Pustaka Taratsa

Baca teks (PDF): Wawatjan Djoeag Tati (Jawa-Sunda)

56 halaman · 56 halaman diproses dengan OCR · 11.7 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. DJOEAG TATI
  2. KARANGAN
  3. BAPA MAMI
  4. DANGDANGGOELA.
  5. S
  6. 5
  7. ASMARANDANA.
  8. SINOM.
  9. 9
  10. ASMARANDANA.
  11. SINOM.
  12. KINANTI.
  13. DANGDANGGOELA.
  14. KINANTI.
  15. PANGKOER.
  16. KINANTI.
  17. ASMARANDANA.
  18. SINOM.
  19. DANGDANGGOELA.
  20. PIHATOER PANOETOEP.

TIDAKDIPERJUALBELIKAN Proyek Bahan Pustaka Lokal Konten Berbass Emis Nusanta S Perpustaliaan Nasional 201 Hargana f 0.25 h.L.Ma WAWATJAN DJOEAG TATI KARANGAN BAPAMAMI bp PNRI 635 NCRO.UITV. 635.

GUITGAVE,VAN DE COMMISSIE VOOR DE VOLKSLECTÙUR

KALOEARAN BALE POESTAKA

auteurarecht voorbehouden ingevolge as ikel 11 v/d wet in Stbl. 1912 No. 60

Hak noe ngarang dizgker voeroetkeun artikěl 11 tina wet, kaoeni dina Slaatsblad 1912 No. 600.

T X AL b PNRI

Romang niodern Serie No. 635 PERPUSTAKAAN

S Ss

WAWATJAN

DJOEAG TATI

KARANGAN

BAPA MAMI

Het auteursrecht voorbehouden ingevolge urtikel 11 pon de Wet in Staatablad 1912 No, 600.

Hakna noe ngorang disengkernoeroetkeun artiket 11 tina Wet, noe kuneni dina Stantsblad 1912 No. 600.

Nookil fina busa Kawi, tats" teb manis" hurtosa koe panodjaan oemabon, nadian gondingan padesan. tógar titisanana

anoe ngilo noe ngaroengoe, karoengroongon mamamisna

KALOEARAN BALEPOESTAKA

2

DANGDANGGOELA.

1. Samemehna něda pangaksami, tigemantaka midamel karangan, djabi ti kangge loeloetjon, kalihna noe dimaksoed, malah-mandar djadi pangeling, pangilang manah sasar, angkoeh langsoeng saoer, panghalangna kamadjoean, hěnteu salah boh di menak boh di koering, napsoe satroena moelja.

2. Katjarios di hidji någari, aja hidji paugkat bangsa menak, toelen toeroenan Boepatos, moeng parantos mangsioen, boemen-boemen di kampoeng sépi, djeung warga awis tepang, teu patos. kaakoe, tina kirang sandang-pangan, titinggalna oeroet djeneng tea tadi, kasebat sisip pisan.

3. Boemi alit sarta tihang awi, hateup eurih make diindjoekan, dina karang satjangkewok, teu manoempang ge oentoeng, kawoewoehan kawit prijaji, kana kieu teu bisa, kana kitoe wagoe, kana-tani soemawonna, raraoetan pangbandjěl njiar rědjeki, estoening loepoet pisan.

4. Estoe woengkoel mahi hēnteu mahi, moeng koe artos pangsioenan doang, toeang isoek henteu sore, teu dipertjaja ngandjoek. tina-sěring njidraan djangdji, tempona tara majar, atoeh woewoeh ripoeh, katambah geus ropoh tea, dek djadjaloek ka palawargina isin, lingsem koe pangsioenan.

5. Raweuj hoetang radjol noe naragih, namoeng lieuk euweuh ragap taja, nadjan kapapang-kopepeng, ngoedoelkeun eusi kandjoet, lesang kosong hěnteu dieusi, lengoh noe nagih boedal, bari djaramědoed, menak tajoh kapatoetna, ngaromongkeun sadjadjalan tingketjewis, ngoear-ngoear wiwirang.

6. Tina rasa da darăh Bopati, hěnteu rioek pindah aadatan, basa songong tamplok batjot, adigoeng gěde hoeloe, geureuhana nja kitoe deui, estoe ngan kamenakan. anoe digoegoeloeng, teu eling kana saratna, soemawonna sorotna mah enggeus leungit, koetjěl koeleuheu pisan.

7. Hěnteu kédah ditjatoerkeun deui, kaajaan di djero boemina, katjipta koe anoe ngilo, kalotor djeung bělěwoek, moenggoeh baji noe masih alit, teu djiga-djiga menak, tjěples darah kampoeng, namoeng ari tjikalna mah, ěnggeus ageung landjang geulis djeung binangkit, noedjoe sengserang sotja.

S

5

Kakasihna nělah Djoeag Tati, koelit bangbang pangawakan lěndjang, lampanjat angkat ngalenghoj, pangamboeng rada mantjoeng, ramboet pandjang djeung rada gåling, boeboehan aja darah, teu kirang pasěmoe, aja sari djeung sieuran, toeroeg-toeroeg jasa pisan ngome diri, sagala sok pantesan.

9. Atoeh hěnteu kirang koe noe asih, seueur para pameget nonoman, noe pelesir pasosore, bangsa pasar noe bakoe, awad-awad ngadon balantik, padahal mah maksoedna, ngahelaran woengkoel, ka Djoeag Tati noe endah, di Babakan Kebon Tjaoe Sindang Galih, soegan-katon-ngolebat.

10. Oedjang Kalih anak Amboe Soewi, anoe beunghar padagang di pasar, moeka toko barang model, sawahna ratoes baoe, koe Gan Tati kapati-pati, enggeus beak ratoesan, djaba sipat njamoe, ëmas-intěn teu kabilang, lila-lila toeloej waleh Oedjang Kalih, Djoeag Tati dilamar.

ASMARANDANA.

11. Sanadjan koerang panarik, da inget kana-bandana. panglamar ditampi bae, ngadjodo ka oerang pasar, da geus kitoe kadarna, kawoewoeh dipoekproek-poekproek, laki-rabi geus měrěnah.

2 6 PNRI

12. Tjatoering noe mangoen dangding, hénteu mangkoek toedjoeh boelan,. Djoeag Tati toeloej bobot, Oedjang Kalih bebeakan, njadiakeun keur babar, sagala pěsěn ti Bandoeng, paradjina bangsa njonja.

13. Tambah ogo Djoeag Tati, wantoening poetraan dara, katambah noe beunang hojong, pamégét moeloes bajina, didjenengan Poerwita, kahojong ejang pangsioen. nenehna-di Atang-Atang.

14. Hénteu porot siang wěngi, anoe ngalajad poetraan, wargi ti pasar teu pétot. meroel bae njarareumpal, moeng wargi bangsa menak, seuseueurna pangkat kaoem, noe koemapoeroen ngalajad.

15. Njeumpalna moeng sawatawis, estoening matak nalangsa, Djoeag Tati rēnta hate, soelaja tina tjiptaan, wargi ti kamenakan, satadi didjieun agoel, tembongkeuneun waktoe babar..

16. Boektina noe katingali, nambahan kanalangsaan, ngangres doemeh ejang orok, teu kapalire koe warang, dimomorekeun pisan, koe wilajat kalalangkoeng, kalalaran 'noe ngalajad.

17 Katjatoerkeun moerangkalih, waktoe keur kěmbang boeroean, koe rama pintén dimongmong, geus katilar kob ejangna, moelih ka Rachmatoellah, doeanana enggeus poepoes, Atang teu těrang di ejang.

18. Hěnteu mangkoek gěněp sasih, Oedjang Kalih kataradjang, keuna koeris toeloej maot. sagala roepa-bandana, kawariskeun ka Atang, hénteu matak noengtoen ngoengoen, sanadjan peunggas rantjatan.

19. Anom-anom Djoeag Tati, kadarna-geus rarandaan, rina emoet ka tjaroge, da geus karasa njaahna, sanadjan bangsa pasar, loba-oge anoe maksoed. teu kěrsa nampi panglamar.

20. Atang enggeus pintěr ngadji, toeloej asoep ka sakola, ngoembara ka nagri sedjen, di Batawi diadjarna, woengkoel atoeran dagang, hénteu pisan aja maksoed, hajang njěkěl kapangkatan.

SINOM.

21. Sabot Atang keur ngoembara, tina raos Djoeag Tati, leungiteun koe poetra tea, ngadamel*pangeusi boemi, landjang těgěp běrěsih, satěngah landjang dipbeloeng, toetoeloeng padamelan, salian ti rentjang ngiring, rentjang-keueung papaler di.pagoelingan.

22. Dimemenan sa ka poetra, eukeur mah landjang mangarti, bisa. pisan ngaběběrah, ngabebendjo Djoeag Tati. djadi woewoeh diasih, katambah djeung tara wagoe. sagala roepa djalan, kakasihna Njai Atjih. tara kantoen, ka mana-mana ditjandak.

PNRI

23. Beurang-peuting hěnteu kěndat, njileuk bae Djoeag Tati, koe hajang meunang gělaran, teu kalis koe loba doeit, sieun darah Boepati, pegat toeroenan loeloehoer, katjampoer darah pasar, Atang intjoe Amboe Soei, mangen-mangen ngamanah koema' akalna.

24. Aing menak balongkotan, toelen těrahing Bopati, teu lipoer koe beurat-beunghar, kitoe manah Djoeag Tati, meureun koe wargi-wargi, anoe ngasta pangkat loehoer, Atang hamo disanak, da menakna ngan ti aing, ti bapa mah teu aja toeroenanana.

25. Pang ieu di Atang-Atang, ngarah djeung Agan pahili, neneh djiga poetra menak, hënten wěleh Djeeag Tati, reueus terah Bopati, koe kamenakan teh agoel, owel koe karadenan, pottra Djang Atang kakasih. hojong pisan disebat Raden Poerwita.

26. Djoeag Tati pindah adat, sanggeus euweuh Oedjang Kalih, ka wargi ti tjarogena, teu tjara tata sasari, keur masih gělar Kalih, ajeuna angkoeh adigoeng, babasan tjohag pisan, bahe tjafek ieu aing, Iboe Djoeag koe andjeun ngalandih nama.

27. Moenggoeh koe tjatoeranggana, wirasatna boegek galing, sok tara tětěp pikiran, ënja kitoe Djoeag Tati, djeungna ieu mah leuwih, nja osok ngomongkeun batoer,

9

sirik pidik irenan, sagala teh woengkoel aing, anoe tégěp anoe kaja gěde harkat.

28. Ngamenakna estoe hatam, mo aja noe mapadani, keür kitoe deuih dělitan, djeung kantja teu pati rapih, da děngki soelit atí, tina hajang bae oenggoel, ti batoer hajang meunang, ka sanak-sanakna Kalih, basana teh baraja ti pakoeringan.

29. Djaba eta teh itoengan, mědit koe barang saeutik, taja pisan njieun amal, atawa mere ka wargi, hadjat ka anoe miskin, toetoeloeng ka anoe boetoeh, maradah noe ten boga, ambeu djadjaoeheun teuing, djeung anak ge dibelaan andjoek hoetang.

30. Djeungna deui sok pojokan, sok migeujkeun nganjěnjěri, moepoeas ka noe keur rara, ngaloeloegoekeun roeroedjit, nahi djadi kasakit, ngoesoet-ngoesoet lakoe batoer, sok komo aja djalan, euweuh ge sok nilik-noengtik, ngagogoreng sadjeungkal djadi sadeupa.

81. Ngan oekoer dina sagokan, oerang rěsěp ka Djag Tati, oelat someah marahmaj, akoean djeung amis boedi. kawas noe moeloes ati, padahal mah lagam palsoe, asoep kana babasan, beungeut madep ati moengkir, pamakena aing menak aing beunghar.

32.vPandjang lamoen ditjarita. tabe'atna Djoeag Tati, matak djadi sawawatjan, woengkoel ngagoerit noe soelit. gahtjang tjarios dangding, di Sindang Gálih pahiboet, sadia tjatjandakan, kěrésana Djoeag Tati, dek titirah ngalandongan kasawatna.

33. Oedjang Atang disoeratan, kětok kawat ka Batawi, jen Iboe Djoeag" ajeuna, geus djěngkar ti Sindang Galih, kěrsana ka Bagendit, ngadon lalandong di Garoet, titirah ka Tjipanas, soegan kasawatna leungit, bari ngilik-ngilik pidjodoëun Atang.

34. Soegan pareng měndak warang, di Garoet loba noe geulis, landjang menak anoe lagas. amoeng kantoen-milih-milih. anoe tjotjog djeung ati, Iboe Djoeag"ngandoeng maksoed, soegan aja milikna, Oedjang Atang manggih rabi. di Limbangan ngadjodo ka poetra menak.

35. Djoeag Tatí sanggeus lagas, sok sěring-sěring berěwit, woewoedon sereur kasawat, njěri angkeng njěri ibit, tina kirang pělēsir, raos tjangkeul saban boekoe,. titirah soegan waras. hěnteu kantoen-Njai Atjih, kitoe deui alona Enden Atikah.

36. Boeboehanna menak kaja, sanadjanna bangsa istri, di Garoetna-měndak sěnang, deukeut ka kareta-api. njewa boemi moetjekil, Njai Atjih anoe ngoeroes, dibantoe koe Atikah, estoe raos hěnang-hěning. Iboe Djoeag" berag manah sehat badan.

ASMARANDANA.

37. Méněran eukeur pakansi, poetra Oedjang Atang tea, ti Batawi moro-miore, datang ka Garoet'nepangan, ajeuna mah geus boedjang. sěděng rěsěp ka noe djangkoeng, ka noe lěndjang gantjang hajang.

38. Barang beh ge ningal Atjih, hate ratoeg kěkětěgan, keur měnter baleg-tampele. goeroenggoesoeh hajang geura. kamilik kapibanda, Djoeag Tati langkoeng seroe, ningal polah Oedjang Atang.

39. Beu, ieu boedak birabi, teu salah ka Atjih bajang. tapi teu rěmpoeg djeung hate, koemaha bae akalna. sangkan djadi loeloesna, koe Atjih aing teh boetoeh, mo hade moen sina moelang.

40. Djoeag Tati estoe sabil. teu tjotjog djeung lělémboetan, moeng nahankeun andjeun bae. hěnteu asa eudjeung djiga, ten sémoe noe oeninga, hal Ki Atang ngandoeng maksoed, mikarěp ka landjang boedjang.

41. Hidji mangsa palélěsir, Atang Atjih djeung Atikah, ka Tjipanas di Tarogong, ngadon mandi soekan-soekan, leumpang teu dina kahar, balikna Atikah nambroe. eureun mopo téngah djalan.

PNRI

42 Toeh! Ikah mah eureun deui, geura boerit oerang datang, ah, hajoe tinggalkeun bae, Atjih oerang mah ti heula, dagoan di pengkolan, engke ge oerang kasoesoel, montong melang ka Atikah,

43. Enggoning ngarendeng Atjih, pada hěnteu wani kedal, hěnteu lemek hěnteu njarek, wantoe geus baroga rasa, ngandoeng kabirahian, dikěmoe njěděk ka loehoer, hate ratoeg kěkétegan.

44. Sok loba pisan kaisin, moenggoehing lebah istri mah, Atjih oge sami bae, nadjan tjotjog djeung tjiptaan, roedjoek djeung lelemboetan, panoedjoe reudjeung panglamoen, tara wani heula kědal.

45. Heran sadjeroning ati, toer sakieu nja sēnangna, Ikah tatjan aja tembong, na Atang ten geura kědal, tjadoe teuing pikirna, lamoen hēnteu sabil bingoeng, koema ngadjalananana.

46. Harita geus rada boerit, sinar lajoeng 'moeroeb moebjar, ka noe keur birahi nodjo, nambahan sari kasmaran, pangiroet raga soekma, panonpoe toenggang goenoeng, matak kělar titingalan.

47. Disamping Garoet noe résmi, rereng géde oedat-oedat, badjoe gading soeat bentol, soetra koening karembongna, katodjo lajoeng makbrak, anoe santen noengtoen woejoeng, Atang geus teu poegoeh,rasa,

48. Koe kawas noe beunang djangdji, areureun handapeun djoear, di noe ioeh bari ngantos, deukeut pangadoean koeda, kawas pisan sangadja, salajeut ati samaksoed, pada hajang ngarioehan.

49. Atjih toengkoel sěmoe adjrih, bajeungjang teu poegoeh tjabak, Atang melong sabot bongoh, mangpang-meungpeung keur loeasa, ditilik diteuteupan, ti handap něpi ka loehoer, soemeredet hajang newak.

SINOM.

50. Pikirna Atjih ajeuna, enggeus moal salah deui, iraha deui mangsana, těmpatna sakieu soeni, tangtoe waleh ka aing; koemaha sangkanna loeloes, da aing ge ngarasa, aja djorodjoj birahi, pidjawabeun enggeus dikandoeng sajaga.

51. Arek sapokpokeun pisan, ngědalkeun kandoengan ati, tatapi tatjan kadoega, Atang boga pikir risi, sieun meunang panampik, ngahoelěng mikiran bingoeng, mandeg-majong rek nanja, sageuj teu poeroeneun Atjih, ajeuna mah aing arek tetekadan.

52. Koe tina geus teu tahanna, měngkěk pamawana ati, Atang waleh lila-lila, akang boga bedja Atjih, meureun Atjih ge ngarti, oerang pada ngandoeng semoe, da meureunan karasa, kěrětěg panarik ati, pikir Atjih moal beda reudjeung akang.

PNRI

53. Ti barang beh oge akang. geus neundeun ati ka Atjih. tapi tatjan wani kědal, meureun kaintip.koe Atjih, koe pasěmon kadjoedi, jen akang geus neundeun sěmoe, koe péta koe omongan, sapari-polabna ati, noengtoen soeka mo beunang dihoelag-hoelag.

54. Sadjongdjongan teu ngadjawab, djongdjon toengkoel bae Atjih, mintel-mintel karembongna, koe gagang pajoeng kakait, boesik kagoesak-gasik, tapi sadjeroning kitoe, ati boengangang goeka, mesěman seuri saeutik, pok ngawalon barina-toengkoel ka handap.

55. Ja Allah měnggah eta mah, karaos pisan koe abdi, mo benten sareng gamparan, namoeng měnggah diri abdi, djagan lintang tingali, abdi teh rahajat-iboe, nadjan gadoeh ge maksad, ambeu isin liwat saking, teu kadoega-sanes ka abdi adoena.

56. Doeh Goesfi atoeh koemaba, tobat sanes abdi nampik, amoeng koe lintang ewedna, adjrih koe anoe ningali, wireh toeroenan laip, ngatoerkeun sewoe bebendoe, teu tiasa ngiringan, lain babad lain tanding, těbih pisan lain pidjodoeunana.

57. Wantoen soempah demi Allah, abdi teh nangankeun diri, pérang sabil salamina, nadjan ngarandjahkeun-diri, mo baris kapimilik, moeng kantoen pikir handjeloe, majang mo kalangkangan, seueur-seueur djadi margi, .ance matak ngadjaoehkeun djodo oerang.

58. Saperkawis Iboe Djoeag, mo ngaroedjoekan ka abdi, mapan toelen darah menak, pitoein terah Bopati, abdi mah djalma'miskin, indoeng-bapa oerang goenoeng, teu sorot henteu sarat, sakieu boektina diri, bisa hiroep lantaran koe koemawoela.

59. Kalihna taja kabisa, bodo teu aja pangarti, henteu kenging paladjaran, matak bae noengtoen isin, ka djagan noe běrboedi, matja noelis ngan saoekoer, sawatawis loemajan, bilih lingsém djadi adjrih, paripaos kadoehoeng tara ti heula.

60. Koedoe manah masing asak, oelah nganteur napsoe iblis, roesoeh ngaladjoer ngagentak, engkena djadi balai, nja gamparan nja abdi, oelah osok goeroenggoesoeh, tebat sanes goemisa, njoemaho njidoeh ka langit, moeng sakitoe hatoer abdi ka gamparan.

61. Atjih pěrkara eta mah, montong djadi sědih kingkin, kitoe walonna Djang Atang, tanggoengan akang pribadi, asal bae di Atjih, oelah rentag djadi bingoeng, eta mah loear goerat, asal Atjih tętěp ati, ka iboe mah koemaha akang boektina.

62.Akang tangtoe kalelěban. lamoen teu djodo ka Atjih, koe woengkoel patembongan mah,. teu matak paler birahi, teu noengtoen seger ati, teu seubeuh koe minděng tépoeng, da hajang kapibanda, salawasna kapimilik, boga aing ngadolos sakarěp raga.

63. Geura boeah gédong asak, teu kalis koe sémoe amis. da sok hajang toeloej moerak. dipesek disoewik-soewik, pělokna kitoe deui, teu disambel digaroegoet, garégéteun da teuas, teu lepot da poegoeh amis, sanggeus seubeuh teu wéleh njaäh dipelak

64. Ka Atjih teh hënteu beda. tjara ka boeah noe tadi, djadi moen teu dipěsek mah, akang mo pětot,ngalingling, ngalangiangan ka Atjih, neangan-panglipoer kalboe, pamapaler kahajang, tapi-sanadjan geus manggih, hamo lipoer poelih kōe meunang gantina

KINANTI.

65. Eukeur kitoe lkah djěboel, ti djaoehna ngadjak seuri, horeng aja papanggihan. waktoe katinggaleun tadi, miloe bareng djeung Atikah maksoedna něpoengan Atjih.

86. Ka Atjih teh pérnah doeloer, sabrajna ti indoeng Atjih, matoehna di Soekaregang, djadi djoeroetoelis masdjid, toekang ngoeroeskeun djadjakat, ti kantjana meunang warti.

bp

67. Padjar aja semah djaoeh. koe papajan Djoeag Tati, .ngahadja angkat titirah. ingět ka doeloer Nji Atjih, bedjana djadi rentjangna, ajeuna njidikkeun warti.

68. Djeung Ikah geus ngadoe sémoe, ngamprokkeun ati birahi, kawoewoeh manehna.lagas. Atikah pon kitoe deui, mo aja haroenganana, toeroeg-toeroeg doeloer Atjih.

69. Paos kagoentoeran madoe, kaoeroegan měnjan poetih, sarerea pada soeka, ngan handjakalna saeutik, Atikah teu pati berag, ingět ka anoe di boemi.

70. Djoeag Tati tangtoe bendoe, tina sakieu geus boerit, enggeus meudjeuhna daratang, ajeuna enggeus meh magrib, bět masih keneh di djalan, katambah ngontjerkeun Atjih.

71. Émbi samemeh dikantoen, geus masinikeun noe pěrih, djeung djangdji omat-omatan, koe tina énggeus tingali, oelah dikěntjar Djang Atang, bisi rakét ka Nji Atjih.

72. Ari ieu anggoer moetoeh, diantěp bae sakali, sina leumpang ti hareula, atoeh ngahěnang-ngahening, rek ngomong sakama-kama, hamo aja laleur poetih.

73. Euweuh noe ngaharoe-biroe, tangtoe njeuseulna ka aing, kawoewoeh kieu djalanaa, aing ge miloe birahi, ka Den Djeeroetoelis Djakat, ka sabrajna Njai Atjih.

'74.c Moenggoeh deui noe dikantoen, Djoeag Tati toenggoe beemi, manah teu wěleh soemělang, tina geus sakieu magrib, tatjan embol-embol datang, boa di djalan koe tjoelik.

75.' Aing teh rada kadoehoeng, ngidinan sina pelesir, ngadon mandi ka Tjipanas, aing.koerang temah wadi, mihape hajam ka heulang, paisan disanding oetjing.

76. Saměměna Kai Agoes, minděng pasini djeung Atjih, saksina ngan mata opat, moenggoeh Ikah alo aing, hamo beunang dipěrtjaja, tangtoena biloek ka Atjih.

77. Moenggoeh koe 'tjiptaan kalboe, Atang anaking kakasih, ngadjodo ka poetra menak, darah toelen ti Bopati, toeroenan menak Limbangan, anoe pinter reudjeung geulis.

78. Ki Atang ge mo' ngamaroe, da eukeurna di Batawi, tjatjampoeranna djeung menak, terah kotjoran-Bopati, tapi oepama ajeuna, ngadjodo ka Njai Atjih.

79. Beunang sakola teh lapoer, djadi oerang pasar deui, toeroenan aing teh pegat, 'mo salah kaloeli-loeli, Atang tatjan manggih loeang, tjan njahoëun maksoed aing.

PNRI

80. Geus kapikir oge noeroet, ngagoegoe _pepeling aing, sageuj teu beunang dipondah, pirakoe montel ka Atjih, geuning aing ge baheula, hajang ka Raden Soewardi.

81, Lantaran pitoeah sépoeh, teu toeloes djadi salaki, sanadjan těrah santana, roedjoek sapoek reudjeung ati, da sěpoeh kapan teu doa, Soewardi koerang redjeki.

82. Boektina geuning bět loeloes, hěnteu matak djadi pikir, ana proek ka oerang pasar, ngarabi ka Oedjang Kalih, Atang oge moal beda, 'mo kalelěban koe Atjih.

83. Djoeag Tati oenggah toeroen, ka djalan ka boemi deui, poelang-anting ka boeroean, němpoan noe tas pelěsir, katingal lěbah pengkolan, saha noe saoerang deui.

84. Djaoeh ge ditjěloek-tjěloek, digoepajan bari seuri, ari eta atoeh saha, kami mah tatjan papanggih, diwalonan koe Atikah, soemoehoen sabrajna Atjih.

85. Njěpěng padamelan kaoem, namina Raden Idjroi, poetra Naib Wanasoeka, kenging wartos aja Atjih, maksadna bade nepangan, maděkan ka lěnggah ěmbi.

86. tboe atoeh soeka soekeer, kahajang teh toeloej meuting, estoe lain adjak-Djawa, iboe oelah keuenng teuing, Atang apan tereh moelang, dek eksaměn di Batawi.

87. Pangakoe anoe sakitoe, matak kaget anoe ngoeping, horeng aja rasiahna. Naib rama Den Idjroi, kangening djaman baheula, waas waktoe moerangkalih.

88. Poetrana diakoe estoe. toeloej ditjandak ka boemi, ditjandak ngarioeng toeang, kaget bentén ti sasari, kawas anoe kawenehan, mendak ni'mat Den Idjroi.

89 Katjeloek toeangna gemboel, harita mah rada tjemi, pahareup-hareup djeung Ikah, sieun dipigeujkeun Atjih, didjangdjaroehkeun digondjak, pasemon adjrih djeung isin.

90. Sabada boebar ngarioeng, Idjroi toetoej ka tjai, kabeneran lébah lawang, manehna tepoeng djeung Atjih, pokna Atjih boga bedja. arek ngagoegat hal tadi.

DANGDANGGOELA.

91. Kabëněran bisa sěmpét panggih, saestoena akang meunang bedja, kaajaan diri maneh, sakoemaha pamaksoed. eta lain pérkara leutik, Ikah kědal rasiah, taja noe kafaroeng, dododja diri manehna, soegan akang bisa ngodjajan ka Atjih, hémpek geura njarita,

92. Koe kitoena ari Den Idjroi, pagah maneh teh boga kahajang, padahal'ten naon-naon, abdi mah poëk istoe, Den Idjroi ngagakgak seuri, tong mamandaloeanan, Atjih geura akoe, akang teh arek noeloengan, soegan pareng pamegat halangan rabi, koe akal djadi djembar.

93. Noehoen atoeh ari geus tingali, walon Atjih lebahing abdi mah, wantoening bangsa awewe, moeng toemadah pangoeroes, kawoewoehan pahatoe miskin, geus teu indoeng ten bapa, saha deui atoeh, anoe baris ngabelaan, amoeng Raden djeung rama Djoeragan Naib, adoeh Raden koemaha.

94. Moal salah katjipta koe abdi, ka iboena ngoerihit Djang Atang, keukeuh hajang boga bodjo, tapina enggeus tangtoe, iboe hamo masihan idin, hěnteu roedjoek megatan, emboeng moeloeng mantoe, ka lain rembesing menak, meureun toeloej njarigs noe lain-lain, ngabalerkeun tjarita.

95. Abdi tërang adat eta istri, koekoeh teuas teh lain antepan, nadjan Atang keukeuh oge, Idjroi mesěm imoet, ih Nji Atjih tong leutik ati, noe mikarep teh kapan, lain boedak lemboet, boga pikiran sorangan, akil-baleg hěnteu koedoe make idin, moen-karěp niat nikah. OD

96. Kapan deuih poetra ngan sahidji, saha deui anoe dibelaan, kawoewoeh poetra dimongmong, djeung moenggoehing di iboe, sakeukeuhna ge bangsa istri, tangtoe lémoe ka poetra, hamo bisa padoe, Njai Atjih ngawalonan, ai Raden ieu mah sedjenna deui, istoe iboe mintjoelak.

97. Hamo lědjar těngtrěm hate abdi, lamoen hěnteu roedjoekeun iboena bědo moal daek bae, sanadjan dipihoekoem, moal matak soegěma pikir, matak kagěegěringan, hamo lambat-lamboet, awet-radjet mah teu hajang, kadjeun pisah teu toeloes djadi salaki, Atjih teh doemareuda.

98. Aeh-aeh, walonna Idjroi, ari Atjih bět pondok pikiran, Atjih djongdjon toengkoel bae, bari tjeurik-soemegroek, adoeh Goesti koemaha abdi, geura bade njarita, sing karsa ngaroengoe, ngomongna kendat-kendatan, raranděgan kasělang koe njěgroek tjeurik, Idjroi rěgěp pisan.

99. Noe kapěndak karasa koe abdi, Djoeag Tati ngamenak pohara, adatna ngaradja dewek, menak aing teu batoer, djoeděs gěměs ka anoe ginding, reudjeung sakahojongna, oelah teu digoegoe, moedoe pisan diajonan, koemagoengan sagala teh iau aing, menak tjoenihin tea.

100. Taja lian ngan koe sabab miskin, reudjeung lain rěmběsing koesoemah, pang ka abdi teu doa teh. estoe teu poegoeh oedjoer, geura mangga koe Raden galih, basana Iboe Djoeag, djěro dipihoekoem, .na'matak djadi toeloengan, kamenakan andjeunna ka Oedjang Kalih, geuning taja goenanå.

101. Andjeunna teh tingali pribadi, jen Djang Atang katjida mantěngna, abdi ge pon sami bae, amoeng keukeuh teu roedjoek, hěnteu doa misanak abdi. da abdi mah landjangna, teu dimanah téroes, jen matak djadi lantaran, pidoerjateun langlajangan pegat tali, kasoekan djadi gagal.

102. Waktoe Atjih reudjeung Den Idjroi, goeněm tjatoer di djalan ka djamban, Djoeag Tati keur ngamangle, ngaloendjar dina bangkoe, djěro pangkeng tjalik tjoenggělik, njalira taja rentjang, hěnteu lammi djěboel. poetra kamongmong Djang Atang, bah panto ge geus njěloek ka Djoeag Tati, boe, abdi gadoeh bedja.

103. Iboe abdi geus nanjaan Atjih, maksoed abdi dek toeloej ditikah, iboena toeloej ngareret, hěnteu reuwas pasemoe, tětěg nahan amarah ati, ngamangle teu ditoenda, toeloej alon njaoer, eh Oedjang ka dieu hiap, moenggoeh eta pan Oedjang njaho pribadi, jen iboe teh teu doa.

PNRI

KINANTI.

104. Tong nangtoeng ka dieu dioek, oerang njarita djeung Tati, ambeh djongdjon samemenah, hal pang teu doa ka Atjih, iboe ajeuna dek kědal, Oedjang oelah salah harti.

105. Oedjang Atang djongdjon nangtoeng, nangankeun kadjengkel ati, bari njentak ngawalonan, haon sabab pang teu widi, abdi mah heran pohara, na bět njoelajaan teuing.

106. Ngagolojoh toeloej.dioek, njarande kana goegoeling, koe sadaja ge kamanah, pinjerieunana ati, reh pakarepan kapegat, beurtang njileuk beurang-peuting.

107.. Kari-kari hěnteu roedjoek, soelaja djeung tjipta ati, ngahoelēng bari mikiran, bajeungjang teu ngeunah tjitjing, doemeh napsoe kahalangan, katambah eling ka Atjih..

108. Pitjeurikeun geus ngagendoek, ngan ninggang lěbah lalaki, sok radjeun bisa mēngkekna, henteu tjara lebah istri, sok toeloej bae ngagoak, sagala ngan sok djeung tjeurik.

109. Ngagolak djeroning kalboe, gambar katingal koe ati, Atjih Idjroi djeung Ikah, waktoe tadi keur pelěsir, katingal soemehbeh pisan, komo mesěmna Nji Atjih.

Djeroning deukeut djeung iboe. pikir mah ka mana-mēndi, teħ rěgěp kana lahiran, ati mah djongdjon djeung Atjih, asa dioek rerendengan, goegoeling ditjipta Atjih.

111. Djoeag Tati alon njaoer, Oedjang montong djadi pikir, lawoengkeun eta gegoda, tong diingět-ingět teuing, geura iboe dek njarita, koe Oedjang sing asak pikir.

112 Sakoemaha maksoed Agoes, koe Tati enggeus kaharti, samalah ti tatadina, saměntas balik pělěsir, Tati teh geus boga rasa, aing tangtoe dikoerihit.

113. Pikeun Tati hěnteu roedjoek, teu doa kawin ka Atjih, memang osok loembrah pisan, hade eudjeung eusi boemi, rěsěp ka landjang"boeboedjang, tapi lain pakeun rabi.

114. Ngan saoekoer eukeur batoer, panambah panoengtoen sari, minangka lalawoeh toeang, lalab roembah noe sasari, didjieun loemajan pisan, nadjan dipiringan basi.

115. Lain gambir lain apoe, sambara tali-paranti, loepoet lamoen taja eta, kapol laga oge lain, wawangina pangiroetan, euweuh radjeun diilari.

116. Geura pikiran koe Agoes, Atjih teh toeroenan miskin, estoe tjatjah koeritjakan, teu aja pisan pangarti, tina taja paladjaran, kaomna ka bangsa sisi.

117. Hroep ge noeroet ka batoer, sakadar boga rědjeki, bisa make bisa dahar, pan pangleler oerang geuning, teu'aja piliheunana, moedoe asak pikir-pikir.

118. Tetěp iboe hěnteu roedjoek, teu doa rangkěp ka Atjih, nadjan Oedjang keukeuh hajang, éngke ge moen geus kapikir, kalilipoer koe panalar, tinangtoe paler ka Atjih.

119. Sakitoe pamenta iboe, oelah ngaladjoer birahi, ngadolos napsoe noe salah, běněr Oedjang peurih ati, koe Tati dipepelingan, ěngke ge babalik pikir.

120. Nganoehoenkeun woelang iboe, sépoeh teh boga pamilih, sageuj iboe gana-gana, megatan doeriat rabi, lain lajak pakeun Oedjang. lain babad lain tanding.

121. Moenggoeh lebahing di iboe, anak-lalaki sahidji, hajang teh boga bodjona, ka noe pintěr sarta geulis, noe poegoeh toeroenanana, anoe lajak sami-tanding.

122. Disaréboet noeroeb tjoepoe, noe kasep reudjeung noe geulis, beh saratna beh sorotna, hartana rawoeh pangarti, lamoen toeloes sakahajang, meunangkeun boedjang toer miskin.

123. Elingkeun darah ti iboe, kapan toelen ti Bopati, nadjan bapa darah pasar, kotjoran ti Amboe Soewi, Oedjang mah aja menakna? boektina ti iboe Tati.

PNR6

Atang tjěngkat djeung měrěngoet, ragrag ka handap goegoeling, kadoepak koe noe amarah, djalang-djeleng hěnteu tjitjing, hoentoena kěkěrěkětan, moengkoeran ka Djoeag Tati.

PANGKOER.

125. Iboe mah katoetbeleejan, bět'njaoerkeun saoer noe lain-lain, ngoendat ka karoehoen, bapa anoe teu aja, ditjatjandak padahal hēnteu pěrěloe, lamoen hantěm dipapaj mah, sadaja djalma ge sami.

126. Sadaja toeroenan Adam, boh ti iboe boh bapa měnggah abdj, sami toeroenan karoehoen, boh ti koering boh menak, hěnteu pěrloe koe abdi disěboet-sěboet, da hamo aja goenana, noengtoen bae doekeng galih

127. Tjatjah radjeun těrah menak, bangsa menak sok asal koering lěpit, aja noe menak ti indoeng, aja anoe ngan bapa, měnggah ieu kantěnan tingali iboe, hěnteu sae papandjangan, pan keur ngagoeněmkeun Atjih.

KINANTI.

128. Bět heran teuing koe iboe, ngalaipkeun diri Atjih, abdi mo beunang dihoelag, Atjih dek dipondong rabi, arek maksa tetekadan, nadjan iboe hěnteu widi.

129. Tina abdi bangět maksoed, raos raheut ati abdi, moen hěnteu laksana téa, ngawin mihoekoem Nji Atjih, iboe mesěnp ngawalonan, sanggoelna oedar kagasik.

130. Memang enggens sampe oemoer, lamoen Oedjang niat kawin, teu aja halanganana, nadjan sépoeh hěnteu idin, henteu pěrloe diwalian, asal ngadeuheus ka hakim.

181. Měnding mana leungit indoeng, reudjeung miboga si Atjih, kitoe pendekna iboe"mah, koe Atang koedoe dipilih, mēnding teu diakoe anak, atawa kawin ka Atjih.

132. Piwoelang koedoe ditoengkoes, tangkesna diboelak-balik, oelah sok tindak ngadadak, atah rampa tiwas diri, adoeh Oedjang poma-poma, elingkeun kaheman Tati.

133. Moenggoeh koe pamanggih iboe, kitoe lahir Djoeag Tati, tatjan aja anoe hilang, koe lantaran raheut ati, ngan oekoer kagegěringan, engkena ge lipoer deuí.

134. Rampohpoj ki Atang kondoer, asoep ka kamar paranti, sampojong ka pagoelingan, ngentab panas djero ati, toereen-oenggah henteu ngeunah, boeah-boeah teu ditolih.

135. Dikedengkeun bět ten toendoëh, boeligir ngarasa tiris. disimboetan bet hareudang, katendjo bae Nji Atjih, dipapaler tambah bingbang, tambah roedet djoewet ati.

136. Samar hiroep meunang taoen, kaja kieu diri aing, sasambatna Oedjang Atang, lamoen henteu kapimilik, tangtoe aing kaleleban, seuseut baris sehat diri.

133. Amarah moelěk kapěgoeng, tina dipan kana körsí, tina korsi ka enggonna, tjilingtjingtjat henteu tjitjing, pikir soerem samagaha, kokolebatan Nji Atjih.

138, Loemantoeng dina djadjantoeng, ngait njantel kana tjeull, soęmarambah kana"bajah. boelat-beulit kana peudjit, geus njajang dina soengsoeam, teu pēgat ingět ka Atjih.

139 Doeh, Goesti Kang Maha Agoeng, soeměgroek Ki Atang tjeurik, bantal tjiproek koe tjimata, naha aing pondok teuing, ja Allah tobat Pangeran, koemaha toengtoengna aing.

140. Moestoengna Atang ngalamoen, hajang gagah sarta sakti, bisa mindah-mindah roepa, mantjala poetra djeung poetri, tangtoe seubeuh reureudjeungan, beurang-peuting reudjeung Atjih.

141. Ngalamoen máh tara poetoes, hgan njiptaan bae geuning, koe soekma noe mindah rasa, goegoeling ditjipta Atjih, raga mah toena akalna, rek něpangan hěnteu wani.

142. Moen nikah térahing ratoe, mindēng kapanggih koe aing, lalaki noe tjlok ti handap, mijoeni hajam kabiri, ngeplek djawer ngandar djangdjang, koemeok eleh koe istri.

143. Laki-rabi roepa kitoe, aing mah teu soedi teuing, kadjeun teu meunangkeun menak, asal bangloes loeloes-loeis, sabanda jeung sakanjaah, sapapait samamanis.

144. Na bět hènteu geura isoek, arek njarita ka Atjih, teu paler koe seubeuh těpang, teu kalis koe seubeuh njiwit, deudeukeutan reureudjeungan, da hajang mah kapimilik.

145. Hajang mondong' hajang mangkoe, na atoeh ka saha'deui, kapan nja aing boektina, beak keuheul djengkel peurih, koe iboe teu karoedjoekan, teu doa kawin ka Atjih.

146. Ngan bati neureujan tjidoeh, beureum panenreuj mo djadi, doeh, Goesti atoeh koemaha, nja ajeuna aing boekti, tinangtoe kagegeringan, koe Atjih kapati-pati.

147. Teu pětot Atang soeměgroek, doeh, tong koemapalang aing, ngabelaan napsoe hawa, pararik-ati birahi, arek nekad bibilasan, ngalawoengkeun kangen ati.

148. Toendjangeun simboet ngaloemboek, bantalna rawoeh goegoeling, paboerisat pabalatak, patoelajah teu pěrdoeli, leueuteun tiis ngadjagrag, beunang kah kěrah-kërih.

149. Soesoe tiis teu dioejoep, da lain beunang Nji Atjih, dadar goeloeng teu didahar, pisang goreng djadi bari, haseum saoes ager soklat, dikadjeunkeun teu ditolih.

PNRU

ASMARANDANA.

150. Tjatjakan moen beunang Atjih, tangtoe beak moal njesa, da geuning rasa teh sedjen, asa běrsih sarta ngeunah, teu pisan asa-asa, da beunang kangening kalboe, asa dahar noe njieunna.

te PNRI

151. Atang njileuk sapeupeuting, sarena teu daek tibra, teu kaop aja kěrětek, pikirna teh moega-moega,. tjing Atjih masing datang, padahal oetjing noe boeroeng, ngaringkoek toendjangeun Atang.

152. Atang amarah ka oetjing, bari tjěngkat didjedjekan, dibantingkeun kana panto, tapi sato boeboehanna, sabot Atang ngalenjap, oetjing geus tjlok lěbah soekoe, teu njahoëun noe kêur soesah.

158. Atang hoedang newak oetjing, diteunggeulan ditjabokan, ditjekek satěngah paeh, toeloej moekakeun djandela, dibalangkoun ka loear, djandela gebroeg ditoetoep, Atang ngěděng dina dipan.

154. Atang geus ngalenjap deui, tina bawaning lendengna, teu ingět jen ngagelehe, dina dipan teu dibantal, ngan sakěrědjep pisan, ari lilir enggeus soeboeh, enggeus retjet sora hajam.

155. Ngoredjat toeloej ka tjai, make kampret istrikaan. diběre toeloej ka kěbon, kawas beunang ngadjangdjian, rjampak Atjih geus aja. keur moeloengan kembang tandjoeng, djeung malati ditiiran.

156. Djongdjon Atjih apiapi, njoroktjok moeloengan kembang. api² hěnteu njaho. kawas anoe teu kagembang, padahal pikirnamalf, ngagěrěmět hajang těpoeng. hajang geura rerendengan.

157. Hajang geura kědal asih, meungpeung iboe tatjan goegah, Atikah masih di pangkeng. Idjroi eukeur nětepan, istoening saměmenah, Atang toeloej miloe moeloeng, bari nepak newak tangan.

158. Bari ngambeuan malati. njarita hal peuting tea, ngagěbēg Nji Atjih kaget, naha asana katjida, taja pisan timbangan, ja.Allah koemaha atoeh, Atjih njoeoeh doemiareuda.

159. Disoesoet tjipanon Atjih. barina dioepah-oepah, oelah djadi leutik hate, masing sabar sing tawěkal, gěloengna dioesapan, kagasik soebalna mawoer, gěloeng ngaplek arek oedar.

130. Bari tjeurik ělah ělih, Atjih měněrkeun gěloengna, samping teu pageuh ngaleke, ka Atang Atjih ngoemaha, barina hoemandeuar, koemaha pang iboe kitoe abdi mah helok djeung bingbang.

161. Walon Atang taja deui, teu tingali di doeriat, kabeurat akang ka maneh, 'da ngemoetkeun ka andjeunna, waktoe basana nikah, kawasna koerang panoedjoe, djadi garwa bapa akang.

162.. Teu tjára akang djeung Atjih, pada saroeka djinisna, pada sapoek reudjeung hate, ajeuna mah maksoed akang, taja noe djadi palang, ngahalangan maksoed kalboe, oorang hajoe bae nikah.

163. Tapi koema moen teu widi, bari tjeurik Atjih nanja, lamoen iboe keukeuh bae, ka abdi teu ngaroedjoekan, abdi 'mo ngalangkoengan, darma djadi landjang iboe, kapan eta noe kagoengan.

164. Atang geus teu tahan deui, moeroeboetan tjipanonna, tjangkengna Atjih disangkeh, hěnteu bisa ngawalonan, pasěmon bingoeng bingbang, Atjih tjěngkat toeloej nangtoeng, ngelesed pindah dioekna.

165. Ajeuna mah geura moelih, bilih iboe enggeus goegah, Atang toeloej indit bae, tina énggeus boga rasa, lamoenna lila-lila, tangtoe beuki njoeat kalboe, akalna koedoe singkahan.

Ikah njampeurkeun ka Atjih, sanggeus Atang njingkah tea, Nji Atjih toeloej dirontok, bari tjeurik ditjioeman, tina miloe nalangsa, miloe ngěněs ngangres kalboe, ingět ka awak sorangan.

167. Tina eling ka Idjroi. sieun hěnteu diroedjoekan, koemaha njěrina bae, reudjeung Atjih hamo beda, da saroea djalanna, djinis mah poegoeh geus sapoek, salěmpang sěpoeh teu doa.

SINOM.

168. Katjatoer isoekna Atang, toeloej balik ka Batawi, Idjroi toeloej njoeratan, ka rama Djoeragan Naib, dihatoeranan linggih, něpangan Atjih ka Garcet, soegan jasa ngodjajan, ngadjait alo Nji Atjih, soesoeganan koe tarekah djadi djěmbar.

169. Koe sadaja ge kamanah, peurihna njerina ati, noe ngantoen djeung noe ditilar, tong pandjang ditjatoer deui, nja kitoe Atang-Atjih, pada ngandoeng ati ngoengeen, pisah djeung boeah manah, hénteu koengsi těpang deui, tina sieun tambah bingbang ngoelajaban.

170. Barang djoeng teh Atang mangkat, djěro pangkeng-Atjih noempi, bari njoesoetan tjimata, dioepahan koe Idjroi, Atikah miloe tjeurik, geus leler toeloej. ka dapoer, sedjana arek-olah, sadia toeang tangari, amoeng Atjih hěnteu poegoeh noe ditjabak.

171. Moen teu kabantoe koe Ikah, toeangeun 'mo bisa boekti, radjeun oge gogorengan, toetoeng kaasakan teuing, angeun ge mani asin, rek njokot sindoek top moetoe,

P6 tina kalangkaboetna, něpi ka raheut na tjinggir, keur mésekan koeměli gorengeun tea.

172. Dina keur ngalalajanan, leboer seep koe Djag Tati, disentakan digěwokan, geugeumeueun Njai Atjih, kobokan tigoelitik,.. katadjong tjaina mawoer, na alketip ngaloekrah, tambah bendoe Djoeag Tati, kawoewoehan kirang pěpěk deungeun toeang.

178. Saomong-omongna-Atang, njělap bae dina tjeuli, gantoeng denge gantoeng rasa, soempěg samagaha pikir, ditilar boeah ati, gawena hioel ngadjentoel, roepa poetjet teu berag, samar kolojong Nji Atjih, deungdeuleueun koe,paripolahna Atang.

174. Kitoe deni Oedjang Atang, barang djoeng kareta api, taja tangan pangawasa, leuleus lésoe woejoeng galih, katingal bae Atjih, djeung djengkel keuheul ka iboe, moeng teu weleh harepan, soegan parěng engke deui, bisa ledjar"laksana sapanedjaan.

175. Aambeueun Oedjang Atang,. koe wangi soebal malati, dedengeeun koe omongna, kakoeping sora noe seuri, panjoeroeng Njai Atjih, waktoe eukeur moeloeng tandjoeng, renghapna pangoemaha, tina kapěgat birahi, Oedjang Atang soemeblak reudjeung bajeungjang.

176. Matja boekoe ge teu tamat, kagembang inget ka Atjih, nadjan poegoeh landjaranna, tapi wéleh teu kaharti, bět beh deui beh deui, panas tiris lěnděng gioeng, teu poegoeh rarasaan, dikoprotan koe kolonji, moeng teu, méntal dengdeng lieur ngéntab panas.

177. Katambah haseup kareta, moelěk katěbak koe angin, woewoeh noengtoen kateu-ngeunah, ganti-ganti nja kapoesing, djeung deui heurin oesik, mělěksěk awak noe nanggoeng, kesang anoe hareudang, Oedjang Atang hěnteu wani, geurah-geureuh tjek babasan sami njewa.

178.Toenda tjatoer samagaha, bentangna geus tembong deui, kaganti koe tjaang boelan, boektina djoeragan Naib, ramana Den Idjroi, isoekna djengkar ka Garoet, sakalian něpangan, Egawawaas Djoeag Tati, djeung někanan soeratna Idjroi tea.

179. Geus rawoeh ti Wanasoeka, dipapagkeun koe Idjroi, di djalan kench geus tjěplak, daradad hal Njai Atjih, bisina teu katoelis, koe lisan deuih diwoewoeh, bilih kirang tetela, Djoeragan Naib geus tjalik, oeloek salam diakoe koe Iboe Djoeag.

180. Boeboehan sobat baheula, barang beh ge Djoeag Tati, hénteu noempang asa-asa, papajoen-pajoen tjaralik, ngagoegat djaman Kalih, raos heubeul henteu tepoeng, enggeus aja windoena, lintang waas Djoeag Tati, heg ngalahir perloena pangna něpangan.

181. Tjaoe tjatang tjaoe tjatang, poen Emang teh Djoeang Tati, melak tjabe patengtongan, nampi serat ti Idjroi, oendjoekan aja Atjih, ngiring titirah ka Garoet, nja ngarentjangan Djoeag, ajeuna eta poen Atjih, kasoehoenkeun dibantoen ka Wanasoeka.

Měnggah ari margina mah, 182. Djoeag noe lintang tingali, poen Atjih teh dipimaksad, koe poetra noe di Batawi, djadi ajeuna Atjih, kasoehoenkeun sina wangsoel, moelang ka Wanasoeka, hamo kasanggakeun deui, dimoemoele koe poen émang djeung bibina.

183. Měnggah eta jaktos pisan, sadaja noe dipilahir, kitoe lahir Iboe Djoeag, koering hěnteu pisan idin, boga anak sasiki, gadoeh maksoed noe teu patoet, moeng enggeus diberesan, poen anak reudjeung Nji Atjih, hamo aja toegěnahna panasaran.

184. Atoeh beak hatoer bingah,. taja kabeurat poen Atjih, ari geus dilereskeun mah, ajeuna dibantoen balik, kitoe saoer Den Naib, toeroenan Atjih teh poegoeh, aja kotjoranana, lain tjatjah-tjatjah teuing, barajana loba, anoe njepēng pangkat.

PNRI

185. Pihatoer émang ka Djoeag, si Atjih mo meunang kawin, ka anak bangsa padagang, nadjan beunghar soegih moekti, tjara Djoeag ka Kalih, nadjan sawah ratoes baoe, teu aja ti ditoena, ngawin woengkoel ngarah doeit, estoe doang. kasõekaan noe disiar.

186. Poen Atjih ge tangtos pisan, sina meunangkeun prijaji, tjara sanak barajana, noehoen pisan Djoeag Tati, ngoeping pilahir tadi, lantaran Djoeag teu roedjoek, poetra 'mo sios tea, mikarěp ka Njai Atjih, poen emang teh toemaros naon margina.

187. Djoeag Tati pintěn bingah, ditaros Djoeragan Naib, pangna hěnteu ngaroedjoekan, rek males malikkeun lahir, ketjapna Raden Naib, noe tadi ngagaroek kalboe, katjida teu raosna, dihina meunangkeun Kalih, teu dihiding kamenakan kabeungharan.

188. Anoe matak hénteu dóa. si Oedjang kawin ka Atjih, koe asa meunangkeun boedjang, estoe teu lajak teu tanding, lain babadna rabi, hajang teh ngawin noe oedjoer, meunangkeun poetra menak, anoe tjotjog reudjeung ati, karoedjoekan koe sakabeh lelemboetan.

189. Djoeag atoeh ajeuna mah, sami soekoer bingah ati, oerang páda boga niat, poetra djeung poen anak Atjih, engke ge lipoer deui, hamo aja oeroet-oeroet,

PNRI nadjan raheut atina, ngan saoekoer noengtoen gering, hamo něpi ka adjal lantaran eta.

190. Geuning oerang ge báheula, • Djoeag ka ěmang teu djadi, .natljan soeka pada soeka, bět Djoeag njandak Djang Kalih, pohara sědih kingkin, beurat koe tina teu toeloes, meureun Djoeag ngamanah, njěrina peurihna ati, ajouna ge masih ngadjampana boegang.

191. Mo boa poetra ge Atang, peurihna pisah ti Atjih, sami djeung oeráng baheula, poetra deui deudeuh teuing, sina ngalakon njeri. njandang sédih tjara iboe, pangintěn poen émang mah, Djoeag geus tambah pamanggih, loeang sépoeh keur terapkeuneun ka poetra.

192. Horeng tětěp sabaheulà, hěnteu ngintēn Djoeag Tati, Iboe Djoeag doemareuda, raos disěbit disoeit, ngadangoe sapilahir, njoeat asoep noerih kalboe, doeh ěmang noehoen pisan, eta jaktos ěmang Naib, piwedjang teh kasoehoen kalingga moerda.

193. Ménggah eta lérês pisan, sewoe karaos koe koering, jaktos kitoe hěnteu lépat, mamanisna timboel deui, sanadjan mentas nangis, Atjih ngintip ti noe singkoer, atoh kabina-bina, Idjroi pon Ritoe deui, soeka seuri moepoeas ka Iboe Djoeag.

DANGDANGGOELA.

194. Laimoen djalma keur pada birahi, oerang oeiah arek ngahalangan, koe pěrkara tjetjek-botjek, noe djadi honěng kalboe, heg ladjoerkeun mangka kaharti, oelah dipegat-pegat, matak bae maboek, nanarik roewěd ka oerang, Djoeag Tati saoerna Djoeragan Naib, kitoe pikir poen ëmang.

195. Djoeag Tati ngawalonan manis, geuninganan tadi saoer ěmang, Atjih dek ditjandak bae, tina kagoengan maksoed, Atjih sina kenging prijaji, teu doa ka padagang, ajeuna bět kitoe, pilahirna beda-beda, Raden Naib ngawalonan bari seuri, Djoeag mah koe kitoena.

196. Sapihatoér poen ëmang noe tadi, naha Djoeag bět make pěrtjaja, ěmang mah ngadodja bae, hěnteu lérês saestoe, namoeng hajang ningal Djag Tati, koemaha di adatna, bilih sakapoengkoer, moenggoeh pakeun di emang mah, ti baheula Djoeag noe lintang tingali, menak koering teu beda.

197. Asal pada bérsih moeloes ati, nadjan mrenak toelen balongkotan, ari_bělang goreng hate, rěsěp kana saroesoet, pangadjina taja sadoeit, měnggah lěbah Atjih mah, těbih kana kitoe, boedak lěmpěng moeloes tekad, toeroeg-toeroeg gadoeh pangarti saeutik, bisa noelis djeung matja.

PNRI

41 PNRI

198 Nadjan enja Nji Atjih teh koering, tapi nilik sapari-polahna, awewe hade pamake, aloes hatena loeloes, hade pikeun dipilih rabi, maděp mantěp bakatna, estoe sětya toehoe, tjatjah ge menak hatena, mangga manah na rek ngarah naon deui, boedak beunghar koe,bagdja.

199. Lamoen sios djeung Atang ngarabi, estoe poetra teh oentoeng pohara, sami sareng kenging lotre, pris anoe nomer satoe, sanadjanna Atjih teh miskin, teu sorot hěnteu sarat, amoeng boedak moeloes, maoenat gěde daradjat, kapan eta pangadjina leuwih-leuwih, ti menak noe ngamenak.

200. Ajeuna mah kantoen Djoeag Tati, ngamanahan pikersaeun poetra, poen ěmang mah pendek bae, sadaja-daja noehoen, Djoeag Tati rampohpoj sědih, teu lami toeloej berag, emang mangga atoeh, njanggakeun ieu panglamar, ti poen anak ka Atjih moegi katampi, Den Soewardi ngadoa.

201. Toeloej pamit kěrsa kondoer moelih, tina inggis kantoen koe kareta, reh parantos liwat lohor, moeroe noe poekoel tiloe, barang sěngek kareta-api, Djoeag raos ditilar, komo keur ngadangoe, kareta-api geus liwat, kapidara rihdoe děndam děměm diri, pangatjian,ngalajang.

202. Teu ngaraos waktoe moerangkalih, kasoekaan hate tjara poetra, woewoeh manah ngalokotoj, ngangres sagoenoeng-goenoeng, njeblak ningal Atang djeung Atjih, waktoe keur pangantenan, beak nja kajoengjoen, matak kabita noe ningal, lajeut pisan ka pagoelingan ka tjai, roemoentoen saaleutan.

203. Djoeag Tati nangis ngangrēs sědih, ngadangoekeun serat biantara, wawangsit ka noe panganten, eling ka rama-iboe. toeroeg-toeroeg Raden Soewardi, Djoeragan Naib tea, kangening kapoengkoer, piring djati doelang leah, këmbang lajon leungit noe djadi wawangi, woeroeng teu*djadi boeah.

204. Biantara beunang Den Soewardi, mepelingan nandakeun kamelang, ka baroedak noe geus ngantet, kaja omongan pantoen, woengkoel kětjap teu djeung katjapí, djadi saroepa-roepa, rek moeroek mitoetoer, nganasehatan ka Atang, tina beak sarerea soeka ati, boengah taja hinggana.

205. Rehna Atang reudjeung Njai Atjih, Idjroi djeang Ikah geus narikah, lain beunang ngarěrépok, kolot mah ngan djoemoeroeng, samboeng boengah moegi lastari, loeloes roentoet teu bantat, sing asih saloeloet, ngeunah reungeu ngeunah tingal, lambat-lamboet pandjang doeriat sarimbit, kěbat géde daradjat.

206. Eta kitoe panéda ka Goésti, Noe Kawasa Noe Moerba Wisesa, noe moerah ka mahloek kabeh, sarta sapa'at-Rasoel, noe disělir pamoengkas Nabi, sarta sangět néněda, ka para loeloehoer, moega loentoer běrěkahna, ka baroedak anoe,geus ngantet ngarabi, adoeh poma baroedak.

207. Eling-eling koe pikir ilaing, kabeh woelang anoe mikamělang, djeung bodjo oelah dek běndeng, koedoe sing loeloes roentoet, laki-rabi sing loeloes-loeis, oelah gětas hareuras, sok matak teu oeroes, moen-noeroetkeun napsoe kěras, djadi waswas sok rěgas taja kainggis, leungit ihtiar tiwas.

208. Ka bodjo teh mangka wělas asih, koedoe pisan silih pikaheman, pasěmon koedoe sing beres, oelah koesoet ngoeloewoet, omong oelah ketjoet djeung kěsit, koedoe oelat marahmaj, soepaja toemoeloej, loeloes kana kahadean, djeung bodjo teh sing malar djadi sarimbit, di doenja di aherat.

209. Nadjan soegih emas perak doeit, moen teu roentoet reudjeungpamadjikan, ngoelajaban bae hate, loepoet anoe dimaksoed, moal djadi rahajoe diri, alamat teu djamoega, saoemoerna hiroep, lain tina kabeungharan, anoe matak djémpe hate tiis pikir, ngan roentoet saaleutan.

PNRI

210. Reudjeung perloe moenggoehing salaki, mapatahan ka bodjona tea, adat panata awewe, dioek nangtoeng loemakoe, tata-titi mangka kasoerti, tingkah polah babasan, sarta tindak-tandoek, oelah sok tindak ngadadak, sarta woeroek tataning ngakoe tatami, sing sareseh-someah.

211. Poma-poma moen kaboeroe sěngit, ka bodjo teh moen aja salahna, anoe teu soeroep djeung hate, naon noe teu panoedjoe, pok waktjakeun sina kaharti, loepoetna-pamadjikan, koedoe lenkeun moeroek, djeung koedoe gede hampoera, reudjeung koedoe woeroek naon anoe wadjib, parentah hoekoem sara.

212. Ngan sakitoe nja mere pepeling, henteu pandjang dapon dipilampah, sanadjan piwoeroek pondok, lamoenna bisa noengkoes, meureun djadi rahajoe diri, karasa mangpa'atna, Insja Allah loeloes, saratna ngan oelah moengpang, ka piwoelang doeh, baroedak masing eling, kana kaheman,sěpah.

PIHATOER PANOETOEP.

I. Eta kitoe misil Djoeag Tati, boengkeuleukna napsoe loehoer tintjak, koe panalar dipapaler, lampah angkoeh adigoeng, koe weweling Raden Soewardi, malik asih ka poetra, lěmoe koe paněmoe, tekad barěng běběněran, eta djalan ngaweningkeun ati soelit, ngadjembarkeun salira.

PNRI

II.

Moegi-moegi dipandang mamanis, katerangan eusina karangan, koe sadaja anoe ngilo, reudjeung anoe ngaroengoe, loentoer karsa ngagalih galih, kana toeladanana, pamoegi dimaphoem, salam hormat pertawisna, Bapa Mami katelah loembrah sasari koe anak anoe tjikal.

m

业 6

迎

4 A个

N

ERPUSTAKAAN NASIONAL Pr