Pustaka Taratsa

Baca teks (PDF): Mitra Noe Tani Djilid XIII (Jawa-Sunda)

36 halaman · 36 halaman diproses dengan OCR · 41.6 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. MITRA NOE
  2. MITRANOE
  3. (ASMARANDANA).
  4. I.
  5. HAL SANINTEN.
  6. BAB LAOEK TJAI.
  7. BAB SOKLAT (CACAO).
  8. BAB NJANGGAR.
  9. EUSINA
  10. DE VRIEND VAN DEN LANDMAN
  11. DEEL XIII.

MITRA NOE

TANI

DJILID XIII.

bp PNRI Balal Pustaka

S

631/SA. Mitca Nae Tani.

Asmaldahana.

Aman Paustak Pagade (Anid) Owik

trny 6/1 28

P

MITRANOE

TANI.

DJILID No. XIII.

(ASMARANDANA).

Lamoen moenggoeh djoeroe tani, ngamoeljakeun pepelakan, diome dihade-hade, eta teh toemarimana, ngoengkoelan ka manoesa, lipet poeloeh lipet ratoes, malesna ka noe roemawat.

Ditjitakna di kantor tjitak toean H. A. BENJAMINS, Samarang. 1914.

I.

HAL SANINTEN.

Karangan Padoeka Toean K. F. Holle, disoendakeun koe Raden Demang So e rja nat a lěg a w a, Patih afdeeling Soekaboemi.

i tanah Europa loembrah pisan sanintěn teh dihadjakeun dipělak; babakoena di tanah Europa sabeulah kidoel. Malah di nagara Spanjě djeung Italie boeah sanintěn kaasoep oge djadi babakoe těda djělěma.

Ari di nagri Walanda sanintěn teh disěboetna kastanjeboom.

Didaharna sanintěn teh diboeboej, dikoeloeb, sěrta didagangkeun di, toko-toko djeung disatoeroet-toeroet djalan; aja oge anoe didjieun manisan ditjampoer sirop atawa peueut.

Ti Europa rea sanintěn noe dikaloearkeun ka sedjen těmpat noe hawana leuwih tiis, sabab di noe hawana tiis teuing sanintěn teu pati daekeun djadi.

Ari di dieu di poelo Djawa sanintěn teh djadi koe maneh di leuweung-leuweung bae, hěnteu pati aja noe ngahadja mělak, ngan rěsěp ngala boeahna bae. Kitoe deui koe sabab kareaanana djělěma teh ngan daek kana djagongna, tapi ěmboeng kana djagangna, ngalana boeah oge hěnteu pisan reudjeung pikiran, estoe ngan ngarah babari bae; dahanna noe aja boeahan dipoenggěl, malah aja noe ditoear katoet djeung tangkalna, ngarah seubeuh saharitaeun, noe matak ajeuna tangkal sanintěn beuki lila beuki tjarang.

Naha hěnteu aja noe boga ingětan mělak di lěmboer? Tangkal sanintěn aloes katjida; kaina teuas sarta koeat, awetna meh mapakan ka kai djati, toer boeahna rea noe beuki djeung sakitoe matak ngoeatkeun kana badan; sarta lamoen tangkalna diome dihade-hade, boeahna tangtoe tambah aloes sakoemaha noe geus kadjadian di Europa. Geuning di dieu oge boeah manggoe tina tangkal noe beunang ngahadja mělak di kěbon, leuwih aloes djeung leuwih ngeunah ti batan manggoe leuweung; nja kitoe deui boeboeahan sedjen, tambah hadena teh taja lian ngan koe lantaran hade pangome. Di pakarangan kangdjěng toean Assistent- Resident Wonosobo aja hidji tangkal sanintěn noe dihadja dipělak, boeahanana leubeut sarta hade pisan, tangkalna sěgěr sarta koeat. Kahajang teh pamoega-moega koela aja deui batoerna sanintěn noe dihadja dipělak, oelah ngan ngarah sakoer anoe djadi sorangan di leuweung-leuweung bae. Di tanah pagoenoengan noe loehoer ti laoet, rea boeboeahan anoe teu pati daekeun djadi, ari sanintěn mah di noe loehoerna 2000 kaki oge hade keneh pisan djadina djeung boeahanana leubeut.

Tjik atoeh noe ahli tani njoba mělak di kěbon atawa di pakarangan! Rasa koela moal datang ka handjakal. Lamoen hajang tereh kaala hasilna, hade njoba njangkok sanintěn leuweung; asa-asa moal boeroeng djadi djeung tangtoe tereh kapoeloek hasilna, doemeh tjangkokan geus těrang pisan gendjah boeahanana.

PNRI

BAB LAOEK TJAI.

Karangan Raden Toemenggoeng T j a k r a n a g a r a, Boepati Koedoes, disalin kana basa Soenda koe Raden S o e m a d i Pra d ja, Djoeroe basa Soenda.

Salawasna koela aja di Koedoes tatjan pisan manggih laoek tjai noe gěde ngeunah sarta pěiěm, sapěrti kantjra djeung djaba ti eta; sabab laoek tjai di Koedoes noe beunang ti waloengan-waloengan noe bidjil ti goenoeng Moeria mah teu aja lian ngan deleg, lele djeung laoek bangsa noe laleutik bae kajaning tawes, nilem, oetjeng djeung djaba ti eta. Loebang tatjan pisan aja noe manggihan.

Děmi loebang tea karěsěpna dina tjai noe rea batoena, nja eta dina sěsělana batoe atawa dina liang tjadas. Sok radjeun oge aja noe meunang kakap ti kali Serang, tapi tara rea.

Laoekna rantja-rantja di district Oendaan djeung laoek ti rantja Bandaran katjamatan Kaliwoengoe district Koedoes kareaanana bangsa deleg, lele, tawes, beunteur, nilem, bogo, sepat, beloet, hoerang, toetoet djeung djaba ti eta bae.

Geus aja gěněp atawa toedjoeh taoen ka toekang, rea pisan djalma di district Oendaan noe kahiroepanana tina ngala laoek tjai, bangsa noe disěboet bieu tea.

Koe sabab koela kakara di Koedoes bae manggih noe sok dagang dělěg di pasar, sarta aneh dikokolakeunana djeung sakitoe reana datang ka beunang disěboet djadi kaoentoengan gěde ka djalma-djalma noe deukeut ka rantja-rantja, rasa koeta pantěs oge eta hal dělěg ditjaritakeun rada pandjang.

Biasana eta dělěg tara didjoeal atah, tapi dibeuleum heula. Di mana rek dibeuleum eta dělěg sok direngkolkeun hoeloena djeung boentoetna dibeungkeut djadi hidji. Dělěg noe beunang meuleum kitoe disěboetna: lengkoer".

Sok rěměn oge eta dělěg digoegoebar atawa dibakasěm; goegoebarna disěboetna: baloer". Eta lěngkoer, baloer djeung bakasěm dělěg sok didjoeal di pasar-pasar, malah něpi ka pasar pagoenoengan. Ari dělěg tea hěnteu sakoemaha ngeunahna, tapi tjek oerang lěmboer mah doemeh tjarang manggih laoek nja disěboet ngeunah pisan, katambahtambah hargana moerah djeung měměl dagingna.

Loembrahna awewe di Koedoes moen boga orok keur njoesoe keneh, tara dahar laoek, ka djaba ti deeng (kere) noe geus toehoer pisan, tapi ari dělěg mah sok radjeuń oge didahar bae.

Oepama ngingětkeun alam ka toekang-toekang, kira-kira toedjoeh taoen ka behditoekeun laoek di rantja-rantja bilangan Koedoes mangsa ajeuna beunang disěboet koerang ti nimbang djeung bareto.

Ari sababna nja eta: kahidji djalma-djalma noe ngala laoek teh sakama-kama sakawěnang-wěnang bae hěnteu ngingětkeun piěngkeeunana; bět lain ngala noe galěde woengkoel, hěnteu pisan-pisan dipilih: gěde leutik dialaan bae.

Kadoea: geus sababaraha taoen eta laoek dialaan, tapi rantja-rantja mah hěnteu pisan-pisan dipělakan, ambrih laoekna tambah rea tambah rěkah.

Katiloe: sabab oenggal taoen ari keur oesoem ngidjih sok tjaah; rea leutak ti kali Serang kairid ka rantja-rantja tea, lilalila eta rantjasaeur, malah sok datang ka meh euweuh tjaian.

Kareaanana noe ngala laoek teh make heurap, boeboe, sirib, soesoeg, djeung djaba ti eta; tapi aja deui atoerán ngala laoek, nja eta kieu: di sisi-sisi rantja atawa waloengan palěbah noe sěpi, noe teu kagiridig koe djalma, di dinja teh diroemponan koe dahan-dahan,regang-regang, disěboetna eta roempon kitoe: ,boengboen". Ari laoek poegoeh karěsěpna tjitjing di noe bala kitoe. Tara lila eta laoek teh karoempoel ka dinja. Kira-kira doea tiloe poë deui kana pidialaeun laoekna eta boengboen pek dikoeliběng koe wide, geus kitoe roemponna dihandjatkeun, ti dinja laoek noe aja di djěro wide tea djadi kakoeběng toeloej diala. Děmi ngalana koe lambit gěde, lambit leutik, koe ajakan disair.

Di deukeut desa Proewoto geus loembrah pisan djalmadjalma sok njieun tambakan di sawah rantja, ngoeriling palěbah noe rek diala laoekna. Ti dinja noe dikoerilingan koe tambakan teh toeloej diroemponan. Ari keur oesoem ngidjih eta tambakan sok limpas. Nja dina keur oesoem harita, laoek ti kali Serang boedalna ka eta rantja. Děmi halodo tjaina orot, tambakanana tembong deui. Ti dinja tjaina ditawoe datang ka saat, toeloej diala laoekna.

Di rantja-rantja rea pisan tjai noe ngotjor tjara soesoekan bae, nja eta oeroet noe ngala leutak pikeun njaeuran sawah. Aja oge soesoekan noe djadi sorangan bae, nja eta kabawa tjai tarik ari keur tjaah. Lamoen tjaina keur leutik datang ka meh hěnteu ngotjor, eta solokan-solokan teh sok dipengkong koe kaso atawa mandjah, toeloej dipopok koe leutak, ti dinja ditawoe, laoekna diala.

Tah kitoe djalma-djalma ngaralana laoek ti rantja-rantja djeung ti waloengan-waloengan. Eta djadi kahiroepanana djaima-djalma. Handjakal pisan bět hěnteu aja ingětanana pakeun mělak laoek di eta rantja-rantja atawa waloenganwaloengan. Moen ěmboeng mělak teh, atoeh saboetoehna ngalana bae sing dipilih, oelah gěde leutik dialaan bae. Ari ingětanana, noe matak hěnteu marělak teh, sabab bibit datang sorangan, kabawa tjaah; nja eta dina keur oesoem ngidjih.

Djeung deui ari oesoem halodo sok koerang tjai taja petana pikeun mělak laoek, malah inoemeun oge hese pisan.

Salawasna koela djadi Boepati di Koedoes ti taoen 1886 něpi kå ajeuna, tatjan manggih djalma noe měrloekeun mělak laoek; bět hěnteu aja noe boga ingětan ngadjaga piahireunana, soepaja laoek tjai oelah datang ka beak toempoer.

Tambah-tambah noe miloe ngala laoek tjara noe kasě- boet di loehoer tadi teh, lain djalma-djalma noe deukeut ka rantja-rantja woengkoel, tapi ti sedjen district sok rea noe miloe.

Lamoen ngingětkeun bedana tjai di kali Serang djeung rantja-rantja di Koedoes dina oesoem ngidjih djeung oesoem katiga, rasa koela pantěs pisan taja noe daek mělak laoek tjai. Ari oesoem ngidjih sok tjatjaahan lain dikieuna gědena datang ka ngaroeksak djalan, sawah djeung pěpělakan; tapi ari oesoem halodo sok meh saraat.

Nja kitoe deui djalma-djalma di desa-desa anoe kasorang koe tjai ti Goenoeng Moeria hěnteu daekeun mělak laoek, koe sabab di dinja kakoerangan tjai, djeung deui ari oesoem katiga tjaina sok dipake ngěbon tiwoe djeung djaba ti eta; malah pakeun eta oge meh hěnteu tjoekoep, koe sabab leutik; atoeh soemawonna pakeun mělak laoek, eta mah beunang disěboet geus teu aja pětana.

KAAN NASIONAL PNRI

BAB SOKLAT (CACAO).

Karangan toean Controleur H. de Bie.

Anjar-anjar ieu .koela ningal dina soerat kabar Indische Mercuur tanggal 18 April 1896 no. 16 sarta dina boekoe Teysmannia djilid 9 tahoen ajeuna, aja atoeran hal mělak djeung ngokolakéun soklat (cacao). Doemeh ajeuna di Priangan noe marěiak soklat rada rosa tambahna, pikiran koela hade oge ditjaritakeun; soegan bae aja anoe hajangeun noeroetan, soekoer moen datang ka hasil. Eta atoeran istoening beunang njoetat-njatět sakoer anoe geus kapilampah sarta hade pisan di nagara Guadeloupe bilangan Amerika, toer di dinja saalam doenja kaitoeng panglěgalěgana sarta pangmashoer-mashoerna kěbon soklat. Sakoer anoe kaoeni dina soerat kabar Indische Mercuur djeung boekoe Teysmannia tea, nja eta beunang noekil tina boekoe karangan hidji toean djěněnganana Dr. Paul Guerin, noe beunang disěboet ahli kana mělak djeung ngokolakeun soklat di nagara Amerika.

Pondokna eta atoeran teh kieu:

Karereaanana noe marělak soklat sok diipoek heula sikina. Di oerang oge nja kitoe, malah geus rěměn koela manggihan noè ngipoek dina awi saroeas. Di mana eta soklat geus 8 atawa 12 boelan oemoerna kakara diliarkeun di kěbon. Eta tjek točan Paul Guerin salah katjida. Sabab dina oemoer sakitoe, pantjěrna pětetan geus 30 atawa 35 cM. pandjangna, tambah-tambah mindahkeun pětetan tina ipoekan kana kě- bon pělakaneun teh lain pagawean sambarang djalma bae atawa lain pagawean loemajan; teu kaop salah saeutik toeloej bae pantjěr pětetan djeung akar-akarna anoe la- Jěmboet raroeksak: aja anoe bingkěng doemeh katikělkeun, samalah aja noe parotong atawa paregat, basana kabantjen.

Koe sabab eta, mělak soklat teh leuwih hade koe siki bae, teu koedoe-koedoe diipoek heula.

Ari anoe dipake bibit koedoe siki anoe beunang milih boeah anoe badag djeung pangasakna, nja eta siki noe karolot baradag djeung baroeleud. Kira-kira dalapan poë deui samemehna ngaliarkeun, siki liarkeuneun teh koedoe geus sadia. Ari diliarkeunana koedoe keur oesoem ngidjih sarta 2 atawa 3 poë samemehna atawa saěnggeusna boelan tanggal 14, sabab noe geus kaboektian tangkal soklat noe beunang mělak waktoe harita, sok morontod, montok djadina, sarta leubeut boeahna.

Ari mělakna dina hidji lombang koedoe 3 siki didjoeroetiloekeun, tjarangna siki pada siki kira-kira 12 atawa 15 cM. sarta eta siki koedoe didědětkeun sina asoep 2 cM. ka djěro taneuh djeung panonna koedoe malik ka handap oelah disina ka loehoer. Lamoen mělakna ditangkarakkeun, kadjadianana pětetan sok ngarengkol bingkěng. Pětetan noe saroepa kitoe beunang disěboet lapoer bae tara daekeun moeloes djeung walagri djadina. Nja tina eta panon bidjilna pětetan teh, sarta samemehna mělětek koedoe diroengkoepan koe daoen atawa gěbog tjaoe, disaeuran koe taneuh saeutik ti -loehoerna, soepaja oelah datang ka ngahělab lamoen kadoepak angin.

Kira-kira ka 8 poëna eta pětetan teh geus mělěntoeng sarta daoen tjaoe noe dipake toeroeb tea koedoe dilaanan. Moen kaběněran sarta hade poëna meureun dina antara 8 něpi ka 15 poë teh sakabeh siki gěbrag mělěntoengifa. Dina ka 15 poëna siki anoe teu djaradi koedoe disoelam, diganti koe noe sedjen. Ari digantina koedoe dinaoesoem ngidjih keneh.

Rěměn pisan siki soklat noe beunang ngaliarkeun teh sok dihakan rinjoeh atawa koeoek. Ari piakaleunana nja eta koedoe digalokeun heula djeung lěboe samemeh dipělak, ngan rada handjakal saeutik aja halanganana; nja eta panonna siki teh sok kaboelěn teu tembong, djadi oepama rek dipělak eta panon hěnteu katangen malik ka loehoer atawa ka handap. Koe sabab eta didjagana eta rinjoeh djeung koeoek teh leuwih hade ěngke bae di mana geus ngaliarkeun toeloej ditjebor koe tjilěboe atawa saolah-olah migawena taneuh koedoe djěro djeung ridoeh pisan, doemeh di noe katjida pisan ridoehna tara dipikarěsěp tjitjing koe rinjoeh atawa koeoek, djeung deui dina taneuh kitoe moen ditjebor tjilěboe teh bisa rada djěro njěrěpna.

Oepama rek ngěbon soklat dina lahan weuteuh nja eta leuweung anoe beunang ngaboekbak,koedoe milih-milih pisan di mana noe euweuh batoean atawa tjadasan di handapna. Dina eta lahan pělakaneun teh koedoe njieun lombang. Děmi roebakna lombang sakaki oge tjoekoep, sarta dikosongkeun heula taneuhna asal. Ti dinja eta lombang koedoe disaeuran koe taneuh gěmoek, djeung koe djoekoet pangbabadan. Di mana eta gěmoek geus rada boeroek sarta galo, kakara bibit siki teh dipělakkeun.

Lamoen dina lahan oeroet, nja eta dina lahan anoe geus minděng dikěbonan koe pěpělakan sedjen, lombang pelakaneun teh koedoe roebak pisan sarta djěro. Sakoerang-koerangna koedoe 3 kaki roebakna djeung 11/ atawa 2 kaki djěrona, sarta eta lombang koedoe rada rosa disaeur koe taneuh gěmoek pamitjeunan tina kandang djeung koe djoekoet pangbabadan. Lamoen eta kokotoran kira-kira geus boeroek djadi gěmoek, kakara beunang dipělakan. Bareto mah tjek pikiran ahli-ahli anoe ngarěbon, soklat teh tara daekeun djadi dina lahan oeroet, di djadina oge goreng rada mereketetet, lila ngagědeanana, djeung diboeahanana oge katjida pisan koerangna. Tapi ari boektina mah dina iahan kitoe geuning hade keneh bae, ngan soepaja diapik-apik měntjoegna sarta oelah koerang gěmoek, sabab nja běněr oge ari soklat teh kahajangna dina taneuh gěmoek djeung ridoeh.

Saěnggeusna dipělakan, eta lombang lila-lila meureun rada neundeut di těngah-těngahna. Età montong teuing djadi kawatir, malah leuwih hade ge kitoe; sabab ěngkena beunang dikeureujeuh disaeuran deui, sarta matak hade pisan kana djadina tangkal soklat. Tatapi njaeuranana oelah datang ka moetjoeng koedoe sing rada rata bae. Sabab oepama moetjoeng, lila-lila akarna meureun beuki ka loehoer djadina, sabab moen rěměn katinggang hoedjan, eta taneuh panjaeur anoe měndjěkoel teh kairid koe tjileungtjang meureun tembong eta akar, toeloej bae tangkalna lajoe atawa paeh pisan.

Di Amerika galib pisan kěbon soklat teh ditoempangan koe tatangkalan sedjen diarah hieumna sarta dipake paminding angin ongkoh, tatapi kitoe oge ngan di noe lenglang těmpatna. Koemaha ari dina patěmpatan anoe rada njělapnjělap di noe lěgok noe teu sakoemaha kaanginan tapi rada tiis oge hawana? Di dinja mah teu pisan dibaoeran koe tatangkalan sedjen, doemeh teu aja kapěrloeanana, samalah djaba ti tatangkalan noe hieum-hieum sok radjeun oge ditoempangan tjaoe atawa roepa-roepa palawidja, djadi samemeh soklat boeahan anoe boga kěbon meunang hasil tina palawidja djeung tina tjaoe. Loembrahna samemehna di kěbonan soklat, lahanna dipělakan heula koe tatangkalan noe hieum, tjarangna koerang leuwih ti satoembak satěngah. Di mana ieu tangkal geus oemoer satahoen, toeloej disělapan koe tjaoe dina djadjaranana, tjarang kira-kira '/. toembak. Moen ieu tjaoe geus saděděg djalma gědena; kakara madjoe ngaliarkeun pětetan soklat, tjarangna 4 3 meter.

Ari tangkal soklat tea saroea djeung tatangkalan sedjen bae, nja eta oepama digěmoek sok hade: nja tereh ngagě- deanana, nja montok djadina. Pangaloes-aloesna gěmoek anoe geus kapake, nja eta gěmoek tjangkang siki kapas. Tapi eta gěmoek tjangkang siki kapas teh kapakena teu lila ngan sakeudeung pisan hadena, sapěrti koeda kěbloek digitik oge tiap saharitaeun bae gantjang madjoena. Leuwih hade gěmoek pamitjeunan ti kandang. Eta mah rada awet oge kapakena sarta matak hade pisan kana tangkal soklat.

Dina 2 tahoen katiloena tangkal anoe moeloes djadina geus pada karěmbangan, tapi moen tangkalna teu atjan oemoer 3 tahoen, eta kěmbang teh teu aja noe djadi boeah, djadi kaitoeng kěmbang boeroeng bae. Děmi soklat tea kaitoeng teu aja moesimna kěmbangan atawa boeahanana. Tapi lě- bah di nagara Amerika dialana eta boeah teh bakoena ngan 2 kali dina satahoen. Děmi piaraanana kěbon soklat teu kaasoep beurat. Sabab tangkal keur laleutik keneh kadangkadang koedoe diojos ambrih oelah bala teuing, sarta sakoemaha noe geus katjaritakeun tadi galib pisan sok ditoempangan koe roepa-roepa palawidja. Eta teu matak goreng kana tangkal soklat. Mangkena ari soklatna geus rada gěde kadang-kadang lahanna koedoe dipěntjoeg, tatapi oelah datang ka ngaroeksak akarna, djeung deui beuki gěde tangkal beuki tjarang měntjoegna teh. Dina kěbon-kěbon kolot mah tjoekoep koe sakali doea kali dipěntjoeg dina satahoen.

Ningal katěrangan toean H. G. Lorch, Administrateur tanah kontrak di Telaga, bawah Salatiga, karěsidenan Samarang, siki soklat tereh pisan leungit kakoeatanana. Koe sabab eta ari rek ngipoek, siki pibibiteun leuwih hade milih anoe weuteuh, anoe anjar pisan beunang ngala (mipit); sarta samemehna diipoek hade dikeueum heula antara sadjam, ti dinja digalokeun djeung lěboe.

Panghade-hadena ngipoek nja eta di boelan Mei, djadi di boelan December bibitna noedjoe kira-kira 30 centimeter djangkoengna, meudjeuhna nakěr diliarkeun.

Taneuhna kěbon soklat pěrloe pisan koedoe sing asak digarapna, sarta hade digěmoek koe tai sato pamitjeunan ti kandang.

Samemehna ngaliarkeun oenggal lombang pěrloe diteundernan lěboe, baris ngadjaga-djaga rinjoeh djeung koeoek sarta lian ti eta. Hidji lombang kira-kira kaleng (blek minjak tanah) ge tjoekoep; sarta eta lombang leuwih oetama didjieun antara gěněp boelan ti heula.

Tjek toean Lorch poekoel ratana beubeunangan siki beunang disěboetkeun 3 pikoel tina hidji baoe keur oemoer 3 tahoen kaopatna. Dina oemoer 5 tahoen tambah těpi ka 4'/, pikoel; ti dinja madjoe deui ka 6 pikoel.

Di Guadeloupe kareaanana kěbon soklat sok dibojor atawa ditjebor. Tatapi sarehna dibojorna koedoe make dipangnjieunkeun soesoekan sarta rada beurat ongkosna, djadi oerang dinja teh boga akal kieu. Kira-kira heuleut 1/, atawa 2 toembak taneuhna dikali didjieun kamalir, toeloej indoeng solokan anoe deukeut njěsěr ka dinja teh dipěndě- tan soepaja tjaina bisa njimpang asoep kana eta kamalir. Di mana geus pinoeh koe tjai toeloej tangkal-tangkal anoe teu kasěsěr koe eta tjai ditjeboran koe ember atawa noe saroepa kitoe.

Samalah oepama lahanna kěbon soklat rada tjěbrek, di dinja teh sok make solokan boeroeng, soepaja eta tjai di noe tjěbrek-tjěbrek bisa njěrěp ka dinja.

Loembrahna soklat teh sok rea noe paeh atawa mereketetet sabab tangkal atawa dahan-dahanna raroeksak koe oetěroetěr djeung sawareh sok dihakan koe rinjoeh akarna. Boeahna sok parěboet djeung badjing sarta bangsa beurit leuweung. Di oerang geuning sok radjeun oge boeah ngora-ngora toeloej hideung datang ka boeroek toeloej moerag.

Moen geus kolot boeah soklat beunang oge diingkeun watara saboelan teu koedoe oedjoeg-oedjoeg diala. Tapi leuwih oetama moen geus asak toeloej dipipit. Ari mětikna di noe djalma radjin mah sok dikeureut koe peso hěnteu digoëngkeun, sabab moen rada pageuh keneh toeloej digo- ëngkeun, eta sok radjeun matak ngaroeksak tangkaina.

Boeah beunang mětik geuwat bae dipěsek dilaanan sikina diwadahan dina bak kai atawa bak tembok. Ieu bak dasarna rada loehoer sabeulah, djadi monteng. Noe matak dipontengkeun eta teh dihadja soepaja tjai anoe bidjil tina leuleucurna siki bisa ngotjor. Di dinja diingkeun watara 2 atawa 3 poë, kakara dipeujeum.

Děmi hal ngokolakeunana siki soklat sok aja noe diganggang atawa dipeujeum heula, aja oge anoe hěnteu diganggang hěnteu dipeujeum.

Di nagara Guadeloupe mah kabiasakeun pisan samemeh dikokolakeun, eta siki soklat dipeujeum heula. Ari dipeujeumna dina bak kai keneh diamparan koe daoen tjaoe. Ti dinja siki soklat beunang neundeun dina bak tembok di loehoer tadi sarta noe geus toeoes tjaina teh brěs diteundeun dina eta bak pameujeuman sarta di loehoerna ditoeroeban koe daoen tjaoe, toeloej ditoempangan koe papan make dibeungbeuratan koe batoe. Pěrkara ngokolakeun soklat ngan meujeum bae noe pangsoesah-soesahna, pangběrěwitběrěwitna. sabab teu kaop salah saeutik, toeloej gagal. Komo-komo lamoen noe mětakeun koerang paham. Tambahtambah meujeum teh hěnteu aja katangtoeanana dina lilana, noeroetkeun koemaha bangsana soklat djeung oesoemna ngokolakeun ninggang dina keur ngidjih atawa keur halodo, djeung deui sok noeroetkeun oge koemaha lobana siki noe aja dina peujeuman. Tapi geus tetela pisan oepama meujeum, leuwih tereh asakna anoe 10 atawa 12 takěr ti batan noe 2 atawa 3 takěr. Tampolana mah di djěro opat atawa lima pôë ge geus asak, sakapeung něpi ka teu asak dina djěro 8 poë.

Kitoe deui koedoe ditangen koemaha dina roepana siki; di mana eta siki diloearna geus rada beureum ngora roepana sarta gěbrag kitoe, djeung di djěrona anoe asal bakatna sěmoe beureum woengoe geus diganti koe sěmoe koneng ngora, kakara eta peujeuman meudjeuhna didjait tina bak pameujeuman. Oepama di djěro 4 poë teu atjan keneh asak, eta peujeuman teh koedoe ditjokot heula bae, sarta digalokeun. Ngagalokeunana koedoe di djěro sapoë-sapeuting sakali, něpi ka asakna.

Moenggoeh hal meujeum tea, sakoemaha anoe geus kasě- boet tadi di loehoer, nja eta hidji pagawean anoe pangroedětroedětna, sarta dipigawena koedoe koe noe geus paham pisan, spepaja oelah kagantjangan teuing atawa kalilaan teuing. Oepama lila teuing dipeujeumna, sok matak hideung sikina; lamoen eta peujeuman teu oenggal poë digalokeun, kadjadianana nja kitoe keneh. Tampolana masih digěntjet oge sok radjeun bae boeloekan. Oepama boeloekan, koedoe geuwat ditjokot tina pameujeuman, sarta koedoe dipoë heula, sapoëna 2 atawa 3 djam lilana. Ti dinja kakara dipětjak-pětjak dipeujeum deui.

Děmi noe didjieun bak pameujeuman teh koedoe papan noe kanděl sarta něrapkeunana koedoe pageuh pisan. Papanna ti gigir leuwih hade make engsel, ambrih babari ari rek ngosongkeun bak, kari ngalaan bae paseukna eta papan noe engselan toeloej beunang digoëngkeun. Ari lěgana bak noeroetkeun koemaha pěrloena bae, asal oelah ragragan sikina, oepama keur diboelak-balik. Oenggal-oenggal měntas dipake meujeum eta bak koedoe dikoembah sing běrěsih koe tjiapoe.

Lamoen geus asak dipeujeumna, eta siki soklat koedoe dipoë, digoearkeunana leuwih hade dina těmpat noe rata, sapěrti anoe beunang ngabalaj atawa anoe beunang malester, sarta sabot dipoë koedoe rěměn diboelak-balik,soepaja rata pisan kapoëna. Dina ngamimitianana moë mah 3 djam ge geus tjoekoep. Sanggeus dipoë eta siki soklat toeloej digoendoekkeun dina saoeng, soepaja bidjil kesangna. Dina ka 2 atawa ka 3 kalina dipoë sarta satoeloejna teh koedoe rada lila dipoëna. Di mana eta siki geus rěgas atawa babari rěmoek, tanda jen geus asak.

Di Ceylon kabiasakeunana siki beunang meujeum teh dikoembah heula, noe matak sok běrěsih djeung herang katendjona. Malah di London mah marahal pisan didjoealna eta soklat noe asal ti Ceylon. Di nagara Guadeloupe ge geus dipětjak-pětjak dilampahkeun kitoe, tatapi gagal, eta siki beunang ngoembah anggoer beuki katjida toehoerna sarta toengtoengna mah katjida teuing rěgasna samalah babari pisan rěmoek. Ari di nagara Venezuela bawah Arnerika keneh siki soklat noe geus beunang meujeum katiloe poëna kabiasakeunana sok diawoeran taneuh beureum beunang nipoeng, sarta digalokeun koe singkoep kai. Ti dinja diteundeun deui dina pameujeuman sarta toeloej dipeujeum. Atoeran kitoe teh lain ngarah tambah ngeunah rasana soklat, tapi nja eta soepaja sikina gěbrag rata roepana sarta soepaja oelah boeloekan.

Di poelo-poelo Antillen tjarang pisan noe meujeum siki soklat, sabab panjangka oerang dinja sok matak toeroen hargana ari dipeujeum heula mah. Karereaanana di Antillen eta siki soklat digoendoek-goendoekkeun bae, sarta oepama ngahadja dipeujeum oge tara liwat ti 24 djam lilana, toeloej bae diangkat sarta dipoë. Kadjadianana soklat noe asal ti Antillen nja eta anoe ti nagara Martinique djeung ti Guadeloupe koerang hade. Di djěrona roepana sěmoe rada woengoe, rasana rada těngi, sikina loba noe peot sarta babari nakěr boeloekan. Eta sababna noe matak soklat noe dipolahkeun kitoe moerah hargana. Toekang badjong soklat noe kitoe, koedoe pek deui ngokolakeun soepaja djadi hade, sarta sok roegi něpi ka 12% atawa 20%. Samalah dina djěro sapoë sapeuting oge sok loba sikina noe baroeroek atawa harideung. Galibna pisan mah soklat anoe kitoe sok dipake njieun tipoeng soklat anoe no. 2 atawa no. 3 anoe măroerah djeung garoreng tea.

Děmi siki soklat anoe kasěboet hade, lain anoe hampang sapěrti siki noe gaboeg, tapi koedoe anoe beurat, bangoenna tjara ěndog hajam, dina toengtoengna koedoe rada gěpeng, roepana ti loear koedoe rata pisan beureum ngora, sarta di djěrona koedoe rada sěmoe koneng.

Di mana siki soklat geus asak pisan dikokolakeunana, eta leuwih hade dipilih heula, malah aja pakakasna páragi ngajak ngaranna machine Cabasson, ngalap djěněnganana toean anoe ngamimitian njieun. Noe didjieun eta pakakas ajakan teh beusi lambaran, dipělěngkoengkeun diroepakeun koeloewoeng sarta make sababaraha liang, gědena eta liang hěnteu saroea. Noeroetkeun gěde leutikna liang, eta ajakan aja 3 roepa. Dina no. 1 liangna ngan oekoer bisa montjor sagala lekoet-loekoet djeung ramat-ramatna atawa koeloemoedna. Ajakan no. 2 liangna montjor siki noe panglalěmboetna. Ari dina ajakan noe katiloe liangna montjor siki noe bangsa paněngah, djadi siki noe pangbaradagna njarangsang dina eta ajakan. Nja siki anoe pangbadag-badagna tea anoe pangpajoena.

Tjek toean Paul Guerin bangsa soklat teh roepa-roepa pisan. Aja anoe raroebak, aja anoe hareureut daoenna; aja anoe tereh, aja oge anoe rada lila ngagědeanana, di oerang meureun beunang disěboetkeun bangsa leuir djeung bangsa hawara atawa gendjah. Děmi dina bangoenna boeah aja anoe boeleud, aja anoe londjong aja oge anoe njoengtjoeng toengtoengna. Roepana tjangkang aja anoe ti barang pěntil geus beureum, beuki kolot beuki rea oeratna anoe karoneng tea; aja anoe keurna pěntil sěmoe hedjo, lila-lila beureum. Malah aja oge anoe ti barang pěntil těpi ka asakna tara daekeun obah anggěr bae sěmoe hawoek; sarta aja deui anoe keurna atah sěmoe hedjo, děmi dikolotna rada koneng. Moenggoeh dina bangoenna siki oge masing-masing aja anoe londjong, aja anoe rada boeleud, aja anoe gepeng sabeulah. Děmi bangoen siki kitoe eta lain koe sabab lantaran kasě- děk atawa kapaksa, tapi bakatna ngadjadi bae kitoe. Ari bangsa pangaloes-aloesna nja eta anoe gěde tangkalna, raroebak daoenna, boeahna rada parandjang sarta njoengtjoeng toengtoengna, ti barang pěntil ge geus beureum; sikina bangsa kitoe rea sarta eta siki baroeleud. Anoe panggoreng-gorengna, nja eta anoe bangsa koneng boeahna, sikina rada gěpeng.

Samalah soklat oge aja anoe tjara kawoeng bae, nja eta salawasna kěmbangan boeroeng tara daekeun djadi boeah.

Tjiandjoer, 30 December 1896.

BAB NJANGGAR.

Karangan Raden Rangga Djaja di laga, Wadana Peser, (Tjiandjoer).

Sarerea oge tangtoe pada těrang waktoe ajeuna rea keneh ahli tani di poelo Djawa anoe masih koekoeh make adat boeda, nja eta lamoen mitémbějan diboeat koedoe make noeroenan heula, těgěsna njanggar. Meh sarerea bae noe njarawah pada garadoeh saoeng sanggar, pakeun oenggal taoen, soepaja hěnteu soesah njieun deui dina moesimna diboeat.

Kalampahna lamoen rek mitěmbějan, eta sanggar teh dihiasan koe daoen kawoeng, patjing, soelangkar, oar djeung djaba ti eta, sarta dina oenggal djoeroe ditantjèban sawen make rarawis koe daoen kawoeng.

Děmi atoeranana, mimitina doekoen (toekang noeroenan) neangan boeah pare anoe ngatjoeng ka langit; hěnteu koedoe rea-rea satangkal doea tangkal oge tjoekoep; leuwih oetama moen bisa meunang dina kotakan palěbah oeroet mitěmbějan tandoer. Di dinja eta saoeng sanggar teh diteundeunna, karana disěboetkeun koe noe baheula, tangkal noe ngatjoeng tea noedoehkeun Nji Sri pisoempingeun ti kahtangan lěbah dinja pisan; noe matak koedoe disajagikeun warna-warna lalawoeh katoeangan Nji Sri, sapěrti: tjongtjot, koeloeb endog, goela, doewěgan, tiwoe, pameres (sisir), eunteung djeung warna-warna lian ti eta.

Sanggeus kitoe toeloej doekoen teh mapatkeun do'a atawa djampe, maksoedna ngahatoeranan tjalik atawa ngondang Nji Sri ka těmpat sawah noe rek dipiboeatan tea, sarta njoehoenkeun běrkah salamět.

Eta kitoe tjek sawareh tjarita, anoe matak saban-saban mitěmbějan diboeat, koedoe make saoeng sanggar.

Meureun aja oge ahli tani djaman ajeuna anoe tatjan těrang sarta hajang ngadangoekeun toetoeranana noe disěboet Nji Sri, doemeh moenggoeh ahli tani djaman ajeuna kareaanana dina hal njanggar ngan toetoeroet moending bae. hěnteu těrang papajanana tjoektjroekanana.

Tjaritana teh kieu: Waktoe keur aja keneh karatoean Padjadjaran, agama oerang tanah Djawa istoening hěnteu poegoeh tangtoena, djalma-djalma pada noeroetkeun napsoena sorangan bae; těgěsna masing-masing saniatna, sakarěpna sorangan bae. Sawareh aja noe njěmbah ka kajoe, ka batoe, aja oge anoe mangeran ka seuneu, ka srangenge, ka sapi, ka heulang djeung aja deui anoe njěmbah ka batara djeung ka dewa. Djaman harita bedjana aja hidji ratoe, anoe leuwih agoeng kawasana sarta leuwih loehoer martabatna, malah meh satanah Djawa anoet taloek ka dinja. Afi kakasihna Sang Praboe Siliwangi atawa sok disěboet oge Ratoe Pakoean, karatonna di Pakoean Padjadjaran, noe ajeuna djadi těmpat kota Bogor. Děmi eta ratoe, anoe sakitoe agoengna, sěsěmbahanana mangeran ka Dewa Goeroe Jang Pramesti; nja eta ratoe agoeng binatara anoe ngaradjaan Sawargaloka. (Di mana eta Sawargaloka teh? Teu aja anoe bisa něrangkeun; ngan tjek bedja mah di tanah Asia, wěwěngkon tanah Hindoe, dina poentjak goenoeng Himalaja).

Kitoe tjaritana ; tatapi ari koela mah hěnteu bisa njěboetkeun, ieu bedja běněr atawa djidjieunan bae.

Děmi ratoe Siliwangi tea liwat saking dipikaasih kóe Dewa Jang Pramesti. Sapěrkara tina bangět ngabaktina: beurang peuting hěnteu pětot-pětot koemawoela, njěmbah, moedji ka goeroe Jang Pramesti; kadoea pěrkara dimoeljakeun, sapedah eta ratoe poegoeh asal oesoelna toeroenan bangsa loehoer.

Katjaritakeun mangsa harita pangěrsa Jang Pramesti Goeroe ngadaměl saroepa bale agoeng. Ti dinja Batara Goeroe ladjěng ngadawoehan ka papatihna, djěněnganana Pandji Narada, soepaja diparentahkeun ka sakabeh abdiabdi ponggawa, koedoe pada njadiakeun tihang atawa tatapakan pikeun bale tea; sarta djangdji ratoe, saha-saha anoe moengpang atawa hěnteu njambadaan kana sapamoendoet, hoekoemanana diteukteuk leundjeuran, tégěsna dipotong beuheung. Djadi mangsa harita njawa manoesa teh moerah pisan, kawas teu hargaan bae; soemawonna moenggoeh hoekoeman noe adil, djaoeh měla-měloe pisan.

Sanggeus Pandji Narada nampi dawoehan ratoe kitoe, toeloej bae ngoempoelkeun sakabeh abdi-abdi para ponggawa; tjek paribasa tea mah ti soeklakna ti sikloekna oerang pasisir mantjanagara pada disalaoer, daratang kabeh, narěmonan panjaoer. Sanggeus koempoel kabeh abdi-abdi, toeloej ditimbalan koe Sang Pandji Narada, sakoemaha dawoehan ratoe. Děmi pioendjoek sadajana ponggawa, henteu aja sanes, amoeng sědja oeloen koemawoela beurang peuting, sědja ngadjoengdjoeng sakoemaha kěrsa ratoe; ngan aja hidji ponggawa djěněnganana Dewa Anta, nja eta bangsa oraj atawa naga noe ngoeloewoet koe eta dawoehan. Waktoe Pandji Narada nimbalkeun dawoehan ratoe, dadak sakala parangi Dewa Anta teh pias saroepa anoe soesah, sarta hěnteu ngawalon naon-naon. Barang katingali koe Pandji Narada Dewa Anta kitoe, toeloej dipariksa, timbalan Pandji Narada: He Dewa Anta! naon sababna, noe matak maneh hěnteu ngawalon kana dawoehan ratoe, padahal batoer-batoer mah sarerea pada soemoedjoed soemanggěm kana kěrsa ratoe? Naha maneh teh moengpang kana pangěrsa noe Agoeng? Lamoen kitoe ingětan maneh, tangtoe ajeuna oge beuheung maneh diteukteuk, disanggakeun k& ratoe".

Barang kakoeping koe Dewa Anta timbalan Pandji Narada kitoe, dadak sakala pias sarta djeung ngadegdeg, bawaning koe reuwas djeung sieun. Pioendjoekna bari tjoemalimbam: Noen Goesti! soemoehoen timbalan, anoe mawi abdi hěnteu kawěrat ngawalon, koe bawaning ewěd; doemeh gamparan langkoeng tingali; pangawak djisim abdi djadi mahloek hěnteu sakaroepi sarěng batoer, hěnteu gadoeh leungeun, hěnteu gadoeh soekoe; kitoe-kitoe dikěrsakeun kědah ngaroepikeun tatapakan. Eta sadaja-daja kědah koemaha dipidamělna koe djisim abdi? Kitoe noe mawi djisim abdi sakalintang bingoeng, kirang-kirang mah hampoentěn ratoe, kantěnan njawa djisim abdi dipoendoet kadaměl něboesan tatapakan pamoendoet tea".

Oendjoekan kitoe Dewa Anta bari njoeroetjoed tjipanonna sarta kaliwat sědih.

Adjaib katjida wět aja tiloe kětjlak tjipanonna anoe ragrag toeloej ngagorolong djadi ěndog, liwat saking aloesna djeung gilang-goemilang tjahajana.

Barang katingali koe Pandji Narada sarta koe para ponggawa, sadajana pada ngahoelěng běngong hookeun ningal kadjadian saroepa kitoe, sarta harita keneh toeloej Pandji Narada oendjoekan ka ratoe jen aja kadjadian kitoe.

Děmi dawoehan ratoe: Pandji Narada, pěrkara oendjoekan maneh koe kami geus katarima, tapi ajeuna pisan si Dewa Anta sina ngadeuheus pribadi ka dieu sarta sina bawa eta ěndog anoe tiloe tea".

Pandji Narada goera-giroe moelang, toeloej nimbalan ka Dewa Anta koedoe marěk ka ratoe djeung bawa eta ěndog.

Sakoemaha pisoesaheunana Dewa Anta disaoer koe ratoe, pangawak hěnteu leungeunan hěnteu soekoean; koemaha pipětaeunana geusan mawa eta ěndog? Taja lian kadjaba ti diheungheum; toeloej iang marěk ka ratoe. Di djalan papanggih djeung pirang-pirang kawawoehan sobat andena, pada naranja: Rek ka mana, Dewa Anta, aja leumpang goera-giroe těměn?".

Tapi kabeh teu aja anoe ditembalan, toeloej bae lêumpang ngaleor, sabab teu bisa ngomong, da ngaheungheum endog.

Barang prok papanggih djeung sobatna ngaran Heulangbelang, ditanja koe Heulangbělang sarta manis: Rek ka ma ná Dewa Anta, leumpang gagantjangan, kawas aja gawe noe pěrloe katjida?".

Koe Dewa Anta teu ditolih-tolih atjan, toeloej bae leumpang·ngaleor.

Sakali doea kali Heulangbělang nanja, tapi teu didjawab keneh bae; ti dinja Heulangbělang panasaran, toeloej njampeurkeun bari koemapang njatjarekeun pokna: Koenahaon sampean teh ngadak-ngadak pělěkik, ditanja pirangpirang kali teu nembalan?"

Dewa Anta ngabětěm bae hěnteu nembalan, toengtoengna ngamběk Heulangbělang teh roemasa dirina dihinakeun koe sobatna, toeloej bae soesoembar, pokna: Dewa Anta! lamoen kitoe nja pëta, běněr maneh bangsa mahloek anoe leuwih angkoeh djeung pělěkik; aing oge hěnteu era teu sieun moemoesoehan djeung maneh!"

Ngomongna Heulangbělang kitoe bari napsoe, oedjoegoedjoeg ngadoepak, njamběr, matjok, ngaranggeum; toengtoengna kabintih soengoetna Dewa Anta datang ka peuraj, toeloej ěndog noe diheungheum teh moerag doea datang ka peupeus, djadi ngan kari hidji.

Dewa Anta katjida nalangsana prihatin dipěrgasa koe Heulangbělang; beungeut ramed ditjakar, sirah asa eumeur dibintihan, tapi teu ngomong sakěmek-kěmek atjan, toeloej bae gagantjangan marěk ka ratoe. Sapandjang djalan kaliwat sědihna, satadina aja oge roemasa bakal dihampoentěn koe ratoe, tapi ajeuna geus meunang bahla sakitoe gědena, ěndog noe dipoendoet ngan kari hidji deui, ingětanana: geus tangtoe sadatang-datang diteukteuk beuheung.

Barang dongkap ka pajoeneun Batara Goeroe Jang Pramesti, toeloej bae soedjoed bari oendjoekan sakoemaha noe geus kadjadian ti awal něpi ka ahirna.

Lahiran Jang Pramesti: Ajeuna montong soesah-soesah, pěrkara dosa maneh kabeh geus dihampoera koe kami. Maneh geura balik bae djeung bawa deui eta ěndog noe hidji tea, sarta koe maneh koedoe disileungleuman, karana kami hajang oeninga kadjadianana".

Dewa Anta liwat saking soeka atina sarta toeloej balik; ti dinja eta ěndog disileungleuman dina dapoeran tamiang, beurang peuting hěnteu intjah-intjah. Sanggeus djangkěp opat poeloeh poë, eta ěndog měgar djadi poetri, leuwih geulis, gilang goemilang tjahajana saroea djeung boelan tanggal opat bělas, sarta toeloej bae eta poetri disanggakeun ka ratoe.

Barang Sang Ratoe oeninga, sakalangkoeng kaget, heran ningali kadjadian saroepa kitoe, ladjěng njaoer Pandji Narada. Děmi dawoehan ratoe: Pandji Narada, ieu boedak koe maneh koedoe dipiara masing ěnja-ěnja, sarta koe kami dipaparin djěněngan Nji Pohatji Sanghiang Sri Dangdajang Tresnawati".

Sanggeus kitoe toeloej bae koe Pandji Narada eta poetri ditjandak moelih, dimoemoele, dipoesti-poesti; beurang peuting hěnteu meunang djaoeh ti pajoeneunana. Tatapi eta poetri hěnteu pandjang joeswa, kira-kira gěněp toedjoeh taoen poepoet adjal, ladjěng dikoeboer sakoemaha adat biasa.

Hěnteu katjaritakeun lilana ti sanggeus eta poetri poepoes, dina koeboeran wět aja kadjadian tjoetjoekoelan pirangpirang warna, nja eta dina palěbah sirah djadi tangkal kalapa; dina palěbah panon tangkal pare; dina palěbah oeděl tangkal kawoeng djeung sadjaba ti dinja, pirangpirang tatangkalan, anoe gěde gawena sarta katjida mangpaatna toeloej-toemoeloej něpi ka ajeuna kaarah keneh hasilna koe djalma.

Katjaritakeun barangJang Pramesti Goeroe ningali kadjadian anoe dina palěbah panon, nja eta tangkal pare tea, katjida hedjo lembokna, oenggal poë beuki gěde ngadjangkoengan, lila-lila rampak boeahna, sarta eta boeah asakna koneng gěbrag, ratoe teh nimbalan ka Pandji Narada koedoe ngoenipoelkeun sakabeh ponggawa,soepaja pada noengkoelan mipit eta pare. Ti dinja ladjěng ratoe ngadawoehkeun ka sakabeh ponggawa-ponggawa jen ieu roepa pare ahirna gěde pisan mangpaatna sarta djadi katjoekoepan djeung kabeungharan djalma. Waktoe harita ngaranna eta pare masih keneh disěboet Nji Pohatji Sanghiang Sri Dangdajang Tresnawati", sabab noeroet kana djěněngan nji poetri tea.

Děmi Batara Jang Pramesti ngamanah, eta pare hade dipasihkeun ka ratoe Padjadjaran (Siliwangi), soepaja diliarkeun ka abdi-abdi oerang dinja. Ti dinja ladjěng ngoetoes hidji ponggawa njanggakeun bibit pare ka Praboe Siliwangi sarta ladjěng dipělak di Padjadjaran. Ari mimitina mah singgět pisan, wantoening bibitna oge saeutik Ari dina djaman harita waktoe aja keneh ratoe di Padjadjaran, anoe ditěda koe djalma saolah-olah sangoena, ngan koenjit, gandoem djeung roepa-roepa beubeutian ti leuweung atawa naon bae, noe beunang dipake kahiroepan. Sanggeus rěkah eta pare, pěpělakan gandoem, koenjit djeung salian ti dinja pada ditaroenda; noe diparělak teh pare woengkoel, toeloej toemoeloej něpi ka djaman ajeuna.

Ajeuna koe koela dibalikan deui hal tjarita njanggar tea, soepaja kaharti sakabehna noe matak mitěmbějan diboeat koedoe make disanggar atawa ditoeroenan heula; nja eta : Noe matak aja atoeran njanggar sabab maksoedna ngahatoeranan tjalik Nji Pohatji Sanghiang Sri Dangdajang Trěsnawati sarta djeung njoehoenkeun běrkahna, doemeh asal kadjadian pare ti dinja.

Noe matak saoeng sanggar make dihiasan koe daoen kawoeng katoet boeahna (tjaroeloek) sarta make roeroedjakan koe goela kawoeng, sabab eta kawoeng asal kadjadian ti Nji Pohatji anoe djadi palěbah oeděl.

Make doewěgan, sabab asal kadjadian ti palěbah mastaka.

Make tjongtjot, asal kadjadian Nji Pohatji palěbah sotja.

Make ěndog sabab asal kadjadian Nji Pohatji měgar tina endog.

Waktoe mitěmbějan tandoer sok make dipělakan tamiang, sabab eta ěndog disileungleuman koe Dewa Anta dina dapoeran tamiang.

Make oar, daoen patjing djeung sadjaba ti dinja rea keneh noe sok dipake pěrhiasan njanggar, di dieu hěnteu disěboetkeun hidji-hidjina, eta kabeh asal kadjadian tina kóeboeran keneh bae.

Kitoe tjaritana toetoeranana hal njanggar, tatapi dina masing-masing těmpat aja oge bedana; sawareh sók make tipoeng tawar diwadahan dina pisin; aja noe make sisir, eunteung, gantal (nja eta seureuh digeleng-geleng), djaba ti dinja toetoerkeuneun anoe tangtoe, djadi rada make dibabade bae.

Děmi eta pagawean njanggar, moenggoehing di djalma anoe mangarti, tara dilampahkeun, sabab těrang katjida jen eta kalakoean pagawean bid'ah, těgěsna pagawean djalma bodo djeung kasasar, hěnteu beda djeung njěmbah ka kajoe ka batoe. Boektina oge noe disambat dipoendjoeng-poendjoeng teh ngan Pohatji, Dewa djeung Batara. Ari Allah mah, noe maparin rědjěki djeung noe maparin sagala kadjadian, hěnteu disabit-sabit. Djeung deui koe sarerea oge tangtoe pada kaharti, sanadjan ěnja oge aja eta dewa djeung batara teh, mapan toenggal mahloek, dadamělan Goesti Allah keneh bae! Koenahaon atoeh anoe kitoe koe oerang koedoe dipoendjoeng-poendjoeng dipenta-penta běrkahna. Reudjeung deui, lamoen njanggar mah geus tangtoe koedoe aja karoegianana, da koedoe make barang sasadjen sapěrti kalapa, poetjoek kawoeng djeung djaba ti dinja. Sakoerang-koerangna oge koedoe make balandja 20 cent, djaba pagawe hese tjape. Samalah aja deui tambahna: dina sanggeus beres pakaja diboeat, noe njanggar teh apan koedoe aja kaelingan ka doekoen tea, sakoerang-koerangna oge doea tiloe gedeng minangka oepah mitěmbějan diboeat.

Tjoba pikir koe sarerea: koerang naonana kabodoan rek dileuwihkeun ti kieu, toer ieu kalakoean sia-sia maloeloe, djaoeh měla-měloe kana noe saběněr-běněrna.

Meureun aja sawareh ahli tani anoe ngadjawab: Eta pagawean njanggar poegoeh saroepa adat priboêmi, noe geus dipilampah koe djalma ti djaman boeda keneh, djeung eta ongkos 20 cent teu sakoemaha, mapan ti anggalna pitiloeboelaneun deui geus noengtoet sasadiaan; sakitoe mah teu djadi kabeuratan ka ahli tani". Eta ěnja pisan kitoe, tatapi sanadjan adat priboemi, matak naon moen eta adat Padjadjaran ditoenda, ari teu běněr djeung teu aja mangpaatna mah.

Eta ongkos 20 cent běněr pisan teu djadi kawaloeratan, tatapi tjoba pikir disadjěro district Peser bae woengkoel aja 4576 loewoek sawah djeung hoema, noe biasa oenggal oesoem diboeat make disanggar poepoehoenan. Lamoen diitoeng hidji loewoek 20 cent bae, geus aja ongkos f 915.20 dina oenggal taoen. Eta lain saeutik-eutik rědjěki! Soemawonna lamoen diitoeng antero tanah Djawa, meureun pirang-pirang kěti atawa malioen loewoek sawah djeung hoema, anoe oenggal taoenbiasa disadiakeun saoeng sanggar. Sakoemaha teuing pireaeunana kěti atawa malioen roepia rědjěki, noe dimonjah-monjah dipake balandja pagawean noe teu poegoeh oeroesanana. Djeung sabaraha laksa atawa malioen pikoel pare noe dibikeun ka toekang noeroenan, doekoen noe bohong maloeloe?

Soekoer pisan ajeuna di djro district Peser abdi-abdi geus rea pisan anoe mitjeun eta adat Padjadjaran. Kareaanana oerang tani di Peser lamoen rek mitěmbějan diboeat, tara njanggar tara njawen heula. Asal geus asak parena, toeloej bae dipiboeatan. Kadjadianana geuning hěnteu aja pisan halangan ti Dewa ti Batara, djeung hěnteu tombok balandja.

Panoetoep ieu djilid XIll, anoe minangka djadi tjikalna karangan ti saěnggeusna koe noe Agoeng dibeuratkeun ka koela, panoenoehoen koela teh teu aja lian ngan moegamoega bae ieu boekoe batjaan ,mitra noe tani" bisa madjoe, sarta sagala anoe ditjitak dina ieu boekoe, moega-moega bisa njangsang ka abdi-abdi noe Agoeng; bisa djadi panoengtoen kana kahiroepan tatanenna, ambrih pinanggih sagala kasěnangan sarta beuki tambah karahardjaan nagara!

Sakitoe pamoemoega koela teh!

Oepama aja anoe rěsěpeun njieun karangan hal pěpělakan atawa tatanen, anoe kira-kira pantěs atawa beunang diasoepkeun kana ieu boekoe batjaan mitra noe tani, koela soekoer pisan; samalah lamoen karanganana koe kangdjěng Goepěrněmen kamanah, sarta anoe boga karangan hajangeun, meureun dipaparin gandjaran doeit.

Děmi ngirimkeunana karangan, hade něda toeloeng ka toean-toean Controleur atawa ka Assistent-Resident, mo boeroeng dilaksanakeun.

PNRI

H. DE BIE.

EUSINA

lambaran:

I. Hal sanintěn, karangan Padoeka Toean K. F. Holle, disoendakeun koe Raden Děmang Soerja nata lěgawa, Patih afdeeling Soekaboemi... 3 II. Bab laoek tjai, karangan Raden Toeměnggoeng Tjakra Nagara, Boepati Koedoes, disalin kana basa Soenda koe Raden Soema di pradja, Djoeroe basa Soenda. . . . 5 III. Bab soklat (cacao), karangan toean Controleur H. de Bie. . 9 IV. Bab njanggar, karangan Raden Rangga Djaja di laga, Wadana Peser (Tjiandjoer). . . . .. 19

SX (GOUVERNEMENTS BESLUIT 26 MAART 1897 No. 18).

DE VRIEND VAN DEN LANDMAN

(SOENDASCHE TEKST).

DEEL XIII.