door bemiddeling der Commissie voor de Volkslecfuur No. 150.
POELOENGANEUN
NJA ETA
ROEPA-ROEPA TJARITA
KARANGAN
MAS SOEMAATMADJA Cantri Goeroe sakola kelas I
DJEUNG
MAS DJAJADISASTRA
Mantr Goeroe sakola kelas 11
IN
pustakaan Nasional RI
TJILEGON.
B:-484 No.150 1915
ELTEVREDEN ALBRECHT & Co. 1915.
POELOENGANEUN
NJA ETA
ROEPA-ROEPA TJARITA
KARANGAN
MAS SOEMAATMADJA
Mantri Goeroe sakola kelas I
DJEUNG
MAS DJAJADISASTRA
Mantri Goeroe sakola kelas II
di TJILĚGON.
Hakna noe ngarang ieu boekoe ditangfajoengan koe Staatsblad 1912 No. 600.
Jeu boekoe meunang ditjitak deui (overdruk en nadruk) koe noe sedjen atawa dianggit deui dapon geus meunang soerat paidin bae ti Commissie voor de Volkslectuur, sarla dina efa fjitakan anjar afawa anggilan anjar tea koedoe diterangkeun fi mana asalna.
000 D O D
WELTEVREDEN FILIAAL ALBRECHT & Co. 1915.
BOEEUN RoR Y nga dali sak pap ka taja dina aja djać D rek teu keu mah D teu dje ima K diga deu teh pap har dat par kot ne
I. Rasa mokaha.
Di desa Kananga aja doea djělěma sosobatan. Noe hidji ngaranna Djaka, ari noe hidji deui Marsan. Tina katjida dalitna, něpi ka doeanana geus pada teu asa-asa, sakanjaah, sakasoeka, sakapeurih, sakanjěri. Beurang peuting tara papisah, ka mana-mana rerentetan. Tjeuk babasan tea mah ka tjai djadi saleuwi ka darat djadi salogak. Doeanana sahate taja barang kinasihan. Malah geus djadi katjapangan, lamoen dina laladjoaneun atawa dina koempoelan-koempoelan teu aja salah sahidjina, boh Djaka, boh Marsan; eta teh geus djadi basa aneh bět pipisahan".
Dina hidji mangsa Djaka datang ka imah Marsan, maksoedna rek njampeur laladjo. Tapi kaběněran harita Marsan keur teu aja di imah, malah pamadjikanana oge euweuh, kawasna keur njaba deudeukeutan bae, da boektina ari panto imahna mah molongo.
Djaka gěgěroan, njaloekan sababaraha kali, tapi wěleh teu aja noe nembalan. Tina rasana geus teu asa-asa, doemeh djeung sobat tea, toeloej bae manehna teh asoep ka djěro imah, bari seug těmpa-těmpo ka ěngggon heesna.
Kaběněran dina bilik pangkeng, aja erlodji bogana Marsan digantoengkeun dina pakoe. Koe Djaka geus teu dipikir deui, tina rasa mokaha doemeh loma. Top bae eta erlodji teh ditjokot bari toeloej dipake. Ingětanana ěngke di mana papanggih djeung Marsan rek dibikeun deui, sarta toeloej harita manehna indit laladjo.
Katjaritakeun Marsan sanggeus Djaka indit, teu lila djol datang djeung pamadjikanana. Sadatang-datang toeloej ka pangkeng, karěpna rek njokot erlodjina tea. Dihantěm dikotektak diteangan wěleh teu aja. Marsan katjida heraneunana, da basa ditinggalkeun mah eta erlodji aja. Tina goegoepna bawaning koe njaah kana erlodji, harita keneh těroes bae manehna teh lapor ka poelisi, poepoelih jen kapatingan.
Teu sabaraha lilana erlodji Marsan katangkěp ti tangan Djaka, sarta toeloej dipěrkarakeun. Djaka meunang hoekoéman satimbang dosana. Katjida pisan ngahěroekna tina teu sangka něpi ka nandang hoekoeman, lantaran tina rasa mokaha ngagampang doemeh ka sobat.
ma ka di ka to taj pil soe ma bec ari toe ke ke din ma djir F paa god pop tak kad loka teu ka B dina tang B dito
Asmarandana.
Kasmaran djadi pangeling pangeling ka bararoedak baroedak sing hade-hade hade tingkah lakoe lampah lampah oelah goemampang goemampang ka boga batoer batoer mah geus tangtoe njaah.
II. Begal katipoe.
Di desa Langěn aja hidji djoeroe-tani, teu woedoe oge rada katjěloek di desa eta mah, disěboet djělěma beunghar; děmi ngaranna katělah koe anak, disěboet koe sarerea Bapa Anta.
Anta oemoerna geus ahir baleg, koe sabab eta koe bapana dipětakeun kana dagang pare. Kaběněran boedakna noeroet deui kana pangrigělkeun kolotna teh.
Antara sawatara pal ti desa Langěn aja deui desa ngaranna desa Pakewoeh.
Dina hidji mangsa di Pakewoeh kataradjang patjěklik, lantaran sawah di dinja loba noe keuna koe hama. Djadi koe sabab kitoe di eta desa teh beunang disěboetkeun diparean ti lian desa.
Barang Bapa Anta ngadenge bedja, jen di Pakewoeh mahal pare, toeloej nitah ka Ki Anta dagang pare ka dinja. Atoeh Ki Anta teh djol giak bae, eukeur mah boedakna noerget kana tarekah kolot, katoeroeg-toeroeg kaharti koe manehna, jen bakal meunang oentoeng gěde. Ti dinja djoeng milir parena dimoeatkeun kana parahoe meunang njewa, djalan toeroet tjai waloengan gěde.
ge rada r; děmi a Anta. bapana noeroet aranna tjěklik, Djadi eun dimahal Atoeh noeroet nehna, g milir djalan 5
Ari datang ka desa Pakewoeh teh, ěnja parena lakoe, mani rewak, sadjongdjongan beak, sarta oentoengna něpi ka doea kalieun di desana.
Sanggeus beak daganganana, toeloej manehna balandja di pasar sakaprloean kolotna di imah, tapi teu sapira, kawantoe oerang desa ieuh, estoe sakadarna bae. Ti dinja toeloej ka sisi tjai, maksoedna rek balik njewa parahoe deui, tapi teu bisa ladjoe lantaran taja parahoe, tajohna mah ka piheulaan koe noe lian; djadi manehna kapaksa djalan darat.
Tapi pikirna mandeg-majong, aja rek sabar bae noenggoean soegan aja parahoe deui, aja rek ka darat bae maksakeun maneh sieun-sieun oge.
Ari sababna noe matak kitoe, manehna geus ngadenge bedja di djalan sok aja begal, heug mawa doeit gěde ladang pare, ari pěta loemakoe sorangan" asoep kana panistaan, katoeroeg. toeroeg heg geus boerit deui.
Tina Anta boedak pěrtjeka rea akal, toeloej doeitna ditoekeurkeun kana oeang kěrtas woengkoel, sarta boes diasoepkeun kana liang kolor tjalana, ngan njesakeun doeit retjeh dina sakoe badjoena, koerang leuwih meureun aja saroepia mah.
Sanggeus dangdan djoeng indit rek balik, bari ngadjing djing gembolan beunang balandja tea.
Barang manehna něpi kana lěbah djalan noe soeni, gok paamprok djeung djělěma sěgoet toempak koeda, beungeutna godegan, koemis nanggoeng, awak hideung, panon boentjělik popolotot, bangoen teu aja kagila, pok ngomong bari njěntak: Hajang paeh hajang hiroep? Lamoen hajang hiroep, kadieukeun doeit maneh; lamoen hajang paeh geura ngalawan".
Ki Anta ngadenge omongan sakitoe gorengna, mani kakoplokan biritna tina bawaning sieun, gembolan tjlik ragrag geus teu karasa deui, porosot badjoena dilaan, loeng dialoengkeun ka noe bala sarta tjoelang-tjileung sěmoe noe rek loempat.
Begal toetoeroeboen tina koeda ngadenge doeit ngirintjing dina sakoe badjoe noe dialoengkeun koe ki Anta, pangirana tangtoe kabeh dipitjeun doeitna.
Barang begal geus toeroen, ngan ketjlak bae koedana ditoempakan koe Anta, sěmproeng ditegarkeun satakěr tanaga.
6 ak ha og go pa pi ko ka te pit gě be se ta aw ge ka lo w ng ng ra lo ari ko do ma sal nja
Begal ngoedag, tapi teu kasoesoel, bakating koe tjape bloek bae njoeoeh. Anta salamět, datangna ka imah toempak koeda. Tjing saha noe meunang oentoeng, Anta atawa begal tea?
Poetjoeng.
He baroedak ieu dongeng sing kasoeroep soeroepkeun koe akal akal teh gawena gěde gěde batan kabědasan karosaan. Mapan boekti ki Anta pinanggih oentoeng oentoeng koe dibegal begal roegi koeda gěde gěde-gěde ki begal eleh koe boedak.
III. Koeda djeung sapi.
Di gigireun pakarangan hidji gědong aja těgal noe hedjo djoekoetna; di dinja aja doea sato, nja eta koeda djeung sapi keur njaratoean.
Hěnteu lila poetra noe kagoengan gědong kaloear, ngaděg di boeroean.
Koeda teh dihim-him bari digoepajan, manehna njampeurkeun bari adjret-adjretan djeung boentoet tjěntang, sěmoe noe soeka katjida disaoer koe doenoengan.
Koeda ditepakan, dioesapan, rap dirarangkenan, toeloej tjlak ditoempakan.
Tina itjeusna eta koeda těrělěng loempat nembongkeun pangabisana ka djoeragan, sisirig, torolong, adean; atoeh geus lain dikieuna bae kaboengahan doenoenganana, neuleu toetoempakanana sakitoe hiděngna, bisa meuli-meuli hate.
Satingkah saparipolah koeda teh diteuteup bae koe sapi, sěmoe noe heran nanakěran.
Sanggeus eureun ditoempakanana, poer deui koeda teh ka těgal njatoean.
Harita sato keur bisaeun ngomong.
roep
gal noe hedjo koeda djeung
aloear,ngadig
anehna njamoet tjěntang, gan.
enan, toeloej
nembongkeun adean;-atoeh nana, neuleu li-meuli hate. bae koe sapi,.
ui koeda teh
Sapi njampeurkeun bari ngomong: Aji, teu njana katjida akang mah koe aji, sakitoe děděg samipe, roepa hade, tapi handjakal koe leutik boerih, boektina koe boedak satěpak oge sieun, dikoea-kieu teh noeroet bae, djigana teu aja pisan goeem. Geura ka akang mah, soemawonna wanieun noempakan tea, ngadeukeutan oge teu loedeungeun.
Djawab koeda: Lěrěs sasaoer akang kitoe teh, teu aja pisan lěpatna, tapi ari koering mah, eta bae roemasa kabeuli koe doenoengan teh; tjitjing di imahan, dahar dibere, ngan kari kop saseubeuhna, mandi dimandian; djadi lamoen koering teu noeroet kana pangersana doenoengan, asa moal pihadeeun".
Barang eta doea sato keur goeněm tjatoer kitoe, kělěpěr aja piteuk eunteup dina tonggong sapi tea, toeloej njeuseupan gětihna.
Mimitina mah teu dirasa koe sapi teh, tapi beuki lila beuki njěri, něpi ka teu bisa ditahankeun deui; sapi elekesekeng teu ngeunah tjitjing, toeloej dikepotan koe boentoetna, tapi teu katěpi, dibadoeg-badoeg koe tandoekna, kalah ka awak bae njěri, da ari piteuk tea mah djongdjon bae tjitjing.
Tina bawaning samar rasa, nahankeun kanjěri djeung getek, ngan gěděboeg bae ngagoelingkeun maneh, gagasah kana djoekoet; geus kitoe djoeng nangtoeng deui, běrěngběng loempat, ngoelon-ngetan kawas noe rek ngamoek. Atoeh teu woedoe ngarasa tjape, lain loeloemajanan sapi teh.
Sanggeusna piteuk hiběr tina tonggong sapi, manehna ngarasa jen geus lěmpěr kanjěrina, toeloej děpa ngarahoeh ngarasakeun katjape.
Koeda njampeurkeun bari ngomong ka sapi, pokna: Kang! raji ewěd katjida, koe naon margina noe mawi bieu akang loeloempatan satakěr tanaga?"
Djawab sapi: Poegoeh aja noe njotjoan borok dina tonggong, ari aji, tajohna bae si piteuk noe koerang adjar teh".
Koeda ngomong deui: Ih, ari kitoe mah, nja měnding koering, tadi, loeloempatan soteh hěnteu gaplah, njoekakeun doenoengan, moestail soegan teu aja pangasihna. Ari akang mah bieu aběng-aběngan teh ditoempakan koe piteuk, sato noe sakitoe leutikna, sakitoe hinana, kitoe oge aja noe dipambrih, nja eta njeuseup gětih, djadi akang roegi koe doea koe tiloe".
Sapi teu bisa lemek deui, ngan leos bae leumpang, roemasa manehna meunang wirang, doemeh boga hate takaboer.
” ai ng ba w te to ga hir die po ko kil sa ga ge ko doe taj I roe nga lam oera sae sae, bae T ,Ke diso G mad
Maskoemambang.
1. Eh baroedak ieu hade djieun misil moenggoehing djělěma hěnteu aja anoe leuwih ananging Allah Ta'ala.
2. Takaboerna sapi tadi ieu aing goemagah sorangan rasa mo aja noe nanding tapi bět taja boektina.
3. Teu sapira koe piteuk ge geuning miris teu aja hodjahna bisa nandangan kanjěri anggoer heg adjret-adjretan.
4. Moen ditimbang djeung koeda anoe sisirig djaoeh nanakěran moelja leuwih batan sapi tina lantaran ngestona.
5. Oepamana diparěng maneh di ahir bisa koemawoela peupeudjeuh masing goemati hampang birit leuleus awak.
IV. Sakadang peutjang.
Aja hidji peutjang keur njatoean di leuweung di sisi waloengan leutik.
Keur djongdjon-djongdjon ngeunah-ngeunah ngararasakeun djoekoet noe ngarora marontok, manehna kageteun ngadenge sora maoeng ngahaoeng deukeut pisan.
Teu lila bělegědeg bae maoeng teh nangtoeng hareupeunana, peutjang reuwaseun pisan, beungeutna pias, moen dikeureut moal gětihan, rek loempat, teu kaboeroe, geus kasělěmpk teuing.
di sisi akeun denge nana, ureut mpěk 9
Maoeng ngartieun jen peutjang sieuneun, pok ngomong: He, ki sanak! oelah sieun-sieun, da dewek teh teu nganiaja andika".
Atoeh noehoen, oepami kitoe mah, mangga di dieu ngáwangkong tamba kěsěl". Tjarek peutjang bari ngadegdeg.
"Moal, moal, sing pěrtjaja bae ka dewek". Tjarek maoeng bari ngadeukeutan. Ngan ieu dewek teh rada peurih peudjit".
Peutjang ngadenge omongan kitoe teh beuki woewoehwoewoeh bae sieuneunana, ngadegdeg kawas noe moeriang teu kawajaan, laleuleus satoelang-sandi, meh teu bisa nangtoeng-nangtoeng. atjan.
Koe tina peutjang rea akalna, pok ngomong: Oepami gamparan ngěrsakeun kana daging sim koering noe sakieu hinana, teu sawios, soeka pasrah pisan, nanging oelah di dieu, itoe bae di peuntas, margi sim koering karoenja ka poen anak doea di ditoe, pěrjogi oepami didahar sadaja koe gamparan, hiroep oge kabalangsak, moal aja noe makihikeun ari sim koering paeh mah; sarěng oepami didahar sadaja mah — djadi tiloe — tangtos warěg tambah kiat ka gamparan".
"Soekoer, soekoer". Tjarek maoeng. "Atoeh hajoe oerang geura meuntas, toeh geuning aja gěbog, mahi ditoempakan koe doeaan". Ngomongna kitoe teh bari koemětjrot, tjoemidoeh, kabitaeun koe peutjang, geus asa dina tikoro bae, tajohna.
Peutjang ngahoelěng pok ngadjawab: Djoeragan, oelah roeroesoehan teuing, geuning aja paribasa — Kěndor asal ngagembol, gantjang ari pintjang — teu poegoeh. Eta gěbog lamoen ditoempakan koe doeaan tangtoe kalěm, meureun oerang tjilaka. Timbangan sim koering mah, langkoeng sae pili-gěntos bae meuntas teh, sim koering ti heula sae, gamparan bae mangga, sim koering mah rek noeroet bae".
Tina bisana noe ngomong, maoeng kaolo, pok ngomong: Keun kami bae noe ti heula, ěngke ti peuntas ti ditoe disoeroengkeun deui ieu gěbog, kakara maneh meuntas".
Geus kitoe maoeng teh tjlak toempak gěbog, solojong madjoe ka peuntas, teu lila maoeng geus handjat.
Peutjang ngomong: Djoeragan, sami-sami wiloedjeng, mangga ngilari deui bae kadaharan noe sanes, sim koering rek njoempoet, njingkah djaoeh, sieun djadieusi peudjitsampean". Toeloej peutjang loempat sakaloempat-lampetsarta salamet.
Asmarandana.
1. Nadjan hina nadjan laip lamoen boga pangabisa rea akal anoe hade pikeun njinglar pantja baja tjara dongengna peutjang teu toeloes dihakan maoeng lantaran koe rea akal.
2. Tjoba moen teu boga harti meureun moal bisa polah kadjaba ngan loempat bae tapi lamoen peutjang loempat moal gagal katewak tangtoe dirontak koe maoeng disosoëh am dihakan.
3. Djeung lamoen oerang pinanggih parěng ngahareupan bahla eta oelah arek poho noenoehoen ka Noe Kawasa něda kasalamětan tapi oelah djongdjon dioek ihtiar sabeunang-beunang.
V. Opat impian.
Kinanti.
1. Tjarek tjatoering pitoetoer pitoetoer keur baris misil aja hidji Radja poetra ngěrsakeun boeboedjěng sapi banteng-oentjal sabangsana baris ngalělědjar galih.
Soeboeh-soeboeh angkat ngabroel 2. diiring koe para mantri sami pada noenggang koeda pamatang taja noe kari tjatoerkeun enggeus di těgal tingsalěbroeng ngoedag sapi.
3. Noe ka kaler noe ka kidoel ka koelon ka wetan deui riab ngoedag boeron alas matak waas noe ningali lakoena lir anoe pěrang sami pada rěboet pati.
4. Radja ningali di pajoen aja oentjal sěmoe gading kagěndam manahna Radja ladjěng oentjal teh diběrik oentjal loempat tarik pisan koe Radja hěnteu katjangking.
5. Beuki lila woewoeh djaoeh oentjal hantěm dibělědig tapi wěleh teu kabědag oentjal loempat beuki tarik moeng katingal lapat-lapat Mah Radja kelangan lari.
6. Tina kasěngsrěmna'Ratoe koe oentjal noe aloes tadi njoesoelna kaloenta-loenta lat hilap ka para mantri toengtoengna Radja kasasar pisah těbih djeung noe ngiring.
7. Harita geus poekoel tiloe sěděng wantjina geus moelih Radja poetra ewěd manah ngilari djalan noe tadi tapi wěleh teu kapěndak anggoer woewoeh bae těbih.
8. Toeroer goenoeng oenggah goenoeng njorang lěbak njoekang pasir ngalangkoeng kana boeboelak sampalan badak djeung sapi ngasroek mapaj těgal mandjah soemping-damping ka basisir.
9. Mah Radja poetra djoet loengsoer tina titihan Sang Adji kěrsana ngeureunan palaj tjalik dina sisi tjai handapeun tangkal angsana ngemoet-ngemoet djalan moelih.
10. Wantjina sariak lajoeng kětir bawa rasa pikir retjet manoek disarada dina loehoer tangkal kai siga anoe mepelingan Radja koedoe ati-ati.
11. Ngangrěs manah kangdjéng Ratoe aja dina těmpat soeni katoeroeg-toeroeg njalira teu aja rentjang sahidji pigeusaneun pakoemaha ngoemaha balantěn moelih.
12. Pananpoë geus rek soeroep Radja masih keneh tjalik harita goeroedag datang tiloe begal njěkěl kěris toeloej ngomong noe saoerang běngis taja tata deui.
13. Eh Sang Radja koedoe noeroet naon sapamenta kami lamoen teu noeroet tjilaka peuting tadi kami ngimpi ngimpi Radja mere pědang pědangna nja eta sidik.
14. Barang kadangoe koe Ratoe sakalintang pasrah galih teu aja manah ngalawan pědang ditampakeun gasik ka eta kapala begal koemambang Radja ngalahir.
Maskoemambang.
1. Mangga ieu pědang noe peuting kaimpi pasrah rila pisan mana kitoe oge pasti barang lain milik koela.
2. Geus ditampa pědang teh koe bapa maling toeloej disorendang rasana sěgoet teh teuing gek dioek gedengeun Radja.
3. Bapa begal noe kadoea ngomong sěngit he Sang Radja poetra koela oge peuting ngimpi ngimpi koe Radja digandjar.
4. Gandjaran teh teu salah eta erlodji noe dipake pisan malah djeung rantena deui geura laan boga koela.
5. Radja poetra ngalaan deui erlodji katoet djeung rantena dibikeun ka bapa maling bapa maling soeka boengah.
6. Noe katiloe njampeurkeun pok ngomong kěsit nja kitoe kaoela peuting tadi deui ngimpi ngimpi koe Radja digandjar.
7. Roepa barang tarompet teu salah deui nja eta boektina noe disoren teu pahili geura laan noe kaoela.
8. Tarompet teh dipasihkeun koe Sang Adji begal atoh pisan rasa maksoedna geus hasil dioek ngarioeng opatan.
9. Radja poetra manahna ajeuna lilir njaoer dina manah naha aing pohò teuing teu ingět kabina-bina.
10. Tjoba lamoen ditioep koe aing tadi samemeh dibegal tan wande kabeh pangiring njaroesoel ka dieu datang.
11. Ajeuna mah koedoe ditipoe koe aing ieu begal-begal soegan manehna teu ngarti bari dioegoeng meueusan.
12. Radja poetra ngandika djeung imoet manis tjobi paman begal saha noe tioepna tarik mangga tarompet teh pětjak.
13. Tamba kěsěl oerang tjitjing di noe soeni anoe pangtarikna dipěrsen koe koela ali tah ieu ali běrlian.
14. Toeloej bae. begal nioep piligěnti sorana teh lěpas kadenge ka mana-měndi wantoe nioep satakěrna.
15. Toenda heula Radja noe sědih prihatin dirioeng koe begal ajeuna tjatoerkeun deui pangiring radja sadaja.
16. Ti sapisah para mantri djeung Sang Adji riab pada njaksrak geus kaběběs leuweung kai tapi wěleh teu kapěndak.
17. Toengtoengna teh tinglalimboeng para mantri awahing koe soesah tingpělěngoek poëk pikir sawareh mah nangkeup sirah.
Di Bara tiloe Ie kito deul dito K A
18. Eukeur kitoe torotot tarompet moeni mantri tingboeringas kabeh pada njidik-njidik ti mana datangna sora.
19. Sanggeus sidik toeloej bae ararindit neáng eta sora sabab palikirna mantri geus nangtoekeun bae Radja.
20. Hěnteu lila radja kapanggih keur linggih handapeun angsana dirioeng koe tiloe maling keur nioep pabědas-bědas.
21. Barang begal nendjo djalma ngabring-ngabring sieuneun katjida karěpna rek loempat tarik enggal sang Radja miwarang.
is ntri
22. Geuwat tjěkěl eta djalma para mantri begal geus kabandan hěnteu bisa oesik malik roemasaeun nandang dosa.
23. Radja poetra mesěm ngalahir djeung manis aeh paman begal koela ge ti peuting ngimpi ngimpi ngagantoeng andika.
24. Begal tiloe geus diringkoes koe pangiring beuheung ditalian digantoeng němahan pati tjing na ěnja begal hilang?
VI. Boehaja, sapi djeung peutjang.
Dina hidji rantja sisi laoet aja boehaja ngěndog dina sedong. Barang něpi kana mangsana, ěndog teh měgar, anakna aja tiloe marontok pisan.
Ioba bangsa sato ana boga anak leutik sok galak nakěr, kitoe deui ieu boehaja; sakoer sato-sato noe ngoelamprěng deukeut-deukeut ka dinja mah geus teu aja noe ngari ditoempěs kelor bae kabeh.
Koe naon sababna noe matak djadi galak?
Ari noe matak kitoe, sapěrkara, njaaheun kaanakna, bisi dikaniaja koe sato sedjen, tjara hajam noe anakan leutik bae, geuning galak, lain? Kadoea, tina sakitoe lilana koerang barang hakan, nja eta keur waktoe njileungleum tea.
B onar rek Sa rek kepo P tarir ti sè rek kito To boeh saba Te H Pe naon W njoel tjilak oesik dong madj pang agoer Pe těroe B0 djadi sanes moen ěmbo kadja Pe leufe kai t Poelo
Katjaritakeun dina hidji mangsa keur boehaja neangan hakaneun, parěng aja kasintoe asoep kana paroengpoeng dina tjanir kai gěde, noe geus ngarangrangan.
Keur boehaja soesoengkoer dina eta tjanir ngarah kasintoe tea, ngan gěbroeg bae kai teh roentoeh, boehaja katindihan, něpi ka teu bisa oesik-malik.
Boehaja tjeurik, sasambat menta toeloeng, tina koe kanjěrianana, komo ari ras ingěteun ka anakna mah, beuki tambah rosa bae tjeurikna djeung sasambatna teh.
Keur boehaja tjeurik midangdam, kadenge koe hidji sapi,
noe keur njampal deukeut ka dinja, toeloej disampeurkeun. Barang boehaja nendjo sapi, pok bae ngomong: Atjeuk! moegi-moegi sing wělas asih ka raji noe keur nandangan prihatin, kadjěpit koe tjanir kai mani teu kadoega oesikoesik atjan, moen kaja kieu mah samar měndak isoek deui, meureun lastari něpi ka djangdji, djadi babatang.
Tjing atoeh, tjeuk! enggal pangdjoengdjoengkeun ieu kai sakeudeung, soepaja rada kěndor, meureun tangtoe raji bisa montjor sarta salamět". Ngomongna kitoe teh bari rěmběs tjimatana.
Sapi watireun pisan, geuwat bae děkoe, heug kai teh disoengkal koe tandoekna. Boehaja ngarandang, leupas tina balai.
Sadjongdjongan mah boehaja teu lemek teu njarek ngararasakeun kanjěri djeung baloeas keneh ongkoh. Sanggeus lilir boehaja ngomong bari boentoetna koepat-kepot:
Atjeuk pirang-pirang'rewoe noehoen, reh raji parantos didjait tina balai noe bakal němahan pati, tjatjakan moen teu aja atjeuk mah, nja meureun paeh tea. Ajeuna, tina gěde-gědening panarima raji, soengkan pisah deui djeung atjeuk, beurang peuting hajang babarěngan bae".
Sapi ngadjawab: Beu aji, bangga pisan, kawantoe aji mah oerang rantja, ari atjeuk mah oerang daratan; tjinděkna moal bisa djadi, ngan oerang andoem salamět bae, sarta baring soepagi oepama aja pantjabaja oerang koedoe silih toeloengan".
n leutik koerang ea.
neangan ngpoeng kasintoe indihan, koe kan, beuki dji sapi, urkeun. Atjeuk! ndangan a oesikek deui, ieu kai raji bisa rěmběs teh dina balai. ek ngaanggeus arantos n moen na, tina djeung ntoe aji n; tjin- ět bae, koedoe QpCA
Boehaja ngomong deui: Sageuj, ari teu bisa kalakonan onaman mah; sangkan oerang teu papisah salawasna, atjeuk rek dihakan koe raji, tan wande djadi daging-gětih raji".
Sapi ngadenge omongan kitoe teh, reuwaseun pisan bari rek loempat, ngan taja pěta sabab boentoet boehaja koepatkepot bae rek njabět.
Pok ngomong sapi teh: Aji! asa sae teuing pamoelang tarima teh, ieu mah lain bedja deui — noeloengan andjing ti sělap teh — sakitoe didjait tina bahaja pati, woeri-woeri rek ngahakan pisan. Atjeuk mah teu moepakat. Ka kieu ka kitoe oge, hajoe oerang ka hakim bae, menta pangadilan".
Toeloej doeanana laleumpang iring-iringan, sapi ti heula, boehaja pandeuri, teu anggang salengkah-lengkah atjan sabab sieuneun ditinggalkeun loempat.
Teu lila geus tjaroendoek ka bale-pangadilan.
Hakim aja keur tjaralik djeung rengrenganana.
Peutjang noe djadi Djaksana, pok mariksa: "Aja pěrloe naon, maraneh ngadareuheus ka dieu?"
Walon sapi: Noe mawi sim abdi doemeuheus, soemědja njoehoenkeun pangadilan, tadi, ieu poen boehaja meunang tjilaka, katindihan koe kai gěde dongkap ka teu bisa oesikoesik atjan. Manehna menta toeloeng, koe abdi ditoeloengan, dongkap ka salametna. Ti dinja manehna rek ngahakan ka abdi, madjar, moelang tarima. Měnggah eta, sadaja-daja ngiring pangěrsa, da kaadilan djeung timbangan mah aja di noe agoeng."
Peutjang nanja ka boehaja: Na ěnja, tjaritaan sapi teh těroes djeung maneh?"
Boehaja ngawalon: Agoeng-agoeng běbindoe, manawi teu djadi galih, jaktos sapioendjoek poen sapi teh, lěrěs; nanging sanes rek ngahakan lantaran awon niat, eta mah teu pisan-pisan moeng tina agěnging panarima djisim abdi, djadi djisim abdi ěmboeng pisah djeung poen sapi teh, teu aja sanes akalna kadjabi ti dilěbétkeun kana·beuteung djisim abdi".
Peutjang gogoděg bari ngomong: ,Beu, soesah, lain pěrkara leuleutikan ana kieu mah. Di mana oeroet maneh katindihan kai teh, bisa noedoehkeun?"
Poeloenganeun.
Wangsoel boehaja: Soemoehoen tiasa, mangga•oepami bade diparios mah".
D D imal data kelě T S hoer S aing haja dipa wak A rand H lada tang sako Sa deui katj sant B dek sina naon O Bari dogk man mad Ki Ki - i mani
Ti dinja bral eta tiloe sato indit ngadjoegdjoeg kana kai roentoeh tea. Barang geus datang sapi ngomong: ,Soemoehoen di dieu těmpatna, eta kaina oge ngalondjor keneh".
Peutjang ngomong: Tjing, koemaha keur waktoe maneh ngangkat eta kai, sapi! pětakeun dina oeroet tadi".
Sapi děkoe pek kai teh dihoealkeun koe tandoek tjara tadi.
Peutjang ngomong deui: ,Ari maneh boehaja, koemaha nja pěta tadi keur katinggang kai? Tjoba pětakeun sing saěnjana, oelah bohong".
Pek boehaja teh ngadapang dina handapeun kai, tjara tadi. Peutjang ngomong: "Na ěnja kitoe, teu salah?"
Sapi djeung boehaja saoer manoek: ,Soemoehoen, soemoehoen, teu lěpat deui".
Tjarek peutjang: ,Etjagkeun kai teh, sapi!"
Kai geus nindihan deui kana tonggong boehaja tjara asalna, pageuh pisan.
Peutjang ngomong: ,Tah kitoe, poetoesanana teu meunang moengkir deui, nja!"
Peutjang loempat asoep ka djěro leuweung; sapi oge leumpang. Ari boehaja mah tjitjing bae di dinja nandangan kanjěri, něpi ka paehna pisan.
Dangdanggoela.
Teu koe hanteu ari anoe děngki
bělang-bajah-hianat-istrenan
sapari-polahna goreng
ngarah tjilaka batoer
kadjeun teuing deungeun balai
sok asal oelah dirina
noe kitoe mo moeloes
tjara eta nji boehaja
lamoen lěmpěng narima pitoeloeng sapi slamět moal tjilaka.
gga•oepami
eg kana kai Soemoehoen neh".
ktoe maneh adi".
ek tjara tadi. a, koemaha takeun sing
i, tjara tadi. ?"
en, soemoe-
tjara asalna,
eu meunang
oi oge leumnandangan
sapi
VII. Santri.
Di desa Anoe aja hidji Santri.
Dina hidji poë, parěng manehna keur dioek di těpas imahna, diamparan koelit ěmbe, njanghareupan kitab, djol datang tatanggana ngirim madoe njiroean, diwadahan dina kelěr, moenggah pinoeh.
Tatangga: Ieu, loemajan bae, madoe saeutik noen".
Santri: Atoeh lain loemajan eta mah, noehoen — noehoen".
Santri ngomong di djěro atina: Ieu madoe, lamoen koe aing didjoeal, pajoe mahal oge; ladangna dibeulikeun kana hajam babon, meunang doea, toeloej diingoe hade-hade, diparaban sore-isoek, eta hajam doeanana ngěndog, něpi ka waktoena měgar, ritjit anak hajam di kolong.
Ajeuna geus rěndang hajam, pinoeh kolong, pinoeh parandje.
Hajam didjoeal, njesakeun doea-tiloe keur bibit deui; ladangna beulikeun kana ěmbe; dipiara dioeroes ěnja-ěnja, tangtoe ngarěkahan, anakan deui - anakan deui. Moal sakoemaha lilana aing soegih.
Sanggeus kitoe mah, toeloej nanjaan ka anak noe beunghar deui, geus tangtoe djinisna poeroeneun, malah kolotna oge katjida doaeunana, da aing djělěma kaja, toeroeg-toeroeg santri deui.
Barang geus kawin, boga anak; lamoen awewe geulis, dek dingaranan Nji Patimah. Lamoen lalaki anak teh, dek sina ngadji, dipapatahan koe aing pribadi, da kitab boga, naon-naon aja.
Oepama nakal teu daek ngadji, baledog koe............". Bari kěk kelěr wadah madoe teh ditjěkěl, bělěwěr dibaledogkeun, ana keuna kana tarang noe ngirim pisan, atoeh mani bantjoenoer, sarta pinoeh saloear awakna koe madoe.
Kitoe deui kitabna ki Santri oge beak ka bandjoer.
Ki Santri olohok bae sababaraha djongdjongan, teu lemek — teu njarek, tina handeueul djeung era deui, ditjarekan mani beak běrěsih koe tatanggana tea.
Kinanti.
Kinanti djadi panjamboeng panjamboeng tjarita santri santri anoe lalamoenan ngalamoen hajangeun soegih soegihna ngan woengkoel hajang hajang anoe moal djadi. Djadina ngan roegi woengkoel woengkoel handeueul djeung poesing poesing madoe teu kadahar dahareun hěnteu kamilik milik sakitoe geus aja aja oentoeng matak roegi.
djadi dada Koe koed baro Bara ngad keur noer P noe doei Sa ngět B oge Sapa bisa boer T Ago boe djer tak P teh toel kito di teh om I bae ka nga dab jeu
VIII. Noe njaah ka indoeng.
Aja hidji randa, nja kolot, nja malarat, boga anak tiloe lalaki kabeh; tjikalna oemoer 18 taoen, boengsoena 14 taoen, imah-imah sisi leuweung toetoegan goenoeng.
Tina kakolotanana eta nji randa geus teu bisa oesaha neangan rědjěki sorangan, hiroepna woengkoel dimemenan koe anak-anakna bae.
Děmi kasabna eta baroedak dagang soeloeh, oepama pasosore ngala soeloeh ka leuweung, isoek-isoek didjoeal ka pasar.
Ladangna sawareh dibeulikeun kana kadaharan, ari noe sawareh deui disimpěn dikoempoelkeun koe indoengna keur meuli papakean maranehanana.
Eta baroedak geus asa tjoekoep bae koe rědjěki sakitoe teh — soemawonna ari indoengna mah, estoening tiis pikir, tina neuleu anak-anakna sakitoe gětenna ka kolot — boektina ari ěntas dadaharan ti peuting sok tarětěmbangan dina samemehna hees. Ngan eta ana geus loba hoedjan baroedak teh ngarasa soesaheun pisan, rehna teu bisaeun ngala soeloeh ka leuweung. Dina oesoem kitoe mah baroedak teh tara daragang soeloeh, ngan sok karoeli kitoe bae, ngoendjalan dagangan atawa sasapoe di pasar.
Katjaritakeun dina těngah-těngah oesoem ngidjih, kakaian taja noe hade baris soeloeh, da baraseuh, pakoelian teu aja, ang poesing g.
ga anak tiloe oena 14 taoen,
u bisa oesaha el dimemenan
oepama pasoljoeal ka pasar. haran, ari noe ndoengna keur
rědjěki sakitoe ning tiis pikir, lot — boektina gan dina samen baroedak teh ngala soeloeh edak teh tara e, ngoendjalan
gidjih, kakaian oelian teu aja,
djadi doeit tjengtjelenganana tea kapaksa dipake ngadoeit dadahareun; tapi teu mangkoek sabaraha poë doeitna beak. Koe tina lieuk euweuh ragap taja, ari barang hakan mah koedoe, djeung karoenjaeun ka indoengna, ngan djoeng bae baro~dak teh laleumpang sědjana rek koeli ka nagara. Barang keur ngarioeng dioek di pasar mikir-mikirpilakoeeun, ngadenge sora běnde ngoengkoeng, baroedak teh njampeurkeun bari nanja ka noe nakol běnde, pokna: Poentěn bae, noen! ngembarkeun naon, nganggo diběndean?"
Poelisi ngadjawab: Saha-saha noe bisa mawa bangsat noe maling barangna babah Tjin A ka hakim, bakal digandjar doeit f 100.—".
Sanggeus eta boedak ngadenge embaran kitoe, ngětěkngětěk bae hajangeun bisa meunangkeun inja.
Barang geus boerit baroedak teh maroelang, lengoh, era-era oge koe indoeng maksakeun, tina mělangeun bisi koemaonam. Sapandjang-pandjang djalan mikir-mikir pilakoeeun sangkan bisa meunang rědjěki, oelah něpi ka balik keupat, euweuh boeroe-boeroeeun indoeng.
Tjikal ngomong: ,Lah, euj! oepama diparěng koe noe Agoeng, oerang bisa njěrěk eta bangsat, sok tada teuing boengahna; pěrsen teh oerang beulikeun bae kana kadaharan djeung papakean, meureun indoeng boengaheun, heg ti kamari taksiran teu manggih dahareun".
Paněngah nembal: Koe asa pamohalan, lalamoenan kitoe teh, oerang-oerang koe...... eun, tjatjakan menak oge noe toekang njěrěk bangsat, geuning moendoet toeloeng, mana kitoe oge bangga".
Boengsoe ngomong: ,Ah, ketah! da lamoen koemělěndang di djalan mah sarta ngakoe jen manehna noe maling, asana teh koe oerang tiloean koedoe katjěkěl, teu beunang koe omong — paksa — ngalawan, kadek koe ieu arit".
Tjikal ngomong deui bari seuri: Lain kitoe euj, maneh bae boengsoe, koe aka koe doeaan ditalian, disanggakeun ka hakim, disěboetkeun bangsat" tea. Tapi maneh koedoe ngakoe těroes těrang, jen maling. Ari boeroehanana keur dahar leueut ěma. Tjik, měnding mana, ěma maot langlajeuseun djeung oedjang diboei?"
Boengsoe ngawalon: Soemangga, soeka rila pisan, ngabelaan indoeng. Lěrěs, koedoe koering noe dibandana, sabab noe pangboedakna; oepama akang mah noe diboei, gagal, da koering mah moal bisa moelasara indoeng kawantoe boedak keneh. Iraha atoeh, oerang ka hakim teh?"•
K Ba boer B dipi doer noe S adat T rang diiri moe A K taja noe D ami T ngic D toes A diir dat P tjit dib sala ěng
Paněngah: Isoek bae, isoek-isoek, tapi oelah bebedja ka ěma".
Kira-kira sareupna baroedak teh daratang ka imahna, toeloej ngaroembah soekoe ka soemoer, soep arasoep ka imah, kasampak indoengna keur ngarengkol disimboet pangais boetoet, ngagigirkeun bokor seupaheun.
Barang anakna daratang, manehna hoedang bari nanjakeun soegan ngirim kadaharan.
Boengsoe ngawalon: Éh, ěma! lapoer, balangsiar teh teu beubeunangan, ngan bati rantjoetjoet kaboeloesan".
Indoengna sor njodorkeun boboko, noe dina siraheun manehna, bari ngomong: Baroedak, ka dieu, ieu ěma mah tadi aja noe ngirim, geura oerang rioeng".
Baroedak njalampeurkeun, ana diboeka sing horeng seupan etjeng. Toeloej dirioeng něpi ka beak lesang pisan. Sanggeus rengse indoęngna ngarongkong njokot bokor seupaheun, tapi teu toeloes, sot dilesotkeun deui, tajohna bae geus teu seureuh-seureuh atjan; tapi teu lemek teu njarek, ngan doeg deui bae ngěděng, ngarengkol.
Polah indoengna kitoe teh diawaskeun koe anak-anakna, manehna katjida ngěrik hatena, tapi sarerea taja noe ngomong, ngan bati njalangkroeng tjimata.
Geus kitoe baroedak teh ngaleser rada anggang, doeg ngarěděng tapi teu hees, njarileuk bae.
pisan, ngalana, sabab boei, gagal, kawantoe h?" e bebedja ka
a imahna, arasoep ka oet pangais
bari nanja-
iar teh teu n".
siraheun ěma mah
oreng seuang pisan. bokor seuajohna bae eu njarek,
ak-anakna, noe ngo-
ang, doeg
IX. Noe njaah ka indoeng.
(Samboengan).
Kira bada isa indoengna geus hees.
Baroedak naroeloejkeun deui badami pěrkara rek ngarah boeroeh tea, tina sakitoe boektina kawaloeratanana.
Barěng geus gilig palikirna, jen si boengsoe noe baris dipintonkeun ka hakim, si boengsoe njampeurkeun ka indoengna, doeg hees gigireunana, saanggěl reudjeung, minangka noe rek paeh mah mamakasih".
Soeboeh-soeboeh haroedang djoeng arindit ka dajeuh tjara adat biasana rek koeli.
Teu koengsi lila, těpi ka sisi dajeuh, di dinja pěpěta, darangdan, si boengsoe ditalian leungeunna didjieun babandan diiringkeun koe doeaan, bari ngeupatkeun paneunggeul moeroe ka hakim.
Ari datang si boengsoe toeloej dideuheuskeun ka hakim.
Koe hakim dipariksa ti poerwa něpi ka wěkasan, beres taja noe dianglěs diakoe kabeh. Sanggeus rengse, toeloej noe mawana digandjar f 100.
Doeit ditampa koe doeaan bari nganoehoenkeun, toeloej amit moelang.
Tjikal djeung paněngah arindit moeroe ka aloen-aloen ngioehan handapeun tangkal tjaringin.
Děmi si boengsoe dipiwarang dikaboeikeun toenggoe poetoesan.
Ari ret teh doeloer-doeloerna nendjo si boengsoe dirante, diiringkeun koe oepas, moenggah ngalěnjap hatena, wělaseun, datang ka njoeroetjoed tjimatana.
Paněngah ngomong: Ka! hajoe oerang ka pasar, oelah tjitjing bae di dieu, bisi kaoeninga koe hakim, toeloej oerang diboei deui. Ari si boengsoe mah oerang doakeun sing salamět bae".
Tjikal: Énja adi, hajoe atoeh, tapi balik ka imah mah ěngke bae pasosore tjara biasa".
Toeloej arindit moeroe ka pasar.
Énja mawa doeit rea tapi teu bear, ieu mah měsoem sěmoe aloem, gawena ngan hoelěng djěntoel bae, karoenjaeun ka adina djeung kadoehoengeun.
doe nin í njě wě reu djé ba kir eta kat me ka me J2 nar teu toe koe
Ari geus boerit, wantjina balik, baroedak teh maroelang bari nanggoeng beunang barang beuli keur ngirim indoengna, tjiptaanana tangtoe indoengna boengaheun dikirim kadaharan rea djeung papakean nanaonan.
Datang-datang ka imahna, di boeroean keneh geus gě- gěroan: Éma! ěma! geura boekakeun lawang, ieu koering oentoeng naker".
Panto diboekakeun. Gek darioek tiloean, katiloe indoengna maroeka babawaan.
Indoengna pok nanja: ,Na rea-rea teuing babalandja teh, kawas rek lěbaran bae, boga doeti ti mana, djeung make aja boengkoes doeit rea? Éma mah risi, tara-tara ti sasari maraneh kitoe teh, djeung si boengsoe ka mana?"
Tjikal ngawalon bari toengkoel: "Aja pandeuri keneh, ajeuna mah geura dadaharan bae sing mirasa".
Indoengna teu pati ponjo barang daharna teh da hatena soemělang bae ka si boengsoe.
Geus rada lila, indoengna nanjakeun deui: ,Geuning tatjan datang keneh bae?"
Didjawab koe: tjikal bari sěmoe ngoejoeng: Nja eta poegoeh, tina lieuk euweuh, ragap taja, pakoelian langka, istoe djaoeh rědjěki teh, djadi koering poëk deuleu, badami tiloean, toeloej si boengsoe teh koe koering doeaan disanggakeun ka hakim, diakoekeun bangsat, ajeuna oge geus di djěro boei; ari koering doeaan dioepah doeit f 100. Ieu doeitna, noe sawareh deui dibalandjakeun".
Barang indoeng ngadenge omongan kitoe teh, ngan děngek bae tjeurik aloek-aloekan, tjeurik noe katjida njěrina, bari ngomong: Koemaha, koemaha, di mana si boengsoe, si boengsoe? Teu kadoega teuing pisah djeung si boengsoe, soeka paeh langlajeuseun, batan si boengsoe euweuh mah. Boengsoe! boengsoe! geura ka dieu, ema keueung, keueung!
- Tjig, baroedak geura baralik deui ka dajeuh, poelangkeun eta doeit teh, teu soeka, aing teu soedi, anak aing didjoeal."
měsoem ae, karoe-
maroelang ndoengna, im kada-
geus gě- u koering
indoengna
andja teh, ung make ti sasari
ri keneh,
la hatena
,Geuning
,Nja eta gka,istoe i tiloean, ggakeun di djěro doeitna,
n děngek njěrina, oengsoe, oengsoe, uh mah. eueung! poelangak aing
Ngomongna kitoe teh bari dialoengkeun eta boentělan doeit djeung babalandjaan diatjak-atjak, koemaonam nininini tea bae, djeung bari gagaro deui.
Harita kaběněran aja menak ti nagara noe keur njěrěpnjerep bangsat tea, ngadangoe noetjeurik, heugdisampeurkeun, wět kitoe asal-oesoelna. Atoeh menak teh katjida watireunana, gagantjangan moelih, těroes oendjoekan ka Kangdjéng Radja.
Tina Kangdjěng Radja katjida adilna, toer sabar darana, barěng ngadangoe pioendjoek noe saroepa kitoe teh teu kira-kira ngahělas manahna. Enggal nimbalan hakim, soepaja eta djělěma (si boengsoe) dikaloearkeun djeung dibere doeit katoet papakean. Kitoe deui ditětěpkeun oenggal boelan meunang pangsioen, lantaran tina njaahna ka indoeng něpi ka dilakonan manehna ngakoe-ngakoe djadi bangsat, meh meunang hoekoeman beurat.
Sanggeus si boengsoe dikaloearkeun ti pangberokan djeung nampa gandjaran ti hakim, goera-giroe balik ka lěmboerna.
Kasoekaan indoeng djeung anak sanggeus těpoeng deui, teu koedoe ditjaritakeun, ngan koe bawaning boengah toengtoengna kabeh tjeurik.
Ti harita nji randa saanakna djadi djělěma tjoekoep teu koerang sandang pangan něpi ka poepoet adjalna.
Sinom.
Kitoe wawales Pangeran
Goesti Anoe Maha Soetji
ka mahloekna noe satia
anoe satoehoe goemoesti
gěten heman goemati
soehoed ngawoela ka sěpoeh
nadjan tadi sangsara
di ahir pinanggih moekti
dahar pake mahi teu aja kakoerang.
X. Agan Apit, Wira djeung Dira. .
Bagian kahidji.
Agan Apit poetra Djoeragan-Patih-pangsioen, keurna moerangkalih keneh katilar poepoes koe ramana. Djadi andjeunna teh dipiara koe iboena bae.
aja te eu ha so la m nj ka dis hě ka ko bo pa ka ma hě da ko ka ma sa ko da
Děmi eta iboe Agan Apit, estoe beunghar lain dikieuna, lega sawah taloenna, rěndang sapi moendingna. Geus poegoeh ari barang sipat njamoe djeung bangsa permata mah, kawantoe geus meh ilahar di oenggal menak oge, sok ngagědekeun kana panganggo.
Koe lantaran andjeunna teu kagoengan poetra deui, ngan sasiki-sikina pisan, atoeh kanjaahan-kaasihan teh, tamplok ka Agan Apit bae.
Oepama Agan Apit barang poendoet tara aja noe dipogogan. Koe iboena dipanggaleuhkeun roepa-roepa tjotjooan, noe araloes sarta marahal, sapěrti: tarompet, bědil leutik, argol djeung salian ti eta, sakoer noe aneh-aneh dagangan toko.
Kitoe deui panganggo, tjek paribasa tea mah — hoeroeng nangtoeng, siang leumpang"— da něpi ka kěrěpoes batok ěmas oge, sok dianggo sapopoë.
Barang toeangna teu aja oesoemna; oepama áměng koedoe bae ngambeng koeeh-koeeh anoe ngareunah, saboetoehna soklat. Tapi ari djadjan mah ongkoh deui, teu poetoes koe ngambeng, dina sapoë teu mahi satalen.
Ari adatna Agan Apit teh goreng katjida, teu kaopan teu pajaan, digeureuh-geureuh saeutik oge, djětětět poendoeng; oepama aja kahajang koe iboena teu boeroe-boeroe dilaksanakeun, teu inggis maledog. Kana tjotjooan tara tjeeh, ngan watěs doea-tiloe poë rěsěpna teh, lamoen geus bosěn toeloej bae diroeksak atawa dipitjeun, ti dinja ngagaleuh deui noe anjar; kana panganggo oge nja. kitoe keneh bae. Ka rentjang aměng teuing koe harak, tapi balabah, tjek paribasa tea mah hamboer batjot, moerah tjongtjot". Saha-saha noe daek matoeran aměng, tangtoe weureu seubeuh koe kadaharan noe ngareunah djeung oenggal poë didjadjanan, atoeh rentjang aměngna mani gěrějěk.
eurna moeandjeunna
dikieuna, us poegoeh kawantoe agědekeun
deui, ngan , tamplok
lipogogan. ooan, noe tik, argol gan toko. ,hoeroeng oes batok
ng koedoe oetoehna etoes koe
kaopan tět poenoe-boeroe oan tara lamoen ti dinja nja. kitoe tapi bamoerah tangtoe djeung gěrějěk.
Barang Agan Apit geus joeswa 9 taoen, kakara iboena aja manah palaj njakolakeun, tapi Agan Apit moegěn bae teu kěrsa, ari basana era geus gěde teuing djeung keueung euweuh batoer reureudjeungan ka sakola.
Iboena ngamanah-manah sangkan poetrana poeroen sakola, harita andjeunna emoet ka poetra saderek misanna, manahna soegan lamoen djeung eta mah, daekeun sakola. Ti dinja ladjěng miwarangan gandek, njaoer.
Děmi eta saderek Djoeragan-Patih-Istri-pangsioen teh, menak waloerat, sabab ti aanomna hěnteu njěpěng padamělan, njomah bae; andjeunna kagoengan poetra hidji paměgět, kakasihna Raden Sabar.
Koe tina kawaloeratan sěpoehna, Raden Sabar hěnteu disakolakeun, ngan oekoer disina ngadji-ngadji kitoe bae, hěnteu dipiěnja-ěnja. Rěměn pisan Raden Sabar oendjoekan ka ramana hajang sakola tjara deungeun-deungeun, tapi koe ramana teu digoegoe da taja piongkoseunana.
Dina hidji poë, pasosore Raden Sabar keur sasapoe diboeroean; djol datang piwarangan Djoeragan Patih-Istripangsioen teh, sarta toeloej ngomong:
"Aden disaoer koe iboe, Djoeragan Patih-Pangsioen koedoe kairingkeun koe koering, saoerna".
Koe ramana kawidian.
Djawab Raden Sabar: Ke, dek oendjoekan heula ka mama, bisi leungiteun".
Ti dinja djoeng indit rek němonan panjaoer, leumpangna hěnteu loeak-lieuk, tonggoj toeroet sisi djalan gěde, teu daekeun ka těngah, da tadi samemeh indit dipeupeudjeuhan koe ramana, oelah leumpang něngah, oelah balangah, bisi kadoepak kahar.
Ari datang, těroes bae ngadeuheusan, dioek mando měnděko.
Djoeragan Patih-Istri-Pangsioen njaoer: Sabar, kieu noe matak diala teh, maneh dek disakolakeun, ongkos bajaran sakola ditanggoeng, dahar, pake dioeroes, malah tjitjing oge koedoe di dieu, ngan soepaja ngabatoeran Agan bae; koemaha daek?"
Barang Raden Sabar ngoeping saoer kitoe, djol giak bae, eukeur mah ti babareto hajang asoep sakola teh, kari-kari aja noe nawaran, lir oepama noe mobok manggih gorowong", katoeroeg-toeroeg teu koedoe make ongkos deui, sok moen daek ieu mah. Atoeh ngan tjedok bae njěmbah oendjoek soemangga".
Ag ko ma ma so di W h ra N ai di al b ta d k m k m to k p
Soekoer pisan ari daek mah". Saoer Djoeragan Patih-Istripangsioen. Ajeuna los balik heula, poepoelih ka ditoe ka mama, isoek ka dieu deui".
Tjatoerkeun Agan Apit dipariksa deui koe iboena, daek hěnteuna sakola, bari diririh-ririh.
Ana ngawangsoel: Mangga, da ajeuna mah moal keueung, nanging hajang dipanggaleuhkeun heula kareta měsin".
Koe iboena ditoeroetkeun, pek dipanggaleuhkeun kareta měsin, tina njaahna ka poetra; koe njěboet daek oge sakola, beuki matak deudeuh" bae.
Ajeuna Agan Apit djeung Raden Sabar geus proeng sarakola.
Raden Sabar panghajangna teh ěnja, diadjarna těměn, sarěgěp, radjin teu aja tjarekeun goeroena.
Ari Agan Apit mah kalah ka engkreg bae; isoek keneh geus kělějěng toempak kareta měsin, indit ka sakola, tapi ngadon heureuj. Diadjarna mělěntjing beak karěp, lamoen goeroe keur něrangkeun, manehna seuseurian atawa ngaheureujan batoer, oepama teu kitoe noendoetan.
Ngan meunang tiloe boelan sakolana Agan Apit geus kaloear. Koe iboena dihantěm dipoekproek, soepaja daek deui sakola, tapi wěleh ěmboeng bae.
Děmi Raden Sabar mah sakolana těroes, něpi ka tjoetjoedna meunang soerat sěrtipikat.
Sěděng mangsana Agan Apit rěsěp kana make, pěs iboena poepoes; radjakajana kabeh ragrag ka Agan Apit, teu aja pisan tjongtjajna.
Keur anjaran mah Agan Apit kanjěnjěrian katjida, katilar koe iboena teh, tapi teu lila tina kabangbrangkeun koe kasoekaan, kaoepahan koe warisan, toeloej damang bae.
Bareto mah keur djoeměněng kęneh iboena, ěnja oge Agan Apit ana njoehoenkeun tara dipogogan, tapi raosna koerang poeas, hěnteu sakawěnang-wěnang, da njoehoenkeun mah aja isinna; ari ajeuna geus moal aja noe njisi-koedi, masing dek dikoemaha-koemaha oge, da geus moeklis boga sorangan.
giak bae, kari-kari orowong", sok moen ,oendjoek atih-Istriditoe ka ena, daek keueung, měsin". n kareta e sakola, proeng a těměn, k keneh ola, tapi lamoen ngaheupit geus ja daek etjoedna s iboena teu aja , katilar un koe bae.
Děmi karěsěpna Agan Apit kana gigindinganan, pělěslr djeung rojal. Sadidintěn panganggona tara boesik, soemawonna roedin. Sindjang loder sawitan sarěng oeděngna anoe harga f 40 raksoekan lenděn batoe anoe saelona saringgit, rante ěmas erlodji ěmas, tětěkěn baling dipoeih-poeih. Njěsěpna tara loeang soeroetoe, minjak seungit mělěběr angin-anginan.
Ngan tjatjadna Agan Apit teh bodo, kawantoe beunang disěboet teu sakola pisan, tjek babasan tea mah teu njaho alip bingkěng".
Ari tjětaanana mah teu woedoe, kawas djělěma pintěr, boekoe notěs dina sakoe tara tinggal, potlot njolegreng; tapi eusina notěs teh ngan pinoeh koe tanda woengkoel, da ari satandaeun mah bisa, beunang ngapalkeun.
Adatna noe panggorengna, poepoedjieun; rěsep dipoedji kasep, dipoedji ginding, dipoedji pintěr; sing saha noe bisa moedji, tangtoe seubeuh koe pamere, boh koe doeit, boh koe pakean, da ari aja noe kamanah teh pamoedjina, teu inggis měrěsen koe oeang kěrtas atawa papakean aloes.
Tjek kolot sanadjan goenoeng oge, lamoen dihantěm ditoegaran, dikědoekan taneuhna, lila-lila tangtoe rata. Nja kitoe deui radjakajana Agan Apit; tina dihantěm dipake dimonjah-monjah, sasat diawoer-awoer, teu mangkoek sabaraha lawasna geus katjida ngoeranganana.
XI. Agan Apit, Wira djeung Dira.
mar sage dja Is ge dio ma ka ka ko dj A dj se ba ka A ar p A ke 0
Bagian kadoea.
Agan Apit kagoengan pirang-pirang sobat, tapi teu aja noe eutjreug, aja pangoloan, panglantoeran, pamaenan djeung salian ti eta.
Dina hidji poë Agan Apit kasemahan koe sobatna doeaan, noe saoerang ngaranna Wira, noe saoerang deui Dira; eta doea djělěma kasohor toekang tipoe.
Sanggeus sawatara lilana ngawarangkongna, Wira ngomong ka Agan Apit, mělas-mělis sěmoe noe hajang dipikaroenja, pokna: Agan, noe mawi poen akang doemeuheus, bade njoehoenkeun ditjitangisan, tina teu aja deui poentanganeun teh, sadjabi ti Agan; poen akang teh gadoeh barang di pakgade, ajeuna bade dilelang; oepami koe Agan hěnteu ditoeloengan tangtos lapoer. Doepi djoemblahna sadaja pangaos f 50. Koe margi eta sadaja-daja poen akang teh njoehoenkeun piwělas Agan, moegi dipaparin namboet bae satjěkapna, pikeun něboes". Djeung rea-rea deui omongna, kawantoe toekang tipoe ieuh, sok bisa ngolo.
Eukeur mah Agan Apit djělěma balabah, katoeroeg-toeroeg poepoedjieun, kari-kari ngadenge omongan sakitoe aloesna, amis alahbatan madoe, seukeut alahbatan tjongo kěris, atoeh golosor bae maparin f 50, teu mandjangkeun tjarita deui, ngan oekoer sakieu saoerna: Tah top bae mere ngindjeum f 50 ari pěrloe make mah, tapi koedoe njieun tanda tangan".
Walon Wira bari ngarongkong doeit: Mangga, endjing disanggakeun koe poen akang".
Ti dinja toeloej eta doea djělěma amit moendoer, baralik. Barang daratang ka imah Wira, toeloej doeit f 50 teh dibagi doea, salawe sewang. Geus kitoe pek badami njieun tanda-tangan ditoelis dina zegel, ari oenina kieu:
Kaoela noe nanda tangan di handap ieu ngaran Agan Apit, oerang desa Anoe distrik Anoe, geus tarima boga hoetang roepa doeit kontan reana f 5000 (lima reboe roepia) ka ngaran Wira oerang desa Anoe, distrik Anoe. Perdjangdjian baris dibajar loenas dina tempo doea taoen, samangsaat, tapi teu aja amaenan djeung
sobatna doeaan, deui Dira; eta
gna, Wira ngohajang dipikag doemeuheus, aja deui poenang teh gadoeh pami koe Agan i djoemblahna aja poen akang parin namboet deui omongna, ).
toeroeg-toeroeg akitoe aloesna, tjongo kěris, ngkeun tjarita top bae mere koedoe njieun
angga, endjing
ndoer, baralik. doeit f 50 teh badami njieun ieu:
ngaran Agan tarima boga a reboe roepia) noe. Perdjangen, samangsa-
mangša kaoela tjidra tina djangdji noe kaseboet di loehoer, sagala radja-kaja kaoela sarta imah katoet pakaranganana, djadi milikna noe boga doeit.
Tanda tangan,
Sanggeus beres noelis tanda tangan, Wira pok ngomong: Isoek ieu tanda-tangan oerang tandakeun ka Agan Apit, geus tangtoe manehna daekeun nanda, asal koe oerang dioegoeng-oegoeng, djeung sanadjan manehna teu bisaeun matja oge kana ieu tanda-tangan, moal menta dipangmatjakeun ka noe lian, sabab manehna eraeun, sieuneun katangen kabodoanana".
Walon Dira: ,Lěrěs, tapi eta tanda-tangan koedoe ditjěkěl koe oerang ongkoh".
Wira: Poegoeh bae, malah adi oge koedoe nanda, njaksian, djeung oerang datang teh ka Agan Apit oelah babarěngan.
Tjatoerkeun isoekna, kira-kira poekoel tiloe di boemi Agan Apit geus ririoengan deui tiloean, nja eta: pri boemi, Wira djeung Dira ngawangkong teu poegoeh, gogondjakan, seuseurian tjatjalakatakan.
Sanggeus ngopi nanaon, Wira ngomong, pokna: Aeh, meh bae poen akang hilap, ieu tanda-tangan tea parantos, ngan kantoen ditawis bae koe Agan.
Mana? Tjing, ka dieu kang, oerang batja heula, bisi salah".
Sor diasongkeun tanda-tangan teh; toeloej ditjandak koe Agan Apit dibingbingkeun dibatja, bari dangdak-dengdek, anggat-oenggoet, biwir koenjam-koenjěm, kawas noe heueuh, padahal teu njaho saěloek-ěloek atjan. Ari geus kitoe Agan Apit sasaoeran: Naha pěrloe koe koering ditanda?"
Wira: Hěr, ari Agan, bět kawas noe doesoen, atoeh kantěnan kědah mah, kapan Agan noe kagoengan artosna; oepami teu ditawis, saha noe ngindjeumkeunana?"
Kang Dira ge koedoe nanda, djadi saksi, nja!", saoe Agan Apit.
"Soemangga poen akang njaksian, pilakadar nanda, manawi tiasa". Tjek Dira.
"Ah, teu oemoem bae, ari teu bisa onaman, sageuj". Ti dinja djěbred tanda-tangan hoetang teh ditanda koe doeaan, Agan Apit djeung Dira.
Kira-kira geus aja doea taoen leuwih ti waktoe harita, Agan Apit disaoer ka hoekoem didawa hoetang koe Wira.
Sanadjan Agan Apit moengkir aděgan oge — da poegoeh ěnja teu boga hoetang — pioendjoekna koe hakim hěnteu dimanah, da eleh koeat koe tanda-tangan, toeloej bae ditigas pěrkarana, Agan Apit eleh, koedoe majarhoetangna noe f5000, atawa koedoe masrahkeun radja-kajana, imah katoet pakaranganana.
Liwat saking Agan Apit nalangsana, něpi ka ngabanjoe mili, měrěběs bidjil tjipanon.
Ari soemping ka boemina, toeloej harita keneh bandana didjoealan, imah katoet pakaranganana ngaboektikeun doeit f 5000, něpi ka beakna pisan kagoenganana teh, tjek paribasa tea mah teu njesa ,batok kohok".
Andjeunna oeroet sakitoe agoengna, ajeuna djadi sakitoe apisna, ngagilintjing, ngan kari badan sabeuleugeundjeur, teuas-teuas kari bintjoerang, goelak-giloek kari toeoer, herang-herang kari sotja teh sa njana. Hadena bae dirawatan koe saderek mindona Raden Sabar tea, ajeuna geus djadi Mantri. Tjatjakan lamoen teu aja eta, tangtoe Agan Apit pinanggih sangsara noe moal aja hinggana, tina sandangpangan.
Děmi Wira djeung Dira sanggeus nampa doeit beunang nipoe tea, toeloej moeka toko. Djadi beunghar ngadak-ngadak, djadi moelja anjar-anjar.
Tapi eta kabeungharanana, kasěnanganana, kamoeljaanana hěnteu awet, kawantoe doenja haram ieuh. Dina hidji peuting manehna hees tibra pisan, ngan gěr bae kahoerõean, tokona katoet barang-barangna teu aja pisan noe kapoeloek, malah dirina pribadi oge meh bae kabeuleum, lamõen teu kaboeroe nondjol ka loear ti imah.
nja!", saoe
da, manawi
n, sageuj". ditanda koe
ktoe harita, etang koe
da poegoeh kim hěnteu bae ditigas noe f 5000, atoet paka-
ngabanjoe
h bandana keun doeit , tjek pari-
adi sakitoe geundjeur, ri toeoer, dirawatan geus djadi Agan Apit ngpangan. t beunang ak-ngadak,
oeljaanana Dina hidji ahoeroean, kapoeloek, , lamõen
Ari lantaranana tina koerang ati-ati neundeun lampoe. Kamari Wira djeung Dira djělěma ginding, ajeuna djělěma boetin, malarat beak kadaek, něpi ka teu boga imah kodompol-kodompol atjan.
Midjil.
1. Anoe bodo teu aja pangarti tan wande ngalakon kasoesahan dirina teh sanadjan anoe soegih moekti sapěrti noe tadi tjarita di loehoer.
2. Agan Apit sakitoe nja soegih ngan handjakal bodo geuning kitoe toengtoenganana teh radja-kaja lēdis sakali tina tjoepět boedi beunang koe ditipoe.
3. Kitoe deui djalma anoe děngki persasatna rampog Wira Dira panipoean gěde hěnteu toeloes djadina soegih sabab hěnteu moeklis barang haram woengkoel.
4. Agan Apit Wira Dira deui koedoe djieun tjonto sakabeh ge taja anoe hade hěnteu aja piliheun hidji anoe doea děngki noe saoerang sěboel.
EUSINA.
M. Sa Ardiw R. Ha M. Na R. H R. Le C.M M.P
Katja 3 1. Rasa mokaha... 2. Begal katipoe..... 6 3. Koeda djeung sapi.. 8 4. Sakadang peutjang... 10 5. Opat impian...... 15 6. Boeaja, sapi djeung peutjang............... 19 7. Santri 8. Noe njaah ka indoeng ....................... 20 9. Noe njaah ka indoeng (samboengan)............ 23 10. Agan Apit, Wira djeung Dira (bagian kahidji).... 26 11. Agan Apit, Wira djeung Dira (bagian kadoea).... 30
| Boekoe-boekoe anoe diseboet di handap, nja eta boekoe- I aksara Walanda f 0.08 100" "0.22 "0.21 01. "0.15 "0.20 一 Abdoerrahim0.11 boekoe anoe dikaloearkeunana koe lantaran Commissie voor de Volkslectuur, didagangkeun di goedang Serie uftgaven door bemiddeling der Commissie boekoe kangdjeng Gouvernement (Depôt van M. Saleh en Ardiwinata, Dongeng-dongeng Soenda II idem R. H. Moeh. Moesa, tjarita Abdoerrahman djeung Leermiddelen) di Weltevreden. Saha-saha R. Hasan Soemadipradja, Piwoelang tatanen idem idem idem idem idem idem noe rek meuli njoehoenkeun bae ka toean Administrateurna, tapi voor de Volkslectuur. doeitna koedoe dikirim- BOEKOE BASA SOENDA. keun ti heula weselkeun. M. Natawisastra, 100 Paribasa I II 三 IV idem idem idem idem idem idem idem idem idem idem Ardiwinata |
Serie uftgaven door bemiddeling der Commissie QpCA adoea).... 30 ahidji).... 26 23 …19
R. Prawira Koesvema, Dongeng-dongeng toeladan.. f 0.07 Mangoen di Karia, Tjarios lalampahan Daoed bin Oetin "0.08 R. Ajoe Lasminingrat, Tjarita Erman............ R. B. Kartadiredja, Tjarios Nata Soengkawa........ 0.16 "0.15 Wawatjan Koeja kadjadjaden....... "0.08 R. Poerawinata, Koelak tjanggeum... Mangoendikaria, Gěněp bělas tjarita aksara Walanda , 0.16 0.08 Wawatjan Moehamad Kaja idem R. Ardiwinata, Lalampahan Michiel Adr. de Ruijter " 0.28 0.15 Wawatjan tjarios R. Pandji Kerneng pati. Baroeang ka noe ngarora I....... 0.11 0.09 idem II. idem 0.06 M. Sarban, Panoelak ka sakit lolong Palanggeran noeliskeun basa Soenda koe aksara Walanda.... R. Ardiwinata, Tjarita djalma paminggatan......" 0.18 D. Ardiwinata, Tata karama oerang Soenda......" M. Partadiredja, Tjarita klěntji djeung adjag......"0.14 "0.03 Toetoeroetjingan.... Wawatjan piwoelang panoelak panjakit kolera.... R. Ganda Adinegara. Boekoe tjarita Dik Trom.... , 0.22 R. Poerawinata, Tjarios lalampahan ka Djawa těngah, 0.14 D. Ardiwinata, Elmoe kabeurgharan..........."0.08 R. B. Kartadirědja, Tjarios Maharadja Djoesi...... " 0.10 Sastradiredja, Wawatjan tjarios Praboe Oedrajana , 0.21 M. Kartadimadja, Boekoe Panggoegah............" 0.08 0.08 M.Sastrawiria,Pangledjar galih.................., R. Djájadiredja, Wawatjan elmoening tani........" R. Soeriadiredja en M. Ardiwinata, Wawatjan Poer- 0.20 nama Alam.. M. Kartadimadja, Tjaraos ki Boehara djeung ki Djani Njimas Lengkana, Dongeng-dongeng djaman baheula 0.19 M. Soemintapoera, Tjarita Buffalo Bill............ R ědja en R. Soemodirědjo, Bab bako.... jajadisastra en M. Soema Atmadja, Poeloenganeun......... I. Sětjaadipoetra, Boekoe hal mělak djeung ngokolakeun roepa-roepa pěpělakan I Bab ěnteh.. M. Sětjaadipoetra idem Bab II.... Adipradja, Bab njangkok, ngaděděr sarěng mělakna 0.05 djeroek...... M. Natawisastra en M. Padmadinata, Kahardjaan 0.15 nagara......... Tjakrabangsa, Roepa-roepa misil anoe baris hasil..
PERPUSTAKAAN NASIONA