Pustaka Taratsa

Baca teks (PDF): Tjarita Roepa Roepa djilid II (Jawa-Sunda)

40 halaman · 40 halaman diproses dengan OCR · 11.5 detik

Versi OCR mungkin terdapat kesalahan eja, ketik, tata letak, atau hal terkait tipografi. Untuk ketepatan hasil, silakan merujuk pada dokumen asli.

Daftar isi
  1. TJARITA ROEPA-ROEPA
  2. M. PARTADIREDJA.
  3. DJILID II.
  4. TJARITA ROEPA-ROEPA
  5. M. PARTADIREDJA.
  6. KEUR VAN VERHALEN IN HET SOENDANEESCH
  7. I.
  8. ANOE HADE KA INDOENG.
  9. II.
  10. III.
  11. IV.
  12. VI.
  13. B. SOENDANEESCH.
  14. KEUR VAN VERHALEN IN HET SOENDANEESCH
  15. DEEL II.

808 Par C

gaven door bemiddeling der Commissie voor de Volksloctuur No. 26o.

TIDAK DIPERUUALBELIKAN Proyek Bahan Pustaka Lokal Konten Berbasis Etnis Nusanta Perpustakaan Nasional, 2011

TJARITA ROEPA-ROEPA

KARANGANANA

M. PARTADIREDJA.

MANTRI GOEROE BASA SORNDA DI SAKOLA MENAK BANDOENG.

DJILID II.

Dipiwarang ditjitak koe Kangdjeng Goeperněmen di kantor Hitak Batawi 1911.

TAKAAN NASIONAI

PERPUSTAEAAN foor ASJARAKA

TJARITA ROEPA-ROEPA

KARANGANANA

M. PARTADIREDJA.

MANTBI GOEROE BASA SOENDA DI SAKOLA MENAK BANDOENG.

DJILID II.

Dipiwarang ditjitak koe Kangdjeng Goepěrněmen di kantor tjitak Batawi 1911.

PNRI

KEUR VAN VERHALEN IN HET SOENDANEESCH

DOOR

M. PARTADIREDJA.

ONDERWIJZER IN DE SOENDANEESCHE TAAL A/D OPLEIDINGSSCHOOL VOOR INLANDSCHE AMBTENAREN TE BANDOENG.

DEEL II.

BATAVIA LANDSDRUKKERIJ 1911.

C4I315/68

I.

ANOE HADE KA INDOENG.

Aja hidji nagara sisi laoet, palataranana rata djeung negla, matak bětah noe ngoembara; gědong gědong djeung toko-toko katendjo ti kadjaoehan, marakbak moetoeh matak kělar toekang lajar.

Nagara leutik tapi gěgěk loba djělěmana, sapoë² euweuh pětotna di djalan noe balawiri, priboemi djeung semah pagaliwota, noe pělěsir, noe balandja, sagala roepa.

Dina hidji mangsa panonpoë ěnggeus soeroep, djělemadjělěma loba noe geus ngarampih, ngan kari hidji doewa bae noe djalan-djalan, ngangin ngarah tiis; waroeng² loba noe geus noetoep, goeroeh djělěma kaganti koe sora lambak meupeus tingdjalěgoer di basisir. Aja hidji awewe geus kolot leumpang sěmoe lěsoe diïringkeun koe lalaki ngora, ngadjingdjing boentělan gěde, papakeanana baroeroek. Leumpangna kěndor pisan, kawas tjape oeroet djaoeh, sangkoelah-sengkeloh ripoeheun teu manggih pikeun eureun, toeroeg-toeroeg geus poëk tatjan aja pamondokan. Ngaromong bae bari sěmoe nalangsa:

Koemaha atoeh agoes, di mana oerang teh nja ngarěrěb?"

Doeka ěma, soegan di dinja, di hareup aja waroeng pamondokan".

Geuning itoe aja imah moeka keneh!"

Hih, eta mah waroeng tjina, moal ěnja beunang dipeutingan".

Koemaha atoeh, da ěma mah geus mopo. Soegan eta bae imah noe geus meundeut, kětrokan; tanjakeun soegan meunang mondok!"

Ari boedak boedjang teja mah djagdjag keneh, ngaranna Walid, teuing koe ngawoela ka indoeng teh; toeloej ngětrokan kana tingkěban noe geus meundeut. Gantjangna noe boga imah ti djěro nanja:

Saha eta?"

Walon ki Walid: Koering, ti noe djaoeh! manawi idin něda ngarěrěb, katanggoengan lakoe, di dijeu teu aja katěrang!"

Djawab noe boga imah: Di dijeu mah tara mondokkeun semah!"

Tjarekna kitoe teh, geus bae, teu koemaonam deui, soegan němpo atawa naon, hěnteu.

Ki Walid teu hasil maksoedna, toeloej njampeurkeun ka ěmana, bebedja jen kitoe. Émana ngalimba bawaning nalangsa djeung ngarasakeun geus ripoeh leumpang, soesah di mana nja mondok; toeloej madjoe.

Ki Walid ngahělas katjida nendjo indoengna sakitoe tjapeëunana; ari keur dirina mah teu sabaraha dipikirna. Pek deui ngětrokan waroeng sedjen. Tapi nja kitoe deui bae.

Beuki lila beuki poëk, lampahna kěbat bae leumpang, neangan pamondokan; tapi ma'loem, beuki peuting beuki hese. Ti dinja beh manggih waroeng tjaneut, moeka keneh, loba djělěma noe keur ngaropi; boes Walid asoep djeung ěmana; boentělanana ditinggangkeun, bari pok ngomong:

Djělěma noe araja haroökeun, tina kakara nendjo noe kitoe pětana.

Maäp bae noen, koering miloe rěrěb!"

Tjeuk noe boga waroeng: Rampes! Noe ti mana andjeun teh?"

Djawab ki Walid: Beu, ari lěmboer mah jaoeh, koering teh katanggoengan lakoe, kapalang lampah, boeriteun; di dijeu teu aja kanjaho; manawi aja loentoer manah, něda ngarěrěb bae sawěngi, hawatos koe ěma ijeu geus mopo".

Noe boga waroeng nendjo awewe teja karoenjaeun, gantjang njanggoépan, pokna: Nja teu naon², di dijeu bae, tapi koedoe wajahna, da těmpat ngan sakijeu sipatna, djeung koedoe kěrsa ngagoler, ten aja kasoer! Eta bae oelah datangka sare di sisi djalan teuing".

Djawab ki Walid: Bo! teu sawios; koering mah soepaja diidinan bae, geus pirang² noehoen; ari koe ngagoler-goler teja onaman, di imah oge teu aja kaga doeh".

Soekoer atoeh, hiap ka dijen ěma! Eta teh toeang iboe?"

Soemoehoen, poen indoeng. Eta teh tara toetoer leumpang, ari pek ajeuna kateuhak. Ti imah mah geus meunang doewa poë, estoe nikreuh bae, noemawi ripoeh".

Amboe², karoenja. Pangninjoehkeun lěboe, geura, heug baloerkeun kana soekoe!" Bari ngomong kitoe teh toekang waroeng rada mělëng bae ka Walid, nendjo panon hiroep, seukeut, beungeut běrěsih sarta parangi manis, kawas toeroenan djělěma hade, katoeroeg-toeroeg pokpokan djeung pěta handap-asor.

Ari eta toekang waroeng djělěma bageur, daek toetoeloeng, hade boedi hade basa, dipikarěsěp koe oenggal djělěma, djeung ijeu² wawoeh, noematak ngimpoeng² bae di waroengna teh; ari ngaranna ki Samin.

Sanggeus aso sarta salse dahar-leueut, pok ditanja koe noe boga waroeng teh.

"Ari ěnja-ěnjana agoes teh noe ti mana, maksoed rek ka mana?"

Walon Walid:

Koering teh dipariksa lēmboer mah djaoeh, di goenoeng. Awitna poen bapa maot, poen biang hoeal-hioel teu kantënan bae, satěngah kaedanan koe poen bapa. Gagadoehan didjoewalan, dipake barangtěda. Ti dinja poen biang ngadjak ka saderekna, tjariosna di dijeu, tapi teu těrang lěbah mana, rehna koering kakara pisan ka dijeu, soemawonna ěma; nanjakeun di toengtoeng dajeuh, wěleh teu aja noe něrangkeun".

Na saha saderekna toeang iboe teh?"

Ari kakasihna mah Doelah, di dijeuna tjariosna dagang, moeka toko".

Oh, soegan Doelah noe kapoengkoer moeka toko di deukeut pasar. Lian ti eta euweuh deui noe ngaran Doelah ngawaroeng toko".

Manawi nja eta!" njěboetna kitoe bari beureum beungeutna, sěmoe atoh. Di mana?"

Hih, agoes, teu aja di dijeu ajeuna mah, geus bareto teh lajar ka Djawa. Tokona, barang-barangna kabeh didjoewal".

Di mana ari Djawa?"

Wah, oedjang, doeka di mana, ěmang mah ngan ngadenge-denge kitoe bae ti noe měntas lajar, lěbah-lěbahna mah teu njaho".

Émana ngadenge omong toekang waroeng kitoe, tjeurik, tina bingoeng pilampaheun. Ari ti lěmboerna euweuh deui noe diboeroe-boeroe ngan eta, doeloerna saloehoereun, noe sakira beunang disiroeroekan; ari ajeuna eta euweuh; hanas imah-tangga didjoewalan, tina teu niat balik deui, rek toeloej tjitjing di doeloer teja tadina mah.

Ki Walid ngěrik pikirna nendjo indoengna tjeurik djeung mikir pilampaheun, baris njěnangkeun indoengna. Pok ngomong ka toekang waroeng:

Jaktosna mah, mang, koering teh ti imah djeung ijeu ëma, ngan eta pisan noe diboedjěng-boedjěng teh, poen paman; rehna poen bapa geus teu aja, rek toeloej noetoerkeun bae, noeroet hiroep. Ari ajeuna saoer ëmang geus teu aja di dijeu; koering teh bingoeng, koemaha nja pilampaheun; balik deui taja pětana, da roemah-tangga geus teu boga. Ari keur sakoeringeun mah teu dipikir, da lalaki, tjeuk wiwilangan koela-koeli oge meureun bisa; orokaja ijeu poen biang, nja kolot, njasat geus teu bisa walakaja, boro² oesaha, mawa salirana koe andjeun oge geus ripoeh".

Ki Samin watireun ngadenge tjarita Walid sarta nendjo indoengna moeroeboet bae tjipanonna, sapoetanganana moenggah tjiproek. Djol pikirna hajang ngalě- ledjar noe keur prihatin, omongna:

Eta mah oedjang, ěntong dipake leutik hate, da pangeran mah sipat moerah; oerang sateka-teka bae, oesaha di dijeu, sageuj euweuh rědjěki; ongkoh geuning saoer sěpoeh. Samangsa hiroep tangtoe djeung rědjě kina". Oelah poetoes pangharěpan; andjeun teh ngora keneh, tanaga tangtoe gěde keur makělatkeun indoeng. Keun koe ěmang dipětakeun, asal daek bae".

Bo, koering mah geus koemaha bae, pikeun ngabelaån indoeng, wiwilanganana njoehoen-nanggoeng baris makajakeun indoeng, soeka lilah pisan, ngan ijeu bae koe teu aja kawawoeh".

"Koemaha boga pimodaleun?"

Anoemawi, teu aja. Nja poen biang manawi gadoeheun oge sadoewit-doewiteun, sesa běkěl di djalan, namoeng taja pětana kenging dianggo modal".

Geus diadjar digawe naon di lemboer?"

Ari kana gawe badag mah, nja sok sagawe-gawe piwarangan kolot bae, noe teu bisa sok nanja. Di dijeu oge lamoen koering meunang pagawean teh rek noengtoet diadjar bae".

Enja, nja kitoe".

Naha naon padamelan toeang rama teh?"

Teu gadoeheun daměl noe tangtoe, ngan sok radjeun mapatahan ngadji ka baroedak".

"Atoeh meureun agoes bisa noelis!"

Nja saeutik-eutikeun mah tijasa oge".

Koemaha lamoen djadi djoeroetoelis di toko, sang goep?"

Doeka teuing, nja bade diadjar bae, soegan bisa".

Heug, ajeuna mah geura sarare bae, tjape ongkoh oeroet tadi leumpang; isoekan badami deui".

Geus kitoe soep noe boga waroeng teh ngampih. Ki Walid djeung indoengna hareës dianggěl koe boentělan; talibra pisan něpi ka isoek.

II.

Katjaritakeun di eta nagara aja hidji soedagar beunghar teu kira-kira; imahna gědong, pakaranganana lěga, sakoerilingna dikoeta loehoer; pirang-pirang rahajatna noe maratoeh di dinja sarta dirahab sandang-panganna. Ari gawena ngan ngoeroes pakoewon djeung ngadjaga titahan doenoenganana bae; kabeh hariděng, salinger, tina geus bariasa, pada boga gawe bakoe djeung kabeuli hatena. Nja mandorna noe poerah niten djeung ngokolotan.

Gědongna gěde djeung aloes, loehoer, di hareupna make mondopo, agreng koe parabot korsi medja lalamoeir kawantoe dikosok oenggal isoek; doewa djělěma noe poerah ngadjaga parabot imah woengkoel. Ari dasarna dioebin koe marměr, moenggah laloetjir bawaning běrěsih; dina saban-saban lebah medja diamparan pramedani aloes; manis pisan medja marměr nintjak kana poelas woengoe dikěmbang-kěmbang koe hedjo ngora tjampoer gading; noempang deui kana oebin marměr. Ti loehoerna lampoe tjabang, lampoe sewoe, bola-bolana ngagonjok; ana dina waktoena diseungeut teh tjahajana keuna kana tembok bodas, mabra njaängan parabot noe sakitoe harerangna, matak bětah, matak rěsěp, matak garěnah pipikiran.

Parabot eusi gědong, papaes² tembok araloes katjida, djeung kamar-kamar noe sakitoe galědena kabeh dikěpoet koe alkětip karanděl, estoe matak ngahoedang bētah ka noe ngeusian.

Boeroeanana lěga, rata, dikeusik lēmboet, kentjakatoehoeëunana gědong leutik diparabotan sadija baris sěnang-sěnang lělěson, atawa tatamoe noe hajangeun sirna; katoehoeëunana goedang kareta, ditoemboe koe soehoenan pandjang ka toekang kentja-katoehoe, paragi boedjang-boedjang, koki, eusi dapoer, goedang soeloeh djeung sěpen.

Di djěro dapoerna aja bak leutik, loehoerna sasěmět tjagak, noe salawasna pinoeh koe tjai herang; djadi tara hese ngala deui, tjai datang koe maneh tina bak gěde di toekang. Těroesanana ka hareupeun dapoer, aja deui bak leutik, loehoerna saroewa djeung noe di djěro, make pantjoeran pamitjeunan tjai, ngagělěnggěng ninggang kana balong leutik; di dinja make golodog ditembok, paragi ngisikan djeung koekoembah wadah; laoekna patingkotjopok.

Djaba ti pakoewon noe sakitoe santosana, manehna boga deui toko opat galěde, daganganana pěpěk, padagangna kabeh pada njatoe gadjih bae sarta toendoek, anoet, teu aja hidji anoe wani gasab, nadjan harga sapeser, tina kabeuli hatena, koe boedi manis djeung ditjoekoep; djadi sakoer noe digawe di dinja pada soeka, těngtrěm, soenggoeh-soenggoeh ngadjoengdjoeng kana kamoeljaän doenoengan. Aja hidji kapalana noe poerah ngaroris djeung ngoeroes sagala pěrkara oeroesan padanganganana, gadjihna oge saratoes ringgit. Ari soedagar těmah geus teu pipiloeëun ngoeroes naon², estoe ngahěnang-ngahěning bae; bawaning koe tamba kěsěl, ngalantoeng ka tokona ngadon nendjokeun noe barangbeuli.

Dina hidji mangsa ki Soedagar noedjoe keur aja di toko, djol toekang dagang tjikopi mawa Walid asoep ka toko. Barang beh ki Soedagar katendjo, manehna hormat, toeloej sasalaman.

Ki Soedagar nanja:

Ti mana maneh Samin, asa lila teu tembong²?"

Soemoehoen aja bae di rorompok".

"Saha ijeu?" (bari sasalaman).

Soemoehoen ijeu teh batoer ti rorompok bae, tatamoe wastana poen Walid".

Tatamoe ti mana?"

Ari pondokna mah těbih, ti goenoeng. Pangdongkapna ka dijeu, awitna ngaboedjěng pamanna, Doelah, namoeng ajeuna parantos teu aja di dijeu. Matak hawatos pisan, dongkopna teh wěngi sarěng poen biangna; ladjeng dirawatan koe abdi, dipondokkeun di rorompok".

Aeh², soekoer atoeh!"

Enja Doelah mah geus pindah ka nagara Djawa".

Soemoehoen timbalan, doepi ijeu teh ti rorompokna parantos ngadaměl pindah, emoetanana bade ladjěng matoeh di poen Doelah teja, rehna poen bapana maot, bade noetoerkeun paman".

Ari geus kitoe ajeuna?"

Nja eta noemawi kalintang ewědeunana, malah poen biangna mah wěngi tjeurik bae. Ari wangsoel deui, sanggěmna, parantos teu aja boedjěngeun. Ngan dibongbolongan bae koe abdi, manawi ladjěng ngilari padamělan di dijeu bae, soegan bisaëun toeloej oesaha".

Enja, hade kitoe bae, atoeh! Kana naon meureun?"

Nja eta noemawi koe abdi dideuheuskeun ka gamparan teh, manawa-manawa di gamparan aja pidaměleun; da ijeu teh njērat kitoe-kitoe bae mah, loeloemajanan, tijasaeun".

Ijeu, di dijeu mah koe geus loba djoeroetoelis teh". Njaoerna kitoe bari mělěng ka ki Walid, diteuteup dě- děg-aděgna, parangina, wět matak rěsěp; ampoeh, teu loba omong, kawas beunang dipěrtjaja; pok dipariksa:

Geus sabaraha oemoer?"

Soemoehoen dalapan wělas tahoen".

Soemoehoen koe poen bapa bae djěnatna, nalika djoeměněng keneh, namoeng awon, estoe ngan oekoer bae oeni".

Koe saha diadjar noelis?"

Hih, hadena mah ěngke ari dipake".

Lamoen aja noe rek make, sabaraha meureun menta bajaran?"

Wo, ari abdi mah teu wěrat nangtoskeun bajaran, sapěrkawis teu aja katijasa, kapingkalih teu těrang di naon², aksara oge noe baris djadi modal, minangkana, awon; moeng oepami bae aja noe miwělas, soepados aja keur tědana poen biang bae, ngan sakitoe noe dipakajakeun".

Ari kitoe mah hade atoeh, di dijeu bae digawe, ngabantoean djoeroe toelis, dibere gěněp ringgit saboelan; gampang ěngke ari geus kanjahoan hade mah pagawean, meureun aja naekna".

Gantjangna djadi, ki Walid digawe di Soedagar. Harita toeloej maroelang. Ari isoekna, isoek-isoek geus aja di toko panoedoehan ki soedagar, tjampoer djeung djoeroetoelis noe geus lila. Ari indoengna dipangnjewakeun imah deukeut toekang waroeng tjikopi teja, sewaänana saringgit saboelan.

III.

Ki Walid ngeunah pikirna doemeh geus meunang pagawean, babakoena ngabantoe djoeroetoelis djeung toenggoe toko. Tina roemasa waloerat, manehna titip diri sangsang badan, katoeroeg-toeroeg boga bakat leuleus awak, naon bae parentah djoeroetoelis ditoeroet, soemawonna titahan soedagar mah. Koesabab kitoe batoer-batoerna rarěsěpeun ka manehna. Soedagar loe tjoeëun nendjo ki Walid, akoer djeung batoer. Watěk djělěma hade, roentoet raoet djeung babatoeran, sok deukeut rědjěki, tara soesah koe sahoewapeun sakopeun, loba noe mere, tampolana sok radjeun.bisa barangkirim kahakanan ka indoengna.

Kana pagawean toko, soemawonna bangsa toelis, njě- kěl boekoe, nadjan harga barang těngět pisan, datangka dina djěro saboelan meh timoe kabeh. Djoeroetoelis noe bakoe geus loba kasoendangna, ngasoepkeun kana boekoe gěde, ngoeroes soerat-soerat tagihan, mětakeun boedjang, ngaladangan noe barangbeuli, kabeh geus beunang dipěrtjaja. Ki soedagar kajtida soekaeunana nendjo Walid sakitoe tjěngěngna sarta rěměn meunang poedjian. E

Ari geus saboelan manehna meunang bajaran, toeloej diserenkeun kabeh ka indoengna, basana, ijeu keur dahareun ěma kabeh, djeung sewa imah; koering mah aja bae sesa ěma něda, hěnteu bae, da di toko oge sok aja rědjěki, keun bae.

Emana ngalimba bawaning atoh dipakajakeun koe anak. Doewit noe limawělas teh ditjokot saringgit kana sewaän imah, noe lima ringgit deui keur dahareun saboelan; diitoeng koe anakna, dina sapoëna mahi teu mahi koedoe tjoekoep koe opat kětip. Indoengna noeroet. Nja boeboehan soengoet awewe sahidji, toer geus kolot, teu sakoemaha, doewit opat kětip teh sok minděng njesa, djaba kahakanan ngagehan anakna. Saban-saban balik ki Walid, tara teu njampak kedjo hantjěngan manehna.

Ari něpi deui kana waktoe gadjih, njerenkeun deui bajaran ka ěmana. Tjeuk ěmana: Walid, itoe oge tatjan beak, njesa keneh tiloepoëeun deni mah".

Walon ki Walid: Atoeh simpěn bae, ma! Ijeu mah tjandak, keur dahareun ěma boelan hareup, da koering teh estoe mangoësahakeun ěma woengkoel, teu niat keur koering sorangan".

Koe ěmana ditampanan; dina hatena moedji soekoer. Katjaritakeun ki Walid beuki lila beuki kamanah, ně- pika ditaekkeun bajaranana, djadi dalapan ringgit saboelan. Manehna atoheun katjida sarta beuki sarěgěp bae digawena. Ari geus bajaran, diserenkeun deui bae kabeh ka indoengna bari soeka ati njarita jen ditambah gadjih, djadi dalapan ringgit. Indoengna katjida boengaheunana. toeloej doewitna dirawatan, bari nanja ka Walid: Naha agoes moal make?" Djawabna: Moal! keur ěma bae kabeh; rek dianggo kabeh, rek disesakeun, koemaha ema".

Těgěs djoenoen ngawoelakeun indoeng teh, datangka tjoel keur sorangan. Ari napsoe tjara noe sedjen mah, sapěrti: hajang make hade, baranghakan ngeunah, tangtoe aja, tapi koe manehna ditahan; soemawonna kana borak-borak, geus sama sakali, tina njaäh ka indoeng, boga pangasilan sakijeu-sakijeu teh niatna keur indoeng bae sarta didjaga pisan lampahna bisi aja noe teu panoedjoeëun indoengna, saoetak-saeutik teh ngalap idin heula.

Pěta indoengna mětakeun doewit djeung djeudjeuhan pisan. Dina boelanan kahidji make njesa wělas-wělas kě- tip, djadi noe kapake ngan sawělas perak leuwih saeutik; dina boelanan kadoewa leuwih apik, njesana rada gěde, toer sesa ti heula teu ditoël-toël. Koe tjobaän eta doewa boelan koe manehna ditětěpkeun baris balandja sawělas perak satěngah; mahi teu mahi dipastikeun sakitoe. Djadi saban* ngaloewarkeun teu sěpi djeung diitoeng sapoë-sapoëna, nja eta bisi kaleuwihan; oepama njesa sok diampihan. Tětěp gěmina kitoe, nadjan rě- djěkina nambahan. Ingětanana tina njaāh ka anak, beunangna hese-tjape ngala, hajang oelah dimonjahmonjah, anggoeranan hajang sing loba njesana, ditjengtjelengankeun eukeurna djaga.

Doemeh anakna ari sore, memeh sasarean, sok minděng njaritakeun kamoeljaän doenoenganana, kabeungharanana, gědongna sagala roepa, estoe pikabitaeun kabeh; sěnangna, tara digawe, dihormatna koe djělěma*, menak² ge sok ngadaban. Njaritakeunana teh lělěb pisan, kawantoe barang boekti djeung kabita. Eta moenggah ngalěkětěj hate indoengna bawaning njaāh ka anak; kasoerti jen kabitaeun katjida. Nja sok radjeun didjawab satěngah dibongbolongan, kijeu:

Eta mah oedjang, mimilikan, itoe soedagar sakitoe milikna, oerang sakijeu. Tapi dirasakeun koe ěma, oerang oge geus pirang-pirang oentoeng, geura: hoetang teu boga, oedjang oesaha sěnang, pira di toko, kaitoeng gawe lěmboet, teu na kta k-moen dak, teu matak roedjad awak; pangasilan, tjatjak tatjan lila mah, teu woedoe, sakitoe mah, tjoekoep, malah make bisa ngampihan. Rasa ěma oerang teh geus sěnang. Tjoba noe sedjen, digawena beurat, sapoë-sapoë teh koedoe make loeoët-leët kesang bae; ari beubeunanganana saeutik, katoeroeg-toeroeg raweuj hoetang, salapoet hoeloe".

Anakna ngeunaheun hatena, ngadenge omongan, indoengna kitoe teh, teu njongsrong teuing. Tapi eta indoengna dina hatena mah, didjero, bangět ngarakatjak; hajang anakna bae noe moelja kitoe teh. Eta angěnangěnna kitoe teu daekeun poho-poho; minděng dipake njileuk, datangka sok koerang heës, dadaharan teu pati ponjo, bawaning ingět ka noe dipikabita koe anakna. Kitoe deui anakna, ngan sakeudeung pisan sěnang hatena teh; ari nendjo soedagar pělěsir mah dina kareta, ditarik koe koeda Arab sapasang harideung, lěnjap deui bae, kabita sarta mangěn teu poho-poho.

IV.

Katjaritakeun geus meunang satahoen ki Walid digawena di toko, kana gawena beuki tabah bae, sarta gadjihna geus naek deui, djadi sapoeloeh ringgit. Kalakoeanana tětěp sabareto keneh, sagala roepa koemaha indoeng, bajaranana diserenkeun kabeh. Hěnteu aja pisan ingětan hajang njěkěl doewit koe maneh; sabab sapěrkara njaho jen koe indoengna, saleuwihna kana dahar djeung anoe pěrloe, sok ditjengtjelengankeun, djadi aja arěp-arěpeun baris pimodaleun; karana beuki njongsrong bae maksoedna hajang beunghar tjara doenoenganana teh, soegan djeung soegan ěngke dimana geus aja modal rek diadjar dagang. Kadoewa pěrkara koe indoengna sok dikanjahokeun pisan, oepama kanjahoan boga kaboetoeh, sok dipěrloekeun. Kahajang ka noe saoetak-saeutik, noe teu pati pěrloe, geus ditoemanan hěnteu digoegoe, da nja eta, aja maksoed gěde teja; estoe ěnjaān hajangna teh, něpika kaimpi-impikeun.

Dina hidji mangsa indoengna gěring pajah. Manehna doegdoeg-degdeg, sabisa-bisa ihtiar ngoebaran, ngala doekoen naon². Tapi kawas geus dihin-pinasti, něpi ka djangdji poepoet adjal, teu beunang ditarekahan. Ki Walid gens tjeurik bae bari teu ngeunah tjitjing. Barang geus deukeut ka maot, njaloekan ka anakna; ari geus njampeurkeun, ngaharewos, pokna: Ema meureun paeh.

Maneh sing bisa njaäh kana diri, djeung masing tjěngěng kana maksoed".

Ngan sěmět sakitoe omongna, teu lila toeloej maot. Ki walid katjida tjeurikna ditinggalkeun maot koe indoengna, mani sěsěgroek. Ti dinja djoel-djol tatanggana ngaralajad, soemawonna toekang waroeng mah, da geus tjara ka indoeng ěnja bae, tina kabageuranana, djeung ijeu ongkoh bisa titip diri sangsang badan, tina roemasa njělap teja. Sakoer noe datang pada mere ka ki Walid, warna-warna, aja noe satalen, noe geněp baroe. Djoeraganana barang dioendjoekanan, maparinna panggědena, djaba waragadna, boweh, kapas djeung lian ti eta..

Sanggeus lělěr tjeurikna, toeloej oejoep-ajap, moeka pěti doewit teuteundeunan indoengna teja, beh aja toedjoeh poeloeh perak. Manehna kaget, hěnteu njana sakitoe lobana. Toeloej eta doewit dipake kana kapěrloean měrbait, sakadar noe pěrloena bae, da poegoeh kaoetara jen teu boga; anoe koedoe dikoelian, dikoelian, tapi lolobana noe toetoeloeng; dasar djělěma akoer, loba kawawoehna. Noe ngoeroes, minangka kokolotna toekang tjikopi teja.

Gantjangna ngoeboer majit geus beres, siděkah-siděkah anoe kabiasakeun didinja, dipětakeun, tapi sakadar hadjat bae, samahi-mahina doewit noe aja, teu make ogoän, poepoedjieun, oendjak-andjoek heula. Kitoe deui tjoel pisan ninggalkeun talari, hěnteu, da aja doewit titinggalna. Ki Walid teu karoöh hajang njesakeun, karana satadina oge geus keur indoengna; ajeuna maot, minangka dipake mahanan bae.

Sanggeus salse moelasara noe maot, manehna ngarasa sědih prihatin pisan, tina sakitoe njaähna ka indoeng, euweub deui noe dibelakeun, ngan indoeng; beurangpeuting ngan eta noe dikawoelaān. Ari indoeng ngan sahidji-hidjina, djeung bageur, tara bahe tjarek, estoe matak nineung, manehna sěgroek bae tjeurik di imah, sorangan, keueung, nalangsa pisan.

Tjarita roepa-roepa djilid II (Soend.)

Kadenge koe toekang tjikopi, toeloej disampeurkeum bari dinasehatan, oelah dipake tjeurik teuing, karana geus něpi kana waktoena, sarereja oge koedoe paeh; ngan heula djeung pandeuri.

Djawabna ki Walid, bari tjeurik:

Eta koering mah kang, dipake tjeurik teh, ari ras koe loba sangsarana, ěma teh. Kapoengkoer basa keur ka dijeu, leumpang sakitoe djaoehna, moenggah mopo, nja geuning nangis di boemi akang; tah koe loba nalangsa kitoe. Doeh! ěma! Naha koering mana njěri-njěri teuing, koe teu koengsi ngamoeljakeun ka ěma. Keur naon koering teh hiroep, ari teu djeung ěma mah. Koering teh hajang boga, estoe hajang ěnjaän, kabita koe noe beunghar; eta teh tjeuk angěn² koering, eukeur ngamoeljakeun ěma. Atoeh ěma ninggalkeun mah, keur naon!"

Kitoe bae sasambatna.

Tjeuk toekang waroeng:

Nja hade ěnja andjeun ka toeang iboe".

Noehoen! Tapi tjoba dangoekeun geura!

Andjeun teh njaäh ka iboe sarta hajang ngamoeljakeun, eta aloes, memang kitoe koedoena anak ka indoeng. Tapi oelah salah larap.

Koe akang ti bareto ditilik lampah andjeun ka iboe, panoedjoe katjida. Minděng toeang iboe ge sasaoeran ka kakang, jen katarima katjida ngawoelaänana pok madjar ka andjeun. Asa dimoeljakeun katjida koe anak teh, saoerna. Da nadjan dikaretaän, digědongan oge, boa teuing teu hojongeun, tatjan poegoeh katarima; eta mah napsoe oerang bae. Ari ijeu geus tetela, jen katarima; noematak tjoekoep; djadi teu pěrloe dipake njěri, lēbah dinja; djeung oepama dipake tjeurik, eta noengtoen paäralan, djadi tibalik, manan ngamoeljakevn, rasa akang sabalikna. Da lain kitoe ari njaāh ka kolot mah. Hidji koedoe ditoeroet papatahna, sarta koedoe ngalampahkeun'kahadean; kadoewa oelah ngarěmpak tjěgahanana djeung oelah ngalampahkeun kagorengan. La moen aja wasiat, boeroe-boeroe djalankeun. Koemaha hěnteu aja wasiatna toeang iboe?

Walon ki Walid: Hěnteu aja, 'ngan nalika bade toeloej, aja saoerna ka koering ngaharewos, lahirna: Maneh sing njaäh kana diri djeung sing tjěngěng kana maksoed".

Tah eta, geuwat ti ajeuna lampahkeun. Ari tjeurik ingět ka noe geus kaliwat teja, njasat teu njaäh kana diri, sabab pikiran roeksak, panon sareukseuk oeroet tjimata bidjil, halis njarěri djeung rada riěut deui, ingětan teu běněr. Kana maksoed, boro-boro tjěngěng teja, meureunan poho-poho atjan. Manahan sing lěnjěp eta lahiran toeang iboe noe bijeu!"

Lila-lila dipikir koe ki Walid sarta dirasakeun kawas enja saomongna toekang tjaneut teh; toeloej eureun tjeurikna bari mikiran maneh, wět ěnja hěnteu pěrloe ngingět-ngingět noe baris nalangsa, teu poegoeh-poegoeh, kasorang deui moal eta noe geus kaliwat teh. Anggoersi mikiran mah tarekah pikahareupeun, njingkiran noe baris nalangsa kana hate, oelah sok ingět teuing ka noe geus euweuh.

Ti dinja heg manehna nganoehoenkeun ka toekang waroeng teh. Koe toekang waroeng, tina mělangeun, toeloej ki Walid dibawa ka imahna, disina ngendong di manehna, dibangbrangkeun dibawa njarita sagala roepa. Atoeh beuki sěnang bae hatena. Ari geus peuting reup heës.

v.

Doewa poë manehna meunang pěrmisi, teu koedoe ka toko. Katiloe poëna geus digawe deui, tapi toeloej oendjoekan bae ka soedagar, njoehoenkeun asoep-djero, hajang pindah ka boemi soedagar; hanas bajaran mah koemaha paparin bae, tjek rek hěnteu bae, ten naonnaon; pokna, di imah oeroet indoengna teh teu kadoega, sok ingět ka indoeng bae. Ki soedagar ngidinan pindah ka boemi andjeunna sarta dahar baris dipaparin; ari bajaran tětěp bae, itoeng-itoeng pangboeboengah soepaja gantjang lipoer, tina prihatin.

Sanggeus pindah manehna rada longsong meueusan, teu malaweung teuing, tina kabangbrangkeun koe loba gawe, karana sanadjan teu dipiwarang oge koe djoeraganana digawe, manehna mah sok digawe bae, karěpna koe-maneh, sagawe-gawe, roemasa djadi gandek.

Dina oesoem bajaran manehna nampa sapoeloeh ringgit, estoe weuteuh, hěnteu dipake naon-naon, da dahar dipaparin teja, toeloej eta doewit diampihan dihade-hade. Tapi tjeurik, ingět ka indoengna, loewang-loewangna gadjihna diserenkeun ka indoengna, ari harita hěnteu.

Di boemi soedagar teja minděng aja tatamoe noe ti nagara djaoeh. Ari sore ki Walid sok ngalalajanan, sadar-sodor leuëuteun atawa toewangeun. Djadi manehna sok minděng ngadenge semah njarita djeung doenoenganana; sagala roepa tjarita, bab dagang di těmpat-těmpat sedjen, bab lajar, bab kaoentoengan, karoegian djeung reja-reja deui.

Dina hidji mangsa aja tatamoe njaritakeun jen di Djawa hal dagang madjoe katjida. Ki Walid ras ingět ka pamanna, ki Doelah, noe keur tjari-oentoeng di tanah Djawa, djeung ingět hajang dagang teja. Koesabab kitoe djol aja pikiran hajang lajar ka tanah Djawa, ngan ongkosna, sewa kapal, ditanjakeun koe manehna, teuing koe mahal. Tapi nadjan mahal oge manehna boga oentoepan, rek koekoempoel bae, da gadjih ajeuna mah sok weuteuh.

Beuki lila hajangna lajar ka tanah Djawa beuki kě- jěng; lain ngan.woengkoel hajang noetoerkeun pamanna teja bae, atawa niat njiar tjari-oentoeng, aja deui sabab noe bangět, nja eta hajang njingkiran oelah ingět teuing ka indoeng, da saban papanggih djeung toekang tjaneut, koedoe bae tjeurik, loba noe dipake kaingět. Soegan teu papanggih djeung noe baris djadi njoeat mah, pirakoe. Tina teu kawawana datangka sok njaba ka palaboean, nananjakeun iraha sok aja kapal baris lajar ka poelo Djawa.

Barang geus meunang katěrangan jen aja kapal noe baris lajar ka Djawa sarta manehna geus boga doewit tjoekoep satambanganeun, pek oendjoekan ka doenoenganana, ngawaktjakeun maksoedna. Mimitina mah njaritakeun kanjěnjěrian koe ditinggalkeun paeh koe indoeng, teu leungit-leungit, malah sok něpika koerang heës koerang njatoe. Ajeuna hajang narekahan, ngoebaran hate, nja eta rek nirtja ti dinja, saolah-olah ngadjaoehan noe sok njoeat ingět ka indoeng, sieun toeloej kagěgě- ringan. Geus kitoe narimakeun kana pangasihna soedagar, teu aja babandinganana lobana; manehna noe tadina sakitoe sangsarana datangka bisa hiroep, bisa njěnangkeun indoeng, moelasara něpi ka maotna, eta lantaran ki soedagar bae; soemawonna ajeuna make-djeung ditjoekoep dadaharan sagala, pirang-pirang nja tarima. Satěngah tjeurik ngomongna teh koe tina katarimaän. Ditoengtoenganana koe amit, něda idin hajang lajar ka tanah Dajawa. Barang pok mah, teu meunang koe soedagar teh; manan dibikeun anggoer dinasehatan, oelah kaloewar ti manehna. Tapi lila-lila katendjo siga enjaän pisan amitna teh, teu beunang dipondah, toeloej bae diidinan.

Gantjangna geus aja kapalna noe baris ditoempangan, pek beberes meuli teket, něpoengan sobat-sobatna, amitamitan ka kawawoehan-kawawoehanana. Dina djoengna loba noe ngadjadjapkeun ka palaboean. Sarereja pada sědih, nalangsa, kělar, rek papisah djeung ki Walid, toer sakitoe djaoehna, tatjan poegoeh pipapanggiheun deui.

VI.

Sahengna nagara rame, dajeuh Batawi, kotana antero tanah India Wetan, katjida, matak kaget noe kakara njaho. Goeroehna kareta api, kareta trem, pagaliwota djeung kahar-kahar balawiri taja lowongna. Djělěma sagala bangsa aja, bangsa Keling, bangsa Banggala, Tjina, Arab, geus poegoeh bangsa Djawa mah kawantoe priboemina. Sapandjang djalan-djalan noe sakitoe lalegana ti palaboean, kenjta-katoehoena pinoeh koe toko-toko tjina, njamboeng-njamboeng teu aja pěgatna, djeung loba-loba bae noe barangbeuli, euweuh kěndatna. Boehbeh gědong gědong galěde, laloehoer, toko-toko Walanda alagreng bararěsih. Di saban-saban parapatan rame noe dagang sipat kahakanan, boeboewahan. Ari djalan sakitoe lobana, moenggah pabeulit, aja noe ngahapit waloengan gěde, Tjiliwoeng, Iebah dinja sisina wahangan ditembok. Kabeh djalan rame.

Ti djalan noe ti palaboean katembong masigitna oerang Arab di kampoeng Pakodjan; didinja ngoempoel oerang Arab woengkoel, ari kasabna dagang, aja noe ngiděr, aja noe moeka toko. Saban-saban oesoem sambejang, ka marasigit, ari enggeus riab deui sakasabnasakasabna, kadjaba sok radjeun aja boedak boedjang noe toenggoe masigit, poerah ngaběrěsihanana djeung sasapoena.

Dina hidji mangsa di masigit boebar měntas salat, aja hidji djelēma teu wawoeh kadoewa boentělan, ninggalkeun maneh; těrang pisan djělěma anjar, toeloej njampeurkeun ka noe poerah ngadjaga teh. pek sasalaman, bari nanjakeun kokolotna di dinja. Koe noe ditanja ditoedoehkeun imahna, teu djaoeh ti masigit, toeloej manehna ka dinja, kaběněran njampak aja.

Noe boga imah kageteun nendjo noe kakara papanggih harita, djeung kawas ngadjoegdjoeg ka manehna. Sanggeus sasalaman sarta semah geus dioek měrěnah, pek ditanja, noe ti mana, saha ngaran djeung ditanja soerat katerangan. Gantjangna waktja jen kakara datang ti kapal; ari ngaran Walid, noe rek diboeroe paman, ngaran Doelah, malah naros soegan tingali di mana ajana.

Priboemi ngahoelěng, mikiran noe ngaran kitoe, wě- leh teu aja. Ditanjakeun ka batoerna noe aja didinje, eta oge teu njahoëun; omongna: Di dijeu mah teu aja noe ngaran kitoe; pantěs moen di Tjirěbon atawa di Soerabaja; atawa di dijeu oge pantěs, bareto, ajeuna soegan geus maot, salah sahidji bae eta mah.

Ki Walid ngahěroek, doemeh paman teja teu aja, soesah nja pingandjrěkeun.

Koe priboemi katendjo rioekna semah, toeloej dibawa njarita:

Djeung saha batoer ti ditoe?"

Soemoehoen sakijeu bae; teu aja batoer, teu aja kagadoeh, moeng kadoewa boentělan, rehna waloerat".

Ajeuna koemaha nja pimanaheun?"

Nja eta noemawi dianggo ewěd teh, reh awitna noe bade diboedjěng, poen paman, tina teu ajana, doeka, koering teh teu atjan kantěnan, sakijeu malangmang-moeloengmoengna mah, teu aja katěrang. Moeng manawi idin mah, njoehoenkeun mondok di masigit bae".

Teu naon-naon, heg bae".

Gantjangna ki Walid sasareanana di masigit, galatakgeletek bae djeung boentělan, ari dadaharanana mah sok pada mere bae; manehna ngawawoeh-wawoehkeun maneh ka sakoer noe sok papanggih di masigit.

Sanggeus loba kawawoehna sok minděng miloe tjampoer djeung noe njararita bab dagang, noe njaritakeun oentoeng, noe roegi, roepa-roepa. Manehna katjida koeměrotna hajang dagang, tapi teu boga modalna. Tjeuk batoerna: Naha moen njokot bae doewit ti pakoempoelan, ngindjeum keur modal. Ongkoh sakabeh oerang Arab di dijeu njieun koempoelan doewit ti sarereja, ditjěkěl koe kokolotna, nja eta keur ngadjaga bisi aja oerang Arab noe pěrloe ditoeloeng".

Djawabna ki Walid: Ari ngindjeum modal mah da poegoeh djělěma anjar, bisi teu dipětjaja. Anggoersi koering mah soegan aja noe boetoeheun koe djoeroetoelis bae, di toko, hajang gadoeh pagawean bae heula keur nitipkeun soengoet.

Tjeuk batoerna: Hade koe kaoela ditoeloeng, rek ditjaritakeun ka noe boga toko".

Heuleut doea poë ti harita ki Walid geus djadi djoeroetoelis di toko oerang Arab, meunang gadjih tjoekóep sakaliëun dadaharan sorangan. Tapi tina geus ngarasa sakitoe boetoehna koe doewit, sarta sangsara katjida teu boga doewit teh, něpika dadaharan ge moen euweuh noe mere mah loepoet, djadi manehna pělit katjida kana doewit; oepama aja noe mere mah dadaharan, doewitna teu dipake. Ari noe ngadjak dahar teja, kawantoe djělěma loba noe mihade, loba noe rěsěpeun, lantaran Lade pasěmon, handap asor, teu pikangewaeun batoer, mani meh oenggal poë. Matoehna masih keneh di masigit bae. Koesabab kitoe manehna bisa njengtjelengankeun, saboelan-saboelan teh bajaranana koedoe bae njesa, aja doewa ringgit.

Adat bageur tjěpět kana gawe geus ti bareto, ajeuna ge kitoe bae, taja tjarekeunana. Atoeh djol-djol kamanah bae koe djoeraganana.

Geus meunang aja antara lilana, ki Walid babalagondjangan ka doenoenganana, soegan meunang noempangkeun barang, miloe dagang di tokona; modalna rek ngindjeum kana doewit koempoelan. Koe doenoenganana kaidinan. Pek ngindjeum, dibere doewa poeloeh perak, toeloej dibeulikeun kana barang noe kataksir pigantjangeun pajoena. Ditembongkeun heula ka noe boga toko, soepaja kanjahoän těrang, oelah kaliroe djeung barang toko asal sarta disaksikeun ka batoerna noe digawe di toko. Estoe dagang panganggoeran bae, bari noenggoean toko doenoenganana.

Doemadak pajoe daganganana teh, teu woedoe gěde batina; pek dibeulikeun deui kana barang, kaběněran raris deui bae; atoeh batina diampihan, modalna digolangkeun deui, malah digědean, ditambahan koe doewitna. Kitoe bae dagangna, něpi ka didjěro sataoen manehna moelangkeun modal beunang ngindjeum teja noe doewa poeloeh roepia, djeung boga moeklis saratoes roepia.

Eta doewit noe saratoes perak koe manehna dibawa ka noe boga toko, diserenkeun, pokna: Ijeu kaoela boga doewit saratoes roepia, manawi dipaparin, hajang njokot barang dagangan sareboeëun, arek dagang, dipandjěr koe ijeu saratoes perak, noe salapan ratoes deui dipindring saboelan saratoes, dina salapan boelan loenas.

Tina toewan toko geus nendjo lampahna ki Walid tara aja serongna, djol-djol dipěrtjaja bae, dibere barang harga sareboeëun. Harita mimiti misah, njewa toko koe maneh. Tina pagaweanana eureun, karana hajang tong goj dagang.

Dasar djělěma tjěngěng pikiran, taksiranana djadi-djadi bae, beunangna milih barang noe didagangkeun kabeh teu gagal; doemadak noe balandja ngimpoeng-ngimpoeng bae. Atoeh sěnang pisan njotjogan noe saratoes-saratoes saboelan teh, djaba balandja kontan, keur nambahan daganganana. Beuki tambah daganana beuki rarěsěpeun djělěma barangbeuli ka manehna, beuki gěde kaoentoenganana. Sanggeus djědjěg salapan boelan, ka noe ditjokotan barang loenas; barang noe di tokona ajeuna geus noe manehna kabeh, teu kasělapan beunang ngandjoek.

Geus teu aja papadana boengahna, boga rasa moeklis barangna sorangan, teu soemoreang siëun aja noe nagih, soemawonna ngadawa.

Doemeh kadjoeroeng koe boengah hate, sapoë-sapoë rě- sep ngaladangan noe barangbeuli sakitoe meuweuhna, teu aja towongna, riboetna teh djeung soeka ati; pikiran tambah mentjrang, njaring; timbangan-timbangan djedjěm; sakoemaha tjop hatena meh tara njalahan. Soresore ngalantoeng ka palaboean, djol noe mawa hoë opat parahoe; panganggoeran ditanjakeun hargana, djawabna noe opat parahoe teh lima poeloeh perak. Ditaksir koe manehna moen dibeuli teh piajaeun oge batina, howena harade. Gantjang ditawar, djadi opat poeloeh perak; pek dihandjatkeun, baris dibajar isoekna, djadi koedoe ditoenggoean keneh koe noe mawa. Harita manehna toeloej moelang. Di djalan gok djeung kawawoehanana, hidji toewan toko, toeloej tjatjarita jen boga dagangan hoë, araloes, ajana di palaboean keneh. Eta toewan hajangeun ngilikan; toeloej balik deui ka palaboean. Ari geus diïlikan ditawar sawidak perak. Koe ki Walid ditahan, něpi ka poendjoel lima perak; heg dibikeun, gotjrak dibajar harita. Atoeh teu koengsi noenggoe ka isoek, sore eta keneh oge dibajar ka "noe mawa, doewitna pamajar ti toean teja. Djadi dina djamdjaman bae bisa kaoentoengan doewa poeloeh lima perak, toer samemeh kamodalan.

Tah matjěm kitoe lain sakali doewa kali bae, toer bangsa ratoes, malah reboe. Watěk djelěma ngesto djeung heman ka indoeng, sagala teh ngan kaběněran djeung kaběněran bae. Teu tjara noe goreng ka kolot, sagala-gala teh ngan teu koe hanteu bae, netje sěmplek nintjak sěmplak, ngeumbing porot; noe modal gěde oge sok djadi moeděděs. Ki Walid mah beunang disěboet gandjaran ngamoeljakeun ka indoeng.

Ari ti peuting sanggeus salse oeroes-oeroes boekoe, doewit geus diperenan, manehna mikir, naon deni djalan baris ka oentoengan.

Tina tara loewang sore dipikir, nja boeh-beh manggih, ari isoekna prak dipětakeun, eta kadjadian-kadjadian báe.

Doemeh ki Walid loba tjampoeran teja djeung roeparoepa bangsa, sok mindēng ngadenge noe njarita jen di Europa atawa di Amerika ramena nagara-nagara teh lipět-lipět ti Batawi. Dina njileuk memeh heës manehna ras ingět kana eta tjarita. Djol deui ingět jen Batawi teh dajeuhna ti antero kapoeloan India wetan, djadi matak naon moen Batawi ramena nambahan, oerang koelitpoetih beuki loba, sagala bangsa ge meureun nja kitoe. toko-toko gědong-gědong tangtoe ngalobaän. Moal salah tanah-tanah pihargaëunana.

Geus kitoe manehna ngoredjat hoedang, gek kana korsi, těng mikir, djalan-djalan sa Batawi, dioeběk koe hatena. Roepa-roepa tjileukan hatena, něpi ka peuting nakěr teu hajangeun heës.

Isoekna toko dipěrtjajakeun ka batoerna noe bakoe digawe di tokona, bral manehna indit ngilikan těmpattěmpat noe kapapaj koe hatena waktoe njileuk teja sarta ditimbang hidji-hidji djalan noe baris pirameëun djeung noe hěnteu. Di noe katimbang pirameëun, lahan noe aděk ka djalan toeloej diotjal-otjal ditawar; barang geus katěpi hargana, pek díbeuli, kadjeun rada mahal meu- ëusang

Geus kitoe di dinja pek didjieunan gědong aloes; tjontona kawantoe di nagara gede, loba toeroetaneun, teu kitoe ge da loba insinjóer noe palintěr kana wawangoenan, asal daek majar ongkos bae, model noe aloes tangtoe dipangnjieunkeun gambarna.

Meuli lahan djeung njieun gědong, oelah gampang ongkòsna, kakarek boga toko adjen-adjen doewa reboeëun bae mah geus moal bisa bae. Koesabab kitoe ki Walid koedoe ngakal doewit, da ngandělkeun ti toko mah bisi matak potol; nja ngindjeum ka bang. Tapi geus ditimbang pimajareunana, koe kaoentoengan tina tokona.

Teu koengsi doewa boelan, tina diajeg koe doewit, gědongna anggeus; katiloe boelanna geus djol hidji toewan noe menta njewa di dinja; gantjangna djadi, sewaänana saratoes perak. Dina kaopat boelanna mah noe dipake majar mindring kana bang teh tina sewaän gědong teja bae.

Pangasilan toko weuteuh, gědong aloes boga, modalna katoengtoet kabajaran. Ti samemeh loenas oge geus teu ringrang siëun disita, da saban boelan dibajar sakoemaha pěrdjangdjian. Sapandjang disewa mah ngotjor bae.

Geus beuki kaoetara bae ki Walid di Batawina; tokona ngagědean, katambah boga gědong sewa, ka bang tara tjidra, djadi oepama ngindjeum deui teh sakoemaha bae meunang. Tapi ki Walid ěnja-ěnjana teu rěsěp boga hoetang, nadjan pada nawaran oge gebeg bae; eta oge bawaning kapeped bae, bangět kapěrloean, di manehna tatjan sadia.

Ti dinja neangan deui tanah noe deukeut ka djalan tjara eta, pek dibeuli didjieunan deui gědong. Eta kitoe bae, něpika pirang-pirang gědong sewana, sarta marahal bae, djaba imah-imah laleutik noe baris sewa leuleutikan.

Tjileukan baheula kabita koe doenoenganana teja, ajeuna kasorang. boga gědong aloes, toer ijeu mah loba, parabot imah sadia, matak pikabitaeun kabeh. Ari sore gěgěrěděgan dina kareta, eta katěpi. Geus taja kagalideur, beunghar loba tokona, loba gědongna, geus poegoeh doewitna, sagala salieuk beh, kaoentoengan ngentja ngatoehoe. Moelja loba noe ngahormat, para nangkoda pada toendoek, koe gěgěden diadjenan, dina rijoengan koe menak-menak kaäkoe, moelja kadjoeroeng koe banda.

Ari dipikir ěnja-ěnja mah koe oerang, estoe matak era, ki Walid teh bangsa Arab, noe toemamoe pisan waktoena datang teu bisaeun ngomong oerang dijeu, kabisana basa Arab woengkoel, tapi naha bisa ngala kaoentoengan sakitoe lobana, eta teh lolobana ti bangsa priboemi. Naha ari bangsa oerang noe sakitoe bisa ngomong basa oerang dijeu, da manoekna, wět eleh koe noe teu bisa ngomong teja. Di dijeu mah noe bisa tjarioentoeng teh ngan bangsa Arab bae, bangsa Tjina, bangsa Walanda, bangsa Hindoe; ari priboemi mah ngan kaelehkeun bae, kaelehkeun; padahal běněrna bangsa oerang noe koedoe leuwih bisa batan bangsa sedjen; oerang mah ngomongna bisa, rek ngomong manis, ngareureuëus barang dagangan tangtoe leuwih beres.

Naon sababna noematak kaelehkeun?

Eta eleh tjěngěng maksoed, eleh pělit kana doewit. Manan pěrětjit anggoer mitjeunan; eta mah bisa kawantoe diadjar ti boeboedak, samemeh ingět běněr oge geus diadjar kana mitjeunan doewit mah, kana djadjan;

noematak toetoer něpi ka kolot, leuwih bisa mitjeunan manan ngala.

Noe kitoe beunang disěboet kolotna salah noetoeranana ti keur boedak. Sagala kahajangna noe make doewit, rasa maneh aja djeung ngan watěs sen-senan, sok ditoeroet bae; padahal noematak bahla teh nja eta noe make rasa maneh teja djeung boga rasa moekaha; pěrkara saeutik noe sok djadi gěde teh.

Ari tjatoer ka anak njaäh, tapi njaähna njaāh doelang, lamo seubeuheun beuteungna bae, teu dipikir noe baris mangpaät mah atawa noe baris ngaroeksak. Ari mětakeun njaäh ka boedak teh ngan sina oelah tjeurik bae, keur gěring ge kadjeun teuing teu dioebaran, sok moen oelah tjeurik.

Tjeurik saeutik geuwat dioepahan koe doewit; ngarah repeh geuwat diadjak meuli kahakanan. Tah eta noe noengtoen mitjeunan doewit teh.

Matak naon moen boedak tjeurik teh dioepahanana koe lian ti doewit? Éntong koe meuli kahakanan!

Tjoba lamoen didjaga oelah sina njaho kana doewit, ëntong sina djadjan; sapěrkara kahakanan ti noe dagang kitoe mah teu aloes keur boedak; malah sawareh mah goreng pisan; kadoewa pěrkara baranghakanna teu poegoeh oeroesanana, da noe hade mah koedoe anggěr waktoena; moen isoek-isoek, těngah poë koedoe tangtoe, dina djam eta bae salawasna; dina lolongkrangna koedoe sina reureuh soengoetna teh, oelah diasoepan naon-naon.

Di mana geus sakola, bisa noelis saeutik-eutikeun, hade dibere doewit minggoean, dina saminggoe sakětip; tapi lain keur djadjan, nja eta keur meuli parabot diadjar sakoer noe pěrloe, sapěrti patlot, kalam, kěrtas sarta sakoer noe dibeuli koedoe ditoeliskeun, boektikeun koe kolotna, moen aja sesana koedoe diteundeun.

Lamoen oenggal noe boga anak kitoe, bisa oge boedakna toeman kana ngoeroes rědjěkina sorangan, djagana moal pinanggih djeung kakoerangan.

Oelah ari keur boedak diwowoj, ari geus gěde dipapatahan; eta salah, moal teurak; kana mitjeunan doewit geus ngalěmah, geus djadi kasakit manten; kasoekaän noe make doewit geus ngarasa ngeunahna, rěsěpna; atoeh papatah koemaha-koemaha oge ledot-ledot bae, tjara tjai dina daoen taleus. Nadjan diběngisan kalah maling-maling, antoekna ngaroeksak banda kolot, Mapan boekti loba noe antjroed-antjroedan, di djěro kolotna aja keneh. Ari tjeuk bapana madjarkeun boedak teu beunang dioeroes, satěměnna mah lain boedak teu beunang dioeroes, kolotna salah noemananana, salah maladjaranana.

bp

B. SOENDANEESCH.

Boekoe³ noe di handap Ijeu meunang meuli ti Depot van Leermiddelen di Batavia, franco di post, tapi doewitna koedoe dikirimkeun ti heula make postwissel.

Idem Idem Idem ngeng III.......Moehamad Moesa. Tjarita Abdoelrahman djeung Abdoel- rachim (aksara Soenda) (in herdruk) ......... (Hollandsch karakter).... Wawatjan Pandji Woeloeng (Hollandsch ka- rakter)........ (aksara Soenda).....
Idem Idem Idem Idem Wawatjan tjarijos Alimoehtar Linggang Kantjana. Warna Sari atawa roepa-roepa do- ngeng III....... Idem Prawira Koesoemah. ladan.... Karta Winata. Idem Idem Idem Idem Idem Idem Mitra noe tani
Moehamad Oemar. Wawatjan katrangan mijara lacek tjai......... Idem Idem
Idem Prawira Koesoemah. Wawatjan dongeng-dongeng toe-
Karta Winata. Mitra noe tani I (ter perse).. Idem II Idem III
Idem Idem IV Idem Idem V Idem Idem VI Idem Idem VII Mitra noe tani VIII
Idem Idem VII Mitra noe tani VIII Idem IX
VIII IX
VIII 0,20- IX 0,06 0,10
IX X.
X. XI XII
XII Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (hoeroef
Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (hoeroef
XIII..
XIII.. 0,17 XIV 0,30 XV (ter perse).. XVa.. 0,06
Idem XV (ter perse).. Idem XVa.. Idem XVb...... Idem XVc... Idem XVd... Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (Hol- landsch karakter)......... ..... Ardiwinata. Piwoelang ka noe tani 1• st.
Idem XVb...... 0,08 Idem XVc... 0,08 Idem XVd... 0,10 Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (Hol- landsch karakter)......... 0,04 ..... Ardiwinata. Piwoelang ka noe tani 1• st. 0,20
XVc... Idem XVd... Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (Hol- landsch karakter)......... ..... Ardiwinata. Piwoelang ka noe tani 1• st.
XVd... Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. (Hol- landsch karakter)......... ..... Ardiwinata. Piwoelang ka noe tani 1• st.
Wawatjan piwoelang panoelak penjakit kolera. landsch karakter)......... ..... Ardiwinata. Piwoelang ka noe tani 1• st. Idem 2° st.…

Mas Nitiwisastra. Wawatjan Bispoeradja /0,15 R. H. Soema di pradja. Piwoelang tatanon............. 0,18 Mangoen di Karia. Genep belas tjarita ................ 0,16 Ardiwinata. Dongong' Soenda I.............. ,0,18 Idem Idem I.... 0,19 Mas Natawisastra. 100 Paribasa I......... 0,22 Idem Idom II 0,20 C. M Pleyte. Pariboga (Salawe dongeng Soenda) ter porso. Mas Partadiredja. Tjarita roepaa Wawatjan Mohammad Kaja

SIONA qb. Kewbali

1-22.

1 PERPUSTAKA IASIONAL

Rog

KEUR VAN VERHALEN IN HET SOENDANEESCH

DOOR

M.PARTADIREDJA,

ONDERWIJZER IN DE SOENDANEESCHE TAAL A/D OPLEIDINGSSCHOOL VOOR INLANDSCHE AMBTENAREN TE BANDOENO.

DEEL II.

BATAVIA LANDSDRUKKERIJ 1911.