh deui těroes ka ati-atina. Bět kitoe ari awewe, abong² hatena maděp ka dinja, leungit bae noe sedjen mah. Kapan noe noeloengan manehna teh lain kapten bae, koering djeung sir Henry oge miloe hese tjape, malah sir Henry mah leuwih ti batoer. Toembak noe rek dipake maehan manehna teh djědakna kana dada sir Henry kapan. Tapi nja eta atoeh dasar awewe, kitoe bae meureun awewe mah kabeh oge, ras ingět ka djěnatna indoeng si Harry, teu beda nja kitoe pisan. Koering sieun karerab koe Polata djeung kapten Goed, da eta sorot panonna geus beda ti biasa, geuwat bae ngě- djat, teu pěrěloe make djoeroebasa tjarita silih asih mah, da tara rea oetjap asana. Djeung eta deui ari oerang laoet teh sok leumpeuh joeni, babari kapintjoet koe istri, kapten Goed oge ........ nja kitoe.
Sapamanggih koering di doenja ngan aja doea pěrkara noe tara beunang dihalangan: kahidji, oerang Soeloe kana diadoe, boh gěloet, boh pěrang; kadoea, oerang laoet birahi ka istri.
Heuleut sawatara poë ti waktoe ngawangkong tea, waktoe koering djadi djoeroebasa kapten, koering tiloean geus tjageur ěnjaan, awak geus poelih lingsig deui, ngan sir Henry boga tjeda dina pipi, kapten Goed dina bitisna. Teu woedoe maratih oebar oerang Koekoeana teh.
Geus teu aja noe djadi halangan, Radja ngembarkeun parentah baris magelaran. Dina poë noe geus ditangtoekeun lapang boeroean karaton geus sěsěk djědjěl koe pradjoerit. Barisan si Megaměndoeng anoe ngan kari saeutik deui pisan didjieun panghareupna. Lolongkrang těngah, minangka balena atawa pasebanana, djaman Těwala mah paranti maehan, manahoreng geus matoeh lěbah dinja, da aja tjirina, djeung dikeusik koe keusik lěmboet. Ajeuna pinoeh koe para gěgěden djeung hoeloebalang. Di Koekoeana mah menak teh kabeh gěde-leutik djadi hoeloebalang, nagara teh dipaentah koe maliter. Panglinggihan Radja make papajon, saoeng langgong djieun dadakan, noe sedjen mah ngabětrak bae di noe panas. Salse magělaran, para kapala kabeh geys ngabakti ka Radja, timbalan Radja oendang² anjar geus diembarkeun, para menak toeloej mengled. Sor ka hareup si Megaměndoeng. Děng dipoedji beak², soepaja djadi tjonto ka noe sedjen. Kabeh pradjoeritna pada nampa gandjaran sarta harita keneh kabeh diangkat djadi hoeloebalang sarta kapapantjenan koedoe ngabangoen deui barisan si Megaměndoeng anjar, pradjoeritna milih djadjaka noe mareudjeuhna. Toetoep eta ganti deui koe barisan sedjen anoe meunang poedjian djeung gandjaran.
Saban-saban Radja toetoep moedji, gěr soerak, toetoep ngadjangdjikeun gandjaran, gě soerak. Geus kitoe pradjoerit beres deui, kabeh hoeloebalangna geus ngahidji djeung barisanana, narangtoeng di satěmpat-těmpatna. Radja ngembarkeun deui parentah, jen koering tiloean satoengtoeng aja di nagara Koekoeana, teu meunang aja noe wani-wani ngaganggoe, malah koedoe didama-dama, dihormat sapěrti ka radja-radja, sarta naon sapamentana sakoer noe kadada kadoega sarta aja saratna koedoe ditědoenan. Saha-saha noe wani ngarěmpak timbalan Radja bakal dihoekoem pati.
Koem!" djawab wadyabala, meunang tiloe kali, gěr soerak. Ajeuna leugeudeut si Megamendoeng, barisan opsir woengkoel, da kabeh pradjoerit geus didjoengdjoeng kaloenggoehanana, ngabakti ka Radja, těroes balik, ditema koe noe sedjen, pětana nja tjara noe ti heula bae něpi ka boedalna kabeh. Sewaka boebar harita.
Sorena minangka ngadeuheus ka Radja, enjaan ajeuna mah djadina radja teh da geus diistrenan di nagara, koering tiloean ka karaton. Babakoena rek nanjakeun rasiahna pěpěnděman intěn Nabi Soelaeman tea, meureun Injosi geus meunang laporan pěrkara eta.
Para mitra," djawabna, ,pěrkawis pěpěnděman intěn Nabi Soelaeman parantos kenging rasiahna. Ajana jaktos di ditoe di goeha di Goenoeng Tiloe. Tah, Polata teh bade didaměl wadal eta. Djabi ti goeha intěn aja deui goeha pasetran radja², tangtos ěngke katingali lajon Těwala oge di dinja. Di goeha pasetran teh aja deui kamar rasiah. Anoe těrangeun kana ieu kamar rasiah moeng nini Gagoel sarěng Těwala; ieu parantos teu aja, kantoen eta nini². Djabi ti eta teu aja noe těrang, naon eusina.
Di dieu aja dongeng. Kieu dongengna: djaman baheula, parantos sababaraha toeroenan doegi ka ajeuna, aja oerang koelit poetih saoerang bisa salamět ngaliwat Goenoeng Sjeba, těras ditoedoehkeun sarěng dianteur koe awewe ka kamar rasiah di pasetran tea. Boes lěbět ka kamar, kageteun ningal noe hoeroeng-herang ngalajah. Enggalna dikoempoelkeun, maksadna bade diringkid, nanging teu hasil maksadna, da awewe noe nganganteur tea híanat, ngadjailan, dongkap ka wangsoel lengoh, tiasa wangsoel deui oge parantos oentoeng. Koe radja těras ditoendoeng sina wangsoel deui ka poentjak goenoeng Sjeba."
Apan majitna kapěndak koe oerang di goeha geuning," tjek koering.
Soemoehoen, nja eta roepina. Oepami oerang tiasa lěbět ka kamar rasiah tea, moal lěpat intěn teh tangtos kapěndak."
Apan aja tawisna, jen intěn teh tangtos aja di dinja," walon koering, ,eta tah intěn noe dianggo teh na ti mana, oepami sanes ti dinja."
Tiasa djadi lěrěs ti dinja, sarěng oepami jaktos aja di dinja, mangga bae tjandak, bade sakoemaha kěrsa, ari parantos iklas mah bade ngantoenkeun, parantos teu bětah aja di dieu."
Geuwat ditempas koe koering bisi toetoeloejan njarita pinalangsaeun: Koe kieu-koe kieu oge hajang těrang heula."
Aja noe pinganteureun, anggoëun toedoeh djalan, apan nini Gagoel tea."
Koemaha oepami teu poeroeneun?" walon koering.
Injosi měrěngoet: Gampil teu daekeun mah, bade dipaehan bae. Ajeuna oge dihiroepan soteh nja eta soepados nganteur ka goenoeng. Oepami keukeuh teu daekeun, teu goena dihiroepan."
Gantjangna Gagoel disaoer, teu lila djěboel dibejeng koe goelang² doeaan. Euleuh, eta nini² teh sapandjang leumpang teu repeh soengoetna njarekan ka goelang², djeung pok deui-pok deui menta dilesotkeun, tajohna teu toeman disaoer koe Radja make koedoe digoesoer koe goelang². Něpi ka hareupeun koering kakara dilesotkeun koe noe njarěkělan. Pěndělik-pěndělik teh matana samata heulang bae, moerělěng ka Injosi, toeloej ngomong:
Rek naon Injosi, njaloekan kami? Ati², oelah rek wani² njabak kami, bisi dipaehan. Njaho kasakten kami?"
Make babasan ngomong teh, ninil" tjek goelang².
Alah, make pipiloeeun ngagogog, sia andjing!" tembal nini² teh. Goelang² njěngir seuri teu soraan, bari pěpěta rek ngagalito, sigana teu njěri hate ditjarekan teh.
Injosi ngageuwat nempas: Meugeus, ěntong loba omong, adjag bikang, kasakten nanahaon dipake njingsieunan teh. Moen boga oge djadjaten Těwala moal sapat beuheungna."
Heueuh rek naon kami ditjaloekan teh?" tembalna.
Injosi: Kami toedoehkeun ka kamar rasiah, enggon batoe noe
harerang." Gagoel: Heuheuj deuh, koetan palaj oeninga kamar rasiah. Moal dibedjakeun koe kami. Lian ti kami euweuh noe njaho. Keun eta setan bodas teh sina marantog lengoh."
Injosi: Dengekeun Gagoel, kami Radja rek mětakeun akal tarekah pikeun maksa anoe ěmboeng, soepaja daek, maksa anoe kēmba, soepaja ngoetjap."
Gagoel: Rek koemaha tjing? Weu, poegoeh Radja teh kawasa, tepi eta kakawasaan teh tatjan poegöeh mahi ka nini² pantar kieu. Maroekan kakawasaan teh beunang dipake maksa awewe, soepaja balaka noe saěnjana? Éěěh, abong² boedak kamari-ieu teu njaho di tjědo."
Serepet Injosi měsat pědang, hioek-boerinjaj — hioek-boerinjaj pědang dioelinkeun loehoereun sirah Gagoel. Djěrit nini téh ngotjeak: Ieung! Ieung! Eling Injosi!" Ngomongna bari morongkol
Injosi: Kaharti Gagoel? Lamoen keukeuh kěmba, baha tjarita, něrangkeun noe saěnjana, ieu pědang moal ka mana njabětna, tangtoe beuheung nini sakědep netra ge pěgat."
Gagoel: Ambeu-ambeu, rek maehan. Moal wani maneh teh Injosi, maehan kami. Njaho, saha kami teh? Kami teh ieuh, njaho bapa maneh, njaho aki maneh, njaho boejoet maneh njaho bapana boejoet maneh. Waktoe ieu nagara anjar keneh, kami geus aja di dieu. Tjing sakoemaha loehoerna oemoer kami? Engke, djaga dina mangsa ieu nagara geus kolot, kami aja keneh di dieu. Lamoen teu keuna koe balai, kami moal paeh. Djělěma mah moal aja noe wani maehan ka kami."
Injosi: Hēh, rarasaan teh djadi naon. Deuleu ieuh, Gagoel!" Pědangna noe diloegas ti tadi keneh diamangkeun. Naon, mangkēloek teu poegoeh bangoen kitoe, geus taja kagadoer, teu roepa, teu boeoek, teu hoentoe, rek aja noe ngambeuan? Nja djiga kitoe patoet oge, lamoen teu boga hate djahat djeung mata heulang mah, koe kami tangtoe dihormat, diadjenan. Ari ieu naon, oelon² sagala kadjahatan, djadi rěrěgěd doenja woengkoel, djadi panghalang rahmat salamět anoe rek toemoeroen ka manoesa. Lain geus bosěn hiroep teh? Kami Gagoel, noe wani maehan teh!"
Gagoel: Ambeu², orok beureum kongkorongok. Abong² baoe keneh djaringao teu njaho di ata-oetoe. Lain noe ngora bae deuleu, noe hajang hiroep teh kolot ge saroea bae. Noe ngora loba kasoeka, kahajang, boga katjinta djeung rasa. Kolot mah geus teu boga rarasaan, teu boga katjinta, euweuh karěsěp. Lamoen neuleu kagorengan, kadjahatan djělěma di alam doenja, ngan seuri gawena. Aja ketah karěsěpna kana seuneu panas, angin ngeunah, kasieunna koe tiris djeung poëk, heuheuheuheuh heuheuj deuh."
Gereleng nini² teh goegoelitikan djeung seuri hahaj-heuheuj teu repeh, kawas-kawas kasoeroepan.
Injosi ngasoepkeun pědangna kana sarangkana bari ngomong sorangan: Lěbar kagětihan•koe noe kitoe." Top kana toembak tjěblok, djoeng nangtoeng, njěntak ka Gagoel: ,Tjitjing! deuleu ieuh!"
Tadi mah diamang-amang koe pědang, nini² teh ngan oekoer reuwas, lain sieun sigana, beda pisan djeung diamang-amang koe toembak. Barang ret kana toembak gek dioek, toeloej ngagibrig bawaning sieun; atoeh djělěma lilinieun kataradjang ngadegdeg sieun, nja ngagibrig. Kahartina koe koering noe matak tagreg bae diantjam koe pědang mah, lantaran lain adat oerang Koekoeana maehan koe pědang, tapi koe toembak, geuning barang diamang-amang koe toembak mah kitoe boektina.
Tjek Injosi: Daek atawa ěmboeng, noedoehkeun goeha rasiah teh? Lamoen ěmboeng, paeh sia ajeuna!"
Gagoel: Mangga-mangga, ngan oelah dipaehan bae. Saha² noe maehan nini, moal djamoega satoetoep oemoerna."
Golepak deui Gagoel toeloej gegerelengan. Měněran keur nangkarak datang tjongo toembak kana dadana, koelitna katodel, raheut saeutik.
Modar sia ajeuna mah!" tjek Injosi.
Gagoel: Ampoen! ampoen! mangga, bade miwarang naon? Asal dihiroepan bae sarěng dipaparin něda.
Injosi: Heug! tapi isoekan koedoe indit djeung Mang Infadoes ngiring saderek kami, eta tiloean. Tapi ingět nja, lamoen ngaledjokeun, toeloes dipanggang koe toembak teh."
Gagoel: Moal-moal, nini mah tara tjidra kana djangdji. Baheula goeha eta teh geus ditoedoehkeun ka oerang koelit poetih saoerang koe awewe oerang dieu, ngaranna Gagoel. Boa eta awewe teh ieu koering. Eta lalaki keuna koe tjotjoba, tjilaka."
Bohong!" tjek koering, kapan eta mah kadjadianana baheula, geus gěněp atawa toedjoeh toeroenan něpi ka ajeuna." Geus sa-• pirang-pirang lilana kakara koering miloe nembrong ngomong sakitoe, ti tadi mah nanggap bae.
Gagoel: Pangintěn, pangintěn lěrěs kitoe, koering noe lěpat. Lah, poegoeh oge ari geus kolot mah pohoan. Pangintěn nini koering noe ngadongengkeun teh ka koering, ari ngaranna awewe tea mah, lěrěs Gagoel, sangaran sarěng koering."
XVI. GOEHA PASETRAN.
Heuleut tiloe poë ti waktoe Gagoel rek ditoeblěs koe toembak tea, koering tiloean kaopat Nji Polata djeung aleutan noe nganteur geus něpi ka lěmboer di soekoe goenoeng noe didjoegdjoeg. Něpi ka dinja teh geus poëk, toeloej ngarěrěb. Nini Gagoel sadjadjalan ngoetroek bae koetoek-gěnděng, sakitoe dingeunahkeun minang kana, da ngan manehna sorangan anoe ditandoe, batoer mah badarat bae leumpang geus tiloe poë teh.
Isoekna, isoek² tetela katingalna Goenoeng Tiloe teh, poentjakna rantjoeng siga moenara ngarendeng, njolotjos sareukeut noendjoek langit biroe. Seuseukeutna herang bodas ririakan, saldjoe kapojanan isoek²; ka hándapna ngalamoek paoel, siga gěrěndjoel gěgěrěhilan. Ret ka beulah katoehoe, ngěndat siga pita bodas, djalan Soelaeman nonggoh. Kira² lima mel ti pangrěrěban, lěs bae noe ngěndat bodas teu tembong teu aja těroesna. Tjěnah, lěbah dinja toengtoengna. Geus tarapti brěng deui indit, djalan geus mimiti rada nandjak, radjeun manggih poedoenan, tapi lolobana tandjakan, ngan nandjakna majat. Ngadeukeutkeun kana goeha djalan rada rata, koering tiloean ngagidig leumpang teh, ngadoedoed kiraª meunang satěngah djam, noe ngagotong Gagoel djeung noe marawa běběkělan tinggaleun djaoeh. Nini Gagoel tjěloek²: Euj! djelěma bodas! Naha ninggalkeun? Hajang tjilaka?" Heuheuj seuri geus tjěloek² teh. Alah tobat, eta ngadenge seurina bět fingsariak koekoerajeun. Meunang doea tiloe kali tjěloek-tjěloekna nini² teh, tapi diantěp bae teu diwaro. Eta koe matak sěběl seurina, hahaj-heuheuj tjara noe eusleum, djeung matak moeringkak boeloe poendoek deui.
Teu koengsi lila gok manggih — naon atoeh ngaranna, disě- boet lombang, da djěro; disěboet soemoer, da lěga — noe gěrěwong tjara kawah, djěrona meureun aja 300 kaki mah, koerilingna kira² satengah mel, koe taksiran moal koerang ti 900 metěr.
.Tjing oeroet naon ieuh?" tjek koering ka noe doeaan.
Doeka," djawabna bari gogoděg.
Iiih," tjek koering, koetan teu atjan ningali tambang intěn di Kěmběrli. Moal lěpat deui ieu djoengkrang teh tambang intěn Nabi Soelaeman tea. Geura ieu tingali, taneuh noe noempoek sisi djalan teh sami sarēng itoe toeh, noe tembong dina gawirna djoerang. Tah deui ieu oeroet djambangan, sisi-sisina nganggo papan, tah geuning ieu oeroetna. Ieu djambangan paranti ngoembah intěn."
Ieu djoerang dina gambar beunang Don Silpestra tea disēboetna soemoer. Ti lěbah dieu djalan teh njagak doea, mapaj sisi djoerang, djalan pasaka dibabatoe, koe batoe gěblegan parasagi beunang natah, maksoedna meureun soepaja soemoer oelah oeroeg djeung djadi panahan oeroeg ti gawir loehoer. Téroes madjoe, panasaran koe noe tingbēlěgběg sisi gawir.-Ari geus deukeut beh teh artja tiloe sagěde-gěde nanahaon. Taksiran nja ieu noe diséboet Embah Měněng" koe oerang Koekoeana teh," tjek koering tiloean. Geus deukeut pisan mah tetela artja batoe. Di těngah artja awewe ditarandjang, dihapit koe artja lalaki kentja-katahoe, anggangna aja opat poeloeh lengkah. Pangawakanana artja noe awewe pohara těgěpna, handjakal beungeutna geus roeksak, tapi ari keureutanana mah aloes. Meureun artja noe geulis eta teh. Ari lala- .kina, ih doeanana oge teu aja piliheun, beungeutna pikagilaeun, matak sieun, komo noe beulah katoehoe, mani siga indit-inditan rek ngěrěkěb, mata bolotot narongtot. Anoe kentja siga loenggoeh. tapi baeud, baeudna toekang hianat, ngadodoho ti bongohna. Djangkoengna tina sirah něpi kana soekoe tiloe poeloeh kaki.
Sabot keur ngalēlěkan pasěmonna artja, bět djol pikir panasaran, hajang njaho saha noe boga djieun. Ras ingět kana tjarita djaman Nabi Soelaeman aja goesti sěsěmbahan, nja eta dewi Astoret, goesti oerang Zidonia; Sanghijang Kamos pangeran oerang Moabit: Sanghijang Milkom atawa Sanghijang Amon sěsěmbahan oerang Mésir djaman baheula. Heug koering njaritakeun eta.
Hih," tjeuk sir Henry, Astoret teh Astarte, Astar, Istor sami bae, Batari kageulisan, indoeng. Koe djēlěma noe moehit ka Dewi
Asmara, nja geulis diartjakeunana; oepami koe noe moehit ka Soenan Amboe, artjana artja noe geulis njoesoean boedak, atanapi anoe geulis tandoekan tjara sapi, sasmitana baranahan. Toeh geuning loehoereun palipisanana aja noe njendol, tandoek tadina mah moal lēpat. Roepina ieu artja teh kenging oerang Poenisia, noe nambang intěn di dieu. Nanging walahoealam ketah."
Kapten Goed rek miloe njarita, kaboeroe djol manten Infadoes, toeloej bakti ka Émbah Měněng. Geus kitoe nanjakeun rek těroes ka goeha pasetran atawa rek ngadagoan heula djělěma moerak běkěl. Tjek Gagoel, lamoen rek těroes hajoe. Ingětan teh da isoek keneh, kakara poekoel sapoeloeh liwat, hajang těroes harita, ngarah bisa balik beurang keneh, moeroe ka pamondokan moal boeriteun. Goeha teh tangtoe deukeut ti dinja, moal sabaraha djerona, lawangna tembong melěwong, kira² lima poeloeh meter toekangeun artja. Polata sina moengkoes běběkělan djeung misahkeun tjai sawatara botol.
Gagoel bidjil tina tandoe, toeloej leumpang tokroh² koendang iteuk kana lawang goeha. Di hareupeun lawang pisan manehna eureun, sarta ngagěroan koering tiloean, pokna: Ingkoeboe, Bogěwan sarěng Makoemazan — sěsěboetan oerang Koekoeana ka sir Henry, kapten Goed djeung ka koering — parantos sajagi? Timbalan Radja koering koedoe noedoehkeun ěnggon ngoempoelkeun batoe noe araloes harerang ka arandjeun. Hihi-hihih — heuheuj deuh!"
Sadia, hajoe," djawab koering.
Mangga atoeh. Moal sieun ěngke ningali noe di djěro goeha? Maneh deui, Infadoes, noe hianat ka doenoengan, kadoega neulen?"
Infadoes kěroeng, toeloej ngomong: Moal kami mah, moal miloe asoep, euweuh pěrěloena. Tapi ingět Gagoel, eta soengoet oelah ngěrěwih bae djeung poma² sing iatna, sabab lamoen eta noe dianteur koe maneh tjetjel botjel, ramboetna salambar, gě tihna satetes, beuheung maneh pigantieunana. Kadenge?"
Poegoeh wae kadenge mah, Infadoes," djawabna. Heuheuheuheuj, ěntong ngantjam oedjang, kami njaho ka maneh teh ti barang boeroesoet, djělěma kalah ka omong. Tapi oelah salěmpang, oelah mělang, oelah sieun. Lah kami teh geus ngawoelaan sababaraha radja, mimitina kami noeroet ka radja, ahirna radja noe noeroet kana parentah kami. Heuheuheuheuj, maneh moal ngarti, oedjang, geus hoeisan ge boedak keneh.
Mangga atoeh, ieu damarna seungeut."
Rek miloe Polata?" tjek kapten Goed dina basa Koekoeana. Kalah koe tjampoer oenggal poë, kapten timoe sakětjap-kětjapeun basa Koekoeana. Babakoena ari njarita ka Polata maksakeun maneh, dibelaan bělong-bětong tjampoer djeung basa Inggris.
Koemaha sieun abdi mah," walon Polata.
Keun wae sieun mah. Eta wae simboet boentělan běkěl ka dieukeun atoeh, tjek kapten.
Ah, teu sawios, Bogěwan, keun bae koe abdi dibantoen," walon Polata.
Kapten: Har, kapan sieun, moal miloe."
Polata: Ah, bade ngiring bae, alim dikantoen."
Kapten: Hajoe atoeh."
Tjek koering dina hate: Tah kieuna, ari geus těl djeung awewe teh sok matak hese. Lamoen parěng salamět teh ngalalakon, koemaha pitoengtoengeunana eta kapten djeung Polata?"
Gagoel boes ka noe mělěwong tea, ditoetoerkeun koe opatan ngaleut , da djalanna heurin, saoekoer mahi keur ngarendeng doeaan, kitoe ge teu laloeasa. Beuki djěro beuki poëk. Běněr tjek nji Polata, sieun, koering ge rada² kadatangan koe sieun teh. Djeung eta make aja noe tingkoeloeproek, kěkěpěk, hioek tjěnah loehoereun sirah.
Oedoeh, naon gěplak teh kana tarang?" tjek kapten.
.,Lalaj!" tembal koering.
.Ka dieu!" tjek Gagoel.
Atoeh asoep kakara teu njaho di djalan mangkaning poëk mongkleng boeta radjin, madjoe salengkah-salengkah teh ditjatjapa heula. Ari gěro Gagoel geus djaoeh.
.Naha damar dipareuman?" tjek koering.
Pareum koe lalaj," tembal Gagoel, ka dieu atoeh, seungeutkeun deui."
Kawasna nini² teh ngadagoan, da sorana anggěr lěbah dinja bae. Leumpang digantjangan meueusan, kaběněran anoe ditintjak teh rata bae noe geus kasorang mah, teu aja běndjal-běndjoel geusan titadjong, noe matak rada loedeung ngagantjangan leumpang.
Itoe naon ramang² siga tjaang?" tjek koering.
Tembong aja noe tjaang² mah leumpang gantjang, lengkah di- • pandjangan, djol něpi ka noe lěga djeung langgong, lalangitna siga barědjad, tina tjēlah-tjělahna asoep tjahaja ka djěro, djadi lēbah dinja tjaang meueusan.-Mapaj ka pandjangna goeha radjěg pila boeleud barodas ngěplak, gědena teu rata aja noe gěde aja noe leutik, sapoeloeh kaki koerilingna noe leutik teh. Loehoerna nja kitoe teu saroea, aja noe ngabělěgběg djangkoeng kabina-bina, kiraº dalapan poeloeh kaki. Noe parěndek keneh, koe kira² likoeran kaki loehoerna, katembong tjongona seukeut tjara aseupan. Kana lěbah seuseukeutna pisan njaj ti loehoer aja noe ninggang, njaktjlak ninggang noe seukeutna pisan. Heuleut doea tiloe měnit tjlak deui sakětjlak. Tjloektjlak tjai ti loehoer teh lain lēbah dinja bae. Mana² noe katjaktjlakan lain lěgok, tapi moendjoekoel beuki loehoer. Hawa karasana di goeha teh tiis, lamoen rada lila tjitjing di dinja meureun ngarasa tiris. Sagala noe aja di dinja baseuh saloearna. Pilar-pilar tea oge baseuh saloearna, tjai noe njaktjlak kana tjongona teh, lantaran těroes teu eureun² pasoesoel-soesoel ka handapna mah ngotjor, tapi kěndor katjida pisan. Rěsěp keneh, panasaran keneh hajang nělěk², hajang ngoeběk saiděr-iděrna goeha, djeung koemaha pangna aja tjahaja asoep ka dinja, aah nini Gagoel ngageugeuwat, ngadjak ka toengtoengna. Beh deui manggih lawang, tapi aneh ieu mah lawang pasagi, ti loehoerna rata tjara panto imah, lawang loear mah ti loehoerna dikělěwoengkeun.
Gagoel: Hojong ningali pasetran?" Nanjana kawas noe njinsieunan.
Kapten Goed: Nam, ka mana bae oge, moal boeroeng ditoetoerkeun."
Sir Koertis: Mangga toean Koeatěrmin ti pajoen.'
Kapten: Mangga ka itoeh, itoe nini² bisi leungit."
Bisa bae, ngahajôh-hajoh ka batoer, da noengtoen noe anom, walon koering.
Kapten: Ha-ha-ha-ha, naha los ka dinja?"
Eleh deet, roemasa djadi panganteur, djoeng koering ti heula noetoerkeun sora iteuk kětroek-kětroek. Damar teu diseungeut, keur ěngke tjek Gagoel. Leumpang teh di noe měrědong deui bae, ngan oentoeng teu lila, kira² meunang lima poeloeh lengkah, djol ka kamar lěga, pandjangna opat poeloeh kaki, roebakna tiloe poeloeh kaki, loehoerna sakitoe deui. Ieu mah tetela djieun djělěma.
Di dieu mah rada poëk, teu tjaang tjara di goeha noe tadi. Barang boes ka dinja noe pangheulana katingal medja batoe, ngěmbat sapandjang kamar rada beh sisi. Di toengtoengna aja artja boas, gěde pisan; kabehdieuna aja deui noe siga kitoe barodas sababaraha hidji. Lēbah těngah² medja aja noe siga tjandoekoel hideung². Geus rada lila meueusan panon djadi biasa di noe poëk, awas ka sagala noe aja di dinja.
Sasarina soep ka dieu-soep ka ditoe oge koering teh bět tara oedjoeg² děr ratoeg angěn, toeoer njorodtjod, tjara harita, kana tahajoel, kana djoerig nanaon da koering teh teu pěrtjaja. Tapi na harita mah alah tobat waeh, doeka teuing, da boeloe poendoek mani asa ngawidwid, birit kokoplokan. Lamoen teu ditjě- kělan pageuh koe sir Henry, geus bělěnjěng loempat bidjil deui meureun. Adoeh tobat, mani poho di kaera. Barang sir Henry geus biasa di noe poëk, kakara awas kana kaajaan di dinja, toeloej ngesang, bidjil kesang badag, kesang lēmboet; kesang tina tarangna lain disoesoet, tapi ditawoe dikepretkeun. Kapten Goed koekoeloetoek, koetoekgěnděng, wangwengwong sorangan. Polata ngadegdeg saloear awakna, montel pageuh ka kapten. Koe kapten disangkeh tjangkengna pageuh. Anoe ngeunah seuseurian nini Gagoel, akěj-akějan, heuheuj deui-heuheuj deui, njeungseurikeun koering sarerea.
Deukeut toengtoeng medja batoe tea beulah ti dieu aja rorongkong, hiiij ari ingět ka dinja koedoe bae ngabirigidig, pandjangna lima wělas kaki. Leungeunna noe kentja moentang kana soekoe medja tjara pěta noe rek nangtoeng, leungeun katoehoena ngajoengkeun toembak kawas noe rek noeblěs, tonggongna mělěngkoeng. Eta rorongkong teh sabeuleugeundjeurna oge koelitan, noe tembong toelang beuheung lēbah poendoek, sirahna ngoelahek kana dada, hiiij polona siga ěmbol-ěmbolan. Padahal naon meureun, da pirakoe aja keneh poloan mah. Kongkolak panonna tjěkong, karosong, ari tjaheumna tembong, tjalangap siga rek ngomong. Saban² ret ka dinja, rěj soerser, teu poegoeh rarasaan.
Itoe naon barodas, ngoerilingan medja?" tjek kapten.
Ari eta tah noe hideung²?" tjek sir Henry bari ditoendjoek.
Nini Gagoel ngaheuheuj deui seuri, omongna: Ka dieu Ingkoeboe, noe gagah pěrkosa di pangpěrangan, tingali ieu anoe kadeseh pěrang koe andjeun."
Sir Henry badjoena ditarik koe nini² teh, sina deukeut kana medja, lěbah noe hideung² tea. Gěro sir Henry bawaning kaget djeung reuwas, ngodjengkang deui moendoer. Majit Téwala noe disampeurkeun teh, didioekkeun sina njanghoendjar lambar, ngalahoen sirahna deukeut toeoer. Beuheungna geus kalimpoetan koe noe bodas herang, njaktjlakan ti loehoer, ngalembereh kana taktakna, toeloej ngoetjoer ka handap mapaj awak Těwala noe boeligir, teu kasangsangan papakean saěwir, něpi kana medja tjai teh soep kana liang, doeka ka mana toeloejna. Saban kětjlak tjai noe ragrag ti loehoer mawa kapoer. Kapoerna tinggaleun lěbah noe katinggang, ari tjaina těroes ngotjor. Djadi sakoer noe katjlaktjlakan lila² kalampoed koe kapoer, tjara majit² noe aja di dinja. Djoemlahna majit noe geus kalampoed aja toedjoeh likoer něpi ka bapa Injosi. Oepama hidji radja marentahna digitik-ratakeun lima wělas taoen bae, eta pasetran teh geus aja opat abad lilana. Pasetran noe sedjen, salian ti těmpat radja², kawasna teu aja, da teu meunang bedja, toeroeg² sakanjaho waktoe di Koekoeana majit noe sedjen salian ti radja, boh menak boh koering, dibarawa ka leuweung, diparabkeun ka sato galak djeung ka manoek noe beuki bangke. Doeka matoeh doeka hěnteu těmpat pamitjeunan majit teh, salah koering hěnteu tatanja. Majit pradjoerit anoe mangreboe-reboe saěntas pěrang tea doeka ka mana digarotonganana, da tetela teu aja di oeroet pangpěrangan mah. Lamoen diantěp di oeroet pěrang tea, weu tada teuing maběkna, njamboeang ka mana², dajeuh Loe moal koeat ditjitjingan.
Anoe teu kaharti koe koering, naha bět goeha eta noe dipake pasetran majit para radja teh. Naha soepaja oelah aja djělěma noe wani asoep kitoe, soegan! Majit² sina naroenggoean pěpěndèman soegan.
XVII. PÉPENDÉMAN.
Sabot koering sarerea tingharoelěng, mikiran kaajaan di dinja bari měrangan kasieun, nini Gagoel teu tjitjing, tjat oenggah kana medja, toeloej ngadeukeutan majit Těwala, ngok majit teh ditjioem, siga noe trěsna kabina-bina. Tidinja kabeh dipapaj dibawa njarita, tjara noe sono, nini papanggih djeung anak-intjoena. Geus kapapaj kabeh pek siděkoe dina medja teh, pok ngadoa, beungeutna bangět měsoem, sěmoe noe nalangsa katjida, djěp repeh.
Ajeuna Gagoel," tjek koering, meudjeuhna oerang ka kamar pěpěnděman tea." Ngomong teh lalaoenan, teu wani bēdas, doeka teuing da sarerea ngomong teh teu aja noe wani tarik, malah ari padeukeut mah haharewosan. Gagoel ngageuwat toeroen, top deui kana iteukna noe ditoenda, disarandekeun kana medja.
Naha moal sieun?" omongna bari mělong ka koering.
.Toedoehkeun djalanna, ka mana?" tembal koering.
Mangga," djawabna, toeloej leumpang ongko², lēbah toekangeun majit noe gěde tea, manehna eureun, pok deui ngomong: leu kamar teh, mangga geura lěbět, ieu damarna mangga geura seungeut."
Soet damar diseungeut, braj tjaang meueusan, tapi teu ningal djalan, lian ti noe mělěwong oeroet asoep.
Ka mana djalan?" tjek koering.
Ieu ka dieu," djawab Gagoel, heuheuj seuri.
Oelah ngaheureujan, nini," tjek koering rada amběk.
Hěnteu, keur naon ngaheureujan, tingali ieuh," omongna.
Gěroet batoe noe di hareupeun teh ngadjoengdjoeng. Panto batoe teh lain leutik² batoe, loehoerna sapoeloeh kaki, roebakna lima kaki. Pang bisana ngadjoengdjoeng, tangtoe make parabot di beulah djěro, ngan koemaha-koemahana rasiah ngadjalankeunana parabot soepaja panto bisa ngadjoengdjoeng teu kanjahoan. Teu woedoe lila ngadagoan panto eureun madjoena teh. Lawang geus moeka, nadjan ěnja oge poëk měrědong, pěpěnděman intěn bakal kagoear. Masaalah, hawa doenja lain deui, ingět kana wasiat Don Silpestra, bakal djadi djělěma noe pangbeungharna di sadoenja, angěn ratoeg, saloear awak ngadak² ngadegdeg; ras deui koemaha moen ngan tjarita woengkoel aja pě- pěnděman di dinja teh, angěn beuki rosa kěkětěganana. Tje soekoe kana lebah oeroet panto, ngadoa, moegi² wasiat teh saěnjana, oelah bohong.
Gagoel nangtoeng di lawang omongna: Mangga lěbět oerang bentang, nanging dangoekeun heula pihatoerna ieu nini². Batoe² noe sarae, noe harerang itoe di goeha, asalna kenging ngali ti djěro djoerang noe ditoenggoean koe Émbah Měněng. Ti pangalian diakoetan disimpěn di dieu, doeka saha noe boga gawena, nini oge sakieu nja kakolotan hěnteu těrang. Ngan sakali-kalina aja noe bisa nintjak ka dieu, tapi teu hasil maksoedna, balik lengoh.
Di sakoeliah Koekoeana kolot-boedak pada njaho, jen di dieu aja pěpěnděman, geus mangälam-alam lawasna, dongeng toeroentoemoeroen ti karoehoen, ngan teu aja noe těrang pěrěnahna lé- bah mana, soemawontěn kana rasiah panto mah. Kalěrěsan dina hidji dintěn aja oerang koelit poetih, oerang bentang eta oge manawi, dongkap ka nagara ieu, djaman radja itoe." Gagoel noendjoek radja noe kalima. Radja ngakoena ka semah teu kintěn saena, siang-wěngi tatamoe dihormat, didama-dama. Hidji mangsa tatamoe teh ka dieu disarěngan koe awewe saoerang. Kapěndak rasiahna panto teh, braj moeka tjara ajeuna. Boes arasoep, těras batoe noe harerang teh dikoempoelkeun diwadahan kana kantong koelit ěmbe, bantoenna awewe noe ngiring, wadah sangoe. Nalika bidjil oerang bentang teh top deui hidji ngabantoen batoe herang, agěng nakěr, těras dikeupeul." Gagoel eureun njaritana.
Geus kitoe koemaha?" tjek koering. Dikoemahakeun Don Silpestra teh?"
Geuning njaho ngaranna!" omong nini² songong pisan bari měrong. Teu aja noe bisa njaritakeun koemaha-koemahana kadjadian harita eta di djěro. Kantong noe pinoeh teh kělěwěng dibabetkeun, děrěgděg loempat ka loear, noe dibawa ngan hidji, noe dikeukeupeul tea. Eta batoe ditjandak koe radja, ti harita těroes toeroen-toemoeroen djadi anggoan radja Koekoeana. Geuning koe andjeun, Makoemazan, batoena tina taar Těwala ditjandak, dipasihkeun ka Injosi."
Koering nanja bari noendjoek ka djěro: Ti harita geus aja deui noe asoep ka dinja?"
Gagoel: Teu aja. Noe oeninga kana rasiah panto ngan radja sarěng awewe pangiring tea. Satěrasna oenggal radja parantos moekakeun panto ieu, nanging teu aja noe těras lěbět, margi di dieu aja kapěrtjajaan kieu: saha² noe asoep ka goeha pěpěnděman, bakal pondok oemoer, sasasih kadoeana hos." Heuheuj seuri, mata heulangna měndělik ka koering. Rěj koering ngarasa tiis, ngalieus teu hajang neuleu beungeutna, sieun.
Mangga oerang lěbět. Oepami lěrěs omong nini, ěngke koe andjeun kapěndak koelit ěmbe teh ngagoler. Lěrěs-hěnteuna, noe lěbět ka dieu bakal pondok oemoer, koemaha ěngke boektina."
Heuheuj deui seuri, naha aja seuri matak rehe, matak koekoerajeun. Top damar, soep ka djero, kětroek² iteukna. Těroes těrang bae koering mah sieun rek noetoerkeun ka djěro teh, lain sieun koe poëk sieun koe nini², sieun goehira.
Lah, naha sieun² teuing koe nini² kitoe ěloek teh! Hiap ka dieu toetoerkeun," tjek kapten Goed. Nji Polata ngadegdeg saloear awakna, miloe sieun, ninggalkeun maneh teu loedeung. Koe kapten dikaleng tjangkengna, toeloej leumpang barěng, ditoetoerkeun koe koering djeung sir Henry.
Lēbah di noe goepit, nini Gagoel eureun, noedoehkeun batoe² noe ngagaloler, pokna: Tingali eta batoe balatak, nandakeun noe di dieu roesoeh diběrěg moesoeh, noe bisa moeka panto rasiah."
Sisi djalan kentja-katoehoe rea batoe parasagi beunang natahan pagoletak, aja noe soesoen² sababaraha toempoekan. Noe aneh aja djolang djeung parabot nembok, sakaroepa djeung noe loembrah diparake djaman ajeuna.
Polata geus teu koeat madjoe, pokna leuleus saloear awak, taja tangan pangawasa. Gek dioek dina toempoekan batoe noe handap. Moal těroes miloe tjěnah, rek ngadagoan bae di dinja. Simboetna djeung běběkělan tea koe koering sok diteundeun gigireunana. Tjek koering: Heueuh, dagoan bae di dieu bari ngareureuh, tah simboet manehna djeung běběkēlan." Mangga," walonna.
Koering tiloean těroes noetoerkeun Gagoel. Kira² meunang lima wělas lengkah mah madjoe teh ti lěbah Polata eureun, beh manggih panto kai, dioekir aloes pisan. Panto teh engab satěngah moeka, kawas oeroet noe bidjil roesoeh, teu kaboeroe atawa poho roetoepkeun panto. Dina bangbaroengna aja kantong koelit, siga pinoeh dieusi batoe laleutik. Bisa djadi moekana panto teh kadoepak kantong, waktoe dipangpengkeun koe noe mawana.
Heuheuj deui nini Gagoel, noedoehkeun kantong: Tah, naon? Lěpat sanggěm nini? Eta kantong teh eusina djabi ti intěn, botol tjai hidji. Geura mangga boeka."
Kantong teh didjoengdjoengkeun koe kapten Goed. Alah beurat. pinoeh koe intěn ieuh."
.Těroes," tjek sir Henry, kadieukeun tah damar teh nini!" Lampoe diapěng-apěng koe sir Henry, manahoreng koering teh geus aja di těngah² pěpěnděman Nabi Soelaeman tea. Eta kamar pandjangna, roebakna, loehoerna saroea pada sapoeloeh kaki, lalangitna dikělěwoengkeun, dipake paneundeunan gading, noe parandjang djeung araloes, gading pilihan woengkoel, reana moal koerang ti lima ratoes leundjeur. Taksiran gading ti dinja, noe didaměl korsi karadjaan koe Nabi Soelaeman teh. Paingan di sakoeliah djagat teu aja bangsana.
Di sisi bilik aja pěti galěde pisan, ditjet beureum.
D dinja meureun intěn teh," tjek koering, tjing damaran!"
Pek koe sir Henry didamaran. Toetoep pěti teh geus bobo, malah aja noe gorowong. Noe gorowong koe koering dikodok, dirarampa, bět lain intěn eusina. Heg ngarawoe saeutik, ari diilikan deukeut damar, bět oeang ěmas; bangoenna teu saroepa djeung doeit ajeuna; tjapna aksara Ibrani.
Ah, moal lengoh oerang balik teh. Sabraha reboe eusina ieu hidji pěti teh? Mangkaning aja dalapan wělas kabehna. Taksiran ieu doeit paranti majar koelian djeung majar harga noe dibeuli," tjek koering.
Kapten Goed: Ngan sakieu-kieuna kitoe pěpěnděman Nabi Soelaeman teh? Geuning intěn mah teu aja deui, ngan itoe wae sakantong."
Nini Gagoel: Eta di djoeroe, di noe rada poëk, palaj batoe herang mah. Aja tiloe pěti di dinja, noe doea ditoetoep keneh, noe sapěti parantos moeka."
Koering teu koeat nahan, nanjakeun koemaha noe matak manehna těngět njahona, ongkoh teu aja noe asoep deui ka dinja, sadjaba ti Don Silpestra.
Nini Gagoel: Hiiiih, koetan oerang bentang teu oeninga, sok aja djělěma noe pandjang oemoerna djeung pandjang ingětanana
Tjing damaran ka djoeroe," tjek koering.
Geuning ieu aja deui pangkeng!" tjek sir Henry.
Koering djeung hapten njampeurkeun. Ari gok, olohok matasimeuteun, běngong ningal noe roehaj, kasorotan tjahaja damar, tingärěnjaj tingboerisat. Napas ngaranděg sakědapan, barang rada lělěr, toeloej koering dongko, pek ngarawoe hajang njidikkeun, woer dipoeragkeun. Tetela, teu sak deui intěn, renghap napas koering. Toeloes oerang djadi noe pangbeunghar-beungharna di sadoenja teh," tjek koering ka kapten.
Koemaha pimawaeunana ieu," tjek sir Henry.
Damar mělědoeg haseupna, tjaangna teu sabaraha, diteundeun dina lante. Koering tiloean patangtoeng-tangtoeng, silih pělong teu bisa ngomong, tjara noe leungit pikiran, rarasaan teu poegoeh, banggreung-banggreung lain, naon da teu aja noe matak banggreung. Angěn ratoeg, pikir kaweur, rarasaan salin. Lah, doeka teuing koemaha atoeh harita teh, teu bisa njaritakeunana. Kakara koe ningal kana doenja brana djeung arta, tatjan poegoeh kapibanda, hate geus tagajoer, pikir sangsi sēlang-sěling. Pafhgan loba bedjana, noe miskin ngadak² beunghar sok nirtja kahajangna djeung lakoe lampahna, malahanan aja noe toeloej owah sapisan atawa hěg sěk, hos paeh, teu tahan njangga hawa doenja. Hate koering keur pinoeh koe pikir goreng, asa pangmoeljana, asa pangkawasana aja di doenja, da pangbeunghar-beungharna tea, teu ingět jen harita aja di goeha, teu beda djeung bangsat rek mibanda doenja barana beunang hese batoer. Heuheuj di toekangeun nini Gagoel seuri, omongna: Mangga sing warěg batoe harerang teh geura toeang, geura leueut ka dinjah."
Hihih koering seuri, kěj sir Henry, tjakakak kapten, tiloean agēr-agěran, seuri koe nini² nitah nginoem, nitah ngadahar intěn, bět asa kabina-bina.
Ingět kana kahesean, koemaha pimawaeunana oeang ěmas djeung intěn sakitoe lobana, katoeroeg-toeroeg tas seuri, raratreret pararoëk djeung rada risi koe Gagoel, bisi koemaonan tea, angěn lēlěr, pikir běněr, pangatjian asa ngoempoel. Koe Nabi Soelaeman, koe Nabi Daoed, koe Don Silpestra, koe radja² Koekoeana kakajaan pangadji mangjoeta-joeta dinar teu kaarah, boektina ngaboegbroeg bae di djěro goeha. Noe baris ngamilik djeung ribisaeun makena, diparěngkeun koering djeung kapten djělěmana.
Itoe noe doea pěti deui, geura mangga boeka, seueur eusina. Mangga taroeang sing warěg," omong nini Gagoel.
Mimitina moendoer-madjoe, rada teu wanngaroeksak tjapna, tapi didjoedjoeroeng koe nini² pok deui-pok deui nitah moeka, Lidjil. panasaran, toeloej dipaksa saakal-akal koe tiloean toeroeb pěti teh. Bělětek, korokok koplak, braj pěti teh katembong eusina, mětět intěn woengkoel. Sarerea ngarahoeh lain koe tjape ngabongkar pěti, tapi eta kaget koe eusi pěti. Hidji deui panasaran. Ditaktrak-ditoktrok, digedroeg-gědroeg toeroebna, tetela teu pinoeh eusina. Sir Henry mangkoe batoe pasagi ti lawang, gěbro ditinggangkeun kana toeroeb pěti, broh ngan sakali pisan. Geus kitoe mah gampang ngan kari njoengkal. Beh teh eusina ngan. saparapat pěti, tapi badag kabeh, meureun meunang ngahadja milihan noe baradag woengkoel, pangleutikna doea poeloeh karat, noe laloetjoe mah noe sagěde-gěde endog djapati. Ngan handjakal sawareh sinarna semoe koneng, sinar ratnatjampaka djeung sinar api. Keur djongdjon rěsěp ngilikan intěn, dititimang ampěg-ampegna, děngek-děngek ti lawang. Sarerea tjoeringhak, roeroetreret, nini² teu aja.
Beu, tjilaka!" tjek koering.
Engke oelah roesoeh," tjek sir Henry.
Kapten Goed: Sada Polata tah, gegeroan." Woer intěn tina leungeunna dikepeskeun děrěgděg kana panto.
Toeloeng! Bogěwan toeloeng!" Batoe njorosod.
Kapten Goed: Toeh, da enja Polata! Njingkah njai, njingkah!" Ngomongna bari moeroe. Gantjang ditoetoerkeun koe sir Henry djeung koering bari mawa damar. Ari tjoeng damar, gebēg teh lain meumeueusan. Tobat Pangeran, panto batoe njorosod geus handap pisan. Polata gegerelengan goelt djeung nini. Kapten loentjat moeroe, Polata ngalehleh nangkarak. Geuwat koe kapten disangkeh beuheungna. Nini ngarandang ka panto, sirahna geus montjor, tapi teu bisa těroes bidjil, panto batoe kaboeroe ngagěntjet. Korokok, rěg panto eureun něpi kana bangbaroengna, Gagoel pedjet lébah walikatna. Gagoel ngagerona ngan sakali memeh aja sora ngorokok. Ieu kadjadian teh ngan didjěro sakitjeup.
Polata: Adoeh, Bogěwan, abdi doegi ka djangdji."
Kapten: Naon njai, geulis, noe njěri."
Polata: Adoeh, Bogěwan, ieu tjangkeng sarěng beuteung d těwěk koe Gagoel. Éēh Bogěwan, abdi adjal di dieu."
Sěgroek kapten sěsěgroek, ngagalentor Nji Polata. Sir Henry rěmpih, tjipanonna rambisak, koering mah geus poegoeh deui, barang ningal gětih boerah-bareh, bitisna Polata baloboran koe gětih deui, geus těg bae dipěrgasa koe nini², dibongohan. .
Pok deui Polata: Éeëh Bogěwan, toeloes abdi balik teh ajeuna. Gagoel bidjil tadi teh, balik deui ka panto, tatanggahan ka loehoer. Mimitina teu kaharti niatna, barang panto batoe njorosod kakara kadjoedi rek ngěrěm oerang. Gagoel ngědjat ka loear, koe koering ditarik ka djěro — Polata eureun sakeudeung njaritana — dipegatan hareupeunana .... Gědjos teh peso seukeut kana
• tjangkeng ....... koering poho ........ Gagoel dirontok ......... rek direboet pesona ........ Gědjos deui leungeun kentjana nodjos. Bogěwan, Bogěwan ......... naha ieu teh pararoëk?
Kapten: Ieu njai, apan ieu teu djaoeh." Sěgroek deui mani ngagoekgoek, njoeoeh gigireun Polata, bari njěkělan leungeunna.
Polata: Bogěwan, Bogěwan, ari Makoemazan aja?"
Kapten: .A ...... a ...... ja tah deu ...... eu ...... eu ...... keut." Ieu, Polata, apan deukeut," tjek koering.
.Makoemazan. kěrěsa něpikeun ka Bogěwan, da Bogěwan mah teu pati ngartoseun kana sanggěm abdi?"
Heug. Polata, pok rek wasiat naon?"
Saoerkeun Makoemazan, ka andjeunna, abdi teh tjinta ka andjeunna anoe taja papadana. Ajeuna abdi bade adjal soeka lilah pisan, margi abdi těrang, tinimbang lara nandangan soengkawa salalawasna měnding němahan pati sakali. Makoemazan, geuning bět kieu raosna, ari djadi djalma hina. Roemaos, roemaos pisan abdi teh hina, da poegoeh kieu sipatna. Nanging Makoemazan tjinta mah hěnteu kapěgatan koe sipat laip, keukeuh měngpěng teu kenging diampeuh. Ti barang gok ningal rarajna, hate hěnteu kapalingan, andjeunna paměgět kasep, parangina manis, pasěmon djalma njaahan. Emoet waktos ditarandjang ngigěl pajoeneun andjeunna, asa kaboer pangatjian, asa nintjak asa hěnteu, tina isin sakalangkoeng, ngigěl teh asa teu eling, raraosan teu kantěnan. Barang abdi ditjěpěng koe panangan andjeunna, rěj siak saliring diri, hate soemeredet. Lah Makoemazan, meureun oeninga, raosna tjinta. Aeh, andjeun mah paměgět, moal oeninga raosna katjintaan istri ka noe djadi boeah kalboe. Ieu dina djěro hate asa aja manoek běger, disada taja reureuhna, gawena kakalajangan, nilik pang- ëunteupanana, rek eunteup inggis koe bisi, bioer deui hihiběran. Lah, Makoemazan, beurang moal ngahidji djeung peuting, tjara abdi djeung andjeunna, noe bodas sarěng noe hideung, teu oemoem bisa ngadjodo, geuning saoer Makoemazan. Titingalan tereh salin, rarasaan tereh robah, nanging ati pageuh meulit ka andjeunna. Tjarek wiwilanganana moen hiroep reboean taoen, moal loesoeh moal loentoer, tjeeh moal geseh², katjintaan ka andjeunna. Saoerkeun Makoemazan, tibēlat sarěng kabeurat hate abdi ka andjeunna teu aja keur ngabandingkeun. Ajeuna hěnteu laksana, abdi kaboedjěng koe adjal, moegi diparěngkeun ěngke di bentang patěpang. Sanadjan aja di mana, abdi moal wěleh ngiring. Adoeh• Makoemazan, gěde keneh kapanasaran abdi teh, tatjan poeas koemawoela ka andjeunna. Saoerkeun, abdi bade ngaleupaskeun nja. wa, teu aja noe dipikaemoet lian ti salira andjeunna. Toeh Makaemazan parantos reupreupan bade poëk. Saoerkeun abdi beurat ka andjeunna, sakitoe bae ěntong pandjang². Amit abdi bade wangsoel sarēng něda pangapoentěn ka sadaja anoe kahesean koe abdi. Bogěwan, parantos teu aja karaosna naon² ajeuna mah, teu aja noe njěri teu aja noe karasa, ngan ieu bae napas sěsěk, Tah kitoe tanggeuj, ambeh awas patingal panoengtoengan. Bogěwan, Bogěwan, ěmh Bogěwan."
Polata repeh, toeloej ngahandjoe ...... les njawana geus lastari.
Sěgroek deui kapten, sěsěgroek kanjěnjěrian, beungeut majit mani baseuh koe tjipanonna, sasambatna matak watir, koemapang teu repeh njēboet Polata. Koering djeung sir Henry kagagas, miloe sědih.
Barang kapten geus repeh, ngan kari sisidoeeunana, sir Henry něpak taktakna: Goed, Goed, sing ingět ieu."
Kapten: Na da ingět ieu oge."
Sir Henry: Heueuh, oerang teh oelah katoengkoel koe noe geus maot."
Kapten: Naha, naon, teu kaharti?"
Sir Henry: Oerang sarerea moal lila bakal noetoerkeun manehna. Kapan oerang teh diroeang kerepes, tah koe nini² setan."
Samemeh sir Henry njarita kitoe, ěnjaan koering mah teu ingět keur dikěrěm di djěro goeha, pikir katoengkoel koe watir ka Polata, karoenja koe kapten, kanjěnjěrian ditinggal koe kakasihna.
Ari geus kieu, koemaha ieuh!" tjek koering ngomong sorangan.
Sir Henry: Ieu damar tereh pareum, minjakna ngan saeutik deui."
Koering ngodjengkang ka panto batoe, sisina kentja-katoehoe lěbah wawatonna disasar, wěleh teu manggih nanaon. Di handap lapoer, teu aja nanaon. Gagoel ti sěmět walikat ka loehoer mani hepe kagěntjet batoe. Noe ngorokok tadi teh .......... Běněr tjeuk sir Henry moal kapanggih ti djěro paranti moeka djeung noetoepkeun panto teh, tangtoe ajana di loear. Lamoen aja di djěro mah moal ěnja Gagoel maksa bidjil ngarandang. Ririwana meureun soeka seuri neuleukeun koering kakěrěm di dinja, sina paeh langlajeuseun atawa maehan maneh lantaran aral. Meureun oerang Portěgis poerat-perotna bidjil teh sieun kaboeroe karingkěb, didjailan koe noe nganteurna.
Tjing, oerang balik deui ka goeha intěn," tjek sir Henry.
Simboet Polata ditilěpan dibawa koe kapten. Běkěl tea dibagibagi rek dimahikeun keur opat poëeun. Tidinja majit Polata diběněrkeun, sok digolerkeun di handap, ditambělaan koe batoe noe noempoek tea. Geus beres kakara ditinggalkeun, minangka dikoeboer di dinja. Panto kai noe dioekir tea ditoetoepkeun. Kapten Goed miloe ka ditoe-ka dieu teh teu ngomong², papalaweungan, ingětanana tatjan koempoel. Sigana manehna mah paeh oge di dinja atoh.
Poekoel sabaraha ieu teh, toean Koeatěrmin?" tjek sir Henry. Taboeh gěněp." djawab koering, tadi lěbět teh taboeh sawělas, djadi parantos toedjoeh djam."
Sir Henry: Oerang barangdahar heula, tamba lapar. Kade tjai, oelah dihahamboer, dipake ngoembah leungeun, bisi teu mahi."
Barangdahar oge, ah, tamba lapar teh lain bobodoan, soepaja beuteung oelah tingsalingit teuing bae.
Emh," tjek koering, kakara kaharti ajeuna nini² setan teh omongna, nitah sing seubeuh nginoem djeung ngadahar intěn ka oerang."
Sir Henry: Oerangna lalawora, kalah diseungseurikeun."
Koering ngadjawab: Lah, soemoehoen, kadoehoeng tara ti heula tea, padahal oerang teh pada těrang, Gagoel nini² djahat, naha bet hěnteu iatna. Pěrtjaja teuing kana omongna moal bohong."
Sir Henry: Eta oge hěnteu tjidra kana djangdjina mah, ngan rek bageur, moal djail hěnteu djangdji."
Koering: Soemoehoen, moen salamět tea mah manehna bisa balik ka dajeuh, moal eleh padoe. Ieu wae Infadoes arěp-arěpeun těměn, wajah kieu tatjan aja ěmboes pangintěn dina pikirna. Boa njoesoel nareangan."
Sir Henry: Wah, njoesoel ka mana. Kapan teu těrangeuntěrangeun atjan lěbah mana oerang teh. Di těrangeunana oge aja di dieu, moal bisa ngaroedjadkeun panto batoe karang teuas noe kandělna lima kaki. Pantona oge moal kapěndak-pěndak atjan. Ajeuna mah parantos boentoe lakoe, toena akal, teu aja deui kadjabi oerang pasrah soeměrah ka noe Mahakawasa, Goesti anoe. sipat Rahman Rahim. Kareaanana djelěma kaleuwihan njiar kakajaan, toengtoengna sok tjilaka, Lalakon oerang ajeuna ngan djadi panambah anoe geus tjarilaka ti heula.'
Damar melémpěm, minjakna dina botol geus saat. Gading, emas, intěn djoemlah kabeh pangadji joetaan roepia teu matak boengah. Tiloean dioek dina pěti oeang emas, pahareup-hareup teu lemek teu njarek, boedi kětjoet, pasěmon noe beak dengkak. Pěs damar pareum, reup poëk. Lěbah damar tembong noe ngělěměng beureum sagěde moentjang.
XVIII. BEAK PANGHARÉPAN.
Lěs deui noe ngělěměng beureum teh leungit. Émh, na aja poëk ratoening poëk, poëk těroes kana hate-hate. Djěmpe mani asa tarorek tina djěmpling-djěmplingna. Rarasaan, pipikiran doeka teuing teu bisa njaritakeun, ngan bisa njěboetkeun nalangsa, sědih prihatin, pendekna tamat kanjěrian hate koe bongan sorangan, kaděděměs kana intěn, ahirna diroeang kerepes. Di djěro goenoeng, diringkěb koe batoe lain bongkar-bongkareun, sina saampar samak djeung ēnggon majit, poëk mongkleng tiis djěmpling, teu aja pangharěpan kana bisa bidjil deui, pamoestoengan sagala sěpi. Bari njoeroetjoed tjipanon soeměrah raga djeung njawa ka Goesti noe Mahaagoeng, sirah rieut asa dipaseuk, lěng-lěng lieur, lěs bae teu ingět. Doeka kapaehan, doeka sare keur teu ingět teh, ari ingět deui sirah asa bareurat, beuheung njěri sabeulah. Toeloej koering ngaloengsar, njangsaja kana pěti, lěnggoet noendoetan, reup sare. Kira² těngah peuting lilir deui, těroes njaring něpi ka isoek, teu daek ngalěnjap deui, tapi ngahenen bae njaring oge hěnteu hoedang, pēureum poëk, beunta poëk saroea bae. Kaajaan batoer ti barang pěs damar, doeka teuing koemaha, da teu kadenge teu kadeuleu. Koe rarasaan geus deukeut ka isoek, ngalamoen. Doenja brana sasat noe dikeukeupan di dinja, lamoen didoeitkeun mahi keur njieun armada kapal wadja sapoeratina, armada noe panggědena, pangsampoernana. Tapi moen bisa bidjil teh moal lěbar mikeun, kop bae saha noe daek. Lamoen aja noe noekeuran koe kadaharan djeung tjai inoemeun, kop bae kabeh oge. Lamoen aja noe haat, daekeun mondokkeun oemoer, hajang geura eureun ngarasa toegěnah, oelah lila ngarasa keueung djeung lara, wani moeroehan koe kabeh pěpěnděman noe kapanggih didinja. Rada poho kana sieun, kana keueung koe ngalamoen teh. .Antekna beunang tisoesoet tidoengdoeng, beunang doeg hoeloe pět njawa, geus kapanggih tanpa goena.
Keur antěng ngalamoen, teu ingět ka batoer, ngadenge sir Henry ngagěroan kapten Goed, mani njěblak, pokna: Goed, Goed!" Hěmh," tembalna.
Kěrekan aja sabaraha siki deui?"
Engke, dalapan siki deui."
Tjing kěrekkeun hidji. poekoel sabaraha ieu teh?"
Tret hidji dikěrekkeun, dipake ngadamaran erlodji. Mimitina roetjang-ritjěng serab koe katja erlodji, ari kajoe-api ngan kari sapotong deui, kakara tetela poekoel lima. Di loear meureun padjar geus hibar, di lěmboer soekoe goenoeng meureun geus ramangº. tjarangtjang tihang. Angin isoek ngahiliwir, něbak mega noe ngaroengroem goenoeng. Teu poegoeh² ngawawaas maneh, mapantěs kaajaan di loear.
Tjing mangga oerang sasarap tamba lapar," tjek koering.
Keur naon teuing," djawab kapten, měnding ge tereh hos djeung kieu mah."
Sir Henry: Ih, satoengtoeng hiroep keneh mah oerang teh oelah wěleh ihtiar. Ari hasil-hěnteuna mah koemaha Noe Maparin."
Batoer geus am mah, nja kapten oge miloe, tapi moal boa teu pisan mirasa. Tjek sir Henry, hajang njaho gěgěroan deukeut panto, soegan bae aja djělěma noe ngadenge, noe aja di loeareun panto. Toeloej kapten njasar bilik, něpi kana panto kai, sorana bae ngarěket sada diboekakeun, soksoksrok gěsrok, soksoksrok gěsrok sora sapatoena. Gěro sorana tjěloek-tjěloek, teu njana kapten bisa ngagorowok sakitoe tarikna, tajohna boeboehan toeman di laoet tadina. Tapi onggeng-onggengan satakěr tanaga oge teu aja pedahna. Tjape gogorowokan, sadana bae nginoem, meureun toehoereun tikoro. Teu lila bět sěsěgroek, kasělang-sělang koe ngotjomong aral. Pantěsna bae tjeurikna teh deukeut majit Polata. Ari koering tjara boedak inghak-inghakan, njoeoeh kana taktak sir Henry. Énja oemoer mah koering teh saloehoereunana, tapi lěbah běběněran, katěgěran hate djeung wawanen imbang-imbanganana koering ka sir Henry saroea djeung boedak ka bapana. • Pikeun ngalelěmoe hate, koering dipangdongengkeun sababaraha tjarita, lalakon anoe sangsara, noe kakěpoeng koe balai djeung rea-rea deui noe sabangsa djeung lalakon anoe keur dilampahan; ahirna kabeh noe boga lalakon salamět, meunang pitoeloeng. Tapi dongengna kabeh nambag, teu aja noe teurak kana ati koering noe keur poëk. Dipangdongengkeun teh ngan oekoer repeh teu nginghak, repeh soteh lain lělěr koe dongeng, biasa bae kapan noe tjeurik sok repeh koe maneh teu dioepahan oge. Eureun nginghak loehlah, hoemandeuar aral. Tajohna kanjahoan mangdongengkeun hěnteu teurak, pok njarita: Sakoer noe hiroep toengtoengna paeh. Oerang oge djělěma, toeroenan noe sok paeh, nja paeh toengtoengna. Noe malarat masakat panganggeusanana paeh; noe beurat beunghar soegih moekti pasti kadatangan pati; noe bodo, noe pinter, noe hina, noe moelja, noe djahat, noe bageur, pendekna noe koemaha-koemaha oge sipating djělěma mah kabeh oge moal aja noe měgar, oemoerna aja anggeusna nja eta paeh tea. Paeh hiroep oerang aja noe moerba-wisesa. Lamoen hiroep kawasa oerang, kaběběro loslos ka dieu, ngadon diroeang kerepes, eleh koe nini² roeroentoek djělěma. Oerang moal kalědjokeun, lamoen hěnteu kagělo koe batoe, tah ieu eusi pěti. Noe matak tjek koering mah, naha make sieun paeh; totonggengan ěmboeng, geus něpi kana waktoena mah tangtoe datang adjalna. Émboeng oerang teh tangtoe dipaksana, měnding sadrah. Soegan bae ari sadrah mah rada ngeunah. Djeung bedjana ari maot langlajeuseun mah teu njěri tjěnah. Bareto ge teu niat arek hiroep asana, naha ari gets hiroep, bět ěmboeng ěnggeusan. Hajoe oerang ngadoa ka Goesti noe ngadaměl boemi alam, oerang masrahkeun diri sakoedjoer, da Andjeunna noe kagoengan."
Pek koering noeroetan ngadoa ka Goesti Allah. Wah, teu bisa hoesoe, ingětan noe teu pararoegoeh bae ranjong, nembrong². kana hate. Ngadoa rek antěng nakěr, teu kanjahoan aprak-aprakan ngalamoen. Gaoek beuteung, toeloej moerěl. Eureun bae ngadoa teh, lain ngadoa ketah ngalamoen, ngadoa mah ngan mimitina. Tjoepoe-tjapa kana běběkělan, am deui tamba peurih, rot nginoem saeutik. Keur njotjokan botol, srěk kana hate, asa aja noe asoep, djol pikiran heran koe hawa di dinja, toeloej ngomong:
Aneh ieu hawa di dieu, sakoeriling boengking boeni, tapi hawa asa běrěsih bae, padahal oerang di dieu teh sakieu lilana."
Ja, Robbi," tjek kapten — koe poëk-poëkna djeung pikiran keur mangpaoeng, kapten Goed ngadeukeutan teu kanjahoan — ěnja bae bět hēnteu kapikir. Lamoen hěnteu aja hawa bisa asoep bidjil, oerang teh geus gēmpar koe eungap, sakoerang-koerangna napas beuki lila beuki sěsěk. Tjing oerang teangan, lēbah hana aja djalan hawa."
Prak sarerea pada njasar, madjoe ngagengsor. Tjangkeul ngagengsor esod-esodan, bari tjingogo, sakapeung ngorondang, teu wani nangtoeng mah sieun laboeh. Sakitoe ati² katjida oejoepajap teh, tapi teu boeroeng bae gědoeg deui-gědoeg deui tidadalagor, sirah, sikoe, toeoer mah geus teu poegoeh bilanganana. Meunang sadjam leuwih soesoer-sasar teu papanggihan, djaba ti ngabirigidig njabak beungeut majit Polata. Beak pangharěpan kana salamět teh, dioek bae ngaloengsar sisi bilik. Sir Henry ngarahoeh, hoemandeuar. Kakara harita sir Henry hoemandeuar. Noe koesrak-kosrek keneh sorana ngan kapten.
Koeatěrmin! ka dieu," pokna, tjing ieu jeuh, lěbah dieu, karasa aja angin?"
Tjiik," tjek koering. Ih, ěnja karasa tiis ieuh."
.Tjik reungeukeun! Tah, bloek-bloek-bloek, nja?"
Ti sěmět sir Henry ngadongeng, njarita teh tiloean geus teu make anggah-oenggoeh, pada tjonggah teu asa djeung djiga.
Enja sadana, kawas kosong di handapna. Tjing eundeuk² deui, Ih, ěnja, sidik bloekbloekan. Tjing isěr, ngadjaran. Ah, sidik."
Goed:Damaran!"
Tret koe kocring idamaran koe kěrekan, noe dieundeuk-eundeuk teh dipodjok, lěbah noe njangkewok. Batoena hěnteu rapět pisan kana lante, têngah-těngahna make geulang beusi. Geulangna ditjoba ditarik-tarik, tapi pageuh.
Kapten: Tjing laan heula sakeudeung eta saboek teh, keur narik ieu."
Heh," tjek koering.
Saboek ditjorokkeun kana geulang, těroes ditarik. Rěk-rěk gě- lětoek deui batoe teh ninggang oeroetna, ditoetoerkeun koe awahan sora ngagělěndroeng.
Tjing koe koering soegan."
Oegět-oegět teu toeloej, beak manten tanagana. Ari rek ditarik koe doeaan hese, da di sompod pisan.
Kapten: Tjing Koertis, da bědas, soegan beunang."
Damaran atoeh," djawabna.
Koering djeung kapten keur tjektjok djeung doegang-doeging pili gěnti teh, sir Henry djongdjon bae dioek ngadjogo, njarande kana pěti. Geus ditjaangan kakara hoedang, njampeurkeun koe~ ring. Kěk saboek teh ditjěkěl koe doea leungeun.
Ke," tjěnah, ambeh pageuh djeung bisi pěgat koelitna, oerang beulitkeun. Bantoean narikna. Ieu ti dieu, Koeatěrmin ti kentja, Goed ti katoehoe. Hajoe! hidji-doea-tiloe!" Rrrět-rrrět, gěroeoeoet. Halik-halik-halik!" Goebrag batoe toetoep liang ngageblag. Heok angin ti handap. Tjoeng koe koering didamaran. Beh teh tangga geuning, hambal-hambalan, batoe woengkoel katembongna mah.
Koemaha ajeuna?" omong kapten.
Toeroen ka inja," djawab sir Henry, tapi ke, běkěl teh lain aja keneh djeung tjai? Tjing Koeatěrmin bawa, bisi bae pěrěloe ěngke."
Karandang koering njokot běkěl djeung botol tjai. Arek indit deui ingět kana intěn tea, ingětan teh soegan bae bisa salamět bidjil,, meureun aja gawena. Mawa sasakoe mah moal matak koemaha soegan. Kawantoe djělěma waloerat koering mah, njaho di hese ngala doeit, ngarasa kasoesahanana djělěma teu boga. Rawoe² tina pěti noe kahidji, boesboes kana sakoe měrěkis kentjakatoehoe, sakoe tjalana dieusian doeanana. Simboet Polata dibawa deui dipake ngagembol, ieu mah tina pěti noe katiloe noe baradag tea. Tjek dina hate, ah sakieu oge loba. Kapten teu kadenge-denge, taksiran keur amitan ka Nji Polata.
Para mitra!" tjek koering, naha moal marawa intěn saeutik mah? Koering mah ěnggeus njakoean ieu."
Alah, Koeatěrmin, keun bae noe kitoe mah, mawa badan oge geus riba. Keun bae ěntong karooh," tjarek sir Henry.
Gantjang boes kana liang mapaj ka handap, pangheulana sir Henry, ditoetoerkeun koe kapten, koering pangpandeurina. Ngarajap ka handap teh tjara baroedak kakara bisa ngarandang toeroen ka golodog. Sir Henry toeroenna bari milang hambalan. Barang milangna něpi ka lima wělas, toeloej eureun, heug njarita:
Geus něpi ka taneuh ieu. Aja djalan kawasna mah. Hiap bae ka dieu toetoerkeun."
Ke dagoan," tjeuk koering. Ari něpi kana taneuh tret kajoeapi, bět djalan teh matak bingoeng, noe mana noe koedoe disorang, da ka kentja aja, ka katoehoe aja. Djadi djalan noe kaloehoer teh, noe bieu diliwatan beunang disěboet simpangan. Tiloean silih tanja oge teu poegoeh, da saroea pada teu njaho, ka manå pibraseunana. Arek los ka kentja, boa djalan noe ka katoehoe noe pisalaměteun tea mah. Rek ka katoehoe nja kitoe deui, sieun noe ka kentja noe matak salamět tea mah. Tret deui koering ngěrekkeun kajoe-api, goer pěs katěbak angin ti beulah kentja.
Hiiih," tjek koering, lapoer bae hidji."
Ih, teu lapoer, malah oentoeng," omong kapten. Oerang djadi njaho datangna angin. Ka dieu bae, hajoe, oerang ka kentja, da angin ti dinja djolna, apan angin mah ti loear ka djěro, tara ti djěro ka loear."
Teu pandjang padoe, ditoeroet bae kapten teh. Leumpang ngararampa bilik torowongan, saban lengkah ditjatjapa heula koe soekoe. Kira meunang saparapat djam oetag-atog kitoe, djlog ka djalan tjagak, těroes ka noe kentja; manggih deui simpangan, těroes ngentja, kitoe bae meunang sababaraha simpangan, něpi ka toengtoeng mah hěnteu, padahal leumpang teh geus sababraha djam; karasa leungeun pareureus, njarěri; soekoe, toeoer nja kitoe. Gembolan intěn dibeubeutkeun koe amběk.
.Naon tah" tjeuk sir Henry.
Geuwat ditembalan koe koering: ,Gembolan moerag." Da sieun diwěwěleh, dinanaha, tjokot deui gembolan teh. Djeung tjeuk hate, měnding paeh beunghar, ti batan paeh malarat. Atoh nakěr barang kapten ngadjak eureun teh.
Sir Henry. Naha eureun di dieu?"
Kapten: Ieu ngeunah, djalan parapatan."
Sir Henry: Naon ngeunahna?"
Kapten: Ih, ari aja opat mah, oerang boga padjoeeun hidji sewang keur kaloeat, paeh teh moal patoempoek."
Koering mah teu pipiloeeun ngomong, gek bae dioek, soekoe dilondjorkeun, blak nangkarak, ngěděng dianggěl koe boentělan.
Sir Henry: Koeatěrmin! beh mana?"
Koering: Ieu, di dieu."
Kapten: Sada ngagoler? Hěnteu koea-kieu mah?"
Koering: Hěnteu, ngan tjape djeung njarěri toeoer. Repeh, sada tjai ngotjor tah. Tjing reungeukeun, ěnja?"
Kapten: Énja, beulah dieu sadana."
Sir Henry: Goed! Goed!"
Kapten: Ieu!"
Si Henry: Geuning geus djaoeh! Ke, dagoan! Oelah ninggalkeun."
Kětjěboerl Gěro kapten. Sir Henry: Goed! Goed! Tah mana ge ......"
Kapten: Ieu moentang kana batoe! Alah! leueur! Kade tah di sisi. Tjik tarik jeuh, hese handjat."
Geuwat diboeroe koe sir Henry, sagantjang-gantjangna di noe poëk. Salamět, kapten geus handjat, papakeanana djibrěg kabeh, dioek sisi tjai bari ngarahoeh, omongna: Lah, bis bae tikělěběk, moen teu moentang kana batoe meureun palid. Na ari kosewad, kětjēboer ka tjai. Djeung tarik deui tjaina."
Sir Henry: Keun wae, da geus salamět ajeuna mah."
Koering djeung sir Henry ngoembah leungeun, toeloej sibeungeut. Rěgot² nginoem disioekan koe leungeun, nimat pisan, keur halabhab manggih tjai tiis, mani sěmoe amis karasana. Moal salah herangna, meureun ngagěnjas moen katembong mah. Geus aso indit deui, tapi teu wani mapaj sisi tjai sieun tjilaka, balik deui ka oeroet, něpi kana simpangan, boes ka dinja sir Henry ti heula. Rada oge heran geus lila pisan kakarajapan ngararampa torowongan teu manggih simpangan.
Gědoek koering nadjong kapten: Iih, maap." Ari kapten k sir Henry ngagětroekna.
Koemaha ieu teh?" tjek koering.
Djawab sir Henry: Poegoeh boentoe djalanna. Tjing oerang rarampa deui, kentja-katoehoe ajeuna mah mapajna."
Ieu geuning rada beh handap, paingan tadi kaliwat, rada děpěk liangna," omong koering. Heug koering dongko, aboes ka noe ngolowongna. Itoe naon, siga tjaang? Tjing těmpo, ěnja tjahaja, lain?"
Sarerea pada mělong ka noe ditoedoehkeun koe koering.
Sir Henry: Oerang sampeurkeun bae ajeuna mah. Nam Koeatěrmin ti heula."
Kapten: Soegan bae ěnja tjaang ti loear."
Toeloej didjoegdjoeg bari dongko, da liangna děpěk. Noe ditintjak djeung noe dirarampa lain batoe ajeuna mah, tapi taneuh, beda srěkna djeung tadi, toeroeg² aambeuan beda djeung keur di djěro batoe karang. Liang beuki děpěk, něpi ka kapaksa koedoe ngarandang, těroes bae ngarandang oge, lah tjangkeulna mah geus teu koedoe ditjaritakeun. Djaba ti děpēk teh liang Beuki goepit, tapi těroes bae, sabab tjaang beuki tetela, aambeuan asa beuki sěgěr. Geus teu bisa ngarandang, ngadapang ngalangsoed. Toengtoengna blos bidjil saoerang-saoerang, darioek di hareupeun liang dina djoekoet baseuh koe iboen. Bentang baranang di langit, teu pati bengras tingkarětipna geus rek kalindih koe tjahaja beurang, da isoek² harita, satěngah gěněp.
Alah, sěblak, renghap teh koe soeka, barang hol sirah nonghol tina liang, ningal bentang baranang di langit, toeloej ngagorowok teu diniatan: Salamět! salamět! salamět!"
Lila koering moedji soekoer ka noe Agoeng, noe sipat Rahman djeung Rahim. Moedji hěnteu kědal kana biwir, da rek ngomong teu bisa pok, piomongeun ngagarěndok dina tikaro. Batoer noe doeaan nja kitoe. Koering geus beunta, sir Henry mah peureum keneh.
Teu lila poentjak goenoeng tembong kapojonan, těgěs silih deu- Ieu beungeut, masa aloh, roeroepaan teu poegoeh bangoen, beungeut kanjos djeung pias, panon djarěro tjarēlong, koemis djembros, pipi djambrong, boeoek gimbal pinoeh koe kokotor. Lah, papakean mah geus teu poegoeh roepa. Meh doea poë doea peuing oeběk-oeběkan di djěro goenoeng teh, asoep poekoel sawělas beurang, bidjil deui satěngah gěnēp isoek² kaheuleutan doea peuting. Njaho beurang njaho peuting soteh koe erlodji, da poëkna mah saroea beurang djeung peuting teh. Tilge poeloeh lima djam hiroep tjara noe lolong, tjoepoe-tjapa, oejoep-ajap, oetag-atog, sagala-dirarampa, diambeuan. Mangöejoehankeun ka noe lolong, asal beunta, bisa hiroep lila, hěnteu aral nandangan sangsara doenja. Koemaha teuing pirasaeunana saěnděng-ěnděng poëk mongkleng. Ngasaan doea peuting sapoë teh, tobat teu hajang doea kali.
Poë beuki beurang beuki tjaang, koering ěnggeus kapojanan. Rarat-reret lamping sakoeriling boengking. Barang awas ka noe ngabělěgěděg tiloe di kadjaoehan di loehoer gawir, teu samar jen koering aja di dasar djoerang tambang intěn tea. Tina geus lila teuing dioek djoeng nangtoeng, adoeh rarěngkěngna, toelang² sandi njarēri, tjangkeng asa potong, leungeun pareurih lain di kieuna. Tingdjaligroeg leumpang lalaoenan, mapaj sisi gawir, geus bala koe toetoewoehan laleutik djeung djoedjoekoetan, gawirna nja kitoe, malah make aja tatangkalanana. Lěbah noe kaoentoep beunang dioenggahan, ngarajap ka loehoer. Leuwih sadjam ngarajap dina gawir oenggah ka loehoer. Něpi teh ka loehoer blang bae alam doenja asa lěga deui, asa djadi djělěma deui, sampoerna kasalamětan teh. Infadoes djeung sabatoerna geus tembong, piroenan seuneuna ngarěboel keneh. Barang geus deukeut, kiraa saratoes metěr deui ka manehna, digěroan koe koering: Infadoesl Infadoes! ieu sobat daratang!"
Infadoes tjoeringhak, ngagěro bari oendoer-oendoeran, panonna molotot měrong. děrěgděg loempat moeroe, gabroeg kana toeoer sir Henry: Adoeh, Gamparan teu njana teuing! Jaktos ieu teh Ingkoeboe?"
Na saha atoeh," djawab sir Henry.
Infadoes rambisak tjipanonan bawaning soeka, ngabageakeun koering tiloean.
XIX. PATOERAJ DJEUNG INJOSI.
Sanggeus ngaso doea poë-doea peuting di pangrěrěban ririoengan djeung Infadoes, koering tiloean katarik koe panasaran toeroen deui kana djoerang tea, rek njidikkeun liang oeroet bidjil. Tapi lapoer teu kapanggih, sabab liang teh manahoreng loba, oeroet bidjil poho deui, pahili djeung noe sedjen. Ari tapak geus leungit kahoedjanan, da sabot di dinja doea peutinganana hoedjan. Rek asoep deui ka djěro tina salah sahidji liang, taja pětana, sir Henry teu niateun; koering sieun sasab, héug wae teu bisa bidjil deui: kapten Goed teu poeroeneun. Diteangan soteh liang oeroet bidjil tea, lain arek asoep deui ka djěro, ngan rek ditjirian, keur pangelingngeling. Geus teu kapanggih mah, balik deui bae ka loehoer. mapaj deui gawir. Di hareupeun artja badami, rek neangan rasiahna panto batoe ti pasetran ka ěnggon intěn tea. Gantjangna sadia damar, boes deui tiloean ka noe mělěwong toekangeun artja. Něpi ka lěbah medja batoe tea teu wěleh poepoeringkakan. Hantěm dioeběk gěmět pisan, bilik batoe disasar, ditoktrokan, di handap digěbrigan, ditendjragan, tapi wěleh teu kapanggih kontjina rasiah. Barěng djeung adjalna Gagoel panto noetoep meureunan něpi ka djaga, něpi ka kiamah moal aja noe bisa moeka, Doeka soegan, lamoen eta goenoeng dirěmpoekeun koe dinamit, kakara doenja brana noe di dinja karawat koe djě- lěma. Toengtoengna bosěn lila² di goeha, baridjil deui bae ka loear. Isoekna boedal, moelang ka dajeuh. Beubeunangan ti djěro goeha teh ngan bawa koefing tea bae, kitoe ge loba soedana, tajohna maroeragan di djalan sabot dongko, sabot ngarandang. njiriktjlikan tina sakoe, tina boentělan. Sesana aja tiloe poeloeh hidji noe barodagna, beuratna moal koerang ti 200 karat, noe laleutikna mah teu dibilang, leukleuk. Eta intěn noe sakitoe, oepama didoeitkeun matak beunghar, nadjan teu djadi meleoner oge, ari kaasoep golongan noe beunghar mah tangtoe.
Waas ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, maroedoen ti Goenoeng Tiloe, tas ngagoear pěpěnděman. Sanadjan koering tiloean salamět, tapi hěnteu soeka gěrah, ngan boengah djěroning ati, ngoetjap soekoer ka Pangeran. Tandoe Gagoel balik kosong; toean kapten lieuk deui-lieuk deui tibělat koe noe geus nilar, tinggaleun di djěro goeha. dipěrgasa nini Gagoel. Boeoek-boeoek tjětoek dawoek, robahna dadaksakala, koe lalakon doea peuting mopoëk di djěro liang.
Barang něpi ka sisi dajeuh, njampak Injosi mapagkeun, diiring para gěgěden. Sabot ditinggalkeun njaba sapoeloeh poë teh Injosi teu tjitjing, gawena magělaran, ngatoer² nagara djeung měpěk deui pradjoerit, lantaran wadybala Koekoeana loba rontjongna koe pěrang tea. Nja kěsit Injosi digawena, ti saděg djadi radja teu aja poë noe kapitjeun. Tapakna katjiri, nagara mingkin beres, noe poegoeh mah dajeuhna tambah rarěsik.
Di karaton koering ditanggap tjarita, lalakon ka goeha. Injosi sarěgěp pisan ngabandoenganana. Dina lěbah Gagoel ditjaritakeun maot, Injosi ngahoelěng sakeudeung.
Tjing Indoena sěpoeh ka dieu," basana — Indoena teh menak agoeng di Koekoeana — Andjeun parantos sěpoeh, manawi oeninga hal nini doekoen."
Bo, Goesti, abdi dalěm teh dilahirkeun sadintěn reudjeung sarěng ejang soewargi." Injosi: Tah, meureun oeninga keur anom ka nini Gagoel."
Goesti, těrang mah těrang abdi dalěm ka eta nini²."
Injosi: Koemaha, ngora tjara mamang?"
Indoena: Anoemawi Goesti, ti saemoet parantos kitoe roepina, teu bentěn sarěng ajeuna. Malah sanggěm poen aki djěnatna, roepina parantos kitoe, kēlang kantoen toelang sarěng koelit, boeoekna tjěrěwing. Djaman poen aki tjarang² bae mah aja keneh boeoekan tjariosna, hěnteu sapěrtos đjeuna doegoel pisan. Ti baheula kasohor dipikarisi, dipikasieun, wireh seueur pangaweroehna, soemoehoen dawoeh."
Injosi: Teu aja ajeuna mah, parantos paeh."
Indoena: Salamět Goesti, nagara teh teu aja eta mah."
Injosi: Parantos mamang, naroskeun sakitoe bae.'
Indoena: Tigas dawoeh, amit moendoer."
Injosi: Mangga." Malik ka koering njaritana. Tah, kadarangoe koe sadaja kitoe papajan eta nini² teh. Oentoeng oerang salamět, ti ajeuna ka pajoen moal aja deui toekang goehira. Mangga ladjěngkeun deui tjarios."
Koering noeloejkeun tjarita něpi ka tamatna bidjil tina liang tea. Beubeunangan tina goeha ditembongkeun, malah ditawarkeun bisi Injosi kabitaeun, tapi teu daekeun njokot saese-ese atjan. Tidinja boebaran, koering toeloej ka patamon.
Sabot aja di Loe sěnang-sěnang bae, gawe teh ngan ngawangkong djeung lantrak-lintrik, dahar leueut disoewoek něpi ka lintoeh. Děmi kapten Goed saěnggeusna ditinggalkeun maot koe Nji Po lata, robah adatna, djadi loenggoeh, kagěrahna leungit samasakali, seurina tara njakakak. Lamoen manggih pikaseurieun, ngan oekoer imoet. Bongoh ti båtoer, sok ngalangeu kawas noe djaoeh panineungan.
Ngadago-dago soegan aja bedja, laratan adi sir Henry tea, teu aja bae, koering amitan ka Injosi, hajang moelang deui ka Doerban.
Di dieu geus lila, kang poetra," tjek koering, ajeuna tjoendoek ka woekoe, ninggang mangsana, oerang teh koedoe patoeraj. Moega³ noe di dieu sing toeloej-toemoeloej pinaringan rahmat salamět, nagara kěrta rahardja. Koe kahajang ěmang isoekan soeboeha mangkat teh, něda didjadjapkeun koe pradjoerit saaleutan mah."
Raj Injosi pias, toeloej ngěloek meungpeun koe leungeun doeanana, meunang sadjongdjongan. Koering tiloean repeh. Njah tjěngkat, toeloej ngadjawab: Adoeh Ama, bangět poetra nja nalangsa, ngoeping kasaoeran Ama kitoe. Na koe naon bět tega bade ngantoenkeun. Naon kalěpatan ka salira, Ingkoeboe, Makoemazan sarěng Bogěwan. Waktos hoeroe-hara pěrang dibelaan, ari ajeuna parantos ngahěnang-ngahěning, naha bět bade dikantoen. Naha hojong naon? Höjong kagoengan istri? Mangga geura milih sakahojong, tinangtos diajoenkeun. Hojong kagoengan bandjar karang, mangga geura milih, lēbah mana noe kamanah. Hojong boemi, kantoen miwarang, bahan aja, rahajat aja. Hojong ingon², sakoemaha pamoendoet ditedoenanBoeboeronan? Sanes seueur gadjah, oentjal koemělěndang di leuweung djadjahan Koekoeana? Oepami bale pěrang, wadyabala sajagi, kantoen ngahajoekeun. Mangga sadaja-daja njanggakeun."
lnjosi," djawab koering, lain eta noe diharěp, ama hěnteu hajang noe kitoe, ngan hajang moelang ka bale geusan ngadjadi."
Kahartos ajeuna mah," walon Injosi, geuning bět langkoeng asih kana batoe herang ti batan ka mitra. Batoe noe harerang parantos kenging, ladjěng hojong moelih ka Natal sarěng těras balajar. Oepami eta batoe parantos digingsirkeun, tangtos Ama djadi soegih. Kitoe manawi kahojong teh, sapěrtos oerang koelit poetih noe sanes bae teu bentěn. Moega² eta batoe noe harerang dieung sakoer noe nareanganana disapa oelah djamoega. Ti sě- met ajeuna ka hareup, saha noe wani loemanto ka goeha posetran, oelah sambat kaniaja ............ pěgat njawana. Sakitoe sanggěm poetra. Ari parantos teu kenging dipoentangan mah, hěnteu bade mapalangan. Bade maroelih ngantoen para mitra noe di dieu, soe mangga."
Leungeunna koe koering ditjěkěl sarta diwalon:
Injosi, oelah arek salah paham. Kieu geura rěgěpkeun. Bareto teh waktoe datang ka dieu, hiděp teh hina laip, da sipatna djadi boedjang, ari ajeuna rek ditinggalkeun teh geus djadi radja, moelja toer kawasa. Teu matak kaměmělangan ditinggalkeun oge, sagala salieuk beh. Lamoen boga pikir rek moelang tarima, lampahkeun djangdji tea, djadi radja koedoe adil, pageuh njěkěl kětjap, těgěsna tigin kana djangdji djeung sing njaah ka njawa djělěma, Sing ingět deui Injosi, waktoe hiděp ngantjlang di nagara deungeun, tjampoer djeung roepa² bangsa, geuning hate teu wěleh ngait hajang moelang ka lěmah tjai asal, oeroet oelin djaman keur boedak. Ama oge moal bina, da oerang pada djělěma. Djeung deui hiděp ge njaho, ieu ngalalakon teh aja noe disoesoel-soesoel, diteangan. Marga eta moega hiděp oelah leutik hate, pedah arek ditinggalkeun djeung oelah boga pikir teungteuingeun, lantaran lalakon ama tjan toetoeg."
Lěrés pisan, saoer Ama Makoemazan teu aja lěpatna. Lir oepami noe hiběr di awang², moal ěnja napak lěmah. Bangsa koelit poetih moal rěsěp, moal soegěma tjampoer gaoel sarěng bangsa djělěma hideung, boemen² di kampoengna. Ajeuna bade maksa arangkat ngantoen, teu tiasa moentangan, moeng bati nalangsa, hate asa karareueung, margi tangtos ěngke ka pajoen moal ngoeping wartos-wartosna atjan, sami bae sarěng dikantoen poepoes. Margi eta moegi kěrsa ngadangoekeun ieu pihatoer sarěng. kěrsá něpikeun ka para saderek Ama.
Kahidji. Ti sěmět ajeuna ka pajoen teu kenging aja djělěma Łodas asoep ka nagara Koekoeana. Oepami aja noe maksa asoep, tangtos dipaksa dioesir. Toeang poetra teu rěsěp ka soedagar noe mawa bědil sarěng inoeman kěras. Pradjoerit di dieu pakarangna tjoekoep koe toembak tjara karoehoenna, nginoemna tjai. Toeang poetra teu rěsěp ka djělěma noe sok ngadoa mawa binih djědjěrih. Oerang dieu noe wani ngalanggar larangan, moal diantěp, tangtos diragragan hoekoeman.
Kadoea. Dilarang djělěma neangan batoe noe harerang. Oeami aja noe koemawani, tangtos digěmpoer nadjan sabaraha seueurna oge, goehana disina rěmpoe, liang² direumpeukan, soemoerna dioeroegan. Ieu arangan sami bae keur semah, keur oerang priboemi. Moeng sakantja Ama tiloean di dieu teu aja larangan.
Katiloe. Bade diembarkeun ka soeklakna ka sikloekna, djě- djěněngan noe tiloe, nja eta Ingkoeboe, Makoemazan sarěng Bogěwan bade digěntos koe Kělopa, disamikeun sarěng radja² noe parantos poepoes. Sahaº noe wantoen njebat² djěněngan noe tiloe baris dihoekoem pati. Ieu teh minangka pangeling-ngeling.
Samemeh tjipanon bidjil sapěrtos ti sotja istri, mangga geura djalěngkar. Moegi wiloedjěng sapapaosna. Anoe bakal ngiring, njarēngan teu aja noe kapěrtjantěn, kadjabi ieu poen paman, mang Infadoes, mangkoeboemi di dieu, diiring koe pradjoerit saaleutan. Sarěng entong ngalangkoeng djalan kapoengkoer, noe kasorang koe oerang tea, tarahal teuing, aja deui djalan noe sanes, hěnteu sakoemaha waloeratna. Ieu mang Infadoes těrangeun.
Éngke oepami parantos tamat lalakon, tjalik sěnang2 di boomi, meureun emoet kana waktos oerang pěrang tjampoeh měrangan ratoe dolim.
Wiloedjěng djěngkar, Ingkoeboe, Makoemazan, Bogěwan. Hatoer sewoe kawiloedjěngan keur sapapaosna, margi oerang teh moal patěpang deui. Ieu dintēn panoengtoengan oerang patingali raraj."
Djoeng Injosi nangtoeng, toeloej mělong ka sarerea, roep meungpeun, basana: Mangga geura arangkat, lah teu kiat ningal."
Pok deui koering tiloean amitan: Amit, Injosi, Radja Koekoeana noe kawasa, didoakeun moega² ginandjar kasalamětan sapapandjangna." Toeloej indit balik ka patamon. Sadatang-datang beberes.
Poë isoekna wantji djanari bring koering indit, dibarěngan koe Infadoes, sobat mědok, diiring koe barisan si Megaměndoeng. Sakitoe peuting keneh, djaoeh kana beurang, tapi sapandjang djalan geus nojek djělěma awewe-lalaki, malah bedjana lolobana mah sapeupeuting djelěma teh teu sarare, sieun tinggaleun laladjo anoe rek moelang. Saban liwat lalaki ngahormat tjara ka radja. ari awewena ngadaroakeun soepaja salamět. Djalan noe kasorang ti boeroean keneh něpi ka watěs dajeuh tjara diampar koe kě- kěmbangan. Ieu teh pagawean awewe. Sigana njieunna pěta kitoe estoe bidjil tina ati wěning, lain gawe pangalapan, da roemasana geus didjait tina balai, awewe teu meunang dipaehan, didjieun wadal. Dihěnteu-hěnteu oge pikir ngangres sadjeroning leumpang teh, katjida kasoeatna mah eta koe djalan diawoeran kěmbang. nariatña awewe sorangan, teu aja noe marentah, teu aja noe ngabadamian.
Barang něpi ka toengtoeng dajeuh, manggih pikaseurieun, ngeunah nakēr. Torodjol landjang geulis, keur meudjeuhna, kira oemoer toedjoeh wělas dalapan wělas taoen kitoe, loempat njampeurkeun, sok ngabaktikeun kěmbang bakoeng sakeupeulan ka kapten Goed, sarta aja pamentana.
Hajang naon?" tjek kapten. Gamparan," omong nji landjang, abdi teh lalakon opat dintēn ti lěmboer, ngahadja dongkap ka dieu, hajang ningal sampean gamparan. Tjing sing hawatos, abdi panasaran, paparin ningal, soepados engke tiasa njarioskeun ka anak-intjoe.' Alah, masing rek dihoekoem gantoeng oge moal," tembal kap-
ten. Sir Henry: Ih, oelah kitoe Goed, karoenja."
Kapten: Ah, ěmboeng! Naon, teu poepoegoeh, era."
Tapi kalah koe pada ngeukeuhan, toengtoengna noeroet. Goeriwěl-goeriwěl tjalana digelengkeun něpi kana toeoer. Gěr awewe sakoer noe marěgat sisi djalan rame saloesoerakan, komo nji landjang tea mah mani adjret-adjretan bawaning soeka. Něpi ka loear dajeuh, sapandjang loba keneh djělěma noe marěgat mah sisi djalan, kapten bitisna djadi tongtonan.
Geus djaoeh ti dajeuh mimiti tiiseun. Infadoes njarita bari leumpang, njaritakeun djaba ti djalan Nabi Soelaeman teh, aja deui djalan gěde noe těroes ka goenoeng, brasna ka těgal siawat-awat tea, tapi samemeh něpi ka dinja ngaliwat heula tanah lendo, rea tjai, soeboer toetoewoehanana. Sawatara taoen ka toekang — tjek Infadoes — aja toekang moro rek ngalasan manoek naam. Morona kadalon-dalon, aprak-aprakan ka sagara keusik, andjog ka tanah noe soeboer toetoewoehanana tea. Ajeuna koering didjadjapkeun teh rek ditoedoehkeun ka dinja.
Dina peuting kaopat něpi ka poentjak goenoeng, watěs nagara Koekoeana. Isoekna isoek² geus něpi ka sisi gawir. Ti lěbah dinja kira² doea poeloeh lima mel kalereun poentjak Goenoeng Sjeba, noe kaliwat bareto, ngěmplong ka sagara keusik tea beulah kalerna. Infadoes njampeurkeun, pok ngomong bari doemareuda: Moeng dongkap, ka dieu tiasa djadjap teh." Toeloej koering andoem salam. Karasa beuratna rek patoeraj djeung sobat dalit. Kapten Goed mere tasma ka Infadoes, tanda pangeling-ngeling. Rap harita keneh dipake, tina atoh boga tanda-mata ti sobat.
Sanggeus barisan si Megaměndoeng mere hormat, koering tiloean sili gěnti tatabean djeung Infadoes, toeloej moedoen ninggalkeun noe ngadjadjapkeun. Ari poedoenanana, lah lain poedoenan heuheureujan, gawir loengkawing, tjadas teuas garoerawes. Toeroen teh ngarajap njanghareup ka tonggoh, soepaja leungeun bisa moentang djeung oelah lěwang ningal ka lěbak.
Dimana eureun kakara njanghareup ka lěbak, soekoe tingsereset paoer, ningal batoer noe ti heula toeroen; ari sorosod soekoena lěnjap hate, da eta siga noe rek koleang ka lěbak, pantěsna gě- djret, rěmoek pisan. Tapi salamět sarerea, teu aja kitoe-kieu. Wantji sareupna geus aja di noe datar. Ari direret oeroet moedoen, ngadingding gawir loengkawing, djalan teh nandjeur sě- sělěke kana tjadas hiroep.
Soegan moal aja deui di alam doenja mah ěnggon bahja tjara di Koekoeana," omong sir Henry.
Ah, doeka teuing," tembal kapten, da eta moen balik deui teh ka itoe, daek."
Toeloejna biasa bae ngawangkong, pada njaritakeun rarasaan. Njarita teh ngarioeng doeroekan, bari sidoeroe. Timbangan koering mah sagala oge aja hikmatna, oenggalª tjotjoba aja goenana. Tapi sanadjan koering geus kolot, geus minděng ngarandapan pakewoeh, ari ras kana waktoe pěrang geus di lingkoeng koe meesoeh djeung basa dikěrěm di djěro goeha mah, teu wěleh bibirigidigan.
Isoekna toeloej deui, mimiti ngambah těgal keusik, tapi teu matak salěmpang, da aja toedoeh djalan, tjai sadia mawa loba. Poë katiloena geus něpi ka tanah noe soeboer tea, waktoe reupreupan teh geus deukeut ka sisi tjai, sora waloengan tetela kadenge ngotjorna.
XX. AMPROK.
Biasana noe sok disěboet adjaib teh sakoer² noe teu kaharti atawa noe teu dinjanaan, bět kadjadian.
Koering leumpang miheulaan batoer, toeloej mapaj sisi waloengan madjoe ka hilir. Lěbah noe tanahna keusik, waloengan teh boentoe, teu aja toeloejna, doeka kadal-mětěng soegan. Koering nangtoeng bari larak-lirik, teu aja naon², toeloej ngoeriling ngawas² ka noe djaoeh. Teu sakoemaha djaoehna ti koering siga aja pondok, kahalangan koe tatangkalan. Pek ditěgěs-těgěs, tetela pondok aja pantoan. Énja imah kitoe?" omong koering dina hate.
Kaběněran braj pantona moeka, djol aja noe bidjil, koemisna hideung djalatreng, badjoena koelit ěmbe sigana, toeloej leumpang teu djědjěg, soekoena djingkroeng sabeulah. Heg ngoesap beungeut, njamahan maneh, bisi deudeuleuan woengkoel, da moestail aja paboeroe boeboeara di noe hara-haraeun. Keur ngawas-ngawas, sir Henry djeung Goed njampeurkeun.
Tjek koering: Tjing itoe awaskeun, ěnja djělěma atawa ngan deudeuleuan koering bae?"
Toeloej koe noe doeaan ditěgěs-těgěs. Gěro noe boga pondok teh djeung toeloej loempat maksoedna mah, djigroeg-djigroeg broe ngačjolor pisan. Ngan sadjelat sir Henry moeroe, rek noeloengan noe laboeh. Ari gok gěro sir Henry: Ja Allah! ieu geuning doeloer aing!" Toeloej digoeloeng, ditjeungtjeurikan.
Koering djeung Goed hěnteu tjahoeleun, gantjang njampeurkeun. Tajohna kaget aja noe ngagěro, torodjol aja deui noe bidjil ti pondok, mawa bědil loempat moeroe. Srog ka hareupeun koering, gěro deui manehna teh: Ieung! Makoemazan! lali deui ka abdi, Jim tea." Ngomongna bari tjeurik ngarawoe kana soekoe. Roemaos abdi gadoeh dosa. Kapoengkoer sěrat pasihan teh itjal. doeka lěbah mana moeragna, atoeh hěnteu kasanggakeun ka doenoengan, malah hěnteu njanggěm² atjan, dititipan sěrat."
Djawab koering: Bagea Jim, soekoer kapanggih tjageur. Keun bae soerat mah, da doenoengan maneh geus kapanggih."
Katjaritakeun noe laboeh kalěngěr, noe digoeloeng koe sir Henry, geus patangtoeng-tangtoeng tas silih rangkoel.
Omong sir Henry: Alah Djorěs! panjana teh maneh geus paeh. Akang teh něpi ka ngaliwat itoe toeh, Goenoeng Soelaeman, maloeroeh maneh, tapi wěleh teu manggih bedja² atjan. Na teu njana teuing. baris kapanggih di dieu, di ěnggon noe hara-haraeun, djaoeh ka dieu-djaoeh ka dieu."
Maksoed mah koering oge rek ka ditoe, rek nandjak ngaliwat eta, gěgěr pagoenoengan Sjeba, ngan orokaja soekoe tjilaka. Atoeh teu bisa, balik pon nja kitoe, nja tjitjing bae di dieu, geus meh doea taoen, kadoea "si Jim."
Koering ngadeukeutan bari mere salam: Hatoeran toean Nipella. Emoet keneh ka koering?"
Aeh, soemoehoen. Sanes toean Koeatěrmin ieu teh? Jaktos, paninggaran noe kasohor tea. Aaeh. etah toean Goed sigana. jaktos? Ke, naha ieuh lieur. Alah, tadina mah asa djadi djělěma noenggělis hiroep di alam doenja teh. Teu njana teuing ajeuna pinanggih bagdja." Gabroeg ngarontok sir Henry, tjeurik sěsě- groek kana dada sir Henry.
Peuting harita ngarěrěb di pondok, batoer-batoer di loear mariroen seuneu. Něpi ka liwat těngah peuting ngarioeng sosonoan. Djorěs. Koertis njaritakeun lalampahanana. Kieu ringkěsna: Kira² doea taoen ka toekang manehna indit ti Sitanda rek ka Goenoeng Soelaeman. Pěrkara soerat ti koering teu kasabit-sabit, da kakara njahoëun harita. Manehna teu koengsi ngaliwat pagoenoengan Sjeba, panoedoehan oerang Sitanda koedoe těroes bae ngaler, nja datang ka lěbah dinja. Keur dioek di sisi waloengan noe tadi tea, ngadagoan si Jim ngala madoe teu kanjahoan aja batoe seukeut ngagolosor tina gawir, njabět kana soekoena noe katoehoe. La moen něnggěl ngagoeloetoekna, meureun boeboek soekoena. Oentoeng ieu mah ngan oekoer raheut. tapi raheutna pohara. Eta teh kakara ngěnděk sapeuting di dinja, toeloej meunang tjilaka teh. Koe lantaran teu koeat loenta djaoeh, da toeloej tjatjad djadi pintjang geus tjageur oge, njaoeng² njieun pondok. Dahareun mah teu kakoerangan, da si Jim bisa moro. Papakeanana beak, diganti koe koelit.
Tah kitoe," tjek noe ngadongeng, geus meh doea taoen něpi ka ajeuna, njaoeng² di dieu noeroetan Robinson djeung si Djoemaah. Raj beurang, reup peuting ngarěp² soegan aja oerang lěmboer, noe loemanto ka dieu loepoet. Kamari mah tetekadan rek nitah si Jim ka Sitanda, menta toeloeng; isoekan piinditeunana. Ieu teh lahlahan, da biheung něpi biheung moal si Jim ka Sitanda, didjoeroengkeun soteh koe tina bangět teu bětah aja di dieu, teu aja gawe, hiroep diparaban si Jim. Tajohna těroes rasa, tara² ti sasari sareupna hajang bidjil ti pondok. Émh, Henry, roemasa bae disěboet goreng pikir oge, tjek tadi: meureun akang keur ngeunah² bae di nagara ngatjak ngěboer, ngaladjoer napsoe, naon, da sagala aja, salieuk beh, moal aja kahajang anoe hěnteu kasorang, ari seug doeloer nja tjatjad nja kasangsara, sasat kasingsal ti alam doenja. Koe sabab eta beak² menta dihampoera. Reboe² noehoen ka Robboelälamin diparěng ditěpoengkeun deui djeung doeloer."
Toetoep Djorěs njarita, ditema koe sir Henry. Mimitina ngoepahan djeung pěrkara noe ěnggeus² njarek dipikir deui, boeroek² papan djati. djeung doeloer mah euweuh oeroetna. Geus kitoe njaritakeun lalakon koering tiloean gěmět něpi ka amprok harita.
Keur boekti koering nembongkeun intěn noe baradag.
Djaba ti doeloer kapanggih teh, meunang bagdja deui, gěde boeroehna," omong Djorěs.
Sir Henry seuri: Hih, eta mah beubeunangan Koeatěrmin djeung Goed, akang mah teu beubeunangan. Koe salamět badan oge geus atoh. Djeung bareto waktoe rek indit geus njieun pěrdjaagdjian, akang moal karooh koe beubeunangan salila ngalalana, gěde-leutik milik noe doeaan."
Geus rineh koering njarita, intěn teh milik sarerea, nja eta koering tiloean, djadi rek dibagi rata bae, ditiloekeun. Lamoen sir Henry teu narima, bageanana rek dißerenkeun ka Djorěs, da ieu oge miloe hese tjape, malah něpi ka meunang tjilaka, toeroeg² Djorěs lantaranana pang meunang intěn teh. Koe sarerea karěmpoegan. Geus toendoeh doeg sarare.
Lalampahan ti pondok Djorěs něpi ka Sitanda ngaliwat těgal si awat-awat tea, teu pěrloe ditjaritakeun, da nja tjara basa keur madjoe tea bae ripoehna teh, komo ajeuna leumpang teu bisa gantjang, ma'loem barěng djeung noe ripoeh. Soekoe Djorěs teh tatjan tjageur pisan, pek dibawa leumpang sakitoe djaoehna, atoeh kantjeuh, bareuh deui. Tapi ka Sitanda teu boeroeng něpi. Kasampak toetoendaan aja, euweuh noe tjotjeng. Kawasna noe dititah noenggoean teu pati atoh, koering datang deui teh, teu toeloes meunang warisan.
Heuleut gěněp boelan ti waktoe indit ti Sitanda koering geus datang ka Berea, lěmboer deukeut Doerban. Koering toeloej andoem salam djeung sarerea, sabab koering toeloej matoeh di Berea.
Barang ieu karangan koe koering geus rek ditoetoep, di handapna rek noelis tamat, djol aja noe mawa soerat ti pos. Tjek dina hate moal salah soerat ti sir Henry. Ari breh tjapna rimbil sababaraha hidji, tetela ti sir Henry, ditanggalan 1 October 1884.
Eusina soerat: njaritakeun njoesoel soerat noe ti heula, ngabedjakeun salamět geus něpi ka Inggris. Ti kapal toeroen di palaboean Southemton. Ti palaboean těroes bae moeroe ka imah, teu barasimpangan heula. Isoekna kapten Goed geus kasep deui. koemis, godeg djeung djanggot běrěsih dikoeroed. Pasosore pě- lěsir ka taman, proekprok djeung sobat², kawawoehan, kabeh pada ngabageakeun, misono.
Bitis Goed didongengkeun ka sobat-sobatna koe sir Henry.
Barang dongeng bitis aja dina soerat kabar, kapten amběk-amběkan, keuheuleun ka noe ngasoepkeunana.
Ari intén geus dibawa ka soedagar gěde, soepaja dipangmilihkeun djeung dipangnaksirkeun. Anoe aloes katjida sorotna aja doea noe galēde, tjěnah saroea djeung intěn Brasili. Panganggoeran eta intěn teh kabeh ditawarkeun, ki soedagar kageteun, lantaran kakara aja noe rek ngadjoeal intěn sakitoe lobana, basana saha noe pimeulieunana, pangadji joetaan. Hadena tjěnah didjoealna koedoe ditoengtoet bae dina sataoen sawareh. Eta soedagar oge nawar pangådji saratoes dalapan poeloeh reboe oekon. Saeutik nakěr noe ditawar sakitoe teh.
Děmi koering koedoe balik ka Inggris, pěrloena tjěnah doemeh Djorěs geus didjangdjian, rek dibere sapěrtiloe bagian tina intěn tea, dina ngabagikeunana koedoe djonghok tiloeanana.
Kapten Goed saban poë gawena ngan ngasep, ngaginding djeung pělěsir ka těmpat² noe sirna. Sok radjeun digondjak, soegan geus niat rimbitan. Djawabna tjan manggih noe tjara Polata mah něpi ka kiamah oge, moal boga pamadjikan. Madjarkeun teh něpi ka ajeuna tatjan manggih deui awewe, anoe katěgěpanana mapakan Polata, potonganana, patoetna, boedina, ngomongna, leměs hatena. Beuratna ka Polata teh ěnjaan, njěrěp kana lělěmboetanana.
Toengtoengna pok deui sir Henry, ngeukeuhan koering koedoe balik ka Inggris, da tjěnah naon deui noe disiar, beunghar ěnggeus, oemoer geus loehoer, noe dibelakeun anak sahidji keur sakola di Inggris. Deukeut sir Henry aja noe rek ngadjoeal pakarangan katoet imahna. Pok deui koering koedoe balik, soekoer² beh dieu-beh dieu.
Karangan lalakon tiloean koedoe dianggeuskeun.
Lamoen satampana soerat koering moelang, pidatangeun ka Inggris měněran Kerstmis, nja eta hari běsar wěwětonna Nabi Isa, njampak sarerea aja. Djorěs, Goed djeung anak koering.
Panoetoepna soerat, koering diarěp-arēp, nadjan ngan oekoer saělol.
Aeh, aja implik-implikna, njaritakeun gading gadjah, noe maehan Kipa, digantoengkeun di pěrtěngahan, loehoereun tandoek banteng, pamere koering. Geus diome mah tandoek teh aloes pisan, herang tjěnah. Gobang oeroet pěrang, noe dipake neukteuk beuheung Tewala, digantoengkeun loehoereun medja toelisna. Karepna sir Henry hajang mapaesan kamar-kamarna koe paparabotan ti Koekoeana. Simboet Polata, oeroet ngagegembol inten tea diomat-omat koedoe dibawa.
Dipikir-pikir koe koering, enja perloe koering koedoe balik heula ka Inggris teh, djaba ti nepoengan sobat djeung neang anak, sakalian bari rek njitak ieu karangan. Oeroesan njitakna djeung mariksana hajang oelah koe batoer. Harita teh, waktoe nampa soera, po Salasa, ari di Djoemaahnå aja kapal noe rek balajar, kaboeroe keneh koering noempang kana kapal eta moelang ka lěmah tjai.
TAMMAT.
and
Muse PERP MUUM