Serie uitgaven door bemiddeling der Commissie voor de Volkslectuur No. 89.
WAWATJAN TJARIOS
RADEN PANDJI KĚRNENG PATI
DIKALOEARKEUN
ROE
Commissie voor de Volkslectuur.
TJITAKAN KADOEA
Nskna noe ugerang ieu boekoe ditengtajoegas koe Stanisblad iva No eoo
len boekoe meunnng ditjiiak deni (overdruk en nadrak) kor not sedjco slawa dianggil deui dapon geus meunnng soerat paidia bar i Commissie vonr de Valkslectuur, sarla dina takon anjor atawa anggilán anjar lea koedoe dileresgkeun i mana asalna
Ditjitak di kantor ljitak ALBRECHT & Co.. WELTEVREDEN 1916.
十一迎
WAWATJAN TJARIOS
RADEN PANDJI KERNENG PATI
DIKALOEARKEUN
KOE
Commissie voor de Volkslectuur.
TJITAKAN KADOEA
Hakna noe ngarang ieu bockoe ditangfajoengan koe Slaafsblad 1912 No. 600.
Ieu boekoe meunang dititak deui (overdruk en nadruk) koe noe sedjen afawa dianggit deui dapon geus meunang socrat paidin bae fi Commissie voor de Volkslectuur, sarta dina fjitakan anjar afawa anggilan anjar tea koedoe diferangkean ti mana asalna.
Ditjitak di kantor tjitak ALBRECHT & Co., WELTEVREDEN 1916.
1. Asmarandana.
1. Kasmaran didaměl kawit, tina kaloetjoeanana, tjek basa ajeuna model, tjarios djaman ajeuna, di nagri Solo pisan, mo měndak noe tjara kitoe, tina karasmianana.
2. .Noe mawi koe djisim koering, dikarang didjieun těmbang, ambrih aroeninga kabeh, pěrang Solo leuleutikan, istri noe djadi marga, di pajoen tangtoe katjatoer, tina pěrasalanana.
3. Eh Allah koemaha koering, ari pikir istoe pisan, koe hajang jasa mamaos, soepantěn kadaring Allah, dimakboel sapanědja, moegi-moégi enggal timoe, rek noeroetan noe boediman.
4. Lain sim koering koemaki, boemisa ngadangding těmbang, ngan bawaning maksoed bae, basana oge garihal, toer teu poegoeh dangdingna, adjrihna mah langkoeng-langkoeng, geus teu aja papadana.
5. Malahmandar bae hasil, djadi panglilipoer manah, diaos samemeh ebog, ngilangkeun galih soengkawa. mepende andjeun heula, napsoe teu kenging ditoeroet. ladjengna sok lalamoenan.
6. Parantos tangtos teh teuing. lamoen kitoe nja ngamanah. ngalěmkeun akal noe gěde. teu tjara dianggo gěrah, kasoesah rada njingkah, ari noe didaměl lagoe, djalma noe ajeuna pisan.
7. Tanapi gadoeh pamoegi, agoeng ka Noe Maha Moelja. dohir ka para boepatos, adil galih ka abdina, njieun hoekoem agama, sae awon anging emoet, abdi njoehoenkeun hampoera.
8. Koe djisim koering digoerit, ngoeping tina soerat chabar. di karaton nagri Solo, aja sahidji pangeran, kapipoetrana Soeltan, djadi alo Djěng Sinoehoen. doepi ari kakasihna.
9. Raden Pandji Kěrneng Pati, ramana parantos wapat, Raden Mas Ganda Paloegon,
5
hidji mangsa Raden poetra, nampi timbalan Soeltan, dawoehan Kangdjěng Sinoehoen: Maneh Pandji koedoe leumpang.
10. Ngatoeranan roepi doeit, ka paman Mangkoe Nagara, djeung roepa-roepa panganggo, doemeh dek ngěrsakeun hadjat, nja eta minantoean, ka poetra Pangeran Kédoe, Raden Soma Ardiningrat.
11.. Ari kakasihna poetri, poetra noe di pakoelěman, Mangkoe Nagara karaton, eta poetra ingkang paman, Ratoe Kantjananingrat, sasih ieu tanggal toedjoeh, direndengankeun poetrana.
12. Masing sagěd maneh Pandji, wantoe djadi wakil mamang, dangdosan sing hade-hade, toenggangan koeda Si Mega, hělos indit ajeuna, gagal lamoen poë isoek. nja ngadeuheusan ka paman".
13. Toemoengkoel ngěloek den Pandji, tjong njěmbah oendjoek soemangga, tapi galih Raden soerser, hantěu kintěn soeměblakna, heran koe kangdjěng Soeltan, ras emoet saoer kapoengkoer, Ratoe Mas Kantjananingrat.
6
14. Direremokeun ka diri, achirna bět ka noe lian, estoening hěnteu kahartos, koemaha lamoen oendjoekan, soepaja oelah kěmba, oelah kieu hate ratoeg, seueul měntěgěg teu těrang.
15. Djeungna deui eta istri, djeung aing ěnggeus patěpang, andjeunna parantos djongok, tatapi kieu achirna, kitoe Raden manahna, parantos njatět 'na kalboe, ngandoeng manah reh handjakal.
16. Mangsa harita teu lami, enggal Raden nitih koeda, mědal ti karaton Solo, ngiringkeun ratoes gotongan, roepi barang djeung oeang, alon angkat hanteu roesoeh, den Anom pirhatin manah.
2. Sinom.
1.Mangga toenda-Raden poetra, Raden Pandji Kěrneng Pati, kotjapkeun Mangkoe Nagara, di Djogdja karaton nagri, diparěk pra bopati, para pangeran toeměnggoeng, keur ngatoer papadjangan, poeade di djěro poeri, beunang ngatoer ngarekin para pangeran.
PERPUSTAKAAN
Poeade soetra dewangga, soetra kěmbang roepi-roepi, 2. RPUSTAKAAN NASIONAL
tihang ěmas dipěrmata,
palisirna pasmen koening, rambaj boeah palisir, intěn běrlian sareboe, tanding djeung boealh pasang, serab teu wantoen ningali, sarěng aja kafil ěmas opat pasang.
3. Lampoe tjabang riboe laksa, sapasang harga sakěti, lampoe boeatan Nederland, Sarěng doea laksa lilin, němpat pajoeneun boemi, noe didaměl damar sewoe, djeung lawang katja-katja, běbětek saboeděr nagri, roepi djanoer běbětek teu katjampoeran,
4. Pangeran Mangkoe Nagara, karsana hojong ti peuting, panganten iring-iringan, tatabeuhan roepi-roepi, dikěloen oenggal nagri, ti Pasoeroean Madioen, Djapara Pakalongan, Samarang Tégal Gěrěsik, Toeban Rěmbang Blora Banjoemas Tjalatjap..
5. Tjirěbon sarěng Koeningan,
0 Madjalěngka djeung Tjiamis, katoet ka rěgen-rěgenna, ambtěnaar kabeh diangkir, pra mantri djoeroe toelis,
6
14. Direremokeun ka diri, achirna bět ka noe lian, estoening hěnteu kahartos, koemaha lamoen oendjoekan, soepaja oelah kěmba, oelah kieu hate ratoeg, seueul měntěgěg teu těrang.
0.100
15. Djeungna deui eta istri, djeung aing ěnggeus patěpang, andjeunna parantos djongok, tatapi kieu achirna, kitoe Raden manahna, parantos njatět 'na kalboe, ngandoeng manah reh handjakal.
16. Mangsa harita teu lami, enggal Raden nitih koeda, mědal ti karaton Solo, ngiringkeun ratoes gotongan, roepi barang djeung oeang, alon angkat hanteu roesoeh, den Anom pirhatin manah.
2. Sinom.
1.Mangga toenda Raden poetra, Raden Pandji Kěrneng Pati, kotjapkeun Mangkoe Nagara, di Djogdja karaton nagri, diparěk pra bopati, para pangeran toeměnggoeng, keur ngatoer papadjangan, poeade di djěro poeri, beunang ngatoer ngarekin para pangeran.
2. Poeade soetra dewangga,
soetra kěmbang roepi-roepi, STAKAAN NASIONAL
tihang ěmas dipěrmata,
palisirna pasmen koening, rambaj boeah palisir, intěn běrlian sareboe, tanding djeung boealh pasang, serab teu wantoen ningali, sarěng aja katil ěmas opat pasang.
3. Lampoe tjabang riboe laksa, sapasang harga sakěti, lampoe boeatan Nederland, sarěng doea laksa lilin, němpat pajoeneun boemi, noe didaměl damar sewoe, djeung lawang katja-katja, běbětek saboeděr nagri, roepi djanoer běbětek teu katjampoeran,
4. Pangeran Mangkoe Nagara, karsana hojong ti peuting, panganten iring-iringan, tatabeuhan roepi-roepi, dikěloen oenggal nagri, ti Pasoeroean Madioen, Djapara Pakalongan, Samarang Tégal Gěrěsik, Toeban Rěmbang Blora Banjoemas Tjalatjap..
5. Tjirěbon sarěng Koeningan,
0 Madjalěngka djeung Tjiamis, katoet ka rěgen-rěgenna, ambtěnaar kabeh diangkir, pra mantri djoeroe toelis,
8
sěpi kabopaten soewoeng, waktoe dintěn harita. kapala geus heurin oesik, geus karoempoel di nagri Mangkoe Nagaran.
C PERPUSTAKAAN NASIONAL
6. Saoer noe kagoengan hadjat: Noe matak digingsir linggih, dintěn isoek mimitina, panganten angkat ka masdjid, pesta lima blas wěngi, sakitoe anoe dimaksoed, barisna soekan-soekan". Tjoeng-tjong njěmbah pra bopati: Kaoelanoen ngiringan dawoeh pangeran".
7. Goergěr sami sasaoeran, kotjap Pandji Kěrneng Pati, djěboel ngiringkeun gotongan, ti Soerakarta nagari, ngaleut gotongan soemping, renghap sadaja toeměnggoeng, kangdjěng Mangkoe Nagara, kaget ningal Raden Pandji, tjek Pangeran teu euweuh poetra nalendra.
8. Tjakěp dina loehoer koeda, manggoet-manggoet koeda njirig, dangdosan sagala rapat, taja tjawadeun saeutik, lěměs estoe rěspati, loetjoe meakkeun ti batoer, gandang taja bangsana, kasep leuwih ti sasari, brěk sadaja hempak mantri djeung ponggawa.
9
9. Děpa olohok noe ningal, taja noe ngitjeup saeutik, katoengkoel ningal noe gandang, noe kasep Pangeran Pandji, pra pahgeran ningali, imoet sadajana loengsoer, ka aloen-aloen mapag, mapag Raden Kěrneng Pati, Raden Pandi? loengsoer tina loehoer koeda.
10. Pangeran Mangkoe Nagara, goegoepaj ti pantja niti: Geuwat tjing ka dieu oedjang!" Raden Pandji Kěrneng Pati, tras doemeuheus ka Goesti, tjong njěmbah Raden toemoengkoel, kangdjěng Mangkoe Nagara, sěmoe atoh soeka galih, "Asep enoeng sarěng sana Raden Poetra?"
11. Tjong Pangeran Pandji njěmbah: Sarěng abdi-abdi goesti, noe ngabantoen ieu barang, djabi tinja taja deui". Ladjěng den Kěrneng Pati, sěrat pasihan sinoehoen, tras disanggakeun pisan, njandak sěrat sěmoe adjrih, rek diboeka hoermatan disěmbah heula.
12. Oengělna lěběting sěrat: 0 "Paman Pangeran Dipati, ieu kagěgělan poetra, roepi barang sarěng doeit, kabantoen koe den Pandji,
ERPUSTAKAAN NASIONAL loemajan tatamba loepoet, sarěng ieu poen anak, mangkade sing ati-ati, pangngakoekeun kawantoe boedak poendoengan"..
13. Sakitoe oenina sěrat, ten pandjang tjarios deui, hanteu lami ti'harita, dihoermat Rahaden Pandji, sarěng teu idin moelih, ngaloeoehan memeh poetoes, sarēng ladjěng harita, nimbalan hidji papatih: Geuwat oeroes ieu Raden sing oetama.
3.– Kinanti.
1. Geuwat tětěbah di ditoe, sondongkeun těmpat noe rěsmi, di mana bae koelémna". Oendjoek sěmbah Raden patih, Děmi patih teh wargina, ti iboe Pangeran Pandji.
2. Patih teh pěrěnah poetoe, ka Pangeran Kěrneng Pati, margi alo ka iboena, enggal harita den Pandji, koelěmna di kapatihan, soengkawa manah prihatin.
3. Doemoegi ka taboeh satoe, teu koelěmna Raden Pandji, ngagoeligah mamanahan, emoet bae ka noe geulis, galih raos disoendoetan, tina bawaning koe njěri.
30..0
-4. Waktoe harita den bagoes, dideuheusan hidji mantri, wasta den Sastra Pěrwira, mantri běrboedi toer soerti, pasěmon sagala bisa, wantoe ilmoena geus tahkik.
5. Ahli raos ahli něgoeh, apal ka wirasat djalmi, ka noe damang noe ten damang, andjeunna tangtos tingali, harita mantri oendjoekan, ka den Pandji Kěrneng Pati.
6. Pioendjoekna: Kaoelanoen, goesti doenoengan sim abdi, moestika manah sadaja, noe kasep noe matak watir, poen mamang koe hojong těrang, njanggakeun běběndoe diri.
7. Doemeh abdi koemawantoen, tjonggah roepi ka sasami, ngarandang wantoen oendjoekan, njoehoenkeun rasiah goesti, koemaha eta margina, titingalan sanes teuing.
8. Tjahaja sěmoe noe aloem, kawas kenging koe panjakit, těgěsna teh koe wisaja". Mantri noe rea djeung patih, geus koelěm waktoe harita, tibra' hanteu lilir-lilir.
9. Raden Pandji mesěm njaoer, ngawalon ka Raden mantri: Hih, sok kitoe ari ěmang, teu sae eta pamali, teu kitoe-kieu koering mah". Ngán seg goemědjěng den mantri:
10. Gamparan teh oelah kitoe, teu sae dianggo moengkir, moal palsoe diri ěmang, estoe hawatos ka goesti, mangga timbalkeun sing těrang, anoe mawi nganggrěs galih".
11. Raden Pandji ladjěng njaoer, djeung njandak pangkon den mantri, ngaharewos sasaoeran: Geura kieu mamang mantri, pendek bae montong pandjang, teu kintěn nja ngěněs diri.
12. Koe pěrkawis ěnden ajoe, panganten poetra djěng goesti, Nji Enden Kantjananingrat, kapěngkěr timbalan goesti, jaktos bakal ka kang póetra, ahir tjidra tina djangdji.
13. Tah eta margina kitoe, anoe mawi njěri ati, bisi mamang teu oeninga, djeungna deui eta poetri, djongok kapěngkěr patěpang, padoe saoer rěmpoeg galih.
PERPUSTAKAAN NA
'14. Ahirna ajeuna kitoe, sěmoe hilap tina djangdji". Gěbēg den Sastra Pěrwira, oendjoekan ngiring prihatin: Soebhanallah geus kantěnan, pangintěn kitoe mah goesti.
15. Meudjeuhna gamparan ngangloeh, tobat ka Noe Maha Soetji, •tjinděkna kieu ajeuna, sěratan bae noe geulis, seepkeun di lěbēt sěrat, enggal midaměl sing manis".
4. Dangdanggoela.
1. Hanteu lami Raden Kěrneng Pati, ladjěng njěrat dianggit aksara, wantoe boeat ka karaton, ka noe geulis gan ajoe, panganten poetra sri bopati, kieu oengělna sěrat, harita geus toetoeg: Ieu serat ngadeuheusan, djisim abdi anoe sakalintang adjrih, kapangkon ing gamparan.
2. Mangsa soetji eukeur sěnang galih, agan ajoe Neng Kantjananingrat, someah-ahli sareseh, manis boedi djeung loenggoeh, soeka galih siang djeung wěngi, taja noe dimanahan, hojong geura isoek, panganten iring-iringan, ngan sakitoe noe dimanah koe noe geulis. tangtos taja kanděgna.
ERPUSTAKAAN NASIC
3. Lěpat manah goesti djadi lali, abong kena ěnggeus tina lila, saoer didjieun pangolo, ka poen ěngkang teu koloe, sěmoena teh ěnggeus padoeli, ti awit keur sakola, djangdji bade miloe, koemoerěb lěbět boeboedjang, ka noe geulis moal tjidra tina djangdji, nanging agan bět nolas.
U
4. Djadi palsoe manah beuki njisi, geus kamaloem njai asa-asa, rakaan ka anoe bodo, djigana kadjeun wadoel, da aing mah estoe teu soedi, ka sia hěnteu hajang, sok sieun kadoehoeng, oelah kitoe nja ngamanah, pan teu sae pěrwatěk noe djadi istri, oelah lampah rajoengan.
5. Awon goesti apěs kana diri, anoe kitoe istri hanteu aman, panata dajang djeung ronggeng, loeang ěngkang noe kitoe, rajoengan djeung hanteu goemati, moen istri kirang tata, ahirna sok tatoe, menak loba anoe tjěla, noengtoen napsoe ngabidjilkeun ati děngki, madjěngkeun kaawonan.
6. Doepi ieu ngintoenan ka goesti, salam soedjoed margi bakti sěrat, moegi manah oelah polos, mangga galih sing loeloes, abong kena djadi noe geulis, bět babarian iklas, teu emoet kapoengkoer, ěnden mah babari měgar, teu dimanah saoer kapoengkoer noe manis, estoening matak panas.
7.Sajaktosna toemaros ka goesti, loetjoe teuing geuning ari agan, kapan kapěngkěr tjarios, sěpoeh djeung pada sěpoeh, geus poegoeh djinis pada djinis, ti kapěngkěr tjek ěngkang, hanteu koemapoeroen, koemawawa koemawasa, gadoeh bodjo mirabi ka poetra goesti, tjileungtjang mande sgara.
8. Oelah rěsěp mětik kěmbang seungit, ditjioeman eukeur waktoe anjar, dipitjeun ari geus lajon, tah elmoe istri kitoe, rojal manah teu matak hasil, estoening hěnteu njana, agan naha kitoe, ari měnggah ěngkang tea, oelah ngira djělěma doea sadoeit, sami těrah pangeran.
9. Ajeuna mah njai kadjeun teuing, dapon těrang ěngkang meureun nimbang, kana djangdji da geus nonggong, jaktos njai teh ěmboeng, enggeus hanteu kenging dikeumbing, tjinděkna mah poen ěngkang, ngadoe'akeun enoeng, moegi masing rěnděj poetra, awet djodo ka noe kasep lěndjang koening, den Soma Ardiningrat".
10. Prantos njěrat enggalna ditawis, pandjěněngan noe prihatin manah, di kapatihan keur ngantos, srat ditilěp geus loeloes, sok dipasihkeun ka den mantrir Raden Sastra Pérwira, noe boeat ngabantoen, tjong njěmbah mantri harita, rek doemeuheus lahiran Rahaden Pandji: Kade masing iatna".
11. Noen soemoehoen" pioendjoek den mantri, geus kantěnan goesti oelah sěmang, ladjěng den mantri ka djěro, nglěmět djeung djalma tjampoer, nanging taja anoe ningali, ka djro poeri angkatna, diintip gan ajoe, mantri noong 'na djandela, anoe geulis sěmoe anoe ngěrik galih, di kamar tamboeh polah.
5. Gamboeh.
1. Ngadehem den mantri asoep, koredjat goegah neng ajoe, mariksa goegoep noe geulis, sinarěng moekakeun pintoe, gan ajoe Kantjana němpo.
2. Tjong njěmbah den Mantri asoep, Poen mamang Goesti koelanoen". Aloem njaoer anoe geulis:
Ka dieu mang mantri asoep!" Tjong njěmbah gek mantri mando.
3. Ladjěng mariksa gan Ajoe: Kawas aja anoe pérloe, mamang sinantěneun teuing, linggih ka dieu koelanoen, naha mamang aja naon?"
4. Imoet den Mantri pioendjoek: Jaktos aja anoe pěrloe, margi ngadeuheus sim abdi, moal wantoen hanteu poegoeh, ngěmban timbalan Den Anom.
5. Sapěrkawis anoe tangtoe, koe poen mamang dipioendjoek, pěrkawis rendengan goesti, tjios jaktos dintěn isoek? Ja robbi matak hawatos!
•6. Doea pěrkawis noe estoe, galih Goesti sěmoe ngoejoeng, sanes pisan ti sasari; koe naon goesti koelanoen?" Mesěm ngawalon Neng Anom:
7. Aeh paman noe saestoe, jaktos paman koering bingoeng, emoet ka Pangeran Pandji, hawatos isin patjampoer, soegan měndakan tjarios.
8. Engkang pangeran koelanoen, soegan maksad dek ngarěboet, pasrah mangga diri koering, soeka teh kaliwat langkoeng, rido manah moen dipaok.
ERPUSTAKAAN NASIONAL
9. Palangsiang ěngkang běndoe, Éh, koemaha bae atoeh?" Sěrat koe rahaden Mantri, disanggakeun ka Gan Ajoe: Mangga goesti geura aos".
10. Ti' saha?" lahir gan Ajoe, Goemoedjěng den Mantri matoer: Ti raka pangeran Pandji". Gabroeg sěratna dirangkoel, berebet ladjěng diaos.
11. Oengělna sěrat kama'loem, kantěnan tjara di loehoer, seep meakkeun noe geulis, dina sěrat matak gioeng, kinanti ngaos rampohpoj.
6. Asmarandana.
1. Toenda tjarios Nji poetri, kotjapkeun deui den poetra, sawěngi teu pati sare, tina loba mamanahan, ti dinja ladjěng angkat, ka masigit moro soeboeh, barina těras ngimaman.
2. Gělěnděng Rahaden Pandji, pasehat lir sajid Měkah, torodjol ti Měsir senggol, lagoena angin-anginan, taja tjawadeunana, tatas patitis geus poetoes, ngaosna hatam sampoerna.
3. Pinoeh noe ma'moem di masdjid, samalah imam bakoena, sadajana pada kaget, dina saba'da nětěpan, sanes paroepoedjian, silih taros reudjeung batoer, noe ngimam bieu teh saha.
4. Saoemoer kakara manggih, 'noe ngimam kaliwat ngeunah, katambah koe senggol sae, boa eta teh olia, sadaja djawab doeka, taja noe těrang saestoe, ka Pangeran Pandji Poetra.
5. Geus kitoe mah Raden Pandji, loengsoer parantos nětěpan, oerang kaoem arolohok, brěk marando sadajana, tjoengtjong mararoendjoengan, enggal njaoer den Pangoeloe: Hanteu njana ka gamparan".
6. Pioendjoek sěmoe noe adjrih, pangoeloe ka Raden Poetra: Poen mamang soemědja naros, Goesti koelěm teh dimana?" Mesěm walon den Poetra: Di mang Arja Patih Danoe, piwarang kědah di dinja".
7. Enggal Raden loengsoer moelih, ti masdjid ka kapatihan, ngaroembajkeun ramboet Raden, barang soemping Raden Poetra, njondong Sastra Pérwira, Raden Pandji njaoer imoet: Hatoeran ěmang geus lila?"
8. Pafantos" pioendjoek mantri, mangga kanděg Raden Poetra, noe di lěbět katjarios, Pangeran Mangkoe Nagara, koempoelan pra ponggawa, tjoehtjih ngoeroes ngaler-ngidoel, ngagoeroeh noe sasaoeran.
9. Panganten poetra dipati, Gan Ratoe Kantjananingrat, enggal disaoer ka djěro, lěsoe angkat ngadeuheusan, Enden Kantjananingrat, koe para istri dirioeng, ngěloek pajoeneun iboena.
10. Paměgětna kitoe deui, dirioeng koe pra pangeran, keur didangdanan panganggo, istri di lěbět hiasan, den Soma Ardiningrat, panganten nganggo geus toetoep, kari djoeng ka kaoem angkat.
11. Panganggo hoeroeng raspati, panganten mantoe Pangeran, Raden Pandji katjarios, parantos nganggo djoeng angkat, mědal ti kapatihan, kěrsana ngiring ka kaoem, madjěng teu moendoer manahna.
7. Doerma.
1. Ngadawoehan Pangeran Mangkoe Nagara: Meudjeuhna geura indit, bismillah ajeuna, seg seungeut mariěmna", gělědoeg mariěm moeni, pat poeloeh'doea, tras panganten ka masdjid.
2. Geus berebet pajoeng gilap koening kěmbar, saratoes pra dipati, ngarěj ti poengkoerna, noe ngiring pra pangeran, pakasep paginding-ginding, njoengkělang ladrang, landean intěn roekmi.
3. Oeděng Solo pangaos pat poeloeh lima, batik satria manis, sindjang kapoegěran, papak para pangeran, raksoekan potongan sěnting, kantjing běrlian, hoeroeng rante erlodji.
4. Dina těnggěk pasmen ěmas kěkěmbangan, anoe misah ngan hidji, Raden Pandji Poetra, těgěpna poendjoel pisan, kasepna leuwih raspati, sapanganggona, den Pandji Kěrneng Pati.
5. Běndo boeleud rapat sisi-dipěrmata, pameres ěmas koening, ditaboer pěrmata, ting karitjeup goeměbjar, lir tjika-tjika rek meuting, gandang noe midang, sindjang Solo pěrkěsit.
.J
6. Dilantjingan sontog toer soetra kasoemba, didjěpit pasmen koening, diraksoekan Herman, tjakěp kasatriaan, kantjing intěn doea baris, ladrang goeměbjar, sikěp aja digigir.
7. Tambah hoeroeng koe rante erlodji ěmas, slop bordel sěmoe tjěnglik, kaos ngěplak bodas, kewěs tjangkěr katjida, poengkoereun Rahaden Pandji, Sastra Pěrwira, pasěmon den Sěntjaki.
8. Pangpajoenna Pangeran Mangkoe Nagara, koe andjeun djěněng wali, ari ti poengkoerna, Rěgen Toeban djeung Blora, Tjirěbon Těgal Tjiamis, sinarěng Rěmbang, Madioen djeung Gěrěsik.
9. Rěgen-rěgen sadaja ka masdjid djadjap, barang soemping ka masdjid, saratna ngadjadjar, prantos beres maridang, den Pangoeloe dina korsi, beunang sadia, djeung didastar kasmiri.
10. Tjakěp nganggo tagog lir pangoeloe Bagdad, ningal panganten soemping, brěk sarat ka handap, hempak mando sadaja, pangeran dipati, tras ngawalian, nikahkeun ěnden poetri.
11. Den Pangoeloe ngalapalan Ardi Soma, teu lami prantos deui, djol oeang dibilang, doea reboe ipkahna, oeang retjeh reudjeung ringgit, aroentoeng sarat, koe Pangoeloe dibagi.
12. Doer mariěm nawiskeun parantos nikah, gěr soerak mantri nagri, panganten moendjoengan, ka rěgen sadajana, goergěr tatabeuhan moeni, eundeur nagara, gěntos nganggo anoe manis.
8. Dangdanggoela.
1. Mas panganten nganggo noe raspati, sindjang songket diběnten kantjana, ditaretes intěn objor, djamang tarate moeroeb, dilantjinganna pandji-pandji, kangkaloengna kantjana, pěrěmata djambroet, parantos nganggo den Poetra, sor njangonto djampana ěmas disangling, dikěmbangan koe soetra.
2. Ladjěng loengsoer panganten geus moelih, 'na djampana boeroedoel sadaja. oerang kaoem ngiring kabeh, mariěmna ngagoeroeh, tatabeuhan sakabeh moeni, sadajana djol dongkap, brěg di aloen-aloen, ari panganten istrina, beunang nganggo mapag raka agan poetri, di dinja manděg heula.
3. Gek noe geulis dilinggihkeun deui, 'na djampana ngarendeng tjalikna, raka raji sami anom, ladjěng ka aloen aloen, hělaran panganten djěng goesti, anoe iring-iringan, moetěr aloen-aloen, djědjěl pinoeh anoe ningal, tatabeuhan sadajana pada moeni, tandjina ngadordoran.
4. Doerdor bědil mariěm noe moeni, hanteu eureun tjampoeh kalantaka, nagara rasana gendjlong, kasinoman pra ratoe, djeung para pangeran dipati, pěrdjoerit nitih koeda, ti poengkoer ti pajoen, ti pajoen para nonoman, noe ti poengkoer para rěgen para dipati, Samarang Těgal Rěmbang.
5. Manggoet-manggoet koeda sami njirig, panggagahna toenggangan den Poetra, den Pandji Pangeran Anom, sesepak moendoer madjoe, gegebes teu daekeun tjitjing, tatandjeuran hohoang, mantri hanteu madjoe, 'njepak njogot ka noe rea, Raden Pandji sěmoe noe keuheul ngagitik, djěger njaměti koeda.
6. Djeung loeloendjoek koedana den Pandji. manah raden satěngah dihadja, mengled para menak kabeh, ningal Den Pandji kitoe, nitih koeda koe matak risi, pasěsěděk noe ningal, loba anoe laboeh, gila ningal polah koeda, kawas maoeng mogok dilioeng koe bědil, ngoedag lir bangbarongan.
7. Njepak njogot loba anoe geubis, pra pangeran tina loehoer koeda, koeda Raden Pandji djiro, bloegblěg anoe tikoesroek, birat sakoer anoe ningali, anoe ngoelon noe ngetan, para menak goejoer, ngaranděg noe keur hělaran, matak risi koeda sarandal-sirindil, noe ningal boebar loempat.
8. Běsat mangproeng anging hanteu bidjil, koeda měrod sawěwěngkon dinja, di noe keur hělaran rame, moetěr di aloen-aloen, noe kadoepak pating djalěrit, tjaringin disepakan, broeg-brěg kabeh roeboeh, sarodja koeta rarébah, djeung teu moeni tatabeuhan kabeh tjitjing, kantoen goejoer koe koeda.
9. Ngiring ngěněs ka Pangeran Pandji, koeda wělas ka djoeraganana, měrod ngahadja totoker, benteng-benteng lalěboer, adat anjar kawas noe ngarti, tara ti tatadina, adat koeda kitoe, estoe ngadadak ngahadja, pra bopati pangeran djeung pšrědjoerit, běngong rek měgat koeda.
9. Magatroe.
1. Anoe geulis gan Ajoe Kantjana imoet, tjampoer tjisotja bidjil, ningal koeda raka ngamoek, kajoengjoen ningal noe nitih, tjangkér tětěg hanteu lesot.
2. Kěrneng Pati hoeak-haok njaoer goegoep: "Toeloeng ieu pěrdjoerit, ngadjarědog hanteu poegoeh, tjing rédjěngan lain tjitjing, geuning`bět anggoer olohok.
3. Kalah ngantěp sakitoe koeta lalěboer, roengkad tangkal tjaringin, anggoer narangkeup harigoe, sěmoe rěsép naringali, roeksak nagara teh atoh".
4. Pra bopati pra mantri isin ngadangoe, tjong njěmbah bari singkil, broel maregat koeda ngamoek, pioendjoekna para mantri: "Loengsoer heula Raden Anom!"
5. Dawoeh Raden: Bět ngagoegoe anoe boeroeng, taja pětana koering, koemaha barisna toeroen, batan kieu koeda moentir, ragrag mah pirakoe gelo".
6. Sěmproeng koeda moeroe ka noe rek ngarěpoeng, ngadoepak ka pra mantri, brěk lima poeloeh ngoedoepoeng, teu katahan koeda moentir, boengběng ikětna tjaroplok.
7. Pameresna roeksak djadi lima rěmoek, doehoeng nantjěb ka boemi, rame noe tiwas pra ratoe, raheut koe sisir pribadi, malah doea tiloe maot.
8. Pra pangeran pěrdjoerit djeung para ratoe, pada roeboeh pra mantri, ting djaroengkoeng noe paroepoes, rob pěrdjoerit senapati, měgat koeda dek dirontok.
9. Barang gabroeg koeda njepak loentjat bioer, disepakan pěrdjoerit, loenglěng doegděg tigěděboeg, pangeran pating garoeling, mesěm imoet Raden Anom.
10. Dioesapan soesoeri koeda noe ngamoek, masing bela ka aing, oelah ngawirangkeun gěloet, sakieu nja njěri ati, ěngke oelah roesoeh mopo.
11. Panganten mah harita ka djěro asoep, hělaranna teu lami, noe poegoeh di aloen-aloen, ngěpoeng koeda Kěrneng Pati, ngagoeloeng para boepatos.
12. Tapi lamoen mang Sastra Pěrwira moeroe, maneh teh koedoe tjitjing, poma maneh dek moeroegoel, kitoe saoer Raden Pandji, milahir ka koeda mogok.
13. Anoe měgat ngěpoeng ti kaler ti kidoel, pra pangeran noe geubis, sěbret bari matěk doehoeng, dek něwěk koeda Den Pandji, ngabar doehoeng noe aranom.
PERPUSTAKAAN NASIO
14. Keuheul běndoe doemeh koeda ngadat kitoe, pra pangeran saringkil, ngabar geus di loear doehoeng. ngagětěr Rahaden Pandji, moetjoeng galih raden anom.
10. Poetjoeng.
1. Ladjěng njaoër Raden Pandji bari imoet: Teu sae kitoe mah, leuwih hade koering bae, noe toempakna těwěk soemangga paehan.
2. Hanteu oemoem koeda rek diadjak gěloet, anggoer djeung noe boga". Walon pra pangeran: Sae, toeroen bae montong ngomong loehoer koeda".
3.: Raden Pandji sébroet loentjat matěk doehoeng, ngadegdeg salira, ngadangoe saoer sakabeh, njabak oedeng panganggona dipageuhan.
4. Kěrneng Pati ohek ngareuhak toetoendjoek, sebret doehoeng ngabar, Tjoba koema karěp maneh?" Katjarios Raden Mas Sastra Pěrwira.
5. Gasik moeroe ka Raden Pandji ngarangkoel, Doeh běndara mamang, panoehoen mamang teu sae, goesti lingsěm katawis moen kitoe salah.
6. Adat menak noe lantip oelah rek kitoe, oepantěn kitoe mah, handjakal goesti teu sae, montong emoet ka noe rea ningal mamang".
7. Djeung ngitjeupan Den Sastra Pěrwira imoet, ka Rahaden Poetra: Moegi manah sabar bae, tong dilawan tiwas kantěnan tjilaka".
8. Kěrneng Pati mesěm lělěb manis njaoer: Lěrěs lahir mamang, katěda koe poetra sae, anging ma'loem napsoe mamang teu katahan".
9. Walon Mantri: Soemoehoen kantěnan kitoe, anging manah heula, ajeuna wajahna bae", Sinarěngan para pangeran noe rea.
10. Sami reuwas manahna sadaja ratoeg, djadi naha moen prak, ngalawan Pangeran Anom, tangtos tiwas běněr Den Sastra Pěrwira.
.11. Dioesapan enggalna koeda ditoengtoen, lahirna Pangeran: Tjing mamang titihan bae", Raden Mantri seg toempak njirigkeun koeda.
12. Heran kabeh sadajana para ratoe, sabageur-bageurna, koeda hanteu ngadat sae, sěmoe heran sěpoeh anom anoe ningal.
11. Sinom.
1. Boeroeboel menak sadaja, ngadeuheus ka djēro poeri, Pangeran Mangkoe Nagara, sidakěp linggih 'na korsi. di pajoen amběng trapti, ngěmbat pandjang ngoedjoer ngidoel, lahir Kangdjěng dipatja, mangga•sadajana linggih, tjoeng-tjong njěmbah rěgen sami ngadeuheusan.
2. Goemoedjěng Kornel mariksa: Dikoemaha koeda Pandji. heunang saha noe njěkělan?" Tjong njěmbah para bopati: Soemoehoen taja hidji, abdi-abdi anoe wantoen, njěkělan eta koeda, anging aja hidji abdi, abdi dalěm wasta Den Sastra Pěrwira.
3. Doeka koemaha margina, eta koeda koe poen Mantri, parantos loengsoer noe toenggang. ditjěkěl teu ngadat tjitjing, lindeuk tjara sasari, hanteu aja kieu kitoe, tras miwarang nitihan, prak ditoempakan koe Mantri, ladjěng njirig sae koemaha biasa.
4. Abdi dalěm sami heran,
hanteu kadjoedi koe ati, měnggah tadi ngadak-ngadak, ngadat.estoe matak idjid, ngaroeksak abdi-abdi, roepi kasoeroepan hantoe". Kangdjěng Mangkoe Nagara, mesěm lělěb sěmoe manis, Enja běněr teu poegoeh-poegoeh eta mah.
5. Tapi pamikir kaoela, teu pěrloe sadaja ngarti, da ari sangka koela mah, eta djalma ngandoeng ati, mangga ěntong dipikir, ělat teuing ieu sangoe, anggoeran barangtoeang". Panganten di djěro poeri, dina lawang panganten eta linggihna.
0.0
6. Didjadjar koe para poetra, disarib koe para istri, ngalěngkong panganten anjar, noe ngěpětan para istri. Njaoer Kangdjěng dipati, ka sadaja anoe koempoel: Mana Den Kěrneng Poetra?" Walon mantri: Tatjan soemping". Tjing soesoelan, mangga kitoeh ělat toeang".
7. Tjong sahidji gandek loempat, ngaboedjěng Pangeran Pandji, barang gok di djalan těpang, sarěng Raden Kěrneng Pati, gandek teh langkoeng adjrih, děpa manehna mioendjoek: "Abdi sědja njoesoelan, enggal lahir rama Goesti". Raden Pandji ngawalon: "Oendjoek soemangga".
8. Hanteu diatoer angkatna, dongkap ka pajoeneun Goesti, loengsoer njaoer bari lěnggah, tjek rama:Ka dieu tjalik, ieu djeung ama linggih".
Gek tjalik Den Pandji toengkoel, adjrih doemeh koe sěpah, linggihna gedengeun patih, lahir Goesti Pangeran Mangkoe Nagara:
9. Bismillah atoeh soemangga, ieu mah geus taja-deui, hadjat salamět rendengan". Ladjěng pangoeloe priboemi, enggal ngadoe'a gasik, teu lami amin geus toetoep, ladjěng bararangtoeang, prongprang sorá piring basi, anoe geulis gan Ratoe Kantjananingrat.
10. Hoeap lingkoeng sarěng raka, katingal koe Kěrneng Pati, seueul měntěgěg manahna, peurih galih sapeupeuting, noe geulis kitoe deui, wělas manahna gan Ajoe, toeang ge asa tatal, ningali ka Raden Pandji, ngan kapaksa barangtoeang oekoer njagap.
12. Pangkoer.
1. Parantos noe barang toeang, ladjěng njaoer Kangdjěng Mangkoe Nagari: Engke sadajana koempoel, kira satěngah dlapan, dek noemboean kalakoean tadi goejoer, iring-iringan ti beurang, ladjěngkeun ěngke ti peuting".
PERPUSTAKAAN NASI
2. Sadaja oendjoek soemangga, enggal bae sadaja pada moelih, běrěkatna mah ti poengkoer, dibawa pandakawan, sami oentoeng digarotong ambarikoet, sadajana menak-menak, kotjap geus soemping ka boemi.
3. Tjatoer sagarwa-garwana, barang ningal rakana ěnggeus soemping, ti medan měntas ngarioeng, ladjěng moeka běrěkat, sadajana para istri sami oentoeng, enggal ladjěng ditaroeang, katoeangan noe rarěsmi.
4. Sinigěg istri noe toeang, katjarios harita teh geus wěngi, dikira djam taboeh toedjoeh, tras dangdan-pra amtěnar, para rěgen para menak para ratoe, para pangeran sadaja, panganggo anoe rarěsmi.
5. Sinigěg menak noe dangdan, kakotjapkeun Kangdjěng Mangkoe Nagari, nimbalan ka para ratoe, panganten teh dangdanan, noe di lébět gan Ajoe Kantjana Ratoe, sarěng Raden Ardi Soma, geuwatkeun kaboedjěng wěngi.
6. Enggal para radja djěngkar, noe kaloear kalěbět masing-masing, pahiboet noe oeroes-oeroes, njadiakeun djoli mas, noe di lěbět ngadangdosan agan Ajce, tjoehtjih menak noe diloear, enggal harita tarapti.
7. Ngadjadjar para amtěnar, sadajana naritih koeda sami, ngalioed di aloen-aloen, ngabaris di paměngkang, raang damar lampoe rantoej mani pinoeh, °istolop manglaksa-laksa, běbětek saboeděr nagri.
8. Tjaang oepami ti beurang, langkoeng rěsmi damar lilin ngabaris, damar sewoe mah geus poegoeh, lir goenoeng kahoeroean, siang ngěmpoer marakbak estoening loetjoe, ting karětip ting boerinjaj, sapěrti bintang di langit.
9. Katingal ti kaanggangan, eta damar hibar lir lajoeng koening, katěbak koe angin lěmboet, ting karitjeup tjahjana, tjaang ngěbrak di nagri Djogdja koe lampoe, moeroeboel ti mana-mana, balawiri noe ningali.
10. Sěsěk djědjěl di nagara, koe abdina Kangdjěng Mangkoe Nagari, istri paměgět ngagimboeng, kolot boedak daratang, ti soeklakna ti sikloekna pada koempoel, hajang ningal pangantenan, abdi-abdi sami nganti.
13. Kinanti.
1. Katjarios agan Ajoe, panganten poetra djěng goesti, beunang nganggo geus sadia, geus mědal ti djěro poeri, digöndeng koe noe garańdang, diiring koe para sělir.
2. Ti pajoen njai toeměnggoeng, dihapit koe garwa goesti, didjadjar koe para garwa, ngaping ěnden radja poetri, Neng Ajoe Kantjananingrat, langgeor angkat noe geulis.
3. Ngalenghoj sěmoe noe aloem, aloemna ngahoedang wingit, katambah tjahaja moebjar, bentang Mangkoenagaran sri, geulis taja sasamina, soemping ka mandapa roekmi.
4. Harempoj lěnggah gan Ajoe, dina korsi adoe manis, ngarendeng sarěng rakana, ngalěngkong linggih 'na korsi, didjadjar para pangeran, disarib koe para goesti.
5. Ladjeng Pangeran ngadawoeh, nimbalan ka para mantri, hajoh geuwat geura mangkat, seungeut mariěm sing nitir, enggal pahiboet sadaja, tjoehtjih marentah paboeis.
6. Mariěm diseungeut djédoer, morobot bědil pěrdjoerit, gěr tatabeuhan disada, ngagoeroeh asa ka indit, eundeur gendjlong sanagara, boemi lir ibarat lini.
7. Katjeloek ka.awoen-awoen, kadjamparing angin-angin, kotjap ka para hiangan, pesta rame liwat saking, loba djalma sanes bangsa, moeroeboel ti lian nagri.
8. Katjarios agan Ajoe, panganten poetra dipati, geus nitih djampana émas, raka raji sami nitih, enggal harita hělaran, dihapit pamagěr sari.
9. Oemboel-oemboelna mělěngkoeng, lawe rontek kanan keri, kiwa těngěn para menak, diiring para bopati, ti pajoen para pangeran, sami pada nitih rangin.
10. Leugeudeud ka aloen-aloen, noe hělaran langkoeng rasmi, sadaja nitihan koeda, patěgěp paginding-ginding, pala poetra sadajana, nitih koeda sami njirig.
11. Palatoekna ge soldadoe, pada toempak koeda sami, nja eta soldadoe oesar, make saparabot djoerit, njoren pědang sami ngangsar, tali bandangna pasalit.
12. Toeroektoek soara tamboer, soeit mělas-mělis soeling, ajeuh-ajeuhan noe soerak, anoe nongton balawiri, sěsěk djědjěl di nagara. paboeis menak djeung koering.
13. Hělaran di aloen-aloen, panganten poetra djeung poetri, nitihan djampana ěmas, katodjo koe damar lilin, keur endah taja tjatjadna, tambah panganggo raspati.
14. Beuki woewoeh bae loetjoe, narimbang sěmoe noe geulis, katingal ti kaanggangan, djiga widadari linggih, noe ningal sami kagiwang, paměgět sinarěng istri.
15. Para pangeran pra ratoe, toenggang koeda ngaping djoli, papak pangeran maridang, tali bandangna pasalit, ti pajoen para nonoman, anoe tjakět kana djoli.
PERPUSTAKAAN NASI
16. Alon angkat hanteu roesoeh, kawantoe hělaran wěngi, Neng Poetri Katjananingrat, ngěloek sěmoe noe pirhatin, emoetka Pangeran Poetra, ka Den Pandji Kěrneng Pati.
17. Sigěg hělarap Gan Ajoe, ,kotjapkeun deui Den Pandji, noe linggih di kapatihan, Raden Pandji Kěrneng Pati, keur waktoe wěngi harita, teu ngiring kasoekan galih.
18. Teu toemoet hělaran ratoe, rehing eukeur nimbang galih, margi roesiah maksoedna, soepaja pinanggih hasil, salamět lampah andjeunna, wiloedjěng loeloesing diri.
19. Maksoed Pandji rek ngarěboet, ka Enden Kantjana poetri, waktoe harita den Poetra, ngěmplong galih liwat saking, margi roesiah noe ěnja, geus katjangkol dina galih.
20. Seg dangdan Raden poetra goeng, Raden Pandji Kérneng Pati, běndo boeleud dirarapat, sawitan satria manis, pangaos pat poeloeh lima, boeatan Solo noe manis.
21. Sindjangna giringsing agoeng, giringsing wajang raspati, lantjingan soetra kasoemba, disontogkeun nganggo djěpit, didjěpit koe pasmen ěmas, raksoekan potongan sěnting.
22. Nganggo ělas djeung sapatoe, sěp doehoeng njoengklang di gigir, nganggo kampoeh sal pěrěmas, ditjindoeng diboeni-boeni, ditěrěgos soetra bodas, tinaretes intěn roekmi.
0 PERPUSTAKAAN NASIONAL
23. Rante erlodji ditaboer, koe intěn běrlian adi, tali bandang keri kanan, parantos nganggo Den Pandji, sampoerna taja kakirang, noe gandang satria manis.
14. Dangdanggoela.
1. Enggal mědal Pandji Kěrneng Pati, alon angkat titih estoe tata, ngaděg di pajoeneun songko, matěk sabda halimoen, adjian paranti ngaleungit, malar taja noe ningal, wantoe rek ngarěboet, rek ngiwat pangaten anjar, Éneng poetri Kantjananingrat noe geulis, noe keur hělaran tea.
2. Běsat angkat Pandji Kěrneng Pati, soep moeloeboes ka djalma noe loba, njělěnděp ka noe laladjo, broel djalma ngaler-ngidoel, padoepak reudjeung bapa maling, tibalik noe teu njimpang, rea anoe laboeh, anoe ngadoepak disepak, djalma njingraj didoepakan koe Den Pandji, bloegblěg djalma ngadjopak.
3. Noe nangkarak noe laboeh tigoeling, didoepakan koe Den Pandji poetra, reh djirimna teu katembong, goergěr djalma galoejoer: Eh bět aja noe njiliwoeri, soegan djoerig moeriang,
djeung djělěma tjampoer, oerang mah sieun katjida".
Reudjeung djalma loba anoe oetah gětih, sakoer anoe kadoepak.
4. Raden Pandji napsoe tatjan bidjil, amarahna dipakoeng harita, ngan hawana noe bidjil teh, tatapi matak goejoer, bawaning bangět eukeur poesing, bidjilna sok ngaroeksak, djalma kabeh goejoer, tjektjok djeung pada batoerna, birat kabeh djělěma mani paboeis, sieun djoerig moeriang.
5. Raden Pandji harita geus soemping, ka aloen-aloen seg ngadag dinja, handapeun tjaringin kaler,
ERPUSTAKAAN NASIONAL tapi taja noe wěroeh, menak koering hanteu ningali, geus poegoeh bangsa somah. kabeh geus teu wěroeh, ka Pangeran Pandji poetra, rehing Raden ngawatěk ilmoe sadjati. tara katendjo djalma.
6. Raden ngaděg handapeun tjaringin, bari ngaos ilmoe pipahokan, raden teh sidakěp ngoelon, měgat panganten rawoeh, Raden Pandji langkoeng sajagi, leugeudeut noe hělaran, djampanana hoeroeng, Neng poetri Kantjananingrat, ngěloek linggih dina djoli ěmas koening, ngarendeng djeung rakana.
7. Raden Pandji barangna ningali, ka gan Ajoe Neng Kantjananingrat, galih Raden Pandji soerser, klěsěd poetra sinoehoen, angkat laoen Den Kërneng Pati, srog njakětan djampana, sarěng galih ratoeg, ningal neuteup ka Neng Ningrat, Raden Pandji keuheul soerser lébět galih, enggalna Pandji poetra.
8. Kěk ditjandak angkeng ěnden poetri, ti djampana dipoenggoe ka loear, běsat Raden Pandji Anom, nglěmět djeung djalma tjampoer, anging taja anoe ningali, ka Raden Pandji poetra, sarěng ka Neng Ajoe, sabab ngaos halimoenan, Raden Pandji Kěrneng Pati noe běrboedi, geus médal ti nagara.
9. Enggal bae Pandji Kěrneng Pati, ladjěng liren deukeut katja-katja, sinarěng ěnden panganten, enggalna tjoetjoel-tjoetjoel, sigěr paměngkěr djeung soesoemping, kangkaloeng miwah geulang, sadaja ditjoetjoel,
margina galih Neng Ningrat, geus kantěnan disoesoel koe Soma Ardi, rehing maok andjeunna.
10. Raden Pandji njaoer ka Neng Poetri: Enden mangga montong angkat njatjat,
koe ěngkang diěmban bae". Enggal poetri dipoenggoe, koe rakana Pangeran Pandji, djeung ngadjingdjing gembolan. panganggo gan Ajoe, harita Raden geus djěngkar, djam sapoeloeh wěngi angkatna den Pandji, sigěg Pandji noe angkat.
11. Katjarios panganten lalaki, Raden Soma Ardiningrat tea. dina djampana ngagěro, kaleungitan gan Ajoe, sasambat ka para bopati, sarěng ka pra pangeran, sasambatna toeloeng.
bari nangis gégěroan, pokna toeloeng poetri leungit tina djoli. rěg moengkoer sadajana.
b
15. Pangkoer.
1. Goergěr menak sadajana, pra pangeran pra bopati pra mantri, ngalioed di aloen-aloen, sadaja sami heran, pada běngong pada kaget para ratoe, hoelěng pra rěgen sadaja, soesahna kaliwat saking.
2. Gan Ajoe Kantjananingrat, poetra istri kangdjěng Mangkoe Nagari, leungit hanteu poegoeh-poegoeh, saha djalma noe ngiwat, bisa těměn těgěsing lalanang poendjoel, Raden Soma Ardiningrat, loengsoer ti djampana roekmi.
3. Nong běnde nitir sadaja, tatabeuhan djěmpe taja noe moeni, para bopati pahibõet, C goejoer-para -amtěnar, tina margi panganten leungit teu poegoeh, Pangeran Mangkoe Nagara, kenging wartos poetra leungit.
4. Pahiboet anoe neangan, balawiri pangeran djeung bopati, anoe ngaler anoe ngidoel, anoe ngoelon noe ngetan, ronda kampoeng ngoeběk dina djěro lěmboer, ronda iděr toeroet djalan, tjoehtjih menak pada singkil.
5. Raden Soma Ardiningrat, enggal marěk ka lěbět ka djro poeri, oendjoek hatoer ka Sang Ratoe, ka djěng Marigkoe Nagara, agěloek toengkoel oendjoekan bari njoeroetjoed, doeh goesti poetra gamparan, leungit tina djěro djoli.
6. Raden Soma keur oendjoekan, teu katahan ngoetjoer tjisotja nangis, ngagěběg Mangkoe kadatoen, enggal walon pangeran, kieu saoer Pangeran Mangkoe kadatoen: Ari salěbah ama mah, teu borong noe boga wadjib.
7. Ama mah ngan kari bangsa, noe wadjib mah da ngan agoes pribadi, rek disoesoel koema' agoes, rek hěnteu koema dinja". Katjarios prameswari sang paraboe, midangět poetrana ilang, děngek lolongseran nangis.
8. Noe soeka kaganti doeka, para garwa sadaja sami nangis, goejoer di lěbět ngagoeroeh, para istri sadaja, para ěmban sadajana ting rarěgoeh, nangisan poetra noe ilang, ting darěngek ting djalěrit.
9. Rob para rěgen sadaja, di paměngkang heurin koe pra bopati, Pangeran Mangkoe ngadawoeh, moepakat djeung sadaja, tjing koemaha ajeuna teh para ratoe, koeía mah taja pětana, njeesoel eta bapa maling.
10. Tjoengtjong njěmbah sadajana:' Noen soemoehoen abdi ge kitoe deui, geus teu wantoen abdi njoesoel, Pangeran Pandji poetra, geus kantěnan noe maling Kantjananingroem, reh hěnteu aja di medan, teu ngiring kasoekan Goesti".
11. Sadaja para pangeran, ēnggeus njangka ka Raden Kěrneng Pati, noe mawi teu wantoen njoesoel, kitoe sangka sadaja, sinarěngan galih sang Pěrěboe Mangkoe, taja sanes noe disangka, ngan Rahaden Kěrneng Pati.
12. Kieu tjinděkna ajeuna, geus teu borong eta noe boga wadjib, ajeuna mah geura soesoel, eta maling agoena, pilahirna Pangeran Mangkoe kadatoen, nimbalan ka mantoe tea, geuwat pěgat bapa maling.
47
16. Magatroe.
1. Katjarios Raden Soma mantoe ratoe, midangět lahir goesti, poesingha kaliwat langkoeng, tjong njěmbah ti pajoen goesti, soep lěbět ka djěro gědong.
2. Enggal bae Ardi Soma tjoetjoel-tjoetjoel, sigěr miwah soesoemping, kilat bahoe djeung kangkaloeng, sadajana geus lastari, digěntos koe oeděng Solo.
3. Singsět Raden dangdosan panganggo poepoeh, tědakna lir Sěntjaki, tjětaan niron Bimanjoe, wantoe boeat njoesoel poetri. nganggona Raden parantos.
4. Enggal bae harita marěk ka ratoe: Koelanoen kangdjěng Goesti, abdi soemědja dek njoesoel, njoehoenkeun djiad djěng goesti, moegi kabantoen Neng Anom".
5. Dawoeh kangdjěng Pangeran Mangkoe kadatoen: Pek bae geura indit, sing kabawa ěneng ajoe". Tjedok njěmbah Soma Ardi, indit ti pajoen Sang Katong.
6. Enggal djěngkar gadag-gidig bari toengkoel, doehoeng njoengklang ti gigir, sindjang digiling ka loehoer, pantěs pisan anoe poesing, soep lěbět ka leuweung ganggong.
7. Sigěg deui Ardi Soma noe keur njoesoel, kotjap deui djěng goesti, Pangeran Mangkoe kadatoen, nimbalan ka pra bopati: "Ajeuma para boepatos.
8. Sadajana para pangeran toeměnggoeng, oelah waka maroelih, bok bilih mangsa ka pajoen, Raden Pandji Kěrneng Pati, tangtoena bakal ngadjodo",
9. Tjek sadaja: Ngiringan dawoeh Sang Perboe". Enggal harita moelih. para pangeran pra ratoe, masing-masing těmpat sami, sadaja enggeus makoewon.
10. Kotjap deui Pangeran Mangkoe kadatoen, toeloej andjeunna njěpi, boes ka kamar sang paraboe, ladjěng pantona disosi, tirakat kangdjeng boepatos.
11. Něda-něda ka Goesti Noe Maha Agoeng. tirakat siang wěngi, tina manahna ka langsoe, njidra ka Pangeran Pandji. tina saoerna bareto.
PERPUSTAKAAN NAS
12. Moegi-moegi loeloes lampahna Neng Ajoe, ka Pandji Kěrneng Pati, moegi salamět rahajoe, něda ka Goesti Jang Widi, hanter samar ka Jang Manon.
17. Asmarandana.
1. Toenda lampah kangdjěng Goesti, anoe eukeur ngangloeh manah, kotjapkeun Pangeran Anom, Raden Pandji Kěrneng poetra, sarěng Kantjananingrat, angkat toeroet-toeroet goenoeng, njorang kana paleuweungan.
2. Neng poetri prihatin galih, bawaning bela ka raka, waktoe harita seg liren, doeaan sisi waloengan, tjaina langkoeng herang, ngaranna Tji Těgal Moendoeh, wahangan lěga katjida.
3. Doegina ka pinggir kali, harita den Kěrneng poetra, kintěn poekoel gěněp jaktos, ladjěng ngarěrěb sakědap, sinarěng Neng Kantjana, gělěnjoe enden'pioendjoek, ka Pangeran Pandji poetra.
4. Doeh ěngkang moestika galih, kěmbang sotja salawasna, běndara djoengdjoenan hate, koemaha ěngkang pětana, sok risi mamanahan, kantěnan aja noe njoesoel, oerang koemaha pětana?"
5. Ngawalon Rahaden Pandji: Eh ěneng montong salěmpang, ěngkang moal moendoer hate, taroeng djeung si Ardi Soma, nadjan diroeroeg pěrang, masih koe Pangeran Kědoe, koe bapana Ardi Soma.
6. Geus kantěnan ěngkang njai, ngalawan sabisa-bisa, djeung ěneng beunang kabojong, ěngkang teh era katjida, kalah koe Ardi Soma, noe matak wani ngarěboet, ěngkang wani djeung pěrangna".
7. Barang eukeur goeněm warti, djěboel anoe njoesoel datang, Raden Ardi Soma anom, Neng poetri Kantjananingrat: Toeh ěngkang Ardi Soma, kantěnan ka oerang njoesoel, geuwat engkang oerang meuntas".
8. Enggal meuntas Raden Pandji, sarěng Neng poetri Kantjana, meuntasna dipoenggoe bae, koe Rahaden Pandji poetra, barang něpi ka těngah, kětjěboer den Soma njoesoel, barina djeung gěgěroan.
9. Dagoan koe sia iblis, nja sia anoe ngabangsat!" Raden Pandji djongdjon bae, meuntas di těngah wahangan, barang dongkap ka darat, den Pandji nonggengan boedjoer, ka Den Soma Ardihingrat.
10. Sarta den Fandji ngalahir: Geuwat-geuwat sia setan! moen ěnja digdjaja djago, deuleu pamadjikan sia, koe aing ditjioeman, na sia teu boga poetjoes, teu njaah ka pamadjikan?"
11. Sarěng singkil Raden Pandji, nangtangan ka Ardi Soma, lat Rahaden Soma Anom, bawaning panas koe garwa, ngagidir bari meuntas, napsoena tambah ngadoedoed, madjoe hanteu moendoer manah.
18. Doerma.
1. Katjarita Ardi Soma geus ka darat, barina reudjeung singkil, den Pandji pěpěta, enggal den Soma nanja: Sia masing ati-ati, ehsia bangsat, kadieukeun nji poetri".
2. Tjangkěr walon Raden Pandji Kērneng poetra, Mo dibikeun koe aing!" Napsoe Raden Soma, ngadegdeg salirana, Raden Soma langkoeng poesing, singkil panangan, Tjing djaga peureup aing".
3. Pandji poetra enggal pasang koeda-koeda, rekep pasang Den Pandji, tjoba geura djalan, sěbroet nondjok Den Soma, ditakis koe Raden Pandji. peureup ngagiwar, gantjang pangěles Pandji.
4. Raden Soma tambah poesing djěro manah, sěbroet nondjokna deui, njingtjět Raden poetra, disapoe djeung ditěpak, gěboet Den Soma ngagoeling, nangkoeban pisan, ngemprakan enden poetri.
5. Hajoh lawan soegan era bět ngadjoprak, meureun kami teu soedi, dikawin koe sia". Kakoeping koe Den Soma, saoerna teh ěnden poetri, Den Soma tjěngkat, hoedang panganggo boesik.
6. Raden Pandji noelak tjangkeng bari tanggah, Pek geura djalan deui", ngarontok Den Soma, troes galoengan patělak, Den Soma sarěng Den Pandji, Den Soma newak, kana angkeng Den Pandji.
7. Raden Pandji dibalang koe Ardi Soma, koleang Raden Pandji. tjlěg Den Pandji baksa, Den Soma běngong manah, sarta toeloej ngěmbat kěris, .Geura heh tadah, tah deuleu kěris aing".
8: Raden Pandji ngawalon ka Ardi Soma: Seg montong rea biwir, geura soedoek oerang". Soma kěrisna ngabar, sěwoek něwěk ka Den Pandji, enggal ditěpak, kěris ngěloek lir tjatjing.
9. Kěk ditjandak Ardi Soma koe den poetra, bloek dibalangkeun tarik, Den Soma nangkoeban, troes diirik harita, digangsor dina kikisik, lěboer awakna, boloboran koe gětih.
10. Raden Soma ngědjat loempat geus teu tahan, loempat barina-tjeurik, panganggona roeksak, salirana gětihan, loempat poesing bari tjeurik, Den Ardi Soma, arek saraja djoerit.
11. Sanggeus ngědjat Raden Soma Ardiningrat, katjarios geus soemping, ka nagri ramana, ka dajeuh Kědoe tea, enggalna marěk ka goesti, Den Ardi Soma, njondong ramana linggih.
12. Gěběg rama ningali ka Ardi Soma, goegoep mariksa Goesti: Na koe naon oedjang, awak maneh teh roeksak. bět bobolokot koe gětih?" Tjong poetra njěmbah: Noen sim abdi teh djoerit.
13. Margi abdi njoesoel nji poetri Kantjana, dipaling Kěrneng Pati, lěbah peupeuntasan, kasoesoel bodjo tea, dibawa koe bapa maling, poetri Kantjana, seg ditewak koe abdi.
14. Bapa maling malikan ngamoek ngalawan, ladjěng pěrang djeung abdi, abdi hěnteu tahan, doemoegi abdi kalah". Gěběg ramana ngagidir, beureum rarajna, poesing kaliwat saking.
15. Ningal poetra salirana wani roeksak, enggal nimbalan patih: Patih, geuwat dangdan, koempoelkeun balad-balad, oerang ngaroeroeg si Pandji, Si Kěrneng poetra, reh maling mantoe kami.
16. Sing sadia sakabeh soldadoe hoesar, pakakas prabot djoerit, samalah djeung koela bisi bae teu koeat". Enggal angkat raden patih, ngoempoelkeun balad, enggalna geus sajagi.
17. Djeung parabot djoerit geus sadia pisan, di aloen-aloen baris, pangeran nonoman, tjarakěp toenggang koeda, tali bandangna pasalit, ngaragěm pědang, kewěs pantěs garinding.
18. Reudjeung omjok nalambroe dina taktakna, ngaranggo songko petji, kostim kadjěněngan, garandang tatandangna, para pangeran prědjoerit, sami sadia, tjatoer deui djěng goesti.
19. Nganggo-nganggo harita enggeus sadia, nganggo parabot djoerit, gandangna lir Boma, geus parantos nganggona, poetrana pon kitoe deui, Den- Ardi Soma, nganggona lir Sěntjaki.
20. Katjarios den patih anoe keur dangdan, sěgoetna liwat saking. pantěs senapatya, hese bandinganana, pědangna make gilinding, pandjang katjida, djeung disolendang koening.
21. Pasmen ěmas ngadjěpat roebak satampah, dina taktak den patih, nja kitoe omjokna, rantěng tali bandangna. enggal loengsoer raden patih, ti kapatihan, toenggang koeda toer ginding.
22. Koeda patih mělěngkoeng seg njirig malang, diiring para mantri, di aloen-aloenna, toeloej nátakeun balad, beres baris para oepsir, sami ngadjadjar, kari ngantos djěng goesti.
19. Kinanti.
1. Katjarios sang paraboe, geus mědal ti djěro poeri, ngaděg di lawang paměngkang, poengkoereun Den Soma Ardi, djěpret padjěngna diboeka, titihan enggeus tjoemawis.
2. Pangeran Kědoe seg loengsoer, gasik kana koeda nitih, diaping para ponggawa, kiwa těngěn ngaping goesti, leugeudeut sang radja djěngkar, diiring koe para mantri.
3. Geus soemping ka aloen-aloen, njondong soldadoe geus baris, gasik pangeran nimbalan, ka den patih Mangkoe Biting, hajoe patih oerang mangkat, sěděng waktoena moestari.
4. Den patih nimbalan goegoep, marentah ka para oepsir, geura seungeut mariěmna, kotjap oepsir toekang bědil, soet njeungeut mariěm tea, djěgoer mariěm sakali.
5. Dibaroeng tamboer noeroegtoeg, soeit mělas-mělis soeling, torotot tarompet pěrang, leugeudeut angkatna goesti, kiwa-těngěn pra koeměndang, ti pajoen ti poengkoer oepsir.
6. Oemboel-oemboelna mělěngkoeng, lawe rontekna ngahapit, ajeuh-ajeuhan di djalan, soldadoe sarěng pra mantri, karsana ngaloeroeg pěrang, ka Den Pandji Kěrneng Pati.
7. Matak rěsěp noe ngaloeroeg, woewoeh matak kělar galih, papak pangeran maridang, sami nitih koeda sami, Raden Soma Ardiningrat, sapoengkoereunana goesti.
8. Leknan sarsan djeung soldadoo, rawoeh ponggawa pra mantri, ngaleut ngeungkeuj sadjadjalan, ngagoeroeh sada kaindit, ngabreng-brengan tamboer pěrang, torotot tarompet djoerit.
9. Sigěg heula noe ngaloeroeg, Pangeran Kědoe nagari, njarioskeun raden poetra, Raden Pandji Kěrneng Pati, sinarěng Kantjana Ningrat, lalinggih di sisi tjai.
10. Manahna poetra Sinoehoen, eukeur ngantos-ngantos djoerit. kantěnan diloeroeg pěrang, koe Pangeran Kědoe nagri, koe ramana Ardi Soma, geus kantěnan-malěs-poelih.
11. Kotjap deui noe ngaloeroeg, geus těpi ka pinggir kali, kěbat sadajana meuntas, geus handjat kabeh prědjoerit, watěs Soerakarta pisan, sakabeh tata pěrdjoerit.
PERPUSTAKAAN NASIONAI
12. Tjarios Kantjana Ningroem, barang ningali pěrdjoerit, ngarandjoeg kaget manahna, ningal balad pěladjoerit, ladjěng oendjoekan ka raka, ka Pangeran Kěrneng Pati.
13. Eh goesti dioengdjoenan kalboe, tingali itoe pěrdjoerit, ěngkang koemaha pětana, abdi mah palaoer teuing, kantěnan dihoeroep pěrang, koe Pangeran Kědoe nagri.
14. Soldadoe běreboe-reboe, abdi ěngkang keueung teuing, ningal ka salira ěngkang, alit rěsmi matak kětir, ěh goesti raka běndara, inggis teuing goesti mati".
15. Pangeran Pandji seg njaoer: Eh njai oelah rek risi, koemaha Allah noe moerba, ka diri ěngkang noe laip, ngan moegi Allah noe moerba, aja pitoeloeng ka diri".
16. Gan poetri imoet djeung toengkoel, ngoeping dawoeh raka manis. ladjěng berag mamanahan, djeung njaoer neng poetri geulis: Engkang hěnteu njana pisan, alit-alit ageung gajih".
17. Sigěg noe keur goeněm tjatoer, den Poetri sarěng den Pandji, kotjap noe ngaloeroeg tea, Pangeran Kědoe nagari, harita geus masanggrahan, dinà pinggir eta kali.
18. Enggal baris saradadoe, koeměndang liknan djeung oepsir, natakeun kabeh wadya, ngagělar ěnggeus ngabaris, oesar baris toempak koeda, sikěpan pěrang ditjangking.
19. Pangeran Kědoe dilingkoeng, dikoeběng koe para mantri, didjaga para amtěnar, diaping dipoesti-poesti, raden patih seug nimbalan, moengkoer ti pajoeneun goesti.
20. Pangkoer.
1. Raden patih seg marentah: Eh ajeuna wadya balad pěrdjoerit, djeung ieu kabeh soldadoe, geus tong ditanja heula, běrěg bae Raden Pandji geura kěpoeng. koe kabeh wadya bala, hajoh geura lingkoeng oepsir!"
2. Gěr sakabeh wadya bala, Kěrneng Pati dilingkoeng koe pěrdjoerit. den patih kěras ngadawoeh, hěmpek bědil běkasan, tong ditanjá eta teh si bangsat asoe, soldadoe enggal ngawěngkang, ngabědil ka Raden Pandji.
3. Noeroegtoeg bēdil noe nembak, bědil tinggar djeung bědil tjoeplis moeni, pelorna pating harioeng, tapi euweuh noe keuna, eta pelor běng ka handap běng ka loehoer, disiwah koe Kěrneng Poetra, pelorna taja noe něpi.
4. Raden Kěrneng Pandji Poetra, ditoeroegtoeg koe wadya pěrdjoerit, kěk disangkeh agan Ajoe, sěbroet ngamoek den Poetra, tjoestjos doehoeng ka gigir sarěng ka pajoen, pěrdjoerit geus patoelajah, diamoek koe Kěrneng Pati.
5. Sakabeh ditjatjar bolang, tigas patjing kabeh hoeloe pěrdjoerit, Raden woewoeh mingkin napsoe, soldadoe patoelajah, haběn bae diamoek madjoe ka pajoen, doehoeng noe wasiat tea, njoroktjok ka pěrědjoerit.
6.' Raden hěnteu nintjak lěmah, noe didampal eta hoeloe pěrdjoerit, napsoe Raden lir dipoeloes, amarah kabeh boedal, wadya bala para pangeran soldadoe, diamoek sama sapisan, beak toempoer loeděs-lědis.
RPUSTAKAAN NASIONAL
7. Ngan tinggal patih djeung radja, Den Soma Ardiningrat teu kabasmi, kaopat djeung toekang pajoeng, kabeh ponggawa beak, ngan sakitoe anoe masih keneh hiroep, radja kalangkoeng napsoena, niagali balad dibasmi.
8. Raden patih amběk pisan, ningal balad kabeh taja noe kari, sor njampeurkeun patih Kědoe, ka pajoeneun den Poetra, bari nangtang den patih sarta toetoendjoek, Tjoba djeung aing lawanna, sia Pandji bapa maling".
9. Den patih djeung matěk pědang, tina amběk patih mani ngagidir, sěbret den patih ngaboenoeh, ka mastaka den poetra, prak ditakis pědang koe tangan katoehoe, potong tiloe pědang patya, ditakis koe Raden Pandji.
10. Den patih hookeun pisan, ningal pědang rehna geus potong deui, sěbret patih matěk doehoeng, sěwoek něwěk den patya, koe Den Pandji ditakis doehoengna rampoeng, potong djadi doea pisan, eta doehoeng raden patih.
11. Kotjap doehoeng Kěrneng poetra, noe dianggo nakis doehoeng den patih, bioer doehoeng Pandji ngapoeng, tinggal landeanana,
Raden Pandji Kěrneng Pati bingoeng kalboe, kotjap eta doehoeng tea, l oentjat ka pajoeneun Goesti.
12. Sinoehoen waktoe harita, keur linggih dina katil adoe manis, barang ningali sinoehoen, di pajoen kěris tea, sarta nangtoeng pinoeh gětih mani hoeroeng, rbarang diawaskeun pisan, tetela kěris ki Pandji.
13. Sinoehoen enggal nimbalan.
ka patih noe kaparěk noměr hidji, Patih Mangkoe Alam Agoeng, dawoeh sinoehoen tea: Geuwat-geuwat anak kami geura boeroe, ajeuna keur diloeroegan, koe Pangeran Kědoe nagri.
14. Tangtoena diloeloegoean, koe bapana eta si Soma Ardi, eta koe Pangeran Kědoe, estoe handjakal pisan, běněrna mah keun bae montong ditoeloeng, ajeuna geuwat tjangkalak, tangkěp tambaloeng koe patih".
15. Raden patih tjedok njěmbah,
geus ka loear ti pajoeneun djěng goesti, enggal ngoempoelkeun soldadoe, harita geus sadiaonA raden patih nganggona kalangkoeng sěgoet, tjakep saparabot perangolss baa noba wantoe bakal megat djoerit. d
gagodosded st geq b 5 PERPUSTAKAAN NASIONAL
21. Magatroe.
1. Katjarios raden patih měgat toeloej, djeung kabeh wadya Goesti, bade mapag eta moesoeh, moesoeh Pandji Kěrneng Pati, Pangeran Kědoe noe jaktos.
2. Patih Solo angkatna kalangkoeng roesoeh, kotjap bae geus soemping, kana těmpat pěrang poepoeh, brěg baris kabeh pěrdjoerit, ningal noe madjěng paloegon.
3. Raden Pandji keur pěrang djeung patih Kědoe, Den Pandji rada sisip, wantoe diadoe djeung sěpoeh, kasaktenna ampir sisip, ampir kawon raden anom.
4. Barang ningal patih oetoesan sinoehoen, ka Raden Kěrneng Pati, keur ngaběn kaliwat langkoeng, reudjeung Patih Kědoe nagri, eukeur digangsor den Anom.
5. Patih Mangkoe sěmproeng madjěng kana poepoeh, noeloengan Kěrneng Pati, barang gok teh Patih Mangkoe, ngalahir ka Raden Pandji: Njingkir heula Raden Anom!"
6. Raden Pandji kaloear keur pěrang tjampoeh, boes patih pada patih, děr pěrang rame kalangkoeng,
ERPUSTAKAAN NASIC dasar patih pada patih, děk djogol padogong-dogong.
7. Silih sered dina taneuh wani ngěboel, reh poesing pada poesing, Den Patih Mangkoe kadatoen, tjampoehna kaliwat saking, pěrangna digdjaja tanggoh.
8. 'Patih Kědoe disered gěbloeg ngoedoepoeng, djeung toeloej ditampiling, or oetah gětih djeung toetoeng, geuneuk sakabeh djasmani, rět dirante dibarogod.
9. Katjarios Pangeran Sri Maha Kědoe, ningal patih ngagoeling, dirante djeung ditambaloeng, ser manah madjoe pribadi, kěrsana ngadoe rěrěmpon.
10. Enggeus dongkap kana těmpat pěrang poepoeh, Pangeran Kědoe nagri, prok těpang djeung Patih Mangkoe, Pangeran Kědoe ngalahir, ka patih oetoesan Solo.
11. iajoe patih reudjeung aing pěrang pcepoeh".
Patih Mangkoe ngalahir: Hajoe aing moal moendoer, nja aing oetoesan Goesti", Pangeran Kědoe ngawalon.
12.Montong ngomong hajoe bae pěrang poepoeh", lat Raden Arja patih, toeloej bae pěrang tjampoeh, Pangeran Kédoe djeung patih, digdjaja sami karahot.
diodogn insw duonat dizng mae Jogoib 1šb gooqeobeogn geoldig bynoaib sobal dital sdeoqeog metěa Jeqimét ensil geáynob aroggnd adoogeot gustég sqia gougtbusa ditnq sojed sidalsgo eognaM dite'l "itaeoß des9ot9o gais sin PERPUSTAKAAN NASIONAL
13. Tjoestjos doehoeng papintěran pěrang tjampoeh, silih takis koenkěris.ot odtsM diteT tod pěrang sami padawědoek,wilt andooqmsit Pangeran Kědoe djeungpatih,gb gq tjoel kěris děr bae djogol.
Silih sered dina taneuhawani ngěboelgnumjh 14. silih gěnti ngabanting,mrojb dia dstooo patih djeung PangeranKědoe,s oe Pangeran Kědoe dikělidosoadib sih gěboet rob pada ngaronom.
15. Pek ditangkěp dirante djeung ditambaloeng, koe sakabeh pěrdjoerit,matib gmejb-atmeib séwoek poetrana rekngamoek des ditewak koe Kěrneng Pati, ob s rob Den Soma dibarogod.
16. Sadajana harita geus ditambaloengrgs rama poetrandjoung patihruojb paq dong djeung kaopat toekang pajoeng, tens diiringkeun koe pěrdjoeritmeoto dsq ěneng poetri Anom nongton.
22.obSinom.m gais eojaH.
1. Broel sadaja samidjengkar, moelih tina oeroet djoerit, "doorawoehaNeng poetri Kantjanapan gnotnoM. sarěng Raden Kěrneng Pati, A nobeß el djeung Patih Mangkoe Boemi ngiringkeun bojongan ratoe,n aeg Pangeran Kédoe tea, Jmsja Rasiewi atrad Raden Soma reudjeung patih, sd djeung kaopat toekang pajoeng Kedoe teaa
39W82 JamelA. deasnsies Madem son whasm PUSTAKAAN NA
2. Teu katjarios di djaian, patih oetoesan geus soemping, ka Soerakarta nagara,
ka pajoen Sinoehoen Goesti, tjong njěmbah patih linggih, mando pajoeneun Sinoehoens kangdjěng Sinoehoen lěnggah,
• lěnggah dina korsi gading, a largot barang ningal ka Pangeran Kdoetea.
3. Dawoeh Sinoehoen harita Aeh Patih Mangkoe Boemi,o s tong loba deui tjarita. eta si Kědoe nagari, anakna rawoeh patihon soo adjn o djeung sabondorojot-ti Kedoee i miwah kadang sanakna,bnajjib isia aleun seke seler anak rabi, geura boeang ka loear ti poelo Djawa".an
4. Gantjang harita diboeang, ka loear ti poelo Djawi,ti disiringkeun denggal djalan,e st gaoiws Pangeran Kědoe djeung patih, saanak rabi indit,aaluno eodsd svo mo sabondorojot teu kantoén,id dequal lawái led diboeangna ka Padang,loo gso sgsana djalan laoet kapal api,o b diboeangna saoemoer hiroep di doenja.
5. Sinigěg noe keur diboeang, kotjapkeun Sinoehoen Goesti. harita miwarang njěrat, ka djoeroe basa binangkit. dawoehan kangdjěng Goesti, gingsir linggih paman pěrboe, kangdjěng Mangkoe Nagara, enggal djoeroe sěrat noelis, geus parantos seg ngoetoes ka ópat oepas.
6. Harita oepas geus iang, ka Jogjakarta nagari, teu katjarios di djalan, ka Jogjakarta geus něpi, katjatoer kangdjěng Goesti, Pangeran Mangkoe Kadatoen, ihtirakat geus toetas, linggih dina korsi gading, sawěg lěnggah djěboel oepas mawa scerat.
7. Tjong njěmbah oepas noe opat. njanggakeun sěrat ka Goesti, enggalna sěrat ditjandak, sarěng diaos sakali, oengěl lěběting toelis: Alamat sěrat Sinoehoen. kalěnggah kangdjěng paman, noe mangkoe di Jogja nagri, awiosing tina sěrat salam poetra.
8. Noen poetra hatoer oeninga, hal ihwal lampah ki Pandji, sinarěngan toeang poetra, Nji Enden Kantjana poetri, manawi rěmpag galih,
PERPUSTAKAAN oerang enggalkeun saloeloet, tjinděkna sina nikah, poen mamang digingsir linggih, sinarěngan para rěgen sadajana.
9. ·Moegi mamang enggal pisan, ka Soerakarta nagari, diantos-antos koe poetra, oerang ngawinkeun ki Pandji, sakitoe lěbět toelis, tinoemoetan salam soedjoed, sinarěng kahormatan, kang poetra di Solo nagri, anoe ngěreh sapoelo Djawa sadaja.
10. Pangeran Mangkoe Nagara, boengah manah liwat saking, saparantos ngaos sěrat, nimbalan ka pra bopati, sadaja pra bopati, oerang disaoer Sinoehoen, enggal sadaja djěngkar, baroedal para bopati, sarěng kangdjěng Pangeran Mangkoe Nagara.
11. Teu katjarios di djalan, Mangkoe Nagra geus soemping, ka Soerakarta nagara, teu loba tjarios deui, enggalna geus lalinggih, ari saoerna Sinoehoen, ka kangdjěng Mangkoe Nagara: He mamang ieu pěrkawis, toeang poetra oerang tikahkeun ajeuna.
12. Enggal Kěrneng Pati nikah, ka Enden Kantjana Poetri, Pangeran Mangkoe Nagara, koe andjeunna djěněng wali, sanggeus nikah Den Pandji, djěgoer mariěm saratoes, nitir taja élatna, katambah bědil pěrdjoerit, goergěr rame teu kanti noe tatabeuhan.
23. Kinanti.
1. Mariěm bědil noeroegtoeg, tatabeuhanana tarik, kawantoe kaoel ka poetra, najoeb ngibing pra bopati, rame ti batan ka toekang, rendenganana Den Pandji.
2. Katjarios pesta toetoep, boebar sadaja bopati, djalengkar sewang-sewangan, sami moelih masing-masing, para rěgen sadajana, baroedal sami maroelih.
3. Ieu tjarios geus toetoep, montong dipandjangkeun teuing, geus kěsěleun anoe ngarang, ti beurang ti peuting mikir, soepaja loeloes tjarita, toeměrap lajeut djeung dangding.
71
4. Něda agoeng nja panoehoen, ka sěpoeh pon moerangkalih, koemaki bibisaanan, djeung basana langkoeng laip, sěmbah koering anoe ngarang, namoeng madjěng keneh nganggit.
5. Ditoemboean koe pikoekoeh, soepajana maksoed hasil, djadi tjonto anoe ngora, lantaran emoet ka diri, djadi loeang eta radja, noe moengkir ka kangdjěng Goesti.
6. Jaktos kalboe djěng Sinoehoen, noe kenging dianggo misil, lian ti rido manahna, sabab ratoe lantip galih, noeroenna ka poetra-poetra, djeung adil ka abdi-abdi.
7. Oelah maksoed hajang loehoer, koedoe mikir kana diri, masing njoreang ka raga, tjontona radja djeung patih, katiloe eta poetrana, noe meunang běběndon Goesti.
8. Djadi mangproeng meuntas laoet, meunang běběndon Jang Widi, sabab ngarěmpak larangan, ngalanggar panglamar Goesti, meunang boeang salawasna, moal kenging moelih deui.
9. Geus tangtoe pandjang pitoetoer, djadi tjatoer menak koering, memangna noe djadi menak, bisa nimbang dosa abdi, jasa ngalap-ngalap manah. sangkan katoeroet koe abdi.
10. Koedoe moeroek lampah timpoeh, bear boedi hade ati, těgěsna noe lantip manah, jasa njoengging njaoer manis, mareuman galih noe panas, disindjangan koe noe manis.
11. Djadi ratoena pinoendjoel, karantěn lampahna adil, soegihna doenja acherat, galih lěměs boedi manis, katambah toeroenan ěmas, jasa ngareka djasmani.
12. Saoer koesoet seug diatoer, galih goesti dilělěmi, manah sěber djadi sabar, napsoe soendoel djadi salim, ka manoesa sadajana, toer asih ka para moeslim.
13. Ngan měndak kangdjěng Sinoehoen, noe kotjap sanoesa Djawi, djadi tjonto ka sadaja, sanggěm galih lahir batin, ahli tapa salawasna, ahli raos noe sadjati.
ERPUSTAKAAN NA
14. Pamoegi bae katiroe, koe noe laip diri koering, tapi lain mapandean, tobat ka Noe Maha Soetji, jen koedoe měndak sangsara, tjotjoba Goesti Jang Widi.
15. Djadi tjonto noe kapoengkoer, oelah pisan djadi pikir, dek noeroetan Ardi Soma, poma-poma ka sasami, měgat maksoed anoe lajar, samar bisa moelang deui.
24. Asmarandana.
1. Kotjap deui Raden Pandji, sinarěng Kantjana Ningrat, jaktos geus djadi panganten, teu kintěn-kintěn lajeutna, sami těrah pangeran, sami koepoe pada koepoe, Den Pandji Kantjana Ningrat.
2. Neng poetri goemoedjěng manis, Tadi ěngkang abdi reuwas, tétkala keur pěrang rame, abdi risi ěngkang kalah, kawon koe Ardi Soma, raos abdi dina kalboe, sědja ngiring sabiloellah.
3. Kitoe panědja sim abdi, lamoen goesti kalah pérang, abdi soeka maot bae, ti nimbang ka Ardi Soma ib qua són so teu roedjoek lélěmboetanobnqsm el soemědja toemoet ka koeboery do ka engkang Pandji pangeranm ob
1 IbiW guel üsoo@ edojtojt jmgage a smoqamoq 01 lejb gnég eotej RPUSTAKAAN NASIONAL
4. Ngawalon Rahaden Pandji: Doeh eneng bendara engkangn omo iband anoe denok kěmbang panonbejb maiq daíso moestika di alam-doenja, ibA moon a ěnja ěneng noe bela, djoengdjoenan engkang satoehge engkang ge nja kitoe pisanom maid am
5. Teu bentěn djeung galih njai, ěngkang nja kitoe panědja, oepanten enden kabojongna koe ngaran Si Ardi Soma, anggoeran měnding hilang, rido ka Goesti Jang Agoeng, batan ěngkang kalah pěrang"
6. Neng poetri goemoedjeng manisnstnl Doeh Goesti djimat běndarae d Goesti abdi kěmbang panonhq soqood imge abdi teh soemedja pasrah,sttuslł buat ad lahirna mah ka ěngkang, njanggakeun badan sakoedjoer, o batinna ka Goesti Allah. ibda glgn t
7. Djoengdjoenan panoetan abda ibda ti doenja dongkap acherat ibi so nowas titis toelis ing Jang Manont anib ibde sost taja pisan manah siwah,olidsa garigo abe sědja ngesto ka ěngkang, lahir batin sědja soedjoed, ia stnq voi salam sěmbah sadajana neizs esog nomel
8. Karanten wantoening gaibg insg ger raga goemělar di doenjapswa o nqi darma wawajangan baejhoog neodoon nsgn teu aja kakawasaán.il sobradin srsoqm soeka doeka kasorang, boa sore boa isoek,goiloqoq gasigus gA. diadjalkeun tilar doenjas oasm e
21 nstsiaawago dot gneigos edal asqaise sgied gasiwiw negaabnsjn deloo snitsibse son sillse RPUSTAKAAN NASIONAL
9. Pinasti kěrsa Jang Widi, biheung raji heula adjalkob d sobs miheulaan ka noe kasępes tasw sma manawi loentoering manah,
abdi bakti timbangann ibajb aniasn igo namoeng moegi oglah, bendoen gndns nib koe engkang kedah hampoerags did
10. Raji tèh hadjat maskawin,dos ig9ob sinoob bisi Goesti mangmangomanahiansq sose rehna Goesti gěndoe raosornsst sinsob uelis basa waktoe keur rendengan. tampi wědjang halipah. s slse sso maskawin noe doeastreboe, no uhdassib Goesti teh tarimadhoetanganasm ausws
11. Sinarengan loba djangdjiaino aniegm smoq ngeusian pikoekoeldlnikálfnojbanoibad disfao warnana teu ditjarióspoya mod soos-sdos matak lingsěm ka salira,
engkang langkoeng geniuga, sédja baktos noe sakitoe, raji teh geus rido pisan".
12. Ngawalon Rahaden Pandji: Eh.raji njaksian inja, nampi sěmbah noe sajaktos, raga ěngkang ngan děrěma, titipan Noe Kawasa, ngan noehoen poedji sareboe, sampoerna alhamdoe lillah.
13. Ajeuna ěngkang pepeling, kee njai masing kamanah, emoetkeun waktoe bareto, engkang teh ngawasiatan, harga salapan laksa, pěndokna mah doea reboe, kěrisna wasiat ěmbah.
14. Moegi masing djadi milik, diri ěngkang oelah beurat, ambrih ěngkang djongdjon maot. oelah njandangan wiwirang, doenja doegi acherat, rahajoe sapandjang oemoer, tilar doenja kantoen moelja.
15. Oepama salira njai, dikěraskeun koe Pangeran, awaskeun masing waspaos, salira noe sadjatina, poma masing oeninga, oelah kadjongdjonan kalboe, soeka-soeka keur ngoembara".
TAMAT.
| 800 | mopr uapi | tg tapt C) oed djeuen Djda Brda M.om Ni |
| 1 | oed djeuen | |
| 800 | de Djda | Djda |
| 610 | Éab Brda M.om | Brda |
| 610 | Ni | Ni |
| 0.20 | Éao | |
| '90'0 | 4. kaoiak) Ni aep | Ni aep |
| 800 de | tantdo Rog M h | Rog M h |
| idem | Mh | Mh |
| edr J | J | |
| Djoeido | ||
| ée É | É | |
| 10 | n | n |